DONGENG SUNDA NGAN SAUKUR IMPENAN

#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)

Bagean ka 21

Kengeng αи∂нуи 

Tenda leutik gs di pasangkeun mahasiswa anu kr baksos ngentep2kn kadaharan dina meja,unggal poe sabtu minggu ka hiji sha2 jng nu liana nguriling ngabagikn nasi bungkus gratis jang kaum duafa jng anu teu mampu,kadang lamun ka amanatan ku donatur di titah ngabagikan baju layak pake jng sembako sok neangan tempat2 anu kumuh.

Rob tukang beca,pemulung,galandangan jng pengemis napuk tenda barudak anu ker baksos,sakedapan sangu jng dengen na gs orot kitu deui cai mineral dina dus nyesa sa eutik deui,kabungah kagambar dina pameunteu barudak mahasiswa kerkitu reg aya mobil eureun hareupeun tenda kaluar awewe tengah tuwuh anu masih keneh geulis ngadeukeutan ka barudak mahasiswa,

"Puntn ieu nju baksos nya?ibu bade nitip aahh hoyong kengen berokah na...",ck awewe tengah tuwuh anu masih keneh geulis bari ngusiwel ngaluarkn duit aya kanu sajuta na,

Sha2 buru2 nampanan duit bari cukah cikih neangan kwitansi,

" sakedap bu urang damelkn kwitansi na kangge ke abdi laporan ka pimpinan",ck Sha2 bari ngagutrut nuliskn sumbangan ti si ibu.

"Puntn sareng saha bu...?", ck Sha2.

" oohhh sareng Mutiara...ibu Mutiara...",ck eta awewe bari imut ka Sha2.

"Hatur nuhun ibu sumbangan nana ke urang dugikn kanu meryogikeun,sakali deui hatur nuhun", ck Sha2 bari mikeun kwitansi ka Mutiara.

Mutiara pamitan asup deui kana mobil na bari biur indit ninggalkeun tempat baksos anu masih rame kunu daratang pikeun menta nasi bungkus gratis.

Sha2 ngasupkeun duit kana buku catatan dana sumbangan di pasrahkn ka senior na Sha2 nuluykeun mantuan mahasiswa anu sejen ngaladangan anu marenta jatah sangu.

Pabeubeurang sangu jng dengen na gs seep anu ngantri ge gs teu aya,barudak mahasiswa mereskeun tenda di asup2kn kana mobil,

" Sha di jemput ku saha pulang na?",ck anwar 

"Mmmmhhhh bade uih nyalira we wios bd kana angkot", ck Sha2 

" nya atuh kita duluan nya...",ck anwar jng nu sejen na bari cing baliur kana motor ninggalkeun Sha2.

Sha2 ngaleos dk muru angkot di tengah perjalanan aya preman anu megat Sha2 

"Bade mulih kamana geulis ? Gening nyalira wae,sareng Aa we yuu...", ck eta preman bari ka angseu bau alkohol,

Sha2 undur2an leungeun na nangkeup kantong di rapetkn kana dada,gep lengen si preman nyekelan leungeun Sha2,

Sha2 langsung pias dk ngagorowok menta tulung kaburu kasima tungtung na ngan bisa undur2an bari ngadeg2.

Si preman anu kapangaruhan ku minuman keras ngagusur awak Sha2 muru taman anu aya di sabudereun jalan,jukut anu ngajejembrung ngahalangan jalan satapak di tengah taman anu teu ka urus,Sha2 babacaan sabisa2 menta pitulung kanu Agung kanu ngusik malikeun maneh na nga doa menta kasalametan da ari ku syareat namah maneh na moal bisa ngalawan si preman anu awak na jangkung gede,

Tepi ka tengah taman eta preman teh eureun tuluy maneh na muka sabuk anu meulit calana lepis dekil na bari huhah heheh Sha2 lumpat teu sirik na notog2kn maneh teu malire sabuderen nana lumpat ka sebrangeun taman nyaeta ka lembur anu tadi masyarakat na narima sumbangan ti grup baksos na,teu ngalieuk deui ka tukang nu penting maneh na salamet ti gangguan si preman tea sajeroning lumpat maneh na sumambat kanu jadi indung bapa na,bari terus2an menta pitulung Alloh katingali aya imah anu melenge panto na geuwat Sha2 asup ka eta imah blug panto di tutupkn bari di tulakan ti jero,bari ngahegak Sha2 noong ti jero imah nalingakeun ka ayaan di luar.

Di jero imah hiji pamuda mencrong we ningali aya awewe asup ka imah na teu permisi2 acan,

"Aya naon neng bangun anu sieun kitu?", ck eta pemuda ngagareuwahkeun kanu ekeur noong ka luar,atuh rey teh pias deui wae Sha2 teh bari malik kn awak na breh hiji pemuda ngajanteng nitenan maneh na Sha2 rumpang rempeng,

" pu..pu...punten kang...abdi di udag2 jalmi jahat...puntn ngiring nyumput kang...",ck Sha2 bari semu dk ceurik.

"Aehh ieu mah si neng mahasiswa anu tdi ngabagikn sangu nya ka masyarakat di dieu?", ck eta pamuda bari nitah diuk ka Sha2,

Sha2 unggeuk bari gek diuk dina samak bari rut ret nitenan sabudeureun imah anu ngan sakamar tea.

" muhun kang abdi mahasiswa anu nju baksos",ck Sha2,derekdek sha2 nyaritakeun yen maneh na bieu di gusur ku preman tea.

"Aehh...Nepang kn abdi Marsha...Sha2 nami panggilan nana...", ck Sha2 ngawanohkn maneh kanu boga imah.

" akang mah Jacky...wilujeng tepang atuh di rorompok butut...aaeeehhh ari neng Sha2 ts tuang teu acan? Hayuu ku akang di jajapkn ka tukang lotek anu pang raos na di lembur ieu mah ke di jajap ku akang uih mah kana ojeg rerencangan akang,hayuu...",ck Jacky bari muka panto imah na kapaksa Sha2 nuturkeun Jacky muru ka warung lotek anu di tujukeun ku Jacky.

Sup dua nana arasup ka warung lotek anu jiga anyar di bangun,

"Eeehhh jacky...bade lotek kasep,mana si jang Nico? Aaeehh sareng saha gening ieu mh mni geulis kitu?", ck ceu eha.

" ngadamel lotek anu paling raos kangge neng mahasiswa nya bi....",ck Jacky bari diuk.

Sha2 manggut ka ceu eha gek diuk gigireun Jacky

Ceu eha gewat kuprak keprek ngaladangan jacky nyieun lotek 2 song2 ngasongkn lotek ka Sha2 jng ka Jacky.

Sha2 ngadahar lotek bari ret2 maling2 teuteup ka Jacky anu sarua kr ngadahar lotek,

Ceu eha nyamperkn deui bari ngasongan cai enteh panas ka nu dua an,

"Jac...nuhun nya artos th tos di tapelkn kana bangunan ieu....seseg ayeunamah teu sieun runtuh deui,nuhun nya kasep....!", ck Ceu eha.

" nya ulah nuhun ka abi atuh ai euceu...saur abdi ge sanes artos abdi tapi anu donatur",ck jacky bari nginum cai tuluy ngusiwel ngaluarkeun rokok pelenyun udud bangun anu ngenah.

"Neng Sha2 engke deui upami ngalangkung ka wilayah ieu sebatkn we bade ka Jacky,sok lah moal aya anu wantun ngaganggu", ck Jacky

" muhun hatur nuhun kang....",ck Sha2 bari tungkul 

Kusiwel ngaluarkeun duit 20 rebu song di asongkeun ka ceu eha,

"Eehh wios neng ku akang di bayar na", ck Jacky.

" wios atos ku abdi we kang...",ck Sha2 bari jung nangtung "hatur nuhun kang...ceu eha...! Mangga ahh di kantun", ck Sha2 tuluy maneh na muka hape na nlp Ojol teu lila Sha2 aya anu ngajemput ku motor biur ninggalkn warung lotek ceu eha.

" geulis budak teh jack...panggih dimana?",ck ceu eha melongkeun kanu kakara indit.

Tuluy Jacky nyatitakeun basa Sha2 asup ka imah na di udag2 preman cenah.

Kerngadarongeng dua an torojol aya awewe tengah tuwuh asup ka warung mawa kantong gede gek diuk dina bangku semu anu cape,

"Bade tumaros ari rorompok haji duyeh teubih keneh kitu?", ck anu kakara datang.

" ke..ke..haji duyeh carogena ibu enang? Da asa tos ngalih ibu ka purwakarta kumargi istri na ngantunkn jantn pk haji na di candak ku murangkalih na",ck ceu eha.

"Aduuhhhh.....kumaha atuh...abdi bade di damel di dinya kawit namah...", ck eta awewe bari ngahuleng.

" ibu kawit ti manten?",ck ceu eha.

"Ti jakarta bu....nepangkeun nami abi wulan bu nju milarian damel abdi teh...aya anu nunjukeun ka pk haji duyeh saur na puwarang ngurus istri na,maruk tos ngantunkn gening....", ck anu ngaran na wulan ngahuleng.

" muhun bu...kumaha atuh nya...bade teras kamana atuh ayeuna?",ck ceu eha.

"Dukaa atuh bu....abdi bingung teu gaduh tempat anu kedah di jugjug...", ck wulan ngahuleng.

" kumaha upami semenyawis di dieu sareng euceu? Malaur euceu teu gaduh batur atuh ari kersa mah",ck ceu eha.

"Hatur nuhun ceu....upami teu ngarepotkn manawi", ck wulan baru nyusut kesang tina tarang na.

" sok atuh bisi bade istirahat ka dieu kalebet ulah asa2...",ck ceu eha wulan nuturkeun ceu eha ka tukang ari Jacky ngan ngaleret ku juru panon bari nuluykeun ngaroko na.

---------------------------***********----------------------------

"Alisha....bunda teu ngalarang lisha bade bergaul sareng saha2 na tapi kedah tau aturan,bisi salah pergaulan paur bunda mah...", ck mutiara ka Alisha anak hiji2 na.

" aaahhhh bunda percanten atuh ka Lisha da lisha ge pilih2 moal ngecewakeun bunda...",ck alisha.

"Ayeuna Lisha krcaket sareng saha? Koo unggal dinten uih na wengi2 wae...kade aahh?!", ck mutiara.

" ayaaa lah bund orang na baek perhatian dri keluarga baik2 deuih nami na maulana yusuf...teu kasep sihh cuman yaaa perhatian lah ka lisha",ck alisha agul.

"Nya bunda mahh ngan ngasih saran kedah hati2", ck mutiara.

" siaaapp bunda ku sayang.....",ck alisha bari nyium pipi mutiara.

Di kamar Maul masih keneh sare sebeberaha kali aya panggilan tak terjawab tapi hape kalah ka di bebeskn kana handapeun bantal,

"Eeeeggggghhhh saha sih mni ngaganggu pisan isuk keneh gs krangkring", ck maul bari angger peureum.

Teu lila di sanda deui hape teh bari ambek niat na dk mareman hape ari ieu kalahka pencet jadi we nyambung kanu nlp tea,

" maul...maul....urang kudu ketemu...aku gs telat 2 bulan maul...bieu di tespeck aku hamil....",ck sora awewe dina tlp.

"Heee Donna naon sih ngaganggu sagala aku kr sare,engke deui lah pirage masalah kitu...!! Hese2 teuing mah gugurkeun we...kn kita mah suka sama suka hungkul ngalakukeun nage....cicing tong ngaganggu aku...", ck maul bari mareuman hape na tuluy di bebeskeun deui kana handapeun bantal.

H A N C A

ngan saukur impenan kengeng andhyn

Bandung,20 mart 2019

#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)

Bagean ka 22

Kengeng andhyn

''koo....can aya anu butuheun deui bantuan?"'ck jacky

"aaeehhh sidik uing kkara dk ngomong ka ente,itu ki sukanta bengek na kambuh deui tuluy ceu rokayah dk ngajuru salakina anu maot keuna panyakit tebese....'',ck nico 

''iraha atuh dk oprasi na maneh beres can kuli ngaduk di haji dasep na?'',ck jacky

"bisa di atur eta mah oprasi na urang peuting ayeunamah di hareupeun mol anu gede itu tuh pasti bakalan mucekil geura....'',ck nico

"ke...ke...uing anu kudu menta ijin ka boss yeuh ari peuting teh sok hese da restoran nana kr meujeuh na payu euy...",ck jacky ngahuleng'

"aehhh hooh nya poho maneh teh kan saingan nana sep juna....",ck nico bari nyengir,

"chef....kuya...chef....lain sep....!",ck jacky bari maledog nico ku bungkus roko

"oohh heueuh cchhheeeefff kuya,hayu atuh siap2 maneh bebeja heula ka bos maneh telat kituh datang na ka resto gs beres oprasi pek gawe deui...'',ck nico bari nangtung tuluy babatek cangkeng.

Jacky nangtung nuturkeun nico anu gs ti heula leumpang muru mol anu gede dua nana nitenan sabudeureun mol tuluy badami jng Nico ke lumpat kamana nyumput di mana2 na gs di atur,ayeuna bagean nico anu balap lumpat kitu istilah jacky jng nico ari bagean jacky ngahalangan anu dek lumpat ngudag atawa nunjukeun ka arah anu berlawanan kanu dk ngarudag,beres ngatur siasat nico jng jacky baralik ka imah nyiapkn tanaga jang ke peuting.

------+-++-------+++++-------++++++++++--------+++

"bunda tos beres balanjana ? hayuu ahhh lisha mah cape...'',ck alisha ka mutiara

"hayu atos jug lisha candak mobil bunda ngantosan di payuneun moll....",ck mutiara

bring dua nana turun ka latai dasar,Alisha mah ka parkiran nyokot mobil ari Mutiara mah ka hareupeun gedung moll ngajanteng rada anggang tinu sejen kerjongjon nangtung nungguan mobil Alisha jol gerewek tas na aya anu ngiwat,mutiara kalah calangap soak meureun panon na molotot bari tutunjuk ka jelema anu nyokot kantong na ari gs jauh copet na kakara mutiara ngajorowok tarik bari nyebut ''copet...!!!'' atuh jelema anu aya di dinya ukur olohok Mutiara lumpat bari nunjuk ka jelema anu nyokot kantong na tapi da gs jauh anu tungtung na ngaleungit dinu poek,security daratang nyampeurkeun ka mutiara anu ker ruwahriwih pada ngalariung bari nyaritakeun naon anu ka alaman kumaneh na bieu,

Jacky anu aya di dinya nyampeurkeun ka mutiara bari mere cai mineral dina botol ngasongan tisue sagala,

''aahhh tos tebih panginten bu copet na oge sanes udageun atuda....",ck jacky ngayakinkn mutiara jng nu sejen na sangkan teu ngudag nico.

"muhun kang wios lah sanes milik sareng ibu nuju apes panginten,eta we ay KTP an srng hape dina tas teh....'',ck mutiara bari nyusutan cipanon ku tisue.

kerkitu Alisha datang kana mobil na ningali indung na pada ngalariung maneh na reuwas geuwat turun tina mobil tuluy nyampeurkeun indung na,

"ya ALLOH bunda aya naon bund?'',ck alisha

"kacopetan neng...'',ck jacky bari olohok ningali alisha 

''hayuu lapor polisi atuh bund...!?'',ck alisha

''teu kedah teh da tos di catet ku pk security tadi ke ku anjeuna di laporkeun ka kepolisian",ck jacky jiga anu heueuh.

''hayu atuh bund atos lah wios urang uih we ayeunamah,bunda mni seupa kitu...'',ck alisha bari ngagendeng mutiara asup kana mobil na,sangges nganuhunkeun ka jacky jng nu sejen na alisha pamitan tuluy balik ngalajukeun mobil na muru ka imah na.

Di imah jacky ngagoler gigireun nico anu gs ti heula sare sora kerek na mni kadenge ker2an,

sanajan di peureum2kn tapi jacky teu bisa sare kalangkang Alisha nutur2 wae beunta katempo peureum makin nembongan,

"aaahhhh ieu mereun cinta pada pandangan pertama teh....mmmhhhh Alisha....Alisha....",ck jacky,parat nepika subuh jacky teu bisa peureum gawe na ngan gulinggasahan teu puguh.

isuk2 Nico gs hudang Jacky anteng nguyup kopi hideung bari mata na melong kanu jauh jiga anu anteng ngalamun,

"jack....kunaon ngalamun wae ti saprak balik ti moll euy ku uing di titenan teh'', ck nico

''aahhh teu nanaon ko...hayu urang purak hasil peuting teh'',ck jacky bari ngaragamang kana tas hasil nyopet nico burulu eusina di kaluarkeun,hape dompet jng alat2 kecantikan laluncatan tina jero kantong,brayy dompet di buka duit na di cokot ngentep saratus rebuan jng limapuluh rebuan song di asongkeun ka nico,di ilikan dompet teh gorehel manggih fhoto mutiara jng alisha gewat di betot tuluy di sumputkeun kana saku calana sieun katohian ku nico,

''koo ke ku saya kantong na di anterkeun kanu bogan na,hayu urang bikeunan duit na kanu kerngabutuhkeun karunya euy mang sukanta urang titah berobat ka RS jng ceu rokayah bisi kaburu ngajuru....tapi uing menta lah maratus rebu aya ibu2 pikarunyaeun di imah bi eha urang modalan sina dagang cilok sagigireun lotek bi eha",ck jacky bari misahkeun duit 5ratus rebu,gs kitu mah dua nana carengkat muru imah mang sukanta jng imah ceu rokayah panuntungan ka warung ceu eha dk mere modal ka wulan anu kermanggih tunggara.

~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~

"Beib...urang diner di resto masakan eropa yuu?",ck Maul ka Alisha.

" hayuu kamu anu pilih resto na nya yank",ck Alisha bari nangkeup leungeun maul.

"Siiaaappp....cap cus", ck maul.

Biur mobil maul muru ka restoran stiek anu teu jauh ti campus Alisha.

Satepi na di resto maul jng Alisha diuk pagegeye mni teu sirik na napel2 wae matak era nu nempo puguh ge,maul jng Alisha pesen doble stiek bari ngadagoan pesenan datang dua nana arocon we bari sakapeung cing cikikik seuseurian.

Teu saeutik pagawe resto anu cing kacewis ngaromongkn pasangan anu kr kasmaran.

" lain nya mni gs asa di barat we nya bobogohan teh barudak ayeunamah...",ck mang uha tukang nyokotan piring kotor.

"Saha mang....?", ck Jacky anu kabeneran kr nyiapkn pesenan pelanggan na.

" tuuuu anu bobogohan di meja 12 gs teu era2 deui hareupeun batur gs kitu kumaha lamun pa dudua an dinu suni nya...? Hehhehe",ck mang uha 

Jacky kapaksa noong ti jandela dapur bari nyidik2 awewe anu kr ngalendean lalaki pantaran maneh na,rada reuwas Jacky ningali Alisha mni naplok2 wae ka eta lalaki bari semu sedih Jacky balik deui ka hareupeun kompor mulak malik daging sapi dina pembakaran teu sadar leungeun na ngarampa fhoto anu aya dina saku na,fhoto Alisha jng Mutiara indung na,

"Mmmmmhhhhhh.....naha ku naon atuh ieu hate mni mosket ka anjeun alisha...duhh gusti pangsadarkn kuring....kuring salah mikaresep ka maneh na anu teu sababad....pang leupaskeun rasa ieu ya Allooh...abdi teu sangem ngakepaskeun bayangan anjeuna....", ck Jacky bari ngarenghap jero nakeran.

H A N C A

ngan saukur impenan kengeng andhyn

Bandung,21 mart 2019

#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)

Bagean ka 23

Kengeng αи∂нуи 

"Jack...oprasi deui yuu,kamari ceu emah butuh jang nebus incuna di RS...", ck Nico.

" duuhhh moal bisa euy uing rada teu garenah hate ",ck Jacky bari sare murungkut dina samak.

"Eeuuhhh ente mah...hayuu aahh gs lila teu olah raga lari yeuhh...", ck Nico 

" moal Nic uing asa laleuleus aahh ke deui ari uing na gs waras deui",ck Jacky.

"Nya geus atuh...", ck Nico bari ngaleos.

Jacky peureum hayam dina pikiran nana kr nganteng inget wae ka Alisha,kamari Jacky manggih beja ti babaturan nana di resto lamun sabener na lalaki anu jng Alisha mineng mawa awewe gunta ganti ka resto teh,ck Arman mah jiga na kabogoh Alisha teh penjahat wanita alias blay boy.

" Alisha...kunaon ieu hate meni melang ka anjeun...Alisha...",gerentes hate Jacky.

'Trok...trok...trok'

"Assalamualaikum....kang Jacky....?!",

Jacky ngagurubug aya awewe di hareupeun panto imah na,tadi ker ngabayangkeun Alisha ari ayeuna aya awewe keketrok uluk salam,duhh boa2....

Ck Jacky bari ngajleng muka panto ngarep Alisha anu datang ka maneh na,bray panto muka....

" aaeehhh neng mahasiswa gening....aya naon neng?",ck Jacky 

"Nami abi Sha2 kang piraku hilap deui", ck Sha2 imut.

" oh muhun nya neng Sha2 aya peryogi naon nya asa rareuwas?",ck Jacky.

"Kieu Kang abdi sareng rerencangan bade ngabagi2 sembako sareng aya pemeriksaan kesehatan gratis manawi akang tiasa ngabantos?", ck Sha2 bari melong ka Jacky.

" oohh mangga insha Alloh tiasa mung moal full neng akang kedah damel apanan sonten na",ck Jacky 

"Muhun sawios kang abdi mung sieun kajantenan jiga kamari deui aya preman anu ngaganggu...", ck Sha2.

" hayuu atuh di mana baksos na?",ck Jacky.

"Ohh hayuu atuh kang di kantor karang taruna ...", ck Sha2 bari ngajak bareng indit muru tempat Baksos.

Ti harita Sha2 jng Jacky jadi sering komunikasi Sha2 sering menta bantuan ka Jacky masalah Baksos.

-------+-++++++------+-++++++++++++------+-+++--++

" maul....!!!...maul....!!!",ck manda bari metot leungeun maul anu angger ngemprid lempang di parkiran Campus.

"Naaoonnn siihh?!", ck Maul bari ngepeskeun leungeun na.

" hayuu ikut aku...!!;",ck manda bari metot leungeun maul asup kana mobil na,biur mobil manda ninggalkn Campus muru resto paragi maneh na baheula lamun janjian.

Mobil eureun di parkiran leungeun maul di gusur ku manda tuluy di paksa diuk dina korsi resto di pojokan deket arah na jng dapur.

Maul nembongkeun beungeut teu suka beungeut na tiis salila diuk dina korsi resto.

"Sok buru dek ngomong naon aku dk pulang gs sore yeuh tereh peuting...!", ck maul bari ngalies

" heeeehhh biasa nage kamu mawa aku sampe peuting malah sok mawa aku meuting,naha ayeuna sieun ku peuting?!!",ck manda.

"Nya buru lah ngomong aku dk balik", ck maul acuh.

" aku menta kamu kudu tanggung jawab....!!! Aku hamil dk 3 bulan aku embung ngagugurkeun kandungan aku...pokok na kamu kudu tanggung jawab !!!",ck manda.

"Yakin eta anak aku....", ck maul seuri sinis.

" kurang ajar nya ....aku ngan ngalakukeun jng kamu maul...!!!",ck manda mimiti histeris.

"Kamu ge kan sering sare jng batur lain jng aku hungkul...", ck maul angger tiis.

Manda mimiti nafsu jelebet maul di tampiling anu aya di dinya cing lalieuk mimiti merhatikeun ka maul jng manda,

Maul nangtung malik nampiling manda atuh amanda ngajerit malah ku maul di jengut buuk na nepi ka manda dek labuh,

" hehhh pelacur murahan....sugan hayang di siksa siah sangenah na nampiling batur,dasar awewe gelo...!",ck maul euweuh ka era.

Manda ceurik bari nyekelan buuk na anu di jengut ku maul.

"Kamu anu gelo mah aku gs hamil kalahka ninggalkn kitu wae,aku menta kamu tanggung jawab maul lamun kamu teu tanggung jawab kamu kudu tanggung akibat na....!!!", ck manda.

Maul ngayunkeun deui leungeun na tapi....

Gep lengeun na aya nu nyekel,

" santai bro...kunaon jdi nyiksa awewe anu lemah...",ck hiji lalaki make seragam Chef nyaeta Jacky anu kabeneran kr gawe di resto.

"Eeehh maneh saha ikut campur urusan urang?!", ck maul 

" tapi ieu tempat umum piraku aya anu ngalakukeun kekerasan aku cicing wae....",ck 

Maul malik maneh na teu suka di tegor ku Jacky teu antaparah hiuk ngayunkn peureup na kana beungeut beungeut Jacky,

Tapi Jacky ngan ngagileuk ka sisi atuh ploss peureup maul nenggeul angin.

Maul nyerang deui Jacky tapi Jacky ngan nangkis serangan maul anu nga babi buta,

Jacky mundur lain teu bisa gelut tapi maneh na ngajaga tempat maneh na neangan kipayah lamun di layanan mah da pasti maul eleh,Jacky hirup di luaran anu keras di didik ku dunia anu liar tangtu gampang ngelehkn maul anu ngan anak manja.

Tapi Jacky masih bisa ngajaga emosi na maneh na ngan ukur ngagiwar nangkisan panyerang Maul anu makin nafsu teu di layanan ku Jacky teh.

Kerkitu security resto datang dua an gewat newak maul di bawa ka kantor pos anu satuluyna masrahkn Maul ka polsek.

Manda di anterkn balik ku Jacky di jalan Manda nyaritakeun naon anu nimpa maneh na ka Jacky anu ngan ukur ngabandungan bari ngahuleng kamelanf langsung euntreup kana hate Jacky sok sieun Alisha ge di acak2 kahormatan nana ku Maul asa lebar we jaba Jacky gs nendeun hate ka Alisha.

"Mmmhhh kieu neng upami sae namah neng manda wawartos ka sepuh na maul laporkeun kalakuan putra na,nyungkeun tanggung jawab putra na ka neng Manda", ck Jacky 

" oohh muhun kang....punten atuh puntn ka jalan wastu kencana kang...",ck manda nitah Jacky muterkn mobil na Jacky nurut we kana kahayang Manda.

Teu lila reg mobil eureun di hareupeun imah anu cukup gede,manda ngajak Jacky turun tuluy mencet bell eta imah teu lila bray panto muka awewe tengah tuwuh kaluar,

"Bu punten ari ibu na maul aya?", ck manda

" ayaaa...sakedap neng bade aya peryogi naon?",ck si ibu anu taya lain ti Darmini.

"Abdi papacangan na maul bu bd aya peryogi ka maul...", ck manda.

Manda jng Jacky di titah asup ku darmini gek dua nana dariuk di ruang tamu ari darmini ngagentraan berkah,

Teu lila berkah kaluar jng biyan ti kamar na barang ningali manda jng Jacky rada reuwas oge.

" aduh mni asa reuwas kieu nya aya naon neng ...Aa...",ck berkah

Manda jng Jacky ngawanohkeun hla ka berkah jng biyan tuluy ngomong bari asa2...

"Mmmhhh ibu....abdi papacangan nana maul....abdi nju ngandung putra maul...tapi maul na teu ngangkeun malah nuduh abdi sareng nu sanes dugikn ka maul nyiksa abdi,tah si Aa ieu saksina abdi di siksa ku maul ayeuna maul na di polsek,tujuan abdi ka dieu masihan wartos ti payun supados ibu srng bp teu salah paham ka abdi...", ck manda ngajelaskn.

Berkah jng biyan olohok asa aya anu nonjokan beungeut na asa di pokpokan sirah ku kotoran ku kalakuan maul.berkah teu bisa ngomong sirah na ngadadak dung deng panon na asa panas.

Kitu deui biyan teu nyaho kudu ngomong naon ngabetem we asa ku handeueul ku kalakuan anak kukuy na leungeun na meureup ti pepereket,keur kitu Sha2 datang maneh na dk ka dapur nyokot nginum barang ningali aya semah sha2 nyampeurkeun lengkah na eureun pas ningali Jacky aya di dinya,

" kang Jacky.....aya naon kang...?!",ck Sha2

Sararea ngalieuk ka Sha2 Jacky reuwas naha Sha2 aya di imah eta dua nana papelong2.

"Sha2....ieu bumi Sha2 teras Jacky teh raka na neng Sha2?", ck Jacky bari olohok teu nyangka lamun lalaki anu nyerang na tadi teh lanceuk na Sha2.lalaki anu kr deukeut jng Alisha terus ngahamilan manda teh lanceuk na Sha2....

Jacky ngarasa jangar komo ningali Berkah kapiuhan di bawa ku Biyan di golerkeun dina shopa pada marancahan pada mencetan.

H A N C A

ngan saukur impenan kengeng andhyn

Bandung,22 maret 2019

#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)

Bagean ka 24

Kengeng αи∂нуи 

Maul nanda tangan surat damai jng daek tanggung jawab ka jabang bayi anu ker di kandung  ku Manda,di polsek maul di papatahan ku kapolsek samemeh di bebaskeun kalayan kudu wajib lapor 2X saminggu.

Biyan ngajemput maul balik sajajalan Biyan mapatahan Maul ku biyan Maul di titah neangan gawe jang mere nafkah ka calon anak jng pamajikan nana,jiga anu heueuh maul cicing teu lemek teu nyarek.hate namah ngageremet kunaon maneh na bet kudu nganjang heula ka polsek asa ambek ka Manda keun siah keun siah we dk balitungan ka Manda kitu harita pikiran maul.

Di imah berkah diuk di pencetan ku Sha2 tadi sabada di tinggalkn balik ku Jacky jng Manda Berkah  di baturan ku Sha2 anu ngalelemu hate berkah,sedengkeun Darmini ngageremet di kamar maneh na hayang geura nyaho ka ayaan maul anak na sok sieun teu bisa kaluar ti polsek.

Di luar kadenge sora mobil eureun hareupeun imah geuwat Darmini kaluar ti kamar na da indung atuh ka anak teu bisa di bendung deui kahariwang darmini ka maul geuwat muka panto muru maul anu lempang tukangen Biyan,

"Aduhh kasep teu kunanaon kasep teh....?!", ck darmini bari ngarotok Maul tapi maul bangun anu wegah narima pananya darmini.

" cicing heula Wa...kuring kr jangar ulah rea tatanya...!!;",ck maul galak darmini ngajanteng di sentak ky anak kandung na teh da memang ti orok keneh maneh na di sebut 'wa ibu' ku anak2 na berkah.tapi bahasa anu nyentak eta anu nyieun darmini nyeri hate jadi ras deui inget baheula basa maneh na hamil terus di tinggalkn ku salakina kabur ka madura jng awewe tukang jamu di pasar.

Harita arnasan salaki na gawe na ngan sesentak haok kadua gaplok asa badis maul ayeuna da beungeut jng adat nage teu dipiceun sa sieur jiga Arnasan pisan.

Maul di ceungceurikan ku berkah nga-naha2 kunaon bisa ngalakukeun anu di larang ku agama,ngajinahan anak batur ngaruksak kahormatan awewe.maul nga ngeuluk tungkul

Berkah gs jangji ka manda bakal datang ka kulawarga na pikeun tanggung jawab ka jabang bayi anu kr di kandung Manda.maul teu lemek teu nyarek uteuk na muter kumaha cara na maneh na bisa bebas keneh da ku biyan di ancam lamun gs jadi kepala keluarga kudu usaha sorangan piraku ari nyieun anak bisa ari neangan gawe mumul.

Gancang na carita Berkah,Biyan katut maul beres ngahadep ka kulawarga Manda kitu nage maul kapaksa maneh na gs nanda tangan surat perjanjian jng persetujuan di polsek tapi harita hate jng pikiran maul ngan ka Alisha wanoja anu kakara sabulan ieu di bogohan ku maneh na.

Berkah jng kulawarga manda dk ngayakeun syukuran perkawinan Manda jng Maul bubuhan Biyan jng manda loba relasi na bisi jng bisi maranggih beja ngawinkn tapi teu raramean atuh ke jadi timbul pertanyaan aya naon2 na.

Tanggal gs di tangtukeun ondangan gs di sebar kabeh acara di tanggung ku Biyan jng berkah gedung jng ketring biyan anu mayar na, 3 poe deui ka acara sarerea saribuk nyiapkn pesta kawinan maul ka Manda.

Harita beja pabeja2 nepi oge ka Alisha lamun Maul dk kawin ka Manda asa teu percaya Harita Alisha nelepon Maul hayang ngadenge ti jinis na,tungtung na dua nana sepakat panggih di pujasera moll.

"Sayang....cinta dengerin nya...aku ngan cinta jng sayang ka Lisha,aku menta pengertian ke gs anak anu di kandung ku manda lahir aku dk nyeraikn manda terus aku pasti nikahin kamu,bener beib...sumpah aku ngan cinta jng sayang ka kamu sumpah beib...!", ck maul bari ngaranggem ramo2 Alisha,ku Alisha di kepeskn.

" eehhh sorry nya aku hayang panggih jng kamu ngan saukur hayang mastikeun lamun kamu bener2 ngahamilan si manda...untung aku can kabeunangan ku kamu....dasar playboy kampungan....!!!",ck Alisha bari jejebris nyingkirkn leungeun maul anu hayang nyekel maneh na.

"Lisha....please beib...bere aku waktu please beib,aku embung pisah jng kamu beib....!", ck Maul deku hareupeun Alisha.anu aya di dinya narempokeun kalakuan Maul.

" heeehhh terserah nya kadatangan aku kadieu ngan menta putus....!!! Tong hayang panggih jng aku deui....!!!" ck Alisha bar nangtung tuluy ninggalkn Maul,

Maul teu cicing geuwat ngudag Alisha anu ngemprid ninggalkeun pujasera muru ka lantay dasar moll tea ku maul di udag gep lengen Alisha di cekel pageuh pisan Alisha teterejel hayang leupas tapi leungeun maul makin tarik nyekel pigeulangan Alisha,

"Nyeri maul....nyeri...leupaskeun....!!!", ck Alisha 

" sok ku aku di lepaskn tapi kamu janji heula moal ninggalkn aku...kamu dk nungguan aku ngan seberaha bulan aku dk ngawin kamu lisha...!!",ck maul.

"Teu hayang....kajeun ngan aya kamu lalaki di dunya ieu aku teu hayang milih kamu teu hayang,sudi najis...lalaki tukang ngaruksak kahormatan awewe...leupaskeun!!!", ck alisha 

" lisha....ulah nepi keun aku nekad mawa kabur kamu",ck maul bari ngagusur Alisha di bawa kana mobil Maul anu di parkir teu jauh jng loby moll.

Lisha teterejel tapi ku maul teu di palire biur mobil ninggalkn pelataran moll muru ka daerah banjaran.

Sup mobil ka hiji imah anu sepi gerbang na jangkung sangges di klaksonan gerbang muka hiji pemuda cungar cengir nyambut kadatangan maul,Alisha pias maneh na sadar kr nyinghareupan jelema bagajulan hate na ratug tutunggulan.ngadoa menta di tangtayungan ka Alloh sumambat ka indung na nga doa sabisa2.

Leungeun Alisha di gusur ku maul di bawa ka jero imah anu gs di siapkn ku Maul.cetrek panto kamar di konci ti jero maul muka jaket na tuluy baju na...gs kitu muka calan na tinggal slempak anu napel dina awak na Alisha undur2an maneh rumpa rampa kana hape tapi leubeng teu kapanggih Alisha poho tadi hape na aya dina kantong na,ari kantong di balangkeun dina mobil maul tadi.maul nga deukeutan....makin deukeut deukeut...Awak Alisha di betot sangkan adek kana awak maul Alisha babadug leungeun na nyakaran beungeut Maul,maul beak kasabaran kajurung ku nafsu syetan na awak alisha di surungkeun kana tempat sare gubrag nepi ka nangkarak bengkang maul gewat nindihan awak Alisha leungeun na uyup ayap dk muka baju Alisha,alisha teterejel leungeun na pakupis nyingkirkeun leungeun maul anu dk ngarangsadan baju alisha,pikir Alisha harita batan kabenangan mening paeh sakalian sebeberaha kali kuku na nancleb dina beungeut maul tapi nyieun maul hayang gancang2 ngarangsadan awak alisha.

Kerpapuket we anu hiji mertahankn kahormatan nana ari anu hiji deui hayang ngalajur nafsu setan na nganter pangajak setan sangkan ngaleupaskeun hasrat bejad na.

tapi gubrag panto muka aya anu ngajejek maul reuwas ngorejat alisha ge kitu gewat maneh namah lumpat kabur kaluar teu noleh deui ka nanaon dina ingetan nana pokok na kudu kabur,muru mobil maul dk nyokot kantong na tapi mobil di konci ku maul tungtung na berengbeng lumpat muru jalan raya anu teu jauh ti imah tadi.

Urang caritakeun maul anu kerolohok ningali jelema anu kakara datang,dua lalaki jangkung gede jng awewe pantar maneh na,

"Dona....!!? Dk naon maneh kadieu...?!!", ck Maul urupan eureupeup.

" heeee bangsat....aku kadieu dk menta balitungan...aku hamil tapi meneh kalahka dk kawin jng si manda....lalaki durjana ayeuna kalahka dk ngaruksak awewe sejen....!!!",ck dona anu masih keneh kabogoh maul.

"Dooo....donaaa aku bisa ngajelaskeun...aku...aku...", ck maul teu parat dua lalaki nyampeurkeun jebrod jebrod peureup dua lalaki teh nyarang dina uluhate maul,rumpuyuk maul ngarumpuyuk jekuk jekuk awak na di tarajongan ku bodyguard na dona tina biwir maul ngaley getih kentel tanda na di jero awak maul ngalaman tatu.

Maul humarurung tapi dona can puas maneh na ngaharewos ka bodyguard na gs kitu dona ngaleos muru mobil na,si bodyguard anu di harewosan tea ngadeketan maul tuluy leungeun na marieus kn suku maul anu katuhu,maul ngagorowok tarik nepi kn kapiuhan sukuna jiga na potong ngaplek balas di parieuskn ku anak buah dona,gs kitu mah dua lalaki anak buah dona indit ninggalkn eta imah ninggalkn Maul anu kermetik hasil kajahatan nana.samaruk lamun milampah kajahatan moal aya anu ngabales?

Moal jaga2 teuing di dunya ge sok di DP an jaba engke di akherat balesan nana bakal leuwih kejam.

Alisha anu lumpat ngajauhan imah anu di pake nyekap na di setengahing perjalanan alisha nempo aya polsek gewat maneh na mengkol gancang asup ka polsek.

Polisi anu kerjaga reuwas ningali Alisha anu acak2an jaba teu make sendal2 acan sangges pada marere cai Alisha nyaritakeun kajadian anu nimpa maneh na bieu ngajelaskn tempat kejadian nana,teu di engke keun polisi mawa anggota aya kanu 5 na muru ka tempat anu ku alisha di tunjukeun,di jero imah polisi manggihan maul anu kapiuhan geutih ngaley dina biwir na pipi na garenteng tapak dicakaran jaba suku katuhuna ngaplek jiga gs misah tina engsel cangkeng na pikawatireun tapi polisi langsung mere identitas tersangka ka maul nyaeta penculikan dan usaha pemerkosaan......

H A N C A

ngan saukur impenan kengeng andhyn

Bandung,22 mart 2019

#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)

Bagean ka 25

Kengeng αи∂нуи 

Biyan gs teu kuat deui nahan amarah na asa di wiwirang di kolong catang can ge beres masalah jng kulawarga Amanda ayeuna gs aya masalah anyar deui,Maul aya di RS Bhayangkara kalawan jadi tersangka penculikan jng berusaha merkosa wanoja anu ngaran na Alisha.

Berkah ceurik dina rangkulan Sha2 ari Biyan bulak balik bari ngodok saku calana na, kakara balik petugas ti kapolisian ngibarkn ka ayaan maul,

"Gs teu bisa deui di hampura...mimiti ayeuna si maul lain anak urang deui...putussss....!!!", ck Biyan bari kekerot,

Ujug2 gabrug Darmini ngagabrug suku Biyan bari ceurik.

" pk Biyan....eceu ngawakilan Maul seja nyungkeun di hapuntn,ku euceu di jamin maul moal ngadamel deui perkara anu aneh2...ku euceu di jamin....",ck Darmini bari ceurik.

"Puntn ceu ieu mah sanes perkara aneh deui tapi perkara anu ngerakn ngawiwirang....budak teu tau di untung....lain kadua nganuhunkn gs di kukut kalahka nyalutak...!!!", ck Biyan teu bisa nahan emosi.

Sha2 ngahuleng teu ngarti naon anu di ucapkn ku bp na,Berkah ceurik teu ereun2.

" ieu salah urang salaku kolot na anu nganter kabeh kahayang anak....ieu salah bapa anu ngawowoy teuing maul tambah salah mamah anu ngamanja teuing maul sagala pamenta maul di tedunan ku mamah jng ku kuring...",ck Biyan teu malire ka darmini anu nyuuh dina ubin.

"Wayah na ceu darmini pek cokot deui lah budak teh,kuring gs gagal ngawarah na....hampura lain teu tega tapi kuring gs taak ku ka era...", ck Biyan nyieun berkah jng Darmini silih pelong.

" naha naon hubungan nana jng ceu darmini ieu teh kang?",ck berkah neuteup Biyan.

"Hampura akang....sabener na Maul teh anak ceu darmini sanes maul anak wulan....akang jng umi nyandiwara supaya mamah harita damang da depresi kulantaran wulan nyandak kabur maul anu asli,kitu mah carita na....", biyan nutup carita na.

Berkah olohok asa teu percaya kitu deui Sha2.

" ceu Darmini wayah na kontrak na dugi ka dieu abdi yakin ayeuna berkah pasti ngartos langkung bijak...",ck biyan ka Darmini.

Leos biyan ngaleos ka kamar na tuluy balik deui bari mawa amplop coklat anu kandel,

Song amplop di asongkn ka darmini bari pok na,

"Hampura ceu lain telenges tapi anak euceu anu harianeun mah gs ngawiwirang kulawarga kuring,wayah na ceu ieu modal kangge euceu jng maul anak euceu....mangga gera angkat kaki we ti bumi ieu!!!", ck Biyan anu tuluy ngaleos ninggalkn darmini anu kr ceurik.

Darmini ka era an da berkah ge kalah ngilu ngaleos nuturkn salaki na kitu deui Sha2,

Tungtung na darmini mereskn baju na kana kantong tuluy indit ninggalkn imah biyan anu gs sebeberaha taun di cicingan ku maneh na jng Maul.

Darmini ngadatangan RS Bayangkara tempat maul di rawat da di heunteu2 ge anak sorangan atuh,ningali Maul anu tatu ngalempreh dina ranjang RS,darmini ngarasa ngahelas maneh na ceurik ngan bisa ningali ti luar deuih da maul jadi tahanan polisi kabingung minuhan hate Darmini kudu kamana ayeuna maneh na indit da di usir ku kulawarga biyan darmini ngarahuh kabingung minuhan eusi hate na.

--------++++++++++++++++----------++++++++++++-----

Jacky guling gasahan gs sebeberaha poe nico eweuh balik ka imah ti saprak nico ngajak oprasi jng nulungan anak ceu emah anu kr di RS tea tapi di tolak ku Jacky nepi ayeuna Nico eweuh balik,

"Pundung kitu ? Aahh tapi piraku da kuring nyaho pisan Nico lain jelema anu sok pundungan", ck Jacky dina jero hate na.

Angin peuting nebak kana dangdaunan Jacky sare murungkut peuting beuki jempling kakara ge ngalenyap asa aya anu keketrok kana panto,Jacky ngorejat hudang pikir na pasti eta Nico anu kakara balik Jacky geuwat muka panto brayy panto muka angin anu tadi na ngagelebug dadak sakala eureun,Nico ngajanteng hareupeun panto kacaangan ku sesa bulan purnama,

" coo...timana wae ari kamu ? ",ck Jacky.Nico teu nembalan kalahka tungkul we hareupeun panto.

" hayooo geura asup gera sare eta beungeut mni pias kitu jiga kurang sare ari maneh...",ck Jacky tapi Nico angger teu nembalan.

"Jack....Jacky....omat urang eureun aahh jadi copet teh...aku mah dk eureun jack,aku cape dk istirahat we ngan ieu mah pang mikeun kn ka ceu emah karunya budak na tebuseun di RS....hampura Jack uing kamari teu ngawaro ka kamu,uing nitip kade ulah ngalampahkn deui kajahatan jiga nu engges2 anu sok di lakonan ku urang2 jack...", ck Nico sora na serak.

" heueuh lah isuk urang ngobrol deui ayeunamah urang sare heula gs maju ka subuh tuuhh...",ck Jacky bari ngaleos ka jero tapi Nico eweuh nuturkn ku Jacky di lieuk tapi Nico gs euweuh di tempat tadi ngajanteng,

"Haaarrr kamana si eta cikeneh nangtung di luar ayeuna gs euweuh deui?", ck Jacky bari gegeroan ka Nico,

" koooo nicooo....nico.....",kesang renung dina tarang Jacky asa melang ka Nico anu ojol2 ngaleungit kitu wae,Jacky ngorejat 

"Har gening ngimpi bieu teh....tapi mni asa jelas da asa lain ngimpi....duh Nico....Nico...kamana atuh aahh ilaing teh...", ck Jacky bari hudang nangkeup tuur dina samak anu ngampar.

Kerngahuleng kitu...

" jack....Jacky...!!!",

Jacky ngorejat nempo kaluar maneh na reuwas ningali ceu eha lulumpatan muru imah na geuwat muka panto muru ceu eha,

"Aya naon ceu mni rusuh kitu?!", ck Jacky olohok nempo ceu eha anu ngahegak keneh balas lulumpatan.

" Jacky....geuwat tingali ka handapeun sasak di wetanen pabrik gs rea jelema....geuwaaatttt...!!!",ck ceu eha angger ngahegak.

"Nyaa aya naon heula ceu ? Naha kudu ka sasak sagala aya naon??", ck Jacky teu ngarti.

" Nico...jacky...Nico.....Nico gs tiwas mayit na aya di handapeun sasak...!!!",ck ceu eha.

Jacky olohok asa teu percaya sangges ngumpul pangacian na deui berengbeng Jacky lumpat teu nolih nanaon muru sasak anu di tunjukeun ku ceu eha.

Nyaan we di palebah sasak gs ngagimbung jelema anu ngarogrog ku Jacky di singray keun breh ayeunamah katempo awak Nico anu gs ngabebengkang malahanan mah gs mimiti ka angseu bau,Jacky apal tina baju anu kr dipake ku Nico anu bolokot ku leutak,jiga na gs aya 3poe na Nico maot.

Goak Jacky ngagoak bari sumambat ka Nico kunu aya di dinya pada nyekelan jasad Nico di asupkn kana kantong jenazah terus di angkut ka RS dk di otopsi jng ketarangn di kepolisian,harita Jacky di bawa balik ku ceu eha di bawa ka warung lotek na.

Jacky ceurik teu bisa nahan kasedih na,

"Nico....uing jng saha Nico...naha anjeun tega ninggalkn uing kooo...kunaon maneh tega Nico!!!", ck Jacky.

Wulan anu nyaksian Jacky ceurik ngadeketan tuluy nangkeup Jacky ngusapan  sirah na,Jacky nyegruk ceurik asa nalangsa salila ieu maneh na ngan hirup jng Nico anu gs di anggap dulur kumaneh na,masih keneh inget baheula maneh na jng Nico kabur ti panampungan barudak pengemis tuluy maneh na mimiti di gawe di pasar purah manggulan barang susah senang di tanggung ku dua an,Jacky menang beja ti mang fredi lamun maneh na baheula di culik ku om pangkay di jadikeun orok sewaan pikeun pengemis anu purah jajaluk di jalan2 jng di pasar2 supaya di pikarunya,nepika 7 taun mah Jacky masih sok titah ngemis di jalan,ngan basa umur 10 taun Jacky kabur jng Nico maneh na nekad naek kreta api jurusan Bandung nepi ka kamari Jacky jng Nico cn pernah papisah,kamari Nico ngajak oprasi ngan di tolak ku maneh na ayeuna Nico teu aya di kieu na Jacky asa nalangsa maneh na ngarasa pahatulalis cicing di dunya.

Ceurik dina rangkulan wulan Jacky asa damay asa tenang teuing kunaon leungeun wulan anu kr ngusapan asa leungeun anu loma salila ieu deket jng maneh na padahal mah kan wulan kakara wawuh jng maneh na.

Cipanon Jacky mimiti garing awak na masih ngarumpuyuk dina rangkulan wulan.....

H A N C A

ngan saukur impenan kengeng andhyn

Bandung,24 mart 2019

#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)

Bagean ka 26

Kengeng αи∂нуи 

Beres Nico di kurebkeun ku warga, Jacky teu wasa mulang ka imah na maneh na cicing di imah ceu eha tukang lotek tea,awak na asa leuleus unggal ingget ka Nico Jacky sok cirambayan wae ku cimata asa inget keneh 3poe ka tukang waktu Nico ngajak 'oprasi' jang nebus anak bi emah anu eukeur di RS.harita Jacky ingetan nana kr dipinuhan ku bayangan Alisha matak na nolak kana pangajak Nico jiga na Nico oprasi sorangan kulantaran gawe sorangan Nico pada ngudag pada ngepung antuk na Nico tiwas di garebugan jasad na di piceun di kolong jembatan.

Biasa na lamun Nico oprasi Jacky anu jadi pengalih perhatian kitu deui lamun sabalik na mun Jacky oprasi Nico bagean anu ngalihkn perhatian nana.

Ampir saumur hirup Jacky babarengan jng Nico anu sarua pahatulalis,ti leutik Jacky gs jadi galandangan di sewakn ku mapia galandangan untung bisa kabur oge harita dua an jng Nico,Nico jng Jacky boga ka ahlian nyopet anu pernah di ajarkn ku mapia copet di jakarta ngan Niko jng Jacky di paje nulungan jelema teu boga duit na di bagi2 bari maraneh namah tara ngadahar duit hasil nyopet sanajan saperak oge.Niko jng Jacky teu bisa ningali jelema anu kerkasusahan rumasa teu bisa mere ku duit sorangan maneh na menta secara paksa ti jelema2 benghar,ari Nico mah jadi buruh kasar sedengkeun Jacky aya anu mawa gawe di restoran ti mimiti tukang kukumbah wadah nepi ka ayeuna jadi juru masak kulantaran Jacky mineng mantuan juru masak anu asal na ti luar negri loba nengetkn loba di ajar ka asup calakan antuk na Jacky jadi chef terkenal.

Ceu eha jng wulan ngarasa karunya ka Jacky ku dua an di urus di carek balik ka imah na baju nage ku ceu eha di ringkid di bawa ka imah ceu eha,bubuhan gede pisan jasa Jacky jng jenat Nico ka warga di dinya kabeh ge euweuh nu apal lamun Jacky jng Nico copet sakanyaho maraneh na dua pamuda eta teh tukang nulung kanu butuh nalang kanu susah.

Ka wulan ge anu kakara panggih Jacky mere modal jng dagang cilok di sagigireun warung ceu eha lumayan ayeuna teh wulan gs nambahan dagang na ku dagang batagor.jol nyaah we wulan teh ka jacky jadi inget ka anak na anu leungit baheula heug lamun aya mah meureun moal jauh ti sagede Jacky.

3poe Jacky teu asup gawe untung dunungan nana bageur maneh na ngarti lamun Jacky kr berduka cita,

"Sarerea bakal di panggil balik ku Gusti Alloh jack...jadi ulah lila2 teuing berduka na.boa jaga ning geto mah giliran urang ngeun...",ck dunungan Jacky.

" muhun pak...mung leungiteun da abdi pahatulalis teu aya ibu rama aya ge Nico rencang seperjuangan ti A-alit kalah ka mayunan gening...",ck Jacky.

"Nya sabar....lawan ku ka sabaran...ka iklasan ieu perjalanan hirup urang,bapa ge kurang kumaha ngalaman pahit jng amis na ngalalakon,ti jaman baheula anu pinuh ku ka salahan...mmmmhhh mun Jacky apal mah,bp krngora mah badung...ayeuna gs kolot pabalik pikir da piraku urang teh dk milampah salah wae,kudu rintik2 ngumpulkn beukeuleun balik bisi samangsa2 di sauran kunu kagungan urang kedah tos siap...", ck dunungan Jacky.

" muhun pak...abdi bd ka dapur heula tos ngawitan seueur pesenan...",ck Jacky pamitan ka dunungan nana.

Di dapur Jacky pada ngupahan ku babaturan nana pada nyambat supaya daek cicing jng babaturan nana ku Jacky di tolak secara halus.

"Jack...pak Al nitah ka ruangan nana lamun gs beres gawe", ck gunawan babaturan jacky

" muhun mangga...",ck jacky.

Beres gawe Jacky nyampeurkn deui ka rohangan dunungan nana,nyampak dunungan nana kr ngadagoan maneh na,

"Jack ieu ti bapa kangge Jacky ngiring bela sungkawa...", ck dunungan nana Jacky.

" aahh padahal mah teu kedah kikieuan pak...",ck Jacky.

"Sakedik ti bapa....", cenah bari ngepelkn amplop.

" nuhun pak....",ck jacky tuluy pamitan balik.

Gancang na carita nepi ka imah ceu eha masih muka keneh warung na ngan gs eweuh nu meuli ngahaja we ngadagoan Jacky balik.

"Ceu eha...bu wulan...ieu abdi aya rezeky ti dunungan artos belasungkawa ti anjeuna,mangga rawatan we ku euceu srng ku bu wulan,abdi nitipkn hirup abdi numpang di dieu....abdi tos teu gaduh rencang pakumaha ceu...bu...", ck Jacky bari mikeun amplop ka ceu eha.

" aahh atuh sujang teu kudu di penta eceu baris ngurus ujang....eceu jng bu wulan kahutangan ku ujang,asa gs ka anak sorangan ka ujang teh...",ck ceu eha.

"Nuhun ceu...", ck jacky bari ngaleos muru kamar di tukang di pernahkn ku ceu eha.

Ceu eha jng wulan silih pelong amplop di buka ku ceu eha gorehel duit saratus rebuan,amplop na di ulak ilik ku wulan aya ngaranan jng tulisan,

" turut berduka cita dari pk Aldo....",

Wulan ngahuleng "hhhmmmm Aldo"....pikiran nana ngabelesat ka duapuluh opat taun kaliwat....aldo...lalaki anu pernah aya dina hate na anu mere anak nepi ka 2 na, "rea ngaran aldo teh....lain aldo eta wae aldo anu bapa na anak2 na dimana ayeuna?" pikir wulan kumalayang masa lalu anu poek...masa lalu anu nyieun maneh na sangsara kadungsang dungsang kaduhung masa muda dipake teu baleg coba mun teu ngalajur nafsu moal kieu jadi na kitu ck wulan dina hate na.

-------------------------------**********--------------------------

Sapaninggal Jacky Aldo neuteup ka luar nitenan budak ngora anu kakara kaluar ti rohangan nana,asa ningali maneh na kr ngora jaman baheula dedegan jacky jiga maneh na pisan sorotan mata na jiga awewe anu pernah ngulinkn perasaan nana 24 taun katukang,

"Mmmmmhhhhhh wulan....di mana anjeun?", ck aldo.

 tapi Jacky mah pahatulalis gs teu boga indung bapa budak jalan an anu di jait ku maneh na sapuluh taun katukang,aldo pernah di tulungan ku jacky  basa maneh da di rampog peuting2 ti harita Jacky ngilu di gawe di resto maneh na nepi ka ayeuna.

Keur anteng ngalamun hape di sada geuwat di angkat.

" ya halo...oohh mutia...kumaha aya anu kedah di bantos? Muhun2...kangge ulang tahun neng Alisha? Siyap2 tamu na aya 100 jalmi...mangga siyap kangge enjing nya? Mangga2....muhun....waalaikum sallam...",ck Aldo bari nutup tlp na.

Isuk anu boga saham 70% di resto na menta di siapkn tempat jang ulang taun anak na anu gadis,mutia anu ngamodalan Aldo muka resto tadi na kerja sama jng chef ti prancis kulantaran kabeh rahasia jng cara masak na gs di turunkn ka Jacky si orang prancis mulang deui ka negara na ayeuna anu tanggung jawab di dapur di cekel ku Jacky.

Isuk na pk Aldo mere instruksi ka Jacky jng karyawan anu sejen na yen anak anu boga saham di resto dk ngadon ulang taun atuh rada sibuk ti berang keneh Jacky jng anu lian na nyiapkn kadaharan pesenan bos na.ngahaja rada special komo tamu anu daratang ti kalangan atas hungkul.

Peuting na acara ulang taun teh tamu2 undangan gs daratang kadaharan gs ngabarak dina meja2 parasmanan,jacky pak pik pek masak di bantuan ky chef2 sejen na sangges acara ulang taun di mulai jacky mah ngalempreh dina kasur paragi karyawan istirahat di tukangen dapur resto,kakarage ganti baju tuluy ngagoler Arman babaturan nana gegeder kana panto mess,

"Jack...jacky kadieu gera....gewat....!!!", ck arman,jacky ngorejat reuwas sieun aya kajadian anu ngabahayakeun.

" aya naon man?",ck Jacky 

Arman teu ngomong ngan deregdeg Jacky leungeun na di gusur di bawa ka ruangan tempat pesta anak na boss tea,jacky ngagugu we nurut basa ku arman di bawa ka hareupeun meja anu paragi bolu ulang taun jng kadahareun nu sejen na,

Di sebrang meja nangtung awewe geulis make baju pink saheab siap2 dk niup lilin,gigireun nana awewe teungah tuwuh anu masih keneh geulis terus di belah kenca pak Aldo dunungan nana jng masih keneh rea jelema anu ngarogrog hayang ningali anu ulang taun niup lilin,

Jacky meh mundur salengkah maneh na olohok ningali awewe anu ngaganggu poe2 na anu ucang angge wae dina kongkolak mata na aya hareupeun nana,

"Alisha.....!", ck Jacky 

Ari anu ulang taun rengse niup lilin menang ucapan selamat ti tamu jng babaturan nana,basa Jacky dk ngaleos katingalieun ku Aldo,

" jack...jacky...kadieu jack...!!!",ck aldo gugupay,Jacky gugup nyamperkeun dunungan nana...ku Aldo Jacky di ajak manggihan Alisha jng mutiara.

"Tah....ieu chef anu ngagentos sir Anthony teh...kenalkn chef kebanggaan resto " jacky....!",ck Aldo reueus.

"Jacky.....!!!", ck Alisha 

Jacky beureum beungeut na inget ka kajadian basa maneh na jng jenat Nico nyopet kantong mutiara......

H A N C A

ngan saukur impenan kengeng andhyn

Bandung,26 mart 2019

#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)

Bagean ka 27

Kengeng αи∂нуи 

"Aeehh naha gs wawuh?", ck Aldo ka Alisha 

" atos om Jacky anu mendakan tas bunda waktos di copet di mall tea jabaning seuer surat2 penting,aya hape sagala mung artos na hungkul anu ical sadayana barang berharga masih kumplit dina tas na....",ck Alisha.

Jacky tungkul hate namah era nataku da maneh na jng Nico aku nyopet tas teh ngan duit na dipake nulungan batur teu di pake ku sorangan.

"Waahh Jacky hebat atuh...oh iya kan jacky oge anu nulungan om waktos di rampog kapungkur...", ck Aldo bari nangkeup taktak Jacky.

" aahh bapa mah saha anu hebat mung kaleresan hungkul harita mah pak...",ck Jacky kaera an.

Mutiara rut ret ningali Aldo jng Jacky puguhan babaturan ti baheula jadi apal jiga kumaha Aldo krngora na,

"Jacky....koo mirip kamu Al...waktu muda kamu kitu pisan...", ck mutiara ka Aldo.

Aldo rada reuwas gening lain maneh na hungkul anu ngarasa sarua jng Jacky dalah mutiara ge ngarasa lamun Jacky mirip maneh na,aaahhh boa2.....

Acara ulang tahun Alisha meriah pisan harita Aldo manggil band terkenal di kota Bandung.nepi ka tengah peuting acara nateh Jacky ngahadiran nepu ka rengse da ku Aldo di tahan teu menang balik,puguh atoh we da maneh na hayang padeudeukeut jng Alisha anu unggal waktu ngusian ruangan hate na,kakara saumur hirup Jacky nendeun hate ka awewe 

"geuning kieu rasa na mikacinta wanoja teh...asa gumbira tapi asa sedih sok inggis di tolak komo ieu asa jiga bumi jng langit...mmmmm alisha ningali anjeun bahagia ge cukup....kanyaah ieu ngan saukur dk di simpen dina hate kuring sieun di sangka teu nalipak maneh....", ck Jacky noroweco dina hate na bari melongkeun Alisha anu kersuka bungah.

"Bi Eha ninggal kang Jacky teu...?", ck Sha2 ka ceu eha anu krngaladangan lotek di warung na.

" eehhhh si Neng geulis....sareng saha geulis?",ck ceu Eha bari luak lieuk.

"Nyalira bi....dupi kang Jacky na kamana nya tadi Sha2 ka bumina teu aya?", ck Sha2 

" oohh Jacky ayeunamah kan sareng bibi di dieu? Aehh neng Sha2 teu acan nguping pangintn nya jang Nico ngantunkn...",ck ceu eha.

"Aduhh innalillahiwainalillahi rojiun....kutan....naha kang Jacky teu masihan wartos nya?", ck sha2.

" nya eta dugi ka ayeuna si sujang teh murung we neng...teu berag jiga bihara bihari,ke urang gentraan gera da damel na biasa we bagean sonten si sujang mah...",ck ceu eha bari mikeun lotek kanu meuli gs kitu mah ngaleos we ka tukang.

Sha2 diuk dina bangku bari luak lieuk nitenan warung lotek anu makin maju ayeunamah sagala aya deungeun sangu ge rempeg,minuman2 make kulkas jajanan pasar ge meh pinuh minuhan meja warung,kr anteng we ningalian Jacky gs ngajanteng gigireun Sha2,

"Aya naon neng mahasiswa...?", ck Jacky.

Sha2 ngarenjag rumasa kr ngalamun tadi teh,

" aaeehhh akang mni ngareuwaskn iihh...Sha2 akang ieu mah...sanes neng mahasiswa....",ck Sha2.

"Nya lah da resep keneh manggil neng mahasiswa akang mah...", ck Jacky.

" iiihhhh...kumaha akang wee",ck Sha2 api2 camerut.

"Ayaaa naon neng maha...?", ck Jacky

" kang...Bantosan Sha2 aya baksos kangge anak2 jalanan tapi berupa alat2 sekolah...ti Campus miwarang milari tempat kangge ngadamel sekolah trbuka supados 'Anjal' aya wadah kangge di didik,kitu kang aya teu?",ck Sha2.

"Mmmhhhh.....kitu sugan teh Neng maha milari akang teh sono ari pek teh akang di pilari teh ngan saukur aya peryogina hungkul nya....?", ck Jacky bari baed.

" iihhh akang mah...ari tos Sha2 ka saha deui atuh da bingung...nya atos atuh ari alim ngabantos mah...",ck Sha2 bari cengkat dk indit tapi ku Jacky di cekel pigeulang na pageuh.

"Teuh...teuh....sok pundungan kitu....nya eunya atuh neng maha mah milari akang teh ngan ukur aya peryogi na we...cik atuh ari salse teu nju kuliah ka dieu ngulampreng amengan atoh mrn akang teh aya rencang....", ck Jacky bari nitah Sha2 diuk di gigireun Jacky.

Sha2 beureum beungeut na jantung na ratug da kakara maneh na di perlakumeun kitu ku lawan jenis na,

" hapuntn kang....Sha2 srng keluarga nju mendak musibah kang....sareng hapuntn deuih rerencangan akang ngantunkn Sha2 teu terang,ngiring bela sungkawa nya kang...?!",ck Sha2 bari tungkul.

"Nya teu sawios neng....mmmhh akang ge ngiring belasungkawa ka keluarga neng maha,saha anu ngantunkn neng?", ck Jacky.

" mmmmmhhh...sanes ngantunkn kang...mung kecelakaan....sareng....mmmmmm aya karerepet anu abdi teu acan tiasa nyarios ka akang....hapuntn kang...",ck Sha2 langsung inget ka ka ayaan kulawarga na anu kerkacau balau inget ka indung na anu kr kagegeringan ku maul anak kukut na,Sha2 ge sarua ngilu melang ka maul anu kr di tahan ku polisi jaba bari tatu parna pada nyiksa,jaba bapa na kawiwirangan ku kulawarga Amanda anu teu jadi di kawin ku maul padahal persiapan gs beres kari prung,Sha2 teu bisa nahan deui beban na maneh na tungkul tuluy nyegruk ceurik nepi ka inghak2an.

Jacky reuwas Sha2 di tuntun ka tukang di bawa ka imah anu misah ti warung ceu eha kermah juljol anu meuli,ceu eha ngaleret ku juru panon na bari jng hate na tatanya aya naon Jacky jng Sha2.

"Neng.....hapuntn akang neng....hapuntn...bilih akang tos ngaraheutkn manah neng maha...", ck Jacky.

Sha2 gigideug cipanon masih murubut maseuhan pipi jng kurudung na,Jacky jadi bingung hayang ngusap cipanon dina pipi Sha2 ngan teu wani ajrih ningali Sha2 anu make jilbab mah pasti embung sagawayah lalaki anu nyentuh na,

" neng.....hampura akang atuh neng....tos tong nangis deudeuh teuing....cup..cup..cup...tos atuh...akang janten sedih....jaba kumaha supaya neng maha tong nangis deui...mmmmhhh bilih bade di peluk atuh nangis di dada akang?",ck Jacky bari muka leungeun na siga deuk nangkeup Sha2,

Sha2 mundur buru2 nyusutan cipanon na ku puhu leungeun,sieun Jacky nangkeup maneh na padahal mah Jacky ngan saukur ngaheureuyan supaya Sha2 eureun ceurik na.

"Neng maha...manawi percanten ka akang....akang siyap ngupingkn curahan hate neng maha...anggap we akang kaka yg trpisahkan...atanapi kaka ketemu gede...", ck Jacky berusaha ngabodor supaya Sha2 teu sedih deui,

Nyaan usaha Jacky teh aya hasil na Sha2 seuri leutik bari ngabalieur.

" neng maha...neng maha....Sha2 kitu kang....!",ck Sha2.

"Alim aahhh hoyong neng maha....atawa hoyong di sebat neng siswa? Aahh kan sanes murid SD piraku neng siswa mah...ari neng mahasiswa panjang teuing...naon atuh nya singkatan nana.mmmhhh neng ....mawa...mahasiswa....hahahha", ck Jacky.

" dukaaaa aahh kumaha akang lah...",ck Sha2 bari nyumputkn beungeut nahan seuri.

"Asiiiikkkk neng mawa tos tiasa seuri deuii...tuuhhh kan katinggal ayeunamah geulis na....tadi mah asli ical geulis na teh nju nangis mah...", ck Jacky ngahibur Sha2.

Sha2 replek nyiwit cangkeng Jacky atuh Jacky gugurubugan bari aduh2 an Sha2 beuki gereget we jiga nateh.

" akang....serius iihhh...tadi tea...kumaha?",ck Sha2.

"Naon atuh sayang....", ck Jacky 

Sha2 reuwas tapi katingali beungeut Jacky kr heureuy keneh.

" akkaanngg iihhhh....!",ck Sha2 siap2 dk nyiwit deui cangkeng Jacky tapi ku Jacky di tangkis.

"Ampun2...getek neng akang mah getekan ulah di kelektek engke sok sesah eumam gera...", ck Jacky.

" nya kumaha atuh kangge tempat tea aya teu?",ck Sha2 bari ngalieus beureum beungeut na jantung na ngadadak ratug ningali Jacky teh.

" hayuuu ku akang di tunjukeun.....!",ck jacky bari nuntun Sha2 kaluar ti warung ceu eha,

Ceu eha ngan nyidikeun kanu dua an bari gogodeg ningali pamolah dua remaja anu kermeujeuh na mekar.

Jacky nangtung hareupeun imah na anu kosong sagigireun na nangtung Sha2,

"Ieu neng tempat na neng mangga anggo....akang tos alim nempatan deui seueur pisan kenangan di dieu sareng almarhum....mangfaatkn neng,akang ngadukung program ti sakola eneng....", ck jacky panon na ngelemeng ku cimata.

" serius kang....",ck Sha2.

"Kangen neng...", ck Jacky.

" iiihhh naon maksad na?!",ck Sha2 bingung.

"Nya kan neng mah serius,akang mah kangen we,da serius mah bubar vokalis nage kang candil jadi solo,mening kangen we resep ka vokalis na lah ganteng kalem....", ck Jacky mimiti heureuy deui.

" iyeeyy akang maahh....",ck Sha2 siap2 dk nyiwit deui cangkeng Jacky,

Jacky buru2 lumpat ngajauhan bari seuseurian,

"Neng mawa eta panangan teh aya keuyeupan karesep na teh nyapitan we...", ck Jacky.

Sha2 seusuerian dunia asa pinuh ku warna asa endah,dunia teh nya'angan jacky gs ninggalkeun polesan endah dina hate Sha2 aya gurat2 cinta di lukiskeun ku Jacky dina hate Sha2 anu polos ngabentuk rupa2 rasa,karasa aya geter2 cinta ajol2an minuhan dada Sha2,

"kang Jacky.....Sha2 cinta.....".

Peuting anu jempling,Sha2 teu bisa peureum kabayang wae beungeut Jacky seuri na,ocon na dilak na kabeh kagambar ku Sha2 karekam tanpa di parentah kumaneh na,hideng mata jng pikiran nana ngarekam gerak gerik Jacky,

" adduuuhhhh naon sih ieu teh....kunaon inget wae ka si kang Jacky....ieu kitu anu ngaran na cinta? Aaahhh tapi sieun ketang kang Jacky teu mikir2 kalahka kuring we ambon sorangan,tapi....kamari kang Jacky nyebut sayang....aaahhhhhh.....kang Jacky.....naha nembe ge tadi siang tepang ayeuna tos sono deui....kang Jacky....",ck Sha2 bari peureum ti pepereket.

Balik gawe Jacky nangkarak dina kasur asa euweuh pi tunduheun padahal awak na cape ngan gulinggasahan. we kesang na renung dina tarang na,Jacky ngorejat hudang ningali jam dina hape na,

"Alaaahh gs jam 2 subuh gening...aduhhh kunaon ieu teh hese peureum....sakalina peureum bayangan maneh na atra pisan,duhhhh jadi hayang panggih deui ieu teh....kumaha cara na nya sangkan bisa panggih deui,mmmmm nyieun alesan naon nya....aduuhhhh.....Alisha....Jacky sono.......Alisha....Alisha....Alisha.....aaaaaggggggghhhhhhhhhh.....Alisha Jacky cintaaaa ka Alishaaaaa.....".

H A N C A

ngan saukur impenan kengeng andhyn

Bandung,27 mart 2019

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng sunda GIRIMIS KASORENAKEUNkengeng Andhyn

JERITAN TANPA SORA bag 6 sd 19

dongeng sunda HAREWOS TENGAH PEUTING (HTP)