late post dongsun kembang bodas tanda cinta

#KEMBANG_BODAS_TANDA_CINTA(KBTC)

BAG.9

KENGENG ANDHYN

GARA2 CLBK

Kamana atuh Reny teh? dua an di utus ku Acha sina ngalacak Reny ti mimiti Reny ninggalkeun imah sore harita jng lalaki anu mawa motor,Acha ngahuleng tuluy maneh na ngaleos ka bagean forensik menta sidik jari pelaku anu asup ka imah Nikeu,sangges meunang file na tuluy maneh na ngakurkeun jng sidik jari Sopian,tetela beda..!!! Acha ngagentraan Kemal anu kerngaintrogasi tersagka curanmor,harita beungeut Acha rada sepa Kemal rada hariwang buru2 nyampeurkeun Acha anu ker diuk di hareupeun monitor komputer,

"aya naon Cha?", ck Kemal

"Mal....bahaya Mal....duhh naha urang kurang taliti ieu teh...sidik jari pelaku percobaan pembunuhan Nikeu teu sarua jng Sopian?", ck Acha bari nembongkeun hasil team porensik ka Kemal.

"hhhhmmmm urang ka alihkeun perhatian ku Sopian gara2 dek merkosa kamu...jadi karna kita semua emosi teu merhatikeun bukti anu kecil tapi penting jiga kieu Cha..?", ck Kemal merhatikeun layar komputer.

"aya anu ngaganjel dina hate aku masalah kecil tapi yaaa mudah2an jadi jalan jang ngungkap anu sesungguh na....", ck Acha.

"naon tah?", ck Kemal bari melong ka Acha.

"ieu WA jng Masangger Wika ko masih aktif mengikuti gerak gerik obrolan kita di grup,ari anu Akmal kan langsung gk aktif karna udh di ambil alih istri na nyaeta Reny,sedengkeun ari anu wika sok rajeun noongan obrolan grup komo lamun ker ngobrolkeun masalah pembunuhan Anhar jng wika",ck Acha.

"kamu coba pancing supaya dia keluar dg ngobrolin masalah Reny yg hilang", ck Kemal

"hhhhmmmm ....coba ku kamu perhatikeun masalah percobaan pembunuhan Niekeu,kn dia paling vokal tuu di grup masangger ngomongin masalah perselingkuhan Anhar sama Wika ....bisa jadi si tersangka merasa terganggu dengan celotehan Nikeu...", ck Acha bari ngahuleng,maneh na mindah keun percakapan Wa tina hp na kana WA web supaya ka baca ku Kemal.

"iya yaahh Nikeu jiga na nyinggung si pelaku sehingga dia merasa tergaggu jdi ngarencanakeun pembunuhan Nikeu ngan gagal,cuman teu ngarti kunaon setiap korban na di bere buket kembang bodas nya?", ck Kemal ngahuleng.

"dulu Anhar nembak aku pake kembang bodas Mal....", ck Acha ngomong laun jiga keur dirina sorangan.

"nya tapi koo dina mayat Anhar oge kembang bodas ngan leungit teuing kamana....?", ck Kemal deui.

"kela Mal urang jarapri babaturan aku sina ngomongkeun masalah Reny anu ngaleungit sugan we si tersangka na muncul,lamun muncul bisa langsung di tewak ku urang...", ck Acha bari laangsung nga japri babaturan nana sina ngarobrol di massangger gruf ngomongkeun masalah Reny anu leungit,babaturan Acha mimiti maruncul di grup ngaromongkeun Reny anu leungit tuluy ngarembet ka masalah Sopian tuluy aya anu nyabit2 masalah maot na Anhar jng Wika.nyaan we jebakan Acha hasil akun Wika muncul kajeun teu nimbrung jng teu komen tapi sahenteu na mantau naon2 anu di obrolkeun ku grup,

"mal....akun Wika muncul mal,cing bisa ngalacak teu?", ck Acha langsung nunjuk ka akun Wika.

"hhhhmmmmm berarti salila ieu maneh na mantau perkembangan kasus pembunuhan tina massangger grup atawa WA grup",ck Kemal.

"hayu siap2 mal jieun keun surat panggilan jang Beny salaki Wika,urang penta keterangan lamun perlu urang tahan heula wee...", ck Acha ka Kemal.teu di engke keun Kemal langsung nangtung menta surat penangkapan jang Beny tuluy indit make mobil patroli jng Acha di baturan ku rekan2 anggota sejen na.

Bring personil team Serse Acha jng Kemal muru imah Wika,tapi imah kosong ck tatangga ti saprak Wika maot imah teh teu di cicingan alias kosong,salakiWika teuing kamana,ari anak na Wika mah da urus ku ninina atuh rombongan Polisi teh baralik deui tanpa mawa hasil.

********************************************************************

Harita Reny menang panyiksa ti Beny, Reny di bawa ka imah di sisi lembur imah gubuk tina bilik jiga na paragi nenden hasil tatanen lamun anu boga kebon kabeneran panen hasil kebon na,eta imah teh ku Beny di eusian kabeneran anu boga imah teh masih keneh dulur jauh Beny,

Reny leungeun na di talian ku rapia awak na bulucun ngan di simbutan ku sepre ipis sungut na di talian ku baju kaluhuran Reny ci panon teu ereun nyurulung maseuhan pipi Reny,teu nyangka lamun Beny bakalan milampah kitu ka maneh na kaduhung sagede gunung gs ka rayu ku Beny sugan teh eunya we Beny teh bogoh jng nyaah ka maneh na singhorengan nan dek balas dendam ka Anhar sebab Anhar gs ngajak salingkuh ka Wika,

Beny nyeungeut rokok na pelenyun udud bangun anu ngenah maneh na diuk dina sisi tempat sare,risbang butut kasur nage tina kapuk anu teuas di seprean ku samping anu gs kucel.

"reny perlu maneh nyaho salila ieu kuring gs nahan sabar salaki maneh tuluy ngahihileudan rumah tangga kuring,pamajikan kuring si Wika ngaku beunang parawan na ku si Anhar maneh na muji2 wae si Anhar hareupeun kuring,ck si Wika lamun maneh teu ngajebak si Anhar tangtu si Wika anu bakal jadi pamajikan si Anhar teh,si Wika ceuceub pisan ka maneh teh salila rumah tangga jng kuring anu di omongkeun iwal si Anhar si Anhar jng si Anhar....", Beny ngalieuk ka Reny anu angger ceurik.

"lalaki mana anu kuat ngadenge pamajikan nana ngalus2 wae popotongan nana? dendam ieu gs nagncik taunan,katambah2 salaki maneh ge teu eureun ngaheroan wae pamajikan kuring....hiji peuting basa kuring kakara balik gawe ti luar kota salaki maneh kapanggih ker nyarean pamajikan kuring.....", ck Beny bari kekerot leungeun na meureup ti pepereket.

"tadi na sugan jng sugan pamajikan kuring bakal babalik pikir da kuring nyaah jng cinta pisan ka Wika,tapi ka dieu kadieu Wika kalah ngajak papisah kuring ge ngadenge beja lamun si Anhar ge dek nyeraikeun maneh...ti dinya kuring nyusun rencana pikeun ngaleungit keun nyawa dua nana,rencana munggaran kuring ngadeketan maneh.....untung berhasil...maneh ka jebak ku kuring daek di ajak salingkuh daek di ajak serong,kuring nyaho kalemahan maneh reny...maneh kesepian teu di hargaan ku si Anhar jdi kuring datang jiga pahlawan jang maneh,padahal kuring hayang ngancurkeun maneh jng si Anhar.....",ck Beny bari ngeyot rokok na haseup na nyambuang minuhan langit2 kamar anu sempit.

kerkitu hape na trang tring di sada,sabenerna eta hape anu Wika maneh na mantau perkembangan kasus teh tina obrolan babaturan Wika jng Anhar make akun Wika,harita rame dina grup nyaritakeun Reny anu leungit sarerea pada neangan Reny,

'tring' hape di sada deui pas di tingali aya pesan grup deui harita ti Handoko babaturan Anhar jng Sopian,

"sok ayeunamah ngadaroa mudah2an babaturan urang Reny di tangtayungan ku ALLOH swt,karunya kermah kkra di tinggalkeun maot ku salakina ayeuna jeng leungit sagala,tapi kalem kan kita punya AKP Acha Agustnia yg akan mengungkap kasus ini,mendak informasi saur na bu Acha parantos ngantongan nami anu nyulik Reny ayeuna nuju ngalacak keberadaan si penculik", kitu eusi Masagger gruf babaturan Wika,

nyel teh Beny jol ambek ka Acha jiga ambek na maneh na ka Nikeu anu di anggap na ikut campur kana masalah maneh na jng Anhar,Nikeu anu nyebarkeun lamun maneh na aya hubungan jng Reny ngan waktu Nikeu dek di paehan ku maneh na Nikeu hasil lolos kusabab Nikeu ngalawan waktu di serang ku maneh na,

"hhhhhhmmmm si Acha anu so jago.....jiga na kudu di berantas deui wae....lamun teu di berantas bisa2 jadi cucuk yeuh...", ck Beny bari jug nangtung tuluy maneh na noong ka luar anu mimiti ngagayuh ka peuting,lieuk ka tukang Reny kerngarempreh we leungeun na di borogod katukang.

"dagoan kuring dek nyokot pibatureun maneh....supaya maneh aya batur paeh...", ck Beny gap kana jaket tuluy di pake biur kana motor ningalkeun imah di sisi kebon anu jauh ka ditu kadieu.

Harita jam 10 peuting Acha mereskeun file dina meja na tuluy ngageroan suhendar anu kabeneren ngaliwat hareupeun rohangan na,

"ndar....pang ngecekeun kabeh dulur2 si Beny salaki Wika buru nya paling lambat isuk2 kuring jeng Kemal dk langsung bergerak neangan keberadaan Beny isuk2", ck Acha,

"siap ndan...", ck suhendar

"Mal aku pulang heula nya,ke isuk2 langsung bergerak...", ck Acha ka Kemal bari kaluar ruangan,kemal cengkat ngudag Acha ti tukang,

"Cha ludeng balik sorangan?", ck Kemal bari nyekel leungeun Acha,Acha ngalieuk bari kerung.

"heeeiii kunaon ari kamu...?", ck Acha 

"Kamu kan calon ibu anak2 saya di masa depan jadi tolong jaga diri kamu buat aku...", ck Kemal 

"soooooo sweeeetttttt....", ck Acha bari ngaleos padahal hate namah berbunga2(puntn sundana abdi hilap berbunga2 teh pinuh ku kembang nya?haaa)

biur kanu motor muru imah na jalanan anu sepi jadi saksi Acha anu sura seuri sorangan inget lamun maneh na ayeuna gs tunangan jng Kemal,haaarrr urang teh kabogoh Kemal anu pangganteng na sa departemen gening...cek hate Acha pinuh ku eceng2 beureum.

tepi ka imah na reg motor ereun barang muka panto ngasupkeun konci,hiiiiuuukkk jebrod aya anu neunggel tonggong Acha kudupruk Acha ngudupruk kapiuhan,

H A N C A

andhyn 13.9.8

#KEMBANG_BODAS_TANDA_CINTA(KBTS)

BAGIAN KA 11

KENGENG ANDHYN


KEMBANG BODAS TANDA CINTA

Kemal molotot teu nyangka bakalan di serang ku Beny,atuda kakara ge asup ges meunang serangan atuh soak Kemal teh getih ngucur tina beuteung kemal anu soek maseuhan baju kaos na,tetempoan mimiti ranyang peurih jng cing nyaraut tapi Kemal masih bisa nangtung sanajan awak na nyarande kana bilik,Acha katempo panik nempo Kemal keuna sabetan bedog Beny maneh nage ngarasakeun peurih leungeun palebah kenca na.ari Beny seuri ngagak2 bangun bungah gs bisa nyieun Acha jng Kemal taratu,

"paraeh siah polisi2 gejul....."ck Beny bari angger ngambang2 bedog na,sebrut deuinyerang Kemal anu ker nyekelan beuteung na anu sing nyaraut keuna sabetan bedog,gilek Kemal ngagilek ploss milepas sebrut Beny nyerang deui tapi buru2 Acha mantuan Kemal maneh na nalapung bedog tina leungeun Beny,terrrr leungeun Beny ngageter tapi bedog teu lepas Beny malik ka Acha sebrut nyerang Acha tapi Acha rikat ngahindar,bari jeng make leungeun hiji Acha bisa nyerang Beny ku suku na.

kemal ge teu cicing sebrut maneh na nyerang Beny tonggong na di tajong ku Kemal,geduk...bangkieung Beny ngabangkieun,Beny malik ka Kemal tapi Acha nyerang jekuk cangkeng Beny di tajong 'heeeekkkk...beny nahan nafas,panon na buringas nahan amarah,sebrut kemal nyerang deui ku suku na ngababad tuur Beny tapi Beny buru2 ngababukeun bedog na atuh ngarengkog Kemal embung lamun suku na di babad ke ku bedog Beny maneh na mundur ari Beni ngababad keun deui bedog na make di putr2 sagala nyieun Kemal lungleung komo geutih teu eureun2 ngaley kaluat tina tatu na,

Kemal makin ka desek kerkitu Acha ngajleng ka deukeut Kemal maneh na nyangkeh awak kemal anu mimiti beakeun tanaga leuleus balas ku getih anu kaluaran terus2an Beny seuri nga gak gak bangun anu puas ningali Kemal anu nahan kanyeri,

"tah eta buruh na pikeun jelema anu hayang ikut campur wae masalah batur....hahaha maneh kabeh....bakal tiwas di leungeun kuring,moal aya anu bisa ngahalangan kuring,maneh Acha anu jadi sumber kabeh peutaka ieu...lamun maneh nyaho si Anhar ngadeketan pamajikan kuring hayang neangan perhatian maneh...", ck Beny,Acha molotot teu ngarti kana omongan Beny,

"dasar jelema gelo Beny maneh mah,naon hubungan na Anhar jng kuring cari perhatian naon ari si Anhar? jng naon hubungan nana Wika jng kuring asa eweuh...", ck Acha.

"si Anhar menta tulung ka si Wika pikeun ngadeukeut keun maneh jng si Anhar tapi si Wika kalah timuru jiga na si Wika masih neunden hate ka Anhar,hiji poe si Wika ngajebak si Anhar supaya bisa sare jeng si Wika ngarana na ge ucing garong di asongan wae nya tangtu di caplok oge,si Wika nyaho lamun si Anhar panasaran ka maneh Acha....si Wika menta dipirak ka kuring,maneh na terus terang hayang balik deui ka si Anhar jng maneh na jujur lamun salila ieu si wika gs sapatemon jng SI Anhar,bayangkeun nyeri peurih na jadi kuring.

Si Sopian sobat si Anhar teu narima lamun si Anhar masih keneh ngadodoho maneh Acha, sopian anu jadi pangcurhatan si Anhar niat hianat nya eta ngabejakeun perselingkuhan pamajikan kuring jng si Anhar ka kuring jng ka si Reny,tuluy kuring nyusun siasat kuring anu nyeri hate ku si Anhar jng si Wika nekad dek ngaleungitkeun nyawa maranehan nana....berikut maneh Acha....", ck Beny mata na beureum bari ngahegak nahan nafsu anu kapegung.

"naha make kuring?salah kuring naon?naha make mamawa kuring anu teu tua teu dosa?", ck Acha deui.

"maneh ngarasa teu lamun salila ieu maneh jiga anu mere harepan ka si Anhar ku maneh teu kawin2 salila ieu?maneh jiga anu mere kode kasi Anhar kumaneh hirup nyorongan wae",ck Beny.

Acha ngahuleng asa teu ngarti asa teu kapikiran nepi ka dinya,salila ieu maneh na memang teu kawin teh kulantaran can aya anu pas kana hate maneh na .memang hate na ka kait wae ka Anhar tapi da teu ngaharepkeun lamun Anhar bakal balikan deui ka maneh na.

"tapi maneh ge kan kalah salingkuh jng si Reny kudu na maneh gs infas teu kudu sampe maehan si Anhar sagala?",ck Acha deui,

"nya tadi na memang kuring teu hayang maehan si Anhar lamun kuring teu nyaho lamun si Anhar kalah ka meres si Reny,terus si reny ngomong lamun harita kerngandung anak Anhar kakara 5 minggu,dendam jng ijid minuhan hate kuring",ck Beny.

"terus maneh kan anu dek maehan si Nikeu?", ck Acha deui.

"emang kuring anu dek maehan si Nikeu ngan di bantuan ku si Sopian anu sarua dendam ka si Nikeu anu purah ngagosipkeun wae si Anhar jng Wika ...",ck Beny 

"maneh pernah curhat ka si Nikeu lamun maneh teu bisa poho ka si Anhar?",ck Beny

Acha ngahuleng nginget2 lamun maneh na pernah curhat ka Nikeu tentang perasaan maneh na ka Anhar memang pernah maneh na ngomong ka Nikeu lamun hate na gs ka cokot ku Anhar, tapi asa piraku Nikeu ngaguar2 perasaan maneh na kabatur sih....asaa mooaall, kitu pikir Acha

"maneh teu sadar lamun di grup maneh jadi bahan omongan lamun maneh salila ieu ngaharepkeun si Anhar tapi anu kapanasan lain saukur si reny tapi aya pamajikan kuring.aya si sopian oge anu masih ngaharepkeun maneh ,jadi kulantaran maneh teu kawin2 loba jelema anu ngahareupkeun maneh,sarua kuring ge ngarep keun maneh....ngarepkeun maneh paeh poe ieu...maneh sumber petaka jang babaturan maneh,maneh kudu tanggung jawab....", ck Beny bari ngamang2 bedog.

Acha nahan nafas hate na peurih nyeuri asa di gerihan leuwih nyeri ti tatu anu aya dina leungeuna na,piraku maneh na jadi sumber petaka salila ieu piraku maneh na anu nyebabkeun babaturan nana maraot,curulung cipanon na nyurulung maseuhan pipi na.Kemal anu mimiti leuleus kulantaran loba ka leungitan geutih nyekel leungeun Acha.

"Cha...Acha ulah kapangaruhan ku jelema gelo sing iget....maneh na maehan lain kudu kamu anu jadi alesan,kabeh sapinuh na emang jadi tangung jawab si Beny...naha ayeuna jadi nyalahkeun kamu Cha....tong kapangaruhan Cha....sok sing kuat ayeu na mah urang  tewak mahluk durjana ieu anu gs tega maehan pamajikan nana jng babaturan sorangan,sing kuat Cha...",ck Kemal bari muringis nahan nyeri kesang nyurulung renung kaluaran tina tarang na,awak na rada nyampoyong di tahan ku awak Acha anu sarua mimiti leuseuh.Acha nangkeup awak Kemal sedengkeun Beny panon na hurung beungeut na jiga srigala anu nempo mangsa na tuluy maju baru ngabar2 bedog beuki hareup.....beuki hareup.....ayeuna tinggal 2 lengkah deui nyinghareupan Kemal jng Acha anu ker silih tangkeup,sedengkeun Reny mah tatadi ge gs kapiuhan ningali getih anu ngabayabah dina titincakeun.

Kemal peureum ngadoa dina hate na menta tulung ka Gusti ALLOH menta di tangtayungan, maneh na jng Acha menta di salametkeun ti jelama jiga Beny leungeun na anu nyekel beuteung na anu tatu gs mimiti baal asa teu bisa di gerak keun,sedengkeun Beny makin deukeut leungeun Beny anu nyekel bedog kaciri rek di sabetkeun kana sirah Acha jng Kemal,Acha pasrah ngarapetkeun tangkeupan nana kanu awak Kemal basa bedog dek antel pisan kana sirah Kemal leungeun Acha nyabak pestol sig P229 anu di sakuan ku Kemal sakilat di cokot ku Acha,

sakedeng deui bedog nibas sirah Kemal .....

"jedooooorrrrr........", peluru melesat kaluar tina pestol anu di acungkeun ku Acha pas pisan ngeunaan dada Beny.

Beny molotot nyekelan dada na nyelek jantung na ngajedud ngadadak asa eureun nyeurina alabatan di cocogan sarebu belati anu nunceb kana dadana,getih kaluar tina biwir kentel hideung, panon na molotot gepluk bedog leupas .....

Acha molotot ningali Beny leungeun Beny nyekelan dada na gubrag awak beny ti beubeut kusek...kusek tungtung na nyawa Beny leupas menang terjangan pelor tina pestol Kemal,Acha buru2 muru kemal anu gs ngarumpuyuk panon kemal peureum....kulahek Kemal ngulahek,

Acha soak gegeroang bari ngagudrag2 awak Kemal.

"Kemal......Mallllll...ulah ninggalkeun kuring sorangan Mal.....kemal hudang......Kemal......!!!!!", ck Acha bari ceurik jejeritan sirah Kemal di teundeun dina lahunan nana,leungeun Acha ngusapan beungeut Kemal anu pias loba kaleungitan getih.

"Kemal....anjeun janji dek ngajadikeun kuring pamajikan anjeun Kemal......hudangggg.......kuring nyaah ka anjeun Kemal.....hudang.....kuring cinta ka anjeun.....Kemaaaaalllllll!!!!!", Acha ngajerit maratan langit ngoceak nembus mega cipanon na murubut maseuhan pipi na.


H A N C A

andhyn17.9.18 


 #KEMBANG_BODAS_TANDA_CINTA(KBTC)

BAG.12

KENGENG ANDHYN

KEMBANG BODAS TANDA CINTA

Acha ngagugudrag awak Kemal bari haben ceurik ker kitu ti kajauhan kadenge sora sirine mobil polisi bareng jng ngageter na hape Kemal,ku Acha buru2 di teangan hape Kemal teh kudak kodok hape teh aya dina saku jaket kamal buru2 di buka gening panggilan ti anak buah na Suhendar,

"hendar buru2 kadieu ....buru hendar...Kemal .....Kemal tatu keuna sabetan bedog buru Hendar.....", ck Acha 

"siyap ndan....siyap....", ck Suhendar

Suhendar anu gs nyaho posisi Acha jng Kemal buru2 ngalajukeun mobil patroli na maneh na teu poho ngontek Ambulan sina datang ka TKA.

Teu lila reug mobil patroli eureun di hareupeun imah kosong tea gajleng2 anggota team BUSER laluncatan muru imah sangges arasup langsung mariksa ka ayaan Kemal anu tatu parna kerdiceungceurikan ku Acha,leungeun Acha ge tatu keuna sabetan bedog Beny,

"sterilkan TKP...!!!", CK Suhendar ka babaturan nana,sret..sret TKP langsung di pasang Police Line ku anggota.

"Ambulan mana hendar?" ck Acha ngalengis ker kitu mah teu jiga komandan tapi jiga awewe biasa anu sieun kalingitan bebende na.

"sakedap deui dongkap Ndan...", ck Suhendar,ari anggota anu lain motoan TKP,ngamankeun Reny anu kapiuhan di juru rohangan,teu lila Ambulan datang Kemal di taekeun kana blangkar di baturan ku Acha

 di asupkeun kana Ambulan di pariksa ku team medis di bere pertolongan pertama,di infus jng di suntk penghilang rasa sakit,kitu deui Reny di bere infus di golerkeun dina Ambulan anu hiji deui,rabul anggota Polisi ka Tkp harira hawar2 kadenge adzan subuh matak waas matak singsareblak kana hate pikeun Acha mah maneh na teu ngaleupaskeun leungeun Kemal anu kerdibereusihan tatu dina beuteung na tuluy dijait supaya geutih teu tuluyan ngaley kaluar gs kitu mah di perban oxygant ngagantung jng infusan petugas medis mere isyarat lamun Kemal gs aman tinggal nungguan hasil kudu dibere suplay darah sagancang na,atuh biur Ambulan ngabiur muru RS polri mawa Kemal jng Acha anu embung tinggaleun maturan Kemal.

Sangges Reny di asupkeun kana ambulan anu hiji deui,mayit na Beny di asupkeun kana kantong jenasah sangges Polisi motoan eta tepat,giriwil kantong mayat teh di garotong di taekeun kanu mobil patroli di bere label tersangka pembunuhan tingkat 1.biur mobir patroli ninggalkeun TKP anu masih di rariung ku Polisi jang bahan laporan engke di pengadilan.

Di RSP Kemal di rawat maneh na menang transpusi darah, Acha ge sarua maneh na di rawat kulantaran leungeun na soek katambah aya luka anu kudu di ubaran balas di babuk ku Beny tea.

Rabul indung bapa katut lanceuk na ka Rs menang beja ti komandan na lamun Acha meunang musibah atuh lumayan rame di kamar Acha teh,leungeun masih keneh di infus Acha hayang gera2 ningali bebende na Kemal anu masih di ruang isolasi jng observasi,Kemal can sadar keneh...!!

2 poe ti harita Acha gs jagjag infus gs di leupaskeun tina leungeun na,maneh na keukeuh menta balik da gs euweuh anu karasa cenah,unggal poe anu di tanyakeun iwal ti Kemal,Kemal jng Kemal,

barang menang izin ti dr Acha langsung muru kamar rawat inap Kemal barang ningali Kemal anu ngagoler Acha langsung nangkeup bebendena ceurik dina dada Kemal naplokeun kasono jng ka nyaah Acha,lamun harita Kemal teu datang mereun Acha jng Reny gs eweuh di kieuna,kabayang keneh ku Acha Beny anu dk ngarogahala maneh na jng Kemal matak jadi gegebegan matak jadi teruma saumur hirup Acha.

keur ceurik we Acha bari ngusapan leungeun Kemal,bray panon Kemal beunta ret ka Acha anu teu nyadar lamun kemal gs sadar,lengeun Kemal ngusapan buuk Acha anu ker ceurik dina dada na ...

Acha ngorejat barang ningali Kemal sadar atoh pisan nepi ka teu sadar Acha nangkeup ti peupeureket awak Kemal,

"Cha......",ck Kemal ngomong laun pisan

"nya....aya naon Mal?", ck Acha masih angger nangkeup Kemal.

"eta perut Kemal nyeri keneh ka dedetkn ku Acha...", ck Kemal semu muringis,

Acha ngaleupaskeun tangkeupan nana reuwas teu sadar bakat ku atoh bari ngusapan beuteung Kemal anu tatu Acha seuri bari hahampuraan ka Kemal.

"Kemal....hampura nya....hehehe atuda Acha teh atoh ninggal Kemal sadar...", ck Acha bari ngusap pipi Kemal.

"nyaaaa....ngan Kemal maot deui lamun di tindihan jiga tadi mah....", ck Kemal ngaheureuyan Acha.

"eeeyyyy nyarios teh mni sok kitu....", ck Acha bari ngadilak ka Kemal.

"hehehehe....Acha hariwang kitu ka Kemal?",ck Kemal.

"pisaaaaannnnnnn.......hariwang pisan sayang.....", ck Acha.

"aaasssiiikkkkk....Acha sayang ka Kemal eunggggg....", ck Kemal seri leutik.

Acha teu nembalan tapi ngusapan tarang Kemal deudeuh...Kemal peureum ngarasakeun leungeun Acha.

"chaaa......", ck Kemal

"hhhhhhhhhmmmmmm? naon....", ck Acha

"sun don .....",ck Kemal

"eeehhhhhh ieu mah....isin aahhh kan di RS", ck Acha bari luak lieuk.

"aaahhh tuuhh Chaaaa....sakedik weee dina tarang ieuh atuhhh....", ck Kemal ogo

Acha luak lieuk tuluy nyium Kemal anu peureum rada lila Acha nyium Kemal teh teu sadar anak buah jng komandanna gs araya di sagigireun maranehan nana,jiga na lamun teu komandan na dehem mah moal ereun jiga na Acha nyium kemal,

"eekkhheeemmmm", cenah

Gebeg teh Acha ngagebeg barang ngalieuk komandan jng anak buah na gs rajeg di gigireun na,pias beungeut Acha buru2 maneh na ngahormat ka komandan na ari Kemal seuri we,anak buah na narahan piseurieun ningali Acha salah tingkah maneh na mundur mere jalan ka komandan na anu dk ngalongok Kemal.

Komandan mere suport ka Kemal mere wejangan jng ngacungkeun jempol kana wawanen kemal nyalamet keun Acha jng Reny,maneh na kakara nyaho lamun Kemal jng Acha aya hubungan basa dek ngaleos ka luar ruangan maneh na ngomong ka Kemal jng Acha,

"saya tunggu undangan pernikahan kalian....", cenah bari ngaleos kaluar.

"siaappp ndan.....", meh bareng nembalan Acha jng Kemal.

Janur melengkung di buruan imah Acha,poe eta Acha jng Kemal dek ngucap janji sapapait samamanis silih mika nyaah mika asih mika cinta,meakeun sesa hirup dua an nyieun carita anyar,lembaran hirup anu anyar dua an silih titipkeun jiwa jeng raga....

babaturan,kenalan kulawarga pabeulit ngawilujeungkeun ka Acha jng Kemal ti isuk keneh teu ereun2 semah daratang,musik sundaan ngaramekeun anu kerbungah kulawarga saruka bungah,gening Acha teh nepi ka jodona jodona oge teu jauh2 teuing menagkeun babaturan sapagawean,jodo pati bagja cilaka eta rahasia GUSTI ALLOH moal tiasa di atur2 ku urang sareng saha urang nikah,iraha urang bakal nikah atanapi bakal maot tangtos sadayana tos aya patokan nana,kantun urang sing percanten sareng sing yakin lamun ALLOH tangtos bakal mareungkeun sadayana doa2 urang.

Acha jng Kemal narangtung di pelaminan di baturan ku kolot2 na sorot kabungah katingali dina paroman dua nana babaturan tamplok,ti kepolisian jng babaturan SMA na balakecrakan sempal guyon gogonjakan ker rame rame2 na acara duka teuing timana datang na jol belewer buket kembang bodas pinuh ku getih di alungkeun keuna pisan kana awak Acha,atuh gaun warna bodas teh jadi beureum kembang bodas mancawura di hareupeun awak Acha,sarera ngajerit cing buriak nyalingray kitu deui Kemal ngagajleng kaluar neangan saha anu gs ngalungkeun kembang bodas anu pinuh ku getih ka awak Acha.

T A M A T

andhyn18.9.18

Assalamuallaikum......wr.....wb.......

tamat oge dongeng sim kuring anu judul na KEMBANG BODAS TANDA CINTA....hapuntn bilih seuer pisa ka kirangan boh tina tata titi cara nyerat tanda baca sareung eusi na,hapunten wireh na abdi masih di ajar.mugia tiasa ngahibur palawargi sadaya na upami aya anu naros naha cenah dongeng na ngagantung janten ku abdi di waler ayeuna,....sengaja di gantung supados mirip film Amrik atanapi film2 korea heheheeupami aya waktos srng aya yuswa urang teraskeun ke bersambung deui kitu panginten.

Komentar

  1. Numele meu este mitchelle williams. Aceasta este o zi foarte bucuroasa din via? A mea datorita ajutorului pe care Dr.Akobe mi l-aerer ajutându-ma sa-mi revin fostul kitu? pendak
    vraja sa de magie? i dragoste. am fost casatorita de 6 ani? i a fost atât de groaznic pentru ca so? ul meu ma în? ela cu adevarat? i cauta un cerai?
    dar când am întâlnit e-mailul Dr.Akobe pe internet hinaan og ajutat atât de mul? i oameni sa-? i recupereze fostul? i sa ajute la rezolvarea rela? iei.
    oamenii sa fie ferici? i în rela? ia lor. I-am explicat situa? Ia mea? I apoi am cautat ajutorul lui, dar spre marea mea surpriza mi-a spus ca o va face
    ajuta-ma cu cazul meu? i i ca ca acum sarbatoresc, pentru ca Sotul meu s-a schimbat total în bine. Întotdeauna vrea sa fie alaturi de mine? I anu poate muka nimic
    fara prezentul meu. Ma bucur cu adevarat casnicia mea, ce sarbatoare grozava. Voi terus di depun marturie pe internet pentru ca Dr.Akobe este
    cu adevarat un adevarat rotor de vraji. ESTE NEVOIE DE AJUTAT CÂND DOCTORUL DE HUBUNGAN Akobe ACUM VIA? A DE E-MAIL: oriarewoakobe@gmail.com sau suna? I la +2349034535620. El este singurul raspuns la masalah ta? I face to the sim? I
    fericit în rela? ia ta,? i sampurna? i în: 1 CINTA SPELL 2 WIN EX BACK 3 BUAT PROMO 4 PROMO? IE SPELL 5 JABATAN 5 JABATAN 6
    JABUR 7 BUN KAWAN JAWA 8 VÂNZARE DE LOTTERIE? Kuring CAZ DE CURTE.

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng sunda GIRIMIS KASORENAKEUNkengeng Andhyn

JERITAN TANPA SORA bag 6 sd 19

dongeng sunda HAREWOS TENGAH PEUTING (HTP)