#CDS_Carpondak_Carita_pondok_dadakan Judul : TEU BOGA RASA Kotretan : Neng Evon Jumlah kecap : “Euis…Balik…!”, Jamal nangtung ngabadega hareupeun Euis. “Ampun Kang…”, Euis ngeluk tungkul jiga buek meunang mabuk. Gura giru nangtung menerkeun bajuna anu satengah nyingkab beretek lumpat ngajauhan Jamal anu masih nangtung bari melak cangkeng panon na beureum huntuna kekerot. Brak panto muka, Euis anu keur nyusuan anak na ngadegdeg pasti Jamal salakina bakalan nyiksa deui jiga nu angeus-angeus, kadenge sora lengkah Jamal beuki ngadeukeutan Euis anu api-api sare bari angger nyusuan anak na. “Euis mana duit setoran poe ieu ?”, Tanya Jamal ka Euis anu api-api peureum hayam. Euis ngusiwel ngaluarkeun duit tina saku calana na song di asongkeun ka Jamal. “ngan sakieu hah…!”, Ceuk Jamal bari ngajengut buuk Euis, Euis muringis nahan kanyeri bari cimat...
Postingan
Menampilkan postingan dari Mei, 2022