Kumpulan Cerpon sunda Kengeng Andhyn
#Anu ngadadak lebay (cerpon)
Kengeng αи∂нуи
"Tring....!!!", sora pemberitahuan WA ku Tony di reret kaciri ngaran 'istri ku' anu nga WA teh,saminggu ieu Amelia pamajikan nana unggal usik nga WA-an wae padahal jarang di waleran ngan WA anu penting we anu ku tony di bales mah,
Nya an we harita ge Lia ngirimkn fhoto conto buuk pondok bari make katerangan,
" Ayah lamun rambut mamah kieu sae teu?",
Tonny ngarahuh WA ti lia di antep we asa haroream malesan nana oge pira ge model buuk lah sabodo dk di kukumaha oge biasa na di gelungkeun make karet geulang cukup asa teu kudu di reka2 da gs lain ABG deui.
Teu lila "triinnggg...!!!", sora WA deui di lieuk masih lia ayeuna ngirimkn conto make up make katerangan di handap na,
" ayah sae na ayeshadow na anu dusty pink atanapi anu coklat mocha?",
Tony kuat ku keuheul pira ning nu kitu mni kudu bewara ka maneh na,biasa na ge tara ieuh badami kamaneh na,
"Ari kieu2 teuing mah da matak kesel....", ck Tonny ka indra babaturan kantor na basa beres sholat lohor di mushola masjid.
" jahahha coba anu nge-chat na pamajikan batur kamu jiga na moal ngeluh...",ck indra bari ngutek2 halis na kaluhur kahandap.
"Aahh gejul teh...ari di omongan kalahka leweh kamari ge pok na teh meni teu kengeng ngajak badami cenah", ck Tony deui.
" haaarrrr nya eunya atuhhh piraku kudu badami ka salaki batur mah,bae atuh jiga na lia teh kermengenang masa lalu jng kamu,atoo justru kamu anu hare2 mrn ka lia jdi lia menta di perhatikeun ku kamu...",ck indra.
Tonny ngahuleng emang bener salila 15taun rumah tangga lila2 anu baheula sok romantis teh ayeunamah justru jadi asa arera,sagala na jadi serba biasa euweuh deui ungkapan2 jiga baheula justru ciga cai di walungan ngageuleuyeung weh...
Baheula basa jaman bobogohan mah apan nyebut ge si sayang,anak hiji kakara robah jadi mamah nepi ayeuna, nya kitu maneh nage nyebut ka kuring ayah we anu asal na si "cinta" teh.
Tapi kakara minggu kamari lia jadi robah deui basa tony balik gawe maneh na ngajanteng hareupeun panto make baju tank top calana pondok ku tony di pelong bangun anu heran,
"Aya naon mah..?", ck Tony
" teu aya nanaon hoyong we ngajemput 'cinta' uih damel",ck lia bari sura seuri.
Tony ngan saukur ngalieus da asa teu aya pangaruh na atuh kajeun pake baju sing sarwa mini oge,asa angger we euweuh anu oyag dina hate teh,estuning biasa wae.....
Sore malam Ahad Lia gs ngajanteng dina lawang panto potongan buuk anyar pondok make warna coklat ngora Tony ningali sakedeng saterus na ngalieus jiga biasa,
"Ayah...mama nembe potong rambut....", ck lia bari uman imen.
" tosss teraanngg ka katinggal ku ayah ge",ck tony lempeng.
"Iihh ayah mah mni...aya perobahan teu,saur anu di salon mah wajah mamah jadi lebih muda sedikit...eunya kitu ayah...", ck lia deui.
Tony unggeuk bari dina hate na namah ngomong,
" nyaa pasti muji tukang salon mah da hayang ngalanggan,ck urang B ajah...",ck tony dina jero hate na.
Ayeuna lia jiga budak ABG di imah estuning make baju parondok wae ku Tony teu di tanya naha,ngan di leret ku juru panon hungkul,Buuk pirang na katambah riasan dina wajah na asa beuki menor biwir ge mni ganti2 rupa nateh,ayeuna beureum isuk na coklat isuk na deui ungu isuk na deui oranye.
Dina WA lia ngadadak robah deuih ayeunamah make bahasa bobogohan make ngaran 'cinta'deui,Tony mineng ngahuleng nya beger deui kitu pamajikan teh? Naha asa ngadadak robah awak jadi asa beuki langsing pakulitan asa beuki bodas sepa jiga na make pemutih.
"Aaahh haroream loba tatanya ku masalah gawean oge gs sakitu lieur na bae aahh antep we...", kitu pamikir Tony.
2bulan ti robah na Lia kakara Tony menang ,Lia pamajikan nana koma di RS ck dr Lia keuna ku panyakit kanker rahim tos stadium 4,kakara kapanggih 2 bulan katukang tapi Lia teu bebeja ka Tony.
Tony anu sibuk ku gawe ngan saukur nanya duit balanja cukup atawa heunteu jarang nanya kasehatan Lia,paingan awak na makin orot panya Tony lia diet da hayang pisan begang Lia teh.buuk murudul panya Tony akibat ku pewarna rambut.panon beuki cekung ngan di pulasan we ku make up,Tony beuki kaduhung pernah nuduh lia beger deui padahal mah maneh na nutupan panyakit na.
Tony nyekel leungeun anu make selang infus leungeun lia anu makin peot,panon lia peureum pipi kemong buuk gs murudul kari seutik deui balas di kemo wae,irung make selang oxygent.
Tony ngusapan buuk anu cerewing tuluy ngusapan pipi lia mata tony karasa panas pantesan 2bulan ka tukang dumadakan Lia jadi robah jiga budak ABG jiga na maneh na gs nyaho umur na moal pililaeun deui,
" Ayah...Ayah emut keneh teu kapungkur ayah kantos ngintunkeun lagu marcel anu judul na 'jangan pernah berubah', ayah....emut teu?",ck Lia basa peuting2 bari nangkeup awak Tony.
"Hhhhmmmmm emut....", ck Tony bari mereuleuk heuay.
" teras ayah kantos nyangem mamah teu kengeng robih nyebat ayah 'cinta' tapi mamah kalah nurutan nyebat 'ayah' jiga barudak...mmmhhh mamah bade nyebat 'cinta'deui nya ayah....",ck lia bari ngulinkeun jangot tony anu mimiti panjang.
"Hhhhhmmmmm....", ck tony bari leuleunyapan.
" iihhh cinta mah kalah ka obooo gening",ck Lia bari angger ngulinkn jangot Tony.
Harita Lia neuteup Tony anu pules sare cape jiga namah pagawean Tony anu nyita waktu jng kulawarga,Tonny anu kepala scurity di salah sahiji perusahaan boga tanggung jawab anu gede,teu karasa cipanon maseuhan pipi lia jol murubut laluncatan paheula2 kaluar,minggu kamari Lia ka dr da pendarahan anu teu eureun2 sangges di USG jng ngajalankn sebeberaha kali test lia diponis kanker rahim stadium 4,Lia gs teu boga harepan deui tapi tiap maneh na dk ngabejaan salakina asa teu tega,waktu Lia mimiti di kemo awak Lia karasa panas buuk makin marurag awak langsung turun drastis.
Poe kapoe Lia makin robah tapi maneh na keukeuh moal ngabejaan salakina,dina waktu anu makin ngadeketan kana ajal na Lia hayang ngulang deui waktu2 basa kakara panggih jng Tony hayang ngahudangkeun deui rasa tresna anu pernah ngancik dina dada basa munggaran panggih,tapi tony teu peka.....
Awak Lia di turuban ku simbut bodas RS sangges dr ngalaanan selang infus jng oxygent tina awak Lia,Tony nyuuh di gigireun Lia cimata teu kabendung teu nyangka pamajikan anu dipikacinta na ninggalkn maneh na,samemeh asup RS Lia menta lalajo ka bioskop tapi ku Tony teu di waro sugan teh moal ninggalkn tiheula sugan teh teu panyakitan lamun Tony nyaho lia geuring tongboro ka bioskop jiga na menta ka bulan oge dk di usahakeun,ayeuna tinggal layon Lia hareupeun Tony anu kamari2 lebay....anu kamari dumadakan hayang di sebut si sayang kiwari gs ngabebengkang,kaduhung ... Kamari Lia nitah ngaganti ngaran mamah dina hape Tony ku "si sayang" tapi teu di gugu,kakara kamari di ganti ku toni jdi "si sayang" hanyakal barang beres di ganti "si sayang" kalahka ninggalkn maneh na,
Tony leuleus teu mampu nangtung2 acan angger nyegruk ceurik sagigireun "si sayang",kamari WA panungtungan Lia hayang manggil kana hape na hayang ningali ngaran "si sayang" dina hape Tony tapi eta panggilan panungtungan,basa lia ningali hape tony di panggil ku hape maneh na aya tulisan "si sayang" lia imut,imut anu dipaksakeun bari ngalawan nyeri na panyakit harita ku Tony pipi lia di ciuman...aya rasa anu ngagugudag dinanjero dada....hampura lia...."si sayang" akang.....hampuraaaa aakkaanggggg....!!!
T A M A T
Komentar
Posting Komentar