KEMBANG BODAS TANDA CINTA
#KEMBANG_BODAS_TANDA_CINTA(KBTC)
BAG.1
Kengeng Andhyn
RAHASIA HATE
Kakara 5 taun di tugaskeun di bagian intel teh ACHA AGUSTINE gs rea ngungkap kasus2 pembunuhan anu araheng,umur ges lain di sebut rumaja deui gs meujeuh ngambah rumah tangga tapi gening Acha masih betah hirup nyorangan,dines di kepolisian wae gs 10 taun katambah ayeuna nyekel jabatan penting di intel.
babaturan nanamah ampir kabeh ges karawin lolobana gs boga anak2,ari maneh na lain eweuh anu naksir atanapi anu ngajak deukeut tapi puguhan waktu gawe anu nyita waktu meakan masa rumajana,babaturan polisi ge rea anu naksir Acha da puguh teu goreng2 teuing ngan hate Acha anu teu merean jang deket jeng lalaki.
indung bapana gs ngerewih wae iraha jng iraha we unggal Acha aya waktu balik ka lembur tapi di tembal na cukup ku "taroskeun we ka ALLOH abdi mah darma nampi mandat ti mantena", sakitu jawaban nana anu nyieun singsaha anu nanyakeun jodo kamaneh na ngadadak repeh.
Kemal Adhya pratama,lalaki anu mika cinta Acha ti saprak di tugaskeun babarengan di departemen anu sarua nyaeta intel aya meren 5 taun katukang,basa sarua ngusut kajadian pembunuhan sakulawarga anu bisa ka ungkap ku maneh na jng Acha tangtu jng team manehna di Intel,
harita waktu ges nunjukeun jam 10 peuting tapi Acha kaciri masih keneh nyinghareupan komputer,teuing ker ngetik naon ku kemal di dekatan bari mawa kopi panas sagelas,
"di kopian Cha...", cek kemal bari nenden gelas dina meja,Acha mencrong kana layar komputer leungeun katuhu ngagiler2 most.
"neangan naon sich Cha mni serius kitu?'', ck Kemal bari sirah na seseledek ningali layar komputer,
"iihhh cicing Mal...aku kerneangan artikel pembunuhan misteri anu jadi 'x' file ", ck Acha bari angger we panon na teu leupas tina layar.
"kopi...kopi...bisi kaburu tiis...", ck Kemal bari ngasong keun geulas ka Acha, ku Acha di tampanan.
"jang naon Cha neangan kasus anu kitu...?"ck Kemal deui.
"teu nanaon jang bahan pelajaran wee bari ngadagoan raat hujan", ck Acha
"haarrr kan kanu mobil naha make sieun kahujanan?", ck Kemal
"aku bawa motor soal na mobil ker dibengkel", ck Acha deui.
"ooohh hayu di anterkeun ku aku..", ck Kemal.
"ga usah bisa pulang sendiri", ck Acha bari nagtung gap kanu helm cetrrek di pake,samemeh ngaleos nyabet heula kopi hideung anu bawa kemal tadi surup di uyup ampir beak,ges kitu ngaleos bari ngagorowok ka kemal jng babaturan sejen na,
"aku pulang duluan yaaa....", ck Acha ninggalkeun Kemal anu masih olohok,
"huuuu kopi na di embat ari nu nyieu na di acuhkeun...", ck Kemal ngomong sorangan.
Blesatt motor lumpat tarik muru imah Acha di komplek elit Sentra Duta,sangges tepi langsung markirkeun motor na sup ka imah anu tiiseun rehe combrek ngan maneh na hungkul anu nyicingan eta imah teh paling saminggu 2 kali sok aya anu meresihan,nyeuseuh jng nyetrika sapopoe mah kosong we.
sup ka kamar na sangges salin baju Acha ngagoledag reup peureum sare tibra nepi ka di ayun ambing di bawa ka alam impian sagala.
rarasaan Acha balik deui ka jaman SMA baheula basa ker ABG keneh sempal guyon gogonjakan ker kitu si Anhar jol cengkat indit bari teu bebeja heula ka babaturan anu ngalariung di dinya.
Acha kahudangkeun ku sora alarm dina hape na kuniang hudang,sangges babatek Acha asup ka kamar mandi gebrus mandi ku ci tiis langsung wudhu.bari tuluy mikiran aya naon bieu dina impian teh naha Anhar make indit nukangan padahal sakabeh babaturan nana ker seuseurian sempal guyon gogonjakan.
"aahh sugan weh ngan saukur ngimpi kembang na sare hungkul eweuh nanaon", ck Acha dina hate na.
sangges ninyuh kopi bari ngadagoan datang na adzan subuh iseng maneh na muka HP na teu lila, 'clring' aya WA anu asup ti Nikeu babaturan SMA na
"Acha gs muka WA grup", cenah tulisan dina WA teh
"can ...aya naon keu?", cek Acha
"hayoo buka hla we..", ck nikeu bangun anu misterius
langsung Acha muka Wa grup gening gs rame rereana emoticon anu ker ceurik,tuluy di gulir ka luhur,gebeg....Acha ngagebeg asa percaya asa heunteu....
"innalilahi wainalillahi rojiun, telah meninggalkan kita semua sahabat kita,teman,sdra kita tercinta, ANHAR PERMANA malam tadi kira2 pukul 1 dini hari di RSHS smoga almarhun di terima disisiALLOH SWT.
Acha ngahuleng kan tadi teh maneh na ngimpikn Anhar aehh boa2 tadi teh kila2 anhar indit bari nukangan ka balarea....
gewat ngajapri deui nikeu anu mere beja pangheulana tadi,
"keu kunaon cenah Anhar teh? gering? tdi maot na di RSHS?", ck Acha via WA.
"lain Cha...Anhar di bunuh,sugan teh kamu nyaho", ck Ikeu,Acha ngahuleng buru2 maneh na muka WA ti grup intel nyaan we tadi aya laporan anu asup yen gs terjadi pembunuhan di imah Anhar,tapi saha atuh anu ngabunuh na? jeng naha make di bunuh? rebu2 pertanyaan euntreuk dina sirah Acha,teu lila adzan subuh buru2 Acha ngalaksanakeun sholat kobla subuh di tuluykeun ku sholat shubuh bari teu poho ngirimkeun AlFatihah ker Anhar anu cikeneh maot.
isuk2 Acha gs indit ka imah Anhar rea tamu anu ngalayad babaturan SMA ge rea anu daratang,nyampak indung bapa na Anhar anu kernyengceurikan anak na.Reni we ceurik bari pada mencetan pada ngabeberah,Reni jng Anhar teh masih keneh babaturan Acha di SMA katingali Nikeu ngadadak make tiung asal di sampaikeun nutupan buuk na gugupay ka Acha,
"cha.....cha...kadieu?", ck Nikeu, Acha nyampeurkeun bari luak lieuk neangan babaturan anu sejen.
"aya informasi naon?", ck Acha ka Niken da maneh na apal lamun Niken mah sok sagala apal informasi kecepatan nana bisa ngelehkeun maneh na sebagai intel.
"kamu nyaho teu....di sagigireun mayit na peuting teh aya kembang bodas sabuket anu guyang getih almarhum....iiihhhhh", ck Nikeu bari bibirigidigan.Acha kerung halis na meh antel nu kenca jng nu katuhu.tuluy maneh na asup ka imah bari ngaluarkeun catetan tina saku calana na,ari Nikeu ngiclik ngilu asup tukangen Acha.
Acha sasalaman jng kulawarga na Anhar kitu deui jng jelema2 anu aya di dinya,tuluy maneh na nyampeurkeun Reny anumasih pada ngareyang Reny ningali ka Acha panon na pihun ku cimata barang Acha ngadeketan nangkeup Reny kelepek Reny kapiuhan atuh anu aya di dinya kalawer,Reny buru2 dipangku di pindah keun ka kamar na.Acha ngahuleng Nikeu ti tukangen ngaharewos ka Acha,
"kunaon ari si eta ojol2 ngelepek wae...", ck Nikeu di tompokeun kanu ceuli Acha,
''Hussss bae atuh kan ker berduka....", ck Acha bari ngarungkup biwir Nikeu.
Acha ngahubungi babaturan sapagawean nana anu nyekel kasus Anhar eta,sangges ngomong panjang lebar dina hape tuluy Acha ngadeketan kulawarga Anhar,
"punten abdi Acha ti kepolisian kaleresan simkuring teh rerencangan Anhar waktos sakola", ck Acha nepangkeun ka kulawarga anu aya di dinya.
"sahaanu ngawitan mendak mayit na Anhar?", ck Acha bari rut ret ka nu aya di dinya.
"abi bu...", tembal hiji pamuda,nepangkeun Abdi Ardi rayina kang Anhar.gap sasalaman jng Acha.
"wengi kinten2 tabuh 12 wengi di peyuneun bumi teh aya anu cing galebrung teras abdi kaluar ti bumi muru ka eta sora ari pek teh raka abdi tos aya dina posisi ngajoprak guyang getih,kaleresan ku abdi enggal2 di fotoan ku hape da abdi ngangge senter anu aya dina hape", ck Ardi bari ngaluarkeun hape na tuluy ningalikeun foto2 ka Acha.
"cobi kintunkeun ka abdi kang poto na", ck Acha,teu talanke Ardi langsung ngirimkeun foto2 lanceuk na peuting basa kapanggih gs jadi mayit ka Acha.
"nuhun kang...ke upami di peryogikeun ku abdi akang kersa nya masihan keterangan di kantor?", ck Acha
"mangga siyap bu....", ck Ardi.
tuluy maneh na nyaperkn babaturan sakola basa SMA gupgap ngajaksasalaman,
"kumaha aya informasi naon?", ck Acha
"jiga na Anhar terlibat cinta segitiga Cha", ck Agung
"bener Cha", ck Cindy mairan.
"apal timana?", ck Acha bari nuliskeun pamanggih na.
"CLBK....", ck sopian bari gegetret,gebeg Acha ngagebeg panon na rut ret neangan Nikeu,anu di teangan nana ker ngarumpi jeng babaturan sejen kahalangan ku korsi2 anu ngajajar minuhan golodog imah.
"maksud na....CLBK kumaha yan?'',ck Achabari melong ka Sopian.
"lain rahasia deui lamun Reny masih timuru ka Wika kabogoh Anhar jaman SMA,mineng jadi pasea cenah Anhar masih ngajalin hubungan jng Wika", ck Sopian deui,Acha percaya ka Sopian mah kulantaran Sopian teh sobat na Anhar tepi ka denget ayeuna masih keneh raket sosobatan.
"aya bukti lamun Anhar masih sering hubungan jeng Wika?", ck Acha deui,
"ari bukti mah hese Cha ...ngan Anhar sok curhat ka saya lamun maneh na gs teu kuat nyingharepan Reny anu galak timuru pangpang na ka Wika<jiga na Reny kasieunan da maneh na rumasa ngarebut Anhar ti Wika", ck Sopian deui.kabeh di tulis ku Acha.
"salaki wika apaleun?",jiga namah apaleun apanan ku Reny kungsi Wika di labrak di imah na pajarkeun sok masihkeneh hubungan jng salaki na Anhar".ck Sopian deui,Acha unggut2an...
"eehhh man teman...lamun aya informasi apapun anu ngenaan Anhar infokeun nya ka aku?", ck Acha bari nutup buku leutik na kulantaran mayit dek di kurebkeun gs di garotong muru tempat pemakaman umum.
*****************************
Dikantor Acha ngumpulkeun katerangan ti kulawarga jng ti babaturan nana,tadi anak buah na gs menta keterangan ti Wika jng salakina Billy pihak anu di curiga ku Acha saheula anan.
Acha nempoan foto2 anu aya dina hape na tuluy ngakurkeun jng foto2 anu di cokot ku anak buah na basa peuting kajadian,aya anu beda....asa aya anu leungit di perhatikeun....tetela nyaan aya anu leungit,ari foto menang Ardi mah aya kembang sabuket kembang bodas mimiti ti kembang ros,dahlia,radiul,anggrek kabeh rupa na bodas guyang getih,tapi pas anak buah na datang terus motoan ah si buket kembang bodas teh leungit eweuh,leng Acha ngahuleng tuluy maneh na ngageroan sunandar bawahan maneh na anu tugas tadi peuting,
"aya naon bu...", ck Sunandar,
"ieu ndar....ari kamu basa motoan mayit aya kembang bodas teu sabuket pinuh ku getih korban?", ck Acha.
"kembang.....teu aya bu...abdi dugi teh kirag langkung tabuh 2 janten nembe 2jam ti kajantenan.aya kemungkinan aya anu ngaleungitkeun barang bukti eta bu...?", ck Sunandar bari maneh na ngilikan foto hasil maneh na jng foto anu aya dina komputer Acha.
"nya urang slidik we...ke team kumpulkeun ndar urang bagi2 tugas pikeun naluntik kasus ieu", ck Acha ka Sunandar.
"Siap komandan", ck Sunandr bri ngahormat ka Acha.
Acha ngahuleng ngilik2 foto anu aya dina komputer maneh na sengaja tadi di pindahkeun tina hape na.tuluy di cetak kumaneh na aya meren 10 lembar mah.
"kembang bodas.....kembang bodas tanda cinta.....hhhhhhhmmmmm Anhar...Anhar....hate kuring masih aya dimaneh nepi ayeuna....kanyeri basa kuring masih rumaja masih ngagantung tepi ka kiwari Anhar,anjeun Cinta kuring jaman kuring remaja.moal bisa di popohokeun....hhhmmmm kebang bodas jurus anjeun naklukeun awewe favorit di SMA,ka asup kuring anu taluk ku eta kembang,.......Anhar....", kitu galecok na eusi hate Acha.
leung ingetan nana ngambah ka mangsa katukang basa maneh na SMA keneh,ngarangkay carita jeung bebende na nyaeta Anhar pamuda kasep rebutan siswi2 jaman harita.....
H A N C A
andhyn 5.9.18
#KEMBANG_BODAS_TANDA_CINTA(KBTC)
BAG.5
KENGENG Andhyn
MENANG KAREWAS
Mangpeng motor anu di bawa ku Kemal ngabonceng Acha,Jentre tadi Niken menta tulung ka Acha wireh di imah na aya jelema anu nyurigakeun nyokel kana jandela imah naharita kira2 jamsetengah12 peuting,jalan raya sepi jempling anu nyesa ngan patugas ka amanan anu ker ngajaga daerah na supaya ka ayaann anu sepi jempling teu di mamfaatkeun ku jelema jarahat.
masih keneh kadenge dina ceuli Acha Nikeu menta tulung bari ceurik ngadegdeg,
"mal...buru maalll ngebut deui mall....", cek Acha marentahkn gancang ka Kemal.
"tenang Cha tenang bisi urang ge cilaka keh", ck Kemal.
"mal tadi gs nelepon personil menta bantuan?", ck Acha.
"ges cha saya tadi marentahkeun tim Buru sergap langsung ka imah Nikeu", ck Kemal motor maju ngabelesat meulah sepina kota Bandung.
Reg motor eureun di hareupeun imah Nikeu sepi jempling gajleng Acha ngajleng tina motor muru kana panto brayy panto muka teu di konci ngadegdeg Acha muru kamar Nikeu,Gebeg Acha ngagebeg kamar acak2an jiga ges aya jelema tarung Acha gegeroan ka sobat na
"Nikeu....keu...kamu dimana keu...Nikeu...?", ck Acha panik maneh na ngadenge sora humarurung di dapur buru2 Acha nyamperkeun ka dapur di susul ke kemal bari menta bantuan ka anggota sejen na.
bray panto dapur muka di juru deukeut kompor Nikeu ngalungsar bari nyeukeulan leungeun na anu baloboran getih,
"Nikeu....!!!! YA ALLOH Nikeu....nikeu...!!!", ck Acha bari ngarawu Nikeu anu setengah sadar,
"Acha...si kembang bodas cha....", ck Nikeu bari nangkeup ti peupeureket ka Acha,
"sabar Keu ulah waka loba ngomong", ck Acha bari maneh na nyoekeun taplak meja di pake ngabeungkeut tatu Nikeu anu lumayan gede pertolongan pertama ngeureun keun getih anu kaluar tina leungeun Nikeu.
"Mal ambulan gs di geroan?", ck Acha ka kemal anu kakara datang sangges bieu mariksa sabuderen imah neangan bisi tersangka masih keneh aya di sabuderen imah Nikeu.
"atos otw Cha sakedap deui dongkap,tip porensik sareng Buser ge tos di perjalanan,kumaha korban masih sadar?", ck Kemal bari meulong ka Acha,panon Acha jibrug ku cimata kakara harita Kemal ningali ACha muragkeun cipanon,biasa na tegar kiwari maneh na kaciri jiga awewe biasa lain deui komandan anu garang.
Teu lila sora sirine beuki deket tuluy reg eureun di hareupeun imah Nikeu,Nikeu kapiuhan bakat ku loba getih anu kaluar tina puhu leungeun na langsung di garotong ku petugas kana ambulan ari Acha jng Kemal mere katerangan ka anggota ngenaan kajadian anu tumiba ka sobat na,
"tersangka sepertinya masih ada hubungan dengan kasus pembunuhan Anhar dan Wika Ndan", ck Acha mere laporan ka komandan na.
"semua saya serahkan sepenuh nya pada Anda dan AIPDA Kemal harap segera temukan pelaku sebelum korban bertambah", ck Komandan,
"K9 sudah siap melacak segera laporkan penemuan sekecil apa pun...", ck komandan malik ka grup K9 ajing pelacak,
Aya meren 5 mah anjing pelacak sumebar ka lembur neangan tersangka anu kabur sangges teu hasil mateni Nikeu.
"seperti nya sdri Nikeu mengadakan perlawanan ndan dilihat dri TKP yg berantakan dan kami menemukan kesamaan motif yaitu bunga mawar putih yg tersebar di kamar korban", ck Acha mere laporan ka Komandan na deui.
"jadi bu Reny bukan tersangka utama nya...hhhmmmmmbila perlu 1 X 24 jam segera bebaskan Bu Reny,karna tersanggka sebenar nya masih berkeliaran", ck Komandan.
Tatangga anu dareukeut rareuwasan ku loba Polisi di imah Nikeu pangpang na rea anjing anu neangan jejeak si pelaku,cing gurudug polisi daratang ka imah Nikeu ngepung lembur wakul buaya mangap cek bohong mah lamun aya anu nyurigakeun tangtu bakalan beunang.
Harita di tengah lembur aya lalaki ngahephep ngadedengekeun ka ayaan di luar maneh na buru2 muka an baju jeng calan na anu baloboran getih buru2 di duruk dina hawu sieun katohian ku anjing pelacak,gs kitu gebrus mandi bangun na tadi maneh na menang perlawanan ti Nikeu aya awak na anu kateunggel barang di tempo bariru di lebah taktak jeng cangkeng na,tayoh na tadi Nikeu make pangebuk halu saeuncan ku maneh na di tubles ku peso,
"jadol teh kojor kitu si kehed Nikeu th,tukang ikut campur masalah batur...rasakeun siah...", cenah bari noong ka sabudeureun imah na anu poek hieum ku tatangkalan,maju ka subuh guher sare meni tibra bangun gs teu aya kajadian nanaon.
Di UGD RSHS Nikeu ngagoler ges sadar ayeunamah leungeun na gs di perban tatu na cukup jero di jait aya kana 12 jaitan Nikeu di infus supaya teu leuleus bari di bere antibiotik supaya tatu na teu infeksi.gs rada teunang ayeunamah maneh na teh Acha nelephon salaki Nikeu anu ker aya di luar kota sina balik heula kulantaran Nikeu masih butuh perlindungan,beurang na juljol kulawarga Nikeu tapi di batasi Nikeu di jagaan ku Polisi da saksi anu di lindungi anu ngalongok teu sagawayah ku Acha sengaja di rusiah keun kajadian nu tumiba Nikeu teu di ear2 di grup WA,Supaya tersangka bijil sorangan tanpa kudu mantau ti grup.
salaki Nikeu datang bari hari weswes sangges menang keterangan ti kepolisian lamun Nikeu di jieun saksi ayeuna Nikeu menang pengawalan ti kepolisian.Acha sibuk nyebar anak buah na neangan tersangka rada emosi Acha harita kusabab Nikeu can menang info anu konkrit saha2 na anu ges nyieun babaturan nana tariwas,saheula anan bukti2 ngarah ka Sopian anu ngaleungit eweuh laratan nana.surat panggilan gs di cekel pikeun menta keterangan ti Sopian,Acha gs manggihan Sumi anu sok nitah Sopian iyang kembang ka wastu kencana,kitu deui maneh na gs manggihan sebeberaha hiji babaturan SMA na anu kira2 nyaho dimana aya na sopian.
imah kontrakan Sopian gs aya 2minggu kosong cek anu boga kontrakan Sopian gs pindah kontrakan nana saeuncan kajadian Anhar di bunuh,Acha balik deui ka kantor na mariksa file laporan ti anggota sejen na hasil anggota K9 nihil eweuh hasil,kitu deui ti babaturan intel sejen na can menang hasil padahal anggota gs di sebar ka terminal2 bisi tersangka lumpat ka luar kota,
"naha masih keneh aya di lembur kitu?", ck Acha bari ngahuleng ningali foto2 Mayit Anhar jng Wika.jung nangtung gap kana helm biur motor muru RSHS,sangges tepi langsung muru ka rohangan Niekeu di rawat,barang asup gs nyampak salaki jng indung bapa na Nikeu di luar kamar di jagaan ku petugas anu make pakean preman.
"kumaha ayeuna Keu?" gs siap ngabejaan kajadian peuting harita jang laporan jng analisa supaya kuring bisa buru2 nyerek pelakuna", ck Acha bari diuk di sisi tempat sare Nikeu.
"Siap atuh Cha tikamari ge ges gereget hayang gera mere laporan ka kamu aku teh,basa kamu balik aku asup ka kamar da kabeneran si dede hayang ngendong di nini na,atuh ngan sorangan di imah bari nyetel tv di kamar kuring teh gogoleran asa aya anu nyokel jandela kuring keketeyepan ka luar kamar maksud teh dek neangan jang panenggel inget boga halu tina kai tangkal kopi anu teas,kuring ka dapur sigana si bangsat teh hasil asup ka kamar teuing naon maksud na ngacak2 kamar,aya untung na kuring ka dapur jng untung deuih nyakuan hape basa si bangsat nuturkeun ka dapur kuring nelepon kamu Cha,tapi can ge beres kuring di serang make peso,hape ngacleng tuluy kuring di serang untung kuring nyekel halu anu pamere ti nini tea habek2 menang meren 3/4 kali ngababuk si bangsat tapi sangges kuring rada leuleus leungeun kuring ka benangan basa motor kamu gs kadenge sorana, si bangsat lumpat liwat panto harep kuring gs teu kuat loba getih anu kaluar kuring ngudupruk Cha", ck Nikeu nutup carita na bari nyekel perban dina puhu leungeun katuhu na.
"kira2 kamu apal teu saha 'si bangsat anu ku kamu dimaksud teh,apakah dedegan nana jiga si sopian?", ck Acha panasaran,
"taahh eta Cha aku ge asa teu jelas maneh na kan make taregos", ck Nikeu bari nginget2 dedegan jelema anu nyerang na.
"kira2 siga saha Keu...?'', ck Acha
"lamun si sopian mah petekel jangkung teu pendek heunteu,.....ieu mah asa rada jangkung tuluy aku inget mun panggih jng si Sopian mah awak na bau panon poe kesang na rada hangrukan...ieu mah estuning teu bau Cha", ck Nikeu neuteup sobat na leuleub.
"hhhhmmmmm....nya...nya kuring ngangseu aroma bau eta di rungkun imah Anhar terus aya potongan jaket anu soek ngait kana rungkun bau na emang bau si sopian tapi kan can cukup bukti jang nyerek maneh na...", ck Acha deui.
"saha atuh cha...eeehh Cha basa si bangsat kaluar ti imah kadenge aya jelema ngagerendeng mun teu salah dedengean nyebut kieu yeuh 'hasil teu?' terus aya anu nembalan 'teu euy hayu buru...", kitu tah Cha,jdi si bangsat teh tetela dua an,tuluy ck kang Darman salaki kuring duit anu 2 juta eweuh di bawa ku sibangsat naha atuh nyebut teu hasil brarti teu hasil teh teu hasil naon tah Cha?", ck Nikeu.
"nya ayeunamah kamu ulah waka aktip di WA cicing tong kuman komen komo nyieun stt mah,kamu nurut kn ka Polisi anu mere wejangan kamari?", ck Acha ka Nikeu,
"nya nurut atuh aku mah boboraah hayang nyekelan hape Cha,ayeuna no aku anu di pake WA kan ku polisi", ck Nikeu.
"nya lah meuli deui we no mah gampang....no eta mah kerdipake mancing ku babaturan saya", ck Acha.
"aku ka kantor deu nya Keu ...gera cager karunya tuh salaki kamu teu bisa di gawe hehehe...yuuu aahh Keu..", ck Acha bari pamitan ka kulawarga Nikeu,tuluy maneh na balik deui ka kantor na nyampak Kemal er diuk nyingharepan berkas anu rada acak2an,Acha rada ngarengkog inget ka jadian basa peuting kamari di seredkeun ku Kemal kana tukangeun panto,naha jadi aya rasa era ka Kemal komo ningali beungeut kemal anu asa beuki ganteng make kameja anu ngepas kana dada na warna kameja abu2 tembaga meni pantes di pake na kunu kasep mah,'aeehh naha jadi merhatikeun Kemal ieu teh' ck Acha dina hate na galecok we.
"Mal....aku menang keterangan anyar ti korban Nikeu cenah pelaku teh 2an kulantaran samemeh kita tepi pelaku aya kadenge muka percakapan anu kadenge ku korban.....
derekdek Acha nepikeun caritaan Nikeu ka kemal,kemal kerung bari ngegel pulpen huntuna nu bodas meres ka tempona makin nambahan ganteng wae di mata Acha ayeuna.
"haaaahhh kunaon aku nya", cek hate Acha.katempongarahuh ku Kemal di pencrong jiga anu nyaho naon nu aya dina hate Acha,kemal imut pok nanya bari meulong anteub kana beungeut Acha,
"ayaa naaoonn Cha mni kitu ngarenghap na iihh", ck Kemal.
"cicing aahh ker serius ulah ngajak heurey", ck Acha rada beureum pipi na.
"aaeehh saha anu ngajak heureuy ari kamu", ck Kemal angger seuri neuteup beungeut Acha anu robah.
"mal aku pulang heula nya...gs peuting geuning", ck Acha bari mereskeun berkas2 dina meja.
"anterkeun deui moal?", ck Kemal bari panon na di kiceup2 keun,belewer teh buku anu kandel di baledogkeun ka Kemal untung Kemal rikat nangkis atuh buku teh murag ngagepluk kana handapeun meja.
"eehhh batur mah serius nawaran,bisi weee kamu sieun..", ck Kemal deui,Acha anu gs beres meresan berkas nyokot helm na bari mere peureup anu buled langsung indit ninggalkeun Kemal anu seuri bangun anu bungah,
"Acha tungguan lahh moal lila deui anjeun bakal beunang ku kuring", ck Kemal dina jero hate na.
Acha ngabiur muru imah na di jalan gs rada lowong motor mangprung mepeskeun simpe di jalan ngajugjug imah na di kawasan Sentra Duta,sangges tepi jrut turun muka helm na sangges ngasupkeun motor ka garasi Acha muru imah na anu sepi rehe comrek,ret ka tukangeun panto beleyeh imut teu karasa ramo na nyabak biwit na asa karasa keneh haneut na biwir Kemal,normal mereun lamun maneh na ayeuna jadi sok ngabayangkeun Kemal,Kemal anu gagah leungeun na anu keker nangkeup awak maneh na,ngusapan sirah na tuluy mukaan baju na....haaarrrrr naha jadi kadinya ceuk Acha bari sura seuri sorangan,
Cucul2 sangges mandi maneh na make baju sare kaos jng calana pondok, cetrek lampu kamar di pareuman di ganti ku lampu tidur beres babacaan reup we sare tibra nakeran nepi ka ngimpi sagala biasa we cing rariung jng babaturan SMA na sempal guyon gogonjakan silih udag jiga budak leutik ker ucing sumput,ker kitu maneh na asa eungap awak na asa aya anu numpakan asa ngimpi tapi asa nyata awak na makin eungap aya leungeun anu ngaragamang kana dada na ngarames meni kasar Acha reuwas gening ieu mah nyata panon na di bolotot keun tetela bener we aya lalaki di taregos naffas na jiga anu kernahan hasrat nafsu kalalakian nana,leungeun na makin ngayap kana awak vital Acha,
Acha ngalawan awak na deuk hudang tapi tanaga si lalaki teh kuat pisan,hayang ngajerit tapi leungeun si lalaki anu nindihan awak na kuat pisan,pias beungeut Acha hate na jumerit ka Gusti numaha suci menta di tangtayungan,sakuat kuat na tanaga awewe ngalawan lalaki anu ker kapoekan mah eleh oge leungeun Acha papukis nyurungkeun awak si lalaki anu make taregos tea,
Acha ngalawan sabisa bisa mertahan keu kahormatan nana papukis nangkis leungeun si bajingan anu dek ngaruksak maneh na,
"Ya ALLOH tulungan kuring...mamah....apa,... tulungan Acha.....".
H A N C A
andhyn9.9.18
#KEMBANG_BODAS_TANDA_CINTA(KBTC)
BAG.6
KENGENG ANDHYN
BEUNANG......!!!
Panon peureum ti pepereket leungeun mereup ngumpulkeun tanaga sesa,hate jumerit menta pitulung Alloh sumambat kanu jadi indung bapa,otak na mikir pangalaman ker di Dojo latihan jng rekan2 ti kepolisian lamun posisi jiga kitu kudu kumaha2 na,lalaki anu aya dina luhur awak na ker ugat uget ngalepaskeun calana na kasempetan Acha ngangkat tuur na sakaligus make tanaga,
Geduk geduk pas pisan kana palangkakan lalaki anu make taregos tea 'heeukkk rada seueul kana angen meren rada logor panyekel na ku Acha teu di lilakeun habek2 peureup na anu anu gs di eusi tanaga teh ngahabek kana dada lawan palebah jantung na si lalaki taregos,guprak eta lalaki teh ngagubrag ka handapeun tempat sare,korejat Acha hudang habek2 nenggeulan jng najongan si taregos bukbek sirah si lalaki teh di cekel ku leungeun na di dagorkeun kana tuur na,ceerr getih mancern tina irung na,rikat Acha ngahurungkeun lampu ragamang kana borgol cetrek di pasangkeun kana leungeun sitaregos,langsung nyokot hape na nlp Kemal jng personil sejen na si taregos di tangkubkeun dina ubin Acha buru2 make baju trening,teu lila kade sora sirine meni silih tembalan bareng cing gurudug na anggota buru sergap,intel,serse cing garajleng asup ka imah Acha,kemal kaciri panik semu nu nahan amarah nyamperkeun ka lalaki anu masih keneh ngalempreh make taregos tina irung na kaluaran getih anu kentel di tongtak kerah baju na ku kemal sina diuk dina ubin,bari humarurung si taregos nurut ka kemal,kaprot kaprot di tampilingan ku Kemal,luk tungkul si taregos teh.
Kemal luak lieuk neangan Acha tuluy maneh na manggihan acha di luar imah na ker tutunjuk nyarekan petugas ka amanan komplek anu ngeluk tungkul di carekan ku Acha teh,
"pokok na isuk maneh di dagoan di kantor teu baleg ngajaga lingkungan teh nepi ka imah kuring bisa ka asupan jelema jahat,di bayar maneh teh ngajagaan komplek teh lain garatis,pagawean ngan saukur lalajo tv di pos ....lamun teu sanggup mundur jadi petugas ka amanan...pk RT mana RT?", cek Acha ngalampiaskeun ka kesel na.
torojol RT nyigharep ka Acha buuk acak2an kaos sangsang ngaleleke kolor tibalik sendal pasirang sirang,Acha ningali Rt kitu teh hate na hayang ngabarakatak jiga namah urut tarung jeng pamajikan nana tadi peuting teh maneh na rusuh make baju jeng kolor meren basa di gedor ku tim buser.
"aduh bu Acha hapunten aduh kumaha teu kunanaon,naon anu ical?",ck Rt bari ngadegdeg,Acha kekerot curuk na bentik nunjuk ka beungeut Rt,
"mulai besok semua anggota keamana komplek harus mengikuti pelatihan di polsek bukan hanya jadi pagar,harus ada tanggung jawab...!!", ck Acha,RT tepi ka olohok ka kara nyaho ambek Acha mereun.jol Kemal nungtun LeungeunAcha mawa asup ka jero imah ari petugas porensik ker nganalisa ti mana timana na eta si taregos bisa asup,
Kemal jng Acha nyampeurkeun si Taregos barang nepi ker ngeluk we tungkul kuAcha di jambret taregos na bray muka beunget na anu pinuh ku getih anu kaluaran tina irung kaciri sepa,ku kemal di jengut buuk na sina tanggah,Acha gs teu rewas deui gs ngaprediksi lamun anu nyerang maneh na teh nyaeta "sopian",babaturan mangsa SM sobat na Anhar ngan angger we teu nyangka kunaon Sopian bisa hirup ka sasar kitu,pok nanya ka Sopian anu ngeluk tungkul,
"Pian ari maneh nanaonan jiga anu gelo...lalampahan teh?", ck Acha bari mencrong kana beungeut Sopian.
"hampura cha....hampura...ieu kabeh gara2 si Anhar Cha...", ck Sopian.
"heeeuuuhhh gs salah nyalahkeun deuih batur maneh mah asa teu lucu hirup teh",ck Acha,
"bener Cha kabeh aya hubungan nana jng masa lalu Cha,kuring ambek ka si Abhar anu so payu ngaheureuykeun kabeh awewe anu ampir di taksir ku urang,cha....mimiti ti kamu...urang naksir berat ka kamu tapi kamu malah beunang ku si Anhar...",ck Sopian,
"kela...kela....maksud maneh beunang teh ...naon nya...", ck Acha asa teu suka katempo Kemal kerung paroman nana asa robah.
"Cha ti mimiti panggih sy gs naksir kamu tapi si Anhar anu nyirikeun ngudag2 kamu,terus maneh na rada ngajauhan kamu eta idea saya Cha maksud na supaya mopohokeun kamu ku saya di titah ngabogohan awewe2 di sakola sangkan kamu cemburu si Anhar nurut Cha,tapi maneh na keukeuh miharep kamu anu di omongkeun teh Acha...Acha we bari jeng ngagarap awewe2 anu jadi kabogoh na,sy oge nyaho Cha kajadian basa di Kawh Tngkuban Parahu,saya nyaho.....nyeri na hate ningali kamu di cium si Anhar...tah tidinya sy makin ceuceub ka si Anhar da ti saprak kajadian eta kamu ge cicing2 sok maling2 merhatikeun si Anhar kuring nyaho...kamu mimiti katarik ati kabentang rasa ku si Anhar tapi kuring satekah polah ngajauhkeun kamu jng si Anhar", ck Sopian panjang lebar.
Acha ngahuleng piraku Cinta Anhar ka maneh na nepi ka kitu...tapi sabodo aahh da gening kalahka ngahamilan si Reny ck hate Acha.
"tuluy naha maneh kalahka maehan Anhar jng Wika?", ck Acha
"teu pisan2 Cha....asli...sumpah", ck Anhar
"alllaaahh mana aya bangsat ngaku....",ck Kemal nimpalan.
"leres pak....sanes abdi teu rumaos" ck Sopian kaciri cipanon na ngeyembeng.
"nya ayeunamah urang buktikeun we di kantor polisi", ck Kemal.
"hiji deui maneh kan anu nganter si Reny ka imah Wika?", ck Acha.
"nya Cha urang emang Cha tapi da lain urang anu mateni si Wika mah Cha,lain...", ck Sopian.
"nya ke di kantor we leuwih panjang na deui mah", ck Acha teu hayang ka papanjangan ningali beungeut Sopian nyieun Acha hayang nalapung we lamun inget kajadian tadi awak na di tindihan leungeun Sopian kurang ajar ngacak2 awak na,mun kongang hayang ngajejek we benget na.
"hiji deui maneh tadi kunaon nyerang kuring?", ck Acha teu kuat nahan perasaan ceceb na.
"tadi ges di bejakeun Cha...kuring suka...cinta ka anjeun....ti baheula,ningali deui kamu timbul kapanasarankuring ka anjeun Cha", ck Sopian deui.
"bener2 gs owah tah otak teh Pian..."< ck Acha bari ngaleos ka luar,Kemal nyekel lengeun Sopian tuluy di bawa kanu mobil tahanan biur di bawa ka kantor kepolisian.
Nikeu gs di bawa balik ka imah na tapi masih di jieun saksi jng di jagaan ku polisi anu marake baju preman harita di ungsikeun heula ka imah indung na masih keneh gingiapeun cenah ku kajadian harita anu narohkeun nyawa na.
Acha nganjang ka imah Nikeu ngahaja pas balik ti pagawean nana,ngagoler dina kasur di kamar Nikeu nangkarak bengkang panon na neuteup kana lalangit Nikeu diuk di gigireun sobat dalit na.
"teu nyangka urang mah Cha si Sopian bakal ngalakukeun kitu ka kamu", ck Nikeu
"asli edaaannnn eta mah....kurang ajar lamun kuring nepi ka kabenangan di paehan ku leungeun kuring eweuh ampun keu",ck ACha.
"iiihhh....tapi maneh na ngaku teu lamun maneh na dk mateni kuring ?", ck Nikeu
" teu ...mana aya bangsat ngaku...", ck Acha masih ambek
"cha.....kamari babaturan di grup masih ngaromongkeun kajadian aheng ieu,cenah mah....akun si Wika jenat na masih aktif nya?", ck Nikeu ati2 bari ngaharewos ngomong na oge.
"kitu nya? di pake anak na mereun keu?", ck ACha bari ngorejat hudang,maneh na nyarande kana bata sukuna di tangkeup ku leungeun na.
"Keu.....urang meunang curhat teu?", ck Acha sirah na di antelkeun kana tuur anu di tangkeup ku leungeun na.
"deerrr atuh jiga kasaha wae we kamu mah...masalah naon Cha?", ck Nikeu bari nyinghareup ka Acha.
"Anhar Keu.......pangakuan si Sopian salila eta mikacinta ka kuring Keu...nepi ka maneh na gs ka si Reny karasa ku kuring oge....kuring inget wae ka si Anhar teh,dalah di kumaha nasib na jadi kieu gening...", ck Acha bari angger nyumputkeun beungeut dina tuur na.
"laaahh ck aku mah nu engges mah engges Cha,ayeuna mah sok gera neangan anu aya jalan masa depan kamu
BAG.7
KENGENG ANDHYN
JANGJI MAWA PATI
Acha beureum beunget na basa katohian ker ulin perang2an ku semah na,lalaki gandang anu teu lila ieu ngahihileudan wae jadi samarampa samar polah,Kemal seuri ningali Acha kudu pakupis ngalayanan alo2 na anu ojol2 nyerang maneh na aya anu nembakanku pepestolan aya anu ngagabrug pura2 dek ngarogahala Acha.kerkitu indung na Acha kaluar ti dapur ngadenge aya sora semah teh,
"haarrr gening aya tamu...? Cha ngadamel cai atuh...naha kalah di anggurkeun...?", ck indung na Acha bari nyolongkrong ngajak sasalaman ka semah na.
"muhun mah teu kedah ngarepotkeun...hehehe...", ck Kemal semu era.
Acha ngaleos ka dapur nyieun kopi 2 jang maneh na jng Kemal,gs beres song gelas teh di simpen dina meja.
"aya naon ihh make nyusul sagala kan bisa via WA atuh masalah pagawean mah...?', ck aca Ka kemal.
"meni ulah ihh....wios we atuhda bade amengan ka mamah sareng ka Apa...", cek Kemal bari nguyup kopi.
"iyeeeyyy Mamah saha iihhh...", ck Acha bari ngadilak ngadak2 hate na seseblakan.
"nya Mamah aku atuh....", ck Kemal ngadak2 jariga budak anu parebut indung.
"huuuuuu",ck Acha bari maledog Kemal ku bebedilan alo na rikat ku kemal di sanggap bari seuri....
jol indung na Acha bari mawa baki eusi keler kue ali jeung burayot karesep neng Acha jng nyi dalang (hadeeuuhhh ngacay ieu teh) song di asong keun ka Acha sina di suguh keun ka semah.ku Acha di tampanan tapi di tatangkeup we teu ieuh di suguh keun atuh heraneun indung nA teh,
"seneng eta kue ali kalah ka di keukeupan lain suguh keun?", ck indung na bari rada molotot ka Acha.
"iihh ai mamah tadi nyarios ka Acha alim cenah teu seneng da hoyong na kue bolu sareng pizza cenah mah", ck acha bangun anu serius,indung na acha kuat ku molohok di sangka na bener we meren Kemal nyarita kitu...
"teu ketang mah....Acha mah iiiihhh abdi teu kantos nyarios kitu", ck Kemal soak era na lain lumayan komo ningali paroman indung na Acha anu bangun percaya kana omongan anak na,
"iihhh si soneng maahhh ari gs heureuy teh....", ck indung na Acha bari ngaleos ka dapur nenden baki. Acha seuri ngagakgak bangun anu ngeunah ku Kemal di deketan terus di rebut keler kue ali teh tapi ku Acha di pertahankeun ti pepereket,
"Acha...menta iihhh kue ali na jiga anu enak...Acha buru iihhh lapar ieu teh ti isuk keneh can manggih nanaon", ck Kemal bari memetot keler.gerewek teh Acha ngomong bari seuseurian...
"maaaahhh....ieu Kemal lapar cenah nyungkeun emam ti enjing can mendak nanaon...hahaha...", Acha,atuh reyy teh beungeut Kemal geuneuk.
"Acha iiihhh ngerakeun....naon siihh ai kamu...", ck Kemal bari luak lieuk
"mmaaahhh saur kemal ngaliwet we anu enggal cenah jng mencit hayam kampung teras di bakakak cenah....hahahha", ck Acha deui bari angger seuseurian,ku Kemal di keleketek cangkeng na rikat Acha lumpat ka dapur ninggalkeun Kemal anu garo2 teu ateul,di dapur Acha mantuan indung na kuprak keprek masak.
"Cha...iiihh heureuy teh mni kamalinaan karunya euraeun tuuhh Kemalna", ck indung na Acha.
"ciieeee mamah mela Kemal...cie cie...", ck Acha kalah ngaheureuyan indung na.
"eeehhh ieu mah di papatahan teh kalah sok kitu...", ck indung na mesem.
"malll...kemal saur mama.....", Acha kalah ngagorowok indung na nepika molotot ningali kalakuan anakna kitu teh,kurunyung Kemal nyamperkeun maruk namah eunya we indung na Acha ngageroan,
"aya pikersaeun naon mah...?", ck Kemal beungeut na serius,Acha mah nahan seuri we.indung na Acha rumpang rempeng da sidik teu nitah ngageroan ngan kagok we Kemal gs ngajanteng hareupeun nana.
"aeehh itu naon nya aahh teu janten kasep sok lebet deui we ka bumi ulah di dapur ah kalotor", ck indung na Acha urupapeureupeup.
"aaahh mamah mah isin tateh bade miwarang na", ck Acha deui sarua jiga anu serius deuih.pok Kemal nembalan...
"muhun mah tong sungkan bade miwarang naon?", ck Kemal bari mencrong ka indung na acha anu jadi salah tingkah.
"aaahhh mamah isin cenah bade miwarang itu...pang mepende keun munding Apa karunya can bobo siang cenah Mal", ck Acha bari barakatak seuri,indung na mesem we da apal adat anak na lamun teu dines teh beuki heureuy pisan,kemal kuat ku olohok hayang nyiwit Acha ngan kagok ku indung na tungtung na Kemal diuk dina korsi makan ngamandoran Acha jng indung na anu ker marasak.
"maahhh emang kieu upami di bumi teh Acha mah...",ck Kemal.
"iihhh asepp...langkung2 ieu mah gusti aya we ide nateh sok sakapeung mah di ciwit we da sok ngisin keun,benten lamun tos ngangge acuk dines serius na kabina2 tapi ari ker kieu yeuh oces na ampun...", ck indung na bari jingjon mulak malik goreng lauk mujaer.
"kumaha kitu mah oces na neng Acha teh...?", ck Kemal panasaran,
"eeemmmm pernah eta mah nya anak Ua teh nikah ka orang bojong sari,anak Ua lalaki na nganterkeun seserahan kabagean narangey babawaan aya anduk,baju,simbut keu,bolu ge rupa2.domba jng lomari korsi teu tinggaleun aya meren samobileun ieu neng Acha mah di dangdanan make kabaya di sanggul kabagean mawa bolu panganten anu make kembang,kawas nu eunya dina mobil di lahun ari mangkat ti imah jam 6 isuk2 tepi ka bojong sari teh jam 9 da lila kuperjalanan naa eta mah can ge tepi bolu panganten seep sabelah gera di opi dina mobil pajarkeun teh lapar gera gustiii meni ngerakeun ari pas turun tina mobil bolu anu kari sapotong di bikeun ka mamang na anu bagean nungtun domba cek maneh na teh ka mamang na tuker cenah Acha hayang nungtun domba,atuh olohok mamang na teh domba buru2 di gusur ku ACha ari bolu anu sapotong di cekelan ku mamang na bari batur teh sing harewos ningali bolu sesa pajar batur mah di dahar ku mamang na", ck indung na Acha bari seuseurian,Kemal ge milu sueri ari Aca namah jonjon we nyambel jiga eweuh nanaon.
"teras naon deui mah?", ck Kemal.
"heueuh gera kasep palebah ker acara walimahan ngahaja domba teh di kaburkeun di tengah2 semah atuh awewe jng barudak cing jarerit jng domba teh di tewak na hese untung da teu ngacak2 parasman ge,pok nateh ck si Acha dombana embungeun di lahun cenah atuh geerrr we sareuri semah teh...",ck indung na acha bari nyusutan cimata seuri nepika akey2an.
"iyeeeyyy baruk kitu mah....", ck Kemal bari nyengir,beres masak kabeh deungeun sangu ges ngabarak dina meja makan,ku indung na Acha titah ngageroan bapa na atuh torojol bapa na muru meja makan,kakarage dek derr acha ngomong ka bapa na,
"pak Kemal mah da bade uih moal emam heula cenah bieu tos ngabaso wareg keneh", kitu nateh meni serius jiga nu heueuh sidikan Kemal teh lapar komo tatadi nahan lapar basa acha jng indung na ngagoreng lauk teu sirik beuteun na di sada menta di eusi.pok bapa na acha nembalan
"haarr kumaha atu ieu sangu jng lauk ari asep make ngabaso heula...? sieun teu di suguhan meren nya?, ck bapana teu nyahoeun ACha kr ngaheureyan.
Kemal bingung meren tuluy sukuna ngajejek suku Acha ari ku acha di angkat suku maneh na teh atuh milepas suku kemal kena ka suku bapa na Acha jekuk teh kena pisan kana tulang na pisan nepika muringis.Kemal reuwaseun teu bisa kumaha ngadedempes we ari Acha nahan seuri teu kuat meren bari tungkul,Kemal geregeteun ka Acha era teu aya papadana dek indit kumaha era ku indung na Acha ari bapa na Acha nyiuk sangu jiga anu apal ka kemal song di asongkeun piring anu aya sanguan bari pok na,
"Sok ah raosan sep...wios sakedik we mamah na Acha bilih nyesel kengeng kuprak keprek...",kitu nateh bari nyiuk sangu jang maneh na sorangan.
Kemal rada peperedeyan ngahuap ge teu puguh rarasaan ka piheulaan era ku bapa na Acha nya gs najong suku bapa na deuih,lapar keneh maneh nateh ngan era dk nambah deui teh kulantaran ku Acha gs di sebutkeun lamun maneh na gs ngabaso padahal goreng Nila masih gugupay sambel kecap masih keneh ngicepan,goreng tahy jeng tempe katambah peutey masih keneh menta di huapkeun ngan rokaya tadi Acha ges ngawiwirang maneh na,bari keun siah keun siah Kemal kapaksa ngumbah leungeun ti heula Acha gawe na ngan nyikikik we nyengseuri keun.
waktu gs ngagayuh ka peuting tapi Kemal can balik keneh ku Acha di titah balik ge keukeuh embung maneh na menta waktu ka Acha hayang ngobrol cenah jng bapa na Acha.sabada sholat maghrib berjamaah Kemal ngariung jng indung bapa na Acha di tengah imah bari di suguhan seupan suuk ngebul keneh pamere bibi na acha.
"puntn sa teu acan na Bapa...mamah abdi kumawantun tatadi ngantosan waktos anu tepat kanggo abdi ngadugikeun sagala pamaksadan abdi ,abdi teh seja nyungkeun widi ti bapa kalih mamah hoyong mihukum Acha putra mamah sareng Apa ...", ck Kemal bari melong kana beungeut bapa na Acha,ari Acha kuat ku calangap teu nyangka sacongo buuk ge lamun kadatangan Kemal teh dek ngalamar maneh na da teu ngomon ti anggal na,
"ari kanggo bapa mah nya kumaha Acha na ....da aranjeun teh gs lain ABG deui gs meujeuh ngawangun rumah tangga...", ck bapa na Acha,Acha harita ngeluk tungkul we teu nyangka lamun Kemal aya maksud ka maneh na.
tah kumaha Cha kitu cenah cek Kemal...?", ck bapa na Acha. Acha neuteup kemal anu harita asa euki kasep pisan make kameja bodas tangan panjang make kopeah duhh matak dengdeuleueun.kitu ck Acha dina jero hate na.
"eehh ieu mah kalahngahuleng.Cha...acha kumaha daek teu cenah ka kemal...?", ck bapa na ngagarewahkeun anu ker ngalamun.
Acha urupapeureupeup pipina beureum euceuy nahan ka era,
"ngiringan....",sakitu jawaban Acha.
"tuuhh ngiringan cenah Mal...nya sok lah da gs darewasa ayeunamah ulah di lila2 gera neangan tanggal anu pas jang hidep dua an da ari kabeh tanggal mah alus ngan ari jang hidep anu dua nana darines mah da kudu di tingali teh waktu anu lowong...", ck bapa na Acha deui.
"muhun pak mangga ke sepuh abdi ngabujeng ka dieu kanggo ngabadantenkn deui waktos namah...", ck Kemal daria.
"nya mangga di antos ku Apa sareng ku mamah...", ck Bapa Acha bungah tungtung na anak na anu jail kabina2 teh aya oge anu ngaleuleuheungkeun.
ges sepakat mah ngalobrol kaditu kadieu sabalang bentor sagala di caritakeun langsung akrab Kemal jng kulawarga na Acha.
*********************************************************************************************************************************
Reny ges di bebaskeun tapi masih keneh wajib lapor 2X saminggu kulantaran kasus maot na Anhar jng Wika can sapinuh na ka ungkap komo Sopian anu keukeuh peuteukeuh embung ngaku yen maneh na teu ngaku lamun ngabunuh Anhar jng Wika.
harita Reny aya diimahna kerngasuh anak na di tepas kerkitu reg aya motor eureun hareupeun pisan imah na Reny ngalieuk jrut lalaki anu dina motor teh turun tuluy uluk salam ka Reny,rada reuwas Reny ningali anu datang teh gening Beny salaki Wika,
"assalamualaikum....kumaha damang Ren....?", ckBeny bari ngajak sasalaman
"damang Ben...",ck Reny bari gap nampanan leungeun Beny,
"hampura kuring teu bisa ngalongok kamu di penjara kusabab kuring jng kulawarga masih berduka cita ku maot na Wika ....", ck Beny beungeut na nguyung.
"nya teu nanaon.....pembunuhna gs ka tewak ayeunamah si Sopian kurang ajar teh gs katewak...", ck Reny semu kekerot.
"nya kuring ge di panggil kamari teh mere kesaksian di kantor polisi ren...", ck Beny deui.
"Ren....salse teu?", ck Beny bari meulong kana beunget Reny.
"hhhhmmmm kumaha kitu?", ck Reny bari rut ret ka kenca jng ka katuhu.
"urang kaluar yuuu ...?", ck Beny
"mmmhhh...hayu ngan ulah jauh teuing ben...", ck Reny.
"moal atuh urang neangan warung bakso we bari ngobrol...",ck Beny.
"ke atuh kedeng urang nitipkeun heula budak ka si mamah", ck Reny bari giriwil budak di pangku tulus ngaleos ka tukang nitipkeun budak ka indung na,sangges di wedak jng di lipstcik manehna kaluar deui,biur dua nana kana motor muru ka jalan raya leungeun Reny nangkeup beuteung Beny ku Beny di usapan tayoh na maraneh na dua an aya hubungan special,bener ceuk Nikeu lamun sabener na Beny jng Reny ge salingkuh di tukangen Anhar jng Wika.
sangges rada jauh ti lembur Reg motor Beny ereun jrut Reny jng Beny turun tuluy paresen Baso dariuk ngahaja rada di juru,bari ngadagoan pesenan datang Beny jng Reny ngalobrol leungeun Reny di cekel pageuh ku Beny bangun geugeut,aya sorot ka sono dina panon dua nana,
"tos ngabaso urang ka tempat biasa yuk Ren...?'', ck Beny bari ngusapan pipi Reny,
"hayuuu Ben....abi ge tos sono ka Beny teh.....", ck Reny bari imut ngagelenyu, dua nana silih teuteup silih siga bejakkeun lamun maranehan nana ker mendem seuneu asmara anu minuhan dada.
H A N C A
andhyn11.9.18
BAG.8
KENGENG ANDHYN
RENY.......!!!!!
Beres nga baso Rany jng Beny ngajugjug ka tempat anu biasa maneh na namplokeun hasrat na,penginapan kelas melati jadi saksi dua insan anu kersasar arah.
Bray panto penginapan muka Beny bangun gs teu sabar ngagusur awak Reny asup ka jero kamar sarua na Reny ge nangkeup awak Beny bari ngagarentoran Beny dua nana jiga anu gs teu inget di tepas wadi ngalajur napsu mepeuskeun hasrat anu ngagedur dina jero dada,beres ngalakukeun hubungan anu di caram ku agama,Beny ngagolepak bangun anucape kesang na juuh baseuh maseuhan dadana kitu deui Reny buuk na neupi ka baseuh jiga gs kuramas,
"kang......", cek Reny
"hhhhmmm naon Ren.....",ck Beny
"ari urang nepika iraha kieu teh?", ck Reny.
"kieu kumaha", ck Beny acuh.
"iiiiiiihhhh ai akang,piraku dek kikieu an wae....", ck Reny bari nyium dada Beny.
"kumaha engke Ren....akang baluweng keneh ...", ck Beny bari reup peureum.
"teu tiasa kitu ai akang....kedah puguh atuh da dosa meren urang teh ari habenjiga kieu wae teh", ck Reny bari leungeun na ngusapan dada Beny,Beny ngorejat hudang bari melong ka Reny panon na hurung pikasieuneun,pok ngomong tegeg pisan.
"heeee dek mulai ngatur kuring nya,ieu mah kieu we daek heug embung wae kuring moal ngajak2 deui....?",cenah bari ngorejat nangtung,Reny ngudag Beny bari nangkeup beny ti tukang tapi ku Beny di di lepaskeun panyekel Reny teh awak Reny anu masih keneh bulucun di surungkeun atuh gubrag Reny ngajengkang nangkarak dina tempat sare,teu antaparah jol kaprot kaprot di tampilingan ku Beny koceak Reny ceurik bari nyekelan pipina anu karasa panas,
"ampuunnn kang....ampun....", ck Reny bari ceurik ngarasakeun pipina anu nyeri leuwih2 hate na asa di gerihan maneh na gs daek di ajak sare ku Beny ari ayeuna kalahka manggih panyiksa.
"naon lepat abi kang? naha akang betnampilingan abdi?", ck Reny bari nyurulung cimata na.
"hayang nyaho salaah maneh..? loba salah maneh teh...kahiji salah maneh nyaeta maneh teh pamajikan si Anhar,ka dua salah maneh teu bisa ngajaga salaki maneh si Anhar anu gs salingkuh jeng pamajikan kuring si Wika katilu salah maneh.....daek ngalayanan kuring....eta salah maneh teh,ngarti....!!!! ck Anhar bari tutunjuk ka Reny,
Reny ngorejat dk hudang tapi ku Beny buuk na di jengut di tongtak atuh bru awak Reny ngudupruk deui kana risbang bari angger ceurik hate na mimiti sieun loba ka sieun nyinghareupan Beny anu langsung kaluar aslina anu biasa na bageur ngarayu maneh na ayeuna badis jiga setan anu bangun hayang neureuy ka maneh na,Reny ngeluk tungkul bari teu ereun2 ceurik.
"gandeng....!! gs eweuh gunana deui maneh ceurik sakedeng deui maneh bakal nyusul salaki maneh jng pamajikan kuring si Wika anu gs ngahianat ka kuring".ck Beny bari melak cangkeng,Reny kuat ku olohok asa teu percaya kana naon anu di dengena bieu.
"ja...ja...di aa..kkaaangg anu gs maehan maneh na dua an?", ck Reny bari ngadegdeg kasieun minuhan hate na,maneh na murungkut di juru kamar bari awak na di simbutan.
"nya....kuring pelakuna,tadi na maneh anu dek di jadikeun tumbak ku kuring teh tapi si kasebelan jelema tolol Sopian ujug2 dek merkosa si Acha,dasar jelema idiot si sopian mah....tapi alus lah jadi maneh di kaluarkeun kuring bisa laluasa megatkeun nyawa anjeun Reny...hahahaha", ck Beny pikasieuneun,Reny kuat ku murungkut ku Beny di udag ka juru tapi Reny ngajauhan bari di sasamping ku simbut da can sempet di baju tadi teh,reny luak lieuk hayang kabur tapi da panto penginapan teh di konci ku Beny.
gajleng Beny ngajleng ka hareupeun Reny krewek awak Reny di cekel tarik pisan Reny dek ngajerit tapi ku Beny sungut na di tutupan atuh Reny ngan bisa roroesan ker kitu gubrak awak Reny di surungkeun kana bata nepi ka "heeekkkk" cenah Reny molotot gubrag awak na ngagubrak leuleus kapiuhan bangun namah,giriwil di pangku ku Beny di sarekeun dina ranjang dasar gs ka ancikan ku setan nempo Reny teu walakaya teh kalahkah asa kahudangkeun deui jiwa sato na awak Reny di tindihan di galentoran nafsu bejad na di leupaskeun deui ka awewe anu gs teu walakaya.
***************************************************************************************************************************************************
Acha diuk di tepas di baturan ku Kemal peuting anu poek puguh ka ayaan di lembur jam 9 teh gs sepi jempling atuda lolobana patani puguh we datang na peuting teh di mangpaatkeun pikeun istirahat ku urang dinya mah boboraah hayang luta kaluar jang lalajo tv ge bangun na teh gs teu bisa,jiga gaang ka tincak hawar2 ti kajauhan sok kadenge aya sora nu nyetel wayang tina radio bangun namah,
Acha neuteup langit anu poek nyesakeun bentang anu cing karetip bangun anu ngiceupan ka dua pasang manusa anu kakara ngarencanakeun eudeuk patali janji meakeun sesa umur dua an ngawangun rumah tangga nyampurnakeun Ibadah na sebagai manusa anu beragama.
"eekkheemmm....", ck Kemal dedeheman,Acha lain teu ngarti ngan maneh na api2 we neuteup ka langit.
"eekkkhheeemmmmmmmmm....", ck Kemal dehem na makin tarik,Acha ngalieuk eweuh exspresi nanaon estuning datar.
"naaaaooooonnnn???", ck Acha molotot ka Kemal anu cungar cengir jiga kuda menta di sikat waos na( beuuu edasss)
"Cha....?", ck Kemal
"naaoooonnn iiihhh...", ck Acha.
"deuuhhh mni galak weee ka calon salaki ge...", ck Kemal api2 masang beungeut sedih,Acha sabener na hayang seuri ngan di tahan we.
"Cha.....", cek Kemal deui bari diuk na ngangsrod ngadeketan echa,
"naaooonnnn hoyong peureup....yeeuuuhhhh....", ck Acha Bari nembongkeun peureup anu buleud ka Kemal gep ku kemal di cepeng pageh pisan di kenyang deui teh kalah di konci ku Kemal peupeuteuyan Acha.Acha muringis nahan nyeri tapi Ku Kemal teu di kendoran malah di betot atuh awak Acha ka bawa ka hareupeun Kemal beungeut Acha meh antel kana beungeut Kemal,Acha nahan napas di heunteu2 ge hate na ngeleper hate na leuleuyapan,nyinghareupan bangsat jng preman mah acha teu jiga ayeuna estuning teuneung ludeng teu nyalahan nyoren sabuk hideung dina olah raga bela diri JUDO polri jng menang medali emas di olimpiade polri cup kamari di polda,kabuktian bada nyinghareupan Sopian anu dek merkosa na maneh na bisa lolos,ari ayeuna maneh na kacida leuleus na ngagerentes dina hate na "na ieu kitu anu ngaran na cinta teh...", Acha jol peureum we basa ambeukan Kemal beuki deket kana pipina,pel aya anu haneut napel kana biwir na sing puringkak nyasar kana awak na asa panas tiris sumebar kana punduk beuheung rupa2 rasana basa biwir Kemal mapay2 biwir maneh na,kersilih tukeur ciduh (naaoonn cenah yeuh aahh) ti tengah imah bapa na nyalukan anak na...
"Chaaa Acha....can salare Cha?", ck bp na Acha. etamah gurubug gajleng Acha ngajleng muru panto beledag tarang na neunggar kai tihang nepi ka aduh2an Acha teh ari kemal olohok ker kagok meren bieu teh asa kagareuwah keun awak na bieu di suntrungkeun ku Achanepi ka meh ngajuralit,Acha molotot ka kemal bari muka panto tuluy nyokot sarung anu bapa na di alungkeun ka Kemal nitah sare di tepas,Kemal masih keneh olohok gegetret teu ateul,goledag maneh na nangkarak jang maneh na gs biasa sare di luar bari tara di kasuran mineng tugas ngamankeun maneh namah ti jaman pendidikan keneh gs di biasakeun sare jiga kitu teh leuheung ayeuna mah di bere sarung ku Acha biasa namah estuning ngan baju hungkul anu ngahaneutan awak nateh.
bari ngagoledag maneh na muka hape tuluy muka WA ngirimkeun emotion eceng jng ciuman di bales ku Acha ku emotion peureup,kemal seuri sorangan tuluy maneh na ngetik deui.
"deui yuu Cha....?", cenah teu lila di bales ku Acha,
"jug jeng bapa Acha", cenah tuluy Kemal malesan deui.
"alim aahh bapa Acha mah kumisan sieun peureus", ck Kemal,Acha ngabalesan deui
"hahahaha gehel",cenah,dua nana sareuri sorangan nepi ka reup duanana pareureum,Kemal sare di luar bari nagkeup hape wawakil diri Acha tiditu namah.
samemeh subuh Kemal mah gs ka masjid gs beberesih make baju jng jaket kulit na sabada sholat subuh berjamaah Kemal kakara bisa asup ka imah Acha,Acha ge kakara beres solat subuh basa anak buah na nyaetA Sunandar nelepon ka Acha,
"nya naon ndar....hahh Reny...tuluy kumaha? leungit?saha anu laporan nana? indung na? gs 1 X 24 JAM can leungit na? hooh da aku ge dek otw ayeuna hhhhmmmm nyaaaa sampe ketemu ke di kantor...", ck Acha bari nutup tlp na.
dina meja makan gs nyampak bapa na indung na jng Kemal nyinghareupan goreng cau jng kopi,
Acha diuk bari melong ka Kemal.
"Mal....si Reny leungit mal....insting kamu tentang pembunuh Anhar jng Wika jiga na bener,lain si Sopian Mal...", ck Acha tuluy nguyup kopi hideung na langsung beak am kanu goreng cau beak 2 meren,
"hayu atuh ayeuna we urang langsung OTW cha....", ck Kemal gs kitu mah dua nana pamitan ka indung bapa na Acha bral dua nana arindit kanu mobil Acha.
barang tepi ka kantor gs nyampak indung na ngibarkeun lamun Reny teu balik ti kamari sore sangges di jemput babaturan nana,indung na teu apal saha anu ngajemput Reny jng Reny teu nyebutkeun deuih indit jng saha2 na,bari ramisak indung Reny menta tulung ka Acha jng anggota sejen na sangkan neangan Reny anu ujug2 leungit.
H A N C A
Komentar
Posting Komentar