DONGENG SUNDA NYUMPUT BUNI DINU CAANG

#NYUMPUT_BUNI_DINU_CAANG(NBDC)
Bag.1
Kengeng Andhyn

Heru nyisiran buuk na anu gs luis make Fomade gap leungeun na kana minyak seungit sreett...sreett minyak di semprotkeun kana kameja Denim na,panon teu leupas tina kaca euntung,
"hhhhmmmm ganteng keneh gening uing teh...moal eleh ku si jimin jng beck hyun oppa2 korea....",ck Heru bari dungdak dengdek....gap kana jaket parka warna hejo army bus dipake teu poho ngarawel konci motor anu ngagoler dina meja.
kaluar ti kamar muru garasi paragi nendeun motor gede na,teu lila blesat motor Ninja kaluar ti komplek imah Heru muru ka Cihamplas tempat maneh na janjian jng babaturan nana,tepi ka Cape tempat nongkrong jng babaturan na Heru nyamperkeun ka sakumpulan budak ngora anu kersilih gonjak bari saleseurian bangun anu bungah,
"weeyyy broo....sory2 telat soal na tdi ka jebak macet di sari jadi",ck Heru bari gek diuk deket Norma kiki,
"teu aanneehhhh....",ck Norma kiki bari ngadelek.
"kumaha2....jadi acara Reuni teh?",ck Heru bari ngiceupan ka Sherly.
"Jadi laahhh....!!",ck Sherly.
"okeyy ...seven anggle datang kabeh kan...",ck Heru
"Datang doonggg.....!!!",ck Aprilia komandan na SA alias seven Anggle.
"Siapkn acara semenarik mungkin terus ulah poho doorprize na ulah anu ecek2 mun bisa smartphone terbaru sampai macbook air oke...,piraku we alumni sakola favorit teu mampu kitu2 acan mah",ck Heru bari rutret ka babaturan na,
"siiaapp boosss undangan gs beres tinggal nyebarkeun,aya anu lewat Radio,tv suasta,tabloid,spanduk,via WA grup,twiter,IG,FB tinggal GO away boss...",ck Purnama bari semu legeg.
"okee...konsumsi...you are ready?!",ck Heru ka Permata sari seksi konsumsi.
"ready atuh....pokok na moal ngerakeun...",ck permata sari bari ngacungkn jempol.
"siiiipppp....ari para donatur mana suara nya...?!",ck heru rut ret ka awewe geulis anu diuk hareupeun nana kabeh na aya 9 urang,
"beresss llaahh pasti na",ck Aprilia CS.
Heru seuri bungah tuluy maneh na nutup rapat terus di tuluykeun ku acara makan2,kabeh jamuan ge di bayarkeun ku "seven anggle" tea pinpinan Aprilia anak konglomerat di Bandung,aya Permata sari anak pengusaha perhotelan,Norma kiki anak pengusaha trapel,sherly anak pengusaha roti anu panggede na di Bandung jng Jakarta,Maya Anak anu boga butik anu sumebar di pulau jawa,Poppy anak juragan beas,Reynita anak pengusaha emas jng permata Amanda anak pengusaha sepatu jng tas,lidya keluarga na boga usaha kolam renang sebeberaha hiji di kota Bandung,Anita Rahman anak dosen.kabeh anak konglomerat kabeh gareulis hanyakal kabeh sarombong garede hulu pada2 embung eleh boh dina penampilan boh dina kendaraan,sanajan gs 7taun kaluar ti SMA fav di kota Bandung tapi maraneh na masih solid sering papanggih naon deui lamun di jadikeun ajang pamer silih panasan,hareupeun maraneh na jiga anu eunya akrab padahal tukangeun mah silih jebian.

Kitu deui acara reuni anu dk di ayakeun sabulan deui kabeh dana na di tekel ku Seven Anggle babaturan anu sejen tinggal daratang tinggal ngahadiran biaya reuny di tanggung ku grup konglomerat tea.unggal taun can pernah eureun acara reuny anu mewah jng meriah di ayakeun di sakola anu kasohor di kota Bandung.

Fahri ngeluk tungkul surat ondangan di pelong di bulak balik,
"naha sihh kudu aya acara Reuny sagala...datang kumaha...teu datang ge kumaha....",ck Fahri bari mulak malik ondangan.
"datang wee naon hese na fay",ck bapa na Fahri anu ngaran na mang Ace,
"hoream pak....bapa ge apal meureun...",ck Fahri
Mang Ace ngahuleng maneh na memang ngarti pisan lamun Fahri teu nyaman aya di lingkungan babaturan sakola na,da Fahri ngan anak penjaga sakola,bubuhan we bisa sakola di sakola elit teh kulantaran maneh na menang karinganan ti pinpinan sakola jadi Fahri sakola na garatis,tapi nya kitu Fahri jadi bahan panghinaan ti babaturan nana anu rerea na jelema beunghar hungkul.

Bruhbreh kajadian 8taun katukang basa maneh na sakola di SMA meh unggal poe menang panghina ti babatutan nana di jadikeun kacung di titah itu ieu kasiksa2 namah ngan kudu kumaha deui nya narimakeun we,
sabener na aya deui anu sok di buli teh awewe ngarana Andreana pedah anak guru di dinya ngan guru na gs pangsiun,sarua deuih menang panghinaan jiga ka Fahri ngan ari Andreana mah teu pati kasiksa jiga Fahri ngan angger we karunya da mineng di hina ku gank SA eta.
ari musuh gank SA teh aya deui Gank saingan nana nyaeta gank LIDAM kapanjangan nana lima dara manis anu ketua na Calroline,anggota na Tessa,Fanny,Ridha,jng Afni. sarua anak anu balenghar hungkul dua gank teh unggal usik getreng teuing naon anu di parebutkn nana.

Andreana melong layar hape di grup WA ondangan Reuny jelas waktu jng tempat na,Andrea ngarenghap bangun anu beurat maneh na asa teu siap lamun kudu panggih jng babaturan SMA na tapi lamun teu datang leuwih parah deui maneh na bakal di blokir bahkan di era2 di medsos,jiga kajadian basa reuny ka 5 tahun Andrea teu bisa hadir langsung di teg2 kn di FB di sebut na "awewe cemen tinggal datang gratisan ge mni hese",
Andrea asa teu boga beungeut era pisan....

Tambah aya gosip lamun Andrea naksir ka Heru ketua OSIS beuki we Andrea pada ngabuli,pernah Andrea di kerem di WC sapoe jeput lamun teu di tulungan ku Fahri jng bapa na duka kumaha nasib na harita Andrea teu apal saha anu ngerem na lamun teu grup SA nya grup Lidam Andrea ngan bisa ceurik di upahan ku Fahri jng mang Ace.

Waktu Reuny tinggal sababaraha poe deui persiapan gs ampir beres ketua reuny nyaeta Heru sibuk burber nyiapkeun acara,tapi aya berita anu anu pikareuwaseun di grup WA,Norma kiki maot aya anu ngabunuh dina mobil na kabeh geger kabeh heboh  norma kiki grup Saven anggle maot aya anu dibunuh,heru olohok asa teu percaya kana berita di WA tapi babaturan nu sejen narelepon mere beja anu sarua lamun Norma kiki nyaan maot.
Heru diuk leuleus dina korsi jabaning acara reuny tinggal 3poe deui jiga na aya bahan gagal padahal persiapan nana ampir beres biaya gede gs kaluar Heru ngajengutan buuk na sirah na ngadak2 jangar.....

H A N C A
andhyn balikpapan 13 januari 2019

#NYUMPUT_BUNI_DINU_CAANG(NBDC)
Bag.2
Kengeng Andhyn

Layon Norma kiki masih di RSHS ari tamu  anu ngiring bela sungkawa tos pinuh di rumah duka di jalan Pandawa puguhan anak pengusaha loba jelema anu anu hayang nganter keun almarhumah ka peristirahatan terakhir na,karangan bunga ngajajar ti relasi2 jng ti kenalan kulawarga Norma,mobil ngajajar nepi ka jalan ge di alihkeun sa nyebabkn macet.

Heru jng babaturan anu sejen ge gs aya di imah Norma anu gede make pager anu jarangkung,gank SA komo gs aya di rumah duka ti anggal na keneh,
Sherly ngaharewos ka poppy anu kernyusutan irung na ku tisue,
"Popp....kamu ngadenge teu motif na naon cenah?,perampokan atanapi.....pemerkosaan?",ck Sherly lalaunan.
"teuing atuh aku ge teu apal,tdi di tlp si Anita ke we hasil na lamun gs di otuopsi ku polisi",ck Poppy
jelema makin loba kulawarga cing garoak dulur2 Norma anu awewe nyeungceurikan Foto Norma kiki anu gede,di imah asa paciweuh teu puguh wajah2 sedih ngahias di unggal juru imah,bandera koneng di pasangkeun di sisi jalan kira2 jam 10 beurang ambulan RSHS datang di abringkeun ku mobil2 mewah reg ureun di hareupeun imah patugas langsung ngaluarkeun mayit anu gs di bungkus ku boeh langsung di simpen di tengah imah anu gs di sulap jiga ruangan aula bakat ku gede sakuriling na make karpet siap nyolatkeun almarhumah,jung nangtung lalaki kokolot wewengkon Jl.Pandu terus bewantara ngawakilan kulawarga ges kitu mah ngajak jelema anu aya di dinya nyolatkn mayit,
beres nyolat keun mayit di asupkn kana pasaran terus di gotong di bawa ka tempat istirahat terakhir pikeun Norma,indung na Norma ngelepek kapiuhan bp na Norma leuleus kitu deui dulur2 na careurik silih tembalan foto Almarhum pada nangkeup pada nyiuman.

Babaturan Almarhum rea anu datang lolobana ti kalangan atas,polisi ge rea anu datang nanya2 ka kulawarga teu kaliwat sobat2 na almarhum,heru ge ngilu ka tanyaan kitu deui gank SA kabeh keterangan di tulis ku kepolisian.
kabogoh Norma kiki nyaeta Sony anu panglila na di tanya2 ku polisi,nanyakeun poe an bsa Norma di bunuh Sony aya dimana,
"dinten kamari abdi nuju sareng rerencangan abdi pak,nuju fokus latihan basket upami teu percanten mangga ku bp taroskn",ck Sony bari ngagupayan babaturan club basket na,sarerea nga "eunya" kn lamun Sony poe an Norma di bunuh emang latihan sampe peuting jng babaturan nana.

Heru mere parentah acara reuny di ganti ku acara doa bersama  jng tahlilan pikeun almarhumah tempat jng waktu na teu di robah,ngan susunan acara na di ganti kagok gs pesen ketring jng panggung,ari band jng nu sejen namah di cancel euweuh acara hura2,suka2 kabeh di ganti ku acara pengajian jng tahlilan.

poe anu di tunggu datang Reuny angkatan SMA fav anu pada nganti ku kabeh alumni sa angkatan Heru tapi kabeh anu datang euweuh anu berag kabeh sing harewos singkecewis ngomongkeun kajadian anu tumiba ka Norma kiki.
gank SA datang marake baju hideung kabeh make kaca mata hideng branded pa mahal2 kaciri pamer nateh.gank SA ngajajar di tempat VVIP aya di deretan pangharep na ngahiji jng guru2.

Calroline,Tessa,Fanny,Ridha,jng Afni ti LiDAM sing harewos bari semu juba jebi ka gank SA nandakeun masih keneh nganggap saingan,
"line...si sony jomlo tuu sok atuh tempel ",ck Ridha ka Caroline.
"embung aahhh....teu minat ayeunamah,loba anu leuwih ti si Sony",ck Caroline bari dulak delek.
"aaahhhh sok kitu kamu mah api2...",ck Tessa bari nyoel gado Caroline.
"eehhh ngomong2 saha nya anu ngabunuh na?",ck Afni bari culak cileuk.
"eehhh ck gosip korban di cekek na ku sabuk kulit jiga na gs di incer da pas asup kanu mobil na baru di paehan",ck Fanny semu ngaharewos ka babaturan nana.
"ngeriii iihhh naon sihhh dendam ato.....eehh aya barang anu leungit teu,di rampog lain sihhh?",ck Caroline.
"ck babaturan aku anu di kepolisian mah eweuh anu leungit jiga na bener dendam ieu mah...",ck Fanny deui,salerea cararicing.....

Sonny Diuk semu gelisah mata na ret deui ret deui ka Permata sari anu diuk di hareup,maneh na ngaluarkeun deui hape terus ngirimkn WA ka Permata sari,Anu di WA na ngalieuk terus mata na neangan Sony anu di teangan na mere isyarat terus ngirimkn deui WA ka permata sari.
"beb kamu ka tukang heula sakedap sok ayeuna ku aku di tungguan",eusi WA sony,
Permata sari ngolesed api2 dk ka toilet heula.
sangges aya di tukangen sakola Permata sari bari luak lieuk bisi aya anu manggihan nyamperkeun Sonny anu gs ngadagoan maneh na,
"aya naon sihh....bahaya lamun aya anu nganyahokeun...."ck Permata sari.
Sonny langsung nyekel leungeun Permata sari,
"kangen beb....hayu urang kaluar we yuu",ck Sonny bari nyium leungeun Permata Sari.
"iiihhh ai kamu teu sadar apa lamun urang kaluar ayeuna ke loba anu curiga,sabar atuh sampe acara beres jaba kamu ke ka sorot piraku kamu kabogoh na Norma tapi kamu euweuh di tempat hayang di curigai ari kamu sok tara mikir...!",ck Permata Sari bari kukulutus terus maneh na narik leungeun anu kr di Cekel ku Sony terus indit ninggalkn Sonny anu kr cungar cengir.

Permata sari balik deui ka tempat diuk na acara pengajian jng tahlilan tungtung na beres oge di tutup ku acara ramah tamah makan2 kaciri Permata Sari pamitan tiheula alesan nana aya perlu anu teu bisa di dinggalkeun padahal Sonny nga WA an wae,
sup kana mobil mewah na biur mobil kaluar ti lingkungan sakola teu lila aya motor CBR anu nuturkeun mobil Permata sari sup mobil asup ka hiji hotel di deket daerah pasteur kitu deui motor anu nutur keun tadi.
Permata sari langsung cek in sup maneh na ka kamar di anter ku pagawe hotel sangges nganuhunkeun ka si room service Permata sari nenden dompet hape jng konci mobil dina meja teu poho muka kacamata hideng na teu lila sup lalaki jangkung awak na atletis asup ka kamar,langsung ngagabrug ka Permata sari nyiuman ngagalentoran bari leungeun na uyup ayap kamana karep,permata sari peureum maneh na pasrah di gulang gaper ku si pemuda tadi anu taya lian ti Sonny kabohoh sobat na sorangan,singhorengan nan Sonny salingkuh jng Permata Sari maneh na mineng papanggih di hotel jng Sonny ngalakukeun hubungan anu di larang ku agama,sonny jng permata sari jiga jelema teu boga hete jng perasaan kakarage 3poe sobat na maot maneh na gs sarenang2 deui abong2 jelema anu gs ka ajak ku perbuatan satan.....

H A N C A
NBDC kengeng Andhyn
balikpapan,14 januari 2019

#NYUMPUT_BUNI_DINU_CAANG(NBDC)
Bag.3
Kengeng Andhyn

Taun ieu Reuny anu paling surem jang angkatan Heru anu biasa na mewah meriah kiwari ngan di hias ku ka sedih,Norma anu maot di bunuh teu acan aya laratan nana saha anu ngabunuh na da teu aya saksi jng bukti anu di tinggalkeun,Heru inget deui kajaman baheula Heru pernah naksir Norma ngan teu wani kedal kalah ka jadian jng Anita rahman tapi ngan sakeudeung kaburu putus Heru tuluy bobogohan jng indira nepi ka lulus.
Heru iseng dk ngadon ulin ka SMA baheula kabeneran Fahri babaturan sakelas na di gawe jadi TU di SMA bapa na mang Ace masih jadi panjaga sakola na,

Gancang na carita Heru gs tepi ka sakola kabeneran Fahri keur rada santay teu loba gawe jadi bisa ngobrol laluasa jng Heru,
"Her....kamu masih inget teu baheula urang kungsi naksir si Norma ngan can nanaon gs nolak geulis ge kacida sombong na nya...",ck Heru,
"huusss tong ngomongkeun nungs euweuh komo ieu kagorengan nana,pamali",ck Fahri.
"lainnn ieu mah prediksi aku mereun jng meureun aya patula patali na jng kasombongan nana...",ck Heru.
"hhhmmmm bisa jadi....tapi duka aahhh ulah nyieun asumsi sorangan",ck Fahri deui.
"sok aya anu ngadon ulin kadieu teu ?",ck Heru.
"nyaa kamari we basa dk reuny SA ampir kabeh datang kadieu nepungan dewan guru mere beja acara jng menta izin ka kepsek",ck Fahri.
"eeehhh eta mah aku ge datang atuh...",ck Heru.
"aya anu aneh teu ck kamu poe harita...?",ck Heru.
"mmhhhh nya asa biasa we grup rame cing irihil nepi ka si mas imron mah komen abong2 jelema aya cenah mni sarombong jng garu meulis",ck Fahri.
"mas imron tukang baso di hareup? hahaha eta ti baheula dagang di dinya nya...gs lila oge nya dagang nateh,eehh ngomong2 urang ngabaso di dinya yuuu",ck Heru bari nangtung mere isyarat nitah nuturkn ka Fahri,teu talangke Fahri nuturkeun Heru muru ka si mas imron tukang bakso hareupeun sakola.

tepi ka tukang bakso Heru jng Fahri langsung paresen gek diuk dina bangku,
"mas imron....pie kabare mass...?",ck Heru
"apiikk mass....ini mas heru yaa yg dulu pernah jdi ketua osis di sini...",ck mas imron.
"eehhh naha apal euyy...",ck Heru bari suri
"waahh kan jaman na sampean mah rame wae komo angkatan sampean mah siswa na gareulis jng barenghar hehehehe",ck mas imron logat na masih medok jawa tengah.
"hooh nya asa cikeneh nya mas....",ck Heru bari nampanan bakso anu di asongkeun ku mas imron,fahri jng Heru ngadalahar bakso bari ngalobrol jng mas imron.
"hanyakal sarombong nya gareulis oge komo anu 9urang eta...",ck mas imron deui.
"nyaaa maklum pangaruh dunya mas....anak pengusaha hungkul atuda",ck Heru deui.
"mas kan aya anu maot kamari gank SA apal teu...?",ck heru.
"waduhhh naha kunaon teu apal aahh",ck mas imron.
Fahri kerung kan kamari basa reuny di umumkn piraku mas imron teu apal sakitu heboh nepi ka asup tv sagala,di lieuk mas imron kersibuk ngelapan mangkok anu baraseuh.
Baheula mas imron pernah pasea jng SA pedah dagangan nana di hina ku grup SA nepi ka pernah dk di usir ku grup SA,mas imron ge pernah ka nyenyerian ku grup SA teh.

Sonny seuri bungah kamari kakara narima transfer ti Permata sari jumlah na lumayan gede,
"lumayan jng meuli sepatu basket deui....",ck Sonny tetela Sonny teh ngan meres hungkul Permata sari,bari sura seuri maneh na nga WA Lidya ngajak papangih di Cape di Jl bkr Sonny ngomong hayang curhat ka Lidya saditinggalkeun nana ku Norma Sonny ngaku kesepian menta di hibur ku Lidya padahal Sonny ngan saukur hayang meres duit Lidya,
Lidya daek di ajak papanggih di Cape ngopdul pasosore Sonny jng Lidya papanggih,Sonny anu api2 sedih curhat ka Lidya...
"aku asa sedih wae inget wae ka almarhum anu bageur kabina2 ka aku...",ck Sonny semu leuleus.
"nya...kamu harus move on atuh son...",ck lidya bari menerkeun buuk na anu ngarumbay,lidya masih aya katurunan cina mata na sipit pipi na bodas.
"bantuan atuh ku kamu supaya aku bisa move on ti Norma",ck Sonny
"cara na....?",ck Lidya api2 pdhal hate na ratug
"nyaaa kamu gantiin posisi Norma...mau kan?",ck Sonny mimiti ngaluarkeun jurus rayuan maut.
"mmmmmhhhhh....tapi malu sama yg lain",ck Lidya.
"nya rahasiakn heula laahh ke mun gs waktu na kita umum kn...",ck Sonny bari gerewek ngaranggeum ramo2 lidya.
"oke ....",ck lidya bari tungkul.Sonny bungah nakeran ramo2 lidya di cium bari panon na meulong ka lidya anu beureum pipi na.

Lidya mineng manggihan Sonny di SMA tempat Sonny ngalatih basket,nya Sonny jdi pelatih basket di SMA tempat maneh na baheula sakola,Lidya susulumputan datang ka dinya tara bebeja ka babaturan anu sejen na kadang nepika peuting Lidya maturan Sonny.

kira2 2minggu maneh na jadian jng Sonny hiji poe Lidya datang sore2 ka SMA mawa mobil sorangan nepi jam 9 sony can beres keneh latihan da dk nyinghareupan pertandingan,lila2 Lidya kesel oge maneh na jalan2 ngurilingan gedung sakola anu sepi,di lapangan basket kadenge sonny kermere pengarahan ka anak didik na Lidya seuri leutik teu nyangka bakal deukeut jng lalaki anu ti baheula di taksir na saha anu teu kapengpeongan ku lalaki ganteng atlet ketua tim basket deuih,ck kasar na awewe ngantri hayang jadi kabogoh Sonny hanyakal kamari beunang ku Norma kiki kiwari Norma gs maot Lidya bungah bisa ngagantikn Norma bari teu nyahoeun permata sari ge jadi kabogoh Sonny,kerlempang sorangan we....Lidya asa aya anu nuturkeun maneh na ngarandeg luak lieuk tapi da euweuh sasaha,masih kadenge sora sonny ge,lidya leumpang deui maneh na rurusuhan balik deui ka deket lapangan basket tapi pas di gank deukeut perpustakaan leungeun na aya anu metot,ngansakilat awak na aya anu nagkeup ti tukang beheung na di dengkeng ku leungeun aku keker sakuat tanaga lidya hayang leupas tapi kalahka makin tarik cekekan nana,panon lidya molotot lila2 tanaga lidya beak maneh na ngulapes tuluy jelema anu make sarung tangan jng jaket hideung ngagolerkeun lidya anu gs jadi mayit,eta jelema ngaleos ninggalkeun lidya ngoreleng kaluar ti gerbang sakola.....

H A N C A
NBDC kengeng Andhyn
Balikpapan,15 januari 2019

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng sunda GIRIMIS KASORENAKEUNkengeng Andhyn

JERITAN TANPA SORA bag 6 sd 19

dongeng sunda HAREWOS TENGAH PEUTING (HTP)