Dongeng sunda NGAN SAUKUR IMPENAN
#NGAN_SAUKUR_IMPENAN (NSI)
Bag.1
Kengeng αи∂нуи
Mutiara
Milik lain menang kahayang sorangan, lahir ti kulawarga anu mapan kolot anu benghar lega tanah katambah indung bapa boga kedudukan di perusahaan anu bonafid.
Tiara boga beungeut geulis najan teu di pulas kulit hejo carulang buuk gomplok hideung meles asa sampurna hirup na kamana2 di antar jemput ku supir na duit kari nyokot di ATM hayang naon kari indit soraangan atanapi pesen via online,anu kurang iwal ku kahadiran kolot na Tiara ngan hirup sorangan di imah di baturan ku pembantu na harta lubak libuk,imah gedong sigrong oge asa karasa sepi we da indung bapa na saribuk pisan.
Berkah
"Nya teu salah ngaranteh "Berkah"?", ck guru eman ka Berkah anu ngeluk tungkul teu di tembalan ieuh da unggal usik guru eman mah nyengseurikan ngaran maneh nateh.
" bejakn ka bapa hidep ngaranan budak teh anu umum nya,ieu mah ngaran budak jiga ngaran toko,jba budak awewe deuih....asa kurang pantes we...",ck guru eman,berkah beuki ngeluk tungkul asa era di wiwirang ku guru na di hareupeun babaturan sakelas,kajadian teh lain sakali wae mineng maneh na jadi bahan sengseurikeuneun babaturan sakelas na,
Pernah protes ka bapa na nganaha naha make ngaranan berkah jiga anu eweuh ngaran deui bae anu ngaran anu umum jiga iis,nani,tuti,dewi naha ieu mah make ngaran berkah jiga ngaran jng toko wae,bp na ngan ukur imut ngusapan sirah berkah anak na,
Beungeut anu pas2an irung pegek,mata bolotot biwir rada kandel,lamun kr di buli ku babaturan nana berkah sok di sebut berkah bolotot aya oge anu nyebut si jeding,nyeri2 namah tapi sok narima we kana kanyata an.dasadayana paparinan ti Gusti anu maha suci lain menang kahayang Berkah.
Wulan
Jelema biasa2 hirup na estuning tara kabebanan wulan resep pisan dangdan atuh mun kamana2 teh kudu menor wae lamun kaluar tanpa riasan teh teu PD cenah,
Wulan anak tukang dagang di pasar di sebut benghar bisa tapi di sebut kurang wae bisa,estuning hirup na wulan teu susah teu senang biasa2 wae boga rupa biasa2 ngan di pulas di dempul wae halis ngajedig teh make patlot biwir beureum make gincu panon bulao jng pink make ayes shadow pipi we jiga malas aya anu nonjok beureum teu weleh make maskara anu bolokot hideung lamun ka kesangan amuratel maklum maskara merk jaringao tea made in china.
Masa SMA
3wanoja di panggih kn di KLS anu sarua,di sakola SMK jurusan perkantoran kusabab bangku na meh sajajar Mutiara,berkah jng wulan jadi sosobatan lamun kaparengen istirahat 3cing alabring ka kantin sakola kitu deui lamun pas balik 3an we babarengan sanajan ngan nepi ka jalan utama.
Ari mutiara di jemput ku mobil pribadi na berkah mah na naek angkot lamun wulan mah lempang da jarak sakola jng imah teh deukeut.
Mutiara anu anak jelema beunghar nya geulis nya pinter tangtu loba lalaki anu ngadeukeutan maneh na,ngantri hayang jadi bebende na mutiara ti babaturan sakola nepika mahasiswa aya deui anu gs gawe oge tapi mutiara teu gampang ngagubragkn pilihan nana,
Beda deui jng wulan maneh na justru anu nawarkn2 diri ka lalaki pok nateh ges kajamanan lamun awewe nembak ti heula.
Ari Berkah budak dusun minderan rumasa boga rupa anu teu sabaraha,teu boga duit jang ngagaya estuning budak cicingeun can ngalaman boga kabogoh tong boroning kabogoh lalaki anu naksir ge teu aya,berkah sadar maneh na jauh jng 2 sobat na anu hiji sibuk nolak lalaki anu hiji deui sibuk neangan lalaki,
Barkah mah ngan bisa nga-doa kanu kawasa unggal usik seja nyungkeun di tangtayungan di jauhkn tina tipu daya jelema2 anu niat dzolim ka maneh na,memang berkah teu aya pamuda anu mikareuseup ka maneh na rumasa pisan loloba na lalaki teh lamun teu ningali rupa gening ningali na kana harta tah berkah mah teu boga dua dua na,pikeun Berkah mah masa muda na dk di pake di ajar we ngudag2 elmu di sakola, di imah mantuan indung bapa na sugan jaga jadi jelema anu bisa ngabahagia kn kolot na bisa ngangkat harkat jng darajat nepi bisa mawa ka sawarga.....
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,16 feb 2019
#NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.2
Kengeng αи∂нуи
Isuk2 di sakola......
Mutiara turun tina mobil blug panto di tutupkn bari nangkeup buku anu karandel nyolendang kantong treeset,gulusur mobil ninggalkn mutiara anu ngemprid sorangan muru panto gerbang sakola,samemeh tepi kana gerbang leungeun Mutiara aya anu metot barang di lieuk Doni gs leumpang sagigireun Mutiara,
"Muti....sakedap Doni hoyong nyarios ka muti,penting...!!!", ck Doni
Mutiara ngan saukur ngalieuk mutiara gs nyaho naon tujuan doni megat maneh na.
" muti....liren heula sakedap iihhh serius ieu mah...!!!'',ck Doni bari ngereunkn lengkah mutiara.
"Naaoonnn iihh aku aya pelajaran penting di jam kahiji,sieun telat....", ck mutiara bari nempo kana jam anu meulit pigeulang na anu bodas di hias ku bulu2 anu lalemes.
" kumaha aku di tarima teu jadi kabogoh kamu?",ck Doni bari melong panon na pinuh ku harepan.
"Sebeberaha kali aku ngomong iihh ka kamu,aku moal bisa narima kamu...hayang fokus hla belajar sakedeng deui ujian...", ck mutiara bari ngepeskn panyekel Doni.
" muti...aku daek ngadagoan kamu sampe kamu beres ujian,aku dk satia ka kamu muti...",ck doni.
"Don...neangan nu lain we aku mah moal mere harepan ka sasaha ge,gs aahh aku sieun telat...!", ck mutiara bari lumpat ninggalkn Doni anu kekerot bari meureupkn leungeun na.
" mutiara....tingalikn siah....ulah di sebut ngaran aing lamun maneh ke leweh hayang jdi kabogoh aing...",ck doni bari kecrot nyiduh.
Tepi kelas Mutiara buru2 diuk kakara ge gek wulan ngadeketan bari mikeun coklat make pita warna pink,
"Yeeuhhh ti Aldo jng kamu tadi maneh na kadieu...", ck wulan.
Ku mutiara di tampanan dina pita na aya tulisan,
" kangge wanoja anu tiap detik ngeusian hate,mugia nampi katresna ti kuring,
'aldo', kitu eusi tulisan nana,Mutiara mikeun deui coklat ka wulan bari pok ngomong,
"Pek jang kamu we....",
" ciiuussss..???!!!",ck wulan bari sura seuri.
"Nya serius lah,bere si okah hiji ewang nya", ck mutiara bari nunjuk ka barokah ku gadona.
" aarriiii si aldo naaa...bae jang akuuuu....",ck wulan bari kucap kicep jiga boneka barby.
"Emmbbaatttt ....pek bae...", ck mutiara bari nyurungkeun wulan nitah indit,wulan teu sirik na igel2an bari nyamperkn barokah anu tatadi nyengseurikn kalakuan 2sobat na.
" tahh jang kamu jng aku hiji ewang",ck wulan bari ngasongkeun coklat ka barokah,ku barokah di tampanan sup coklat teh di asupkn kana kantong,keweh di purak na di imah bari dk mere ka adi2 na anu kurang menang jajanan,
"Nuhun nyaa...", ck barokah.
Pasosore basa bubaran sakola......
Mutiara,barokah jng wulan lalempang kaluar ti panto gerbang sakola,
" okah,wulan ngerjakeun tugas na di imah aku we nya? Ke pulang na di anterkn ku supir aku,nya??",ck mutiara.
"Aku mah hayu2 sajaaaahhh", ck wulan
" aku ge hayu wae...",ck barokah.atuh 3an nana muru kana mobil mutiara anu gs nyampak di sebrangeun sakola,sup2 kana mobil biur mobil sedan hideung ninggalkn palataran sakola muru imah mutiara,
Satepina di imah mutiara barokah jng wulan teu langsung ngerjakeun tugas tapi maraneh na di jamu heula ku mutiara,sangges pesen pizza 3an bararang dahar bari sempal guyon silih sirik.
Barokah mah rut ret we ningalian imah anu mewah barang2 anu arantik sing sarwa modern ngabanding2 jng imah maneh na anu sarumpek nya leutik nya butut,adi na anu 4 pasesedek ngeusian kamar anu ngan 2,kadang2 barokah mah sare di tengah imah ngampar ku kasur palembang anu gs ampeg beurat ngabegegel.
Sangges wareg kakara mutiara mawa macbookair na tuluy der we 3an ngerjakeun tugas nepi ka sore.
Samemeh maghrib barokah jng wulan gs baralik di anterkn tepi imah na masing2 ku mutiara jng supirna,sabalik na ti imah mutiara barokah jdi rea ngahuleng maneh na hayang sukses hayang jadi jelema jeneng tekat dina dada barokah lamun maneh na kudu berjuang supaya ke jaga hirup na moal susah jiga ayeuna.
Carita wulan......
Bobogohan jng wandi budak gank motor ngan ukur 6 bulan,ayeuna maneh na ker ngaheroan Aldo mahasiswa tingkat ahir,padahal Aldo kr ngudag2 mutiara kulantaran mutiara na cuek wae wulan jadi boga kawani ngadeketan Aldo,carita na wulan jadi panglayar na aldo ka mutiara unggal poe aldo nanyakeun informasi ka wulan nge-chat wulan teh samangsa2 ukur nanya2 tentang mutiara,lila2 wulan teh jdi ambek ka mutiara maneh na ngarasa timuru ka mutiara naha lalaki teh lolobana ngudag2 mutiara wae.
Hiji waktu wulan nyieun siasat kumaha cara na supaya maneh na bisa indit paduduaan jng Aldo,
Gancang wulan nge-chat Aldo bari sura seuri sorangan.
"Al...tiasa teu ke wengi mendakan mutia di cape bunga?", ck wulan
" tiasa atuh naon sihh anu teu tiasa kangge muti?",ck aldo bari make emotion ngiceup sabeulah,wulan langsung juba jebi asa nyeak panas hate na.
"Nya ke jam 7 saur na Aldo tipayun we ka cape bunga", ck wulan deui
" oke....pasti !!!",ck Aldo.
Wulan nyengir maneh na atoh kulantaran ke peuting justru maneh na anu bakal manggihan aldo di cape bunga.
Jam 7 malam Ahad hari ta teh Aldo gs diuk dina korsi di jurueun cape ngahaja neangan tempat anu nyingkur supaya teu loba anu ngaganggu,aldo ret deui ret deui ningalian kana jam tapi anu di tungguan can datang keneh,
Tikajauhan wulan noong aldo anu kerdiuk bari gulinggasahan,ngan seuri we wulan mah maneh na hasil ngagiring Aldo ka tempat eta,sangges aya setengah jam wulan kaluar ti tempat panyumputan nana bari api2 lempang rusuh maneh na nyampeurkeun Aldo anu masih ngadagoan mutiara,
"Al....aduh hampura Al bieu teh muti dk indit pisan tapi indung bapa na kakara balik ti luar kota,ngadadak cenah...", ck wulan bari akting hah heh hoh bangun anu cape.
Aldo ngan molohok melong ka wulan,
" iihh kamu mah hanas aku gs nungguan setengah jam yeuh..",ck aldo bari nembongkn jam tangan na.
"Nya eta di luar perkiraan cenah Al....jba tuu si muti gs meuli tiket nonton sagala,bieu teh nga WA aku nitah aku datang bari mikeun tiket na ck si muti jug we bisi dk nonton mah 2an aku jng kamu", ck wulan bari melong ka aldo leungeun na ngaluarkeun tiket nonton 2 song di asongkeun ka aldo.
" eeeeuuuhhhh....kumaha atuh,eta tiket lebar nya geus we ayeunamah urang nontn hayuu aahh bisi kaburu derr film na",ck aldo bari nangtung di tuturkn ku wulan anu seuri siasat na hasil dina hate na wulan ngabarakat bari nyebut "yessss....yessss berhasil", cenah.
Gancang na carita wulan jng aldo lalajo film dua an wulan maling2 teuteup ka aldo anu diuk gigireun nana,
" mmmhhhh ganteng pisan aldo teh lebar lamun ka si mutikn teh untung uing pinter,aldo anjeun kudu kapimilik ku kuring kajeun kumaha cara na,kudu pokonamah...",ck wulan dina jero hate na.
Sabeberaha kali wulan api2 ngilu nyumput kana taktak aldo kabeneran film na film jurig aldo teu curiga nanaon maneh na cicing we komo basa ujug2 wulan nangkeup maneh na leungeun na kalah ka ngilu nutupan sirah wulan,atuh wulan atoh kabina2.
Ti saprak acara lalajo eta aldo jng wulan tambah deukeut kamana2 tara tinggaleun wulan teh tuluy nempel aldo kitu deui basa aya acara turing ka daerah pangandaran wulan ngilu di bonceng ku Aldo di pangandaran wulan masrahkeun mahkota na ka Aldo sugan aya rasa kaduhung reueus we nu aya wulan harita pangrasa na maneh na gs bisa nakluk kn hate aldo,padahal mah.......
H A N C A
Ngan saukur impenan kengeng Andhyn
Bandung 17 feb 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.3
Kengeng αи∂нуи
Masa tenang samemeh ujian....
Berkah ngapalkeun bari ngasuh adi2 na anu keur meujeuh bilatung dulang,teu hese jng maneh namah da sapopoe ge tara tingaleun ngapalkeun bari mantuan indung na ngasuh adi2 na.
Mutiara ngilu bimbel di tempat anu pangmahal na maneh na bener2 nyiapkeun diri supaya ke dina waktu na ujian moal ngatog da gs mineng latihan soal ti anggal na ke gs beres lulus SMK mutiara dk nuluykeun kuliah di fakultas anu gs di impi2kn ku maneh na.
Wulan ngajoprak ngararasakeun rieut sirah na ti isuk2 uo jng uo we jiga anu asup angin padahal kamari maneh na gs di pang ngerok kn ku indung na tapi masih angger we sarebel,beuteung asa rarangkeung kitu deui pinareup asa palaur lamun katodel teh duka kunaon,panon asa ranyay atuh boboraah ngapalkeun ngajoprak we menang 2poe mah.
Waktu na ujian....
Alhamdulillah berkah mah bisa ngeusian kalayan gampang puguh persiapan anu matang kitu deui mutiara maneh na percaya diri bisa lulus kalayan hasil anu nyugeumakeun,
Wulan mah waktu ujian teh teu asup sapoe poe acan maneh na ngajoprak di kamar na teu wala kaya sirah beurat asa aya anu nindihan awak leuleus da teu asup sangu2 acan gawe na uo we bari awak na sing sariak asa tariris wae.
Atuh berkah jng mutiara hariwang dina waktu na final wulan kalahka geuring ampir unggal balik sakola berkah jng muti ngalongok ka imah wulan nempo sobat na anu geuring salila ujian sakola,
"Kamu teh kunaon atuh lan? Cape teuing atawa kumaha?", ck Muti bari ngusapan sirah wulan basa balik sakola panuntungan ujian.
" nya lan jaba lamun kamu teu ngilu susulan otomatis kamu moal lulus",ck berkah.
"Bae aahh da aku mah moal kuliah ieuh aku moal ka sakola deui,kah...muti'',ck wulan bari metot salimut ngarikipan awak na padahal tengah poe keur mejeuh na panas ereng erengan tapi karasa na ku wulan mah asa tariris we.
" nya tapi kamu moal kuliah oge atuh boga2 izasah lan...",ck muti.
"Aahh bae muti da ari kudu nyulus ujian aku teu kuat,aku gs haroream mikiran pelajaran lah muti", ck wulan.
" tapi lan....",ck muti teu kebat da wulan kalah ka di karimun ku simbut.
Muti jng berkah silih pelong bari ngangkat tak tak na ngarasa kuciwa ku sikep wulan.
Beres ujian.....
Di papan pengumuman ngagulung siswa siswi SMK nempo hasil ujian jng kelulusan berkah jng mutiara pasedek sedek hayang ningali hasil na.mutiara napelkeun curuk na kana kertas pengumuman barang ningali ngaran maneh na urutan 5 mutiara teu sirik na ajrag2an cingcirigeun atoh aya ngaran maneh na,
"Muti...ngaran aku mana muti....?", ck berkah bari semu ngadegdeg neangan ngaran manehan nana.
Curuk na nyasar kertas pengumuman tihandap keneh maju kaluhur di handap teu aya...di tengah ge lebeng teu aya berkah asa ngeleketey ngaran maneh na teu aya,piraku kaliwat mah atawa teu lulus mah? Panasaran curuk na mapay deui kana kertas pengumuman tea tapi lebeng teu aya panon na mimiti panas piceurikeun gs nyedek berkah mundur rada jauh tina papan pengumuman mutiara nyampeurkeun bari hariweswes nanya ka berkah,
" kamu peringkat ka sabaraha kah? Cenah,berkah ngan gogodeg kerkitu datang olivia bari ngagabrug berkah,
"Berkah aku lulus aku lulus....kamu hebat berkah...!!!", cenah bari tuluy we ajrag2an,berkah ngan ngahuleng we ningali tingkah olivia teu ngarti,
" Berkah kunaon ai kamu bangun teu berag iihhh?!!",ck Olivia,Berkah jng mutiara silih reret keur kitu torojol Abdul langsung ngajak sasalaman ka Berkah anu masih olohok,
"Selamat nya Berkah kamu memang anu trbaik...!!!", ck Abdul bari ngepel leungeun berkah pageuh,Abdul teh saingan berkah di bidang mata pelajaran nanaon.
Beuki teu ngarti da ngaran maneh na euweuh di antara ngaran2 murid anu di pajang di papan pengumuman,
" aku teu ngarti dul?",ck Berkah
"Hayuuu.....", Abdul nungtun leungeun Berkah kahareupeun papan pengumuman nyingraykeun murid anu sejen,berkah nangtung gigireun Abdul ramo2 abdul nutupan hiji ngaran anu pangluhur na,kaciri tulisan nana sisiwa terbaik dari keseluruhan peringkat 1 di SMK N 1 ......
Lalaunan ramo2 Abdul muka......
"BERKAH BAROKAH"
Berkah olohok tadi maneh na ngan neangan ngaran na di jajaran handap sarua jng babaturan anu sejen pantesan euweuh da gening ngaran maneh namah pang luhur na jadi siswa terbaik teu karasa cipanon murubut laluncatan mapay pipi teu nolih nanaon Berkah sujud syukur ka Alloh nganuhunkn kana sagala rupana,denget harita poe harita dina pangsujudan Berkah nganuhun kn ka bapa na anu gs mere ngaran Berkah Barokah gening jadi kanyataan maneh na menang kabarokahan dina bidang pendidikan maneh na lulus kalayan meunang peringkat trbaik di sakola na.
Berkah pada ngariung babaturan nana mere ucapan selamat ka berkah ngagimbung bari ngawilujengkeun,bungah kacida harita berkah cipanon kagumbiraan salila 3 taun sakola ayeuna kapetik hasil na meunang peringkat 1 sa sakola.berkah di sauran ku kepsek maneh na leumpang asa ngalayang masih asa aya dina pangimpian memang salila sakola maneh na pasti rengking ka 1 wae tapi teu nyangka lamun berkah teh siswa pangpinterna di sakola.
Tepi ka ruang kepsek berkah di titah asup ku kepsek,
"Kalebet neng....!!!,ck kepsek bari nyampeurkeun ka berkah langsung ngajak sasalaman bari leungeun kenca na nepak taktak berkah.
" wilujeng neng berkah barokah.....anjeun siswa pinunjul nilai na paling ageung hasil na nyugeumakeun...",ck kepsek
Berkah ngeluk tungkul hate na bungah kacida,
"Sadayana bantosan ti bapa ibu guru,abdi tiasa pinunjul dina pelajaran tangtos perjuangan ibu bapak guru anu tos ngadidik abdi salami di sakola pak...", ck Berkah.
" ieu bapa masihkeun beasiswa kanggo neraskeun kuliah,sareng aya panggilan magang ti perusahaan luarnegri kangge siswa teladan...",ck kepsek bari ngasongkeun Map Barokah narima map bari ngadegdeg cipanon barijilan deui asa gs teu bisa ngomong nanaon deui ngan kudupruk deui sujud syukur bari nyegruk ceurik,barokah budak anu pada ngahina anu sabar kupanghina ti sasaha kiwari maneh na di angkat ku Alloh harkat jng darajat na sakaligus,nya di bere pagawean nya di kuliah keun garatis
-------------------------------***********---------------------------
Wulan kakara bisa cengkat gs teu jangar teuing,maneh na kakara inget asa gs 2bulan teu kerseban rus ras inget kalakuan maneh na jnh Aldo unggal panggih di pake jng jarinah bari Aldo mah asa can pernah ngomong lamun maneh na mikacinta wulan,ngan wulan na we ngasong2 wae ngajebak Aldo ngajak sapatemon ilaharna salaki pamajikan,wulan gs teg lamun maneh na ker kakandungan kuniang hudang maksakeun ka kamar mandi sangges mandi jng dangdan basajan maneh na kaluar muru ka apotek meuli alat tes kehamilan,di toilet umum maneh na ngetes uraine na barang garis beureum na 2 wulan ngahuleng buru2 wulan ngampihan tespeck na tuluy kaluar di toilet kusiwel ngaluarkn hape na nga WA aldo ngajak jangjian di tempat biasa,Aldo nyanggupan puguh gs lila teu manggihan wulan teu menang serpis-an garatis ti wulan.
Gancang na carita Aldo jng wulan gs padudua an di kost-an Aldo,saperti biasa ilaharna garong penjahat kelamin Aldo menta di layanan ku wulan padahal harita Wulan ngomong kr gering tapi da gs ka euntrupan setan Aldo teu malire ngagawean wulan anu kr teu garenah awak,
Beres ngalajur nafsu na Aldo ngagoler gigireun Wulan masih keneh can marake baju,wulan nangkeup Aldo bari pok na,
"Al....ulan jiga na hamil.....", ck wulan ngadagoan reaksi Aldo.
" hhhhmmmm....gugurkeun....kuring teu siap tambah kita mah ngan ukur senang2 suka sama suka euweuh komitmen nanaon...!!!",ck Aldo lempeng.
"Aldo......!!! Tega kamu mah iihhh....aku gs berkorban jng kamu al...masrahkeun kagadisan aku,masrahkeun masa depan aku ka kamu....aldo hayu urang kawin do...!!", ck wulan bari mimiti ceurik.
" naaoonnn kawin.....ngaco kamu mah...aku mah teu cinta ka kamu....aku ngan hayang senang2 hungkul bongan na kamu atuh teu bisa ngajaga na naha make bisa hamil,hampura kuring masih hayang kuliah masih hayang lalajangan....",ck Aldo bari cengkat nyuntrungkeun awak wulan nepi ngagubrag kana kasur,wulan ceurik awak na anu bulucun di tutupan ku simbut
"Aldo......tega kamu mah....!!!", ck wulan
Aldo teu malire maneh na buru2 make baju terus ngarawel konci motor na teu ngalieuk deui biur Aldo indit ninggalkeun wulan anu ker ceurik make motor.
Kaduhung nyelek dina dada wulan.....ngalajur nafsu nuturkeun pangajak setan.....
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.4
Kengeng αи∂нуи
Mutiara
Teu karasa gs semester ahir kuliah di jurusan manajemen bisnis,sakedeng deui mutiara ngangeuskn kuliah na rencana na beres kuliah Mutiara dk langsung kawin jng pengusaha muda asal Malang anu kr meujeh na sukses,Aryo brotoseno.
Berkah
Magang di perusahaan asing bari kuliah nyita waktu na barkah nepi ka ayeuna can boga papacangan,keur mah maneh na cicingeun katambah minder ku ka ayaan maneh na rumasa ngan boga beungeut anu pas2an.prestasi berkah di perusahaan kawilang alus kapake ku pinpinan oge rencana na beres kuliah berkah langsung di angkat jadi pagawe tetap.
Berkah ka asup pagawe teladan anu berdidikasi tinggi.
Wulan
Rumah tangga jng Odie ngan miceun salasah hungkul,Odie katempuhan buntut maung harita basa wulan kakandungan 2 bulan kenalan jng Odie kaciri Odie boga hate ka wulan,ku wulan teu di sia2kn Odie di jiret di jebak sangkan daek ngawin maneh na Odie anu teu nyaho nanaon daek tanggung jawab,di sangka na budak anu di kandung ku wulan th bener we anak na.
Waktu lahiran anak na wulan ngaku lamun anak na lahir prematur padahal mah memang gs cukup 9bulan maneh na sibuk nutupan anu sabener na ti kabeh kulawarga na,ayeuna budak gs umur 4taun wulan jng Odie ngontrak imah teu jauh ti imah kolot na Odie kahirupan wulan anu pas2an nyieun rumah tangga Wulan jng Odie awet rajet mineng getreng wae Odie anu ngan buruh pabrik teu bisa mere kahirupan anu leuwih pikeun anak pamajikan nana.
Reuny 3 sobat......
Mutiara asup kasalah sahiji Cape anu terkenal di daerah Sari jadi,sangges pesen meja maneh na diuk di pojokan Cape kusiwel ngaluarkeun hape na
"Okah....aku gs di cape ku aku gs di sharelok Gmap kn tempat na,buru nya....!", ck muti nlp berkah sobat na.
Terus neruskn nlp wulan,
" ulan...aku gs di cape kamu d mna keneh....hooh buru nya....!",muti nenden hape na dina meja.
Teu lila torojol berkah semu rusuh bangun anu gs teu kuat hayang geura panggih jng sobat na mutiara,pas tepi kana meja mutiara barokah nangkeup sobat na anu masih keneh diuk,mutiara malikeun awak na terus malik nangkeup bari cimata na ngalemereh bakat ku atoh panggih deui jng berkah.
"Okah....muti sono....", ck mutiara
" sami muti...okah ge sono ka muti...sono pisan",ck berkah bari ngaleupaskn tangkeupan nana,mutiara neuteup barokah anu make baju setelan jas katingali berkah lain pagawe biasa tapi jiga pagawe eksekutif ngan pedah teu dangdan hungkul,nga saukur make wedak jng lipstik ipis2.
Dua nana dariuk bari angger pacekel cekel leungeun,
"Si ulan can tepi keneh wae...kamana heula nya pdhal ttdi gs OTW cenah",ck muti bari ninggalian kaluar.
" macet mereun ...",ck berkah bari ningali jam anu meulit leungeun na.
"Okah kamu ayeuna ka orang mana?", ck muti
" mmmhhhh...teu ka sasaha teu pajeng okah ",ck berkah tungkul.
"Iiihhh ulah kitu teu acan we mrn", ck muti ka eraan.
Ker ngalobrol torojol wulan datang muti jng berkah cing galabrug ka wulan sarua numpahkn ka sono,wulan angger menor bahkan ayeuna dangdangan nana makin ningkah baju sexy napel kana awak na anu bahenol buuk na di pirangkeun.
" ulan iihh asa tambah geulis ayeunamah..?",ck muti.
"Aaahhh BE ajaahh...kamu anu tambah syantik mah", ck wulan daria padahal hate na atoh menang pamuji ti muti,berkah seuri we ningali wulan teh.
" ke..ke...kamu ngoling kita2 teh aya naon muti bangun anu penting boa2 kamu dk ngondang kawinan nya..?!",ck wulan nebak2 muti seuri,tuluy ngawaler
"Mmmmmhhhh anu kahiji sono ka aranjeun dua an anu kadua....nya kuring bulan hareup dek kawin ka orang malang ngaran na mas Aryo....", ck muti
" haaahhh...nya-an muti...asli na....?!",ck wulan.
"Aduh wilujeng nya muti,ngiring bingah...", ck berkah.
" nyaaa nuhun nya...sy ngahaja manggihan heula aranjeun supaya ke dina waktu na nikahan wulan jng berkah jadi tamu spesial ",ck muti bari ngaluarkeun kantong 2 eusi baju jng wulan jng berkah song-song di asongkeun ka berkah jng wulan ku dua an di tampanan bari langsung di tingali baju jang engke kawinan mutiara.
Mutiara imut ningali dua sobat na anu kerngebreng keun baju pamere ti maneh na,keur kitu torojol lalaki kasep make kameja biru dongker nyamperkeun kanu 3an,mutiara nangtung tuluy ngenal keun eta lalaki ka sobat na wulan jng berkah,
" ulan,okah....ieu mas aryo calon suami muti,mas ieu wulan anu ieu berkah sobat muti",ck muti bari nunjuk ka wulan jng berkah,gep 3an sasalaman Wulan mni olohok ningali Aryo anu ganteng nya kasep dedegan nana jiga hamis daud,mni hurung mata wulan ningali anu herang mah hate na ngagerendeng,
"Eemmhh bener2 kasep si aryo,duh bener gede milik si muti mah kerbeunghar teh salaki ganteng deuih.naaa ari aing salaki kolopetong hirup susah mni hese hayang senang teh...", gerentes hate wulan mimiti timbul rasa sirik ka muti.
4 an ngalobrol ngalor ngidul anu jarang ngomong mah iwal ti berkah gawe na ngan seuri seuri we nimpalan sobat2 na ngobrol teh,sangges beres ngalobrol panjang lebar 4an nana balubar berkah mah balik make ojeg on line ari muti mah jng aryo balik na sedengkn wulan maneh na ngomong dk jalan2 heula cenah,maraneh na janji ke panggih deui di acara kawinan mutiara jng aryo.
Cunduk waktu ninggang mangsa Mutiara jng Aryo ngucap janji baris ngahiji ngikrarkeun janji pasini silih jaga silih asih ngait keun ati nepi pati misahkeun maranehan nana,acara na di hotel bintang5 di wilangan dago tamu2 anu daratang ngaleut ngabanaleut puguhan jalmi aya,waja ka waja atuh acara resepsi teh kawilang mewah,harita berkah datang sorangan ari wulan datang jng anak jng salakina puguhan di titah ku mutiara ti sa anggal na yen salaki jng anak na kudu di bawa,salila 4 jam mutiara jng kulawarga ngajamu tatamu anu darongkap kabingah kapancarkeun dina pameunteu panganten sareng kulawarga kitu deui sareng para tamu ondangan,rengse acara anu mewah tur meriah Mutiara jng Aryo langsung arindit bulan madu ka singapur jng ka malaysia hadiah ti kolot2 na atuh kabungah teh asa sampurna pikeun panganten.
Balik ti ondangan Wulan murukusunu ka salakina ti barang kaluar ti gedung hotel biwirna ngan ngoceh jng ngoceh we,
"Tuuhh ayah batur mah kawin jiga kitu mewah meriah bener etamah raja jng ratu sehari teh,teu jiga urang beres hajat di petek ku kolot titah mantuan mayaran hutang urut hajat,naaa aingah nasib....!", ck wulan bari manyun.
" haaarrr kan eta mah rezeki masing2 atuh lan,ulah sok ningali kaluhur urang mah biasa na kan ari waja ka waja kaleng ka kaleng,kaya kanu kaya ari urang kan kaleng rombeng...nya wayah na we kanu rombeng deui....",ck odie.
Tapi wulan kalah ka ngageremet asa kabayang wae muti anu make baju panganten mewah,perhiasan anu renceum jiga na tina intan berlian wulan hayang boga kahirupan jiga sobat na mutia makin ngageremet dina dada wulan komo basa inget Aryo salaki mutia anu ganteng hate na heheaban sumeleket aya anu ngaharewos ngatur rencana supaya maneh na bisa ngahontal cita2 na,di harewosan ku iblis di bantuan ku setan Wulan nyusun rencana supaya maneh na bisa kaluar ti kahirupan nana anu sangsara.
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng αи∂нуи
Bandung,20 feb 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.5
Kengeng αи∂нуи
Berkah
Beres kuliah Berkah nyandang gelar Sarjana Ekonomi di perusahaan nana berkah mangku jabatan di bagian keuangan budak jujur,pinter jng sopan teu rea tingkah estuning andalemi.
Hiji mangsa Berkah menang tugas seminar di singapur atuh bral berkah indit jng dunungan nana nya eta bu Nency,
Bu Nency pengusaha exekutif anjeuna mangku sebeberaha jabatan di perusahaan gede,di singapur bu Nency nyempatkeun babalanja jng oleh2 kulawarga jng babaturan nana di moll anu paling gede di singapur,ngahaja ngajak Berkah supaya aya batur ngobrol.
Ker jalan2 ngaliwatan shalon kecantikan terkenal bu Nency ngagusur berkah asup ka eta salon berkah nurut we kana ajakan dunungan nana,di jero salon bu Nency nyokoy paket perawatan kecantikan kumplit tuluy nitah berkah oge ngilian jiga maneh na tadi na berkah embung da maneh na era jng can pernah pisan tapi di paksa ku dunungan nana berkah eleh maneh na nurut we basa maneh na di make over ku pagawe salon,
Beres nyalon bu Nency nyampeurkeun ka berkah anu sarua kakara beres barang ningali berkah bu Nency olohok bengong ningali berkah anu langsung robah jadi wanoja anu geulis jng modern,
"Okah....aduhhh mni geulis....ibu jadi pangling..", ck bu Nency olohok.
'Aaahhh ibu mah trlalu memuji....biasa saur abdi mah..", ck berkah bari tungkul.
" eehhhh beneran okah...kamu geulis lho...",ck bu Nency bari neuteup berkah.
"Hatur nuhun ibu...", ck berkah.
Sangges beres nyalon bu Nency jng berkah balanja baju,bu Nency mang meulikn baju2 anu alalus kr berkah harita keneh nitah di pake ku berkah atuh jelegedeg Berkah jadi wanoja anu geulis jng modrn jauh pisan jng Berkah anu kamari ayeuna berkah ampir sarua jng bu Nency wanita exekutip anu berkelas.
Sangges balik ka indonesia berkah pada muji ku Bu Nency di omat2an nitah jaga penampilan teu menang jiga kamari deui asal2an babaturan sakantor berkah mimiti aya anu lurak lirik ngan hanyakal pada sarerab ku posisi berkah aku mulai teu kahontal ku para jajaka anu sahandapeun piosisi na di kantor.
Mutiara
Gs ampir 5bulan Mutiara kawin ka Aryo brotoseno,mutiara gawe di perusahaan keluarga na kitu deui Aryo anu dirut di PT AB anu kantor pusat na di jakarta,dua nana saribuk lamun panggih teh paling lamun poe sabtu hungkul da minggu na sok kalah ka di pake olahraga golf atawa tenis jng ecsekutif muda di club olah raga para dirut.
Atuh kahayang boga momongan gancang2 teh can kacumponan dua nana masih ngarudag2 kadunya an,Mutiara anu sibuk jarang bisa ngurus salaki anu sarua sibuk komunikasi ngan via hp kadang poe saptu ge di pake jng ketemuan jng klien rumah tangga milenial tea we jiga namah.dunya barana gs teu kawadahan ge tuluy we di teang jiga nginum cai laut batan ngubaran hanaang mah kalahka beuki hanaang.
Wulan
Poe kapoe beuki unggah adat Wulan teh odie salaki na nyobaan ngalamar ka luar daerah kabeneran katarima di kota samarinda di perkebunan kelapa sawit Wulan di tinggalkeun ngumbara ku salaki na maneh na balik deui ka imah indung na,Wulan mimiti ngabret deui anak na mineng di tinggalkn jng indung na maneh na anyaclang jng babaturan anyar na mimiti wani dugem,karaoke tepi ka peuting sampe mimiti mabok2an.
Jauh ti salaki nyieun Wulan bebas gaul hiji mangsa Wulan papanggih deui jng Aldo anu ayeuna gs gawe di show room motor malah aldo gs boga pamajikan anyar keneh,ningali Wulan anu makin montok Aldo mimiti kabita deui.wulan anu lenger jng kesepian daek narima Aldo anu baheula ninggalkeun maneh na.
Sangges patuker no hp Aldo mimiti ngalancarkeun jurus rayuan maut na ka Wulan unggal waktu teu weleh Nga WA wulan ti mimiti nanyakeun kabar nepi ka nanyakeun gs dahar atawa acan Wulan anu memang kapincut ku Aldo ti baheula asa kahudang deui maneh na mineng ngalayanan Aldo dina chatingan WA.
"Wulan urang hang out yuu wengi ieu?',ck chat ti Aldo.
" alim aahhh nju haroream",ck wulan jual mahal padahal mah dina hate na wulan ngigel bakat ku atoh.
"Hayuu atuh Aldo kangen ka ulan...", chat ti Aldo.
" mmmhhh hayuu lah ai kamu maksa mah",ck wulan api2.
Peting na Wulan seperti biasa nguliwed kaluar dangdangan menor make baju seba ngetat nembongkeun lekuk tubuh na anu masih keneh peungker ngabibita kaum adam ngabangkitkn birahi lawan jinis.
Di alun2 tempat janjian jng Aldo wulan nyampeurkeun Aldo anu masih diuk dina motor na,ningali wulan Aldo mni curinghak mata na neuteup wulan pinuh nafsu.
"Ulan honey swety ya ampun mni geulis kitu eleh bidadari ge ckckckck...", ck Aldo ngaluarkn jurus gombal na.
" allaahhhh gombal lahh...moal mempan..",ck wulan api2 ngabalieur pdhal mah hate na atoh kabiba bina.
"Suer cantik...kamu mempesona idaman setiap laki2...", ck Aldo teu euih2.
" gandeng aahh dk kamana sich ieu teh?",ck wulan.
"Up to you honey...", ck Aldo.
" mmmhhhh aku hayang ka karaoke kr hayang ceuceuleuwengan...kr BT",ck Wulan.
"Oke ...brangkaatttt...!!!", ck Aldo sumanget,
Gek wulan diuk tukangen Aldo biur motor nibggalkeun alun2 muru tempat karaoke di daerah braga.
Sangges dua nana reserfasi Aldo jng wulan arasup ka ruang karaoke,room make lampu kelap kelip meh poek ngan ka cahayaan ku tv plat anu nempel dina dingding room,lagu kahiji wulan anu nyanyi lagu2 galaw di sambung ku Aldo,terus duet saterus na lagu dangdut wulan joget erotis jiga anu ngahaja mancing Aldo,
Aldo jiga nahan hasrat na mata na beureum sora na jadi ngadegdeg komo wulan pesen bir sagala.
Wulan beuki ngahajakeun jiga hayang nyiksa Aldo muter lagu anu gambar na karurang sopan Aldo beuki jiga kahuruan leungeun na mimiti susur sasar kana awak wulan,
Api2 wulan nuluykeun lagu2 barat padahal hate na surak ningali Aldo anu jiga cacing kapanasan,kakara ge sajam setengah Aldo ngajak kaluar ti room karaoke nepi ka setengah ngagusur wulan buru2 Aldo kaluar ti pelataran parkir karaoke muru ka penginapan,sangges cek in wulan anu gs mimiti kapangaruhan minuman keras pasrah sumerah ka Aldo anu muaskeun hasrat kalalakian nana,teu aya basa kapok teu aya basa nyeri hate basa 5taun katukang wulan di tinggalkn ku Aldo aya paribasa adat ka kurung ku iga katalingker ku nyawa,wulan anu poho tengah wadi poho boga salaki anu gs ngajait maneh na baheula poho ka anak anu sakuduna di didik kumaneh na nya an wulan leuwih nganter pangajak setan.harita setan2 sarurak ningali lampah wulan eujeng Aldo nepi ka subuh wulan ngalayanan nafsu Aldo nepi ka dua insan teh ngalalempreh silih tangkeup di penginapan.
Isuk2 wulan hudang tuluy kacai beres mandi rap make deui papakean nana,Aldo masih sare ngaguher ku wulan di cium pipi na Aldo benta ningali wulan anu gs beres mandi jng dangdan atuh Aldo kahudang deui wulan di betot deui ka pangsarean wulan tadi na nolak tapi pang rayu Aldo mampu ngaruntagkn deui benteng pertahanan wulan anu ipis,derrr deui garalungan nepi ka beurang waktu na chek out kakara dua nana cing kurumuy ninggalkn penginapan.
Aya jalan komo mentas......
Aryo ngadadak aya meeting di hotel cemerlang harita klien na orang sumatra ku aryo di jamu supaya klien na ngarasa betah nganjang ka Bandung,biasa na tamu2 teh ngajak papanggih di Jakarta ari kabeneran pk Husni mah ngajak panggih na di Bandung atuh sakalian we aryo teh bari balik ka imah pamajikan nana mutiara,
Harita Aryo ngajak muti bari sakalian diner jng klien tea,mutiara dangdan seperti biasa na dangdanan elegan mantes jiga menak biasa na,Aryo reueus boga pamajikan anu bisa nempatkn diri teh bubuhan atuh mutiara ge kan dewan direksi di perusahaan bapa na,di resto hotel Aryo jng pak husni katut mutiara marakan malam bari ngomongkeun bisnis tea,pak Husni antusias dk nanamkn modal di perusahaan Aryo ker uplek we ngalobrol bring aya rombongan awewe cing ceuleukeuteuk sareuri tarik cing irihil otomatis muti jng aryo katut pk husni ngalieuk ka datang na sora,barang breh muti kerung biwir na teu sadar nyebut ngaran salah sahiji awewe anu aya dina abringan tea,
"Wulan...!!", ck muti
Wulan ngalieuk barang sidik eta muti Wulan nyampeurkeun bari cuntal centil awak na ngahaja di guplak giplek.
" haayyy muti kamu kr naon di dieu?",ck wulan.
"Eehh wulan aku kr jng salaki jng rekanan bisnis na" ck muti.
"Oohhh mas aryo...nju di bandung mas...?", ck wulan bari ngajak salam ka aryo teu kaliwat ka pk husni,gek wulan diuk.
" kamu gs timana lan?",ck muti heran ningali wulan.
"Aku kan fites jng senam di dieu,beres senam terus sfa sauna bari ngilangin stress,kamu kali2 ka dieu atuh gabung jng aku,urang senam geura resep", ck wulan ngoceh eweuh ka era.
" oohhh nya ke kapan2 lamun aku aya waktu...",ck muti.
"Iihh kamu mah maksakeun atuh waktu mah...senam geura jiga aku supaya bisa....mmmhhh jepit tahan....", ck wulan bari ngiceup2kn panon na genit,atuh aryo rada ngabalieur ka era an.wulan bangun anu atoh ningalu pipi aryo beureum teh.
" lan kamu pulang jng saha?"ck muti
"Aku sorangan...kana ojol", ck wulan deui.
" nya gs atuh gabung jng aku ke ku aku di jajap",ck muti.
"Nya atuh ari kitu mah....", ck wulan atoh bari mata na maling2 teuteup ka aryo.muti teu sadareun lamun wulan sok main mata ka aryo,ngan aryo anu salah tingkah mah komo wulan jiga ngahaja tumpang kaki hareupeun aryo atuh sabagian pingping na anu montok bisa katempo ku aryo.
Sangges Aryo jng mutia nganterkn semah na ka kamar na bring we 3an muru mobil mutia,
" lan kamu rencana ayeuna ka mana?",ck mutia.
"Teuing atuh muti aku kr bingung di imah eweuh sasaha,suami aku kn di samarinda kolot aku jng anak aku kerka cirebon ka ondangan maka na dri pd sepi nya aku nge gym di hotel...", ck wulan bohong.
" nya gs atuh kamu ngendong di aku,daek teu?",ck muti.
"Nyaaaa lamun kamu jng suami teu keberatan...", ck wulan atoh.
" nya henteu atuhhh.....atoh we nu aya nya mas...",ck muti bari ngalieuk ka salaki na,Aryo ngan unggeuk bari seuri teuing ku naon aryo jadi salah tingkah hareupeun wulan teuing maca bahasa tubuh wulan anu ngagoda maneh na,teuing kumaha aryo jadi sering malik maling teuteup ka wulan,teu dk maling2 teteup kumaha wulan make baju anu neplak palebah dada na sengaja sina katoong gunung sakembaran nana jaba lamun lempang oyag nyieun kaum lalaki berpantasi.
Tungtung na wulan di ajak ngendong di imah mutia,wulan di bere injem baju sare ku mutiara awak mutia anu leutik sedengkeun wulan anu bahenol atuh mni merecet tapi wulan mah kalahka atoh sabagian anggota awak na ngaberehil teh kalahka sugema.
Nepi ka peuting ngalobrol jng wulan teh mutia mernah kn wulan di kamar tamu,mutia pamitan dk sare da cape cenah ari wulan hayang keneh lalajo tv di ruang tengah,teuing naon maksud na,wanci tengah peuting kulutrak aryo kaluar kamar jiga namah haus hayang nginum pas ngaliwat ka ruangan tv kasampak wulan keur ngagoler baju tidur na nyinglid mamerkn pingping anu semok jng beulahan dada anu matak muringkak kaum adam.
Aryo manggut ka wulan bari hate na ter2an sangges nginum aryo balik deui ka kamar pas ngaliwat ka tempat wulan,wulan kaciri ker ngome2 remot tv ku aryo di deukeutan,
"Mas ieu remot na teu jalan bieu teh murag ku abdi", ck wulan bari mencet2kn remot.
" cobi....",ck aryo wulan ngasongkeun remot bari ngahaja ngantelkeun kulit leungeun na,aryo diuk gigireun wulan tuluy mencet2 remot nyaan we teu berpungsi,wulan api2 ngilu merhatikeun remot awak na di antelkn ka aryo gunung sakembaran nana di adeukeun kana leungeun aryo,atuh jiga aya setrum jang aryo mah,bari semu gugup aryo muka paragi batre remot barang di ilikan...
"Oohhh batre na tibalik gening masang na", cenah bari menerkn batre remot wulan imut.
Song remot di asongkeun geup leungeun wulan nampanan leungeun aryo di cekel lila ku wulan tuluy leungeun wulan ngaragamang kana pingping aryo,mapay kana cangkeng, punduk beuheung...
Aryo bangun anu kasima teu nyangka bakal di kitukeun ku wulan,lalaki ngaran na oge lamun di bere anu kitu tengah peuting pisahaeun anu bakal nolak,awak wulan beuki adeuk kana dada aryo beungeut wulan mimiti ngadeukeutn beungeut aryo atuh pa antel tuluy biwir aryo di cium ku wulan,lila silih ledot nateh wulan cengkat tuluy nungtun aryo ka kamar tamu,di kamar wulan ngajalkn akal bulus na jiwa setan na nguasaan hasrat na harita aryo salaki sobat sorangan di hanca ku maneh na aryo anu leupas tina kasadaran ngagugu pangdikte setan ngalayanan awewe sobat pamajikan nana,dua nana gs jadi balad na setan,setan surak deui eak2an aratoh barungah gs hasil ngagubruskeun aryo kana jebakan maraneh na.......
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,21 feb 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.6
Kengeng αи∂нуи
Wulan hudang rada beurang kasampak mutia kernyiapkn sarapan jang salaki na di dapur,buuk Wulan baseuh bari di kibring2kn hareupeun mutia bari panon na rurat reret neangan Aryo,
"Muti ari salaki kamu kamana?", ck wulan
" masih sare aya naon kitu...",ck mutia bari ngoleskn sele kacang kana roti.
"Teu nanaon ngan eta we cn katingali", ck wulan api2,pdhal maneh na ngarti jiga na Aryo kacapean balas ngalayanan maneh na tadi peuting.
" muti aku meunang teu ke ngendong deui di rumah kamu?",ck wulan euweuh ka era.
"Sok wae....aku mah atoh we aya anu maturan ngan teu bisa lamun hari kerja mah ....", ck mutia wulan seuri bari ngacungkeun jempol na ka mutia.
Teu sabara lila Aryo datang bari jiga anu tunduh keneh nyampeurkeun pamajikan nana langsung nangkeup cangkeng Mutia bari nyium beuheung mutia wulan ngabalieur,
" morning honey bagai mana tidur mu semalam tuan putri...",ck Aryo bari mata na peureum keneh sirah na naplok dina tonggong mutia anu masih nangtung ngoleskn sele kanu roti.
"Tidur ku pulllaaassssss banget....sampe gk inget yank smalam mimpi apa....", ck mutia.
Aryo ngaleret ku juru panon ka wulan anu masih ngibas2kn buuk na,tuluy Aryo ngoloyong ka kamar mandi dk beberesih.
Sangges sarapan Aryo pamit indit ka lapangan tenis Wulan tibabaranting ngilu menta tumpangan ngomong namah,ku Aryo di bawa mempeng sa arah jng imah wulan.
Di jero mobil wulan menta no WA aryo batu turun keusik naek tungtung na Aryo jng wulan janjian sk panggih deui minggu hareup.
Sangges nepi ka buruan imah na wulanaryo ngabiur indit muru ka lapangan tenis ninggalkeun Wulan anu masih nangtung di sisieun jalan bari seuri pinuh ku kamenangan.
Kasabaran Berkah
Jadi wanoja anu gs salin jinis jadi awewe geulis teu ngajadikn berkah adigung,bener cenah gening ck batur sagala2 teh make duit berkah di urus awak jng beungeut na ka salon2 trnama di a-ajak ku bu nency sakalian maturan dunungan nana nyalon,ayeunamah berkah teh jdi awewe anu modis teu eleh jng sekertaris anu aya di kantor na.
Kahirupan berkah aya paningkatan adi2 na di sakolakeun ku maneh na kabeh alhamdulillah indung bapa na di pengnyieunkn toko leuluetikan sanajan kahirupan berkah ayeuna gs genah tapi Berkah mah angger we handap asor berehan jng teu lebaran kana rezeky.
Di kantor Berkah pada ngajenan ayeuna berkah jadi asisten pribadi na bu Nency gawean anu teu kahendel ku bu Nency di limpahkn ka Berkah.
Berkah di wanohkeun ka Biyan pengusaha batik ti lampung ku bu Nency sakaligus berkah sina di ajar bisnis batik ka Biyan,harita Biyan kaparengan kakara di tinggalkn maot ku pamajikan nana anu gering kanker payudara,deukeut jng berkah ngahudangkeun deui rasa anu salila ieu di bawa ku almarhum pamajikan nana,
"Mmmmmmhhhh...okah kersa teu upami okah ngeusi ruang hate akang anu salami ieu hampa?", ck Biyan basa dahar padudua an di restoran.
Berkah ngahuleng asa reuwas ngadenge pangakuan Biyan.
" aduh kang....abdi kedah ngemut hla kumargi...abdi masih keneh tanggungan rayi2 sareng sepuh kang...",ck berkah bari hate namah deg2an.
"Muhun mangga ku akang di antos waleran nana,mudah2an ulah lami teuing sareng perkawis sepuh okah srng rayi2 insha Alloh akang baris ngabantosan ka keluarga okah...akang bingah upami di widian ngiring mikanyaah aranjeuna kumargi akang pahatulalis kah...", ck Biyan bari tungkul asa ngadak2 sedih inget ka indung bapa na anu teu aya di kieu na.
" muhun kang pasihan okah waktos kangge netepan istiharoh...",ck berkah.
Berkah ngebrehkeun maksud Biyan ka kolot2 na atuh kacida atoh na kolot2 berkah mah da di lembur mah awewe sapantaran Berkah ampir kabeh gs larumah tangga rata2 anak na gs darua,
"Nya gs tarima we kah ngadagoan naon deui ayeunamah,hidep teh hirup gs leuwih ti cukup,bapa jng ema gs wareg ki hidep mah...", ck bapa na berkah.
Berkah ngan ngeluk tungkul bari leungeun na ngetik jawaban ka Biyan via WA,ngebrehkeun lamun Berkah daek di pihukum ku Biyan.
Reuny deui 3sobat
Berkah ngondang mutia jng wulan nitah datang ka cape biasa paragi maraneh na panggih,Wulan datang meh bareng jng Mutia dua nana heran aya naon berkah ngondang maraneh na,
Wulan jng Mutia olohok ningali Berkah anu ayeuna Berkah anu gs robah jadi awewe anu geulis modern tur anggun,mutia ngagabrug ka berkah bari teu ereun2 muji kageulisan Berkah,ngan Wulan we anu biasa2 wae malahmah dina hate na ngajebian kana perobahan Berkah,biasa ari jelema sirik mah gs ngadarah daging adat goreng anu hese di piceun na.
" aya naon okah kamu ngumpulkn kita?asa pijauheun ari dk mere pengumunan kawin mah?",ck Wulan bari seuri sinis.
Berkah ngan imut bari ngaluarkeun baju tina kantong na song di asongkeun ka nudua an,mutia ngajerit bari nampanan baju ti berkah bari nangkeup sobat na bari ngawilujengkn,wulan olohok lain era malah dina hate na noroweco,
"Haaalllaa paling ge ani ngawin na jelema goreng deui we ani gs teu payu ka awewe,paling lalaki panyesaan....", ck galecok na hate wulan bari ngilikan baju ti berkah.
" dongkap nya ulah telat okah hoyong ka saksian acara walimahan nana ku ulan srng mutia",ck berkah.
"Okah mana calon salaki na sina kadieu atuh!", ck wulan panasaran,mutia ngadukung wulan.
" ke sakedap urang tlp hla manawi kersaeun"ck berkah bari tuluy nlp Biyan.
"Sakedap cenah anjeuna nju OTW", ck berkah imut.
Wulan jol degdegan teuing kunaon asa jadi teu genah rasa berkah dk kawin teh,maneh na berharap lamun pisalakieun berkah goreng leuwih handap ti salaki maneh na odie.
Teu lila jol lalaki gagah kasep kapancar tina panon na Biyan jelema kharismatik dewasa deuih,ku Berkah di kenalkn ka sobat2 na wulan langsung asa panas tiris komo pas nyaho lamun Biyan pengusaha muda etamah wulan jadi teu genah cicing uteuk na ngulibeng neangan cara pikeun maneh na supaya bisa deukeut jng Biyan,
" kang...tdi teh gaduh usaha batik nya? Kaleresan abdi hoyong nyobian masarkeun cing uken no WA na?",ck wulan genit.
"Mangga ieu no na ", ck Biyan bari ngasongkeun kartu nama ka Wulan.
Ku wulan di tampanan mni atoh nakeran rencana jahat na mimiti di susun dina hate na.
Beres acara ngawanohkeun calon salaki berkah ka sobat na balubar we 3sobat teh,bekah jng Biyan baralik Mutia nuluykeun aya acara ketemuan jng klien cenah ari Wulan ngomong na dk jalan2 heula,hate anu heheaban perlu di brangbrangkeun kitu pamikir hate wulan,harita Wulan menta di jemput ka Aldo atuh Aldo nyantok kana kahayang wulan dua nana indit muru ka penginapan di wilayah setia budi,ilahar na salaki pamajikan wulan ngalampiaskeun nafsu bejad na jng Aldo.
Isuk na kakara wulan balik ka imah na di anterkn ku Aldo,di imah wulan kakara inget lamun maneh na boga rencana ka Biyan pisalakieun Berkah.wulan neangan kartu nama pamere ti Biyan sangges ka panggih bari ngagoler dina tempat sare Wulan mencet no anu aya dina kartu tea,teu burung hate na deg degan ngabayangkeun Biyan anu pengusaha batik tea,rda lila nyambung na kana no biyan wulan sabar ngadagoan tlp na di angkat,tungtung na....
" haloo....slamat siang...!",sora dina hp wulan,wulan ngagurubug buru2 nembalan,
"Iyah siang....ini dengan Biyan batik?", ck wulan.
" betul ibu ada yg bisa saya bantu.......?!",ck sora dina hape.......
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,23 feb 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.7
Kengeng αи∂нуи
Wulan ngajanjian ka Biyan ngajak panggih pa sosore di resto sunda,ngomong na wulan hayang nyokot batik jng pasarkn neun via online,maneh na hayang nanya2 heula produk naon wae anu di jual ku Biayan,
Sangges dangdan sataker kebek wulan muru resto anu gs di janjikn tea gs kabayang kumaneh na lamun Biyan bakal bertekuk lutut ka maneh na jiga Aryo kajeun mutia jelema beughar jng geulis angger we aryo masih butuh ku aweww sejen moal jauh jng Biyan pasti bakal kabita kumaneh na,kitu pikir wulan harita.
Wulan gs diuk dina jurueun resto ngahaja meh jongjon maneh na ret deui ret dei ka jalan nempoan ka jalan neangan Biyan,dina WA tdi biyan cnh gs OTW ker rut ret we wulan teh,
"Puntn sareng ibu wulan....?", ck lalaki begang make pakean batik bari ngelek map plastik karandel.
" muhun ...aya naon pak?",ck wulan acuh.
"Oohh nepangkn atuh abdi staf na Biyan batik,abdi anu chat srng ibu tadi....", ck eta lalaki wulan ngahuleng maneh na teu nyangka lamun anu datNg teh kalah ka lalaki anu aya hareupeun na ayeuna,rada urup ap eureup eup wulan nampanan leungeun lalaki tadi anu ngajak sasalaman ka maneh na.
" Budiman...",cenah bari gek diuk hareupeun wulan.
Wulan kaciri hanjelu ningali Budiman anu ker mukaan map plastik bawa na,conto2 kaen batik produksi Biyan.
"Mangga bu di uningaan batik2 na...", ck budiman.
Bari haroream oge wulan kapaksa nempoan conto kaen2 batik.
" pak naha teu ku Biyan nyalira ieu teh...?",ck wulan
"Waahhh nya heunteu atuh bu ieu mah bagean staf na,abdi manajemen pk biyan bagean promosi srng penjualan produk...", ck budiman wulan jempe mata na ningalian produk batik dina katalog,tapi bangun anu haroream da tujuan na oge ngan hayang panggih jng biyan.
" kumaha bu bd pesen anu mana?",ck budiman.
"Mmmhhhh....abdi bd ngemut hla nya ari tos terang kieu mh kn gampil...", ck wulan.
" oohh muhun atuh kantun nga WA upami bd order mh",ck budiman.
Gs kitu mah budiman balik ninggalkn wulan anu geremet maneh na gs teu boga cara pikeun manggihan Biyan.
Wulan inget ka Aryo terus maneh na nga WA ngajak janjian tapi ku Aryo teu di baca2 acan jiga namah sibuk,dasar pangangguran maneh na nga WA ka Aldo atuh langsung nyantok ka Aldo mah puguhan pamajikan Aldo kr hamil 8bulan jadi kurang mere kasugemaan ka Aldo matak aldo mineng neangan jatah ka Wulan,derr atuh jaranjian deui ku eweuh ka sieun pikeun ngalakukeun lalampahan teu uni.
Padahal harita pamajikan Aldo anu ngarana Yuni gs ngambeu kacurigaan kanu jadi salaki na,Aldo jadi mineng leungit ti peuting jarang balik ka imah
Yuni nitah dulur na anu preman pasar ngawaskeun Aldo di tempat gawe na nitah nyilidik sok indit kamana wae Aldo salila ieu.
Harita ge basa Aldo balik gawe tuluy nyampeurkeun wulan di restoran sunda aya anu nuturkeun make motor ti kajauhan nyidikeun kamana Aldo indit na,
Wulan di bonceng ku Aldo ka arah ciwidey ngahaja dk neangan penginepan anu murah,awak na mni naplok ka Aldo katambah hawa tiris anu mimiti karasa kana awak wulan,
"Al buru keun aahhh ulan gs teu kuat tiris rada ngebut deui...", ck wulan
" hehehe teu kiat tiris atawa teu kiat hoyong gera2...",ck Aldo bari seuri,ku wulan di ciwit beuteung na Aldo tambah nyakakak,biur atuh motor di kebut keun muru ka penginapan anu aya di sisi jalan.sup dua nana arasup sangges reserfasi buru2 arasup ka kamar jetrek di konci.
Teu kudu di jelaskeun keur naraon dua nana nu puguh mah sanes nuju ucing sumput atanapi nuju maen halma,Aldo sareng wulan nuju....maraen congklak.
Lalaki titahan Yuni anu ngarana Bangbang harita basa nempo Aldo ngabonceng Wulan buru2 nlp Yuni mere beja lamun salaki Yuni ngajemput awewe tuluy arindit ka arah ciwidey.Yuni menta di sharelok kn alamat jng tempat na ke lamun Aldo gs nepi,basa Aldo arasup penginapan Bangbang langsung nga-sharelok kn tempat na ka Yuni,
Yuni langsung nlp lanceuk na anu lalaki menta di anter dk ngagerebeg Aldo salaki na atuh harita cecep lanceuk Yuni nyanggupan biur we motor ngabelesat muru tempat anu di sharelok keun ku Bangbang.
Nepi penginapan Bangbang gs ngadagoan di hareup jrut Yuni turun tina motor mata na beureum bari ngahegak bangun anu cape,cecep markirkeun motor na nyampeurkeun Bangbang,
"Gs lila di jero kamar na bang...?", ck cecep sarua beungeut na geuneuk lir beusi atah beuleum.
" lumayan lila ...hayu urang gerebeg urang jejek we panto kamar na ku dua an...!!!",ck Bangbang.
Cecep teu nembalan,Yuni ngagidir ku nafsu gs teu bisa ngomong deui maneh na leumpang bari ngusapan beuteung na anu kerkakandungan.
Tepi kahareupeun kamar anu di sewa ku Aldo jng Wulan,Cecep jng Bangbang teu antaparah deui jekuk...jekuk najongan panto make suku jng awak na,ari ku make tanaga mah atuh panto teh dobrah engsel na nepi ka ngacleng,braaaayyyyy panto muka breehhh pamandangan anu matak helok anu nempo awak Aldo anu kernindihan wulan kr meujeuh na kakagok na....(puntn anu teu acan sawawa mareumpeun heula,pamali komo balita mah anyarumput heula...😀)
Reuwas lain di kieu na,gajleng Aldo luncat muru ka kamar mandi tapi di tongtak ku Cecep leungeun Aldo di parieuskn ku Cecep ka tukang,
"Aaaaa....aaammmpppuuunnn kang....!", ck Aldo bari muringis
" ampun naon siah bangsat...kurang ajar...!",ck Cecep bari nyurungkeun awak Aldo ka juru,daligdeg2 awak Aldo meh labuh ku Banbang disampakeun peureup menang ngasah,"jekuk...jekuk...ngeunaan pisan hulu angeun Aldo teu cukup kitu suku Bangbang ngabelesat ngeunaan dada Aldo,"jebroooddd...hheeuuukkkk",cenah aldo sampe ti teundeut di juru kamar dina biwir kaluar getih seger.
Ari Yuni ningali awak Wulan anu buligir nyel nafsu na ngagugunung,kerewek buuk wulan di dudut nepi ka Wulan kokoceakan ampun2an tuluy di bawa kaluar,wulan nyekelan leungeun Yuni anu ngaranggem pageuh buuk wulan,koceak dengek ge teu di denge Yuni tuluy ngagusur wulan anu tanpa pakean,
"Awewe G****g ungkluk dasar sugan kudu di kieu siah...!!!", ck Yuni bari kaprot2 nampilingan Wulan,wulan ngudupruk pada ngalalajoan lamun teu di halangan ku pihak keamanan mah jiga na wulan hantem we di hajar ku Yuni,kitu deui Aldo harita lamun teu di halangan ku pagawe penginapan mah jiga na palastra ku Cecep jng Bangbang.
Untung we Aldo jng Wulan pada ngamankn ka pos satpam di dinya,harita keneh Yuni menta di pirak gs teu hayang boga urusan jng Aldo alus na Yuni teu merkarakn Aldo jng Wulan ka polisi ngan cukup anu 2an di wiwirang di kolong catang harita baju aldo jng wulan ku Yuni di duruk kantong aldo jng Wulan oge sarua eweuh anu nyesa,motor Aldo di cokot ku Cecep atuh Aldo jng Wulan pasrah gs teu boga nanaon pisan baju ge di bere ku pagawe penginapan anu karunyaeun ningali anu 2an marurungkut kawiwirangan.
Saminggu ti kajadian eta Wulan mimiti teu garenah awak gawe na ngan UO jng UO maneh na kakara nyadar sabulan kamari teu kerseban,
" aduh boa hamil deui yeuh kuring teh...piraku kudu hamil ka dua kali na ku si Aldo",ck wulan dina jero hate na.
Meakn kapanasaran maneh na meuli alat teskehamilan sangges di tes nyaan we maneh na hamil,bari bingung maneh na ngajoprak dina tempat sare bari ngararasakeun jangar jng sarebel,
Jol manggih idea anu ck maneh na alus buru2 ngarawel hape na tuluybnga WA Aryo salaki mutia
"Mas Aryo...sy hamil ti saprak peuting basa urang ngalakukeun hubungan suami istri aku teu men deui,salaki aku kn eweuh jng aku ngan ngalakukeun eta teh jng mas Aryo hungkul,jadi ieu anak kamu mas....aku menta kamu tanggung jawab", ck Wulan tuluy maneh na sura seuri sorangan jiga nu gelo.
Teu lila Aryo malesan WA na,
" nya ke urang badamikeun asal mutia ulah nyahoeun...omat mutia ulah sampe nyaho...!!!",ck blsan ti Aryo.
Wulan teu sirik na ngigel maneh na ngabayangkeun lamun Aryo dk ngawin maneh na kajeun maneh na dk menta cerai ti odie.
"Kajeun we si mutia anu kolot kuring anu ngora ge...lila2 kan aku bisa ngarebut si Aryo ti si muti", ck Wulan bari nangkeup hape na.
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,24 peb 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.8
Kengen αи∂нуи
Aryo diuk hareupeun wulan di hiji restoran cepat saji pasosore balik Aryo ngantor,
"Naon ayeuna kahayang kamu lan?", ck Aryo
" aku hayang kamu tanggung jawab kana janin anu di kandung ku aku....!",ck wulan.
"Tapi kuring embung mutia apal kana kajadian ieu,lamun sampe mutia apal aku moal daek tanggung jawab...", ck aryo bali mencrong ka wulan,wulan kur seuri bari nginum.
" nya teu nanaon aku dk menta cerai ka salaki aku ke aku menta kamu nikahin aku kenbae nikah sirih oge...",ck wulan deui.
"Nya bere waktu aku kr mikir heula supaya teu kapanggih ku mutia", ck aryo.
Sangges dua nana ngarasa beres ngobrol na jng aya kasapakatan lamun aryo daek ngawin wulan aryo balik ka imah na ninggalkn wulan anu asa bungah meunang ngakalan aryo teh maneh na aya niat dk ngabarontakeun rumah tangga aryo jng mutiara,
" hhhhmmmm maneh hirup gs geunah mutia ti bubudak maneh teu kurang nanaon,nepika rumah tangga kamu angger genah teu jiga aku aku hirup pas2an menang salaki kere...ayeuna waktuna aku kudu aya peningkatan kawin jng jelema benghar kajeun meunang rerebut ge nu penting naon anu di cita2kn kahontal,mimpi kuring jadi jelema beunghar ka hontal,hhhhhh lain kur dina impian hungkul....",ck wulan noroweco dina hate na.tuluy maneh na balik make ojeg ka imah na.
Barang nepi ka imah di buruan gs nyampak Aldo kerdiuk di buruan,wulan reuwas oge kadatangan Aldo.
"Deuk naon kamu datang ka imah kuring?", ck wulan bari jamotrot.
" deuk naon ck kamu....yeuhh gara2 kamu rumah tangga kuring ancur....aku dk menta tulung ka kamu pang neangankn tempat cicing jng aku",ck Aldo.
"Naoonnn....gara2 aku? Lain na kamu anu ngudag2 aku wae naha jadi nyalahkn aku? Balik kaditu aku embung ningali deui kamu!!!", ck wulan bari dk asup ka imah tapi ku aldo pigeulang na di cekelan pageuh.
" kamuuu ngenah wae dk indit....gara2 kamu ayeuna kuring heurin usik,aku di arah2 wae ku lanceuk na si yuni sampe aku di pecat ti pagawean ayeuna kamu dek indit kitu wae?",ck aldo bari nyekel pigeulang wulan pageuh.
"Heehhh....halik...nyeri Aldo...kamu teu inget bareto kamu ngareuneuhan kuring? Sampe kuring menta di kawin ku kamu tapi kamu malahka indit ari ayeuna kamu menta aku tanggung jawab...!!!", ck wulan bari teterejel menta di leupaskeun leungeun na.
" wulan....tingalikeun aku moal ngaleupaskeun kamu....tingalikeun...!!",ck Aldo bari ngaleupaskeun leungeun wulan kasar pisan wulan buru2 asup ka imah na bari nyekelan leungeun na anu nyeri.
Wulan muter otak kumaha cara na supaya odie ngaleupaskeun maneh na,neangan alesan naon supaya maneh na bisa menta cerai ti odie sakeudeng deui odie bakalan balik heula ti samarinda biasa na 3 bulan sakali odie balik ngalongok anak pamajikan nana,wulan muter otak hayang geura2 we maneh na di kawin ku aldo....
-----------------------------*********--------------------------
Poe anu di dagoan ku Berkah jng Biyan tepi oge dua nana dihijikeun ku iketan tali pernikahan,acara anu sakral di laksanakeun di hiji gedung anu kawilang mewah,Biyan anu duda ngawin Berkah anu gs kawilang mapan dina segi umur jng ekonomi.
Acara resepsi di ayakeun pikeun ngumpulkeun kulawarga jng handai tolan teu saeutik tatamu anu daratang teu kaliwat Mutia jng Aryo kitu deui Wulan jng Odie anu kaparengan kr balik ti samarinda.
Atuh acara teh kawilang meriah komo anu jadi seponsor utama na ibu Nency dunungan Berkah anu kacida nyaaheun nana ka Berkah.
Wulan maling2 teuteup ka Aryo anu ngadeg gigireun Mutia kaciri gandang jng gagah make jas hideung beuki kasima we Wulan teh ku Aryo.maneh na sebeberaha kali mere kode ku mata na ka Aryo ku Aryo teu di balesan maneh na api2 teu wawuh ka wulan,atuh wulan beuki geregeten jng beuki kaedanan ku Aryo.
Beres acara resepsi Mutia jng Aryo pamit balik ku Wulan di pegat Mutia di tangkeup bari di harewosan,Aryo kuat ku molotot maneh na sieun wulan ngomong anu pibahayaeun pikeun maneh na beungeut Aryo tegang tapi ningali Mutia anu seuseurian Aryo jadi biasa deui ngan panon na mencrongkeun we ka Wulan bari sarua Wulan ge rada kulat kelet ngagoda Aryo satukangeun mutia,ari odie anu teu nyaho nanaon lempeng we leumpang gigireun pamajikan nana,
Bus kanu mobil Aryo masang septbelt bari ngalieuk ka mutia,
"Tadi si wulan ngomong naon?", ck Aryo asa2.
" aaahh budak eta mah da aya2 wae...tadi si ulan ngomong urang paheula2 hamil cenah...dasar aya2 wae da budak teh hahahha",ck Mutia bari diuk santai gigireun Aryo anu ngadak2 pias.
"Oohhh...terus...iraha atuh kamu hamil...?", ck Aryo bari ngajalankn mobil na.
" hhhhhmmmmm gk tau atuh....kita kn sama2 sibuk...jadi...gk tau aahhh",ck mutia.
Aryo neuteup jalan tpi pikiran nana ngumbara ka mana2,ka wulan anu kerngandung anak na ka kajaian basa maneh na milampah teu uni jng wulan,nyaan harita wulan mere kapuasan anu leuwih batan mutia anu cenderung monoton,cenderung kudu ti tuntun wae ku maneh na teu jiga wulan harita anu bener2 buas agresif justru maneh na anu di tuntun ku wulan,
"Aaeehhh naha jadi mukiran si wulan....", ck hate Aryo bari ngareret ka mutia anu ker sibuk ngome hape na.
Kacaritakeun Berkah anu gs rumah tangga jng Biyan ti saprak maneh na di bawa ku Biyan ka imah na anu gede ti harita kahirupan berkah jadi ada dina pangimpian,baheula pinuh ku hinaan kiwari pinuh ku kabagjaan boga salaki anu bener2 sabar dewasa jng pengertian mni jiga nanggey endog beberem na we sugan mah ka berkah teh,berkah di bere kabebasan pikeun nuluykeun pagawean nana ngan menta ulah di porsir teuing kudu apal kana kawajiban berkah ayeuna anu utama nyaeta ngurus salaki.teu karasa 3 bulan ti harita berkah ngibarkeun kanu jadi salaki na yen maneh na teu kerseban atuh Biyan teh atoh bari ngucap syukur Biyan nangkeup berkah anu nyekel keneh testpek Berkah ngusapan tonggong salaki na pinuh ku ka deudeuh.
" mugia Alloh teu lepat masihan kapercantenan kanggo urang dua an ngajantenkn urang sepuh anu tiasa nyandak murangkalih urang ka sorga na nya kang...",ck berkah bari ngeclakeun cimata pinuh syukur.
"Aamiin...bojo akang anu sholehah....hatur nuhun ya Alloh....", ck Biyan.
Ti harita Biyan ngajaga berkah leuwih ti samemeh na maneh na nagntar jemput berkah gawe maneh na anu nyiapkeun sagala kaperluan berkah nepi ka masak ge Biyan anu turun,berkah mah ngan saukur mesem we ningali perlakuan Biyan ka maneh na,nincak bulan ka 4 itungan dr Berkah jng Biyan boga niat dk ngayakeun pagajian tasakur bini'kmah seja nganuhunkn kana sagala rupina ka Alloh swt.
Balik gawe sore keneh Berkah teh langsung mandi mandi maneh na ngarasa asa nyalingit beuteung buru2 nginum cai haneut tapi asa kalahka beuki nyeri tepi ka cimata na murubut maneh na sasambat ka Alloh sagala di baca bakat ku teu kuat,tadi namah moal nlp salaki na da sok sieun panik tapi kulantaran gs teu kuat Berkah nlp Biyan oge di kantor na atuh Biyan gura giru balik ka imah na,nyampak Berkah kr adug songkol bari nyekelan beuteung na bari panik giriwil berkah di pangku di bawa ka RS ibu dan anak.
Di RS Berkah langsung di tangani ku dr ahli kandungan Biyan ngan bisa babacaan sabisa2 tadi basa di pangku karasa aya getih anu kaluar tina palawangan Berkah,Biyan diuk dina korsi tunggu ari berkah di pariksa ku dr.
Asa lila waktu teh Biyan gs teu geunah cicing kakara kaingetan ku maneh na buru2 nlp kolot na berkah ngibarkeun ka ayaan berkah ayeuna di RS atuh rareuwasan kolot na berkah teh maneh na buru2 datang ka RS.
Dr kaluar ti ruangan pemeriksaan ku Biyan buru2 di sampeurkeun,
"Dok....kumaha ka ayaan istri abdi dok...", ck Biyan.
" mangga urang ka ruangan abdi we supados raos ngajelaskeun nana...",ck dr bari ngajak Biyan ka ruangan dr.
Di jero ruangan dr Biyan di titah diuk teu lila aya perawat mawa hasil USG song di asongkeun ka dr,Biyan olohok we siga budak nungguan jawaban.
"Bapa Biyan.....mmmhhh....istri bapa kedah kehilangan bayi na kumargi....dina rahim istri bapa aya tumor anu ngiring berkembang sareng janin,mmhh ieu hasil USG na...", ck dr,Biyan langsung leuleus.
" teras kedah kumaha dok....?",ck Biyan.
"Ayeuna keneh kedah di abortus pak sareng abdi nyungkeun persetujuan bapa kangge ngalaksanakeun histerektomi atanapi pengangkatan rahim istri bapa kumargi rahim istri bapak tos reksak...upami teu di angkat bakalan ngabhayakeun nyawa istri bapak", ck dr.
" ya Alloh.....teu aya jalan anu sanes deui pak...?!",ck Biyan ngarasa teu tega.
"Teu aya pak tos telat ieu teh....", ck dr atuh Biyan teu bisa kumaha salian ti pasrah kana taktir anu gs di gariskeun ku Manten na.
" abdi bade badanten hla srng ibu ramana atuh pak...",ck Biyan menta ijin.
"Oohh mangga pak...tapi di antos sa enggal na kumargi bilih ngabahyakeun ka ibu berkah...", ck dr.
Biyan kaluar ti ruangan dr di luar gs nyampak indung bapa na berkah atuh derekdek Biyan ngabejakeun ka ayaan berkah harita jng solusi ti dr atuh indung bapa na Berkah kacida reuwas na.
Gancang na carita Berkah kakara kaluar ti ruang OK,maneh na can sadar ku perawat di dorong di bawa karuangan pemulihan pasca oprasi Biyan leumpang sa gigireun berkah aya mega anu ngahalangan mata na beungeut Biyan sedih asa kakara ge menang kabungah ayeuna gs di cokot deui kunu kagungan kabungah eta teh,ya Alloh....abdi ridho kana katangtuan ti anjeun...janten kn abdi jalmi anu sobar ya Alloh....
Beuteung Wulan gs katingali gede ayeunamah lamun di itung aya jalan bulan ka 6,sedengkeun salakina balik kakara 4bulan katukang basa berkah kawin,harita Wulan gs nyobaan menta pisah ti Odie tapi Odie embung nyeraikn Wulan alesan nana gs kagok nyaah matak jangar ka wulan Aldo ngudag2 wae maneh na da ayeuna aldo teu boga pacabakan jaba jadi buronan dulur2 na Yuni,Wulan anu hayang geura2 di kawin ku Aryo menang halangan ti Aldo jaba maksa Odie nyeraykn maneh na can hasil wae hiji2 na jalan maneh na kudu menangkeun heula Aryo lamun Aryo gs kapimilik mah gampang ka hareup na kitu pikir wulan.
Tapi Aryo teu sagampang eta maneh na menta wulan nembongkeun surat ceray ti Odie kakara Aryo daek ngawin wulan secara sirih.
Wulan nekad ulin ka imah Mutia pss poe sabtu maneh na niat ngendong di imah mutia,ari mutia ningali wulan anu kerkakandungan kacida atoh na sugan we katepaan kitu cenah ck Mutia,mutia teu apaleun lamun kadatangan wulan dk ngarayu Aryo sangkan daek buru2 ngawin maneh na.
Teu di sangka Wulan di tuturkn ku Aldo anu panasaran Wulan indit kamana harita kira2 jam 7 peuting Aldo api2 VC jng Wulan,tdi na dk di pareuman ku wulan teh bakating ku gugup kalah ka mencet anu hejo atuh nyambung jng Aldo rada urup ap eureup eup wulan harita,ari mutia mah atoh we urut babaturan baheula ngahubungi deui teh puguhan teu aya prasangka goreng harita Aldo,wulan jng mutia ngawangkong via VC.
"Mutia aku ulin ka rumah kamu nya? Meunang teu?", ck Aldo.
" hayuu kadieu wehh kabneran Wulan dk nginep di aku hayuu ayeuna ku aku di dagoan....",ck mutia,Wulan meh calangap ngadenge mutia ngajak Aldo teh sidik maneh na kermenghindar ti Aldo ari ku mutia di angkir ka imah na,sok sieun katohian rencana maneh na ku Aldo wulan ngadadak seupa beungeut na.
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung 25 feb 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.9
Kengeng Andhyn
Aldo ngajanteng hareupeun imah anu kacida gede na luak lieuk neangan bel ngan lebeng teu kapanggih kusiwel ngaluarkn hape na,
"Muti....aku gs di hareupeun imah kamu...",ck Aldo
" okee aku kaluar ayeuna tungguan nya...",ck mutia dina hp,Aldo nitenan imah anu agreng hareupeun maneh na teu lila Mutia kaluar di tuturkn ku Wulan anu baed ningali aya Aldo di imah mutia teh,
"Al...hayu kadieu", ck Mutia bari gugupay Aldo nyampeurkn.
Sangges sasalaman jng mutia Aldo di ajak asup ka imah bari angger rut ret nitenan paparabotan anu aya di jero imah Aldo nendeun ka kaguman kana kaayaan mutia,deuk teu beunghar kumaha kolot mutia barenghar anak ngan hiji2 na eehh di kawin ku jelem beunghar deuih nya pantes we lamun ka ayaan mutia harita kawilang genah.
" mana salaki kamu muti?",ck Aldo bari luak lieuk.
"Mmmhhh masih di jalan sakedeng deui ge nepi", ck Mutia bari ngasongkeun cai ka Aldo.
3an ngalobrol di ruang tamu kaciri Wulan bangun anu teu suka aya Aldo di dinya mata na ngan delek2 we ka Aldo.
Aya meuruen setengah jam torojol Aryo rada reuwas ningali aya wulan jng Aldo teh tapi maneh na buru2 nutupan karewas na,
" aaeehh aya tamu gening...?",ck Aryo.
Aldo ngajak sasalaman ka Aryo bari ngenalkn maneh.
"Nembe uih kang...?", ck Aldo basa basi.
" muhun...mangga teraskn abdi bd beberesih hla...",ck Aryo sopan bari ngaleos di tuturkn ku Mutia asup ka kamar na,tinggal Aldo jng Wulan dariuk di ruang tamu,
"Aldo...kamu dk naon sihh make kadieu sagala?", ck Wulan bari molotot.
" kumaha aku we...kamu ge dk naon atuh make dk ngendong di dieu?",ck Aldo
"Aku mah aya perlu ka si mutia...", ck wulan.
" sarua aku ge dk menta gawe ka si mutia sugan we aya...hehhehe",ck Aldo.wulan ngan kekerot.
"Awas siah kamu lamun macem2 ka mutia...!!!", ck wulan ngancam.
" hehehee kamu cemburu nyaaa...?",ck Aldo bari nyoel gado wulan,ku wulan di tepak lengen Aldo bari jamotrot,teu lila mutia kaluar ti kamar,
"Al..suami aku moal bisa maturan cape cenah langsung istirahat,hampura nyaaa...!", ck mutia.
" teu nanaon muti,eehh sugan aya gawean lah jng aku? Aku kr nganggur jaba ank aku butuh biaya kr meujeuh na...",ck Aldo
Mutia rada ngahuleng tapi maneh na nyanggupan neangan lowongan di perusahaan nana Aldo bungah teu aya papadana.
Sangges ngobrol ngalor ngidul Aldo pamitan maneh na balik bari mawa hate anu pinuh ku pangharepan ka mutia.
Wulan anu ngadon ngendong di imah Mutia ngarep2 kajadian ti heula jng Aryo kalakonan deui hanyakal harita Aryo kalahka indit manggihan klien na alesan nana mempeng di imah aya wulan anu maturan mutia atuh Wulan rada kuciwa,Wulan muter uteuk kudu kumaha sangkan maneh na bisa ngadesek Aryo sangkan buru2 ngawin maneh na,ngan nyakitu unggal di desek ge Aryo hayang nempo surat cerai wulan ti odie.
Siasat teu hasil Wulan balik kalayan mawa hate anu geremet ambek ka Aldo,ka mutia oge. maneh na nyusun rencana pikeun ngagebrus keun Aldo jng Mutia sangkan cita2 na kahontal ngahiji jng Aryo ngan hahalang na aya di Odie.
Wulan nekad nga WA ka Odie ngabejakan yen maneh na terus terang gs hamil ku batur ayeuna menta enggesan menta talak 3 ti Odie,Wulan gs teu kuat hirup rumah tangga jng Odie.
Odie teu gancang nembalan maneh na asa di bentar gelap ngadenge wulan gs rucah jng batur teh batin na ceurik asa harianeun jauh di pangumbaraan melaan anak pamajikan kalahka menang kapeurih ti wulan.
Siasat ka 1 wullan ngamangfaatkn Aldo anu kr neangan gawe ka mutia harita mutia mere gawean ka Aldo di bagian produksi kabeneran masih ngabutuhkn keneh,atuh Aldo kacida bungah na situasi eta di pake kesempatan ku wulan,
"Muti ck Aldo ke urang makan2 di restoran Si aldo dk nganuhunkn cenah ka kamu...", ck wulan anu ngahaja ngadatangan Mutia ka imah na.
" aahh can ge narima gajih gs hayang neraktir...ke deui wee",ck muti.
"Teuing da pokok na hayang nganuhunkn cenah...", ck wulan ngayakin kn.
" iraha jng dk makan dimana ieu teh?",ck mutia.
"Ke Di WA kn tempat jng poe na karunya iihh batur boga kahadean teh ulah di tolak bisi pajarkn kamu teh sombong...", ck wulan muti ngahuleng...
Poe Jumaah mutia ngabiur mawa mobil na ka arah kota baru parahiangan,maneh na aya janji jng klien na di bale para di satengahing perjalanan Aldo nlp,ku mutia di angkat,
" mutia...tiasa pendak dinten ayeuna?",ck Aldo
"Aduuhh aku kr OTW ka kotbar aya klien ngajak pependak di bale pare mun kersa Aldo merapat we ka dieu", ck mutia.
" oohh kersa atuh...Aldo OTW ka bale pare nya",ck Aldo bari nutup tlp na.maneh na ngagugu kana omongan wulan anu nitah Aldo sangkan nganuhunkn ka mutia ku jalan ngajak makan supaya mutia atoh maeunya Aldo gs di bere pagawean teu nganuhunkn2 acan,terus aldo nga WA wulan,
"Lan aku sore ieu jangjian jng mutia di bale pare kotbar kamu deuk ngilu...?", ck aldo.
" moal aahh aku kerteu garenah awak sok kamu weh sing jongjon...",balesan ti wulan.
"Nya atuh aku OTW ayeuna", ck Aldo.
Wulan gura giru salin baju maneh na gewat nyewa ojeg muru ka kota baru,satepina di bale pare Wulan rerencepan nalingakeun Mutia anu kerngobrol jng klien na,sangges beres klien na balik mutia masih ngadagoan Aldo anu gs janji jng maneh na,teu lila torojol Aldo nyampeurkeun mutia,gancang ku wulan di foto basa Aldo nawaran menu ka mutia anu otomatis awak mutia deket jng aldo jepret di fotoan,sangges ngarasa cukup Wulan nguliwed ka tukang ngadeketan dapur,pagawe dapur anu lumayan sibuk teu nyahoeun lamun aya wulan kernyumput di dinya,ti jero dapur kadenge ker mikeun nan pesenan pelanggan ku Wulan di perhatikeun hiji2.
" pesanan meja 15....!! Beres yeuh anteurkeun",ck pagawe ti dapur resto Wulan luak lieuk buru2 nyampeurkeun kana pesenan mutia maneh na apal lamun mutia karesep na jus jeruk buru2 maneh na murulukeun obat tidur kana juice,gs kitu gancang nyumput deui.
Pagawe resto nyokot pesenan mutia tuluy di bawa ka hareup di bikeun ka mutia jng aldo,langsung mutia jng aldo dalahar bari ngalobrol sabalang bentor,beres dahar mutia nginum juice jeruk na sampe beak mutia pamitan ka aldo dk ka toilet heula cenah.
Beres ti toilet ngadak2 sirah mutia karasa beurat,gek diuk dina korsi hareupeun aldo kesang tiis kaluar panon na ngadak2 panas jng beurat,
"Kunaon muti bangun anu teu garenah awak...", ck aldo.
" teuing...atuh Al jug2 rieut kieu...",ck mutia.
Aldo panik maneh na rumpang reumpeung salah tingkah,
"Kumaha atuh urang ka RS we yuu", ck Aldo.
" aahh anterkn aku pulang we Al...aduh teu kuat jangar na...",ck mutia bari mencetan sirah na,
"Nya hayuu atuuh keun mobil ku aku we di bawa na...", ck Aldo bari ngagendeng mutia,wulan seuri buru2 motoan mutia anu di gandeng ku aldo nepi ka asup kana mobil.
Aldo ngajalankn mobil mutia maneh na hariwang ka kaayaan mutia anu teu wala kaya sirah mutia beurat mutia peureum gs teu sanggup beunta deui.
Ari wulan sarua buru2 indit nuturkeun mobil mutia make ojeg sewaan tea maneh na dk ngajalankeun rencana anu gs di siapkeun jng mutia jng Aldo.
Satepi na di imah mutia Aldo langsung mayang Mutia anu satengah kapiuhan nahan sirah anu ranyud jng mata anu beurat sangges muka konci panto blus aldo asup ka imah tuluy muru ka kamar mutia.
Wulan gancang ngilu asup ka imah mutia maneh na rerencepan asup ka ruangan paragi Aryo nyokot raket tenis anu kawilang beurat jng seseg,tuluy lalaunan asup ka kamar mutia nyampak aldo ker nyimbutan mutia teu antaparah deui hiuk....jebrod...punduk aldo di tenggel satarik na ku wulan make raket tenis kelepek gubrag Aldo kapiuhan......
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,26 feb 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.10
Kengeng Andhyn
Gubrag awak aldo ngarumpuyuk kana kasur sagigireun mutia,lalaunan ku wulan di bebener di papantes tuluy di fotoan Gs rengse mah wulan buru2 balik ka imah na,di jalan wulan ngirim2kn foto2 ka Aryo via WA bari seuri sinis salengkah deui wulan yakin bakal nyingkirkeun mutiara.
Barang nepi ka imah wulan rada ngarengkog di ruangan tamu gs nyampak indung bapa na nyinghareupan Odie salakina,barang ningali Wulan anu kakara balik bapa na Wulan langsung muncereng bari nangtung,
"Wulan.....diuk di dinya bapa dk nanya kamaneh?", ck bapa na wulan.
Wulan rada reuwas biasa na bapa na balik ti pasar tuluy sare kulantaran ke peuting kudu indit deui balanja kapasar induk ari ieu tumben aya jng indung na anu balasbgs ceurik,ret ka odie anu kakara datang ti samarinda.
" aya naon sih ieu teh...?",ck wulan api2 rewas.
"Lain aya naon aya naon cik naon maksud maneh menta cerai ka Odie tuluy maneh ngaku gs reuneuh ku batur,bener eta teh?", ck bapa na wulan,
Wulan ngeluk tungkul kadenge indung na mimiti ceurik deui.
" ngerakeun maneh wulan....!!!, mamah jng bapa teu ngawarah maneh jiga kitu,mamah jng bapa sibuk teu ngurus maneh kulantaran neangan kipayah tapi lain ngabebaskeun maneh...cingg atuh ulah ngawiwirang kolot...!!!",ck bapa na wulan,odie ngeluk tungkul.
"Nya da ulan ga teu suka ka Odie kudu di kumahakeun,ulan dk menta tanggung jawab ka bapa na budak anu di kandung ku ulan...", ck wulan.
" tanggung jawab naon?? Naon ngaran na awewe boga salaki runeuh ku lalaki sejen? Jawab ulaannn...!!!",ck bapa na wulan bari kekerot.
"Aahh da ulan mah keukeuh dk menta pisah...!!", ck wulan neugtreug,Bapa na wulan kuat ku kekerot ningali pamolah anak na,
" nya kieu we ayeunamah maneh kaituh indit ulah aya di dieu...eraaa bapa mah eraa boga anak maneh,teu hayang....!!',ck bapa wulan bari kekerot nahan amarah.
"Indit kaituh...!!!", ck bp na wulan bari lungeun na nunjuk kana panto,kadenge sora indung na wulan ceurik beuki tarik.
Wulan nangtung tuluy maneh na nyinghareup ka odie pok ngomong,
" ayeuna kuring menta surat cerai ti maneh Odie...kuring dk indit tpi isuk pageto kuring baris neangan mneh jng menta tanda tangan",ck wulan ewueh kasieun.
"Hhhhhhmmmm moal...tepi kamana wae ge kuring moal ngalagrageun talak ka mneh ulan,ku kuring maneh baris di gantung...!!!", ck odie,
wulan kekerot lengeun na dk nampiling odie tapi ku odie di cekelan pigeulang lungeun wulan tuluy di kepeskeun.
Wulan ngajengkat indit ka luar imah indung na ceurik bari sasambat ka anak na,wulan teu malire deui maneh na tuluy indit teu puguh anu dk di tuju jiga anu gs hilang akal wulan tuluy leumpang di jalan anu gs mimiti simpe.
Peuting anu sepi jempling angin ngagelebug nebak dangdaunan di sisi jalan,wulan leumpang sorangan muru ka taman kota anu masih aya jelema hiji dua lalar liwat,gek diuk dina bangku taman hawa tiris mimiti euntrup kana kulit na wulan ngusapan beuteung na anu gs mimiti gede.ker kitu lar aya pamuda mabok ngaliwat ka hareupeun wulan bari suluyang soloyong ka ambeu bau alkohol,reg eureun hareupeun pisan wulan tuluy nyidik2 beungeut wulan bari seuri leungeun na nyawel gado wulan,
" haaayyyy cantiikkkk....",ck si pamuda.
Wulan rikat nangtung dk indit tapi leungeun na di cekel ku si pamuda bari rek nangkeup awak wulan,
Wulan teuteurejelan menta leupas tapi ku si pamuda mabok teh kalah ka leuwih tarik nangkeup na bari biwir na maksa nyiuman wulan anu muringis bangun anu sebel ngangseu bau alkohol,wulan di gusur kana rungkun awak na di dengkek rok na di singsatkeun wulan teu teurejel tapi si lalaki mabok tanaga na rosa sakuat2 na tanaga awewe eleh ku tanaga lalaki anu kapangaruhan ku alkohol,wulan ngalempreh baju awut2an jelema jahat aya anu mangmaleskeun jelema kotor di kotoran ku jelema teu eling deui,tong jaga jaga teuing dalah di dunya keneh,harita keneh bakal menang wawales na.
Palebah beuteung handap karasa nyanyautan wulan ngorondang bari menta tulung,rokaya wanci peuting anu sepi jempling teu aya jelema anu lunta tungtung na wulan kapiuhan di taman anu mimiti baseuh ku reumis janari gede.
Wanci subuh kakara aya anu manggihan wulan patugas kabersihan taman aki2 rumpang reumpeng ngabejaan babaturan nana aya awewe cenah kapiuhan di taman jiga na korban pemerkosaan,atuh wulan pada mawa karumah sakit umum harita wulan menang perawatan ti patugas RS.
Wulan di tempatkeun di IGD lengeun na make infus jng irung na make oksigen waragad na pikawatiteun dr anu mariksa wulan nyabak palebah beuteung wulan mariksa orok anu di kandung ku wulan,
"Eeemmmmhhh karunya teuing...untung bayi na kuat sanajan meunang kakerasan sexsual tapi bayi na teu kunanaon...", ck dr bari gegerendengan,beres mariksa wulan dr nuluykeun mariksa pasen2 anu sejen.
------------------------------************----------------------------
Di ruangan pamariksaan dr mariksa imeut mariksa Berkah anu gs mimiti pulih deui,Biyan anu satia nungguan pamajikan nana molohok di sagigireun Berkah,
" kumaha dok kondisi pun bojo?",ck Biyan.
Dr imut bari ngusapan leungeun Berkah,
"Kondisi ibu berkah sae,dinten ayeuna tiasa uih mung di bumi istirahat anu cekap nya bu sareng lanjutkan hidup ibu...masih panjang sareng harus di isi dh hal2 yg menyenangkn,nya buuu....", ck dr bari diuk deui dina korsi.berkah turun tina ranjang pamariksaan di bantuan ku Biyan terus dariuk dina korsi hareupeun meja dr,gek diuk dr nuliskeun resep jng berkah kerkitu hape dr mariska disada dr mariska mariksa pesan WA anu asup dr olohok ningali pesan anu asup bari ngagereneng,
" aduhh karunya teuing...ieu aya brodcase ti rerencangan aya wanita hamil di perkosa preman di taman kondisi na menghawatirkan ",ck dr bari nembongkeun foto dina hape,Berkah jng Biyan ningali kana hape dr mariska barang ningali Berkah ngagebeg leumgeun na repleks nyekel leungeun salaki na bari nutup biwir na,
" ya Alloh....eta mah wulan bu rerencangan abdi",ck Berkah,dr mariska olohok bangun anu teu percaya.
"Kang...hayu urang ka RS tempat wulan di ofname hayu kang karunya...", ck berkah,atuh teu di engke keun berkah jng Biyan arindit muru ka RS.
Gancang na carita Berkah jng Biyan nepi ka RS tempat wulan di rawat,sangges menang izin ti dr Berkah jng biyan bisa asup ka ruangan wulan di rawat,wulan kakara sadar harita teh basa di longok ku berkah wulan kacida atoh pisan sakabeh biaya ku berkah di bayar ngarasa karunya jng watir ka kaayaan wulan harita,berkah jangji mawa wulan ka imah na kulantaran wulan nyarita yen maneh na di usir ku indung bapa na bari teu nyaritakeun kunaon maneh na di usir wulan bisa pisan nyieun berkah percaya kana caritaan wulan berkah janji dek nulungan wulan nepi ka wulan menang deui tempat jang cicing.
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,26 feb 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag.11
Kengeng αи∂нуи
Aryo nempo fhoto2 anu di kirim ku wulan,aryo gogodeg maneh na beuki yakin lamun wulan memang hayang ngancurkeun rumah tangga maneh na jng mutia untung na tadi basa mutia janjian jng aldo mutia bebeja ka salaki na matak basa wulan ngirim2kn foto ka maneh na Aryo ngan bisa ngurut dada mun teun maneh na ka jebak ku wulan.
Aryo nga WA ka mutia ngan ku mutia teu di waler wae ngahaja Aryo balik rusuh ti jakarta sok sieun aya nanaon anu tumiba ka mutia.reg mobil eureun di buruan mobil mutia ge gs ngajegrug di garasi,Aryo langsung muru ka imah bari gegeroan nyalukan pamajikan nana tadi maneh na teu ningali sakabeh foto anu di kirimkn ku Wulan komo anu panungtungan mah teu di buka2 acan da aryo lain jelema bodo piraku pamajikan nana salingkuh make bisa di fotoan ku batur kecuali aya jelema anu dk ngajebak pamajikan nana,
Sup ka kamar Aryo reuwas ningali Aldo nangkuban dina tempat sare na mutia we ngajoprak jiga teu empes2,gewat Aldo mariksa denyut nadi mutia untung masi karasa pindah mariksa aldo sarua masih araya keneh,gancang Aryo nlp dr langganan maneh na nitah datang ka imah Aryo,
Gancang na carita dr Steven datang ka imah Aryo buru2 mariksa mutia ku dr Steven mutia di suntik penangkal racun tuluy nitah Aryo meuli dawegan rikat Aryo meuli dawegan ka hareupeun komplek sangges aya di bikeun ka dr,
"Pak Aryo coba gugahkn ibu paksa ibu supaya daek hudang tuluy nginum cai dawegan...", ck dr
Aryo nurut maneh na ngahudangkeun mutia ngasongkeun geulas eusi cai dawegan,mutia mata na meletet ku aryo dipaksa cina nginum cai aya anu asup lila2 mutia bisa nginum sampe cai dawegan teh seep.
Dr mariksa Aldo anu keuna hanteman benda tumpul,irung aldo make alkohol anu nyereng teu lila Aldo ge sadar maneh na luak lieuk nginget2 kajadian anu tumiba kamaneh na.rada reuwas maneh na ningali aya Aryo salakina mutia sok sieun di tuduh macem2 ku Aryo.
" kang Aryo...abi seja nyungkeun di hapunten...abdi...abdi teu terang aya naon srng kunaon abdi tiasa kieu?",ck Aldo.
"Teu sawios kang...abdi ngartos aya naon2 na tenang we kang da abdi tos terang saha anu janten jurig na...akang teu kedah ngaraos lepat...", ck Aryo bari nepuk taktak Aldo.
" abdi sok sieun akang salah paham kang...",ck aldo bari tungkul masih karasa nyeuri punduk na balas di babuk ku raket tenis tea,Aryo seuri maneh na gs tiheula nyaho aya naon2 na,Aryo gs nyekel jelema anu teuleunges ka kulawarga manehan nana.
Lila2 mutia sadar rada heran sabener na maneh na geuring ku naon ck dr mah mutia teh over dosis obat tidur padahal mutia teu rumasa nginum obat tidur,sajeroning olohok teh Aryo mah gs teg weh,jiga na aya musuh dalam slimut kitu pikir aryo bari ungut2an sangges dr mere resep beulieun Mutia jng aldo dr pamitan ninggalkn Aryo mutia jng aldo.....
------------------**********************----------------------
Wulan di pernahkeun di kamar tamu ku berkah kondisi na anu can stabil nyieun berkah watireun ka wulan hate berkah anu bersih teu bogankacurigaan nanaon ka wulan,ngan wulan menta cicing di imah berkah saheula anan ku berkah di idinan katambah berkah risain hla tina pagawean nana kulantaran hayang mulihkeun kasehatan nana pasca oprasi.
Berkah harita sadar kana ka ayaan maneh na anu gs teu bisa sampurna maneh na moal bisa mere katurunan ka Biyan kulantaran rahim na gs di angkat kanker anu ganas gs nyebabkn rahim berkah ruksak.sedih lain papadana untung Biyan ngupahan berkah Biyan janji deuk narima berkah apa ada nya kalayan dk satia aya di sagigireun berkah nepika jannah na Alloh swt.
Ari Wulan ngadenge Berkah gs moal bisa boga anak teh bet jorojoy boga rencana jaha deui,keur mah eukeur wulan teh nenden sirik pidik jail kaniaya ka berkah katambah ayeuna aya jalan komo we meuntas mrn wulan teh,gs rada pulih ayeunamah wulan teh maneh na sok mantuan pagawean di imah wulan,masak,ngumbah piring,beberes poko na pagawean anu di imah we tiditu namah meuli hate anu boga imah,wulan jng Biyan embung make jasa asisten rumah tangga da hirup ngan dua an atuh masih bisa di gawean ku dua an katambah ayeuna aya wulan anu daek mantuan sautak saeutik.
Teu karasa gs 2minggu wulan cicing di imah berkah,ku berkah wulan di bere baju2 anu layak pakai ku Biyan di bere baju2 daster tina batik bubuhan maneh da kn dagang baju2 batik atuh kacida atoh na wulan nyangka Biyan aya perhatian khusus ka maneh na,
"Hhhhmmmmm jiga na Biyan mimiti aya perhatian yeuh ka kuring,bae lah si Aryo teu benang ayeuna aya si Biyan anu nyata2 moal boga anak ti si okah,bisa lah di akalan ku kuring...peuting ieu kuring dk mimiti ngajalankn rencana pikeun mikat Biyan...", ck wulan PD nakeran.
Peuting harita beres makan malam seperti biasa berkah jng wulan meresan meja makan,Biyan lalajo TV di ruangan keluarga wulan maling2 teuteup ka Biyan anu anteng neuteup TV,beres beberes berkah nyamperkn salakina gek diuk di gigireun Biyan bari mikeun teh panas ka bian ku Biyan di tampanan,regot di inum bari angger we molohok kana TV berkah imut ningali salaki na anu bangun khusyu lalajo TV teh.
Wulan ngilu diuk dina korsi anu rada anggang ti berkah jng Biyan ada rasa sirik ka berkah anu bisa meunangkeun biyan anu mapan jng bageur.
" okah wulan hoyong parios kandungan ke minggu payun ngater teu?",ck Wulan,berkah ngalieuk ka wulan kitu deui Biyan.
"Tiasa lah piraku make jng teu tiasa,ke abdi srng kang Bian insha Alloh bd merhatoskeun kasehatan wulan sareng debay...", ck berkah bari imut.
Wulan unggeuk bari ningali reaksi biyan anu biasa wae.
Berkah ngaharewos ogo ka biyan bari nyebut
" hayu " jung 2 nana nangtung tuluy ngaraleos ka kamar na,
"Tipayun lan...bade obo awal waktos gaduh acara ke tengah wengi...hehhehe", ck berkah bari ngaleng salaki na,heab head hate wulan kapanasan bari nyebut mangga teh hate namah gs teu puguh rasa beuki ngageremet ka berkah,
" padahal mah teu kudu mere pengumuman dk aya acara maneh teh okah jiga anu mapanas wae ka kuring,tingalikn lah urang lewih menarik batan maneh urang boga kojo cara nakluk kn lalaki...tuguan we waktu na...",ck dina jero hate wulan noroweco namplok keun ka ceuceub ka berkah,cak2an di tulungan wulan teu mikir kumaha nasib na lamun berkah teu ngampihan maneh na dasar setan siluman anu nyariara di kukut cina nguasa hate na,gs eweuh we pangaruh bener teh.
Wulan jadi teu genah cicing maneh na teu bisa sare ngabayangkeun berkah anu ngalendotan Biyan ngabayangkeun Berkah anu ker sosonoan jng Biyan,wulan jadi muriang sorangan leungeun na nyekelan remot nyutrak nyetrek mindahkn cenel tv padahal teu di lalajoan ieuh da pikiran namah nganteng kanu dua an di kamar.
Bakat ku anteng sorangan ngagoler dina shopa meureun wulan ngalenyap poho pindah ka kamar,kira2 jam 2 mangsa janari wulan kahudangkeun ku sora anu nutup panto kamar mandi,wulan uluhak olohok bari gigisik tv gs aya anu mareuman terus asa sora anu leumpang balik ti kamar mandi wulan api2 peureum deui ngadedengekeun saha2 anu liwat bari panon na meletet tetela anu kkra ti kamar mandi teh Biyan sup ka kamar na kadenge aya sora gegerendengan jiga na Berkah oge hudang,
"Hhhhmmm meureun dk nyarieun acara tea....kn tdi si okah ngomong na tengah peuting,ngan saukur ngabibita aing hungkul tah jelema teh...", ck hate wulan.
Meakn kapanasaran jol hayang nyaho kernaraon Biyan jng berkah Wulan cengkat lalaunan tuluy muru panto kamar kadenge sora biyan gegerendengan,makin panasaran wulan ngintip tina liang konci panto barang ningali.....
Wulan ngahuleng mata na molotot ningali Biyan jng Berkah di jero kamar.....
H A N C A
ngan saukur impenan kengeng andhyn
Bandung,28 feb 2019
#DSMA_NGAN_SAUKUR_IMPENAN(NSI)
Bag,12
Kengeng andhyn
Wulan olohok nempo Biyan jng berkah ngalaksanakeun sholat tahajud,Biyan jadi imam Berkah khusyu jadi makmum dina peuting anu sepi jempling Biyan nga doa di aminkn ku berkah,kadenge samar2 doa anu di panjatkn ku Biyan,
"Ya Alloh jantenkn abdi sareng istri abdi jalmi anu istiqomah,jalmi anu slalu bersyukur nampi kana qadho srng qodar anu parantos di tangtoskn ku anjeun,jalmi anu kiat nampi sadayana cocobi ti anjeun sareng tebih keun abdi sareng istri abdi ti jalmi2 anu niat dhzolim ka kulawargi abdi,laailahailla anta subhanaka ini kuntum minad dholimin,tangtayungan abdi ya Alloh....kiatkn istri abdi sehatkn jasmani srng rohani na....aamiin yra....al fatihah...", kadenge Biyan ngadoa di aminkn ku berkah.
Asa aya setrum anu ngageterkn hate wulan suku na ngadak2 leulues gancang maneh indit muru ka kamar na diuk dina tempat sare,ngahuleng nginget2 doa biyan bieu Wulan asa kaeraan maneh na anu boga niat jahat ka Biyan jng berkah anu nulungan maneh na,cacap nepi ka adzan subuh wulan guling gasahan inget wae ka kajadian bieu basa Biyan jng berkah sarolat tahajud.
Gs beres sholat subuh Biyan jng Berkah kaluar kamar tuluy muru dapur Berkah nyieun kopi jng Biyan terus nyieun kadaharan jng sarapan kabeneran aya cau tanduk berkah nyieun nageut pisang karesep Biyan,gs beres dua nana dariuk hareupeun TV bari ngalobrol masalah pagawean Biyan di selingan bari sempal guyon seuseurian,
Wulan nyaksian dua insan anu romantis hate na ngadak2 nyeri salila maneh na aya di bumi alam can pernah ningali pasangan jiga Biyan jng Berkah,indung bapa na sibuk neangan duit di pasar cul ngadidik maneh na nepi ka Wulan hamil di luar nikah terus kawin ka Odie saua deuih maneh na jng Odie tara sholat2 acan estuning islam KTP teh nyaan,padahal hirup na susah ari ayeuna ningali hirup berkah anu serba leuwih kitu deui Biyan anu jago bisnis tapi teu poho sholat malah rajin tahajud,ari maneh na.....???
Wulan nyampeurkeun Berkah tuluy gek diuk dina korsi ku berkah di bageakn,
"Aaeehh wulan,sarapan ambu orok...", ck berkah bari ngasongkeun piring ka wulan,wulan imut.
" okah....Ari Alloh ambek teu ka jelema anu sok milampah jahat?",ck Wulan.
"Mmmhhhh....Alloh mah lautan hampura lan...sakumaha jahat na eta jelema tpi Alloh sok nungguan sampe jelema eta sadar,Alloh ngantosan hamba na kanggo tobat lan...", ck berkah bari melong ka wulan.
" teulat teu lamun....mmmmhhhh aku tobat?",ck wulan.
"Teu aya bahasa teulat samemeh nafas dina tikoro pegat,Alloh leuwih nyaah ka jalma anu pernah milampah salah tuluy tobat tibatan jelema anu can pernah salah tapi sombong", ck berkah deui,wulan ngahulen,
" ooohhh kitu nya....",ck wulan.
"Ayaa naon lan...?", ck berkah.
" teu nanaon kah...",ck wulan tungkul.
Ti saprak wulan manggihan berkah jng Biyan sholat tahajud hate na jadi perang sabil,wulan asa jadi jelma pang hina2 na jelema pang loba dosa na Wulan jdi sering nguyung sorangan berkah sering mapatahan wulan ku elmu agama menang bekel ti kolot na berkah jng guru2 ngaji na,gening hidayah teh teu hese2 teuing lamun urang na daek narima asal ulah nutupkn hate urang inshaAlloh hidayah ti Alloh tangtu bakal datang.
"Okah....tiasa teu lamun engke bd tahajud ulan ngiringan...", ck wulan semu era.
" nya tiasa atuh ke mah netepan nana urang di ruang tengah we...",ck berkah atoh pisan bari nangkeup sobat na.
Timimiti harita Wulan ngilu nga ma'mum ka Biyan unggal2 sholat pasti Wulan ayeunamh ngalakonan,wulan mimiti nutup aurat na nurutan berkah sanajan can sampurna nutupan nana wulan anu mulay bulan alaeun rajin di ajar ngaji ka berkah atuh kacida atoh na Biyan jng berkah teh.
--------------------------************---------------------------------
Mutiara mimiti ngarasa hambar rumah tangga na jng Aryo,dua nana saribuk ku pagawean Aryo mimiti acuh ka mutia biasa na panggih saminggu sakali kiwari jadi jarang panggih da Aryo jdi jarang balik ka Bandung alesan nana loba gawe di jakarta,hiji poe Aryo kaparengan balik heula ka Bandung di imah mutia eweuh ker meeting jng klien na ti luar negri,atuh beuki nafsu we Aryo manggihan imah kosong teh kira2 jam 11 peuting mutia kakara balik ti kantor nyampak Aryo aya di imah teh lain atoh deuih kalah ka sinis,
"Hhhhhhmmmm tumben inget balik?", ck mutia.
" naon maksud na? Jdi ieu kalakuan kamu lamun aku teu balik ka imah? Kuluyuran teu puguh?",ck Aryo teu eleh nyentak.
"Kuluyuran? Teu salah? Lain kamu anu kuluyuran di jakarta neangan awewe lain? Ngaku welah...!!!", ck mutia bari molotot.
" haaalllaaa rea alesan...pantesan embung wae boga anak ti aku Da hayang bebas jiga kitu !!!",ck Aryo.
"Heehhh lain aku embung boga anak tapi kamu anu eweuh waktu jng aku,heehh atoo boa2 kamu anu mandul teu bisa boga anak?!!", ck mutia
" ngenah wae ngomong teh,kamu anu moal bisa boga anak mah...kamu anu mandul mah haaahh watirrr...aku mah turunan subur aku mah 4bersodara ari kamu? Kamu kan anak tunggal pasti kamu anu mandul mah...!!!",ck Aryo teu eleh sengit.
"Tapi teu ngajamin kan kamu 4bersodara oge belum tentu kamu subur,bukti na aku teu hamil wae nya kamu lah anu salah...!!!", ck mutia embung eleh.
" eunyaaaa karna kamu mandul mutia....!!!",ck Aryo bari seuri sinis,mutia panas hate na nafas na ngahegak nandakeun nafsu anu ngagedur.
"Naon buktina aku mandul?!!", ck mutia.
" bukti na....si wulan bisa hamil pirage sare jng aku sakali...!!!",ck Aryo kalepasan.
Mutia molotot beungeut na langsung nyeak maneh na nyampeurkeun Aryo jelebet pipi aryo di tampiling satarik na.
"Kurang ajaarrr....!!!", ck mutia bari kekerot leungeun na ngeupeul pinuh ku amarah,Aryo reuwas ku ucapan nana sorangan.
" pantesan tara balik,pantesan gs berubah gening kamu lalaki bajingan anu ngadahar sobat kuring sorangan....bajingan kamu Aryo....bajingann....!!!",ck mutia mimiti ceurik.Aryo teu nembalan maneh na rumasa salah.ti saprak sare jng wulan Aryo jadi kurang gairah ka mutia anu monoton jng ngalayanan maneh na bari kacapean da mutia di gawe.
"Aryo....ti mimiti ayeuna aku minta cerai...isuk aku make pengacara jng ngurus perceraian kita...!!!", ck mutia bari ceurik.
" muti....aku...menta maaf muti....",ck Aryo leuleuy da ari kudu pisah ti muti mah embung deuih da sabener na masih nyaah ka mutia teh.
"Teu bisa..!!! Aku gs teu bisa hirup deui jng kamu...!!!", ck mutia bari lumpat ka kamar na gebrug panto di konci ti jero Aryo ngan bisa olohok pasrah maneh na kaduhung kapancing nafsu amarah tdi ku mutia.tungtung na Aryo ngaheruk diuk sina korsi kudu kumaha deui nasi gs jadi bubur.
Isuk2 pisan Mutia gs dangdan maneh na indit muru imah berkah sobat na sapeupeuting mutia ceurik asa di bokong ti tukang ku salakina jng sobat na wulan,Mutia hayang curhat ka berkah ngan berkah anu bisa di jadikeun batur curhat,berkah anu bijak sana anu sok meupeur jng mere jalan kaluar jng maneh na ti jaman sakola keneh,
Mobil nyemprung muru imah berkah teu lila gs tepi ka buruan imah Biyan jng Berkah gewat mutia keketrok kana panto bray panto muka gabrug mutia ngagabrug berkah anu nangtung dina lawang panto mutia ceurik numpahkeun ka sedih na ku berkah di usapan.
Buru2 mutia di bawa ka jero imah tuluy titah diuk dina korsi,mutia anu masih ceurik ku berkah di usapan bari cimata dina pipi na di usapan ku ramo2 berkah pinuh ku ka deudeuh.
" aya naon muti...istigfar aahh teu kengeng kieu,ssssstttt atos2...",ck berkah bari ngusapan leungeun mutia.
"Ookkaahhhh....aku dk cerai jng Aryo....", ck mutia bari angger ceurik.
" iiiiissssttt teu kengeng nyarios kamana wae,pamali...",ck berkah sabar.
"Aku gs gilig aku dk menta cerai...", ck mutia.
" emut hla...teu kengeng gurung gusuh muti",ck berkah.
"Aku nyeri hate...nyeri okah...", ck mutia.
" nya...nyeri hate kunaon....?!",ck berkah.
Ker kitu Wulan anu ngadenge aya semah di hareup datang nyampeurkeun da asa kenal kana sora mutia,gura giru maneh na ngadeketan mutiara.
"Eeehhh aya mutia gening? Aya naon isuk2 keneh ka dieu?", ck wulan,mutia cengkat maneh na neuteup wulan bari jung nangtung ngadeketan wulan na atuh 'gaprot...gaprot wulan di tampilingan ku mutia atuh wulan jng berkah reuwas geuwat berkah misah mutia anu jiga kasurupan,
" eeehhh mutia aya naon ieu,nanaonan ieu teh!!!",ck berkah bari nangkeup wulan anu ceurik bari nyekelan pipi na anu panas.ku berkah di usapan beuteung wulan anu ga monclot.
"Naha kamu ngampihan iblis awewena okah? Kamu nyaho teu saha awewe ieu anu sabener na?!", ck mutia bari tutunjuk.
Berkah olohok teu ngarti.
" aku bener2 teu ngarti muti...aya naon ieu?!",ck berkah.
"Tanyakeun ka si iblis ieu,anak saha eta", ck mutia bari nunjuk kana beuteung wulan,wulan tungkul.
" wulan....aya naon ieu...muti...wulan?",ck berkah makin teu ngarti.
"Budak anu di kandung na ....eta anak Aryo salaki kuring,si iblis awewena ku kuring di ampihan ternyata ngagoda salaki kuring sampe hamil....dasar awewe kurang ajar!!!", ck mutia bari ceurik.
Berkah makin molohok bari neuteup ka wulan anu masih tungkul bari ceurik.
" wulan....bener eta teh? Kamu pernah sare jng Aryo?",ck berkah ka wulan.
"Jawab...iblis...?!!!", ck mutia bari dek nyakar wulan.
" ampun mutia...ampunn!!",ck wulan, "emang aku pernah sare jng suami kamu...tapi....", ck wulan teu kebat sirah na kaburu di gunyeng ku mutia anu ga teu kuat nahan amarah ka sobat na sorangan asa kacida kurang kumaha mutia mikanyaah wulan ari pek teh di bokong ti tukang.
Awak wulan meh ngajengkang ka tukang wulan ngedeprek narima panyiksa ti mutia anu jiga kasetanan,berkah papuket nakis panyerang mutia maneh na ngahalangan mutia tapi mutiara anu gs nafsu teu ereun nyerang wulan,harita wulan gedeprek bari jng tiung na gs awut2an di rangsadan ku mutia.
Barang kerkitu berkah ngajerit ningali aya geutih ngaley tina palawangan wulan,mutia mundur maneh na reuwas oge ningali kitu mah wulan ngan bisa ceurik balilihan gs kitu mah wulan kapiuhan.
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
Bandung,2 feb2019L
Komentar
Posting Komentar