Dongeng Sunda _ANU_DITEUNDEUN_DIHANDEULEUM_HIEUM(ADDH)
#DSMA_ANU_DITEUNDEUN_DIHANDEULEUM_HIEUM(ADDH)
Bagean ka 1
Kengeng Andhyn
Kesang masih keneh baseuh meh napel kana awak na dilla tapi dila gura giru ninggalkeun tempat sanggar senam,biur mobil yaris biru langit ngabiur muru mall di tengah kota sajajalan gs cing "taringting" pemberitahuan WA dina hape na,
"iihhh lain sabar nya jelema teh...",ck dilla ngomong sorangan,leungeun na ngoper gigi ka 2 jalanan rada macet puguhan jam2 bubaran kantor pasosore rada kesel ka nu nga WA, dilla mengkolkn mobil asup ka parkiran mall,
beres parkir gewat dila kaluar tina mobil na rada rusuh asup ka mall tuluy nlp ka babaturan nana,
"wooyyy saya gs di mall yeuh,kalian di mana?",ck dila nlp ka bbturan nana.
teu lila cing torojol mamah2 muda anu masih saleger dangdanan embung eleh ku ABG,bari cing irihil,
" yeeee tatadi ge nungguan di dieu di parkiran nungguan kamu dill...",ck susan bari langsung ngaleng dila.
"Aya naon sihh mni sok angger ngarurusuh batur teh,aku tadi ker aerobic ieu can mandi2 acan...", ck dilla
" gandeng aahh protes wae hayu aya anu dk nelaktir makan...",ck susan bari ngagusur dila asup ka hiji resto cepat saji.
"Iihhh mni panya teh aya naon...aku asa kucel ihh can mandi can dangdan...", ck dila
" teuu kudu mandi teu kudu dangdan gs geulis ieuh",ck si melly nempas ti tukang.
Teu lila nepi ka jero resto cepat saji,4 an dariuk ngurilingan meja anu panjang cukup jang 6urangeun ari susan sibuk nlp teuing nlp an saha.
"Saha ieu teh anu dk neraktir na? kamu san?", ck dilla.
" lain...cicing2 we kamu mah...bbturan aku kakara datang ka bandung ti semarang urang pajak,kalem we...",ck susan.
"Sok ku angger kamu mah...", ck dilla.
Teu lila datang lalaki kira2 umur 40 taun make jaket make kacamata hideung,susan nangtung tuluy ngagupayan ka lalaki tadi,si lalaki nyamperkeun bari muka kacamata hideung na.
" hai susan kumaha kabar na? Waduhh makin herang we yeuh kamu mah?",ck erlan bari ngajak sasalaman ka susan.
"Aahh kamu mah bisa ae,abdi damang eehh erlan kenal keun ieu rerencangan usan,nu acuk beureum ceu dilla,anu acuk bodas ceu melly anu teu di acuk ceu evi hehehhe...", ck susan bari nunjukan babaturan nana,gupgap sasalaman jng erlan.
" wah...mahmud2 bandung mah gareulis euy...",ck erlan bari gek diuk.
"Kamu sorangan lan? Naha teu jng kodim?", ck susan.
" kodim naon ari kamu?",ck erlan
"Komandan di imah hahahhaa", ck susan.
" tara di babawa sina ngurus budak we di lembur,ieu kan kerngarintis bisnis di bandung piraku kudu di abring2,sok atuh geura pesen makanan...",ck erlan.
Salerea husu neangan kadaharan dina buku menu gs kitu paresen rupa2 kadaharan,erlan ngajak ngobrol deui ari dilla sibuk nga WA anak2 na di imah.
"Eeuuhh ieu anak aku nu gede dek les eweuh nu nganter deuih...", ck dilla
" kumaha atuh dill....",ck evi
"Ke...ke...dk nitah tukang ojeg we duh cilaka bisi suami aku nyaho aku kumpul2 cul budak...", ck dilla.
Teu lila kadaharan gs datang susan saparakanca langsung dalahar katingali dilla mah geulisah inget ka anak na anu dk indit les.asa teu mirasa dahar ge maneh na kaduhung ngagugu ka pangajak babaturan nana ketemuan di mall sugan teh aya naon tadi susan nitah maneh na nepika ngaburu2.
Meh teu pati jongjon dilla elekesekeng can reug2 anak na anu gede can aya anu ngajeujeuhkn,erlan maling2 neuteup ka dilla anu tatadi geulisah sedengkn dilla mah teu merhatikeun erlan saeutik oge.
Gs ampir maghrib dilla balik ka imah nyampak salakina gs balik kr diuk bari udud.
" timana mah...?",tanya dudi salaki na.
"Mmhhh ts senam langsung ka bumi rerencangan aya anu syukuran", ck dilla ngabohong.
" naha si kaka les na di anterku tukang ojeg?",ck dudi.
" muhun tadi mama hilap pah...",ck dilla bari ngaleos ka kamar sieun kapapanjangan salaki na nanya2.
Rumasa salah tadi maneh na kalahka ruang riung jng babaturan nana.
Bener keuna ku paribasa kumaha gaul,lamun urang babaturan na tukang minyak tanah kabawa bau minyak tanah,lamun tukang minyak seungit kabawa seungit.kitu deui dilla anu tadi na ngan ibu rumah tangga biasa anu ngurus anak kulantaran kabawa ku babaturan tukang ulin atuh ayeuna mulai teu betah cicing di imah pagawean nana ngan idit jng indit.katambah Salaki anu tara nyarek asal gs rapih di imah.
Grup ulin na susan,evi,melly sarua tara betah di imah unggal poe nguriling lamun teu ka mall nya karaoke lamun teu karaoke nonton ka bioskop kitu jng kitu we.ibu2 milenial cenah jaman ayeunamah...
Dudi salaki dilla jelema na acuh tara ieuh pusing ku kalakuan pamajikan nana nu penting imah ka urus jng budak aya anu nyepeng,puguhan boga pembantu jng aya dulur na anu ngasuh anak2 na ka asuh ku dunya salaki pamajikan arasik boga dunia sorangan,kitu deui dudi meni nyetel jng dilla karesep na ubrang abring jng babaturan nana momotoran sorangan jng komunitas na atawa tour make komunitas mobil na nepi ka luar pulau jawa
Hare2 hirup ka pamajikan cukup mere duit dek ulin kamana2 sakarep na wae pamajikan di mobilan di duitan ngan hanyakal teu di bere ilmu agama pangenyed nafsu dunia,antuk na dilla beuki ngacapruk ayeuna mah wani nepi ka ngendong sagala ari anak na vena jng reza di titipkn ka kolot na dilla.
Ku sarua na meh ampir sabulan dua kali dudi ge mineng tara balik ngayakeun tour cenah jng komunitas mobil na atuh beuki jarang panggih we jng pamajikan teh sarua sibuk ku hal2 anu sabener na eweuh guna na.
"Dilla urang ulin ka tangkuban perahu yuu?", ck evi
" deuk naon euceuuu...embung aahh bau belerang",ck melly
"Eehh urang foto2 we...aralus batur ge...", ck evi deui.
" hayuu lah bete ulin teh ka kota wae....",ck evi deui
"Up to you lah aku mah....", ck dilla
Gs kitu mah biur mobil anu mawa 4sobat ngabiur ka gunung tangkuban parahu,teu kacatur di jalan na ngan saukur futafoto bari jng huhahihi jiga ABG 4an kukurilingan teu puguh.balik ka imah teh gs liwat ti isya dilla nempo mobil salakina can aya berarti salaki na can balik,
" amaaannn....",ck dilla gs kitu mah gebrus mandi tuluy naek kana tempat tidur.
Bakat ku cape dilla sare mni tibra barang hudang teh isuk2 salakina teu aya euweuh balik ka imah.
"Naha si papah teu balik nya...", bari geuwat ngarawel hape.
" pah naha teu uih?",ck dilla dina hape.
"Ooohh pameng mah kamari papah aya anu ngajak tour ka cirebon teras ka jawa tengah....sok mama sing jongjon we nya lamun bade amengan jung ke ku papah di transfer artos na kangge jajan....", ck dudi dina hape.
" oohh nya atos atuhh ari kitu mah....",ck dilla bari nutup hape na,
Gs kitu gebrus mandi beres dangdan gap kana hape bewara ka babaturan nana,
"Ladies hayu urang beredar deui....lets go to puncak ....!!!", ck dilla ngirim pesan ka grup na,teu lila babaturan nana malesan " OK " cenah.
Asik we ka wowoy ku dunya poho sagala na bahkan poho pi balikeun samaruk hirup di dunya teh teu aya anu nalingakeun samaruk umur teh bisa peseun jiga kuota bisa haben di tambahan.ujian jelema hese ku ekonomi ngarasula loba teuing panganter dunya matak cilaka tanpa ilmu agama mah...
Kitu deui dilla saparakanca pangrasa na indit ulin abring2an moal matak dosa padahal cul rumah tangga ngan ngadeulkeun jasa pembantu kacida salah na.kawajiban ngajagaan imah gs eweuh dina aturan maraneh namah,senang2 jng meakn duit salaki di jadikeun hoby tapi palebah ngurus salaki maneh na arembung.
H A N C A
nu diteunteun di handeuleum hieum
Kengeng andhyn
Balikpapan,25 april 2019
#DSMA_ANU_DITEUNDEUN_DIHANDEULEUM_HIEUM(ADDH)
Bagean ka 2
Kengeng andhyn
"Dilla....urang ulin ka lembur handap yuu cenah ck beja aya paranormal anu bisa ngaramal hirup urang....", ck evi basa keur ulin di puncak.
" deeuuu dk naon aahhh...asa teu kudu...",ck dilla
"Hayuu...hayuuu...aku hayang di ramal lah...", ck susan.
" aku oge.....",ck melly ngahayukeun oge atuh dilla anu tadi na haroream kapaksa ngilu ka babaturan nana anu 3an.
Bring 4an ngabring ka lembur anu aya handapeun villa tenpat maraneh na nginep,sangges nanya ka penduduk di dinya susan saparakanca anjog ka hiji imah panggung anu caneom,susan jng melly silih sered ari dilla cicing we tukangen anu 3an tungtung na evi anu maju kahareup keketrok kanu panto bari uluk salam,
"Punteun....punteunn...!!!", ck evi simpe euweuh anu nembalan.
" areuweuh meren vie...?",ck susan
"Aahh kumaha atuh...coba an deui vie sing tarik keketrok na", ck melly.
Evi keketrok deui bari uluk salam tapi angger imah teh sepi jiga na anu boga na keur euweuh di imah,
Susan panasaran maneh na noong kana kaca jandela ulak ilik ka jero,evi ge nurutan noong ka jero imah,sabot keur noong ti tukangeun datang lalaki kira2 umur 70taun bari ngajingjing karung.
" barade ka saha eneng2 teh?",ck eta aki2.
Atuh gebeg susan saparakanca reuwas bali malikeun awak na,breh aki2 keur ngajanteng bari nyidikeun ka maranehan nana.
"Aduhh pu..puntn aki...abdi bade ka bah jumanta...aya kitu?',ck evi ngawani2 maneh.
" oohh aya pikeursaeun naon kitu neng?",ck eta aki2.
"Aya peryogi ki?", ck susan ngilu nembalan.
" hayuu atuh kalebet da teu di konci...",ck eta aki2.
4an arasup ka jero imah panggung langsung dariuk dina samak da teu aya korsi2 acan.
"Wayah na di aki mah kieu tempat na...", ck aki2 anu ngaran na bah jumanta bari ngajingjing teko jng geulas 5,song di asongkeun ka susan hideng susan nampanan tuluy nyicikeun cai enteh kana gelas,
" teu gaduh suguh keuneun neng aahh aki mah...",ck bah jumanta bari leguk maneh na nginum.
Susan jng nu lian nurutan ngarinum.
"Puntn aki abdi ngawagel...ieu terang tinu sanes cenah upami aki tiasa ngaramal atanapi nebak ka nasib abdi sareng caroge....", ck evi da maneh na anu antusias tibtatadi oge,anu lian ngaharephep we mari melongkeun ka bah jumanta.
Bah jumata malik meulong ka evi,
" aahh abah mah da teu aya katiasa atuh neng...",ck bah jumanta bari muka keun bako dina plastik tuluy ngagerelengkeun kanu kertas pahpir,cekes di seungeut peledek haseup na nyamuang ka bawa angin.
"Nya mamanawian bah abdi hoyong terang kumaha caroge abdi kapayun na....", ck evi.
" mmmmhhhh....sapaninggal abah...eneng2 ulah sok arameng di sisi gawir bisi gareubis keh...hehehehe...",ck bah jumanta bari miceun calacah kana asbak.
"Maksad na bah....", ck susan panasaran.
" ulah jarambah geulis...",ck bah jumanta bari malik ngalieuk ka susan.
"Hiburan nya mangga moal aya anu nyaram ngan lamun kamalinaan bakal an meunang mamala na...saha ngaran hidep?", ck bah jumanta ka dilla anu tatadi cicing wae.
" dilla bah...",ck dilla reuwas naha jdi kamaneh na.
" abah ninggal kahirupan hidep memang keur ngeunah abah ningali duit keur dimana2...keur sugih salaki hidep teh tapi....lamun teu bisa mawa na...mmmmhhh hidep bakal guyang ku cimata cu...ieu mah lamun salaki hidep atanapi hidep kagoda deui kunu lian...hidep bakan ancur....",ck bah jumanta bari meulong ka dilla.
"Mu...muhun bah...", ck dilla jadi ngadegdeg da maneh namah teu niat tatanya tadi nage.
" ari abdi kumaha bah...",ck melly panasaran.
"Hidep bakal aya anu hayangeun deui....", ck bah jumanta.
" aaddeeuuyyyyy....!",ck susan jng evi meh bareng.
Melly jadi beureum beungeut na.
"Iyyeeyyyy...", ck melly bari tungkul.
" lamun hidep neng evi...ck abah ge ulah hayang duit leuwih ti salaki,karunya lamun di pencet wae ke salaki hidep bakalan moal betah da hidep rea kahayang...",ck bah jumanta ka evi,
Evi ukur ungut2an tuluy bah jumanta nebak2 ka nu 4an tungtung na jadi ajang curhat kitu kieu ngarasa maranehan nana bener we teu ngarasa lamun kalakuan maraneh na teh jauh ti salaki jng kulawarga salah,sangges rea anu di tanyakeun anu 4an balik bari teu poho ngeupeulan duit ka bah jumanta.
Sajajalan balik silih gonjak ngan dilla anu rada cicingeun teh maneh na inget ka papatah bah jumanta cenah lamun salaki jng maneh na teu kuat ku gogoda bakalan ancur,duhh gogoda naon atuh nya? Kitu pikiran dilla jng eunya na ayeuna duit teh keur ceuyah jiga hujan anu teu eureun matak hayang naon hayang naon pasti kacumponan karambah salaki anu antepan justru kalahka ngajujurung pamajikan nana ulin bagun maneh na embung kaganggu ku pamajikan.
"Aahh matak moal percaya kana ramalan2 eta mah da saukur babaledogan...", ck dilla dina hate na.
Di imah dila keur milihan baju dina lomari padedet ku baju2 anu marahal hungkul meh unggal minggu dilla meulian baju,torojol salaki na dudi bari mawa duit sagepok aya kana 50juta na,
" mah...ka bank kn tah papah aya rejeki nomplok",ck dudi bari ngasongkeun duit ka dilla.
"Mamah nyungkeun nya kangge meser hape terbaru..", ck dilla bari nampanan duit.
" nya sok we nyandak,mah...papah bade ka cilacap nya sareng rerencangan ",ck dudi.
" nya sok tapi mama ge bade ka sampireun aahh sareng rerencangan kan papah teu aya di bumi...",ck dilla deui.
"Nya mangga ngan kade we hati2 nya...", ck dudi,
Satuluyna dudi indit make mobil na ka kantor ari dilla ngaluar luarkeun baju tuluy di keresekan dk di bagikn ka dulur2 na di lembur.
Di imah anu tingkat 3 padedet ku parabot anu marahal hungkul pembantu na anu gs lila ngilu ka dilla ceu isoh sok mineng di berean baju2 ku dilla,barudak anu kr meujeuh na mineng di tinggal2kn ku dilla lamun teu ku ceu isoh barudak mah mimineng na di tinggalkn di indung na dilla.
Beres setor duit ka bank dilla ulin sorangan di mall bari dk ningalian hape inceran nana,keranteng we milih2 hape aya pamuda dedeg kasep anu ningalikn wae ka maneh na,
" nyalira wae tan....?",ck eta pamuda ka dilla.
Dila ngalieuk gigireun na katempo aya pamuda kersura seuri,
"Muhun....", ck dilla bari rutret deui ningalian hape.
" bade gentos hape...?",tanya si pemuda deui.
"Hhhhmmmm....", ck dilla rada haroream ngobrol sidik keur husu ningalian hape.
" tanteu...hape anu lami na abi we anu meser ulah di ical ka konter...",ck si pemuda ka dilla.
"Kumaha?", ck dila bari ngalieuk ka si pemuda.
" muhun kan tanteu bade meser anu enggal hape anu lami ku abi di peser na ",ck si pemuda.
Dilla ngan ukur unggeuk.
Beres meuli hape anyar dilla di ajak ka pujasera di mall ku si pemuda anu ngaran na andi,sangges diuk pahareup hareup andi peseb minuman ka pagawe puja sera.
" tanteu tadi saur konter seberaha pangaos hape anu lami teh?",ck andi.
"3,5 juta....", ck dilla.
" ieu ku andi di artosan 3,6 tan da lamun andi meser ka konter mah hape tanteu meureun teu janten 4 atanapi langkung hehhee",ck andi bari ngaluarkn duit tuluy di itung song di asongkeun ka dilla,ku dilla di tampanan bari maneh na mindah2kn kartu na kana hape anyar na,
"Hapusan heula foto2 na srng kontak2 na...", ck dilla.
" mangga tan siiaaapp...",ck andi.
Gs beres mindah2 kn kartu minuman pesenan andi datang gs kitu mah dua nana ngalobrol ngaler ngidul,gs maju ka peuting kakara dilla balik ka imah na di anter ku paneuteup andi.
"Geulis si tanteu teh....jaba body na ampuunn matak neureuy wae ciduh...", ck andi dina jero hate na.
Kira2 jam 10 peuting aya WA anu asup kana hape anyar na,ku dilla di tempo jiga no anyar da euweuh ngaran nan.
" teu acan bobo tan...masih ngoprek hp baru nya?",
Dilla kerung tuluy pesan teh di bales,
"Saha nya?",
" andi tan...anu meser hape tanteu...hehehe no tanteu di simpen ku andi,wios nya...?",ck andi.
"Oohhh andi...nya wios...", ck dilla bari iseng nga gedekn foto andi,
'Hhhhmmm kasep oge budak teh....',ck dilla dina jero hate na.
Tidinya dilla jng andi ngalobrol sagala di caritakeun nepi teu karasa gs jam 2 subuh tapi kalahka beuki betah we dilla ngalayanan andi anu beuki heureuy.
" andi...atos heula nya dilla mah tunduh...bade obo heula...",ck dilla,
"Yaaaa andi mah masih keneh betah...resep ari ngobrol sareng anu geulis teh...", ck andi.
Dilla ngan seuri tapi hate na asa bungah aya anu muji teh,komo anu muji na budak brondong.
" nya ke enjing deui atuh di sambung deui...",ck dilla.
"Janji nya bebz...", ck andi.
Dilla cicing jantung na ratug tutunggulan,
" eehh puntn tan...andi kumawantun nyebat bebz,puntn...",ck andi masih via WA.
"Nya", ck dila padahal maneh na nangkeup hape na ti pepereket aya anu sumeleket kana hate na ngeleketek rasa anu gs lila teu ngarasakeun endah na cinta,naha nya kakara ge sebeberaha jam kenal jng andi tapi dilla bungah na jiga budak ABG anu kakara jatuh cinta,
Dilla sare bari nangkeup hape na biwir na imut bari ngabayangkeun beungeut andi anu kasep.
***************
Di hiji restoran mewah kaciri dudi kerdiuk jng sita babaturan gawe na ngahaja milih tempat anu nyingkur,peuting anu caang ku bulan purnama jadi saksi pikeun maraneh na dua an,
" kang wawartos kamana ka mamah na barudak?",ck sita.
"Hehhee wawartos ka cilacap....",ck andi.
" iihhhh bisa wae...",ck sita bari nyiwit leungeun andi.
"Kan demi ngarencangan anu geulis anu nuju galaw", ck andi bari ngusapan sirah sita.
" nuhun nya kang....",ck sita bari nyarandekeun sirah na kana tak2 dudi.
"Enggal beres atuh proses pengadilan na...", ck dudi ka sita anu keraya masalah jng salakina,harita sita gs ngagugat cerai ka salakina,alesan nana salaki sita gs tara mere nafkah deui ka sita.
" emang lamun tos beres bade naon...?",ck sita bari ngadilak ogo.
"Bade aya anu mulung muntah...", ck andi bari nangkeup awak sita di antel keun kana awak na.
" iihhh akang mah....terus anu di bumi kumaha?",ck sita bari ngantelkn awak na ka awak dudi.
"Kumaha engke....", ck dudi bari nangkeup awak sita,biwir na di antelkeun kana ceuli sita bari ngaharewos,sita unggeuk tuluy dua nana carengkat sangges mayar ka kasir dua nana arasup kana mobil.
Biur mobil ninggalkeun resto meulah puting anu beuki sepi di teuteup ku bulan anu moncorong.
H A N C A
anu di teundeun di handeuleum hieum
Ku andhyn
Balikpapan,26 april 2019
#DSMA_ANU_DITEUNDEUN_DIHANDEULEUM_HIEUM(ADDH)
Bagean ka 3
Kengeng andhyn
"Ceu...kunaon ihh tatadi asa sura seuri wae sorangan,jiga anu teu hideng?',ck evi ka dilla.
" aaddaaa aajjaahhh....",ck dilla bari ngadilak ka evi.
"Awaasss nyaaa....di keleketek nepi ka pingsan lamun teu mere nyahoo...", ck evi bari leungeun na ngaragamang kana cangkeng dilla anu kr nyetir mobil muru ka sampireun.
" evi...iihh hayang nabrak iihh kamu mahh...",ck susan rada molotot.
"Hooh iihh urang mah masih keneh betah hirup di dunia...", ck melly
" atudaa sebell ieu si ceuceu kr boga rahasia...bungah sorangan...ceRita atuh ceu?",ck evi.
"Iihhh kepoo dechhh...", ck dilla kalah ka nghajakeun.
" evi nyaho timana dilla boga rahasia?",ck susan panasaran.
"Eehh nyaho teu ti tatadi sura seuri sorangan ...kamu mah mrn teu katingali da diuk di tukang,aku mah nyaksian pisan iihh...", ck evi bari malik ka tukang nya eta kapalebah melly jng susan anu diuk di tukang.
"teuing kunaon aku asa jdi budak ABG deui man teman...",ck dilla.
"aduh alah siahh boa jatuh cintrong deui nya kamu teh....?",ck melly ka dilla.
"teuing atuuuuhhhhh.....asa berjuta rasa nya...",ck dilla gs teu era deui nembrakeun rasa na ka sobat2 na.
derekdek dilla nyaritakeun perkenalan maneh na jng andi budak ngora anu meli hape na.
"aduh...kumaha atuh ledisss..",ck dilla bari rut ret ka sobat2 na,
"mmmhhhh kusabab dilla gs jujur,aku ge dk terusterang ka kalian...aku ker deukeut jng pemuda bujangan ngaran na bastian...",ck melly bari cumentil
"naaaoonnnn???!!!",ck susan jng evi meh bareng.
"iiihhh kamu mah gelo cicing2 teh gs boga brondong...",ck susan.
"aku juga berhak bahagia ledis...",ck melly bari ngibas2kn buuk na.
"hati2 saayy...bisi kanyahoan salaki....",ck evi
"moaall laahhh..asal sing rapih..",ck melly bari uman imen.
ahir na tepi oge ka sampireun cotage N resto,sangges cek in 4an cing galoler dina tempat sare,keur kitu hape dilla di sada barang di tempo andi VC atuh dilla gugurubugan jadi samar polah tapi teu burung di angkat oge tlp ti andi bari deg2an,
"halooo...nuju dimana ieu shay...?",ck andi
"nuju di sampireun ...",ck dilla semu era da babaturan nana langsung ngagaronjak maneh na.
"haaiii andi kenalan dong....",ck susan cumentil.
"eehh....tanteu...boleh tan...",ck andi bari sura seuri.
dilla pakupis nyingraykeun babaturan nana anu raronghok noong kana hape na,anu 3an cing barakatak ningali dilla anu gugup.
"andi nyusul atuh ka dieu candak rerencangan anu sanes na...urang party...",ck evi.
"leres tan....?"ck andi
"nya leres lah...sok di antos...ulah hilap nyandak rerencangan....",ck evi deui.
"ok siap kaleresan andi teu aya acara,antosan nya andi meluncur....",ck andi.
hape di rebut ku dilla ngan hanyakal VC na gs di tutup ku andi.
"iihhh naon sihh evi..make nitah si andi datang?",ck dilla.
"haaalllaaa bari atoh oge api2...",ck evi bari nyiwit pipi dilla.
"aku dk nlp bastian aahhh sina nyusul oge...."ck melly.
"huuuuu dasarrrrr....",ck susan maledog melly ku bantal.
peuting harita di kamar anu di sewa ku susan saparakanca rame ku sora anu sareuseurian,cing cakakak bangun bungah kadenge sora musik anu tarik andi mawa dimas babaturan nana.kitu deui bastian mawa sopian atuh aya 4 pasang recet ngalobrol jiga budak ABG,gs poho ku umur awewe anu 4an teh komo aya lalaki ngora anu kr meuceuh na maturan di jero kamar.
cacap peuting eta teu salare salerea begadang ngalobrol bari teu puguh ngobrolkn naon2 na,poho ka nu aya di imah poho ka kawajiban ka anak jng salaki.
ti dinya dilla jng andi makin akrab makin mineng papanggih 2an rerencepan,hiji poe andi jng dilla lalajo di bioskop di kawasan IP beres lalajo dua an dariuk di kape hareupeun bioskop,
"sayank...jiga na minggu enjing andi moal tiasa ngarencangan sayang heula kumargi andi bade uih hla ka depok",ck andi.
"naha aya naon dhy?",ck dilla
"mama teu damang shay",ck andi bari tungkul.
"aduhhh...kumaha atuh,tapi mamah di ofname teu?",ck dilla
"muhun shay...jaba bingung andi nju teu nyepeng artos ieu teh",ck andi
"tong salempang ke uih ti dieu urang ka ATM heula nya kanggo beukel mah",ck dilla bari ngusapan leungeun andi.
"aaahh ulah ngarepotkeun shayy...wios teu kedah...abdi janten isin....",ck andi.
"aahh jiga kasaha wae...hayu atuh urang uih tos wengi...",ck dilla bari nangtung di tuturkeun ku andi,dua nana muru mobil dilla biur mobil ninggalkn IP muru balik ka imah dilla di tengah jalan dilla ka ATM heula nyokot duit2juta tuluy di bikeun ka andi,
"makasih nya sayang ku",ck andi bari nyium tarang dilla.
"nya sok nya...sing enggal damang kituh ka mama sareng salam ti dilla",ck dila bari imut,
gs kitu andi turun tina mobil dilla bari nyakuan duit 2juta,sangges dadah2 bari jeung kissbye mobil dilla mamprung ninggalkn andi anu sura seuri sisi jalan,sangges mobil gs teu katempo deui andi pesen taxy on line.sangges menang biur mobil indit muter arah nu tadi muru ka daerah cibiru,
Di jero mobil andi ngusap saku na anu eusi duit ti dilla bari galecok dina hate na,
" aahh aya tah jang jalan2 isuk jng maya....dasar tanteu2 genit...bodo gampang di tipu na teh...",ck andi bari ngabayangkeun maya bakal montel ka maneh na kulantaran dk di wowoy ku duit pang mere dilla.
++++++++++++++++++++++++++++
Dudi ngaleupaskeun leungeun na tina awak sita awak na anu baseuh ku kesang di elap ku kaos jero na,sita ngalempreh peureum hayam di sagigireun dudi,
"Nuhun nya kesayangan akang...", ck dudi bari nyium tarang sita anu renung ku kesang,sangges ngumbar nafsu na jng salaaki batur anu kaluar tina norma2 agama.
" akang...sakedap deui sita bakalan resmi papirak jng kang sugandi,beres idah langsung tikah nya ku akang...?",ck sita bari leungeun na nangkeup awak dudi nu masih bulucun.
"Nya kumaha engke...terus pamajikan akang kumaha?", ck dudi ngusapan buuk dila
" aaahhhh.....nya kumaha atuh cenah akang gs haroream ka si ceu dilla aaahhh akang maahh",ck sita ogo.
"Nyaaa kan teu bisa kitu wae....kudu aya aleusan nana kecuali sita kersa janten anu ka 2" ck dudi bari peureum.
"Aaahhhh....hoyong ku nyalira aahhh....ceu dilla mah kumaha sita we nupenting akng jantn milik sita...", ck sita
Dudi teu nembalan kalahka gs kadenge sora kerek na laun jiga na ku kacapean gs tarung bieu dudi kasarean.
" iihhhh nya kalahka kerek si akaang mah",ck sita.
Bari panon mah melong kana lalngit maneh na ngakal kudu bisa ngelehkn dilla ku jalan kumaha wae asal dudi kapimilik ku maneh na,belenyeh seuri maneh na iNget aya dukun langganan maneh na anu bisa nyieun dilla di pirak engke na ku dudi,da sabener na menangkeun dudi ge di bantuan ku dukun langganan nana nya eta ki wira,"maneh kudu ancur dilla....kang dudi kudu jadi milik kuring sorangan.....hhhhmmmm dilla tungguan tnggal maen na ku maneh....!",ck sita bari gegerenyeman.
H A N C A
anu di teundeun di handeuleum hieum
Kengeng andhyn
Balikpapan,28 april 2019
#DSMA_ANU_DITEUNDEUN_DIHANDEULEUM_HIEUM(ADDH)
Bagean ka 4
Kengeng andhyn
Teuing ku naon Dilla asa makin teu betah di imah jng asa jadi ijid ningali salaki na,tiap dudi balik ku dilla tara di tanya jadi haroream katambah dudi ge jadi jarang balik atuh makin atoh we pikeun dilla mah jadi teu kudu ningali beungeut salaki na.
Beuki ngacapruk kalakuan dilla di luar imah
duit uwar awur teu puguh dipake senang2 jng babaturan jng di pake ngawowoy andi.
Di imah asa di naraka dudi balik2 jamotrot teu puguh2 kitu nateh gs jalan 2 bulan,dilla gs tara ngalayanan salaki na teuing kumaha mimiti na dilla jadi teu patanya jng dudi masalah nafkah batin ge dudi malah mimineng na nyalurkeun jng sita.
Kulantaran dudi di gawe sangenah na asa aing posisi gs aya di luhur hiji waktu maneh na di pindahkeun ka bagean anu euweuh pi duiteun alias garing,atuh shok dudi teh duit anu tadi na jiga hujan ayeunamah ngan ngandelkn hungkul gajih jaba ka biasaan maneh na ngawowoy sita,bayareun cicilan mobil anu can lunas nyieun dudi rada jangar,tambah2 nambahan pikiran sita gs ngadesek maneh na ngawin sita kulantaran sita gs resmi di pirak ku salakina,
"Kang dudi sita hoyong pendak di tempat biasa", ck sita dina WA,dudi nyarande mata na neuteup ka luhur lalangit kantor na duit makin ipis sedengkeun kaperluan murudul jaba kudu mahugi sita,kamari wae surat cerai sita di tebus ku dudi beak gede.
Tungtung na dudi nguniang hudang sangges babatek ngalempengkeun cangkeng na dudi muru mobil na biur muru ka tempat anu gs biasa di datangan ku maneh na jng sita,
Teu lila ge dudi gs tepi Di tempat kost2an paragi maneh na papanggih jng sita lamun aya waktu istirahat atawa lamun maneh na hayang sosonoan jng sita,
Nyampak sita gs ngagoler dina tempat sare make baju sare transparant atuh dudi nepi ka neureuy ciduh teu antaparah gabrug awak sita di galentoran,sakedapan masalah anu numpuk dina pikiran nana leungit dudi lalayaran dina sagara anu di sampakeun ku sita.
Dudi ngagoler di sagigireun sita nangkeup awak dudi bari ngusapan dada na dudi,
" kang....iraha atuh sita di tikah ku akang....hoyong geura resmi atuh kang...",ck sita
"Nya ke heula atuh geulis...akang nju riweuh pisan kan sita terang nyalira akang ayeuna di alihkeun ka tempat anu garing...jangar sabener namah ieu teh", ck dudi bari ngusapan buuk sita.
" aaaaaaahhh akang mahh...poko na sita hoyong geura nikah jng akang...titiiikkkk!!!",ck sita bari nyurungkeun leungeun dudi awak na ngajauhan tina awak dudi.
"Eehhh sita mah sok kitu...hayuu2 sok bade iraha asal ulah pundung kitu aahh ngewa...", ck dudi bari nyampeurkeun sita awak sita di tangkeup ti tukang.
Sita api2 ngambek keneh awak na angger nukangan dudi.
" sok bade iraha geulis...siapkn we ku sita sadayana nya,tapi....kumaha atuh da akang teu acan pisah ti dilla berarti sita wios di wayuh heula..",ck dudi asa2.
"Aahh poko na akang kedah enggal2 papirak ti dilla abdi alim di jantnkn anu ka 2 mah", ck sita masih angger nukangan.
" nya atuh ke sabar nya pasti dilla di pirak ku akang...kadieu atuh malik na...tos tong ngambek wae...sita...sakali deui nya...",ck dudi bari ngagarayam deui kana awak sita.
Sita malikeun awak na panon na peureum jep jempe anu kadenge ngan sora anu semu katahan jng sora kipas angin anu muter di ruangan kamar.
Peuting na dudi balik ka imah di garasi can aya mobil dilla nandakeun dilla can balik ka imah,jol langsung napsu we ka dilla sagala di tajong sagala di beubeutkn eukeurmah eukeur di pagawean gs mimiti hoream ngantor katambah sita menta di kawin katambah ti lising gs nlpan wae bulan ieu mobil can ka setoran.
Aya mereun sajam diuk dina korsi ruang tamu ti luar kadenge sora mobil datang,dilla kakara tepi langsung muka panto dilla nyaho salaki na gs aya di imah da mobil na gs di parkir di garasi ngan dilla teu nyangka lamun dudi gs ngadagoan maneh na di tuang tamu.
"Dilla diuk di dinya urang hayang ngomong...!!!", ck dudi teugeug.
Dilla nurut jantung na bet jadi ratug tutunggulan,
" jam sebarah ieu...? Wayah kieu kakara balik alus maneh mah jadi pamajikan teh pagawean ngaladog we cul imah cul anak cul salaki...!!!",ck dudi jol gantawang we.
"Haarr kan asal nage akang anu nitah kuring ulin malah ngamodalan sagala supaya kuring ulin kaluar,ari ayeuna protes...naha bet ambek sagala?!", ck dilla teu eleh tarik sora na.
" tah...tah...ieu awewe kurang ajar teh...wani ngalawan ka salaki!",ck dudi
"Harr bener kan akang anu nitah wae kuring kaluar?!", ck dilla.
" gs lah montong loba omong...lamun maneh gs embung rumah tangga jng kuring tinggal indit ti imah ieu...!!!",ck dudi.
Dilla molotot teu nyangka dudi dk ngomong kitu,
"Ooowwwhh jadi akang ngajak pisah?;" ck dilla
"Nya heu-euh ari maneh gs embung ngurus kulawarga mah...", ck dudi bari ngalieus.
" lah paling ge akang gs boga anu sejen matak ngajak pisah ge? Ngaku weee...!!",ck dilla
" lamun heu-euh kumaha?? Kuring gs teu selera deui lah ningali maneh teh..pagawean ngan ngablu we jiga budak ngora.",ck dudi neangan alesan.
"Ngomong tatadi maneh hayang ganti pamajikan kituh lain jol amuk2an teu puguh...", ck dilla sinis.
" tong loba omong lah,jangar ngomong jng maneh mah...!!!",ck dudi.
"Oohhh kitu....hayuu lah sok deal iraha urang kudu ka KUA,di sangka aing dk sieun mereun...!!", ck dilla panon na panas asa hayang hing we ceurik.
" nya sa gancang na we...",ck dudi tapi hate na bet hemar hemir teuing kunaon.
"Ti mimiti ayeuna urang gs talak 1 pisah ranjang...!", ck dilla bari ngaleos ka kamar jeblag panto di tutup sakalikn jetrek di konci ti jero,gubrag awak na nangkuban dina tempat sare cipanon murubut maseuhan bantal.
" gusti....naha jadi kieu....",ck dilla bari nyumputkeun beungeut kanu bantal sirah na ngadadak ranyud panon di peureum2 ge teu sare wae awak na gudubat gedebut we nepi ka subuh ge cacap teu sareup reup acan.
Isuk na isuk2 keneh dilla indit ka imah indung na mata na carindul balas ceurik sapeupeuting,dilla asa teu ngarti kunaon rumah tangga anu tadi na adem ayeun ngan sakocepat jadi rumah tangga anu ancur,gs 2 bulan dudi teu mere duit kamaneh na antuk na tabungan ge mimiti ngurangan jaba kamri2 gs ngabalanjaan si andi da ulang taun atuh beuki ipis we tabungan teh.
Nepi ka imah indung na budak anu gede kr sakola ari anu leutik keur ulin jng nini na,barang di sampeurkeun budak teh ngagabrug jiga anu gs lila teu panggih,
"Mama kunaon socana beureum? Sakiittt?", ck budak bari ngusapan pipi dilla,
Dilla gigideug bari nyiuman ramo leutik anak na.
Indung dilla ngarti dilla keur aya masalah geuwat nyieun teh manis song di asongkeun ka anak na,
" dilla kunaoansi Adudi gs lila tara aya ulin ka dieu? Biasa na mah sok jol...aya masalah naon?",ck ceu isah indung dilla.
"Duka mah teu terang....", ngan sakitu jawaban ti dilla bari tungkul teu kapapanjangan indung na dilla ngaleos ka dapur deuk nyanggu.
" mama...dede hoyong amengan ka emoollll tos lami tara Mandi bola...",ck budak umur 4 taun bari ngalendean ka dilla.
"Mmmhhh ulah ayeuna nya...mama na sakit kepala", ck dila bari ngusapan sirah bidak.
" ooyyoonnggg ayeuna mamah...nya mah nyaa..",ck budak mimiti jebi,dilla teu tegaeun geuwat budak di rawu di pangku.
"Hayuu atuh...tapi ngantosan heula si kaka uih sakola nya...", ck dilla,atuh budak teh atoh langsung lumpat bari acreg2an bungah,dilla seuri ningali pamolah anak na teh.
Ku indung na dilla di titah dahar tadi namah nolak da asa teu hayang dahar tapi ku indung na di paksa,indung na nyaho lamun dilla keur aya masalah tapi maneh na cicing we teu loba tatanya,ceu isah hayang dilla sorangan anu ngomong tanpa kudu ku maneh na di tanyakeun.
Kira2 jam 2 sangges anak na anu gede balik sakola dilla indit ka moll ngan 3 we da indung namah di ajak ge embungeun,dina mobil anak na noroweco sagala di tanyakeun keur meujeuh na dedengeeun.
Teu kacatur di jalan na dilla nepi ka moll di puseur kota langsung ka tempat permainan barudak harita anak na anu leutik langsung asup ka tempat mandi bola di baturan ku lanceuk na,sangges mayar karcis na dilla mah neangan tempat diuk anu lumayan nyingkur sanajan lain poe minggu atawa libur tapi moll teh lumayan rame,dilla ngaluarkeun hape na tambah kesel maneh na mariksa WA anu arasup nga balesan WA ti babaturan nana,panasaran maneh na ngecek WA andi lebeng budak teh euweuh beja na biasa namah sok krangkring meh unggal waktu,tadi peuting maneh na gs mere deui duit jang andi da indung na cenah kudu di oprasi cenah di depok,tuluy 3poe ka tukang andi di balanjaan ku dilla da ulang taun jaba balanja di moll tea atuh matak bobol lain harga anu murah mareh kabeh barang branded hungkul.
Kabayang deui kumaneh na dudi anu dk mirak maneh na asa bingung sabener na ari engke maneh na hirup ti mana sidik teu boga pacabakan sagala2 na ngandelkn ti dudi salakina ari engke lamun maneh na jdi janda kumaha?
Dk ngandelkeun di kawin ku si andi anu masih pangangguran asa moal,boboraah jng kahirupan rumah tangga jng sorangan oge menta an ti dilla,dilla ngarenghap bangun anu beurat pisan...
Keur anteng we ngecek WA ti juru kadenge aya muda mudi kr seuseurian di permainan bola basket,katingali aya lalaki jng awewe anu kr maen bola basket awewe na di tangkeup ti tukang ku lalakina bari ngasupkeun bola kana karanjang basket,dilla acuh we jaba ngan kaciri ti tukang jaba rada jauh ngan kadenge we sora dua nana sareuseurian bangun anu bungah maklum barudak ngora anu kr bobogohan.
Ngan lila2 asa apal kana sora anu keur seuri dilla panasaran jung nangtung nyampeurkeun kanu keur maraen basket tea.
Lalaki anu nangtung nukangan bari nangkeup awewe anu aya di hareup na beuki deukeut beuki deukeut...dilla asa apal kana baju anu di pake ku si lalaki na jiga baju anu di beuli kumaneh na jng andi di plaza hadiah ulang taun andi.aeehh calana oge sapatu na dilla makin yakin teu asa2 deui ayeunamah dilla nepak taktak si lalaki anu ker nukangan maneh na teh,
Lalaki anu keur nangkeup kabogoh na tea reuwas barang ningali anu aya hareupeun maneh na dilla,andi urupap eureup eup gugup samar rampa samar polah leungeun na anu tadi na nagkeup kabogoh na nya eta maya langsung di lesot keun,maya kerung ningali kabogoh na gugup teh,
"Saha eta sayang...?", ck maya.
" mmhhh...mmmmhhh...",ck andi beuki gempeur.
Dilla nangtung bari ngalipetkn leungeun na dina dada bari gogodeg...
"Andi cenah ka depok...cenah si mamah dk oprasi,naha kalahka aya di dieu...?", ck dilla
" sayang....eta saha iihhh...tanteu...tanteu saha na andi?",ck maya bari molotot ka dilla.
Dilla ngarasa teu ngenah di unghak ku budak satepak.
"Tanya keun ka si andi saha saya..?!!", ck dilla bari ngaleret ka andi.
" sayaaannnggggg....ieu saha...!!!",ck maya tarik atuh anu aya di dinya marelong kanu tiluan,andi rumpang rempeng kesang mimiti nyorolok dina tarang na...
"Andiii...jelaskeun...!!!", ck dilla
" mmhhh ieu tanteu andi...nami na tanteu dilla rayi na mamah ....!",ck andi bari bingung.
"Oowwhhh tanteu....?!", ck dilla.
" nu bener sayang? Ieu saha?!",ck maya.
"Nya leres sayang ieu wargi na andi ...", ck andi keukeuh.
" oohhh naha tanteu teh sok ngajak nonton,makan,ameungan ka villa sareng ngabalanjaan sagala,kan eta acuk,lancingan,sapatu,jam....topi,kaca mata kan aku anu mang meulikeun....!!!",ck dilla,maya molotot.
"Andiiii.....!!! Bener eta teh...!!!", ck maya bari ngahegak ambek.
" bohong yang...bohong...teu ketang....!!!",ck andi panik.dilla jol ngaluarkeun hape na nebongkeun chat maneh na jng andi ka maya,ku maya di baca bari ngadegdeg teu anta parah jelebet andi di tampiling tarik pisan,andi reuwas jaba era maya lumpat ngajauhan andi jng dilla,andi jol malik ka dilla bari tutunjuk teu suka,
"Dasar awewe jalang.....tanteu2 girang...!!! Tau nyadar siah ges kolot oge...!!!", ck andi,dilla nahan nafas leungeun na replek nampilangan andi menang kana 3X na,
" lalaki teu tau di untung...budak gelo pulangkeun kabeh barang2 ti urang dasar jelema euweuh ka era...gigolo e*d*n...!!!",ck dilla bari ti pepereket nahan amarah,andi malikeun awak na maneh na indit ngudag maya ninggalkeun dilla anu nyesek eungap tau nyangka bakalan aya kajadian kitu,teu kuat nahan ka era maneh na lumpat ninggalkeun tempat eta buru2 nyokot anak na meh di gusur di bawa balik ninggalkeun jelema2 anu cing karecewis ngomongkeun maneh na.
H A N C A
anu di tendeun di handeuleum hieum
Kengeng andhyn
Balikpapan,29 april 2019
#DSMA_ANU_DITEUNDEUN_DIHANDEULEUM_HIEUM(ADDH)
Bagean ka 5
Kengeng andhyn
Dilla jiga jelema langlang-lingling,di imah asa beuki sieun asa geueuman sakapeung dilla asa ningali kalangkang2 anu pikasieuneun jaba dudi gs tara balik pisan,gs saminggu pembantu na oge di eureunkn ku dilla da gs teu boga jng mayar na duit beuki kadieu beuki koredas tabungan beuki orot da di cokotan wae jang kaperluan sapopoe,
Di imah dila guling gasahan wae lamun di kamar sok asa titingalieun aya awewe make baju bodas buuk ngaringkiwik tuluy di ruang tamu asa aya anu ngabedega jangkung gede hideung,antuk na dilla gs teu kuat bakat ku sieun maneh na indit ka imah indung na di sisi kota,ka indung na dila tungtung na betus yen maneh na kr proses cerai jng dudi.
Ceu isah teu bisa kumaha deui da eta jalan anu di pilih ku anak na indung mah ngan sambung doa hungkul jng anak na.ceu isah mah atoh we komo apan si cikal mah audrey sakola na memang jng ceu isah,dilla cicing di imah ceu isah bari mawa baju anu loba maneh na itung2 pindah titirah ka imah indung na.
Teu lila datang surat ti kantor pos ngibarkeun lamun dilla gs resmi jadi randa di pirak ku dudi,harita dilla jiga euweuh rasa nanaon estuning asa napak asa heunteu jiwa na jiga keur di anjang keun matak basa surat cerai datang dilla mah teu ceurik teu bungah harita ceu isah ge nepi ka kaget ku ka ayaan anak na,
"Dilla...kunaon hidep jadi kitu...euweuh emosi jiga eweuh ka hayang gawe ngan huleng jentul kitu...bae ieuh nu engges mah engges sok da lain kiamat,sumangat deui nung...bageur...", ck ceu isah anu ningali anak na ngahuleng tepuguh.
" duka atuh mah...dilla teh da asa jadi teu gaduh sumanget kieu...",ck dilla bari nangkeup tuur na.
"Bae nu engges mah engges ieuh tempo budak ayeunamah piraku dk kitu wae,sok jadikeun kajadian kamari jadi pelajaran jng hidep...", ck ceu isah deui.
Dilla ngan saukur nyumputkeun sirah na kana korsi,dilla ge heran kunaon ayeuna jadi asa teu boga kahayang jadi asa mayit anu hirup,mandi hoream,dahar hoream komo kaluar imah mah heug lamun teu di gusur ge ku anak na dilla moal kaluar ti kamar na.awak asa leuleus kabina bina ray poe ka poe dilla gawe na ngan ngalamun we pikarunyaeun,ceu isah ngalelemu mapatahan unggal usik.
Hiji poe datang kapi lanceuk na dila ti purwakarta ningali dilla kitu kang supri karunyaeun,
" bi isah ieu dilla teh jiga na aya anu ngagawean ieu mah...",ck supri ka bibi na nyaeta ceu isah
"Nya kitu jang tulungan bibi atuh da sapopoe kitu we ti saprak di pirak ku salakina...", ck ceu isah.
Harita supri menta cai kanu gelas tuluy di tendeun di hareupeun nana supri diuk sila rikip pisan tuluy babacaan semu tarik oge gs rengse cai teh di bikeun ka dilla sina di inum sesa na di tamaskeun,barang rengse tamas dilla jol ceurik we jiga budak leutik,ceurik ka nyenyerian nepi ka sisimeukeun di tangkeup ku ceu isah indung na,supri nyekel emun2an dila bari di parancahan,
" yeuh nyai....kenbae anu engges mah engges teu kudu di cengceurikan da moal bisa balik deui ku jalan ceurik,edeuk mah nyai geura tobat,taubatan nasuha gera ngarobah hirup nyai da kabeh ge gs di gariskeun ku Alloh nyai kudu kieu....kudu ngarandapan hirup jiga kieu...",ck supri,
Dila eureun ceurik na tinggal sisimeukeun.
"Keun bae ulah di tahan...nun deuk ambek sok ambeuk,lamun dk ceurik sok ceurik ngan kade akang mah nitip sakabeh kajadian anu gs nimpa hidep kudu di jadikeun pejaran yen hidep kudu hirup leuwih alus,kudu tobat meh jadi ibadah,musibah cing jadi muhasabah ngabenerkeun hirup anu kamari teu bener jadi bener...sok geura robah nyi...", ck supri.
Dilla tungkul kakara poe eta dilla asa hirup deui asa aya kanyeri anu nyeleket kana hate na aya rasa kaduhung anu moal manggih tungtung.
Tiharita dilla jiga aya getihan deui malah ayeuna gs daek kaluar imah indit ka pasar jng indung na,ngan unggal aya anu nanya naha dilla cicing deui jng indung na dilla ngabetem tara nembalan,saminggu ti datang na supri ka imah dilla bener2 robah malahan ayeuna maneh na ngingilu ngaji ka indung na malahan ayeuna panceug dilla make hijab langsung hijab anu syar'i gaul jng ibu2 pangajian jadi robah pisan 180 derajat,gening di balik musibah aya hikmah na pikeun dilla.
Dilla hijrah jadi awewe anu taat kana agama,unggal poe teu elat ku solat taubat ngaji Al Quran teu tinggaleun tahajud,duhha di lakonan malahmah puasa senen kemis oge teu kaliwat.
Smaruk dilla lamun gs hijrah Alloh moal masihan cocobi,padahal cocoba jng ujian datang silih ganti...ti saprak kasus jng andi dilla nutup diri ti dunia luar bahkan hape ge di jual ayeuna maneh na gs teu boga babaturan salian ti ibu2 pangaosan di lembur indung na,
Kulantaran gs teu boga duit jang hirup sapopoe jng jang biaya anak2 na dilla ngajual mobil na di pake hirup satengah na di pake usaha jualan baju,ngahaja di anjuk2eun ka tatangga na tadi namah lancar tapi lila2 ngojot loba anu nganjuk ka maneh na hese mayar atuh lila2 usaha dilla bangkrut,jadi duit euweuh barang euweuh.
Dilla ayeuna lain dilla anu baheula deui lamun panggih teh tangtu bakalan kalinglap.ngahaja dilla mah supaya kabeh babaturan di masa lalu na teu bisa manggihan manehanana deui sieun ti gebrus deui ka lingkungan anu baheula anu nyieun maneh na rusak.
Tina dagang baju ayeuna dilla di ajar dagang kue2 naon we nu penting nyambungkn hirup,poe harita dilla kerkukurilingan we di pasar neangan bahan2 jang pi kueheun aya lalaki ningalikeun ka gerak gerik dilla,
Beres balanja dilla ngajanteng ngadagoan angkot di emperan toko,balanjaan di ecagkn heula.
"Puntn upami teu lepat ieu sareng dilla nya?" ck lalaki anu tatadi nengetkn gerak gerik dilla.
Dilla reuwas da rarasaan mah maneh na gs moal aya anu kenal deui,anu baheula make baju serba pondok jng neplak dina awak ayeuna di tutup ku hijab jng baju serba gombrang.
"Muu...muu...hun...upami bapa saha tea nya?", ck dilla bari tetep olohok.
" dilla....akang rerencangan susan basa di moll tea gening di kenalkn ku susan...",ck eta lalaki.
"Puntn hilap deui....", ck dilla tungkul maneh na gs lila pisan tara panggih jng sobat2 na bahkan no hape nage di piceun ku dilla,
" abdi erlan piraku dilla hilap...?",ck erlan
"Mmmuuhhunnn pak,asa emut...", ck dilla masih angger tungkul,aya rasa peurih deui anu sumeleket kana hate na lamun inget ka babaturan nana baheula.
" aya waktos sakedap...urang calik heula tuu di tukang es campur ",ck erlan bari giriwil balanjaan dilla di jingjing,dilla teu bisa kumaha maneh na tungtung na ngiclik nutukeun erlanan.
Erlan diuk dina bangku langsung pesen es campur 2,kabeneran poe teh mentrang mentring matak bayeunyang hareudang.
dilla diuk hareupeun erlan song-song es campur ka dilla jng erlan,
"tara amengan sareng susan deui nya ayeunamah?"ck erlan muka obrolan.
"muhun pak...abdi parantos hijrah...",ck dilla
"muhun katinggal da...tapi sae janten tambih anggun sareng menyejukan mata",ck erlian.
"puntn upami tiasa susan sareng anu sanes na ulah di pasihan terang uapami bapa pendak sareng abdi",ck dilla
"muhun mangga mung tiasa terang teu alesan nana naon?",ck erlan.
"abdi hoyong nutup masa lalu abdi anu awon pak,puntn sanes so alim tapi abdi hoyong hijrah leres2 hijrah...",ck dilla.
"teu terang atuh ayeuna susan kumaha2 na?",ck erlan.
"teu pak abdi ngalih da uih deui ka bumi pun biang",ck dilla
"haarrr...kumaha atuh bumi dilla anu anu di jl pungkur?",tanya erlian.
"kosong pak",ck dilla.
"oohhhh kutan...ari caroge sareng murangkalih sareng dilla sami?",ck erlan deui.
dilla cicing teu nembalan ean ngarti buru2 menta dihampura,
"aduh puntn...puntn....ari ayeuna bade teras kamana?nyandak mobil nyalira kan?",ck erlan.
"teu pak...bade ngantosan angkot we",ck dilla.
"hayuu atuh di jajapkn ku bapa antosan di dieu bapa nyandak heula mobil",ck erlan bari ngaleos muru mobil na.
dilla di anterkn ku erlan ka imah kolot na dilla sanajan teu nyimpang heula tapi erlan janji lamun aya waktu maneh na dk ngadon ulin ka imah dilla,aya kapansaran dina hate sopian kunaon dilla jadi robah tina awewe anu enerjik,rame,modis ayeuna jadi awewe anu kacida lungguh na,anggun jeun asa beuki geulis...."aeehh naha jadi kadinya..",ck erlian dina hate na.
++++++++++++++++++++++++++++++++++++
Tisaprak kawin jeng sita dudi bener2 ripuh,jaba sita langsung ngandeg maneh na bener2 euweuh duit paleuleuwih deui jiga bareto,estuning gajih hungkul jaba bayareun loba antuk na mobil di tarik deui ku deler.
sita anu keur hamil mineng uring2an da gening jauh tina harepan maneh na,baheula matak daek ka dudi teh kan pedah loba duit ari ayeuna dudi jadi jelema kere da gening gajih ge meh ampir beak di pake mayaran hutang,indit gawe geayeunamah make ojeg da teu boga motor2 acan.
aya rasa kaduhung dina hate dudi gs mirak dilla tapi teuing kudu kumaha deui ayeuna maneh na gs kagok ngawin sita.
sita ge kitu ayeuna bijil sipat aslina sita embung ngurus kana sagala kaperluan dudi kadang dudi nyeseuh sorangan,masak sorangan da sita mah ngadon sare we alesan nana teu genah awak bawaan hamil.atuh awak dudi makin kucel makin teu ka urus jauh pisan basa maneh na masih jadi salaki dilla.
H A N CA
anu di teundeun di handeuleum hieum
kengeng andhyn
balikpapan,30 april 2019
diantos kang andhyn terasanana dugi ka tamatna
BalasHapusAssalamualaikum wrwb, diantos terasanna ngarah teu ganggarateun. Nuhun
BalasHapusKamana nya asa beuheung sosongeteun, ngantos carnyam ...
BalasHapusSigana mah moal d rengsekeun kitu
BalasHapus