Dongeng sunda NGAN SAUKUR IMPENAN Bag 13 kengeng Andhyn
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.13
Kengeng αи∂нуи
Di RS ibu dan anak hermina Wulan di ofname na ck dr kudu buru2 di oprasi caesar kulantaran ketuban na gs peupeus ti heula.ku berkah sagalana di urus ti mimiti izin oprasi nepi ka biaya na di tangkes ku berkah.
Jam 11 beurang wulan di bawa ka ruang tindakan OK,teu lila dr mawa orok lalaki kasep di bawa ka Berkah tuluy nitah di adzan an kabeneran Biyan ngilu nganteurkn wulan atuh orok beureum teh di adzanan jng di komat an ku Biyan,gs beres Berkah masih nanangkeu orok bari haben we di ciuman,cimata Berkah murubut maseuhan pipi na ningali nasib orok jng indung na gubrag ka dunya dina ka ayaan tunggara,ari maneh na anu hirup na serba cukup bahkan leuwih kalahka di parengkn moal bisa boga budak,tangtu Alloh gaduh rencana kanggo umat na.
Wulan gs sadar tapi masih di infus sirah na masih dung deung jangar ret ka kenca ret ka katuhu tikoro na hana'ang,kr kitu torojol berkah bari mangku orok lalaki kasep di tuturkn ku Biyan,
"Wilujeng nya ulan...debay na sehat,kasep....", ck berkah bari ngasongkon orok ka wulan ku wulan di tampanan bari di ciuman,
" nuhun nya okah....nuhun biyan...upami teu aya anjeun dua an kumaha nasib abdi srng orok abdi...",ck wulan bari ngeclakeun cimata murubut maseuhan pipi na jng pipi orok.
"Ssstttt...teu kengeng nyarios kitu,sadayana rencana Alloh angguran urang ngado'a nyungkeun pitulung ka mantena....", ck berkah bari nyusutan cimata wulan,
" tapi abdi jalmi durjana okah...abdi jalmi anu lamokot ku dosa...seueur teuing kajahatan anu di pilampah ku abdi...",ck wulan bari nangkeup orok na kaduhung minuhan dada na cimata teu eureun murubut maseuhan pipi na.
"Ulaaaannn....asal ulan tobat...taubatan nasyuha insha Alloh dosa2 ulan di ampuni...singpercanten ka Alloh ", ck berkah.
" tapi ulan tos ngancurkeun rumah tangga mutia srng Aryo...ulan tos ka usap syaetan,ulan tos ngalakukeun hubungan trlarang srng Aryo tapi ieu sanes darah daging Aryo....sanes okah?",ck wulan masih tetep ceurik.
"Muhun...ke urang jelaskn ka mutia,janten ieu leres orok na Odie...?", ck Berkah
" sa...sanes...ieu putra na....mmhhh...",ck wulan asa2,
"Tos...tos...teu kedah buka aib nyalira nu atos atos ayeuna ulan tos jantn wulan anu hijrah....ulan anu lebih baik deui,soal mutia ke sugan okah anu nyarios ka mutia...", ck berkah deui,kerkitu orok ceurik gogoakan jiga namah haus hayang nyusu,wulan ngalieuk ka Biyan anu tatadi cicing di tukangeun berkah jiga na wulan risi dk nyusuan orok na da aya Biyan.
" mmmhhh puntn kang Biyan....wulan bade masihan hla susu...puntn...",ck wulan bari tungkul semu era.
"Oohhh...eeehhh...muhun2 mangga,di kantun hla atuh...mmmhhh kah....akang di luar nya ngantosan nana", ck Biyan gugup,okah ngan seuri bari unggeuk ka salakina.gs kitu mah orok di susuan ku wulan berkah merhatikeun orok jng wulan aya anu nyereset kana hate na...nyeri ningali pemandangan wulan jng orok na da maneh namah moal ngalaman jiga kitu,berkah ngarenghap narik nafas panjang....
" yaa Alloh...ya malikul kudus..ya Sallam....Ya Rohman...Ya Rohim....anjeun sasae2 na anu gaduh rencana,anjeun anu maha welas tur nu maha asih moal aya kajadian anu saalit alit na tanpa izin ti anjeun...",ck berkah dina hate na,teu karasa aya cipanon anu ngeclak kana pipi na buru2 di hapus ku berkah sieun wulan nyahoeun kana eusi hate na.
Ngan3 poe di RS ibu dan anak wulan gs bisa balik harita di jemput ku Biyan,untung wulan gs jagjag deui orok di papangku ku berkah di nangna nengne bahkan di urus sagala na ku Berkah,wulan nga maklum da berkah moal bisa boga anak kulantaran rahim da gs di angkat ku dr.
Poe ka 7 berkah jng biyan ngayakeun syukuran marhabaan anak wulan mencit domba sagala 2 orok teh di ngaranan Maulana thorik ku berkah,da wulan masrahkn masalah ngaran ka berkah.biyan ngondang budak yatim jng tatangga na anu duafa pas deuk ngondang kolot na wulan ku wulan di carek heula wulan hayang nenangkeun diri heula hayang tobat heula hayang jadi wulan anu anyar heula kakara maneh na dk menta di hampura ka indung bapa na.
Atuh der we acara pangaosan teh di ayakeun barudak santri minuhan imah berkah jng biyan kaciri paroman bear marahmay dina pameunteu berkah,orok teh jiga anu apal kanu nyaaheun ka maneh na leuwih anteung lamun di cekel ku Berkah batan ku wulan,ka wulan mah lamun lapar hungkul lamun gs wareg ku wulan sok di bikeun deui ka Berkah.
Sangges acara syukuran marhabaan Berkah niat nyampeurkn mutiara ka imah na di jl laswi dk ngajelaskeun ka mutia lamun Maulana lain anak Aryo,ku Biyan di rojong pa sosore berkah di anter pikeun manggihan mutia sangges janjnjian dina WA berkah muru imah Mutia.
Tepi imah mutia...kasampak mutia gs nungguan kadatangan Berkah,beungeut mutia tegang hate na nebak2 naon anu dk di ibarkeun ku berkah,
"Kumaha okah kabar si ulan? Budak na siga kang Aryo teu?", ck mutia bangun teu sabaran.
" hhhhmmmm....kela aku ngarenghap heula atuh muti...Alhamdulillah wulan salamet lungsur langsar inshaAlloh wulan jujur ka okah lamun Maulana sanes putra na Aryo...cobi tinggal ieu foto na...",ck berkah bari ngaluarkeun hape tuluy muka galeri fhoto nembongkeun fhoto bayi maulana.
Mutia meni olohok ningali fhoto budak anu kasep hate na muji eta orok teh memang teu mirip aryo teu mirip odie tapi jiga....
"Terus anak saha atuh...ari lain anak Aryo lain anak Odie mah...tapi naha jiga si....aahh piraku ketang", ck mutia ayeunamah beungeut na teu galak deui tapi mimiti leuleuy deui ngomong ka okah oge.
" ayeunamah ulah waka nguruskeun saha2 bapa na budak anu paling penting rumah tangga mutia jng Aryo ulah nepi ka peunggas,sing lebar inshaAlloh kang Aryo bakal balik deui nyaah ka mutia...kajadian ieu urang jadikeun pelajaran berharga jang urang khusus na jang mutia kitu deui aku...",ck berkah bari ngaranggem ramo2 mutia,mutia imut terus nangkeup sobat na.
Jung Mutia nangtung tuluy muru ka kamar na rada lila di kamar na barang kaluar mutia mawa amplop coklat rada kandel gek diuk hareupeun berkah tuluy ngasongkeun amplop ka berkah bari pok na,
"Ieu bikeun ka wulan ulah bebeja ti aku nya ngan omat ulan ulah cicing di imah kamu bisi di jadikeun fitnah ku batur jng muka deui dosa jng si ulan bisi jng bisi kan urang teu apal gangguan syaetan mah", ck mutia bari ngaleret ka Biyan anu tatadi cicing rada jauh ti berkah jng mutia.berkah ngarenghap rada panjang aya bener na oge omongan mutia tapi...apa maneh na bisa pajauh jng maulana anu gs mengkeut hate na ngajadikeun berkah asa hirup deui asa boga sumanget anyar,apa berkah bisa mopohokeun teuteup maulana kamaneh na apa berkah bisa....?
Berkah balik ti imah mutia dina mobil berkah teu rea ngomong jadi cicingeun maneh na mikiran omongan mutia anu tadi anu nitah wulan ngajauh ti kahirupan berkah jng biyan da wulan gs di cap tukang ngarucah jng salaki batur,biyan sebeberaha kali ngaleret ka berkah tapi berkah angger neuteup ka hareup bari pikiran namah ngalayang kamana karep.
Tepi imah berkah langsung asup ka kamar maulana,budak teh keur peureum nafas na haneut kana curuk berkah anu di antelkn kana biwir orok,berkah imut dada maul di usapan tuluy pipi na di cium leuleub pisan kakara ge sakedeng kaluar imah berkah gs ngarasa sono ka budak.
"Ma-ul kanyaah embu....embu sayaaannngggg ka Ma-ul...ulah ninggalkn embu nya kasep", ck berkah.
Ker anteng neuteup budak jol wulan bari mawa tumpukan baju2 maulana anu meunang nyetrika,wulan imut ningali Berkah anu kr nitenan anak na,
" okah tos timana gening mung sakedap?",ck wulan bari mereskeun baju orok kana lomari leutik.
"Tos aya peryogi...mmmhhhh wulan ieu aya artos panyecep ti mutia kanggo ulan...mutia nyungkeun di hapuntn cenah parantos nyiksa ulan....", ck berkah ngabohong saeutik ka wulan supaya wulan ngarasa ngeunah teu ngunek2 ka mutia sobat na.
" aaahhh teu kedah justru ulan anu nyungkeun di hapuntn,ulan teu peryogi artos kah...ulan peryogi sobat anu kapungkur tempat urang babarengan silih tulungan,uihkn deui ku okah nya?",ck wulan bari nyurungkeun duit anu di asongkeun ku berkah.
Berkah ngahuleng gening bener ayeunamah Wulan gs robah jdi awewe anu beda jauh jng wulan kamari2,berkah imut beuki yakin lamun wulan gs hijrah.
"Tapi ieu nyaan tanda kanyaah mutia ka wulan,lamun wulan teu nampi saur mutia...moal ngahapuntn ka ulan,jntn kedah di tampi nya,ka nyaah ti mutia kangge maul,tampi nya..?", ck berkah bari ngasupkeun amplop kana saku baju wulan atuh wulan teu bisa kumaha tungtung na wulan narima duit pamere ti mutia.
Unggal peuting berkah ngayun2 maulana di carek ge ku wulan keukeuh we berkah teh,kacida nyaah pisan ka maul unggal detik unggal menit budak teh di papangku,mandi,di bajuan,di salinan ganti pempers kabeh ku berkah ngan nyusu hungkul meureun ku wulan mah,biyan nepi ka gogodeg ningali berkah anu jiga menang cocooan anyar.
Samemeh sare berkah ngalaksanakeun heula sholat hajat di tuluykeun ku sholat istihoroh,beres sholat goledag awak na ngagoledag gigireun salakina panon na neuteup ka lalangit kamar teu poho babacaan,biyan malik ka berkah leungeun na nangkeup kana cangkeng berkah bari ngaharewos kana ceuli berkah,
" mmmhhh tdi netepan istiharoh hoyong naon hayoooo...?!!",ck biyan
"Adaaaa aajjaahhh...!", ck berkah imut tuluy peureum sangges nyium leungeun salakina.biyan ngan ukur imut bari neuteup pamajikan nana anu mimiti sare tibra.
Isuk na isuk2 pisan sangges sholat subuh berjamaah jng Biyan di mushola berkah diuk nyinghareupan meja makan di gigireun Biyan anu kr nguyup kopi panas jng goreng sampeu torojol wulan bari ngasongkeun maulana ka berkah,gap di tampanan bari di galentoran,
" ulan...calik heula sakedap aya picarioseun..",ck beekah ka wulan,gek wulan diuk hareupeun berkah,biyan anteng we ngopi goreng sampeu.
"Aya naon kah mni asa reuwas?!", ck wulan deg degan sok sieun di usir we ku berkah pedah kamari gs panggih jng mutia,"boa2 mutia mangaruhan berkah...",pikir wulan.
" kieu lan...ieu mah bilih...bilih janten fitnah anu sanes...kulantaran di bumi ieu aya pameget anu sanes mahrom ulan nyaeta kang Biya...kumaha upami....ulan....mmmhhh....di tikah ku kang biyan?!",ck berkah bari rut ret ka wulan jng Biyan.
Wulan jng Biyan silih reret ngahuleng miraga meneng......
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
Bandung,3 feb2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.14
Kengeng αи∂нуи
Wulan gigideg kitu deui Biyan maneh na teu ngarti cara mikir na berkah anu nitah Wulan jng Biyan ngahiji,
"Aku teu ngarti naon maksud na okah? Lamun okah bd miwarang kuring indit ti ieu imah kuring siap!", ck wulan.
" nyaan nanaonan ari okah sok ka mana wae nyarios teh pamali....",ck Biyan bari neuteup pamajikan nana.
"Sanes ngaco atanapi aya maksad ngusir wulan,teu pisan2 justru kuring sieun pisan anjeun wulan ninggalkeun ieu imah komo misahkeun kuring jng Maul anu gs di anggap anak sorangan ku kuring,ieu kabeh menang mikir kuring menang sholat istiharoh kuring panceg lamun anjeun kudu kawin ka salaki kuring biyan...", ck okah bari nyiuman maul.
" lamun okah hayang boga anak angkat ku akang di pangneangan keun lain kieu cara na..!",ck Biyan bari baed.
"Kuring ge teu satuju...kuring kakara hijrah,berobah hayang jadi pribadi anu leuwih alus naha bet di tawaran jadi anu ngora,kamubkr nguji aku nya okah? Aku nolak....embung...teu panuju kana rencana kamu?", ck wulan.
" ke heula atuh...ulah waka "nga gass" kieu kuping hla alesan nana kuring nitah biyan ngawin kamu ulan...",ck berkah.
"Nya deuk naon wae alesan nana kuring teu panuju!", ck biyan bari ngalieus miceun beungeut.
" eehh akang mah kupingkn heula...kieu kang...ulan...kuring rumasa gs teu sampurna moal bisa mere katurunan ka kang Biyan tah kabeneran ayeuna aya ulan anu kakara hijrah butuh imam anu bener2 nuntun ulan ku elmu2 agama lamun ulan kawin kanu sejen belum tentu bakal menang bimbingan jiga akang ngabingbing abdi kang....komo lamun ulan balik deui ka odie...aaahhh jajauheun lan jba odie gs di hianatan ku ulan malah ka moal tengtrem rumah tangga na engke,pang2 na ulan subur sugan we kang biyan tiasa gaduh turunan atuh....",ck berkah
"Aahh teu asup di akal...!!!", ck biyan bari nangtung tuluy cengkat indit muru ka kamar na,wulan tungkul asa aya rasa era Biyan jelas2 nolak maneh na anu di sodorkn ku pamajikan nana.
Berkah ngan imut ningali respon salakina kitu teh bari hate namah galecok, " bener nya kang Biyan mah satia satuhu ka kuring matak karunya lamun teu boga turunan teh lebar ku sholeh na piraku jalma sholeh model kang biyan moal aya anu nuluykn ka sholehan nana....",ck brkah dina jero hate na.
Ti harita Wulan jadi cicingeun pang rasa na Berkah dk ngusir maneh na secara halus ngan meureun teu wasa da wulan apal budi pekerti berkah luhur moal daek nganyenyeri jelema komo ieu sobat sorangan,
"mmmhhhh jiga na kuring na mrn teu ngarti kana kahayang berkah maksud namah meureun ngusir secara halus....nya ari kitu mah keun bae kuring we anu ngelehan indit ti ieu imah dk neangan kontrakan we anu murah,da jng eunya na bisi jadi fitnah ka salaki na okah...", ck wulan maneh na mimiti ngatur rencana pikeun ngejat ti imah berkah.
Maul gs dimandian ku berkah make talk,make minyak seungit terus di bawa ka luar di bawa moyan teu lila Maul sare bakat ku genah meureun gs mandi ku berkah di bawa ka kamar Maul samemeh di sarekeun di ciuman heula pipi na bangun anu geureuget.budak teh angger we ngagoplek sare Berkah imut sangges nyimbutan Maul maneh na muru wulan anu keur di dapur mereskeun wadah anu menang ngumbahan,
" ulan....okah bade ka kantor heula sakedap nya ieu bu Nency nlpan wae miwarang damel deui,ari di tolak na via tlp mah kan teu raos mening pa amprok jonghok sareng jinis na supados raoseun ka anjeuna...",ck berkah bari nginum.
"Muhun mangga,naha make di tolak ai okah lebar iihh nu sanes mah hoyong di damel teh ari okah mah kalahka alim...", ck wulan.
" iiiihhhh lamun aku kerja kumaha si kecil maul,moal konsen aku kerja na pasti inget wae ka si raja....",ck okah bari imut.wulan tungkul asa karunya ka okah anu gs mikacinta ka anak na.
"Mmmhhh deudeuh teuing okah...", ck wulan.
" aku berangkat heula nya lan....kade si Raja nju obo wartoskeun embu angkat na sakedap kitu...",ck berkah jiga ka budak geude we ka maul teh nyebut na oge si Raja bakat ku nyaah.
Wulan unggeuk bari teu kuat nahan cimata anu meuntas kana pipi na.
_________________***************_________________
Berkah gura giru balik ti kantor na bu Nency maneh na gs nolak tawaran gawe di kantor jiga baheula kulantaran berkah hayang fokus ngarawat Maul alesan nana berkah hayang cicing di imah ngurus imah jng salaki na,atuh bu Nency teu bisa kumaha
Da eta mah hak na Berkah.
Gurunggusuh Berkah lulumpatan tina mobil ka imah na buru2 muru ka kamar Maul mni asa gs aya dina hareupeun panon we budak teh da kermeujeuh na cooeun gs bisa hua-hao unggal subuh ku berkah sok di oconan di ajak ngobrol,
Tapi barang asup ka kamar Maul di kamar teh kosong maul euweuh dina ranjang leutik na tuluy berkah asup ka kamar wulan sarua lebeng wulan ge euweuh Berkah gegeroan ka wulan unggal ruangan di teangan lebeng Wulan jng Maul teu aya,
Berkah mimiti panik buru2 maneh na nlp salaki na nitah balik ka imah atuh Biyan teh reuwas geuwat balik ti pagawean nana,nyampak Berkah kercerik we bari nanagkeup simbut leutik jng baju Maul ku Biyan di dekeutan terus di usapan tonggong na,
"Aya naaoonnn kah?", ck Biyan asa2.
" Maul....kang....maul jng wulan teu aya di bumi jiga na wulan indit ti imah urang kang....akang....okah hoyong ka maul kang....okah hoyong ka maul.....ulaaaaannnnn....tega anjeun misahkeun kuring jng maul....ulaannnnnn.....okah nyaah ka maullll.....",ck berkah bari ceurik jiga budak leutik anu kaleungitan cocooan nana,baju Maul di tangkeup bari di ciuman,Biyan ngan bisa ngahuleng teu nyaho kudu kumaha sidik maul lain sasahana ngan ngilu mikanyaah hungkul.
"Mmmmhhhh jiga na wulan indit gara2 di titah kawin ka kuring meureun...", ck Biyan dina jero hate na.
" ari wulan wawartos heula teu bade angkat kamana2 na?",ck Biyan.
"Teu kang....ulan angkat kitu wae...acuk maul ge di candakan sadayana anu nyesa ngan ieu hungkul...maaauuulllll.....ulah ninggalkn embu....',ck berkah bari angger ceurik.
Biyan cengkat sugan jng sugan wulan ninggalan surat ato naon we anu bisa di jadikeun pituduh pikeun maneh na,sup ka kamar wulan luak lieuk kana lomari wulan anu gs kosong tuluy diuk dina tempat sare paragi wulan panasaran muka keun bantal nyaan we aya kertas gancang di cokot tuluy di baca ku biyan,
" Berkah....hapuntn wulan angkat teu wawartos ka berkah ieu sadaya kangge kasaean urang sadayana,hapuntn wulan tos ngatepotkeun berkah srng kang Biyan tapi wulan alim ari kedah ngareksak rumah tanggi Berkah mah,wulan tos hijrah,wulan ieu sanes wulan anu kapungkur deui,kapok srng kaduhung kantos janten jalmi anu jahat anu tega ngareksak rumah tanggi sobat nyalira,wulan bade tafakur nobatan dosa2 anu salaput sirah kah...hatur nuhun parantos mika nyaah maul srng ulan...hapuntn samudaya kalepatan,mugia Alloh males kasaean berkah ka ulan srng ka maul...pileleuyan okah....",
Biyan gewat nyamperkn berkah anu masih ceurik song kertas di asongkeun tuluy di baca ku berkah atuh goak berkah kalahka nambahan tarik ceurik na ku Biyan di tangkeup bari si usapan sirah berkah,
Berkah teu nyaho kudu kamana neangan wulan bari nangkeup salaki na berkah ceurik mahekeun kasedih dina jero dada....
"Ya Alloh pendakeun abdi sareng Maul....paparin kasadaran kangge wulan ya Alloh supados abdi pendak heula srng maul....maullll.....ieu embu raja...embu alim tebih ti maullll.....", ck wulan bari sisimeukeun.
-------------**********--------------**************---------------
Mutiara masang beungeut judes ka Aryo harita Aryo ngajak mediasi ka mutia anu keukeuh ngajak papisah,padahal harita mutia gs apal lamun anak anu di kandung wulan lain anak aryo ngan mutia ngarasa kuciwa ka Aryo anu gs daek ngalayanan wulan sapatemon di imah na,
" muti...akang nyungkeun di hapuntn...upami mutia kersa uih deui ka akang,akang janji akang dk ngutamakeun mutia,perusahaan anu di jakarta dek di leupaskeun supaya urang tiasa babarengan terus...nya geulis...sing percanten ka akang!!",ck Aryo bari ngaranggeum ramo2 mutia,tapi ku mutia di kepeskeun mutia ngageser diuk na ngajauhan ti Aryo.
"Moal ngaletak ciduh kuring mah gilig menta pisah...gs teu sudi deui ka lalaki anu gs ngahianat ka pamajikan nana,cuuiihhh!!!", ck mutia bari jebi.
" muti sakali deui bere kasempatan muti...Alloh wae maha pengampun piraku muti umat na teu mere ampunan ka salaki...",ck Aryo ngalengis.
Mutia motot biwir na manyun,ker Aryo mah lalampahan muti kitu teh kalah ka ngabangkitkn jiwa lalaki na keur mah masih bogoh ka muti teh tambah gs lila pisah ranjang atuh beuki ngaguruh we nafsu dina dada.
Aryo neuteup muti anu sinis wae kamaneh na asa beuki jangar kana sirah Aryo da masih keneh hak na kajeun mutia kr ngagugat cerai oge Aryo gs teu bisa nahan deui ngan gerewek we muti di pangku di bawa ka kamar na atuh mutia reuwas maneh na teuteurejel babadug tapi ku Aryo di antep leungeun na papukeut neunggeulan tonggong jng dada Aryo tapi makin ngahudang kn jiwa lalaki Aryo.
Jetrek panto kamar di konci ku Aryo koncina di sakuan Aryo mukaan baju na bari neuteup ka mutia anu murungkut dina tempat sare,
"Deuk naon?? Kang Aryo....dk naon?", ck mutia Aryo teu nembalan kalahka langsung ngagabrug ka muti nyiuman daerah2 anu matak mutia murinding leungeun Aryo teu cicing susur sasar kana awak mutia.lila lila mutia cicing ngadedempes ngarasakeun pangajak Aryo ngambah sagara kanikmatan asa jadi panganten anyar deui harita teh mutia asa era ku Aryo anu neuteup imut pinuh ku rasa cinta,
" sayang....deui yuuu....?",ck Aryo bari ngaharewos kana ceuli mutia,mutia api2 peureum padahal mah hate na bungah asa kakara harita mutia manggih kapuasan ti salaki na salila ieu mah asa hambar ku kasibukan pagawean,
"Kang......?!", ck muti
" naon sayang....",ck Aryo.
"Isin kunu maos itu arolohok geura....pasti kabitaeun da...sami we srng dalang na....tutupan aahhh....!!!",
Hahhahahaha.....
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,4 feb 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.15
Kengeng αи∂нуи
Wulan megat taxi gewat maneh na nitah si supir na ngalajukn mobil ka palebah terminal beus,maul sare ngagoplek dina aisan Wulan ku wulan di usapan sirah na maul pinuh ku ka deudeuh.
Teu kacatur di jalan na wulan nepi oge ka terminal beus sangges meunang beus jurusan Jakarta wulan gancang naek di bantuan ku kondektur beus anu pang mawakeun babawaan wulan,gek diuk dina jok beus kabeneran bagean di hareup deket supir sangges setengah jam ngetem beus jurusan ka jakarta maju ninggalkeun kota Bandung.
Beus ereun di lebak bulus wulan megat taxi menta di anteurkeun ka cireundeu sajajalan Maul ceurik jiganamah awak na panas jng cangkeul kalilaan di jalan budak umur 4bulan dina aisan wulan anu biasa na cicing di kota Bandung anu sejuk ayeuna di bawa ka daerah anu panas jiga Jakarta.
Sangges tepi ka Cireundeu wulan turun tina Taxi di hareupeun kost2an anu padat penduduk na popoean rempeg meh teu katingali jalan motor cing suliwer barudak cing beretek silih udag jng babaturan nana,eureun di hiji imah kost-an wulan ngecagkn kantong baju tuluy keketrok kana panto rada lila euwueh anu nembalan,tina panto sabeulah kaluar awewe pantaran maneh na meureun bari ngelepus udud nanya ka Wulan,
"Mau ketemu siapa mpok?", ck eta awewe bari nengeutkeun ka wulan.
" mau ketemu pok jamilah mba",ck wulan bari manggut jaba maul beuki tarik ceurik na bakat ku hareudag.
Si awewe kalah ka ngaluarkeun hape tiba sakuna tuluy kadenge sora na anu cempreng teh ngomong tarik,
"Mpok mileh...ada tamu ke rumah empok kaga tau siape sodaranya kali...", ck eta awewe bari VC jng jamilah tuluy ngasongkeun hape ka wulan katempo jamilah dulur na keur di gawe di lapangan golp jadi cedi.wulan kacida atoh na buru2 ngomong ka jamilah.
" eteh....ieu ulan tos payuneun kostan eteh milah",ck wulan bari dadah2 ka jamilah.
"Eeuuhh eteh kr di gawe ulan,coba ngilu heula ka si mia sakedeng ke eteh buru2 balik sok istirahat heula,mia...mia...empo minta tolong suruh ke rumah elo dlu si ulan nye...!", ck jamilah ka mia tatangga kost an nana.
Mia nutup tlp bari miceun kuntung rokok ka luar maneh na mere isarat ka wulan nitah asup ka kost an nana.wulan nuturkeun mia asup ka kostan anu ngan sakamar maul anu ngadat buru2 di golerkeun dina karpet anu di tilaman ku pangais budak teh rada repeh.mia merhatikeun wulan jng Maul song mere aqua gelas ka wulan di tampanan bari nganuhun kn.
" anak nya berapa bulan itu mbak?",ck mia ka wulan.
"Baru 4bulan mbak", ck wulan bari mukaan baju maul supaya teu panas teuing,bray di buka an dina dada maul sabeulah katuhu aya tanda hideung gede,mia ngadeketan tuluy nyabak kana tanda Maul bari pok nanya,
" mpok ini tanda lahir ya,koo gede banget yaa?",vk Mia bari ngusapan dada maul.
"Iyah mba...", ck wulan bari ngelap maul ku tisue basah,
" mbak maaf ya saya jdi ngerepotin mbak",ck wulan.
"Aaahhh kaga koo timang duduk2 doang,klo Empo mau sono baringan di kamar bawa si bayi nya kali az dia mau tiduran...", ck mia bari nyekelan leungeun maul,maul sura seuri bari nyekel curuk mia.
" gak usah mbak ini juga makasih banyak yaa mpoo udh mau nampung saya sama anak saya",ck wulan.
Teu lila reg aya motor eureun jamilah turun rurusuhan nyamperkeun wulan anu aya di kostan mia,
"Lan...kumaha cageur?", ck jamilah bari nangkeup wulan.
" damang teh...hapuntn ulan ts ngarewong eteh",ck wulan sangges sun tangan ka jamilah anu masih keneh lanceuk wulan,jamilah teh anak Ua na wulan.
"Teu laahh teteh atoh malah,tpi mni teu aya ibar ti anggal na ulan mah jdi we tth reuwas ieu teh...", ck jamilah.
"Muhun teh ngadadak...", ck wulan bari tungkul.
Hayuu atuh di kost an teteh yuu urang bari ngagelehe geura pasti ulan cape nya hayang istirahat", ck jamilah bari mereskeun babawaan wulan tuluy pamit ka mia jng nganuhunkn.
Wulan nuturkn jamilah arasup ka kost an jamilah anu pagigir2 jng mia,satepina di jero maul di sarekeun dina kasur tuluy wulan salin baju kunu rada pondok da hawa jakarta harita panas pisan.
" aya naon wulan? Pasti aya masalah gede nya ?"ieu we mni riringkid kieu jiga nu pundung",ck jamilah bari melong ka wulan anu beres salin baju tuluy ngagoler nyusuan anak na.
Atuh derekdek wulan nyaritakeun perjalanan hirup na ka jamilah da ti baheula wulan ngajadikeun jamilah tempat maneh na curhat kitu deui jamilah wani luh lah teh ka wulan bubuhan sawawa umur maneh na teu beda jauh.
"Nya gs di dieu heula we dk dagang atawa dk gawe pek ke neangan anu daek ngasuh budak we,ayeunamah istirahat hla we...", ck jamilah bari ngilu ngagoler reup we ngilu sare jng orok jng wulan oge.
Teu karasa Wulan gs saminggu aya di kostan jamilah wulan masih mikir dk di gawe atawa dadagangan di jakarta na bubuhan boga bekel tina amplo pamere tae ti mutiara.
Isuk2 jamilah gs indit gawe ari wulan beberes terus nyeuseuh di kamar mandi umum hudang sare teh Maul langsung di mandian tuluy sare ngagebra di kost an,beres nyeuseuh wulan moe di hareupeun kost an maneh na rada colohok naha panto kost an teh rad melenge puraku jamilah balik deui ti pagawean nana,sangges nenden ember di golodog wulan asup ka jero kost an barang asup ka kamar wulan olohok Maul gs euweuh di kamar,wulan reuwas maneh na neangan maul nepi ka kolong2 ranjang wulan panik maneh na kaluar bari mimiti ruwah riwih ceurik Maul leungit jiga namah aya anu mawa da dina keramik aya tapak sepatu anu teu di buka tatangga2 kost an kalaluar nanyakeun aya naon2 na da wulan harita ceurik gogorowokan nyalukan ngaran anak na anu masih orok.
Wulan pada ngariung pada nanya ku wulan di jelaskeun yen maul sare si kamar basa maneh na nyeuseuh teh, ari balik nyeuseuh maul gs eweuh tatangga na ribut silih tembal ngomong jiga na jng jiga na,
"Aduhhh kaya nya tuu bocah kena culik pokk...ayoo laporin az ke polisi biar penculik nya cepat ketangkap...", ck awewe tengah tuwuh ngomong ka wulan,wulan kalahka jangar tungtung na wulan kapiuhan pada ngariung ku tatangga na.
-------------------------*************-----------------------
Berkah jiga jelema anu gering nangtung ngalangyanyung gawe na ngan ngahuleng bari nangkeup simbut leutik anu maul,di ciuman di antelkn kana pipi na di pake nyusut cimata na,
" ya Alloh....abdi nampi abdi moal tiasa ngandung murangkalih nyalira...tapi ya Alloh sing di peecanten abdi ngurus murang kalih anu sanes sanajan eta sanes murangkalih abdi nyalira....sing di percanten ya Alloh.....",ck Berkah bari mus2 ngusap cai panon anu ngalemereh dina pipi na.
Biyan ningali kn ti kajauhan maneh nage ngilu nalangsa ari gs kudu di kumahakn deui ari kudu kawin ka wulan mah Biyan teh da embung,biyan karunya ningali nasib berkah anu krmenang cocoba mentes ka imanan Berkah ku jalan moal bisa boga budak kabeh katentuan gs di tulis 50rbu taun saeuncan urang ngagubrag ka dunya kabeh qodho jng kodar hak Alloh SWT.
Biyan ngarasa hariwang ninggalkn berkah sorangan di imah anu gawe na ngahuleng eweuh batur ngobrol jiga keur kamari2 basa aya wulan,maneh na nitah indung na Berkah neangan jng anu maturan Berkah kabeneran harita indung berkah nitah Fatimah anak dulurna keneh berkah ti lembur sina maturan jng ngabantuan sagawe gawe di imah berkah,puguhan indung na berkah mah teu bisa ninggalkn adi2 berkah anu masih keneh uruseun.
Fatimah budak umur 20 taun jelemana cicingeun tara loba carek jeung lamun di tanya nembalan lamun teu di tanya ngabetem,tapi lumayan Berkah aya batur cumarita ka Fatimah atuh Biyan ayeunamah rada reg2 ninggalkn Berkah di imah.
Fatimah ku berkah di anggap adi sorangan Berkah anu nyaahan nyieun Fatimah betah ngan Fatimah heran ka Berkah anu kaditu kadieu mamawa simbut leutik mun teu sampaykeun atanapi di harudumkeun dina tonggong ku Berkah di tatangkeup bari di ciuman,deuk nanyakeun sieun nyinggung antuk na di antep we bari sok olohok Fatimah teh.
Isuk2 jam 8 beres ngepel jng masak Fatimah ngaliwat ka kamar Berkah kadenge aya sora anu ker nyegruk ceurik ku Fatimah di toong ari pek Berkah kakara beres sholat Duhha make mukena keneh Bekah ker nyuksruk dina pangsujudan hawar2 kadenge Berkah ngadoa dina pangsujudan,
"Ya Alloh......sing ridho ka jisim abdi....hapuntn sagala kalepatan abdi anu karaos atanapi anu teu karaos,paparin abdi kasabaran....abdi terang moal tiasa gaduh turunan tapi abdi yakin kang Biyan masih keneh tiasa gaduh...Ya Alloh mugia abdi ulah di jantenkn hahalang kanggo carege abdi kangge gaduh turunan...abdi iklas ridho ngalepaskn kang biyan supados anjeuna gaduh turunan ya Alloh....abdi hawatos ka anjeuna...sawios abdi mah masih keneh aya anjeun anu baris mikanyaah srng ngalindungi abdi....abdi moal mikacinta jalmi sepertos abdi mikacinta anjeun...ya Alloh....abdi iklas abdi ridho kang Biyan leupas ti abdi supados abdi teu gaduh beban...supados abdi teu janten hahalang kanggo anjeuna kangge gaduh turunan....ya Alloh....", ck Berkah dina pangsujudan,
Teu karasa cipanon Fatimah maseuhan tiung na tatadi ngilu murubut ngajibrugan pipi na,
" nyaah teuing teh Berkah....nyaah teuing.......".
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,6 maret 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.16
Kengeng αи∂нуи
Gs 3poe berkah gering awak na panas jaba sasar wae nyalukan ngaran "maul", gs pasti Biyan panik buru2 ngabejaan indung na Berkah atuh kurunyung ceu titi indung na berkah jng adi2 na daratang ngalongok berkah,fatimah kacida atoh na aya Ua na datang teh da hariwang ningali berkah anu hese dahar2 acan.
Ku Biyan Berkah di bawa ka RS hermina Berkah di ofname di RS mah berkah di infus da teu asup cai2 acan,awak na angger panas jaba sasar wae sagala di sebutan pang2 namah ngaran " maul " teu welah kasebut wae.Biyan di sauran ku dr di bawa ka ruangan nana,
"Pk Biyan istri bapak teh gening teu kapendak aya pirus dina salira bu berkah sadayana normal ngan kekurangan asupan makanan sareng cairan anu di hariwangkn na Bu Berkah teu damang secara batiniah na,siga 'missing some one' anu begitu dalam,upami saran abdi cobi ibu th nju sangat merindukan saha pendakeun sareng jalmi na inshaAlloh bu berkah damang....", ck dr,
Biyan ngahulen da maneh na apal lamun berkah kacida kaleungitan Maul Berkah shock jadi maneh na ngakal kumaha supaya Berkah bisa cager tanpa panggih jng Maul,da lain perkara gampang atuh neangan Wulan jng Maul.
" muhun dok ke abdi badan ten heula sareng keluarga kanggo milari solusi na,hatur nuhun dok penjelasan nana...",ck Biyan bari pamit tuluy maneh na kaluar ti ruang dr,
Biyan neangan ceu Titi indung berkah ker manggku adi berkah anu 2taun di luar gedung da budak mh teu menang asup ruangan perawatan,ceu Titi reuwas oge ningali Biyan anu semu bingung,
"Aya naon kasep...jiga anu bingung pisan?", ck ceu Titi bari diuk dina bangku taman RS,
" muhun nya eta abdi bingung pisan mah...saleresna berkah teh bakating ku hoyong gaduh murangkalih mah.....kamari sobat berkah,wulan ngiring ka berkah srng ka abdi.....
Derek dek Biyan nyaritakeun Wulan anu ngadon orokan tuluy di urus ku berkah anu tuluy na Berkah nitah kawin ka Biyan jng Wulan atuh Wulan teh kabur da embungeun jadi we berkah ngarasa kaduhung ngabogaan idea eta anu ngalantarankn Maul jauh jng berkah.....
Indung na berkah ngahuleng dina pikiran nana pabeulit ku masalah anu kr disinghareupan ku anak minantu na,kerkitu ceu Titi asa manggih idea
"Ke..ke...kamari teh anak na ceu isoh si Ratmini dulur bapa na berkah ngalahirkeun budak lalaki,lamun teu salah mah salaki na kabur cenah....ke urang tanyakeun ka Ratmini kumaha lamun urang tambut we orok na atawa si nyi Ratmini na sina cicing di imah Berkah ngagantikeun maul...kumaha tah...?!", ck Ceu titi.
" aduh...sae pisan tah mah idea teh....sok lah mah gera saurkeun ka ceu Ratmini na keun lah abdi ge ke bakalan gaduh ka emutan kangge biaya namah.
"Nya atuh mamah uih heula urang badami ka ceu isoh...", ck Ceu Titi cengkat gura2 balik muru dulur na tea.
Biyan ngarenghap leuleub pisan ngadoa mudah2an idea indung na berkah teh di lancarkeun jadi berkah sugan cageur ka ubaran ku hadir na orok anyar.Biyan tuluy cengkat muru ka ruang perawatan nyampak Berkah kermolohok we kana infusan ku Fatimah di pencetan palebah bitis na,barang Biyan asup Berkah imut,
" kang....abdi hoyong uih aahh da teu kunanaon",ck berkah ku Biyan di usapan sirah na.
"Hayuuu...asal okah damang heula sok tuang anu ageung leueut obat na supados ke jagjag...", ck Biyan bari nyium buuk berkah,Fatimah ngalieus ka era an ningali adegan kitu teh hate na jol deg degan teu puguh rasa teuing ku naon......
Dua poe ti harita Biyan narima tlp ti indung na Berkah daria pisan,nitah Berkah jng Biyan baralik ka imah na Berkah kabeneran Berkah gs teu panas teuing atuh Biyan teh atoh geuwat ngahadep ka dr kabeneran ku dr gancang di acc atuh bral we okah,fatimah jng Biyan baralik ka imah.
Gancang na carita anu 3an nepi imah berkah di buruan ceu titi gs ngajajanteng nungguan Berkah barang tarurun tina mobil geuwat ceu titi ngaleng Berkah di bawa asup ka imah,Berkah sina diuk dina korsi bari luak lieuk asa aya anu aneh di imah teh.
" mah....naha asa sareungit orok nya....mmmhhhh",ck Berkah bari Ungsa angseu panon na peureum.
"Mauenya aahh...cing tinggal ka kamar Maul atuh....", ck indung na bari ngagandeng awak berkah mawa ka kamar urut maul.
Brayy panto kamar di buka Berkah molohok atuh gabrug berkah kana tempat sare maul ngagalentoran budak orok anu krngagebra sare di pangku di ciuman bari di ceungceurikan,anu aya di dinya ngareclakeun cimata ningali Berkah namplokeun kasono ka Maul.
" tapi naha Maul asa jadi begang kieu nya jaba rada hideung?",ck berkah nyidik2 budak orok.
Indung Berkah langsung ngadeukeutan anak na bari pok ngomong,
"Nya pasti beugang da tebih ti embu na,upami hideung mah nu namina orok mah sok reyy beureum,rey hideung....", ck Ceu Titi,Berkah imut bari celepot celepot nyiuman orok bangun anu sono,
" ari Wulan na kamana...?",ck Berkah bari luak lieuk.
Ceu Titi imut nyumputkeun gugup na,
"Mmmhhh...maul di titipkn di panti ku wulan tah kaleresan aya deui putra na ceu isoh nyaeta nyi rukmini kersa janten babby sisiter di dieu....", ck ceu Titi bari ngalieus miceun beungeut sieun katohian sandiwara na.
" oohhh muhun ceu eruk...lawas tilawas nya awis tepang ceu hapuntn okah mah sibuk kuli atuda nju gadis na...",ck berkah bari ngabageakn Rukmini dulur berkah ti bapa na.
Rukmini seuri koneng maneh na nyamperkeun ka budak orok tuluy ngusapan sirah budak anu angger ngagebra sare.
Tungtung na salerea bungah ningali berkah anu langsung jigrah katingali aya sumanget deui dina diri Berkah,gs beres mah Ceu titi huruwas harewos jng Biyan di dapur bangun anu penting tuluy Ceu Titi amitan kasalera da maneh nage ninggalkeun anak salakina anu krmeujeuh na butuh perhatian ti maneh na.
Rukmini di pernahkeun kamarna di deket kamar Maul nyaeta kamar urut wulan ari Fatimah di pernahkeun nana di tukang deket dapur.hanyakal adat Rukmini jauh pisan jng Fatimah anu andalemi Rukmini mah jelema na judes jaba sombong gawe na ngan tutah titah we ka Fatimah teh jiga dunungan wae padahal mah Berkah mah tara ieu kitu,kaciri Rukmini embung ka elehkn ku Fatimah maneh namah estuning jadi penjilat hayang kapuji jng ka pake ku Berkah pang2 na mah ku Biyan....
Berkah jiga kahipnotis jiga anu teu apal eta teh Maul atawa lain jiganamah nu penting budak orok we,teu sirik na budak orok teh di keukeuweuk teumenang di lepaskeun sagala2na di urus ku berkah jng kabeneran deuih orok teh nyusuna ku susu formula da jiga bangun anu hoream Rukmini nyusuan budak na jadi we ASI na saat.
Tugas Fatimah ngurus imah beberesih,nyeuseuh kukumbah wadah masak jng ngurus kaperluan kabeh di tangkes ku Fatimah ari Rukmini mah gawe na ngan nyoo hape anyar meuli duit na menang mere ti Biyan itung2 nganuhunkeun budak na Rukmini di bikeun ngurus na ka berkah.eta ge make surat perjanjian make segel sagala yen Rukmini daek kerja sama nepika Berkah sadar jng cager.
Rukmini gawe na nguyek di kamar na lamun teu ngabatutan berkah balanja nya ngabaturan berkah jalan2 jng 'Maul',
Untung na budak teh can di ngaranan ku Rukmini matak pas di ngaranan "Maulana" nya rukmini atoh2 wae,sering Rukmini nyampeurkeun Biyan sangges ngobrol bangun anu serius Rukmini sok di bere amplop ku Biyan,Fatimah lain teu apal ngan maneh namah sabodo wae da lain urusan nana.
Berkah ka papakerkeun ku ayana Maul deui dina kahirupan Berkah ngan 2bulan ti harita Berkah ngagentraan Fatimah jng salakina, salila ieu Berkah nitenan Fatimah anu sholehah jng geten,jaba sibret ngurus kulawarga maneh na,
"Kang Biyan oge Fatimah sangges kuring mikir,nimbang numutkeun kana sunah yen lalaki muslim kudu boga turunan pikeun nguatkn agama na pikeun menperkuat agama urang ku turunan anu sholeh jng sholehah,kuring dk nganjurkeun ka salaki kuring nya eta kang Biyan pikeun ngahiji dina ikatan pernikahan.....kuring mohooonnnn ka Fatimah sing rido geulis janten bojo kang Biyan...tulungan kang Biyan supaya gaduh turunan hawatos jalmi soleh jiga kang Biyan upami teu gaduh turunan....hawatos bageur....", ck Berkah bari nyekelan leungeun Fatimah jng salaki na.
" okah......!",ck Biyan bari semu molotot ka tambah era meureun ku Fatimah anu langsung ngeluk tungkul.
"Kang Biyan....nyaah ka abdi? Sok geura nikah srng Fatimah puntn rada maksa kege kajawab geura kunaon abdi miwarang nikah ka salira....sing percanten...", ck berkah bari ngarames ramo2 biyan.
" nya Fatimah ke okah anu nyarios ka sepuh hidep ulah hariwang ku Okah sadayana bade di urus na,ayeunamah sariap siap we hidep dua an ke mun waktos na tos di tangtoskeun urang derr weh walimahan nya...",ck berkah imut.
Biyan teu nembalan maneh na ngelehan batan jadi papasean jng Berkah jaba Fatimah teu goreng2 teuing jaba sholehah jba rapekan,geusit jng.....
"Aeehh naha jadi dag dig dug kieu hate aing...",ck Biyan galecok dina hate na.
Kitu deui Fatimah pipi na jadi reeyyy ww beureum hate na jadi ratug tutunggulan ngeluk tungkul jiga buek menang mabuk.
Berkah mimiti bertindak maneh na ngadatangan kulawarga Fatimah anu masih dulur indung na di jelaskeun pamaksudan nana salerea kuat ku olohok kana kahayang Berkah tau aya anu bisa nyarek sanajan kolot2 na berkah oge,antug na waktu anu gs di tangtukeun nepi oge harita berkah ges beres ngondangan indung bapa Fatimah katut pengurus di imah ngariung,teu make pesta ieuh ngan masak alakadar na,
Kadua calon mempelay ges aya kitu deui pengurus Ti KUA atuh derr we acara walimahan di mimitian,
Berkah ngarasa lugina bungah nyaksian salakina gs resmi ngawin Fatimah teu aya anu apal kumaha jero2 na hate berkah harita aya keclak cimata anu buru2 di susut dina tungtung panon na duka cimata bungah duka cimata sedih,wallohuallam bisawab.......
--------------------------------***********-------------------------------
Mutiara anu harita teu jadi papirak jng Aryo ayeuna ker ngandung anak anu ka hiji gs 7bulan,atuh kacida bungah na Mutia teh teu sirik na dinangna neng ne harita kagiatan Mutiara di eureunkn ku Aryo, Mutia estuning teu menang kamana2 pisan kudu loba istirahat di imah,
Ngan kahirupan estuning teu aya anu sampurna Aryo anu ayeuna pindah ka Bandung justru eukeur ka bengbat ku hiji wanoja anu masih pagawe na mimiti ti ngurus pagawean di luar kota anu tungtung na dua nana kalibat cinta terlarang tea,ngaran eta awewe teh Deti kulantaran Mutia gs teu pati mere kasenangan ka Aryo atuh Aryo loba ulin di luar jng deti.
Hiji mangsa Deti ngajak papanggih di villa anu aya di kawasan ciwidey jng Aryo,biasa we sangges sosonoan Deti nangkeup Aryo anu masih keneh disisimbut ku Aryo Deti di usapan buuk na kaciri sesa2 kesang anu renung balas olah raga babarengan bieu dina kasur,pok Aryo ngomong,
"Sayang.....nuhun nya parantos masihan kapuasan ka akang.....", ck Aryo bari nyium sirah deti.
" aaaahhhh sayang....iraha atuh di resmikeun urang teh....",ck Deti ogo.
"Nyaaa ke sabar atuh geulis...sabar....", ck Aryo bari nyoo buuk deti.
" janji nya kang....akang bade nikah srng tanggung jawab ka deti",ck deti bari leungeun na ngusapan dada Aryo.
"Nyaaa janji...asal......", teu kebat Aryo ngomong na buru2 awak Deti di rungkup nuluykeun deui maen halma na dina jero simbut........😜
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,9 maret 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.17
Kengeng αи∂нуи
Biyan nangkeup awak berkah bitis na meulit kana bitis berkah sirah na nyulusup kana buuk berkah anu harita ngagoler gigireun Biyan,Berkah nyingraykeun leungeun anu meulit cangkeng na tuluy sirah berkah rada ngageser tina beungeut Biyan pok berkah ngomong,
"Kang....kaditu iihhh gera ka kamar Fatimah ulah di dieu wae...gera ngadamel kasaean,upami sareng abdi wae iraha atuh akang bade gaduh turunan,hayoo gera sampeurkeun farida bilih ngantosan...", ck Berkah bari rada ngajauhan ti awak Biyan,
Biyan teu nembalan angger we ngagoler gigireun Berkah.
" aakkaanngg iihhh enggal tos wengi ieu teh...!",ck Berkah bari nyiwit cangkeng Biyan,
Biyan cengkat tanpa ngomong nanaon maneh na indit ninggalkeun Berkah jeblag panto di tutupkeun rada tarik,berkah ngan bisa olohok.
"Hampura akang....nyeri okah ge nyeri....tapi dari pada akang kasiksa kulantaran abdi teu tiasa masihan turunan heug kumaha lamun susulumputan milari istri pengkereun abdi mending ku abdi we di pangmilihkeun,hampura abi anu teu tiasa masihan turunan akang.....", ck berkah cimata na murubut maseuhan pipi na teu karasa bantal gs jibrug ku cimata tapi panon berkah teu bisa di peureum keun,kalah ka jol narembongan Biyan anu ker ngagalentoran Fatimah nyacapkeun kaasih anu baheula milik berkah ayeuna di tumpahkeun ka Fatimah,guling gasahan awak na hareudang baseuh ku kesang tungtung na Berkah hudang tuluy wudhu gs kitu ngalaksanakn sholat taubat,sholat tahajud di tungtungan ku sholat witir karasa mimiti aya pi tunduheun ayeunamah tungtung na Berkah sare masih keneh make mukena.
Biyan keketrok kana panto kamar Fatimah bray panto di buka Biyan asup ka kamar tuluy diuk dina risbang,fatimah diuk gigireun salaki anyar na bari angger bari ngeluk tungkul jilbab na masih napel mungkus sirah na.
Biyan kaku keneh asa teu puguh cabak Fatimah cengkat ngasongkeun sarung ka Biyan bari pok na,
" urang netepan hajat heula we kang supados sagala kahoyong urang di kobul ku Alloh",ck Fatimah
Biyan reuwas tapi leungeun na nampanan sarung anu di asongkeun ku Fatimah,rikat ka cai nyokot wudhu,derr we Biyan ngaimaman sholat anu munggaran jng Fatimah khusu ngadoa ka Alloh swt anu parantos ngatur sakabeh sekenario anu tumiba ka maranehan nana,teu aya kajadian tanpa restu ti Alloh sadayana parantos di serat di lauhul mahfuz mangrebu2 taun katukang.
Rengse sholat Fatimah sun tangan ka Biyan ku Biyan di cium tarang na Fatimah cicing we bari tungkul gs kitu leungeun Biyan ngaragamang kana mukena tuluy di buka breh buuk Fatimah anu hideung galing muntang panjang sacangkeng meni gomplok bulu2 ngahiasan beuheung Fatimah anu bodas kakara ayeuna Biyan ningali Fatimah teu make jilbab salila ieu ka tutup wae,pipi Fatimah anu bodas semu beureum kitu deui biwir anu jiga kembang eros beureum,halis anu hideung ngajedig napaesan mata anu cureuleuk ku Biyan di cium ti mimiti panon,irung,pipi nepi ka biwir rada lila di dinya mah Fatimah kahudang oge Birahi na leungeun Na nyekel pageuh kana beuheung Biyan,ku biyan awak Fatimah anu gs pasrah di pangku kana tempat tidur tuluy di golerkeun gs kitu mah lampu di pareman anu kadenge ngan sora ambekan anu kerngambah sagara kanikmatan.
--------------++++++++++++++++++++++++------------------
Aryo ngahuleng ningali tespeck anu di asongkeun ku deti anu masih keneh make anduk awak na anu koneng umyang ngan kahalangan ku anduk anu si sampingkeun nepi dada na,gek deti diuk dina lahunan Aryo anu masih can narima kanyataan lamun deti ngandeg.
"Ke...ke...ari kamu ngahaja nya ngajebak saya...?", ck Aryo bari nurunkn awak deti tina lahunan nana.
" naon...??!!! Ngajebak kumaha maksud kamu beb?!!",ck deti
"Piraku kakarage sebeberaha kali hubungan gs bisa hamil deui bet saya ge kawin taunan kakara ayeuna pamajikan hamil,kade eta lain anak saya tapi ku kamu di aku keun anak saya...", ck Aryo bari rap make calana panjang na.ku Deti di betot calana panjang Aryo nepi ka Aryo diuk dina tempat sare hotel di wilayah dago.
" naon maksud kamu beb....kamu nuduh aku sare jng lalaki sejen?! Ngaco kamu mah...!!!",ck Deti bari nyurungkeun awak Aryo gubrag aryo ngagubrag kana kasur nangkarak tapi leungeun Aryo ge rikat metot leungeun deti atuh deti ge sarua nangkarak gigireun Aryo.
"Kuring gs nyaho taktik awewe jaman ayeuna anu ngadeukeutan bos na demi uang kan? Tah kamu sare jng aku tapi hamil jng nu lain anak na di aku keun ka aku,Haaaaaa...tipuan klise...kampungan...ka aku mah moal berhasil!!!", ck Aryo bari nyekelan gado deti.
Deti molotot maneh na teu narima tuduhan Aryo da teu rumasa ngalayanan lalaki sejen selain Aryo dunungan nana.
" eehh maksud na?? Bapa moal tanggung jawab? Bapa moal ngawin aku ? Jawab...?!!!",ck deti molotot leungeun na pakupis dk nenggel Aryo tapi Deti ku aryo di di cekel palebah beuheung na deti beuki berontak anduk na murag ka handap awak anu tanpa pakean teh roroesan dk nyakar awak Aryo,ku aryo beuki di pageuhan panyekel na mata deti molotot lila lila beuki laun beuki laun leungeun deti ngulapes mata na molotot letah na ngelel balas di cekek ku Aryo padahal ngan ku hiji leungeun,Aryo rewas maneh na nepakan pipi deti tapi deti angger ngulapes aryo soak maneh na undur2an tungtung na ngudupruk nyarande kana tembok hotel ningali awak deti anu teu empes2......
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,12 maret 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bagian ka 18
Kengeng αи∂нуи
"Bade kamana deui kang ? Nembe ge uih tos ngepak deui acuk bari jng rurusuhan kitu?", tanya mutia ka Aryo anu kr ngepak baju di asupkn kana koper gede.
" akang aya proyek gede di luar jawa wayah na bisi rada lila",ck Aryo bari nutupkn koper jetrek di pageuhan langsung di giriwil koperteh bangun anu beurat,
Mutia ngan bati olohok we...
"Muhun kedah jelas kamana2 na supados abdi gampil milari na,jba ieu si utun bulan alaeun kang...", ck Mutia bari muntangan salakina.
" ke akang gs tepi di kabaran deui nya....wayah na ieu urgent pisan...",ck aryo bari nyium tarang mutia tuluy turun kanu beuteung anu gs nyongclot gede di usapan terus di cium,
"Ayah angkat hla nya bageur....",ck Aryo di tompo kn kana beuteung mutia gs kitu mah Aryo ninggalkn mutia anu ngajantng dina lawang panto.
Saminggu teu aya kabar,dua minggu lebeng pas minggu ka 3 mutia mimiti karasa beuteung maneh na di bawa ka RS ku indung na mutia da Aryo gs teu bisa di hubungi,di RS hermina mutia humarurung ngan di baturan ku indung na gs teu puguh cabak ningali anu jadi anak adug songkol teh,
" aduhh dok kumaha ieu murangkalih abi dok...",ck indung Mutia gemper,
"Upami caroge na kaman ieu teh bu?", ck dr.
" manawi saurna nju di luar kota dok tapi hape na teu tiasa di hubungi,di luar jangkauan wae...kumaha atuh dok karunya anak ibu dok...",ck indung mutia bari ngusapan tonggong mutia anu kr adug songkol.
"Nembe pembukaan 4 bu sabar heula nya bu upami tiasa mah bu mutia candak ngadoa we...", ck dr.
Kerkitu aya petugas polisi keketrok kana panto ruangan perawatan dr jng indung mutia olohok aya naon petugas make datang ka dinya sagala,polisi anu masih ngora nyampeurkn ka dr sangges mere hormat eta polisi ngajak sasalaman ka indung mutia jng dr,
" puntn ibu bapa abdi ti kepolisian bade tumaros ngenaan pk Aryo anu nuju janten buronan trduga pembunuhan karyawan na nyalira anu nami na sdri Deti,terakhir katinggal alm sasarengan sareng pk Aryo...",ck polisi.
Dr ngajenghok kitu deui indung mutia,komo mutia mah anu kerhumarurung ngararasakeun kanyeri nepi ka ngorejat lengeun na nyusutan cipanon dina pipi na,
"Teu mungkin...!!! Teu mungkin kang Aryo tega ngabunuh bapa salah....ulah asal nuduh kitu pak,mana bukti na?!!!", ck Mutia histeris ku indung na di tangkeup.
" muhun bu maka na pk aryo tos teu aya di Bandung ge anjeuna kabur sa atos ngabunuh karyawan na eta....aya saksi na bu,nyungkeun kerja sama na manawi terang dimana ayeuna pk Aryo?",ck polisi keukeuh.
Jerit teh mutia jejeritan ceurik bari nyebut ngaran salakina indung na nangkeup mutia bari ceurik,dr ngajak polisi kaluar menta pengertian ka polisi ayeuna pasien na kr masa2 trtekan.tungtung na polisi pamitan balik bari maneh na keukeuh dk datang deui manggihan kulawarga mutia.
Kerkitu indung na mutia nyusulan dr ngabejaan lamun mutia gs pecah ketuban na atuh gewat dr menta bantuan perawat anu sejen,
Kurang leuwih sajam kadenge sora orok anu ceurik
Indung mutia ngucap syukur Alhamdulillah ayeuna maneh na gs boga incu.
"Slamat nya bu cucu ibu perempuan,sehat normal ibu na salamet ayeuna nju di beresihan ku perawat", ck dr bari ngajak sasalaman.
" hatur nuhun dr",ck indung na mutia bari angger carinakdak.
------------------+++++++++++++++++----------------------------
"Naha make kudu si fatimah sihhh....naon alus na jelema kampungan kitu,kudunamah kuring anu di kawin ku pk Biyan teh kan anak kuring anu di rorok ku si okah teh,naha bet jadi si fatimah anu ngenah na...!!!", ck Ratmini bari kekerot ningali Fatimah kr ocon jng Biyan.
Ari okah harita kerjalan2 jng Maul ka taman komplek Ratmini ngan bisa noong tina kaca palebah kamar na karuangan tengah anu di pake lalajo ku fatimah jng Biyan,
" abie...ayeuna bagean di teh okah nya?",ck Fatimah ogo.
"Muhun Umah...upami kersamah nyungkeun izin ka okah lamun abie bade di Umah nya?", ck Biyan bari ngagoledag dina lahunan Fatimah ku Fatimah sirah Biyan di usapan.
" ulah aahhh hawatos teh Okah minggon kamari kan atos nyungkeun nambih piraku ayeuna nyungkeun deui",ck Fatimah.
"Tapi da okah anu miwarang saur na supadoa tereh gaduh beby...", ck Biyan bari peureun.
" upami th Okah anu nyarios na langsung nembe abi kersa...",ck fatimah bari tungkul.
Dua nana teu sadar lamun di kamar Darmini ngagugudur panas hate ningali adegan Fatimah jng Biyan teh,dasar otak jahat teu suka ningali batur kr suka bungah teh Darmini jejebris neangan cara jng nyingkirkeun Fatimah.
Teu karasa gs bulan ka 3 Fatimah kawin ka Biyan harita Fatimah hariweswes nyampeurkeun okah anu ker ngurus Maul anu kr meujeuh na teu daek cicing kokorondangan we kahayang na teh,
"Teh okah..teteh....abdi tos telat teh...!!", ck Fatimah bari nangkeup okah.
Okah molohok semu reuwas nampa berita teh,
" Alhamdulillah....kumaha kang Biyan atos terangeun? Tos di tespeck teu acan?",ck Okah ngilu bungah.
"Teu acan abi hoyong teh okah anu teurang ti payun...", ck fatimah.
" eeehhh wartosan kang Biyan,tuhh di kamar teteh nju dangdos keneh hayooo sampeurkeun kaituh !",ck okah mere isyarat ku mata na.
Fatimah asa2 ari kudu asup ka kamar okah mah maneh na ngadon ngajanteng.
"Eeehhhh fatimah mah....hayooo kaituuhhh..!!!", ck okah bari nyurungkeun fatimah,
Tungtung na Fatimah nyampeurkeun Biyan anu ker dikamar Okah Biyan reuwas Fatimah jol asup ka kamar okah,
" eeehhh Umah...aya naon dugi ka nyusulan Abie?",ck Biyan
"Abie....Umah positif hamil bie....", ck fatimah.
Biyan olohok eta mah jol gabrug nangkeup awak fatimah di ciuman di galentoran,
Di ruangan tengah Okah ngabalieur ningali adegan Biyan jng Fatimah di jero kamar na tina panto anu melenge teu nutup kabeh,teu karasa aya cimata anu meuntas kana pipi okah,
" abdi yakin...ya Alloh....ya Jabar...ya Kohar...anjeun maha uninga,abdi yakin abdi kiat anjeun moal maparin ujian ieu upami abdi teu kiat,abdi yakin anjeun gaduh rencana anu indah kangge abdi....abdi yakin yaaa malikul qulub tsabit qolbi allaa diniq.....kiatkn abi........".
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
Bandung 14 maret 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR__IMPENAN(NSI)
Bagean ka 19
Kengeng αи∂нуи
Burileng2 mata darmini nitenan beuteung Fatimah anu makkin gede,teu karasa sabulan deui Fatimah bakal ngalahirkn,persiapan oge gs beres tinggal ngadagoan gubrag na jabang bayi ka alam dunya.
Biyan kacida atoh na katingali dina pameunteu anu bear marahmay kitu deui Berkah ngilu bungah gening teu salah maneh na milih Fatimah jdi maru na,unggal peuting samemeh sare Fatimah ngaderes Al Quran nepika dek nincak bulan ka salapan tos hatam dugi ka 4 kali.
Maul ayeuna kermeujeuh na capetang sagala di tanyakeun kacida di pikanyaah ku Berkah lamun ngasuh mah sok ku dua an nya eta ku darmini jng ku Berkah,hiji poe berkah ngalongok dulur na anu kr dirawat di RS atuh maul di titipkn ka darmini da teu menang mawa budak leutik,
Pasosore ku Darmini di bawa ulin di taman hareupeun imah bari di huapan budak anu meujeuh na aktif lumpat ka ditu ka dieu bari baceo pikalucueun,
Rentang2 mobil Biyan asup ka buruan imah maul muru Biyan bari lumpat.biyan seuri turun tina mobil bari angkaribung ku babawaan
"Abie....nyandak naon...?", ck maul bari metotan kantong anu di jingjing ku Biyan.
" ooohh ieu nyandak acuk2 kangge dede bayi...",ck Biyan.
"Kange maul mana...?", ck Maul bari olohok kana kantong.
" teu aya kan maul mah tos seueur acuk na,dede bayi mah nembe sakadik...",ck Biyan bari imut ningali maul anu manyun.
"Maul oyong acuk abie...maul hoyong meselll...", ck Maul jiga dk ceurik.
" muhun ke ka embu nya maul mah...abie bade ka dede bayi heula nya maul ameng deui...!",ck Biyan bari ngaleos ninggalkn maul anu mimiti ceurik ku Darmini di sampeurkeun bari di tangkeup budak teh ceurik dina dada darmini.
Nyel ambek ka Biyan Darmini kekerot bari meureupkn leungeun na,awak maul di tangkeup di bawa ka kamar na,budak teh di olo lila2 repeh reup sare di kamar Darmini,
"Mmmhhhh ayeunamah pk Biyan leuwih merhatikeun si Fatimah jng anak anu di kandung na,padahal baheula anak aing anu nyalametkn jiwa okah,ari gs aya ganti namah kuat ku poho ka anak aing keun siah Fatimah maneh kudu menang wawales na....", ck darmini bari ngatur rencana pikeun nyingkirkn Fatimah.belenyeh seuri bangun na Darmini gs manggih cara jahat na....
Isuk2 Darmini keketeyepan ngadeketan kamar Fatimah ngadedengekeun sora ti jero kamar tuluy nuluykeun ngadeketan ka kamar okah kadenge aya sora gegerendengan di jero kamar,Darmini seuri tuluy maneh na gewat indit ka dapur nyiuk minyak kalapa kana gelas tuluy ngeteyep ngadekeutan panto kamar Fatimah,bari luak lieuk darmini mahe keun minyak tina gelas di hareupeun pisan panto kamar gs kitu mah buru2 darmini lumpat deui ka kamar na bari ngadedengekeun ti jero kamar na.
Fatimah mereskeun tempat tidur pauting tadi Biyan sare di tempat okah,Fatimah babatek beuteung na anu gs monclot di usapan da orok na ngilu usik,sangges peren Fatimah muka panto kamarna rada rusuh dk muru ka kamar mandi tapi pas muka panto suku na ti soledat kana minyak kalapa anu di awurkn ku Darmini nepi ka awak Fatimah labuh nangkarak bengkang,sirah na ngabeledag kana tehel keramik anu leueur,
Darmini anu tatadi ngadodoho di kamar na gancang muru Fatimah bari nyekel lap pel gewat minyak teh di susutan tina lantay kramik bari api2 aduh alah nanya ka Fatimah anu nangkarak ngabebengkang,
"Ayi...kunaon ayi...aduh....kumaha atuh ayi? Tiasa gugah teu?", ck Darmini bari ngagugudrag Fatimah anu kr muringis nahan ka nyeri.
Biyan jng Berkah anu ngadenge aya anu 'blug bleg' di tengah imah gewat ka laluar barang ningali Fatimah kr muringis bari ngagoler di ubin dua nana gancang mariksa ka ayaan Fatimah,
" umaah....naon anu nyeri?",ck Biyan hariwang ningali Fatimah anu muringis nahan nyeri.
"Ayi....hayu urang ka dr bilih kumaonam geulis....", ck Berkah bari ngusapan beuteung Fatimah.
" mah...tlp ambulan mah....puntn",ck Biyan.
"Mangga ....kedap", ck Berkah bari nangtung tuluy nlp ambulan.
Fatimah ngan bisa pupuringisan nahan nyeri,Biyan teu puguh cabak bari ngadagoan ambulan teh,awak Fatimah di gendeng sina diuk dina shopa ari darmini api2 riweuh nyokot cai ka dapur jiga anu rumpang rempeng ngasongan cai ka Fatimah ku Biyan di tampanan,
" ceu...iyeu mah tiis gening tiasa nyungkeun anu haneut teu cai na?",ck Biyan bari ngasongkeun deui gelas.
"Oohh mangga...panik euceu teh...", ck Darmini bari nyokot gelas leos ka dapur bari juba jebi kukulutus dina jero hate.
Teu lila Berkah datang bari mangku Maul anu kr rungsing,
" ceu....ceu darmini...! Puntn lah ngawiat maul ieu nju rungsing,abdi srng kang Biyan bade ka RS hla nganter ayi Fatimah hawatos bilih aya nanaon",ck Berkah bari mikeun Maul anu kr ceurik.
Gelas di bikeun ka berkah tuluy Maul di bawa ka kamar tukang ku Darmini,bari hate namah angger we kukulutus,
"Nya ck aing oge...si maul ka elehkeun,teu jiga kr butuh na ka anak urang teh...huuuu", ck Darmini.
Ambulan datang gewat Fatimah anu pupuringisan di angkut make blangkar biur ambulan ninggalkn imah berkah muru RS islam,di jero ambulan Berkah ngusapan beuteung Fatimah bari di parancahan sabisa2,maca ayat2 suci Al Quran anu nenangkeun orok jng indung na ari Biyan diuk di sagigireun berkah bari nyekelan leungeun Fatimah anu makin leuleus.
Tepi RS islam Fatimah pada ngagarotong ka Ruangan ICU sangges menang penjelasan ti Biyan jng Berkah dr mariksa ka ayaan Fatimah,rada lila mariksa na dr teh da puguh mariksa dua nyawa sangges beres dr nyampeurkeun ka Biyan jng Berkah bari pok ngomong,
" kedah enggal2 di oprasi pak,bu...kumagi dua nana smakin melemah akibat benturan keras ayeuna bayi na moal kiat bertahan lami2 di lebet...",ck dr bari rut ret ka Biyan jng ka Berkah.
"Mangga dok...candak jalan anu terbaik dok...salamtkn ibu srng bayina...", ck Biyan.
" pak...anu nyalametkn mah anging Alloh swt...mangga bp nga doa ka anjeuna abdi mah mung darma ngalaksanakeun tugas kangge ngarawat hungkul,teu daya teu upaya pk sanaos abi dr oge....",ck dr bari nepakan tak2 Biyan.
"Muhun dok....mugia dr tiasa ngalaksanakeun tugas kalayan ada dina panangtayungan Alloh....", ck Biyan.
Sangges rengse nanda tangan persetujuan tindakan oprasi caesar dr jng petugas OK sejen na langsung ngoprasi Fatimah,Biyan jng Berkah gs teu puguh cicing dua nana parulang anting di hareupeun ruang OK.
Waktu asa lila pikeun Berkah jng Biyan kesang asa nyorolok sa awak2 ceuli asa di rancungkeun hayang geura ngadenge sora orok anu ceurik tuluy hayang geura2 dr kaluar mere beja anu pikabungaheun,tapi waktu jiga ngalelewe.......
Sangges kira2 3jam lila na dr kaluar bari jng kesang anu masih renung dina darang na,ku Biyan jng Berkah di sampeurkn,
" kumaha dok....?!",ck Biyan
"Bayi na berhasil di kaluarkeun tapi ayeuna langsung kengeng penanganan kumargi jantung na bermasalah,nyungkeun sabar bapa srng ibu....bayi na istri...mmmhhh nanging....ibu Fatimah....hapuntn pisan....Alloh maparin syurga kangge bu Fatimah....anjeuna syahid pak bu....ngantun keun sabada berjuang bieu di ruang oprasi...darah na teras ngedrop sareng pembuluh darah anu di otak pecah akibat benturan keras....Alloh anu langkung uninga kana rencana manten na....hapuntn abdi parantos berusaha nanging Alloh anu nangtoskn hasil na...", ck dr bari nyekel taktak Biyan.
Biyan ngahuleng Berkah ngedeprek leuleus cimata nyurulung maseuhan pipi....Fatimah imut gugupay ka maneh na beungeut Fatimah cahayaan imut anu paling manis anu katempo ku Berkah....
" nitip.....nitip....nitip budak nya ceu ceu....!",
Ck Fatimah bari dadah.....................
H A N C A
Ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,17 maret 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bagean ka 20
Kengeng αи∂нуи
"Copet.....copet.....!!!", awewe tengah tuwuh gegerewekan bari tutunjuk ka pamuda anu lumpat tarik bari babadug ka sakur anu pasangrok jng maneh na,awewe anu kaciri na lain jelema biasa teh ruwah riwih pada nanya kunu aya didi nya,
" aduuhhh jabaning tas na kaluaran terbaru harga tas na hungkul 25juta,can hape ipon jaba aya cincin berlian,ATM jng surat2 lain na,aduhhh pasport deuih aya dina kantong....dasar copet gelo.....awas siah di laporkn ka polisi siah...!!!",ck eta awewe bari ngahegak nahan amarah.
"Muhun bu laporkeun weh tuman bu....jaba si copet teh lumpat na tarik pisan deuih asup ka gank padat penduduk hese ngepung na ge....", ck lalaki anu kabeneran aya di dinya.
Riungan jelema anu hayang nyaho kana kajadian eta lila2 bubar,si ibu anu kacopetan ge gancang indit kana mobil pribadi na anu mewah supir Pribadina di titah ngalajukeun mobil ka arah kantor polisi baris nyieun laporan yen maneh na kacopetan.
Ari si pamuda anu tadi di arudag ku massa kernyempod we di luhur tangkal buah anu rimbun ku daun jaba keur meujeuh na leubeut buah nateh,
" jac...jacky....turun...buru gs aman...",ck hiji lalaki pendek kulit hideung buuk galing mata na we bolotot semu beureum.
"Embung aahhh kagok keur ngadahar buah ieu meuni amis,maneh hayang niko?", ck anu ngaran na Jacky masih keneh nyempod dina tangkal buah.
" eeehhhh si gelo teh....cing uing menta atuh...!!",ck anu ngaran na Nika bari ngiluan nerekel naek kasampak Jacky ker ngagorogotan buah anu gs asak mni cacamuilan,
"Cik ningali bebenangan bieu,mucekil jiga na da si ibu2 na bieu teh gegerewekan nyebutan eusi kantong na...", ck si Niko bari ngarawel buah anu asak tuluy di gorogot nurutan Jacky.
" teuing euy can di buka2 kela lapar keneh nganca hla buah lumayan jng ngaganjel beuteung....",ck Jacky.
Rengse ngadahar buah Jacky jng Niko tarurun tuluy laleumpang muru imah anu sok di jieun markas ku maneh na,sup arasup panto di tutupkn tuluy Jacky ngaluarkeun kantong menang nyopet tadi,burulu eusi na di awurkeun dina samak hape wedak lipstick dompet jng barang anu sejen na laluncatan tina jero kantong tea.
"Bener euy kakap ieu mah jack....!", ck Niko olohok.
" aaaah da uing mah moal nyokot barang jelema teu boga, patrang.....!!!",ck Jacky bari muka dompet kulit anu harga na diluhureun 2juta,breh aya kartu ATM mni ngajajar,KTP,SIm jng nu lain na,duit we ngentep bareureum hungkul.
"Duit namah saeutik brow...!", ck Jacky bari ngaluarkeun duit anu ngentep tadi.
" nya heueuh jaman ayeunamah duit na di kartuan jac...",ck Nicko masih kokoreh kana jero kantong,
"Neangan naon ari maneh Nico?", ck jacky
" lain tadi we ck si ibu aya cincin berlian na cenah tapi mana geuning? Aahh jelema gedebul hayang kapuji hungkul sieun teu kasebut jelema beunghar meren meni sagala di sebut buktinamah euweuh...!",ck Niko bari jebi.
"Bae atuh sakieu ge...ayeunamah kantong,jng eusina anu sejen urang pulangkeun da urang mah butuh teh duit na hungkul....", ck Jacky bari merenan deui eusi kantong.
" moal di jual kantong na Jac? Mahal cenah ck si ibu nage",ck Niko.
"Aahh maneh mah teu make otak polisi neangan anu ngajual barang ka penadah je pas maneh krtransaksi di tewak siah...ari duit mah aman polisi ge moal bisa ngalacak duit mah euy", ck Jacky
" aehh heueuh nya....",ck Nico nyengir.
"Hayu ayeunamah urang nganterkeun heula duit ka Nini Uti karunya di tagih wae ku si astahiam jurig rentenir", ck Jacky bari nangtung.
" ari jang bi eha tukang lotek aya kabagean teu? Watir uing ngah eta warung na gs doyong",ck Niko.
"Aeehh eunya...aya lah ngan jang urang dahar euweuh meren kapaksa we nganjukan ka bi eha hahahaa....", ck Jacky
Dua nana kalaluar ti imah anu ngansakamar ngagaredik muru imah nini uti,barang tepi nini uti nyampak kr murungkut dina dipan tarang na maje koyo satilu tilu jangar jiga nateh.
" Ni...kumaha gs aya duit jng mayar si astahiam teh?",ck Nico bari diuk gigireun Nini uti.
"Boboraah sujang...ieu sirah nini kalah ka jangar", ck Nini uti bari muringis.
" yeun ni ku uing di lunasan hutang nini ngan sarat na nini teu meunang unjam injem deui ka rentenir,kumaha? Bisa teu?",ck Jacky bari ngaluarkeun duit saratus rebuan.
"Moal atuh sujang kapok nini mah eta ge lamun lain urut aki maneh basa maot mah mooaalll nini ge unjam injem", ck nini uti ngorejat.
" yeuhhh bayar keun 4juta gs jng bunga na,tah ieu saratus rebu jang nini meuli obat nya...",ck Jacky.
"Ari nini mayar na ka hidep kumaha?", ck Nini uti ngahuleng.
" naa ari nini mikiran mayar ku uing...teu kudu da ieu ge lain duit uing,uing mah timang nyalurkeun duit sumbangan jelema beunghar kanu teu mampu,kasar namah jakat maranehan nana lah anu kalobaan teuing duit",ck jacky jiga anu heueuh.
"Nya atuh sujang bejakeun nuhun kituh ti nini jng ti aki jenat ka nu benghar tea", ck nini uti bari nyuhun duit tea.
" nyaa ke ku Niko di tepikn ni....",ck jacky bari nepak Niko.
Gs kitu mah ngaraleos deui we anu dua an teh muru warung anu tina bilik ampir rugrug ngarampeol ka lebah susukan leutik,
"Bi ehaa....kuring nganjuk lotek...!", ck Niko bari gek diuk ngarawel goreng hui anu make tarigu amm di huapkeun.
"Aehh jang Nico,Jacky sok kadieuh jang....dk lotek asak atawa atah...", ck ceu bi eha.
" aahh teu ketang bi....wareg keneh tadi tos emam buah anu haji edeng hehehe",ck Jacky bari ngusiwel ngaluarkeun duit tina saku na.
"Bi ieu aya donatur ti kota metropolitan masihan dana kangge warung ibi dangdosan cenah bisi kaburu rugrug...", ck jacky bari mikeun duit ka bi eha anu molohok.
" sujang nyaan sujan ieu teh.....",ck bi eha bari carinakdak.
"Haaar nya nyaan atuh bi...piraku bohong...", ck Niko.
" nuhun sujang....bejakn ka donat ti kota teh",ck bi eha bari ruwah riwih.
"Lain donat atuh bi...donat batur eehhh donattur...!!!", ck Niko bari nyeleuketeuk.
" nya pokoknamah nuhun sujang...nuhun ke ku ibi di cicil mayaran nana mah",ck bi eha.
"Aaeehh da teu kudu di pulangkeun eta mah bi...ngan lamun ke ibi aya kamajuan dina dagang na nyaa mantuan batur anu kr susah deui we bi silih bantuan,kitu we mulangkeun namah" ck Jacky.
Gs beres Jacky jng Nico baralik deui muru imah na ngalalungsar dina samak salambar bangun anu bungah,
"Nico...uing mah bungah euy ningali anu kr susah jadi bungah teh...", ck Jacky.
" sarua Jac uing ge...ngan kumaha euy kan duit menang maok moal ku maonam kitu?",ck Nico.
"Haaarrr nungguan ngadagoan anu mere kalayan iklas eweuh,conto na ma uti sahaaaa anu nulungan? Jelema bengah di lembur ieu?pamarentah? Euweuh kooo euweuhhh,nya uing mah menta jakat secara paksa ka jelema2 sombong anu lubak libuk ku dunya na lah dri pada di parake dugem jng jalan2 ka luar negri mening di penta ku uing jng nulungan anu butuh....panasss hareudang kieu euyy...", ck jacky bari muka baju na breehh katempo tanda lahir dina dada na hideung segede duit limaratus.
------------------------------***********-------------------------------
" mah....sha2 bade bakti sosial di lingkungan pengkeren toserba sareng aktifis kampus",ck sha2 ka indung na.
"Mamah ngawiat nya kin urang miwarang masak ka wa Darmini...", ck indung sha2 anu taya lian ti Berkah.
" nuhun mah...bilih bade ngiring atuh mah,da bade buka warung gratis buat duafa...",ck sha2.
"Moal aahhh ke sanes waktos we...", ck Berkah bari imut,
" ayaaa naonn yeeuuhh mni serius...",ck Biyan anu kakara datang langsung diuk gigireun anak na sha2.
"Ieu sha2 ngajak baksos...", ck berkah.
" bagus dong...ajak atuh kali2 maul lain di kamar we jng kelayaban....",ck Biyan bari am ngahuapkeun sangu goreng.
"Muhun ke urang tawisan ku mamah....", ck berkah.
Beres sarapan biyan jng sha2 pamitan biyan mah ka kantor sha2 mah ka Campus.
Berkah ngaleos ka kamar maul bari keketrok kana panto kamar,
" maul....maul....maulana yusuf....gera gugah bageur...ka Campus moal?!",ck berkah.
Bray panto di buka kasampak maul masih keneh sare tibra.
"Masha Alloh maul...ayo gugah,kumaha ieu teh...tadi netepan subuh teu...ya Alloh maul....!!", ck berkah bari ngusapan buuk maul,maul nguliat hudang bari kucap kiceup.
" mah....maul ukeun artos nya bade ngamodip mobil...",ck maul bari nangkeup berkah.
"Sok gugah heula....ke ka ayah nyariosna", ck berkah.
" aaahhh males aahh si ayah mah teu ngartos kana kahoyong maul....ku mamah we nyarios na!",ck maul bari ngagoledag deui.
"Eeehh ieu mah....hayooh gugah heula...!", ck Berkah.
" nya asal mamah janji masihan artos kangge modip nya mah",ck maul.
"Muhun kumaha engke we sok gugah heula", ck berkah bari ngaleos ka dapur nyamperkeun Darmini anu kr beberes.
" maul teu acan gugah yi?",ck darmini
"Teu acan ceu2...kalah nyungkeun artos kangge ngamodip mobil geura", ck berkah.
" oohhh....ari saur abdi mah pasihan we bu,hawatos maul bilih minder dina pergaulan nana da banda urang teh sanes kangge mela an anak apanan",ck darmini pinter pisah mangaruhan berkah.
"Muhun tapi ke abdi pangmasakeun kangge sha2 nya ceu bade baksos saur na", ck Berkah.
" aahh neng sha2 mah sok araraneh wae hoyong nateh kapuji wae ku batur make jng babagi sagala,",ck darmini langsung manyun.
"Sanes hoyong kapuji ceu tapi memberi dan berbagi", ck berkah.
" muhun tapi na da ujung2 na hoyong di puji lah",ck darmini.
"Aahh kumaha euceu we ngan omat ke balanja ka pasar ieu artos na candak", ck berkab bari ngaleos.
Darmini jamotrot salila ieu maneh na teu resep ningali sha2 anu nambleg pisan Fatimah alm,pasipatan nana ge bleg we fatimah jiga nateh si jenat ninggalan kenang2an ka biyan jng berkah.
Marsha azzahra mahasisiwi tingkat 1 anu kasohor pinter jng cicingeun ka angkat jadi seksi Rohis di kampus na,maneh na aktipis di bansos kareus Biyan jng Berkah beda deui jng Maul anu gawe na nongkrong di Cape2 jng discotik kuliah kedul hare2 hirup sanajan gs nincak 25 taun tapi maul pangedulan gawe na ngan menta an duit ka biyan jng berkah,komo berkah anu di hasut wae ku Darmini bru bro merean duit ka maul.
Beda lamun sha2 anu menta duit sok di halangan ku Darmini bahasa na awewe mah teu menag nyekel duit gede bisi di pake teu baleg kitu ck Darmini mah.
H A N C A
Ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,19 mart 2019
Komentar
Posting Komentar