DONGENG SUNDA RUMAOS

"Rumaos"
Kengeng Andhyn

"Assallamualaikum....,Dinda uih....mah...mah...iiihhh dimana ssiihhh...maaaaaaa..!!!", Ck Dinda bari ngalungkeun tas kana korsi bari luak lieuk,bus ka dapur euweuh indung nateh,bus deui ka tengah imah lujag lejeg,nyingkabkeun hordeng anu ngahalangan kamar indung na leube'ng euweuh indung na teh,sup deui ka dapur ayeunamah maneh na nyokot gelas curr nyicikeun cai herang tina dispenser,regot cai tiis teh di uyup maseuhan tikoro na anu asa garing.lumayan ngurangan rasa ambek dina dada ka indung na unggal maneh na balik gawe pasti jarang nyampak di imah,
Blug awak na diuk dina korsi bari angger jamotrot poe2 katukang indung na asa luas leos wae jarang di imah,sakalieun aya di imah pasti ngerem maneh di kamar jarang kaluar ,"jiga na si mamah teh be'ger deui ieu mah", pikir Dinda,

Teu lila kulutrak indung na datang bari ngajingjing keresek ningali anak na geus balik indung na Dinda imut ka anak na bari pokna,
"Tos uih gening nung..?", Ck Aminah indung na Dinda.
"Tos...", Jawab dinda ketus bari nukangan indung na anu kakara jol.
"Tos emam nung?",ceuk Aminah
"Teu acan", tembal Dinda api api peureum ngagoler dina korsi.

Aminah buru-buru asup ka dapur ngahaneutkeun sangu tuluy teu lila ka ambeu seungit goreng endog.Aminah mawa sangu anu geus haneut sapiring jeung goreng endog di bawa kanu meja.

Dinda anu keur ngagoler bari nukangan api-api peureum teu malira ka indung na anu cukah cikih nyampakeun jang dahar maneh na,

"Nung...geulis tuang heula atuh...yeuh sareng endog we nya...", Ceuk Aminah bari nepak taktak Dinda lalaunan.
"Hhhhmmm",sakitu panembal ti Dinda bari angge'r peureum.

Aminah ningali anak na kitu teh ngan bisa ngurut dada tutungtung na ngaleos asup ka kamar na.

Dinda beuteung na lain teu lapar ngan hawa ambek leuwih ngagedur dina dada na,
"Dasar munafik....", gerentes hate na ngungkapkeun ka keuheul ka indung na.

maneh na cape di gawe ari indung na gawe na ngan kuluyuran we meh unggal poe natangga.

"Sebel iiihhh",cek Dinda cengkat tina korsi kareret goreng endog karesep maneh na make bawang daun meuni camutmut beuteung namah gegeroan hayang di eusian tapi ka ambek ngelehkeun rasa lapar.Tungtung namah eta sangu teh tepi ka isuk na ge teu di toel toel acan ku maneh na.

##########

"Tin...dek teu ambek kumaha urang mah,unggal balik gawe nu jadi indung pasti keur natangga,asa teu nyaho waktu kuring mah gawe asa dugde'g neangan duit naaa indung mah asa ngeunah ngagosip wee gawe na...",ceuk Dinda basa keur istirahat makan siang curhat ka Tina sobat na.
"Huusss aah pamali ngomongkeun wae indung...", tembal Tina ngage'bah sobat na anu keur samutut jiga tutut.

"Aahhh kesel atuda pantesan si bapa ninggalkeun si mamah da meren.....",teu kebat Dinda ngomong na kaburu di tutup ku leungeun Tina bari molotot.
"Dindaaaa...pamali iiihhh...hade goreng ge kolot urang iihh...stop aahh tong ngomongkeun wae indung sieun keuna mamala na", ceuk Tina teu panuju Dinda ngagogoreng wae indung na.


Ngalenghoy balik gawe teh hate asa leuleuyapan wae kulutrak muka panto angge'r geus tara di konci teh nandakeun indung na keur eweuh deui pikir Dinda ,teuing gs seberaha minggu Dinda tara nanya indung na mere duit jang balanja ge ngan sakur diteundeun dina meja.da ti saprak papisah jeung bapa na Dinda, indung na di biayaya an ku Dinda mimiti ti meuli beas,deungen sangu mayar listrik poko na kabeh di tangke's ku Dinda,matak asa ambek ningali pamolah indung na anu nganbisa na ukur ngagosip jeung tatangga nateh.

Tapi basa Dinda ngaliwat ka pale'bah kamar indung na hordeng katebak angin katingali indung na keur sare ngaringkuk,Dinda ngan saukur ngalies bari semu jebi....
"Hhhheeeemmmm tumbenn teu natangga..." Pikir Dinda.

Isuk na hate teuing aya naon seblak...seblak...di pagawean teu konsen asa leuleus teu puguh tungtung na kira-kira jam 2 ngudupruk dina korsi klinik pabrik.keur nyuuh we ngararasakeun awak anu leuleus kurunyung satpam neangan,

"Neng Dinda aya anu milarian...",ceuk Satpam,geubeg Dinda ngageube'g,

 "aya naon nya?"...

Anu nyusulan teh  Mang Ayi adi  indung na,

"Urang uih Din...mamang tos nyungkeun izin hayu enggal...", Ceuk mang Ayi tanpa basa basi.

Dinda nurut teu loba tatanya keurmah awak leuleus,terus maneh na teu ngarti aya naon ke weh di imah tatanya namah.

Dibonceng ku mang Ayi asa sakeudeng geus nepi deui imah naha asa loba jelema,kakara Dinda asa lilir tina sare na...

"Mangg aya naon ieu...?", Ceuk Dinda bari meuleng ka Mang Ayi,kaciri paroman mamang na teh aleum,Dinda teu ngarti aya naon sabener na.

"Hayu asup heula Din...", Ceuk Mang Ayi bari muka helm na,sup Dinda asup ka imah na barang ka tengah imah geus lowong korsi di seredkeun ka pipir imah ngan samak we ngagelar di tengah imah......

Ngajapapang indung na di rungkup ku samping kebat,
Dinda ngoceak bari nyambat indung na can ge tapi les we kapiuhan.


Dinda kucapkiceup asa ngimpi kanu ceuli na aya anu ngaharewosan ku rupa-rupa ayat ayat Al Quran,kitu deui di tengah imah cing geurendeung anu maca Yasin.

Dinda Luak lieuk gening maneh na aya di kamar na ret kanu ngajapapang beungeut indung na anu gs seupa biwir na bodas,koceak deui Dinda ngoceak ngageroan indung na,lumpat make tanaga sesa ngagabrug ka indung na anu minggu-minggu ieu kumaneh na di baedan.
"Mamaaaaa...gugah maahhh...gugaahhh...hapunten heula dinda maahhh hapuntennnnn....Dinda alim jadi anak doraka mahhh hapunteennnn....",lesss deui kapiuhan....


Taneuh beureum masih keneh baseuh,kembang ros beureum jeung bodas masih keneh seungit nyimbutan kuburan,padung anyar nulisan ngaran indung na "Aminah Binti sudiarja".

"Ieu ngimpi...ieu ngimpi....",ceuk Dinda.tapi gening aya bapa na sagala jeung pamajikan anyar na lieuk deui aya adi-adi indung na,aya bi hadijah adi indung na anu bungsu,nangkeup ka maneh na ceurik guyang cimata.

"Dinda ieu aya serat ti indung hidep", ck bi ijah ngasongkeun kertas ka maneh na.

Ku Dinda ditampanan leungeun na ngadegdeg muka kertas bodas anu ditilepkeun segi opat,lalaunan tulisan dina kertas bodas di baca bari cimata tuluy-tuluyan barijil maseuhan pipi ngeclakan kana kertas.

"Nung...geulis....hampura mamah....mamah nyusahkeun hidep nung....hampura minggu-minggu ieu mamah tara nyampak lamun hidep mulang cuu,mama kuli ngistrika di bu Anes anu istri tentara tea,mamah isin ku hidep di biayayaan wae...bilih hidep ge loba kabutuh nung...artos ti unung ku mamah di simpen dina kaleng khong guan tara di coceng,eta jang kaperluan hide'p geulis.

Nung....hampura kakara wakca...mamah di pirak ku bapa hidep kusabab mamah gaduh panyawat kangker rahim basa ngalahirkeun hidep rahim mamah di angkat,cek dr mah teu meunang gawe beurat tapi kan mamah alim ari kudu nyusahkeun hidep mah jadi mama kuli nyeuseuh jng nyetrika nung....hampura mama teu wakca bisi unung isin boga indung tukang kuli nyeuseuh jeung hampura mamah geuring teu bebeja ka unung da bisi unung hariwang....hampura mamah nung...",

"Doa ti Mamah Unung sing jadi budak Sholehah sing bisa ngangkat harkat darajat kulawarga geulis".


Beres maca surat ti indung na.jerit Dinda ngajerit kaduhung minuhan dada na pada ngajarampe pada ngaleule'r pada marancahan,Dinda ceurik balilihan bari nangkeup gundukan taneuh anu nutupan waragad indung na,kaduhung anu teu manggih tungtung munbisa hayang balikan deui ka mangsa katukang hayang nyugemakeun indung hayang mikanyaah indung,tapi mangsa geus kaliwat kiwari kari rasa kaduhung anu mokaha Nyeule'k minuhan dada.


"Mamaaaaahhhhhh Dinda rumaos ....rumaos nuduh mamahh anu lain lain hampura Dinda maahhh..", le's deui kapiuhan...

Hayang namah ngudag indung na ka jomantara sujud dina sampean na nangkeup pageuh kana waragad na masih katingali kontoyong na,imut na teuteup kadeudeuh na sora na,geuntraan nana..."Unung...Unung mamah Geulis...".

"Indung.........surga kuring aya di anjeun...Ridho Allah aya dina karidhoan anjeun,indung...hampura kuring...hampura...".

"Rumaos..."

  

Andhyn 2.9.18

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng sunda GIRIMIS KASORENAKEUNkengeng Andhyn

JERITAN TANPA SORA bag 6 sd 19

dongeng sunda HAREWOS TENGAH PEUTING (HTP)