#CDS_Carpondak_Carita_pondok_dadakan

Judul                     : TEU BOGA RASA

Kotretan                : Neng Evon

Jumlah kecap       :





“Euis…Balik…!”, Jamal nangtung ngabadega hareupeun Euis.

“Ampun Kang…”, Euis ngeluk tungkul jiga buek meunang mabuk.

Gura giru nangtung menerkeun bajuna anu satengah nyingkab beretek lumpat ngajauhan Jamal anu masih nangtung bari melak cangkeng panon na beureum huntuna kekerot.


Brak panto muka,

Euis anu keur nyusuan anak na ngadegdeg pasti Jamal salakina bakalan nyiksa deui jiga nu angeus-angeus,

kadenge sora lengkah Jamal beuki ngadeukeutan Euis anu api-api sare bari angger nyusuan anak na.


“Euis mana duit setoran poe ieu ?”, Tanya Jamal ka Euis anu api-api peureum hayam.

Euis ngusiwel ngaluarkeun duit tina saku calana na song di asongkeun ka Jamal.


“ngan sakieu hah…!”, Ceuk Jamal bari ngajengut buuk Euis,

Euis muringis nahan kanyeri bari cimata murubut maseuhan pipi anak na anu masih keneh nyusu.


“Kan tadi teu acan beres Kang,kabujeung aya Akang…”, Tembal Euis bari leungeunna nyekelan buuk na anu karasa peureus di jengut ku Jamal.


“Moal ge cukup duit sakieu mah,isukan star na rada beurang keneh budak titipkeun ka Bi titi ti isuk-isuk…”, Parentah Jamal,ka angseu bau minuman keras nyelengseng kana irung Euis.


Euis teu nembalan budak geus tibra sare lalaunan leupas Euis ngolesed rada ngajauhan ti budak anu kakara 6bulan,

Gep leungeun na di tewak ku Jamal di gusur ka tungtung tempat sare rada jauh ti anak na anu eukeur sare.


Kadenge Euis ampun-ampunan lain sakali salakina nyiksa Euis dina kaayaan bari mabok meh unggal usik Euis kudu ngalayanan nafsu binatang salakina bari narima panyiksa,

Salian eta Euis kudu ngajual diri duitna di pake poya-poya ku Jamal.

Teu lila Jamal kaluar ti kamar kontrakan bari menerkeun calana levis na,leumpang suluyang soloyong muru ka terminal beus tempat maneh na biasa mangkal.

Euis ceurik bari ngelap getih anu kaluar tina sisi-sisi biwirna anu soek balas di tampilingan ku Jamal salakina.

Rumah Tangga eujeung Jamal anu kakara nincak 3taun estuning jiga di naraka,
Tisaprak Jamal di pecat tina pagawean nana tina supir beus kulantaran nyupiran bari mabok,Jamal jadi sering murang-maring ngalampiaskeun ka ambek na kanu jadi pamajikan nana nyaeta Euis.

Euis muru kamar mandi umum anu ayan na di juru kontrakan nana,geuwat mandi da sieun anak na kaburu hudang gura giru nupenting mah lantis we awak na miceun ririged jeung kokotor anu aya dina awak na.

Beres mandi Euis geuwat di salin semu rusuh leungeun na ngarampa kanu saku calana panjang na tuluy ngaluarkeun botol leutik bari di keupeul pageuh pisan,bari melong ka anak na pok na,

"Jang...mening Ujang meuning Bapa anu indit ti heula?", Tanya na kabudak anu keur ngagebra sare,beungeut budak di teuteup tuluy di deukeutan celengok di cium bari di usapan pipi na.

"Hayu urang indit Jang jeung Mamah jauhan boga Bapa kitu mah,eehhh da eta mah lain Bapa Ujang ketang Bapa Ujang mah pagawe proyek anu ngaran na Rohendi langganan Mamah,Ujang sarimbang pisan jeung manehna,kasep bodas beresih jiga na Mamah boga hate ka Bapa hidep Jang...aaaahhhh", Ceuk Euis bari mencrong ka Budak anu keur sare.

Teu lila Euis kaluar ti imah kontrakan nana bari ngais anak na,angkaribung ku kantong baju tuluy megat Ojeg on line anu geus di pesen na.

Biur motor ngajauhan tempat kontrakan,Euis imut ka budak anu angger sare tibra pipina anu lemes di usapan ku curuk na,hate na noroweco 
"Pileuleuyan Kang Jamal kuring geus teu kuat hampura kuring ninggalkeun anjeun,hampura...",

Samemeh indit tadi Euis ninyuh kopi jang salakina Jamal,geus kabiasaan lamun Jamal balik nongkrong sok menta dipangninyuhkeun kopi ka Euis.

Jamal imut ningali kopi anu di tutupan kutatakan,geuwat di regot bari peureum beunta,
"Suruput...".
Kopi di beakeun nu nyesa tinggal gegedohna.

Biwir di susut kupuhu leungeun Jamal ngarasa aya anu aneh dina awakna,
Tikoro panas dada asa seusek,panon asa ranyany sirah dung-deng jaba beuteung murilit nyeri.

"GUBRAG...!", Awak Jamal ngagubrag panon burial buncelik,tina sela-sela biwir kaluaran cai bodas semu ngabudah.

Kerejet...kerejet...suku totojer leungeun anu yekelan beuheung ngulapes,nyawa ninggalkeun raga salila na,Jamal tiwas harita keneh...

Euis geus diuk dina beus muru kaluar kota,harita aya WA anu asup ngabejakeun yen Rohendi geus ngadagoan manehna jeung anak na,Euis imut timimiti ayeuna maneh na teukudu Nutupan Rasa anu salila ieu mokaha dina hate na,gilig deuk nuturkeun Rohendi langganan manehna anu tadi peuting ngajak kabur kanu jauh ninggalkeun jamal salakina anu purah nyiksa wae.

Euis imut bari pok ka anak na,
"Racun portas na geus reaksi can nya ...?", Cenah bari angger leungeun na ngusapan pipi budak anu ngagebra sare.


C A G.....aaaahhhhh
 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng sunda GIRIMIS KASORENAKEUNkengeng Andhyn

JERITAN TANPA SORA bag 6 sd 19

dongeng sunda HAREWOS TENGAH PEUTING (HTP)