NGAN SAUKUR IMPENAN Bag.28
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bagean ka 28
Kengeng αи∂нуи
Unggal poe panggih jng Jacky beuki ngaraketkn Sha2,imah Jacky di jadikeun rumah singgah jng 'Anjal' di wewengkon eta,rea barudak anu putus sekolah ngilu di ajar di dinya lain ngan saukur di ajar elmu pengetahuan keketrampilan oge di jarkeun supaya barudak anu putus sakola bisa nyiptakeun pagawean jng sorangan jng bekel maranehna sapopoe.
Jacky ngarasa atoh salian manehna ngilu di ajar Jacky jdi rea batur ti kalangan barudak mahasiswa,jacky pada ngajenan ku dinas sosial oge kulantaran mere tempat secara percuma jng barudak di alajar.
Sha2 beuki reueus bisa babarengan jng Jacky ngan Jacky anu aya di hate Sha2 beurang jng peuting,lamun peuting sok hayang geura beurang supaya bisa panggih jng puja-an hate,lamun beurang inggis nyinghareupan peuting kulantaran bakal pisah jng si maneh na.
Lamun sapoe teu panggih jng Jacky asa aya anu kurang,Sha2 jadi semangat ngajalankn sakola terbuka ampir unggal poe maneh na nyempetkn jng ka imah singgah,
Jacky ge jadi mineng curhat ka Sha2 maneh na ngaku kr naksir awewe tapi can wani ngungkapkn kulantaran teu PD,Sha2 asa jadi GR da salila ieu Jacky ngan deukeut jng maneh na hungkul,
"Sha....kumaha cara na nya ngungkapkn rasa cinta ka istri anu di pikanyaah...", ck Jacky.
" upami alim secara langsung tiasa via WA atuh kang...",ck Sha2 bari tungkul ngarep awewe anu dk di tembak teh maneh na.
"Hoyong mah sihh secara langsung tapi jiga na teu wantun aahh isin kabujeng ngadegdeg tipayun eungg....", ck Jacky.
Sha2 teu nembalan.
Peuting na di pagawean Jacky guling gasahan asa gs teu wasa nenden rasa lila2 harita rada sepi di resto teh,jacky ngoprek hape na ngutak ngetik di ulak ilik hulang huleng jiga jelema anu bingung,garo2 teu ateul beres ngetik jng gs di anggap na sampur na Pesan WA di kirimkn ka Sha2,
" saleres na isin upami bade wakca ngebrehkn pangeusi dina dada,bade tumamba ka salira perkawis salira bade nampi atanapi heunteu namah mangga teu langkung,mung supados teu janten bangbaluh kalbu anu unggal waktos ngaganggu,seja ngebrehkn rasa katresna dina jero dada bade ngiring mikanyaah salira...",
Sha2 reuwas narima WA ti Jacky melong kana layar hape na,nahan nafas asa teu percaya kana kata2 anu di tulis ku Jacky,leungeun na ngadegdeg nyekelan hape mata na molohok teu ngiceup2 jempol na ngetik balesan jang Jacky,
"Kang Jacky...nuhun tos mika nyaah Sha2,kanyaah anu sami kangge akang...Sha2 ge nyaah ka akang... Can ge parat malesan WA ti Jacky,Jacky ngirimkn deui pesan ka Sha2,
" neng Mawa...kumaha sae teu kata2 na? Lamun di angge nembak istri anu di taksir ku akang bakalan di tampi moal?",ck WA ti Jacky.
Sha2 ngahuleng untung can di kirimkn anu tadi di ketik na,kabungah anu cikeneh di sakeun sakedapan langsung sirna di ganti ku kasedih jng handeueul anu ngabegegel nyelek dina dada na naek kana tikoro,teu karasa cipanon murubut maseuhan hape anu di cekel ti pepereket,asa ngimpi di bolak balik keukeuh eusi eta WA etre lain jang maneh na,
"Neng mawa....? Kumaha iihh akang naros ka neng mawa naha teu di waler? Bobo nya?", ck Jacky.
" saha nami istri na kang?",ck Sha2
Teu lila Jacky ngirimkn foto awewe geulis make keterangan di handap na,"Alisha bidadari dri syurga",
Sha2 asa hayang lumpat pindah planet kanu jauh ti bumi asa hayang ngapung ka awang2 nembus mega anu pangluhur na hayang ngajauh ti planet bumi tinu ngaran na Jacky.
Ngadak2 leuleus ngadak2 embung boga kahirupan di dunya,kakarage wani mikaresep lawan jenis langsung manggih kanyeri geningan Jacky gs mikacinta ka awewe sejen,kaduhung ambon sorangan lalaki teu mikir2.
Mega mendung euntreup dina kahirupan Sha2 anu tadi na sumanget ngajalankn tugas sosial na ayeunamah Sha2 jadi hoream,komo inget ka Jacky asa ngajedud kana jajantung.
Sha2 mundur saeutik saeutik ti organisasi anu di pikacinta kumaneh na,paroman anu tdi na bear marahmay kiwari jadi aleum gawe na ngan ngalamun we di kamar.
Berkah ningali parobahan anak na ngan ngamaklum kulantaran maneh na baheula ngalaman ngora,masih keneh labil.
Hiji poe Berkah manggihan catetan dina kertas anu gs di piceun dina tempat sampah eusi na jeritan hate Sha2 anu mikacinta lalaki tapi lalaki na kalahka mikacinta awewe sejen.
"Eemmmhhhh pantesan muyung atuh da gening kr jatuh cinta...", ck berkah ngagerentes dina hate na.
Harita Berkah meresan buku2 dina meja Sha2 barang merenkn buku catetan kegiatan Sha2 aya fhoto anu murag di pulung ku Berkah tuluy di ilikan fhoto Sha2 jng babaturan nana aya kana 5 urang na tapi berkah neuteup hiji lalaki pantaran maul anak Kukut na,beungeut na asa gs loma jiga pernah ningali di mana? Sorot mata na nginget kn berkah ka Aldo jelema anu gs nyieun hirup wulan sobat na paburantak,berkah ngarahuh bari nenden fhoto kana tempat na.
Alisha maca WA anu di kirimkn ku Jacky maneh na ngahuleng salila lila kana hape asa teu percaya lamun Jacky anu kakara di kenal na ngedalkn perasaan nana,rada bingung harita teh Alisha anu anyar keneh menang katugenah ti maul asa ginggiapeun keneh,maneh na asa can siap narima deui lalaki anu niat deket ka maneh na,
" jack....Lisha teu acan tiasa ngajawab pasihan lisha waktos kumargi Lisha teu acan siap deui kangge nampi pameget dina kahidupan Lisha deui,asa teruma....puntn nya Jack kita berteman we heula sampe Waktu anu teu tiasa di tangtoskn...puntn nya jack...",balesan WA ti Alisha.
Jacky ngahuleng maneh na sadar rasa cinta na anu gede masih can cukup pikeun alisha anu pernah nyeri hate ku lalaki,mereunan Jacky kudu sabar lamun hayang menangkn hate alisha,harita ujug2 inget ka Sha2 anu gs lila teu manggihan maneh na bahkan ka rumah singgah oge euweuh rada sono Jacky ka Sha2 biasana Jacky sok curhat ka Sha2 kiwari Sha2 jiga ngajauhan,
"Aeehh aya naon nya Sha2 tara ka rumah singgah? Sehat kitu? Sok malaur gering...duh kudu ngalongok ieu mah ka imah na,jabaning WA sha2 teu aktif wae deuih...", ck Jacky dina jero hate na.
Sangges nanya2 alamat na Sha2 ka babaturan Sha2 anu di rumah singgah Jacky ngawanikn maneh ulin ka imah Sha2,harita teh pasosore Jacky gs ngajanteng hareupeun imah Sha2 sangges uluk salam rada lila panto teu aya anu muka wae,uluk salam deui nepi ka 3 kali pas gs putus asa tadina Jacky dk balik deui kulutrak aya anu muka panto,Jacky ngajanteng hareupeun panto ari anu muka panto tadi awewe tengah tuwuh anu mencrong kana beungeut Jacky,
" A....Aaaalllldooooo....!!!",cenah bari mencrong ka Jacky.
"Sanes bu....abdi mah Jacky....",
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,28 maret 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bagean ka 29
Kengeng αи∂нуи
".......Bodohnya diriku slalu menunggumu yang tak penah untuk bias mencintai aku
Oh Tuhan tolonglah beri aku cara untuk dapat melupakan dia...
Dan cintanya...
Tak pernah kusangka dirimu tak bisa cintaiku
Jika ku tetap mengharap dirimu mungkin itu mau mu....",
Sha2 nyieun stt di FB jng IG na rea anu mairan komo babaturan nana mah,narebak2 jang saha stt eta teh ku Sha2 ngan di waleran lamun eta potongan lagu hungkul tapi rea anu teu percaya.
" aaaaaggggghhhhh kunaon sih bayangan kang Jacky aya wae dina pikiran kuring,pastina ayeuna kang Jacky gs nembak Alisha tuluy gs jaradian.
Beuki kasiksa ngabayangkeun Jacky jng Alisha tungtung na Sha2 namplokeun nana kana kertas curat coret nyieun puisi patah hati.
----------------------------------+++++++++---------------------
"Ibu na Sha2...abdi Jacky bu...!", ck Jacky
Berkah olohok masih nitenan beungeut Jacky asa inget2 poho,
" oohhh rerencangan na Sha2 nya anu kantos ka bumi basa sareng Manda? Puntn ibu hilap deui ",ck Berkah masih tetep olohok.
"Muhun bu....naha ibu ngalih bumi na bu?", ck Jacky.
" sok kalebet heula A...",ck Berkah bari nitah Jacky asup.
Sangges Jacky jng Berkah diuk,
"Ibu sakulawargi ngalih kumargi tos isin kamari ku kulawargi istri2 anu tos di rareksak ku Maul putra angkat ibu,ayeuna maul tos nebus kalepatan nana nju di tahan polisi...", ck berkah cimata na ngalemereh.
" aduh bu puntn abi teu aya maksad ngadamel ibu sedih bu....",ck Jacky jadi serba salah.
"Abdi milarian neng Mawa...eehh neng Sha2 kumargi anjeuna ayeuna teu aya ka rumah singgah,bilih teu damang atanapi aya ka rerepet abdi janten melang bu....", ck Jacky.
Berkah imut bari ngusapan sesa cimata dina pipi,
" sakedap nya.....",ck Berkah bari ngaleos ka kamar Sha2,nyampak Sha2 ker gogoleran bari maen hape.
"Dari pada ngagoler kitu tuh kapayun heula rencangan tamu, mamah bd ngadamel cai heula...enggal nya !", ck Berkah bari tuluy ka dapur dk nyieun cai.
Sha2 nguniang hudang sangges make tiung ngoloyor ka ruang tamu bari haroream oge,barang tepi ka ruang tamu Sha2 ngajenghok ningali Jacky anu kr diuk sorangan deuk balik deui kagok da Jacky kaburu nempo ka Sha2,
" damang neng mawa? Kamana wae ihh akang kangen,jabi neng mawa ngalih mni teu wartos2...",ck Jacky bari melong ka Sha2.
"Nuju males kang duka kunaon sareng Sha2 sibuk di campus nju ujian semester", ck Sha2 bangun haroream.
" aya pikersaeun naon nya kang?",ck Sha2.
"Nya hoyong pendak we...kan neng sha2 anu penggagas rumah singgah ari tos berjalan naha neng sha2 na kalahka teu dongkap2", ck Jacky heran kunaon Sha2 jadi judes.
Kerkitu berkah asup mawa cai jng lalawuh na,
" sok di leueut heula jacky....",ck berkah.
"Mah...sha2 ngapalkn hla nya,kang jacky srng mamah nya?", ck sha2.
" eehhh ngapalkn naon aahh...kn ujian nanage tos beres sanes?",ck berkah,Sha2 ngalieus,Jacky ngahuleng makin teu ngarti ka sha2.
Sha2 ngabetem bari ramo2 na ngomekn tungtung jilbab na,Berkah nangtung deui ninggalkn barudak ngora anu kr salah tingkah.
"Neng Sha2? Ari neng kunaon? Bilih akang gaduh lepat sok nyarios,akang pasti nyungkeun di hapuntn bilih kantos ngaraheutan manah neng Sha2...", ck Jacky.
Sha2 ngabetem maneh nage teu ngarti kunaon make ngamusuhan Jacky,ambek ka Jacky....pedah rasa cinta na teu di bales kitu ku Jacky? Apanan Jacky nage teu apaleun lamun maneh na mikacinta Jacky,atawa Sha2 ambek lamun Jacky kalah mikacinta Alisha.
" neng sha2....kunaon kalahka ngahuleng? Akang gaduh lepat nya? Akang sono ka neng...",ck Jacky bari ngeluk tungkul.
"Aaaahhh kan ayeunamah akang tos gaduh kabogoh jantn Sha2 sieun ngaganggu...", ck Sha2 teu bisa nyumputkn rasa timuru na,Jacky cengkat neuteup Sha2 anu masih ngome kn tiung na.
" oooohhh jadi neng mawa cemburu ieu teh...mmmmhhhh akang terang ayeunamah...neng mawa....resep ka akang nya....?",ck Jacky bari ngadeukeutan Sha2.
Sha2 reuwas gewat ngised diuk na ngajauhan Jacky anu ngahaja ngadeukeutkn beungeut maneh na ka Sha2.
Asa nyeak beureum beungeut Sha2 era pacampur jng ratug na jantung ningali Jacky anu ker sura seuri kamaneh na,
"Iyyyeeeeyyy saha anu cemburu....?!", ck Sha2.
" mmmmhhhhh duka tah...",ck Jacky
"Akang gera uih jug...sha2 bade istirahat...", ck Sha2 bari nyumputkn beungeut.
" alimmm aaahhh bade ngendong di dieu...upami Sha2 teu ngawaler pertarosan ti akang...?!",ck Jacky.
"Pertarosan naon?;", ck sha2 api2.
" Sha2 ...nya-ah ka akang?",ck Jacky
"Teu......!!!", ck Sha2 semu tarik.
Jacky tungkul....
" nya sawios atuh....upami kitu mah akang mulih ayeuna....",ck Jacky bari nangtung,
Sha2 serba salah jadi ngarasa salah gs nyentak Jacky bieu padahal mah hate na atoh aya Jacky nganjang ka imahna teh.
"Neng Sha2....hapuntn akang nya kumawantun", ck Jacky bari ngasongkeun leungeun dk sasalaman tapi Sha2 angger ngabetem.
" Neng....akang pamit atuh...",ck Jacky.
Sha2 angger cicing
Jacky ngaleos ninggalkn Sha2
"Kang....!",
" Sha2.....nya-ah ka akang...",ck Sha2 meh teu kadenge.
Jacky ereun maneh na malik katempo Sha2 kernutupan beungeut ku dampal leungeun na,Jacky ngadeukeutan tuluy diuk gigireun Sha2.
"Leres eta teh....?", ck Jacky setengah ngaharewos.
Sha2 ngabetem deui era minuhan dada na tapi asa ngemplong gs ngungkapkn sakabeh eusi hate na.
" Sha2 hatur nuhun geulis tos mikanyaah akang,salami ieu akang lepat ninggal istri anu sanes sedengkeun di sagigireun akang aya bidadari anu nyaah ka akang,salami Sha2 bendu ka akang...akang gelisah asa kaleungitan Sha2 anu bageur anu sholehah anu lucu...anu.....",ck Jacky teu kebat,sha2 ngadedengekn,
"Anu naon kang?", ck Sha2 panasaran...
"Anu....anu...ngangenin....", ck Jacky bari melong ka Sha2 anu pipi na beureum nahan era.
" kang...teu kedah maksakeun mikanyaah Sha2...sawios sha2 mikanyaah akang tikatebihan,bilih akang bd sareng teh alisha abdi ridho kang...asal akang bahagia...",ck Sha2.
"Leres ridho akang kanu sanes? Sakitu bendu na jiga kitu,akang kalangkabut di benduan kunu geulis...", ck Jacky.
" daaaa...sha2 sebel ka akang...ngarayu nu sanes wawartos ka Sha2 mni jiga mapanas",ck Sha2 angger tungkul.
"Eta teh namina timuru bageur...Neng sha2 alim upami akang kanu sanes...mni alim ngaku lamun nju timuru teh", ck Jacky.
" kumaha akang lahhhh....",ck Sha2 bari nyiwit cangkeng Jacky gep lengeun Sha2 di cekelan ku Jacky.
"Neng....ulah nyiwit akang,getek akang mah upami bade mah ieu we....", ck Jacky ngasongkeun pipi.
Sha2 ngised diuk na ngajauhan awak Jacky tapi leungeun na angger di cekelan ku Jacky.
" naaaoonnn iihh akang...!",ck Sha2 beuki euceuy pipi na.
Ti dapur Berkah imut ningali anak na gumbira mega mendung anu nyagkoyot hideung kiwari gs nyingray,nukatingali ayeuna warna katumbiri mapaesan beungeut Sha2 katingalina Jacky budak bager jaba aya rasa nyaah anu mapay hate Berkah rasa anu baheula leungit kiwari kapanggih deui aya kabungah anu ajol2an dina dada berkah,naha ieu teh Sha2 anu menang kabogoh bet Berkah anu gumbira,
"Ngiring bingah geulis na mamah....ngiring bingah", ck berkah dina jero hate.
Kira2 jam 7 peuting Jacky balik kabeneran poe eta maneh na off,nepi ka imah ceu eha langsung asup ka kamar Jacky ngagoler dina kasur mata na neuteup lalangit,kabayang deui bieu Sha2 anu katinggali gumbira.
" lain niat ngaheureuykn Sha2...tapi kuring ngarti jng ngarasakeun kumaha mikacinta euweuh balesan teh,kajeun kuring kubur rasa nyaah jang Alisha sugan bisa pindah ka Sha2...
Sha2 kuring nyaah ka anjeun...Tapi can bisa aya rasa cinta,tungguan we pasti kuring bisa...bisa cinta ka Sha2....".
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,31 mart 2019.
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bagean ka 30
Kengeng αи∂нуи
"Putra saha Jacky teh geulis...?", ck berkah ka Sha2.
" mmmhhhhh...saurnamah yatim piatu mah...",ck Sha2 semu nu era pipi na beureum.
"Hawatos atuh nya...", ck berkah.
" muhun mah ayeuna kang Jacky ngiring ka ceu eha tatanggina anu icalan lotek...",ck sha2.
"Enjing mamah hoyong ninggal rumah singgah tea nya sha?", ck berkah.
''Mangga mah....'',tembal sha2.
Isuk na berkah ngilu ka sha2 ka rumah singgah,barudak jalanan anu kerdiarajar lumayan loba anu ngajar na barudak mahasiswa jng aktivis kampus,harita berkah nyumbang jang kamajuan rumah singgah eta.
Atuh kacida atoh na jacky teh harita beres berkah mere sumbangan ku Jacky Sha2 jng berkah di bawa ka warung ceu eha anu jadi panyalindungan Jacky,
Berkah di sambut ku ceu eha anu di bejaan ku Jacky lamun berkah teh indung na Sha,
" hapuntn ibu kieu gening aahh rorompok na...",ck ceu eha.
"Iihh ibu kedah kumaha...raraoseun kieu....", ck berkah bari luak lieuk.
Ku ceu eha di pang nyieunkn lotek berkah jng Sha2 teh,di suguhan rupa2 kadaharan warungan.kabeneran berkah can dahar kakara sarapan roti ti imah nateh,mni ponyo dahar lotek na harita teh puguhan da lotek ceu eha mah sohor ngeunah di lembur eta mah.
Beres dalahar lotek ceu eha ngagentraan wulan anu harita kakara peren ngaladangan barudak sakola anu jarajan cilok kuah na,
Barang gok kahareup nyampak aya semah di baturan ku Jacky,wulan rengkuh deuk nyokotan urut dahar berkah jng Sha2 barang nempo anu jadi semah na berkah wulan olohok kitu deui berkah,langsung berkah nangtung nyampeurkeun wulan anu sarua reuwas,gabrug dua sobat anu kapisahkeun ampir 25 taun teh silih gabrug bari ceurik,Jacky olohok kitu deui Sha2 jng ceu eha ku harita wulan jng berkah parindah ka tengah imah ceu eha di tuturkn kunu 3an anu pinuh ku tanda tanya,
" okah....hapuntn abdi okah.....hapunten...",sakitu anu bisa di kedalkn ku wulan.
"Atos lan...atos teu kedah di emutan deui,ayeuna mah urang tos pendak deui....di pendakeun ku barudak...", ck berkah bari nangkeup sobat na.
" aaeehh janten neng Sha2 teh murangkalih Berkah....murangkalih pk Biyan?",ck wulan rutret ka Sha2 jng berkah da maneh na apal lamun berkah mah moal bisa anak.
"Muhun...Sha2 putra kang Biyan....", ck berkah bari melong ka wulan menta pengertian lamun aya rahasian diantara maneh na jng Sha2.
" pantesan mni sholeh,bageur jiga kamu okah....",ck wulan ngarti atuh dua sobat teh ngadarongeng ngaler ngidul ngetruken ka sono bungah bisa panggih jng sobat na baheula.
"Ulan...ari maul di mana...?", ck berkah.
Wulan teu nembalan kalahka cipanon murubut masehan pipi na harita wulan anu deukeut jng Jacky di usapan puhu lengeun na ku Jacky hayang namah Jacky teh nangkeup wulan jiga basa maneh na di upahan ku wulan sangges Nico maot.
Derek dek wulan nyaritakeun basa maul anak na aya nu nyulik nepi ka maneh na aprak2an neneangan anak na di paluruh ka sabudeureun jakarta mah lebeng teu ka panggih laporan ka polisi ge lain sakali tapi maul keukeuh teu ka panggih,sarerea nahan nafas ngadenge carita an wulan ka asup Jacky anu sakuat tanaga nahan pi ceurikeun inget maneh na baheula beja na aya anu nyulik cenah jadi 'anjal' di jakarta anu remen menang panyiksa ti mapia galandangan marak kabur jng Nico ka bandung oge gs teu kuat hirup di siksa wae di titah ngajahat jng menta2 ku bos mafia na.
Berkah nangkeup wulan maneh nage nyaritakeun anak kukut na anu ayeuna di penjara pangganti maul anak wulan,ku Biyan anak darmini jadi gaganti maul anak wulan hanjakal anak darmini teu sesuai harepan berkah jng biyan ayeuna malah ngaringkuk di penjara.
"Hayang panggih jng mutia aku mah....", ck wulan.
" mmmhhhh katukang2 mah masih sok panggih masih silih anjangan ngan ayeuna2 ku kasibukan jadi tara panggih deui,ke mun aya waktu urang datangan nya....",ck berkah.
Pasosore berkah jng sha2 pamitan balik kalayan janji ke berkah dk ulin deui ka warung na wulan hayang cerita masa2 baheula,puguh we wulan atoh samemeh balik wulan di keupeulan duit anu lumayan gede atuh wulan atoh tayapapadana.
Balik teh di anter ku Jacky da mawa mobil sorangan berkah teh harita ti kajauhan aya awewe anu nalingakeun kanu 3an,panon na buringas bari nyenyekel peso anu seukeut panon anu pinuh ku ka ceuceub ka berkah jng sha2,eta awewe teh teu aya lian ti darmini anu ngarasa ambek ka berkah katut Sha2 kulantaran maneh na di usir ti imah berkah,basa berkah deuk asup pisan kana mobil darmini lumpat bari siap nusuk keun peso anu seuket menang ngasak sabeberaha lengkah deui tepi ka awak berkah.....
Jacky anu ningali aya awewe dk nyerang berkah repkel ngagabrug berkah tadina supaya berkah kalindungi ku awak maneh na,barang darmini gs dekeut atuh gabresss......peso anu seukeut teh keuna pisan kanu beuteung Jacky anu teu sempet nakis serangan ti darmini anu jiga di bantuan ku setan,
Jacky molotot bari nyekel beuteung na anu mimiti kaluaran geutih peso masih nancleb dina beuteung na,ari berkah jejeritan ningali Jacky tatu teh kitu deui Sha2 gogorowokan menta tulung,untung loba jelema rob atuh ngarariung Jacky anu ngudupruk bari nyekel beuteung na anu kaluaran geutih,ari sabagean jelema newak darmini anu jiga jelema owah make seuseurian bangun anu puas ningali Jacky tatu teh,barang ningali berkah teu ku nanaon hing ceurik bari tetenjrag,
"Bu urang candak ka kantor polisi we ieu jelema gelo teh...", ck bapa2 anu marieskn leungeun darmini,
" tulungan heula ieu jacky....hayu candak ka RS",ck Berkah bari ngusapan sirah zaky anu mimiti kaluaran kesang badag.
Zacky pada mangku di asupkn kana mobil berkah gewat mobil maju ka Rumah sakit muru ka IGD satepina ka RS jacky di pariksa ku dr,berkah jng Sha2 nungguan di luar teu lila cingkurunyung ceu eha jng wulan daratang di bejaan ku warga anu tadi nyaksian kana kajadian anu lumangsung sakocepat,ceu eha ruwah riwih puguhan asa ka anak sorangan,wulan nangkeup berkah anu sarua ceurik teu eureun2.
Kulutrak dr kaluar nyampeurkeun ka berkah saparakanca,
"Ibu2 pasen seueur kehilangan darah kedah enggal2 kengeng donor darah upami telat tiasa ngabahayakeun nyawa na pasen,teras golongan darah pasen kalebet golongan darah langki nyaeta AB negatif....upami tiasa kedah enggal2 milarian ieu teh", ck dr
Sarerea cing lalieuk kabeh ngajukeun mikeun sangkan di cokot darah na pikeun nulungan nyawa jacky.
H A N C A
Ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,1 april 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bagean ka 31
Kengeng αи∂нуи
Hiji2 menang giliran di pariksa golongan darah ku petugas RS berkah,sha2,wulan jng ceu eha deg2an ngadagoan hasil na,teu lila dr kaluar ti rohangan tindakan OK,
"Ibu2....hapuntn golongan darah ibu2 teu aya anu sami srng pasien", ck dr bari rutret.
" ya Alloh kedah kumaha atuh pak....?!',ck ceu eha meh ceurik.
"Tulungan Jacky dok...tulungan", ck berkah.
" muhun ibu ti pihak rumkit oge sami nju milarian golongan darah AB ka PMI bahkan anu di daerah ge ku pihak RS dipilari tapi teu acan aya hasil na",ck dr
sarerea ngahuleng sha2 teu eureun ceurik maneh na nyieun bewara ka grup kampus na,grub depsos jng ka media sosial lain na menta bantuan jang Jacky anu kr butuh donor darah golongan AB negatif.
rea babaturan nana anu ngilu prihatin ka nasib Jacky tapi lebeng anu dk donor darah mah teu acan aya.
ka PMI pusat ge atos di hubungi ngan hanyakal golongan darah anu di perlukeun ka itung langka kecuali ti indung bapa na.
ker ngahuleng we bari rembay cimata jol aya sora hape disada sarerea sing lalieuk da teu apal sora ringthone na,
"eta mah jiga sora hape si ujang neng sha2...",ck ceu eha kakara nyadar.
hape Jacky di sakuan ku sha2 basa tadi ngudupruk murag ku sha2 di rawatan.
"ooohhh muhun nya....saha nya anu nlp? wios angkat wae ku abdi?!",ck sha2 bari rut ret kanu aya di dinya,salera unggeuk nga hempek keun
"assalamualakum.....sareng saha nya puntn...abdi Sha2 rerencangan kang Jacky...manawi kang Jacky na nuju mendak musibah ayeuna di rumah sakit...muhun mangga ke ku abdi di GMap kn alamat RS na ....sumuhun...hatur nuhun....waalaikumsallam.....",sha2 nutup tlp.
"saha sha?",ck berkah,
sha2 nempo kana hape jacky
"seratan na si boss mah...saurna da bade ka dieu",ck sha2.
"ooooooohhhh.....",ck berkah.
waktu teh asa lila sha2 ret deui ret deui kana hape na sugan we aya kabar ti babaturan nana atawa ti PMI pusat lamun getih anu di butuhkn ku Jacky gs aya,tapi lebeng euweuh kabar.
kerkitu kulutrak aya anu datang lalaki tengah tuwuh lulumpatan nyampeurkeun ka riungan Sha2 sapara kanca,berkah olohok wulan molotot nempo kanu datang,
"Aaaalllllddddoooooo.....!!!",meh bareng wulan jng berkah
"aaeehhh berkah...wulan oge aya di dieu? kumaha nasib Jacky?", ck Aldo.
"nya eta teu acan sadar masih ngantosan donor darah teu acan aya anu sesuai...",ck berkah,wulan ngadak2 ngalakacak ningali Aldo.
"ke...sugan abdi bade donor manawi sesuai...ke nya ulah waka arangkat kamana2,antosan abdi....",ck Aldo ka berkah jng ka wulan,samemeh indit Aldo nyekel pigeulang Wulan anu langsung tungkul terus murubut cipanon na teu katahan deui.
"mudah2an tiasa...mudah2an sesuai....",ck sarerea dina jero hatena.
sarerea gs guling gasahan tapi Aldo can kaluar2 ti rohangan dr,rada lila aldo di jero rohangan OK gs asa nyeri beuheung sosongketen nempoan kana panto,tuntung na Aldo kaluar jng dr katingali sasalaman jng dr beungeut aldo semu pias geuwat anu aya didi nya nyalampeurkeun,
" kumaha Al? Dok? Kumaha Jacky?",ck berkah gs teu sabar.
"Alhamdulillah ibu2 Jacky ts ngalangkungan masa kritis na ayeuna tos kengeng suplay darah ti pk Aldo,golongan darah jacky srng pk aldo cocok pisan jiga ayah dan anak genetik na sami langki di dunia ieu anu sami ari sanes ayah srng anak mah....", ck dr,salerea olohok pang2 na wulan jng berkah katut aldo silih pelong silih genti.
Dr pamitan dk nuluykn ngoprasi Jacky sarerea dariuk dina korsi hareupeun ruangan OK,sibuk ku eusi hate masing2,ker kitu Aldo ngaleret ka wulan jng berkah.
" okah...ulan....bari ngantosan Jacky di oprasi kumaha upami rencangan abdi hoyong pesen teh manis di kantin mni asa nyorocod kieu sampean balas di candak darah...",ck aldo bari ngajak berkah jng wulan.
"Ceu eha srng Sha2 antosan di dieu lamun oprasi na tos beres wartosan abdi",ck berkah bari nuntun wulan nuturkn aldo anu lempang tiheula.
Di kantin aldo berkah jng wulan diuk ngariung 3an bari ngarinum teh manis haneut,
"Wulan....kamana wae....aya 25tauna urang teu pendak...?", ck Aldo.
Wulan tungkul teu nembalan cipanon na murubut maseuhan pipi.
" lan....?kapungkur kantos ngandung...mana putra na lan?jawab lan....?!",ck Aldo bari melong ka wulan.
Tapi angger wulan tungkul teu kaluar sakecap2 acan,kaduhung minuhan dada wulan coba baheula maneh na teu kabur ti imah berkah meureun moal kieu kajadian nana.
Berkah surti leungeun wulan di cekelan di usapan nitah wulan tenang heula,mere isyarat ka aldo supaya nahan diri.
Berkah nangtung maneh na pamitan dk ningali Jacky sugan we gs beres cenah,padahal berkah mere kasempatan jang wulan jng aldo sina ngalobrol bisi karagok ku berkah.
Sangges berkah indit kakara wulan wakca lamun baheula maneh na hamil ku aldo tapi anak na leungit aya anu nyulik,Aldo olohok asa ngimpi lamun maneh na boga anak ti wulan anu ka 2kali na,wulan ceurik hahampura an.
"Tos lan...anu atos mah atos....ayeuna mah urang jalani kahirupan urang we jng deuih lamun urang silih salahkn teu aya guna na mung aldo mah asa langkung curiga ka Jacky lamun Jacky teh.....maul anak urang lan...", ck Aldo.
Wulan curinghak sabener na maneh nage curiga da beungeut jacky siga aldo pisan waktu kr ngora.
"Duh boa2 bener Jacky teh Maul....!", ck wulan ngagerendeng sorangan.
Kerkitu sha2 lulumpatan nyampeurkeun ka wulan jng aldo,
" tanteu....jacky tan.......!!!",ck Sha2 bari ngahegak.
Wulan cengkat tina diuk na kitu deui aldo sarerea olohok bari ningali ka Sha2 anu krngos2an ngatur nafas na bari nyekelan dada.
"Aya naonnn neng Sha2? Kunaon Jacky....!!!", ck ulan
" jacky.....jacky....kritis tan....saur mama enggal ka ditu tan....enggal....!!!",ck Sha2.
Beretek wulan jng aldo lalumpatan muru ka ruangan OK teu nolih deui nanaon ninggalkn Sha2 anu kr ngahegak kacapean.
H A N C A
Ngan saukur impenan kengeng andhyn
GKG,2 april 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bagean ka 32
Kengeng αи∂нуи
Aldo lalumpat jng Wulan ka ruangan OK gs nyampak berkah anu ker ceurik jng ceu eha bari noong ka ruangan oprasi
"aya naon kah...?kumaha jacky?", ck aldo bari ngilu noong ka jero ruangan oprasi,kitu deui wulan anu ngilu seseledek ngilu noong ka rohangan oprasi.
ker kitu dr kaluar nyampeurkeun kanu kerngariung,
"bapa sareng ibu....oprasi parantos beres mung ayeuna kondisi pasien nju kritis rupina kaseueuran teuing kaleungitan darah,da ari ti team dr mah parantos berusaha secara maksimal nanging sadayana urang uihkn kanu kagungan mangga kangge perwakilan tiasa lebet 2an 2an heula...."'ck dr
Aldo jng wulan menta asup ti heula ningali Jacky anu masih ngalempreh dina ranjang irung na masih make oxygent selang impus masih keneh pakuranteng,wulan gs teu bisa deuingabendung kasedih na cipanon murubut maseuhan pipi na cakcakan kakara panggih sakedeng jng Jacky teh tapi asa ka anak sorangan kitu deui aldo salaku atasan jacky asa ningali gambaran maneh na baheula,leungeun wulan nyekelan ramo2 jacky di keupeul pageuh ari aldo ngusapan buuk jacky,
"deudeuh teuing hidep teh kasep....ti leuleutik euweuh nu ngurus ari ayeuna lagu rea anu mikanyaah hidep kalahka kieu.....",ck wulan.
"jakcy....gugah kasep,bageur....ke upami Jacky tiasa bertahan bapa janji bakal ngangkat hidep jadi anak bapa....",ck aldo.
"jacky sadar....jacky....ieu mamah....",ck wulan teu sadar nyebut kitu nateh bakating ku hayang jacky geure2 sadar.
Jacky angger ngalempreh eungapan nana laun pisan,wulan nangkeup awak jacky bari di cengcerikan.
"dok....kumaha ieu dok....tulungan Jacky dok....tulungan.....",ck wulan ka dr anu nangtung siraheun jacky.
"anging Alloh uninga sareng anu gaduh rencana abdi mah darma ngajalankn tugas hungkul,upami saderek jacky tiasa sadar deui brarti Alloh hoyong jacky neraskn karihupan nana di dunya ieu tapi upami teras2an koma.....mmmmmhhhhh panginten tos cekap dugi ka dinya....",ck dr
Aldo jng wulan pasrah ngadengen penjelasan kitu teh maneh na yakin Alloh boga rencana anu sejen pikeun maraneh na,
giliran berkah jng ceu eha anu asup ka rohangan geuwat berkah nyalukan sha2 bari ngaluarkeun kitab Al Quran teu rea catur deui derekdek dua nana ngaderes sora na anu halimpu matak waas anu ngadangu na ceu eha ngan bisa buluham belehem bari ngusapan sirah jacky anu renung ku kesang.
Di alam panyabaan Jacky ngarasa awak na ngapung ka awang2 asa hampang pisan luak leok ka bawa angin asa euweuh pamuntangan leungeun na roroesan neangan jang muntang gep aya anu nyepengan ayeunamah awak na teu kasedot deui kaluhur tapi teu jelas leungeun saha anu nyekelan maneh na.
hawar2 kadenge aya sora,
"Jacky.....geura mulang.....panto gs kabuka keur anjeun....",ck eta sora anu teu aya wujud na
tapi jacky leungeun na aya anu nyekelan pageuh beuki bingung jacky luak lieuk maneh na asa aya di luhureun awan angkleng angklengan di jomantara.
"kuring hayang balik....tapi hayang balik ka indung bapa kuring....",ck Jacky
"samemeh kuring balik panggihkeun kuring jng indung bapa kuring heula....",ck jacky deui.
tapi euweuh anu nembalan hawar2 kadenge aya anu maca ayat2 suci Al Quran sora na asa jauh ka bawa angin,sora awewe halimpu matak sedih anu ngadenge na,jacky jol hayang geura balik ka kahirupan nana maneh na embung angkleng2an di jomantara anu sing sarwa bodas nyacas jiga kapas,
sora anu ngaji beuki etre ayeuna mah asa di sagigireun nana nompo pisan kana ceuli na jelas halimpu matak dedengeun gening aya 2 an anu maca kitab suci teh,jacky beuki kokojotan hayang geura balik leungeun na roroesan kesang mimiti renung sakuat tanaga maneh na lumpat tina tempat eta,dadak sakala tempat anu tadina caang ngenclang robah jadi meredong poek jiga dina jero guha teu katempo curuk2acan jacky angger lumpat hayang gera tepi ka tungtung guha tea awak na mimiti jibreg baseuh ku kesang.....
"sodakolohulladzim.....",ck berkah jng sha2 meh mareng dua nana nutupkn kitab suci Al Quran.berkah ngalieuk ka jacky anu masih ngalempreh teu usik2 leungeun na ngusapan tarang jacky,
keur kitu panon jacky kaciri jiga hayang beunta tapi bangun anu beurat geuwat berkah ngadeukeutan sirah jacky macakeun Al Fatihah di tompokeun kana ceuli jacky menang kanu 3 kali.
Jacky lumpat gs katingali aya cahaya di tungtung torowongan anu poek mongkleng pas dek tepi asa aya anu nungtun leungeun na pageuh di tungtun di bawa ka panto anu nutup dina ceulina tuluy2an aya bacaan Al Fatihah teu lila jol brayyy we panto muka Jacky ningali aya berkah,sha2,ceu eha jng dr anu kerngaririung maneh na jacky luak lieuk anu aya di dinya ngucap syukur ningali jacky gs sadar,
"Alhamdulillah......",ck salerea meh mareng.
keur kitu jul jol wulan jng aldo lalumpatan tadi di bejaan ku suster lamun jacky gs sadar,atuh ngumpul salerea di rohangan eta,kaciri jacky kacida atoh pisan ku dr jacky di pindahkn ka kamar perawatan supaya bisa istirahat sangges ngaliwatan masa kritis.
silihganti ngarawat Jacky di rumah sakit wulan jng ceu eha kitu deui berkah jng Sha2 anu ngarasa kahutangan budi ku Jacky,poe ka poe jacky gs aya kamajuan ayeunamah maneh na bisa diuk sanajan bari nyarande oge tatu na dina beuteung gs teu karasa nyanyautan teuing,
hiji sore anu cerah Aldo datang jng Mutia anu sangaja di ajak ku aldo pikeun ngalongok jacky,mutia datang jng Alisha anak na 3an ngarariung jacky anu harita ker nyanda dina ranjang na,
"sok gera cager Jack karunya pelanggan resto saronoeun ka Jacky...",ck aldo bari ngusapan tak2 Jacky
"ngan pelanggan hungkul nya anu karangen teh? manawi teh aya anu sanes ....",ck Jacky bari melong sakilas ka Alisha,
anu di pelong na tungkul ka era an
"Jacky bapa janji ka diri bapa lamun hidep bisa ngalewatan masa kritis bapa bakal ngangkat hidep jadi anak bapa...ke mun kaluar ti RS hidep langsung pindah ka imah bapa nya...? ck aldo
"hatur nuhun pak teukedah ngarepotkn abdi tos biasa hidup di jalanan pak",ck jacky.
"tapi bapa ngarep pisan lamun hidep daek cicing jng bapa jack....",ck aldo.
"jack ibu mah masih aya perlu jng pk aldo dkngecek barang di resto,wayah na we moal bisa lami keun batur ngobrol mah jng Alisha we nya ",ck mutia ka jacky
"muhun atuh bu hatur nuhun tos di longok...",ck jacky bari nampanan leungeun mutia anu ngajak sasalaman,aldo ge pamitan anu cicing keneh didinya ngan ukur Alisha da ku mutia di titah maturan jacky,sebeberaha waktu simpe Alisha asa jadi kaku deui manggihan jacky sidik apal jacky pernah ngungkapkn eusi hate na ka maneh na tapi ku Alisha di tolak alesan nana alisha teruma keneh ku kajadian maul.
sabener na jacky ge masih nenden hate ka Alisha ngan ti saprak di tolak Jacky jadi ka eraan maneh na nyadar lamun maneh na teu sababad jng alisha anu anak dunungan nana keneh,
"mmmmhhhhh....ayeuna naon anu karaos?", ck alisha nyairkeun suasana anu kaku jng sepi.
"tilas jaitan anu masih keneh cing nyaraut sakedik deui sih....",ck jacky bari tungkul ningali perban dina beuteung na.
"ooohhhh....",ck alisha terus simpe deui.
"kumaha kuliah lisha?lancar?",ck jacky
"alhamdulillah lancar...",ck alisha.
jep deui simpe katingali alisha jadi salah tingkah di sagigireun jacky,
"mmmmmhhhh jacky.....perkawis WA ti jacky tea....wios teu ayeuna ku lisha di waler deui...?",ck Alisha,jacky anu ker tungkul ngadadak cengkat tuluy melong ka alisha anu kertungkul semu era,alisha ngadeketan jacky gek diuk dina sisieun ranjang gep leungeun na ngaranggeum leungeun jacky,jacky ngan ukur cicing.
"jacky..... lisha kersa janten bebende jacky....kersa nyarengan hari2 jacky,lisha bade nitipkeun hate lisha ka jacky....",ck alisha.
simpe teu aya anu nembalan sepi jempling....
di satukangen jandela di luar ruang rawat inap aya awewe anu nyarande bari nahan piceurikeun,harita Sha2 ngadenge kabeh naon anu aya di jero ruangan jacky,sha2 ngegel biwirna teu kabendung cimata murubut laluncatan mapay pipi na leungeun na anu nyekel keresek meh leupas,niat sha2 ngalongok jacky peunggas sangges nyaho di jero aya alisha awewe anu di pikacinta ku jacky,babawaan sha2 di teundeun di hareupeun panto kamar rawat inap,sha2 malikeun awak na tuluy lumpat muru ka tempat parkir teu ngalieuk deui ka tukang sha2 indit ninggalkn RS.
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
balikpapan,12 april 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bagean ka 33
Kengeng andhyn
Jacky imut tuluy lalaunan leungeun katuhu muka keun leungeun alisha anu keur nyekel leungeun kenca na,
"alisha....muhun kamari2 kuring nyimpen rasa anu tohaga keur anjeun...jiga na nepi ka ayeuna oge rasa eta masih aya,tapi....aya hate sejen anu miharep kuring,anu satia nungguan kuring pikeun mikacinta maneh na....kuring sadar mikacinta memang bisa nyebabkeun kuring bahagia tapi di pikacinta eta anu luar biasa,hampura....kuring salah ayeuna hate kuring gs aya anu ngajagaan,hiji awewe anu tulus mikacinta kuring nitipkn hate na ka kuring piraku ayeuna dk di sapiraakeun...hampura lisha...hate kuring gs aya anu nyokot....hampura...",ck jacky bari ngaranggem ramo2 alisha.
"tapi....cenah anjeun nya-ah ka kuring jack...?",ck alisha mimiti panon na aya anu ngelemeng herang.
"nya kuring anu salah....gancang teuing nyimpulkeun perasaan kuring ka anjeun...hampura lisha kuring percaya anjeun bakal manggih lalaki anu bener2 mikacinta anjeun,kuring yakin",ck jacky,
alisha tungkul biwirna di gegel nahan piceurikeun,
"saha awewe anu gs nyokot hate anjeun jack?",ck alisha
"kege lisha bakalan terang....",ck jacky.
"nya wilujeng atuh lisha berusaha nampi kana keputusan ti jacky....",ck alisha.
kadenge aya anu keketrok kana panto,jacky nitah asup kanu kakara datang suster asup mawa catatan medis jacky bari ngajingjing keresek eusi rantang pelastik,
"sdr jacky ieu abdi mendak aya kintunan di payuneun panto duka saha anu nyimpeuna...",ck suster bari nendeun keresek tea di luhureun meja sagigireun jacky,
tuluy suster mariksa jacky muka perban anu nutupan tatu dina beuteung jacky,mariksa tekanan darah,suhu awak jacky tuluy nyatet hasil pamariksaan nana jng laporkeuneun ka dr.
"hhhhmmmm jigana sakedap deui tos tiasa mulih....perkembangan kasehatan nana sae...",ck susuter bari imut ka jacky tuluy pamit kaluar ninggalkn jacky jng alisha.
"saha anu nyimpeun makanan di luar nya?naha teu langsung di bawa kajero nya?",ck alisha bari muka an eusi keresek,terus di kaluar2kn aya nasi tim jamur,pepes tahu jng ayam pop,jacky ngahuleng nebak2 saha anu datang.
~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~
Teu karasa gs 3poe jacky aya di imah ceu eha ti saprak balik ti RS jacky can panggih deui jng Sha2 kamari aya indung na Sha2 nyaeta berkah anu ngalongok jacky bari mawa rupa2 kadaharan tapi Sha2 na teu ngilu di tanyakeun ku jacky oge ka berkah kunaon sha2 teu ngilu jawaban ti berkah Sha2 kersibuk nyiapkn ujian smester,
sabener na jacky teu puas ku jawaban ti berkah tapi dalah di kumaha bisi eunya Sha2 sibuk ngapalkeun maneh na embung nga ganggu,
tapi rasa sono kumejot ajol2an dina dada jacky ayeuna yakin maneh na gs mimiti mikacinta Sha2 komo basa ngadenge yen anu maca kitab suci Al Quran basa maneh na ker kritis teh sha2 jng indung na beuki panjeg dina hate sanubari yen sha2 teh calon indung anak2 na engke,batur pikeun ngalengkah muru syurga na Alloh Ajja Wajala,jacky lain neangan pi pmajikeun tapi maneh na neangan pi indungeun pikeun katurunan nana jaga.
"jang....eta perban deuk di genti moal?",ck ceu eha ngabuyarkeun lamunan panjang jacky.
"muhun ceu kedah namah di gentos jaba awak carepel hayang di elap lah ku ci tiis da ari ibak mah can wani masih sing sereset keneh dina jero jaitan...",ck jacky bari ngusapan beuteung na.
"heu-euh nya da pastina carepel awak teh sujang...ke atuh urang menta bantuan ceu wulan urang elap ku dua an jng euceu mah teu bisa ngaganti perban na sina kumaneh na we ah,ingis nodel jaitan nana...",ck ceu eha bari ngaleos ka tukang,teu lila norojol bari mawa cai hanet kana baskom di tuturkeun ku wulan anu mawa anduk leutik jng anduk gede.
ku dua an di baruka baju jacky bari ugal ugil lalaunan da sieun keuna kana beuteung jacky,hiji2 baju di buka gs teu era deui jacky kunu dua an da asa ka indung sorangan,ceu eha nya-ah ka jacky teh lain bobohongan,
wulan nganclomkeun weslap kana baskom eusi cai haneut tuluy ngelap beungeut jacky imeut kanu beuheung tuluy kana dada jacky,barang nempo palebah dada kenca aya tanda hideung ngajeblag wulan mundur weslap anu di cekel na murag,leungeun na anu katuhu nunjuk kana dada jacky ari anu kenca nutup biwir na anu meh ngajerit,kaget....
"ma...maauuullll.....!!!",ck wulan
"kunaon ceu....kunaon ari ceu wulan....ningali naon?",ck ceu eha kaget kitu deui jacky anu molohok ningali tingkah polah wulan.
"ta...tan...da.....eta....",ck wulan
"muhun bu ieu tanda lahir kuring....kumaha kitu?",ck jacky teu ngarti.
"Alloh...huakbar....Alloh.....huakbar......!!!",wulan ngudupruk sujud dina ubin bari ceurik balilihan atuh ceu eha teh panik kitu deui jacky.
"ceu aya naon ceu....? teu ngarti kuring mah....?!",ck ceu eha bari ngagugudrag wulan anu ker nyu-uh.
"jacky anak ibu.....anjeun teh maul...anak ibu anu leungit di culik basa hidep orok keneh jang....kasep...anak ibu....!!!",ck wulan bari nyegrug dina lahunan jacky anu angger olohok teu ngarti.
"bu....bu sakedap...abdi teu ngartos...?!!",ck jacky bari nyengkatkeun wulan sina ajeg.
"anjeun pernah nyarita lamun anjeun di culik di jakartatuluy di jadikeun galandangan? tah ibu ge leungit orok di jakarta anu aya tanda dina dada katuhuna jiga tanda anu hidep kasep anak ibu...",ck wulan deui,jacky calangap da emang maneh naasal na ti jakarta kabur ka bandung jng nico kulantaran gs embung di parentah ngajahat wae ku mafia ti jakarta.
"tapi.....bilih lepat bu da panginten sanes abdi wae anu ngagaduhan tanda jiga kieu teh...?",ck jacky.
"ibu yakin anjeun anak ibu kulantaran....getih hidep cocok jng aldo...bapa hidep",ck wulan muka kartu anu sabener na.
"paakkk....A....allldooo?!!!",ck jacky molotot.
"nya kasep...aldo teh bapa hidep....bapa biologis hidep kasep?",ck wulan.
"keukeuh teu ngartos....teu lebet di akal abdi bu....aya naon anu saleres na,jelaskeun ka abdi bu....",ck jacky bari ngagugudrag taktak wulan anu masih ceurik dina lahunan jacky.
tuntung na derekdek wulan nyaritakeun kajadian 25 taun katukang basa maneh na muka hubungan jng aldo terus di usir ku kulawarga na di tampung ku berkah tuluy kabur ka jakarta nya di jakarta jacky alias maulana yusuf di culik ku jelema keji tuluy di jual kaditu kadieu dijadikeun orok sewa an ku pengemis supaya rea simpati terus mere duit kulantaran watir ka pengemis tea.
Jacky molohok bari calangap asa nyambung keterangan wulan ngeunaan maneh na komo jng hasil lab darah anu moal bisa di pungkir lamun darah jacky jng aldo akur identik anak jng bapa,heug lamun tes DNA ge pasti katohian lamun jacky teh anak aldo jng wulan.
atuh gabrug jacky nangkeup wulan anu kerceurik dua nana silih rangkul nyacapkeun kasono 25 taun papisah,di saksian ku ceu eha anu ceurik nyegruk di juru teu nyangka sa congo buuk lamun wulan anu ngadon nyasar heug di ampihan ku maneh na teh sabener na indung na jacky,
"Alloh gs ngarangkaykeun ieu carita....ieu sekenario Alloh teu kudu urang nganaha2 teu kudu urang nanya2 kunaon Alloh nyieun rencana ieu,anu kudu ku urang di tafakuran ayeuna urang bisa ngariung deui sangges 25 taun urang di pisahkeun...jang kasep anak ibu....bu berkah teh indung hidep keneh cu..bageur....anjeuna anu kacida nya-ah na kahidep nepi ka gegeuringan basa hidep ku ibu di candak kabur ka jakarta....nepi ka pk biyan ngangkat maul anu ayeuna di penjara pikeun nga ganti hidep jang.....",ck wulan bari ngusapan sirah jacky nyusutan cipanon anu bijil jiga hujan tina sela2 panon jacky,ku wulan di ciuman pipi na tarang na pinuh ku ka deudeuh.
"ibu.....ibu....gening jacky teh sanes yatim piatu....gening jacky teh masih gaduh ibu rama,ya A lloh........hatur nuhun sadayana ya Alloh...anu parantos ngamprokeun jacky sareng ibu...hatur nuhun ya Alloh....",ck jacky bari sisimeukeun dina rangkulan wulan indung na jacky ceurik jiga budak leutik anu leungit tuluy kapanggih deui.
tuluy wulan nelepon aldo nitah datang ka imah ceu eha kitu deui berkah,harita rahasia anu di pendem 25 taun kabongkar wulan ngabenjer beaskeun kanu aya di dinya carita 25 taun katukang,aldo kacida bungah na maneh na ngarasa gs nya-ah ka jacky ti samemeh nyaho lamun jacky anak kandung na komo ayeuna beuki nya-ah bagja boga anak anu mandiri sanajan hirup di jalanan tapi jacky mampu hirup bertahan sanajan tanpa bingbingan ti kadua kolot na,jacky nangkeup bapa kandung na ngarangkeup dunungan nana namplokeun ka sedih salila ieu maneh na teu nyaho di rupa bapa jng indung,unggal peuting jacky nga doa kanu kawasa hayang nyaho kumaha rasa na boga bapa ayeuna cumpon jalan na anu pabeulit anu butuh pangorbanan cimata jng geutih anu kudu tumpah heula ahirna jacky di panggih kn deui jng kolot na,silih genti nangkeup jacky giliran berkah anu ngarangkul jacky maneh na menta di hampura ka jacky jng wulan heug baheula mun maneh na teu nitah wulan kawin ka biyan tangtu wulan moal kabur ka jakarta meureun jacky moal aya anu nyulik.
Kabeh rencana ALLOH moal bisa di ganggu gugat ayeuna jacky kermenang kabagjaan anu samemeh na menang tunggara kiwari keur metik buah amis tina kasabaran,aya janji ALLOH anu ngauningakeun,
وَلَنَجْزِيَنَّ الَّذِينَ صَبَرُوا أَجْرَهُم بِأَحْسَنِ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ
“Dan, sesungguhnya Kami akan memberi balasan kepada orang-orang yang sabar dengan pahala yang lebih baik dari apa yang mereka kerjakan”. [An-Nahl : 96]
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Balikpapan,13 april 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bagean ka 34
Kengeng andhyn
"neng geulis....kunaon nguyung wae? tuuhh si kang jacky tos aya di bumi na deui geura longok atuh cuuu...",ck berkah bari memener tiung Sha2.
"alim aahh mah haroream....",ck sha2 bari semu baed.
"aaiihhhh aya naon sha2 teh tara ti sasari...sok nyarios atuh ka mamah ",ck berkah.
"mah....kang jacky kan tos aya teh alisha janten kangge naon sha2 kedah ngalongok kang jacky",ck sha2.
"ooooohhhhhh....ieu teh edisi cemburu2an nyaaa?",ck berkah bari mencet pangambung sha2.
"iiiihhhhh mama iihhh saha anu cemburu,tapi eunya kan...kang jacky ayeuna sareng th alisha?",ck sha2 deui.
Berkah imut ngarti ayeunamah kunaon sha2 ngajauhan jacky jiga na sha2 timuru ka alisha anak na mutiara.
"teu kengeng kitu geulis....ngalongok jalmi teu damang teh pahalaan komo nyambung silaturahmi mah...sok enjing geura ka bumi ceu eha longok kang jacky teu kengeng ngabantah mamah...",ck berkah bari nyium pipi anak kukut na.
Sha2 tungkul asa teu sanggup manggihan lalaki anu di pikacinta na sieun nyeri hate deui basa jiga di RS.
isuk na Sha2 gs nangtung hareupeun imah ceu eha bari ngajingjing kantong keresek eusi bolu menang nyieun berkah.asa2 dk asup teh asa beurat dek ngalengkah ka jero teh,
"assalamualaikum.....",ck sha2 ngucap salam.
"waalaikumsallam....",tembal wulan bari kaluar nempo sha2 anu datang wulan kaciri atoh pisan geuwat ngaleng sha2 di bawa ka kamar jacky.
Jacky rada reuwas ningali Sha2 datang geuwat maneh na memener posisi diuk na anu masih keneh nyanda,
"sha2....kadieu calik di dieu...jacky sono pisan...kunaon nembe dongkap,tos beres ujian nana?",ck jacky.
sha2 asa2 diuk gigireun jacky tuluy nenden bolu anu di bawa na wulan gura giru nyokot piring jng peso ka dapur.
"kumaha kang...tos mendingan?",ck sha2
"jiga na langsung damang di longok kunu geulis mah",ck jacky bari neuteup sha2 anu tungkul.
torojol wulan bari mawa piring jng peso sendok oge,
"sok neng sha2 pasihkn bolu na ka jacky sina di emam meh tereh lumpat deui lah kaluman nyangsaya wae...",ck wulan gs kitumah leos ngaleos deui,
Sha2 ngeurihkeun bolu kanu piring tuluy ngeureut di bikeun ka jacky,tapi jacky gigideug
"akang iihhh ieu gera emam kunaon alim nya...?",ck sha2
"hoyong di huapan....",ck jacky ogoan.
Sha2 jol nyeak beureum beungeut na
"iihhh mni ogoan ieu mah pasien teh",ck sha2 teu burung we ngahuapan jacky make sendok.
"wiiooss we ogoan ge da ka kabogoh na",ck jacky bari imut.
"kabogoh saha? kabogoh teh alisha sanes?",ck sha2 bari semu baed.
"naha alisha? nya neng Marsha Azzahra atuh...neng mawa kuu...",ck jacky bari ngaranggem leungeun sha2,sha2 tungkul bari beureum pipi na.
"di RS gening akang sareng teh alisha....?",teu kebat sha2 ngomong na kaburu aya curuk napel kana biwir na.
"hanya sha2...teu aya anu sanes....akang nyaah ka neng mawa...sha2...marsha azzahra....",ck jacky panon na ceuleuyeu neuteup sha2 anu angger tungkul.
"sha?",
"hhhhmmmm",
"kersa teu?",
"kersa naon?",
"janten ibu kangge buah hati kita nanti?",
"naaoonnn iihhh",
"kersa teu?",
"mmmmmmmmmm.....",
"mmm naon?kersa teu janten bojo akang?",
"mmmmmmmmm....",
"eeehhhh kalahka mmmm...aammm...eemmmm...di cium gera....",
"akang naon iihh",
"wios atuh sakedik gereget atuda....",
"aakkaaanggg iihhhh....",
"naaoonn geulis? hoyong deui?',
"iihhhh awas di ciwit geura",
"uullaaahh iihhh di sun we akang mah ridho...",
"aaakkkkaaaaannnggg...!!!",
"naooonnn sayang....cinta ku....",
jep jarempe teu cing gurubug deui
anu galecok ngan sora hate jacky jng sha2 janji moal silih tinggalkeun mun bisa mah nepika ke di akherat silih tungtun silih salamet keun aya dina karidhoan gusti nu maha suci.
~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~
Gs saminngu Jacky cicing di imah aldo ti saprak aldo nyaho lamun jacky anak na kabeh aset resto di bikeun ka jacky kabeh,ku dua an resto di urus jacky ayeuna gs pulih deui sabihara sabihari,
"pak....aya anu kedah di carioskeun,manawi aya waktos?",ck jacky ka aldo.
"aya naon jack...?",ck aldo
"perkawis ibu...bu wulan...mmmhhh manawi ieu mah...kumaha lamun bp nikah ka bu wulan supados ibu tiasa sabumi sareng urang,hawatos pak...",ck jacky bari melong ka aldo.
"sidik bapa ge kapikiran ka dinya...tapi....ibu na kersaeun teu...?",ck aldo'
"pasti kersaeun ke jacky anu nyarios ka ibu...",ck jacky sumanget
"nuhun kasep anak bapa......",ck aldo bari nangkeup jacky.
kerkitu torojol mutiara ningali jacky jng aldo silih rangkul mutia olohok,
"aeehh aya naon nyaa....bapa sama anak mni layeut",ck mutiara.
"muti.....aldo bade nikah sareng wulan...mutia kersa teu janten saksi?",ck aldo
"ni..niikkkaahhh sa...reng wulan?",ck mutiara asa teu percaya.
"muhun....!!!",ck aldo
"oohhh nyaa atuhh....selamat nya...",ck mutiara asa ojol2 aya anu leungit dina hate na sakadang pangharepan anu cicingcicing di sulam dina hate na,salila ieu mutia kerja sama jng aldo lambat laun aya pang harepan dina hate mutiara ka aldo duka pedah maneh na kesepian di tinggalkn ku aryo duka pedah meh unggal poe babarengan wae jng aldo.....
"aaahhhhhhh cinta.....
rumit gening......".
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
balikpapan,14 april 2019
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapusMana cerita selamjutny kok ga tamat
BalasHapusKok ceritanya pada gantung semua y
BalasHapusYa ceritanya ga dituntaskan
BalasHapusBuntu deui Bae 😩
BalasHapus