Postingan

Menampilkan postingan dari September, 2018

dongeng sunda HAREWOS TENGAH PEUTING (HTP)

harewos tengah peuting#HAREWOS_TENGAH_PEUTING(HTP) BAG.1 KENGENG Andhyn SURTI "Daek jadi pembantu di Jakarta Nyi Surti?",ck Darman paman na Surti. "kersa mang nu penting halal...",ck Surti bari ngeluk tungkul. "hooh da lamun anjeun teu di gawe eta budak saha anu maraban....emang jng bi katmi boboraah timang ti tukang mulungan kardus atuh....",ck Darman bari ngipasan dada na ku dudukuy samak anu gs butut. "keun ari masalah budak mah ku kami di urus asal anjeun ngiriman we unggal bulan na jang budak ...",ck bi katmi ngilu mairan Darman salakina. "muhun bi.....",tembal surti bari nyium budak umur 8bulan anu kr di lahun ku maneh na curulung cipanon na laluncatan mentas kana pipi na maseuhan buuk budak lalaki anu olohok we ka indung na. "heu-euh...da salah maneh atuh surti kalah ka del deui del deui boga budak...nyaho salaki jarang balik kalah ka hayoo we boga budak....",ck bi katmi bari marud sampeu jieuneun kicimpring ju...

DONGENG SUNDA RUMAOS

"Rumaos" Kengeng Andhyn "Assallamualaikum....,Dinda uih....mah...mah...iiihhh dimana ssiihhh...maaaaaaa..!!!", Ck Dinda bari ngalungkeun tas kana korsi bari luak lieuk,bus ka dapur euweuh indung nateh,bus deui ka tengah imah lujag lejeg,nyingkabkeun hordeng anu ngahalangan kamar indung na leube'ng euweuh indung na teh,sup deui ka dapur ayeunamah maneh na nyokot gelas curr nyicikeun cai herang tina dispenser,regot cai tiis teh di uyup maseuhan tikoro na anu asa garing.lumayan ngurangan rasa ambek dina dada ka indung na unggal maneh na balik gawe pasti jarang nyampak di imah, Blug awak na diuk dina korsi bari angger jamotrot poe2 katukang indung na asa luas leos wae jarang di imah,sakalieun aya di imah pasti ngerem maneh di kamar jarang kaluar ,"jiga na si mamah teh be'ger deui ieu mah", pikir Dinda, Teu lila kulutrak indung na datang bari ngajingjing keresek ningali anak na geus balik indung na Dinda imut ka anak na bari pokna, "Tos uih ge...

KEMBANG BODAS TANDA CINTA

#KEMBANG_BODAS_TANDA_CINTA(KBTC) BAG.1 Kengeng Andhyn RAHASIA HATE Kakara 5 taun di tugaskeun di bagian intel teh ACHA AGUSTINE gs rea ngungkap kasus2 pembunuhan anu araheng,umur ges lain di sebut rumaja deui gs meujeuh ngambah rumah tangga tapi gening Acha masih betah hirup nyorangan,dines di kepolisian wae gs 10 taun katambah ayeuna nyekel jabatan penting di intel. babaturan nanamah ampir kabeh ges karawin lolobana gs boga anak2,ari maneh na lain eweuh anu naksir atanapi anu ngajak deukeut tapi puguhan waktu gawe anu nyita waktu meakan masa rumajana,babaturan polisi ge rea anu naksir Acha da puguh teu goreng2 teuing ngan hate Acha anu teu merean jang deket jeng lalaki. indung bapana gs ngerewih wae iraha jng iraha we unggal Acha aya waktu balik ka lembur tapi di tembal na cukup ku "taroskeun we ka ALLOH abdi mah darma nampi mandat ti mantena", sakitu jawaban nana anu nyieun singsaha anu nanyakeun jodo kamaneh na ngadadak repeh. Kemal Adhya pratama,lalaki anu mika cin...