JERITAN TANPA SORA bag 6 sd 19
#JERITAN_TANPA_SORA(JTS)
Bag.6
Kengeng Andhyn
Anggun lumpat tuluy pesen ojeg on line muru kost an nana,di tempat kost awak Anggun ngagibrig masih kadenge jeritan Bella nyebut "nyeri jng Ampun2an" sebeberaha kali.
awak Anggun ngadegdeg kesang tiis kaluar maseuhan tarang jng tonggong na,peuting karasa asa panjang aya sebeberaha hiji WA anu asup ku Anggun kabeh ge di antep teu aya anu di buka.kakara ka subuhnakeun mereun nan Anggun kakara bisa sare.
panto kamar Anggun aya anu ngagedor Anggun ngorejat bari jeung lieur keneh maneh na hudang muka panto barang brayy nyampak Mia hariweusweus bari juuh ku cipanon,
"Anggun...kunaon sihh di WA teu di buka2 kamu teu nyaho nya lamun Bella maot di rumah sakit??!!",ck Mia.
Anggun molohok asa aya dina pangimpian kadenge keneh jeritan Bella nyebut ampun jng nyeri asa etre keneh,
"mi....miiiaaaa....aku ngimpi kan mi..?!",ck Anggun bari ngucek2 mata na.
"lain ngimpi Anggun ieu nyata tingali atuh WA grup sakitu rame na,ari kamu sare teh mni jiga kebo.....",ck Mia.
Anggun buru2 muka hape na murudul WAanu asup,japri jng grup di baca hiji2 asa teu percaya Anggun ngegel leungeun na bari murubut cimata,da kakara kamari Bella ulin ka kamar na anu tungtungna di paksa ku bibi na ka paraji,Anggun asa seuseuk Mia anu noroweco ge asa jadi hawar2 tungtung na leuss we teu kadenge deui,Anggun kapiuhan......
Mia panik buru2 ngageroan babaturan anu sejen pikeun nyadarkeun Anggun,lila2 bray panon Anggun beunta ngan teu ereun ceurik bari ngageroan ngaran sobat na gap kana hape maneh na ngabejaan Dandi kajadian anu tumiba ka sobat na,Dandi reuwas teu di lila keun maneh na ngabelenyeng ka kost an Anggun,sangges tepi gura giru muru ka kamar Anggun anu kerpada ngariung salarea careurik teu nyangka lamun Bella bakal maot ku cara tragis,kamari Bella masih aya keneh sanajan sungar sengir wae da ker nyiram penghuni kost an teu aya anu apal lamun Bella kerhamil di sangka na gering biasa we asup angin puguhan gawe balikna peutingwae.
"kumaha ayeuna jasad Bella bade di candak kamana?di kurebkeun di mana?",ck Dandi.
"saur namah bade di candak ka lembur na A?",ck Mia.
"hayu atuh urang ka ditu barade ngiring moal? upami barade ngiring abdi bd nambut mobil rerencangan...",ck Dandi nawaran,salerea nyebut "bade" da sidik babaturan sa kost an piraku we lamun teu ngalayat jng ngilu nganterkeun almarhum ka kuburan mah asa kacida.
Dandi langsung nlp babaturan nana teu lila aya mobil di anterkeun ku sobat Dandi,Babaturan Anggun gs sariap Anggun ge gs mandi tuluy salin awak na leuleus asa taya tangan pangawasa jga kapuk ka ibunan nguyupuk diuk di hareup gigireun Dandi anu mawa mobil,sangges sarerea siap biur mobil mawa Anggun saparakanca muru lembur Bella anu kabeneran lembur Anggun keneh.
Teu kacatur di jalan na mobil gs tepi ka hareupeun imah Bella,aya bendera koneng tina kertas jng korsi2 anu di kaluarkeun ti imah,jelema mimiti daratang ti kaler ti kidul di hareupeun imah ngagimbung jelema awewe lalaki kolot jng budak.
sangges markirkeun mobil Dandi saparakanca arasup ka imah tapi can nyampak mayit Bella,amparan karpet di eusi kunu ker ngaraji Quran nyampak indung Bella kerpada ngalariung pada mencetan jng di harewosan ku kulawarga na anu sejen.
"mayit na teu acan dongkap ti rumah sakit..",ck anu aya di dinya ka rombongan Anggun.
Anggun langsung nyampeurkeun indung na Bella,
"mama.....ieu Anggun mah....",ck Anggun teu asa2 da mineng mameh na indek liher di imah Bella sobat ti ker SMP keneh Bella teh.
indung Bella benta ninggali ka Anggun anu diuk hareupeun manehna,gabrug indung Bella ngagabrug ka Anggun tuluy ceurik tarik pisan,jiga na tatadi hayang ceurik ngan di tahan pas aya Anggun asa kasuat2 meureun jadi indung na Bella gs teu bisa nahan deui rasa sedih na,ku Anggun di usapan tonggong na bari sarua Anggun ge banjir ku cimata gs teu bisa ngomong nanaon deui salian ti cimata anu ngawakilan sedih na di tinggalkeun ku sobat na.
Kerkitu ti kajauhan kadenge sora ambulan anu aya di dinya sing gararubug buru2 kalaluar pikeun ngajemput mayit.kitu deui Anggun jng indung na Bella carengkat muru ka luar,
Ambulan eureun di hareupeun imah anu aya di dinya raronghok kulawarga Bella ngaluarkeun jasad Bella anu gs beres di boehan kadenge sora ceurik anu di tahan tinu hadir di dinya,indung Bella kapiuhan pas ningali anak anu di pikanyaah na mulang gs teu nyawa an di bungkus ku boeh.
Anggun ngadaligdeug untung deukeut jng Dandi ku Dandi di tahan tetempoan Anggun asa ranyang baham na di tutup ku leungeun katuhu na cipanon murubut teu eureun2,mimiti kadenge cing galaur anu caleurik komo dulur2 na Bella mah aki nini Bella ngaludupruk di buruan.
layon Bella di golerkeun di tengah imah nungguan di sholat keun indung Bella teu sadar2 Bapa na Bella ngudupruk gigireun layon anak na,pa ustad soleh ngadeukeutan bapa na Bella ngajak gera2 nyolatkeun Loyon Bella da gs di pulasara di Rumah sakit,
"Pa hawatos ka Almarhumah upami di engke2 hayu urang gera kurebkeun....",ck ustad,bapa na Bella ngan unggek tuluy mere beja ka kulawarga na anu sejen pikeun nyolatkeun anak na,beres nyolatkeun mayit di angkat di asupkeun kana pasaran,tuluy pada ngagotong bring sarerea nganterkeun jasad Bella ka kuburan.
Anggun teu ngilu balik ka rombongan maneh na deuk balik heula ka imah na nepungan indung bapa na,asa reuwas kareureuh nakeun ku kajadian Bella anu teu bisa ngajaga diri nepika yi gebrus ka pergaulan bebas anu ngabalukarkeun maneh na maot ku jalan ngagugurkeun kandungan nana.
Nepi imah teh sore ngahaja ngadon ngariung heula di imah alm Bella jng babaturan sakola na baheula anu salembur,di imah nyampak indung na kakara balik gawe ti imah pk Danang,
"harr...Angg iraha balik ka lembur?aya naon nung eta mnincarindul kitu??",ck irma.
"tadi enjing2 mah......",derekdek Anggun nyaritakeun musibah anu nimpa sobat na,irma mni olohok ngadenge anak na cumarita teh.
"mah...Aang bade liren damel aahh sieun mah....",ck Anggun.
"nya eunya atuh nung...mamah ge reuwas baruk kitu gawe di dinya teh?...nya geus aahh cicing we di lembur...",ck irma.
"bapa kamana mah?",ck Anggun.
"iihhh nya eta gs jarang balik ayeuna yeh nung,sakalieun balik ge ngan salin hungkul cenah mah lembur wae jng gawe peuting wae matak tara panggih ieuh jng mamah",ck irma.
"ooohhhh....",ck Anggun
Anggun kaluar ti pagawean nana maneh na balik ka lembur saheula anan maneh na nganggur cicing we di imah,paling ngadon ulin ka imah babaturan sakola na baheula bari nginfo pagawean sugan jng sugan bisa aya anu ngabutuhkeun pagawe.
salila cicing di imah Anggun can pernah panggih jng bapa na ari ceuk indung na Bapa na sok balik beurang2 ngadon sare hungkul ke sore maju di gawe deui geuning salila Anggun di imah bapa na teu aya ngelol2 acan.
indung na Anggun isuk2 indit sore kakara balik bakat ku cape mah irma sok cicing we
ngajengjehe dina korsi,ayeuna namah genah aya Anggun anu gs pang masakeun datang teh kari am dahar.
kira2 2minggu Anggun aya di imah jebul Ahmad rada reuwas aya anak na di imah teh,
"harrr Aang aya di imah geuning,gs lila Aang?",ck Ahmad.
"atos pak aya meureun 2minggu,ari Bapa kamana wae? naha tara uih ka bumi?",ck Anggun heran.
"mmhhh sugan teh Aang damael keneh di kota,atuda uih ge percuma teu aya sasaha di bumi na....janten Bapa...mmhhh Sok ngiring ka kontrakan rerencangan we ngadon bobo di rerencangan Aang...",ck Ahmad ngabohong.
"ooohhh.....",ck Anggun bari ngaleos ka dapur.
Ahmad nyampeurkeun ka dapur maneh na mukaan tudung saji tuluy nyokot piring ngeduk sangu dekul we dahar bangun anu nikmat jng asin tawes menang ngagoreng garing,sambel di coel ku terong ngora goreng tempe we,Anggun ngaleret ku juru panon na tadi na eta teh jang nyampekeun indung na tapi meh ampir beak kabeh ku Ahmad di hanca,Anggun semu bingung deuk masak deui kagok gs sore sakeudeung deui ge indung na balik ngan maneh na teu nyangka bapa na bakal datang tuluy meakeun jatah indung na.
nya an we irma balik bari semu ngalenghoy sangges mandi jng salin irma muru ka dapur pas pisan Ahmad kakara beres dahar na,irma neuteup beungeut salakina anu cengkat deuk kukumbah leungeun,
"haaarrrr tumben juragan mulih manawi teh tos hilap jalan mulih juragan tehhh....!!!",ck irma sinis.
"eehhhh maneh mah aya salaki balik kalahka ngomong teu pikangenaheun...",ck Ahmad.
"haarrrr....teu raos nya juragan....?",ck irma nambah tarik sora na.
"eehhhh gs gandeng aahhh era ku budak eehhh",ck Ahmad.
"aya gening ka isin mah....manawi teh tos teu gaduh ka isin,cing ari isin mah mana kuring menta resiko...",ck irma bari namprak.
Ahmad ngabetem cicing teu nembalan da puguh duit na apanan di ka winda keun.
"naha make cicing....di pake naon duit gajih gs 3bulan teu mere resiko?",ck irma gap kana piring tuluy ngeduk sangu pas muka keun tudung saji maneh na olohok da kabeh dengeun sangu beak amrin ku Ahmad atuh makin kekerot irma teh ker mah eukeur cape jng lapar pas deuk dahar deungeun na beak ku Ahmad,semu di beubeutkeun piring eusi sangu teh kana meja irma indit ka kamar tuluy ganti baju leos ka kamar anak na,
"Aang buru salin hayu urang ngabaso ka ojolali anu enak tea hayuu buru....",ck irma,Anggun anu ker ngagoler bari nyoo hape ngorejat bari atoh,
"aassiiikkkk......hayu2....!!",ck Anggun gancang salin tuluy dua nana muru kaluar imah ninggalkeun Ahmad anu kerngabaheuhay dina korsi.
"dek kamarana....!!",ck Ahmad ngorejat.
"kamana we kumaha kuring...",ck irma bangun anu keuheul.
"ngabasooo doonnggg....uih na bade jalan2 ka emooollll",ck Anggun mapanas bapana.
Ahmad olohok ningali anak pamajikan nana ngabiur indit.
Sabener na Ahmad gs mimiti ngarasa ngarumas biasa na ku irma maneh na di urus tina baju nepi ka dahar na,ari ku Winda mah ngan di urus masalah ranjang na hungkul Winda tara masak kabisa na ngan dangdan lamun hayang dahar tinggal meuli ka luar,nyeuseuh tinggal ka londri keun eunya lamun ker aya duit lamun palebah tanggal kolot Ahmad kawalahan,hutang gs raweuy ka warung kopi langganan nana matak era lamun hayang ngopi ge meni kudu ka warung,poe eta ngahaja balik gs teu kuat lapar ari duit gs teu nyeukeulan.
Poe minggu irma teu digawe da sok di peure keun ku pk Danang maneh na ngahaja sok ngahaja beberes di imah nyeuseuh jng meresihan imah.harita irma mereskeun kamar na ngumpulkeun baju2 anu ngagarantung dina paku,ngaganti sepre jng sarung bantal brus di keueuman di kamar mandi,tuluy ngarampidan baju jng calana anu ngagarantung aya jeket2 salakina tuluy di bawa ka kamar mandi samemeh di keueuman di kodokan heula saku2 na tuluy di lelepkeun kana cai anu gs make rinso,palebah ngodok saku jeket salaki na gorehel aya kertas kertas nota ti toko kecantikan terus di ilikan ku irma nepikeun ka ampir 700rebu eun,gorehel deui aya nota ti rumah makan anu marahal irma ngadegdeg tuluy nyampeurkeun Anggun anu ker ngepel di tengah imah,
"Aang coba tingali ieu....",ck irma bari nembongkeun nota2 ka Anggun.ku Anggun di tempoan bari gogodeg,
"waaahhhh parah ieu mah....pantesan si bapa tara balik da gening .....",Anggun teu kebat ngomong na buru2 nutup biwir na ku leungeun.
irma kekerot ambek panon na panas bari ngasah peureup keun siah keun siah hayang gera gok gok we panggih jng salakina.
H A N C A
jeritan tanpa sora kengeng andhyn
balikpapan,salasa 20 nov 2018
#JERITAN_TANPA_SORA(JTS)
Bag.7
Kengeng Andhyn
Irma ngajak Anggun manggihan Sueb sobat Ahmad di kontrakan nana untung harita Sueb ker araya,rada reuwas Sueb di datangan ku irma teh maneh na gs nyangka pasti irma lambat laun bakalan apal kana kalakuan Ahmad.
Sangges irma jng Anggun dariuk di singharepan ku Sueb pok irma miheulaan ngomong,
"kang Sueb ulah sieun sok bejakeun ka kuring urang mana awewena....?!",irma teu make malapah gedang sagala da yakin Sueb apaleun.
"duuhh kumaha nya ....teu apal abi mah ceu...",ck sueb bari garo2 teu ateul.
"ooohhhh bade nutupan kalakuan teu uni nya ? teu nanaon lamun kang Sueb nutupan kang Ahmad ke akibat na tanggung nyalira nya ku kang sueb",ck irma ngancam.
"ke...ke...ke...akibat na naon ieu teh....naha abi di cacandak...?",ck Sueb teu ngarti.
"Ceu Wati.....kadieu sakedap....!!!",ck irma jol ngageroan pamajikan Sueb.
Wati norojol bari olohok gek diuk gigireun salakina anu elekesekeng,
"aya naon teh irma...? asa rareuwas kieu...?!",ck Wati.
"ieu tingal ceu bon balanjaan kapendak tina pesak jeket salaki abdi,jiga na jng mahugi awewe abi yakin kang Sueb apal da sobat na salaki abdi,tpi gening kalah nutupan...bisi jng bisi abdi mah....mana nutupan teh bisi sarua na...",ck irma bari seuri sinis,atuh beungeut sueb geuneuk ari Wati langsung ngareret ka salakina mata na molotot bari leungeun na ngajembel cangkeng Sueb nepi ka peperengkelan bakat kunyeri,
"lalaki nurustunjung siah imah masih ngontrak bari jeung hutang rawey gs wani teu baleg....",ck Wati.
"eehhh mah..mah....ampun mah tong mamawa kuring atuh da kuring mah teu pipilueun cing sumpah....mah nyeri mah leupaskeun heula ieuh...mah ampun mah....!!",ck Sueb pupuringisan cuwitan Wati makin tarik.
"sok siah ngaku sarua na teu maneh jng si Ahmad?!!!",ck Wati bari marieskeun leungeun na Sueb ngagorowok bakat ku nyeri.
"nya....kuring dek wakca lamun si Ahmad gs kawin deui,tapi bisa di tatanyakeun kuring mah boboraah jng ngahereuyan awewe,teu niat2 acan sumpahhhh...!!!",ck Sueb bari nyekelan leungeun wati anu makin tarik ngajembel cangkeng na.
Irma jng Anggun olohok asa di bentar gelap....
"jng orang mana kawin na si K****k teh?!!",ck irma bari meureup.
"duka ceu da abdi mah ti saprak Ahmad ngahereuyan si Winda abdi tara caket deui jng maneh na da ku abdi ge kirang kumaha di papatahan wae di emutan wae ceu...ngan da Ahmad na bedegong dugi ka anjeuna nyalira anu wakca ka abdi yen atos narikah...kitu ceu",ck Sueb bari ngusapan cangkeng na anu nyanyautan balas di ciwit ku Wati.
Irma makin ngaheruk tungkul,cipanon murubut asa harianeun ku salakina pantesan gs tara mere resiko gs tara balik ka imah geningan Ahmad gs kawin deui,naon salah maneh na ngilu cape di gawe jng mantuan buyar bayar kaperluan sapopoe belaan buburuh di imah pk Danang indit isuk balik sore,tapi gening kalahka di pulang nyeri kunu jadi salaki.
"nya wios atuh kang...da ku abdi di sms,di tlp,di WA oge teu nyambung da tos gentos no mereun...ngan wiat saur piwarang uih hla we kitu ka bumi tapi omat ulah waka nyarios abdi tos apal anjeuna nikah deui nya kang,omat...",ck irma leuleus awak na hayang gerura balik ka imah tuluy hayang ceurik ngahinghing.
"muhun mangga....",ck Sueb teu ngarti deui kudu kumaha.
irma jng Anggun pamitan biur dua nana baralik kana motor muru ka imah na,irma di bonceng ku Anggun dua nana teu rea ngomong sibuk ku pikiran sewang2.
Tepi ka imah irma asup ka kamar na segruk ceurik bari nangkuban Anggun nutur keun tuluy diuk di sisi tempat sare indung na bari ngusapan tonggong irma,
"mah...ayeunamah kumaha mamah...upami beurat kanggo mamah nya ecagkeun we da Anggun tos ageung ngrtos kana kanyeri mamah...",ck Anggun bari cimata nage murag kana pipi na.
"lain Angg...mamah teh kurang kumaha deui coba cape2 di gawe mantuan si bapa tapi kalahkah kieu gening balesan nana....",ck irma bari sisimeukeun.
"muhun Aang ngartos matak kumaha mamah ayeunamah...ngan dua pilihan bade bertahan atanapi atosan....",ck Anggun.
"mamah mah menta di beresan ah Ang...asa nyeri hate di pikir2mah....",ck irma,
"mangga kumaha mamah da ari kanggo Aang mah mamah bade ngahiji atanapi papisah tetep we Aang mah putra mamah jng bapa....",ck Anggun bari tungkul.
jep dua nana jarempe....
Isuk na irma ngahaja teu asup gawe asa lalieur cenah ngahaja nga SMS ka anak na pk Danang neng Arini lamun poe eta moal bisa asup di gawe teungarenah awak.sapopoe ngahenen we di kamar dahar,nginum di anteran ku Anggun kadang Anggun ge ngilu sasarean dina tempat sare jng indung na.
wanci maghrib irma kakara beres sholat maghrib jng Anggun,kulutrak aya anu datang irma masih keneh make mukena kaluar ti kamar da gs apal lamun anu mawa konci sere'p teh Ahmad salakina barang asup ka jero irma nyisngsat keun mukeuna muru ka Ahmad,
"alus maneh datang....diuk di dinya....!!!",ck irma.
"aya naon nyi mni sewot kitu...?",ck Ahmad teu ngarti.
"nya sok diuk hla we kuring aya pi omongeun",ck irma,gek Ahmad diuk dina korsi irma nguliwed ka kamar nyokot nota tea song di asongkeun ka Ahmad,
"ieu naon?",ck irma.
"haaarrr teuing atuh teu apal emang eta naon? teu ngarti ahh....",ck Ahmad memang pohoeun deui eta teh bon urut mahugi Winda.
"ohhh api2 teu ngarti api2 poho,kan eta bon teh urut ngabalanjaan pamajikan anyar maneh lin?",ck irma.
Gebeg Ahmad ngagebeg tuluy maneh na nyidik2 bon ti toko kosmetik jng ti restoran tea,maneh na kakara inget eta bon munggaran basa ngabalanjaan Winda.
"geus teu kudu loba ekol da gs kapanggih kuring nyilidik sorangan bener akang gs kawin deui jng babaturan gawe akang....ayeunamah beresan we kuring,urang papaisah kang....abi menta cerai...!!!",ck irma bari nahan pi ceurikeun.
"ke...ke...nyi ulah waka ka jurung napsu...ck saha eta teh....",ck Ahmad bari niat nutupan keneh.
"oohhh moal ngaku nyaa teu nanaon ayeuna keneh kuring dk nitah kang sueb datang ka dieu...!!!",ck irma ngancam.ngadenge ngaran Sueb mah Ahmad ngeleketey maneh na tungkul jiga buek menang mabuk jiga maling katohian.
"a..a...ari nyai gs gilig menta pisah...?",ck Ahmad teu wani neuteup bengeut irma.
"kuring gs yakin pisan,isuk urang ka KUA urang daftarkeun sakalian",ck irma embung ka papanjangan,
"jeng bawaan baju2 ulah aya anu di sesakeun sapotong age bawa ka pamajikan anyar...sudi kuring mah ningali nage ijid...geuleuh....!!!",ck irma bari ngejat asup ka kamar 'jeblag' panto di tutupkeun sataker kebek.Ahmad olohok gs teu bisa kukumaha deui ayeuna mah da gs kapanggih maneh na ngarahuh bangun anu cape kuniang hudang tuluy kaluar deui ti imah tadi namah lapar dk ngilu dahar da duit gs teu boga ari di imah winda eweuh sangu2 acan,katambah Winda kernyiram pagawean nana utah2 an we gs teu bisa ngalayanan deui Ahmad da nanaon barau justru Ahmad anu di gawekeun ku Winda,eunges mah cape di pabrik katambah lamun balik gawe ku Winda di utah etah.Ahmad narik nafas panjang kadenge sora beuteung kukurubukan menta di eusi jaba dina loket eweuh sarebu2 acan duuhhhh......
Isuk na irma indit ka KUA ngadaptarkeun gugatatan cerai na di anter ku Anggun.balik ti KUA Anggun nganter indung na ka tempat di gawe na nyaeta ka imah pk Danang bapa na Dandi,harita Anggun teu apaleun lamun Dandi teh anak dunungan indung na.
Anggun nganterkeun indung na nepi ka buruan imah pk Danang,
"moal Asup hla Ang...?",ck irma ka anak na.
"moal ah mah Aang bade teras ka rerencangan saurna aya info loker",ck Anggun bari mengkolkeun motor na dk balik deui,ker kitu Dandi kaluar ti imah pasangrok jng irma,irma manggut ka Dandi anu biasa we cuek sup irma asup ka imah tuluy ka dapur.
ari dandi ningali awewe anu nganterkeun irma gs nukangan katingali tonggong na hungkul,rada kerung asa apal ngan saha2 na teu sidik da kermah make helm katambah ngan katingali tukang na hungkul,motor ngabiur ngajauhan imah pk danang di teuteup ku Dandi.
Harita Dandi ker neneangan Anggun ti saprak kaluar ti tempat karaoke Dandi can pernah panggih deui jng Anggun,babaturan nana eweuh anu apal dimana imah na Anggun,Dandi inget wae ka Anggun tisaprak kajadian Bella Anggun ganti no jiga na embung di ganggu komo ku masalah pagawean,Dandi jadi bingung antuk na poe2 katukang gawe na Dandi ngan ambek2 an we murang maring teu puguh.
Ari Anggun sangges nganterkn indung na maneh na nyamperkeun Maya babaturan nana bsa SMA cenah aya lowongan kerja di deler motor matak Anggun buru2 nyampeurkeun Maya,sangges papanggih jng ngobrol jng Maya Anggun balik ka imah na nyiapkeun surat lamaran ka dealer motor tea.
isuk na Anggun nganterkeun surat lamaran teu nyangka geuning aya Dani di dealer teh,Dani ge rada reuwas kadatangan ku Anggun da Dani apal Anggun pagawe di tempat karaoke tempat maneh na jng boss na karaoke an,
"saha tadi nami teh...?'',ck Dani
"Anggun pak...",ck Anggun.
"oohh muhun Anggun nya,naha liren ti tempat karaoke?",ck Dani.
"aahh padamelan nana teu cocok sareng abdi pak sawios gajih na ageung upami bertentangan sareng hate nurani mah seusah pak....",ck Anggun bari tungkul asa ngadegdeg sidik ti baheula resep ka Dani ari ayeuna panggih deui atuh asa aya dina pangimpian,
"aaaaaahhhhh dunya teh sempit gening....",ck Anggun dina jero hate.
Dani melong Anggun anu tungkul aya perasaan kagum ka Anggun anu teu pidunya mun cak2an batur mah teu ngamasalhkeun gawe naon2 na nu penting duit gede gawe ngenah,loba anu mere tips jng loba anu mahugi komo di barengan ku lengger mah genit,centil daek di boking ges weh bakal rea duit,tapi gening teu kitu Anggun mah kalah kaluar ti tempat eta.
"mmmhhh mangga di antos we ke upami tos aya wartos tangtos di tlp ka no anu ieu nya...?",ck Dani bari nunjuk kana amplop lamarannwarna coklat,Anggun unggeuk tuluy cengkat pamitan ka Dani jng nu lian na Anggun kaluar ti kantor muru kana motor na biur balik deui ka imah na.
Dani melongkeun tina rohangan maneh na mimiti aya anu ngoyag2 deui hate na anu gs pernah gudawang kulantaran di tinggalkn kawin ku Anindya kabogohna basa di Banten,asa di bokong ti tukangeun maneh na di pindahkeun kulantaran maneger na bogoheun ka Anindya,
"aaaaaahhhhh nyerina masih keneh karasa.....asa sarieun ayeunamah dk mikacinta deui teh....",ck Dani dina jero hate na.
Ahmad neuteup dompet na anu kosong kakara ge sebeberaha bulan kawin jng Winda tapi maneh na gs kawalahan jba ayeuna Winda kernyiram,ka pagawean gs teu bisa kasbon hutang gs rawey ampir kabeh babaturan gs pernah ka injeuman duit na,Winda jelema sarakah kabeh gaji Ahmad di cokot ngan di sesakeun jng bensin hungkul sedengkeun ari jng dahar mah teu di tinggalan,komo jng roko jng ngopi mah balik gawe beuteung kukurubukan bakat ku lapar Ahmad muru ka imah irma maneh na yakin lamun di imah na sok aya wae dahareun komo ayeuna aya Anggun anak na anu sok nyampakeun dahereun kr indung na,
Ahmad rada rerencepan asup ka imah teh maneh na masih boga konci sere'p cetrek panto di buka lol sirah na ngelol sepi imah teh maneh na ngeteyep ka dapur kosong eweuh sasaha,Anggun kadenge kr dikamarna da hape na nyetel lagu maneh na rada jonjon dahar meakeun anu aya di luhur meja sidik haranet keneh da Anggun kkara beres masak,gs beres dahar maneh na kukumbah leungeun jng piring urut dahar jiga bangsat maneh na keketeyepan kaluar ti imah na lalaunan nutup jng ngonci panto oge,sangges beuteung na sebeh mah rada cenghar deui belenyeng deui we Ahmad muru imah Winda bari seuri koneng.
"aaaahhhh tibra ayeunamah sare teh beuteung gs seubeuh mah....",ck Ahmad.
Irma balik ti pagawean biasa gs mandi jng salin baju ngoloyor ka dapur muka tudung saji,tapi karosong tinggal piring na we pikir irma Anggun kasarean matak teu masak oge maneh na ka kamar Anggun anu ker nynyayian nurutan lagu tina hape na,sup irma asup tuluy diuk dina tempat sare Anggun.
"Angg....naha teu masak....Aang gering ato kumaha?",ck irma.
"iiihhhh...naon ai mamah sok ngarang ari anu dina luhur meja teh naon...?",ck Anggun.
"oohhh hayu ka dieu atuh enung na....",ck irma bari nuntun Anggun ka dapur,bray tudung saji di buka Anggun kuat ku molohok....
"mah...Aang masak mah ngagoreng pindang presto jeung ulukutek leunca....sumpah iihhh...!!!",ck Anggun,dua nana ngahuleng piraku aya bangsat ngan ukur ngilu dahar hungkul,saha atuh nya pikir irma jng Anggun.
H A N C A
jeritan tanpa sora kengeng andhyn
balikpapan,rebo 21 nov 2018
#JERITAN_TANPA_SORA(JTS)
Bag.8
Kengeng Andhyn
Irma jadi rea ngahuleng bari barang gawe teh ku pa Danang sok di perhatikeun,Pa Danang ngarasa lamun di sesa umur na maneh na kudu aya anu ngurus lahir batin na teu bisa hirup nyorangan jiga ayeuna kudu boga batur pakumaha,tapi saha atuh anu daekeun deui ka maneh na anu gs kolot jba geringan wae.
Ras inget ka Nining pamajikan anu kungsi di tinggalkeun di Banten aya niat hayang nepungan Nining ngan sieun di tolak da rumasa gs ninggalkeun salila lila.
Harita kadenge satpam imah kerngobrol jng irma di buruan,irma kerngepel tepas ari mang sodik mantuan sasapu buruan,
"kumaha ceu irma jng mang Ahmad teh ? dek luas wae jadi randa....??",ck mang sodik.
"aaahhh mening jdi randa atuh mang dri pada boga salaki tapi ripuh mah...",ck irma.
"eta saha anu mayar surat cerai na kan Kang Ahmad teu datang2 ka pengadilan nana...",ck mang sodik.
"bae mang di beuli ku abdi we anu abi mah....",ck irma deui.
Pak Danang teu sengaja ngadedengekeun 2 pagawe na ngalobrol,naha hate na jug2 atoh nyaho irma jdi randa teh asa aya lampu hejo jng maneh na,sabulan ieu maneh na jdi teu paruguh rasa lamun deukeut jng irma jiga budak ngora wae kitu pikirna tapi jdi ngemplong nyaho irma papisah jng salakina teh.
Saminggu ti harita pak Danang ngageroan irma terus nitah diuk di hareupeun maneh na,
"irma....teu sengaja bapa ngadenge obrolan irma jng mang sodik,saur na irma bade papirak nya..?",ck pk Danang.
"muhun pak....",ck irma rada reuwas.
"ieu artos kanggo nebus serat cerai.....",ck Pak Danang bari ngasongkeun amplop coklat eusi duit,irma ngahuleng teu buru2 nampanan duit ti pk danang,
"bapa.....miharep irma lamun kersa eta oge ....jadi....istri bapa....",ck pk Danang semu era jng karagok,irma tambah ngahuleng asa teu percaya kana dedengean nana.
"teu kudu di jawab ayeuna....jug tebus hla we surat cerai na...",ck pk Danang.
irma nampanan duit dina amplop tuluy indit ka dapur bari jantung na ratug,
"naon?? pk Danang dunungan nana menta maneh na jdi pamajikan nana...?? aduh....kumaha nya?",ck irma dina jero hate na bari ngekewek duit dina amplop.
pasosore irma balik ka imah nyampak Anggun kercungar cengir we ngadagoan maneh na,
"naon Angg sura seuri wae?",ck irma.
"mah....Aang di tampi damel di dealer motor,jaba menejer na...mmhhh...pameget anu ku Aang di taksir...",ck Anggun.
"woowww....Aang damel deui atuh...slamat atuh nya sok sing betah sing barokah sing pendak sareng jodo anu bageur aahhh....",ck irma bari nangkeup anak na.
"damel na ngawitan enjing mah....",ck Anggun.
"nya sok siap2 atuh ti ayeuna....",ck irma.
"ari anu masak saha atuh ari Aang damel mah ?"ck Anggun.
"aaahhh gampang urang meser asakan we...mmmhhh Aang...mamah....mmmhhh...saur Aang kumaha nya?",ck irma asa2.
"naon ai mamah sok teu puguh,aya naon mah tong asa2 atuh nyarios na?",ck Anggun bari melong ka indung na.
"mmmhhhh....pk Danang dunungan mamah ngajak nikah,kumaha ck Aang?",ck irma bari tungkul.
"nyaaaa kumaha mamah eta mah kan mamah tos kenal pk Danang lumayan lami...mamah berhak bahagia...",ck Anggun.irma nangkeup anak na.
isuk na Anggun mimiti gawe sakantor jng Dani aya harepan dina hate Anggun komo nyaho Dani nyorangan keneh ngan edas Dani mah jelma na cicingeun tara ngomong anu teu perlu estuning ngomong teh lamun aya perlu hungkul,Anggun beuki resep ka lalaki jiga Dani anu teu loba ngomong.
**********************
Sabener na Ahmad sering ka imah irma ngan maneh na heran di imah tara aya sasaha malahan dina meja ge kosong euweuh dahareun,
"mmmmhhhh jiga si Aang gs digawe deui,duh cilaka kamana neangan dahareun ieu teh",ck Ahmad bari muka an lomari di dapur sugan we manggihan emih atawa dahareun anu di simpeun di dinya,ker anteng we mukaan lomari irma asup balik gawe irma heran naha panto teu di konci da anggun mah can balik gawe,ngeteyep irma asup ka imah maneh na nyekelan sapu jaga2 bisi aya maling asup ka imah,pas palebah dapur maneh na reuwas aya lalaki ket ulak ilik kana lomari dapur teu antaparah habek2 sapu di habeukeun kana awak Ahmad make tanaga deuih ngagebug na teh atuh Ahmad reuwas ampun2 an bari nyekelan awak na anu kena ku sapu.
irma haben ngebugan Ahmad ku sapu da di sangka na bangsat,
"bangsat kapanggih siah ayeunamah....",ck irma bari ngahabek awak Ahmad.
"nyi....nyi...ampun ieu mah akang nyi...ampun nyeri nyi...!!!",ck Ahmad.
irma ereun bari ngahegak ningali Ahmad anu peperengkelan,
"haarrrr deuk naon atuh kadieu dieu jba jiga maling keketeyepan muka an lomari,yeuh urang gs eweuh nanaon deui,sakedeng deui surat cerai bakalan beres jdi tong ka dieu wae,imah ieu mah anu kuring warisan ti kolot...!!!",ck irma bari masih nyekelan sapu.
Ahmad ngeluk tungkul da angger ari tanggal kolot maneh na gs beakeun duit jng dahar tadi na biasa maneh na dk ngilu dahar di imah irma ari pek kalahka pergo kunu boga imah,
"hayooo gera mulang bidadari buluk gs ngadagoan pangeran kodok na balik...!!!",ck irma bari ngayun2 sapu.
Ahmad teu nembalan da sieun ka teterusan jba rumasa maneh na katohian ker kurah kureh neangan dahareun buru2 maneh na ngaleos ka luar bari ngararasakeun nyeri balas di tenggeulan ku irma.
Irma ngahuleng maneh na mikir brarti anu sok ngahanca dahareun di imah teh urut salakina.....
irma ngabirigidig buru2 maneh na cucul2 mandi tuluy dahar bieu meuli pincuk ti restoran padang sorangan we bari sura seuri ngabayang keun urut salaki na nepi ka katalngsara melaan awewe anu cantangtu gumela jiga maneh na.
H A N C A
jeritan tanpa sora kengeng andhyn
balikpapan,kemis 22 nov 2018
#JERITAN_TANPA_SORA(JTS)
BAG.10
Kengeng Andhyn
Anggun betah gawe jng Dani di dealer teu karasa maneh na gs 2bulan di gawe nateh,Dani ge gs mimiti akrab jng Anggun ngan rada sieun keneh ari kudu ngungkapkeun perasaan nana masih teruma ku kabogoh ti heula,tapi indung na di lembur ninitah wae boga pamajikan hayang geura ngurus incu cenah maklum anak hiji2na tapi Dani ge sabener na gs naksir Anggun komo anggun sok mere sinyal lamun Anggun ge resep ka Dani.
"Duhh hayang nganyatakeun lamun kuring miharep Anggun tapi....jadi asa sieun di nyenyeri deui jiga ku Anindya",ck Dani dina jero hate na maneh na apal lamun Anggun can boga kabogoh.
padahal Anggun ngadagoan maneh na buru2 'di tembak' ku Dani tapi Dani asa tiis wae,hare2 wae lila lila Anggun ngarasa lamun Dani teu bogoheun ka maneh na.
"mmmhh...gening aing teh ambon sorangan lalaki namah acuh wae nya bae atuh aahh lamun embungeun mah da moal maksa sugan we aya anu bogoheun deui dk di tarima weh batan ngadagoan anu teu jelas mah",kitu pikir anggun harita.
Poe Saptu Anggun ku indung na di titah ka imah pk Danang balik gawe maneh na ngabiur muru imah bapa tere na,tepi buruan maneh na di pangmuka keun gerbang ku mah sodik anu gs di wanti2 bakal kadatangan anak na irma.
sangges asup ka imah Anggun di bageakn ku irma jng pk Danang tuluy tiluan dariuk di tengah imah,Anggun luak lieuk neangan Dandi tapi teu kaciri aya di imah,kuliah atawa ulin jng babaturan nana.
nyaan we di luar aya sora motor eureun nya an we Dandi asup bari ngagandong ransel barang ningali aya Anggun ngadadak paroman nana marahmay,
"hayyy Anggun...iraha sumping?",ck Dandi.
"hayy A Dandi...teu acan lami,uih kuliah A?",ck Anggun.
"teu...uih ti bumi rerencangan ...",ck Dandi bari gek diuk dina korsi gigireun Anggun.
Pk Danang teu nyangka lamun anak na akrab jng Anggun berarti gs lila panggih na,
"Dan....urang amengan malam mingguan yuu aahh ...",ck Pk Danang jol aya idea.
"kamana pih...?",ck Dandi jol2 dopan deuih hareupeun Anggun mah.
"kumaha Dandi cing aya idea teu...urang nginep lah sawengi mah di daerah anu sejuk kamana nya Dan...?",ck pk Danang bari maneh nage hayang bulan madu mun ck budak ngora mah,ngasah bedog teh ulah di imah wae atuh kitu pikir na(hehehhehe).
"upami ka ciwidey kumaha pih...ka pasir jambu aya penginapan jba caket kawah putih mobil namah urang nambut anu teh Arina we...",ck Dandi bungah.
"hayuu lah sok sariap siap mempeng sore keneh Anggun nyandak gentos acuk teu lamun henteu ku Dandi anter heula ka butik teh Arini sina milih acuk bari wartosan si teteh bisi bade ngiring,meh rame lah.....",ck Pk Danang sumanget kitu deui Dandi maneh na haget cengkat bari ngajak Anggun ka butik lanceuk na anu teu pati jauh ti imah na.
Gancang na carita Anggun gs menang baju ti butik jng perlengkapan sejen na,irma jng pk Danang gs nungguan di buruan tadi pas Dandi jng Anggun arindit pk Danang nelepon Arina nginjem mobil bari ngajak Arina jng anak salaki na tapi Arina moal bisa ngilu cenah anak na rada hareeng atuh mobil teh di anterkeun ku salaki Arina ka imah pk Danang.
Sangges sarerea siap Bring we 4an arindit kana mobil anu nyupiran nana Dandi ari pk Danang jng irma diuk di tukang Anggun maturan Dandi di harep.sajajalan galecok ngalobrol anu katingali bungah mah pk Danang ningali anak na teu kasar jiga sapopoe pk Danang yakin lamun Dandi naksir Anggun.ku pk Danang di harewoskeun ka irma tungtung na anu di tukang silih harewos bari cing cikikik sareuserian Dandi jng Anggun jadi heran ku kalakuan indung bapa na dua nana silih pelong terus cing barakatak nyengseurikeun,
"dasar ABG tuaaaa....!!",ck Dandi bari seuri.
"turutan atuh hoyong mah....maka na gera narikah lah supaya halal bade nanaon oge...",ck pk Danang bari ngiceupan Dandi anu nempo kana kaca sepion,harita beungeut Dandi langsung beureum asa ka eraan,
"sumuhun da bade di paraban huut gaduh bojo teh..?!",ck Dandi mesem.
"halaaaahhh rezeky mah nuturkeun sok atuh kuliah na soson2 bari dagang atuh naon we nu penting halal nya Ang...?!",ck Pk Danang jol2 nanya Anggun anu langsung ngeluk tungkul.
kaciri pk Danang ngadu2 anggun jng Dandi ayeuna mah.irma ngan seuri seuri we ningali pk Danang ngagonjak ank2 na teh.
Teu kacatur di jalan na Dandi saparakanca gs tepi di penginapan harita gs peuting langsung mesen kamar 3,pk Danang jng irma arasup ka kamar tapi jaranjian jam 9 beres beberesih maraneh na dk makan malam jng anak2 na di resto penginapan.
Dandi jng Anggun arasup ka kamar masing2 anu ngan single bad,terus marandi jng sarolat isya.
pk Danang jng irma mah sangges sarolat isya aya waktu keneh ku dua an dipake ocon silih keleketek silih dengkek nepi ka kekengengan sa ronde mah,barang ningali jam dua nana sing gurubug gs telat 15 menit ti jam 9 anak2 na pasti gs ngadagoan di restoran.
Dandi nyampeurkeun Anggun anu diuk sorangan dina bangku resto,
"tong ngalamun pamali....",ck Dandi Anggun ngan ukur imut.
"beuki geulis iihhh....",ck Dandi.Anggun ngadilak bari nyiwit leungeun Dandi.
"aduh....sapalih deui atuh nyiwit na piraku ngan sapalih ke sisirikan ck Dandi bari ngasongkeun leungeun hiji deui,ku anggun kalah ka di tonjok tapi lalaunan,
"iiihhhh naon siihhhh....",ck Anggun.
"Aang...bogoh da....",ck Dandi bari miceun beunget ka arah sejen,Anggun jadi hayang seuri ningali lalampahan Dandi.
"naon deeuuiiihhh....!!!",ck Anggun bari nahan seuri.
"naon ari Anggun? iihhhh....",ck Dandi bari melong ka Anggun.
"tadi saur Aa naon...",ck Anggun gereget.
"nyarios naon kitu Aa?",ck Dandi watado.
"....bogoh da....kitu sanes?!",ck Anggun.
"waaahh maeunya? leres tateh... Aang bogoh ka Aa...nuhun Angg ku Aa di tampi...",ck Dandi bari ngaranggeum leungeun Anggun, Anggun olohok leungeun na di betot tuluy di pake merekpek nyiwitan awak Dandi anu seuseurian.
"iihhh dasar....Awas di ciwit gera....",ck Anggun.
"naon iiihhh kitu....mni langsung brnafsu kieu Aang teh teu nyangki gening...hahahhaha...",ck Dandi kalahka beuki ngaheureyan Anggun.
"Aa iihh naon ari Aa....",ck Anggun bari tuluy nyiwitan cangkeng Dandi kerkitu gep ku dandi awak Anggun di tangkeup sirah anggung antel kana dada na Dandi kadenge sora ratug na jantung Dandi Anggun jadi ngahephep ngadedengekeun sora jantung Dandi ka ambeu minyak seungit Dandi,teu karasa buuk Anggun di cium ku Dandi,
"Kanyaah Aa.....Anggun....Aa cinta....",ck Dandi.
Anggun ngagurubug kakara sadar maneh na luak lieuk sieun aya anu ningalikeun terus memener buuk na anu acak2 an.pipina beureun jantung na ratug,aaeehhh naha jadi kieu.....ck Anggun dina hate na bari tungkul.
Dandi ngarapetkeun diuk na ekeur mah eukeur hawana tiris katambah suasana na romantis hawar2 kadenge sora life musik lagu barat "i love you" na celine dion tambah serr seran we getih anu ngagolak dina jero dada dua nana.
leungeun Dandi ngarames ramo2 Anggun karasa haneut,
"ti mimiti ayeuna moal aya anu bisa misahkeun Aa ti Aang kesayangan Aa.....dunia akherat...",ck Dandi bari nyium leungeun Anggun anu cicing we bari ngararasakeun jantung na anu dag dig dug.
pipi anggun ku Dandi di usap mata Dandi mencrong kana beungeut Anggun jiga hayang ngarekam beungeut na Anggun ker kitu ti kajauhan kadenge sora pk Danang jng irma beuki deket beki deket Anggun diuk na rada ngageser asa arera ku indung jng ku bapa tere na.
"aduh anak2 apih nungguan puntn nya kalahka ngalenyap bieu teh...",ck pk Danang,
"wios pih bilih cape mah atuh...",ck Dandi.
"aaahhh tos janji apanan bd makan malam bareng...hayuu atuh...",ck pk Danang bari leumpang miheulaan bari ngaleng irma.Dandi jng Anggun nutur keun bari leungeun Anggun di keupeul teu di lesotkeun.
Acara makan2 gs beres jiga na peuting harita peuting anu moal bisa di popohokeun ku Dandi jng pk Danang,kaciri dua nana mni bungah seuri ge cing cakakak pdhal gs 2 taun tara patanya nyaan pangaruh awewe mah bisa ngarobah patung es jadi boneka panda anu haneut...mmmmmhhhh cinta....cinta....
jam 11 kakara balubar ti resto pk Danang jng irma langsung arasup kankamar na nuluykeun pertandingan congklak meureun nya...haaaa
ari Dandi jng Anggun ngalobrol hareupeun kamar na sagala di caritakeun bari sakapeung Dandi mah mere perhatian anu leuwih,buuk Anggun di usap,pipi na di usapan bangun deudeuh lila2 Anggun ngarasa nyaman cicing jng Dandi.
Teu karasa gs jam setengah hiji Anggun gs heuay wae ari Dandi mah da tukang begadang,tungtung na Anggun pamitan dk sare di jajap ku Dandi nepi ka hareupeun panto kamar samemeh asup ku Dandi di cium sirah anggun pinuh ku ka deudeuh,Anggun tuluy sare awak na asa carape sare ge nepi ka kerek.
Dandi ge asup ka kamar na tuluy maneh na ngagoledag bari leungeun na dilipetkeun tukangen sirah na di jadikeun bantalan,panon na neuteup lalangit bari teu ereun nyerengeh seuri bungah bisa ngedalkeun rasa ka cinta na ka Anggun,teu lila reup we peureum....
Dandi reuwas di gigireun gs aya Anggun make baju sexy beulahan dada na kaciri da baju teh ipis pisan,Dandi kurucam kurecem tuluy biwir Anggun teh jol nyerang biwir maneh na teu di engke keun ku Dandi langsung di tangkeup di balikeun bari teu eureun di ciuman sa awak2 Anggun nepi ka jibrug ku kesang badag...ambekan dandi gancang pisan papuket jng nafsu na Anggun,baju dandi di rangsadan ku Anggun nepi keun teu nyesa
Dandi seuri puas gs ngaleguk sari na asmara gs kitu mahaneh na sare deui nepika tibra....
isuk2 Dandi rumpa2 masih keneh inget peuting tadi gs galungan jng Anggun tapi barang di lieuk Anggin gs eweuh malahan maneh na sare make keneh calana panjang levis na jaket na masih keneh napel deuih tapi da peuting teh baju jng calana na asa di rangsadan ku Anggun,Dandi ngahuleung kakara sadar....haarrrr gening peuting teh ngan saukur ngimpi......!!!".
H A N C A
jeritan tanpa sora kengeng andhyn
balikpapan,saptu 24 nov 2018
#JERITAN_TANPA_SORA(JTS)
Bag.11
Kengeng Andhyn
Ayeuna kahirupan Ahmad beuki susah nyinghareupan pamajikan anyar na Winda anu sarakah kana duit,istilah namah pantesan di pirak ku salaki anu tiheula da gening adat na anu goreng jiga na Ahmad ge teu kuat nyinghareupan Winda jng adat2an nana,maneh na mineng teu balik ka imah Winda sapopoe ngiriling ka kost an babaturan anu masih keneh barujangan,hirup na gs teu ka urus awak na beuki begung rengkung katambah kucel deuih dina jero hate na aya rasa kaduhung gs papisah jng irma pamajikan anu salila ieu satia tuluy gumela ka maneh na,
Ayeuna irma kr bulan alaeun tapi Ahmad bangun gs teu kuat nyinghareupan irma anu makin adat2an wae,pernah Ahmad ngahaja ulin ka imah irma tapi pas nepi imah na di konci ganda make gembok sagala atuh lapur teu bisa asup ngan palebah dk balik deui di bejaan ku bi emeh anu boga warung ayeuna irma gs kawin ka dunungan nana nya eta pk Danang atuh beuki ngahuleng ngeleketey awak na asa eweuh tanagaan.
balik ka kost-an iwan babaturan pagawean datang2 langsung ngarumpuyuk mun awewemah jiga na leweh ieu mah di tahan we sapoean eta cacap Ahmad teu kararaban sangu asa teu hayang barang dahar2 acan.
isuk2 waktuna indit di gawe sirah Ahmad asa beurat jng ranyud jangar kacida balas ku pikiran anu manteng jng beuteung anu kosong bangun namah,
"kang...gawe moal?",ck iwan.
"moal jiga na wan akang asa rieut sirah",ck Ahmad
"nya atuh kuring indit hla nya sok sarekeun we...",ck iwan bari ngaleos indit ninggalkn Ahmad anu murungkut dina kasur lepet pikawatireun,awak Ahmad panas kesang tiis ngucur tina tarang na jaba eweuh anu ngurus ngansorangan di kost an batur beuteung peurih dek nginum ge eweuh cai2 acan antuk na Ahmad ngan humarurung sorangan,ras inget ka irma popotongan nana baheula lamun heug maneh na asup angin ge irma sok riweuh mencetan,manggodogeun jahe jng gula beureum ari ayeuna.....?? sangsara di jieun ku sorangan...!!!
Anggun narima Dandi lain ku bogoh2 teuing maneh na bingung jng karunya ningali perjuangan Dandi menangkeun hate maneh na pikir na lambat laun maneh na bakal bisa mika nyaah Dandi.dari pada nungguan Dani anu hare2 wae ceuk batur oge mening di pikacinta dri pada mikacinta.
Dandi sering ngajemput Anggun ka pagawean nana atuh Dani leungit harepan maneh na sadar lamun salila ieu Dani teu boga kawani pikeun nembak Anggun,pantes kapiheulaan ku batur oge bongan sorangan atuda.
harita poe jumaah dandi gs aya di pagawean Anggun dk ngajemput Anggun di titah ku bapa na hayang dahar ngariung cenah,kusabab can sholat Ashar Dandi neangan mushola sangges di tunjukeun ku satpam Dandi muru mushola
Di mushola harita gs aya Dani jng babaturan nana kakara beres pisan sholat pa Amprok jng Dandi, Dani ngan ukur manggut di bales imut ku Dandi,dek sholat gs beres Dandi ningali aya dompet ngagoler tuluy kumaneh na di cokot di ilikan,
"jiga na anu bieu kalaluar nya dompet teh,aah urang buka we ditingali identitas na meh puguh...",ck Dandi gegerendengan.
bray dompet di buka di ilikan identitas na pas dk di tutupkeun deui aya anu murag jiga foto anu gs warna na coklat barang di pulung bray....
"naha ieu mah jiga foto si Apih ...",ck Dandi bari tuluy ngilikan fto tea lalaki make saragam TNI jng awewe kampung tapi lumayan geulis,Dandi ngahuleng tuluy ngilikan deui KTP na ngaran na bener Dani Hendrawan alamat Banten Dandi ngan ukur bisa olohok awak na jadi leuleus jadi bener salila ieu maneh na ngamusuhan pk Danang sabener na aya alesan nana....
2 taun katukang.....
Basa bu Arista indung na Dandi cumarita ka pk Danang ngenaan Bu Arista nyaho yen pk Danang ngawayuh sabener na Dandi aya tukangeun panto harita Dandi dk asup ka kamar ngan indung na kr cumarita jng bp na Dandi ngadengekeun jng ngilu ambek ka bapa na mangka na ti saprak indung na maot Dandi ceceub jng ijid ka pk Danang,
ari ayeuna maneh na manggihan jajaka anu mawa foto bapa na moal salah ieu anak bapa na anu ti orang Banten ngaran nage teu jauh jng maneh na Dani Hermawan ari maneh na Dandi Darmawan.
Dandi kaluar ti mushola maneh na asup ka ruangan gawe Dani sangges pa amprok Dandi ngasongkeun dompet ka Dani bari melong kana beungeut Dani jiga nyidik2.
"kang...ieu dompet anu akang tadi jiga na ragrag di mushola",ck Dandi ka Dani.
Dani reuwaseun tuluy nampanan dompet tina leungeun Dandi,
"aduh hatur nuhun kang....",ck Dani
Anggun paskaluar ti rohangan nana tuluy nyampeurkeun Dandi,Dani miceun beungeut ningali Anggun nyambut kabogoh na kaciri ku Dandi naha Dani jiga anu timuru ka maneh na boa2....
sapanjang japan Dandi teu leupas ti mikiran Dani dulur sabapa na,rupa2 pikiran nana antara sedih jng ambek perang dina hate na kudu kumaha ayeuna di heunteu2 ge Dani masih anak pk Danang darah daging na,maneh namah bagja bisa ka urus ka didik kabiaya an sedengkeun Dani?? maneh namah di culkeun ku bapa na ti orok keneh,bingung Dandi bapa na kudu nyahoeun atawa heunteu aya Dani di Bandung.....
H A N C A
jeritan tanpa sora kengeng andhyn
balikpapan,minggu 25 nov 2018
#JERITAN_TANPA_SORA(JTS)
Bag.12
Kengeng Andhyn
Dandi bingung kudu ngamimitian ti mana maneh na ngarti lamun Dani ge pasti hayang nyaho saha bapa na,tapi kumaha cara na supaya bisa ngeunah ka salarea Dandi di didik ku bu Arista
indung na kudu jadi jelema anu boga budipekerti anu hade kudu nyaahan ka papada jelema jng ulah mawa karep sorangan,kabeh anu ku indung na alm ka rekam ku Dandi indung na anu sholeh najan mendem rahasia hate na teu betus ka sasaha di pendem ku sorangan anu akhir na budal saeuncan maot,bu Arista alm jdi panutan pikeun Dandi indung na ngan jumerit dina hate na ngadua kanu kawasa ngadukeun sakabeh nasib anu karandapan ku bu arista pon kitu deui meren indung na Dani lamun seg lain awewe sabar tur bageur salaki teu ngelol deui teu ngalongok maneh na jng anu jadi anak na mereun teu nyusul ka Bandung,ka kantor ngalaporkeun pk Danang ieu mah gening narimakeun ka aya an maneh na di tinggalkeun kunu jadi salakina.
Dandi keur ngarancang supaya maneh na bisa manggihkeun bapa na jng Dani tapi hayang Dani sorangan anu manggihan pk danang maneh namah jdi jembatan hungkul.mimiti isukan Dandi dk ngadeukeutan Dani meumpeung sapagawean jng Anggun.
unggal sore Dandi nyampeur keun ka tempat Anggun nyidik2 Dani ti kadeukeutan nyaan we lamun di sidik2 mah Dani teh jiga maneh na,dedegan nana keureutan beungeut na oge mirip maneh na jng bapa na beuki yakin we lamun Dani teh anak pk Danang.
Tapi aya anu leuwih di perhatikeun pirasat lalaki mereun lamun Dani bohoheun ka Anggun kaciri mata na tara daek paamprok teuteup jng Anggun ngahindar wae miceun beungeut jng bangun gugup,Dandi jadi ngahelas duka kunaon ges mah hirup Dani jauh jng teu di urus ku bapa ayeuna aya awewe anu di pikacinta na kalahka di piheulaan deuih kumaneh na,
"aaaahhhhh kudu kumaha atuh.....",ck Dandi bari melongbka Dani anu kerngalayanan konsumen.
Beres gawe Anggun nyamperkn maneh na Dandi nangtung bari ngalieukeun neangan Dani.
"yank...ari Kang Dani kamana nya..?",ck Dandi.
"iiihhhh naon make naroskeun kang Dani sagala aya naon sih?",ck Anggun.
"kieu...kan Akang ulang taun minggu enjing hoyong ngajak makan rerencangan Ayank lah supados rame,kin di bumi si mamah urang piwarang masak sakantenan syukuran kelulusan akang atuh....",ck Dandi asa manggih jalan.
"ooohhh kitu...nya sok we ku Akang aah nyarios na Aang mah males,jutek iihh jalmi na...",ck Anggun bari ngabalieur padahal mah hate na aya keneh rasa ka Dani kajeun kari saeutik.
Dandi ningali paroman Anggun tiap nyabit2 Dani pasti beungeut na rada beda langsung sok buluar balieur,
"hhhhhhmmmmmm ieu mah nya-an pastina Anggun jng Dani aya nanaon,ngan jiga na kuring datang jadi maraneh na kahalangan ku kuring...",pikir Dandi.
Dani kaluar ti ruangan nana jng babaturan anu sejen pas ningali Dandi justru Dani anu nyampeurkeun inget kahadan Dandi anu mulangkeun dompet maneh na anu murag tea.
"eehh kang Dandi kumaha damang?",ck Dani sopan pisan nyampeurkn bari ngajak sasalaman.
"Alhamdulillah kang Dani,kaleresan sim kuring bade ngulem salira ke dihaturan linggih ka rorompok sim kuring aya syukuran sakedik,kade ulah teu dongkap kang di antos pisan...",ck Dandi someah.
"mangga inshaAlloh hatur nuhun pangangkeuna kang Dandi", ck Dani
"tapi kade di nyaan ieu mah di antos kana kasumpingan nana...",ck Dandi.
Satuluy na Dandi jng Anggun pamitan tuluy arindit ninggalkeun tempat gawe Anggun.
Dani ngaluarkeun motor ti tempat parkir satpam kantor jol nyampeurkeun bari ngomong,
"Pak Dani anu bieu teh masih keneh saderek na nya?? mni mirip jiga rayi raka...?",ck Satpam,
Dani seuri bari rada kapikiran nya-an Dandi teh sarimbag jng maneh na tapi da emang sok loba anu sarua di dunya teh,kitu fikir Dani harita.
Waktu Saminggu teh meni nyerelek harita malam saptu maneh na di ondang ku Dandi aya syukuran ari teu datang teu puguh da Dandi sorangan anu ngondang na jaba mni nga japri sagala dina WA mere alamat gogle map.
Dani gs tepi kahareupeun imah Dandi gs loba semah nu datang anu balik ge rea pasangrok jng maneh na.
luak lieuk neangan anu wawuh sugan jng sugan supaya teu kaku teuing kaciri aya Anggun kr diuk bari ngome hape asa2 Dani nyampeurkeun,
"Anggun....",cenah.
Anggun ngaleret rada ngegebeg oge ningali Dani make setelan batik asa beuki kasep we kitu pikiran Anggun harita,
"eehh Akang hayu atuh ka lebet urang nepangan Kang Dandi..."ck Anggun.
Dani unggeuk nuturkeun Anggun anu miheulaan lempang dk manggihan Dandi,.
Dani rutret nitenan imah anu kabilang gede parabot anu arantik jng modern di simpen mapaesan imah,foto naraplok dina bata foto Dandi jng lanceuk2 na anu awewe pas ningali Foto lalaki make baju tentara jng awewe ngarendeng Dani ngajanteng,ngadeketan ka eta foto anu cukup gede di tilik di sidik2 ragamang kana dompet na tuluy kumaneh na di buka ngaluarkeun foto anu pamere indung na yen foto eta teh bapa na,Dani langsung pias kesang bijil tina tarang na leungeun na ngadegdeg buru2 foto teh di asupkn deui kana dompet,kerkitu Dandi datang maneh na nitenan Dani ti kajauhan rencana na berhasil hayang manggihkeun Dani jng Bapa na secara teu langsung dek api2 teu nyaho we kumaha ketak na Dani lamun apaleun yen Pk Danang teh bapak na Dani.
"kang Dani...hatur nuhun parantos sumping kang...!",ck Dandi ngarangkul Dani bari sasalaman.
"mu...muuhun...ha..hatur nuhun pangangkeuna...",ck Dani jadi gugup.
"hayu urang teras ka lebet ...",ck Dandi bari ngajak Dani kajero di tangkeup taktak na,bus ka rohangan anu di hias ku sketsel aya meja jang paras manan korsi we ngaderet minuhan rohangan tengah anu cukup gede.
Dani ngaleret ka lalaki anu gs lumayan kolot asa2 di tetep ku maneh na bari hate na ketar ketir galecok dina hate Dani "mmhhh ieu meren bapa aing teh....hirup sugih serba genah anak2 na jaradi ari kuring jng indung kuring cul...harianeun bapa teh...",ck Dani bari hayang sa hing hingeun ceurik bakal ku sedih.
ku Dandi di bawa kahareupeun bapa na Dani ngan ngeluk tungkul gs teu kuat nahan perasaan nana ampir 23 taun Dani hayang nyaho di rupa bapa ari ayeuna aya hareupeun.....
"pih....nepang keun ieu kang Dani maneger na Anggun...",ck Dandi hayang nyaho kumaha reaksi bapa na,
Pk Danang ngahuleng ningali Dani anu mirip pisan jng Dandi anak na,
"saha nami na tdi teh....?",ck pk Danang.
"Dani pak....Dani hermawan....",ck Dani bari tungkul teu wani neuteup pk Danang.
"ke...ke...ke...kawit timana....?",ck Pk Danang jol teg we...
"abdi....ti Banten pak...nami ibu abdi Nining yuniar pak...",ck Dani gs teu kuat deui nahan cimata anu ngalemereh mapay pipi na.
"Da...da...ni....!!!",ck pk Danang.
maneh na ngeleketey langsung diuk dina shopa ampir ngagubrag,Dani jol deku nyuuh kana lahunan pk Danang jiga sungkem bari nyekel tuur pk Danang,
"bapa.....abdi Dani putra bapa anu dikantunkeun basa abdi alit keneh pak....",ck Dani bari ceurik atuh anu aya di dinya helokeun alolohok teu ngarti aya naon aya naon na anu ngarti iwal ti Dandi.
"Dani anaking....hampura bapa kasep tos cul ngantep hidep sareng indung hidep....hampura bapa ujang kasep....",ck pk Danang bari ngusapan sirah Dani,
Arina teu ngartieun maneh na nyampeurkeun bapa na anu kernyingharepan semah anyar anu jol ngaku anak na,
"ke..ke..pih aya naon ieu teh anu saleres na...??!",ck Arina bari diuk gigireun bapa na.
"ieu teh Dani dulur hidep keneh....",ck pk Danang.
"maksad na....",ck Arina.
Derekdek atuh pk Danang teh nyaritakeun basa maneh na kr ngora dines di Banten nepi ka kawin di bawah tangan jng indung Dani nepi ka dipindahkeun tugas jng pangsiun pk Danang teu nepungan deui anak pamajikan nana...
"Apih....hapuntn...basa amih bade ngantunkn Amih cumarios ka Apih ngenaan eta saleres na Dandi terang....Dandi ngupingkn matak Dandi keuheul ka Apih,tah ayeunamah aya kang Dani da anjeunamah teu lepat nanaon...justru korban Apih...",ck Dandi.
'' Apih naha teu nyarios atuh ka teteh pih...hawatos Dani srng ibu na pih....",ck Arina bari nangkeup Dani di titah diuk dina korsi deket jng maneh na.
"Dani...ieu teh teteh...lanceuh hidep kasep...hapuntn Apih nya bageur....hapuntn....",ck Arina bari sarua banjir cimata ayeunamah ngabayangkeun perjuangan dani jng indung na nyinghareupan hirup tanpa salaki.
"wios teh....abdi ridho...eta sadayana tos kodhar ti Alloh tos di seratkn laufulmahfuz sateu acan abdi lahir,tos aya katangtosan ti mantena....",ck Dani bari ngeuluk tungkul.
"mashaAlloh mni sholeh kasep...adi teteh...",ck Arini bari ngusapan tonggong Dani,tuluy Arina ngageroan Arini adi na ngageroan Irma jng Anggun ngaluruskeun kajadian harita,atuh arolohok sakur anu aya di dinya teh pk Danang diuk bari ngeluk tungkul ngarasa rumasa gede dosa.
"hatur nuhun kasadayana anu parantos nampi simkuring....asa aya dina pangimpenan,ya Alloh anu maha adil...maha welas tur maha asih....",ck Dani bari nyusutan cimata,harita dipake silih tanya ka ayaan masing2 anak2 pk Danang janji dek ngadatangan indung na Dani,bi Nining ka Banten dk menta di hampura...
teu karasa cumarita teh nepikeun ka peuting,Dani teu meunangeun balik di titah ngendong di imah pk Danang malahan ku Dandi Dani di titah pindah teu menangeun ngekost deui da kamar rea nu kosong atuh di imah teh.
Dani teu bisa nolak eukeurmah eukeur maneh na atoh bisa panggih jng nu jadi bapa katambah dulur2 na teh gening balageur bubuhan didikan ti bu Ariesta anu alus.
*************************
Ahmad kaserang types maneh na di opname di RS untung boga BPJS maneh na ngan ditungguan ku babaturan pabrik na silih genti bubuhan apaleun kondisi Ahmad anu kr di tundung ku urut pamajikan jng anak na nyaeta irma jng Anggun,ari Winda salerea pada apal adat winda jba apanan kr hamil bulan na.
menang saminggu di rawat teh Ahmad gs menang balik maneh na balik sorangan ti RS pikawatireun ngajingjing kantong baju naek angkot muru ka kontrakan Winda barang tepi ka hareupeun kontrakan gs rimbil ku popoean baju2 orok jng popok Ahmad atoh kacida buru2 asup hayang gera nyaho anak na barang asup kasampak Winda ker nyusuan anak na ningali Ahmad datang gantawang teh nyarekan bari tutunjuk jng popolotot,
"alus.....timana wae maneh teh kakara balik,naha make balik sagala kaituh kuring mah gs teu butuh maneh...",ck Winda.
"geulis....akang teh kakara uih ofname yeuh tingali urut infus na oge masih aya",ck Ahmad bari nembongkeun leungeun na,
"sabodo teu hayang nyaho....kaituh indit deui gs teu kudu datang deui kadieu...gs teu hayang kuring mah ningali bengeut maneh deui",ck Winda.
'harrr kan ieu anak akang atuh...piraku akang ulah ngilu ngurus...",ck Ahmad ngalengis.
"teu bisa ieu mah anak kuring...kuring teu butuh lalaki jiga maneh....indit kaituh...",ck Winda bari maledogkeun gelas anu deket jng maneh na atuh gelas teh peupeus mancawura untung teu keuna ka Ahmad.
Ahmad eleh deet maneh na buru2 kaluar ti kontrakan dari pada rame era ku batur eta ge tatangga gs ronghok pada ningali lalajo kanu kr pasea.
Ahmad bingung kudu kamana deui duit teu boga awak masih keneh leuleus tungtung na ngajanteng sisi jalan bari ngajingjing kantong.
H A N C A
jeritan tanpa sora kengeng andhyn
balikpapan,salasa 27 nov 2018
#JERITAN_TANPA_SORA(JTS)
Bag.13
Kengeng Andhyn
Lempang Bari ngalenghoy Ahmad ngajingjing kantong eusi baju mapay2 jalan trotoar kota Bandung,gs eweuh harepan hirup beuteung gs teu kudu di caritakeun kukurubukan teu kararaban nanaon tikoro hanaang teu kabeli aqua gelas2 acan,panon gs mimiti ranyany teu puguh tetempoan ngaliwat ka tukang gorengan ka angseu seungit goreng bala2 reg eureun bari neureuy ciduh melong kana katel anu kr ngagorengan bala2,kabeneran aya bangku panjang gek diuk bari nyarande kana tembok,katempo ku si emang tukang gorengan samaruk na dek jajan meren,
"kang...bade meser gorengan naon...?",ck si tukang gorengan.
"moal mang...abi teu gaduh artos ...",ck Ahmad bari nyangsaya.
si tukang gorengan karunyaeun tuluy ngadeketan ka Ahmad,
"bapa teu damang ieu teh...?",tanya na.
"muhum mang....upami aya mah bade nyungkeun ciherang we sagelas",ck Ahmad.
"aya mang ke sakedap...",ck tukang gorengan bari nguliwed ka gigireun roda na tuluy nyicikeun cai tina kompan leutik kana gelas song di asongkeu ka Ahmad.ku Ahmad di tampanan leguk di inum puguh gs hanaang pisan.
Tukang gorengan watireun ningali waragad Ahmad song ngasongkeun lontong jeng bala2 ka Ahmad.
"kang sok tuang heula ieu lontong jiga na akang salatri,eta raray mni pias kitu...",ck tukang gorengan,ku Ahmad di tampanan bari nyebut nuhun langsung di dahar lontong jng bala2 teh tepi ka beak na mun teu era hayang nyebut menta deui da masih keneh lapar ngan rokaya Ahmad era da teu boga duit.
Ahmad ditanya dek kamana2 na ku tukang gorengan Ahmad ngajawab teu boga tujuan cenah,maneh na ngadongengkn nasib diri anu tumiba kamaneh na si emang gorengan tepi ka olohok ngadengekeun pangalaman hirup Ahmad.
tungtung na Ahmad pamitan dk nuluykeun lalampahan nana ku si emang gorengan di bekelan sakeresek leutik da karunyaeun atuh Ahmad kacida atoh na,maneh na ge menta cai herang kana botol aqua urut jng bekel di jalan.
teu puguh tujuan Ahmad mapay2 jalan pikiran baluweng srog ka taman kota maneh na diuk di handapeun tangkal kai kabeneran aya bangkuan,bari ngadahar gorengan pamere tea ti tukang gorengan gs rada wareg goledag ngagoler dina bangku di bantalan ku kantong baju na reup we sare bakating ku cape nepi ka ngimpi panggih jng popotongan sagala dina impian ahmad ngahiji deui jng irma katut Anggun anak na asa bungah kacida jarang aya pacogregan salila rumah tangga teh adem ayem nepi ka maneh na kagoda deui ku awewe sejen.
korejat hudang bari gigisik wanci gs sore muru ka magrib sirah lungleng gap kana botol aqua regot nginum barang ningali kanu keresek urut gorengan bet aya eusian di ilikan teh aya duit receh lima ratusan aya oge dua rebuan sarebuan oge aya,jiga na basa tadi sare kunu ngaliwat di sangka galandangan mereun,tapi Ahmad kacida atoh na keresek teh di bawa tuluy duit na di itung aya 8500 buru2 maneh na indit muru warung nasi deuk di beulikeun sangu lumayan jang ngaganjel beuteung na anu kosong.
******************************
Anggun neangan bapa na ka pabrik tapi beja ti babaturan bapa na Ahmad gs teu gawe deui di dinya tuluy ka Sueb sarua ck Sueb ge Ahmad gs lila tara nganjang ka imah na,Anggun bingung maneh nanya2 alamat pamajikan anyar bp na sangges menang alamat Winda ku Anggun di datangan,
ngan pas nepi ka kontrakan Winda ck tatangga na Winda gs pindah atuh Anggun beuki bingung maneh na balik deui.
Anggun neangan Ahmad dek mere beja yen maneh na dek tunangan jng Dandi hayang di tungkulan ku Ahmad hanyakal gs di teteangan Ahmad teu kapanggih,tungtung na acara tunangan Anggun jng Dandi teu di saksian ku Ahmad.
resmi ayeunamah Dandi jadi tunangan na Anggun,ti harita Dani jadi murung wae paroman nana sedih rada kaduhung baheula teu langsung nembak Anggun,kasiksa namah aayeuna ningali Anggun unggal poe di tempat gawe na terus ningali Dandi unggal usik di imah na da ayeuna Dani cicing di imah Pk Danang,nguluwut bangun aya anu dipikiran unggal di tanya ku sasaha jawaban nana ngan nuju emut ka euma di lembur.....
Hiji peuting anu jempling Dani teu bisa sare guling gasahan beuki kadieu teh perasaan ka Anggun beuki rongkah maneh na nyokot pulpen anu ngagoler dina meja tuluy Dani nyorat nyoret kertas HVS anu ngagoler bet jol ngagambar beungeut Anggun da eta anu aya dina hate na make nulis puisi sagala dina kertas teh,
"Anjeun anu kumalayang dina implengan
Aprak2an dina hate
Kukurilingan mapayan pikiran
Teubisa leupas
Teu bisa peunggas
Padahal gs sebeberaha kali kuring usir
Kunaon bet ka Anjeun
Kunaon kudu Anjeun
Anjeun meuni nyiksa
Anggun kuring nyaah kacida....."
Beres kutrat kotret ret kana jam gebeg reuwas gening gs jam 2 leuwih buru2 Dani sare sieun kabeurangan isuk kudu digawe.reup Dani sare...
nyaan we Dani kabeurangan kakara hudang jam 6kurang ribut sholat ribut indit gawe poe eta kudu datang isuk2 ku dunungan nana.
Dandi kamari di bere jaket ku Arini hiji ewang jng Dani tapi kusabab Dandi balik na peuting isuk2 Dandi keketrok kana panto kamar Dani teu apaleun lamu Dani gs indit isuk2 keneh,Dandi mukakeun pato anu teu dikonci tuluy asup ka kamar bari gegeroan,
"Dan...Dani....!",ck Dandi.
Tapi kamar teh kosong Dandi asup ka kamar niat na dek nyimpen Jaket tea.
Jaket di tunda di luhureun meja barang deuk balik deui ningali kertas anu di curat coret panasaran tuluy ku Dandi di cokot di ilikan pek teh gening gambar beungeut hiji awewe Dani emang jago gambar eta awewe teh mirip pisan jng Anggun di sisi na aya puisi ku Dandi di baca bari nahan nafas,asa aya anu nyelek dina dada lain ambeuk...lain....tapi bener gening tebakan maneh na yen lanceuk tere na mikacinta ka Anggun tunangan nana,
"mmmhhh kang Dani lain ti baheula atuh anjeun teh terus terang lamun anjeun mikacinta Anggun...tangtu kuring moal nyangcang Anggun ku acara tunangan...",ck Dandi bari nyekel kertas tea.
Dandi kaluar ti kamar Dani bari mawa kertas curat coret tea maneh na asup ka kamar na bari tuluy neuteup kertas jol aya rasa watir ka Dani anu mendam rasa ka Anggun nepika nyiksa hate jng jiwa Dani,teu karasa aya cimata anu meuntas kana pipi na......
Malam minggu kulawarga pk Danang ngumpul di ruang tengah sa anak incu Anggun ge aya ngahaja Pk Danang ngumpulkeun anak2 na teh dek aya anu di tepi keun,
"syukur anak2 Apih ngumpul ngariung mungpulung bingah Apih teh di sesa umur Apih aranjeun gs darewasa...rukun...silihmikanyaah....pang2na Apih dk nganuhunkeun ka 2jagoan Apih nyaeta Dandi jng Dani....saloleh anjeun teh kasep....Apih reu'ues Apih boga anak anjeun,kitu deui bidadari2 Apih...Arini Arina....Apih reugreug geulis....lamun Apih kedah maot ayeuna2 teh Apih moal melang jng hariwang aranjeun bijaksana jiga Amih alm...",ck Pk Danang di selang ku ngusap cimata anu ngelemeng meh ragrag.
"Peuting ieu aya anu kudu di ibarkeun warta ka bungan ti sibungsu anu sholeh,tadi isuk2 menang beja ti Dandi Apih teh....
Dandi di tarima gawe di Dinas Pemerintahan Alhamdulillah tapi di pulaw seribu keun bae dandeukeut pangalaman jng maneh na mempeung ker ngora...",ck Pk Danang reueus.
Salerea ngucap Alhamdulillah.
Tuluy Dandi mairan,
"kabingah wengi ieu mudah2an singneras urang sentiasa mupuk rasa ieu dina dada urang,abdi reueus gaduh saderek enggal nyaeta Dani...punten salami abdi teu aya di rorompok ngawiat Apih....sareng kulantaran Anggun di tempat padamelan mah bawahan Dani sakantenan ngawiat....omat Dan....abdi masihan tugas salami abdi teu aya Anggun janten tanggung jawab Dani....",ck Dandi,
''inshaAlloh....",ck Dani bari semu tungkul.
"janji nya Dan....",ck Dandi
"mangga....pasti di perhatoskeun ...",ck Dani.
"reugreug atuh enjing sonten Dandi mios nyungkeun doa ka sadayana mugia di lancarkeun....",ck Dandi.
"aamiin.....!",salerea ngajawab saur manuk
Isuk na Dandi indit ka Jakarta heula ke di sambung ka pulaw seribu deket sih ngankudu make kapal boat heula supaya tepi ka tempat dinas anyar teh,Anggun muntangan leungeun Dandi jiga embung di tinggalkeun Dandi seuseurian ningali Anggun anu jiga budak leutik jiga budak dk di tinggalkeun indung wae,
"yank....sering2 uih ka Bandung ulah lami2 teuing di dituna...",ck Anggun.
"muhunnnnnn.....emut cariosan Akang salami akang teu aya kang Dani gegentos Akang,pakumaha ka anjeuna nya geulis...kade sing emut...",ck Dandi.
Anggun ngan ukur camerut sedih kudu jauh ti Dandi tunangan nana.
"tos aahh akang angkat heula bilih telat keh...",ck Dandi bari ngaleupaskeun leungeun Anggun.tuluy asup kana mobil jemputan bari gugupay Anggun malesan gupay na Dandi jol hayang ceurik jejeritan padahal Dandi jangji dk mineng ningalian maneh na mineng balik ka Bandung kitu janji Dandi.tungtung na mobil anu mawa Dandi gs teu katempo Anggun balik mawa hate anu teu puguh rasa teu bisa di bobodo asa teu merean bebende na indit teh duka kunaon.....
Hujan angin dordar gelap nepi ka aliran sagala poek di imah teh,peuting teh asa geueuman pisan ti sore keneh hujan meuni gede da ari ges usum namah teu katadah gening,burinyay...burinyay beledag....gelap ailih tembalan,ker kitu aya tlp asup kana hape pk Danang ku pk Danang di angkat ku sabab teu kadenge hp teh di loadspeker,
"halaw...dengan Bp Danang...iyah pak kami dari dinas perhubungan mau memberitahukan bahwa kapal boat yg membawa anak bp sdra Dandi mengalami kecelakaan pak.....",
can beres anu nlp ngomong pk Danang kapiuhan atuh irma ribut rawah riwih ceurik jejeritan Arini jng Dani lalumpatan muru irma anu ceurik jejeritan pas Dani narima deui tlp ayeuna Dani anu ngudupruk leuleus.....
"Dandi......kacilakaan......",sakitu anu kaluar tina biwir Dani.....
H A N C A
jeritan tanpa sora kengeng andhyn
balikpapan,kemis 29 nov 2018
#JERITAN_TANPA_SORA(JTS)
Bag.14
Kengeng Andhyn
Arina jng salakina miheulaan indit ka Jakarta pk Danang,Dani,Arini,irma jng Anggun nyusul isuk na langsung ka critis center penanggulangan bencana di pelabuhan kali adem muara angke,tim SAR oge gs loba anu neangan korban make kapal jng perahu boat paragi patroli kulawarga korban mimiti daratang bari cing garoak ceurik teu saeutik anu kapiuhan,katerangan terakhir ti team SAR kapal anu di taekan ku Dandi jng nu sejen na tikelebuh kulantaran ombak kermejeuh na gede katambah hujan angin anu teu ereun sore kamari.
Asa percaya asa heunteu harita Anggun ceurik dina lahunan indung na,kabeh ngadagoan kabar ti team anu kerneangan korban ti laut.kabeh ngadaroa mudah2an penumpang saralamet bisa kapanggih ku team SAR.
Pak Danang di baturan ku Dani mantau tuluy team SAR di sisi laut panumpang anu jumlah na 87jelema can aya tanda2 anu kapanggih,kakara isuk na aya 27 jenasah kapanggih kulawarga korban cing jalerit manggihan jelema anu di pikacinta na gs jadi mayit.
Keluarga pk Danang neangan bisi aya mayit na Dandi tapi lebeng nepika waktu anu di tangtukeun ku team SAR pikeun neangan gs beak tetep jasad na Dandi jng anu sejen na teu kapanggih.
Pk Danang narima kana katangtuan ti Gusti anu Maha Suci,ti Alloh anu kagungan alam dunya bade di beureum di hideng kumaha Alloh da anjeuna kawasa,sadayana di jantenkn ujian pikeun kulawarga pk Danang,sedih namah nataku komo Anggun anu gs mimiti mika cinta Dandi keur nya-ah2 na geugeut2 na kalahka di tinggalkeun,kalahka inget papagah Dandi samemeh indit maneh di titipkeun ka Dani firasat kitu Dandi teh bet nitip2 kn hla maneh na ka Dani.
sabulan...dua bulan...Dandi teu kapanggih keneh keluarga gs bener2 ngiklaskeun Dandi unggal poe di kiriman doa ku jelema2 anu mikanyaah ka Dandi,doa anu terbaik kanggo Dandi.
bulan ka tilu kulawarga kabeh sepakat Anggun di tunangankn ka Dani eta oge numutkeun pesen terakhir Dandi ka kulawarga na,Dani ampir sarua pasipatan nana jng Dandi teu leungiteun teuing pk Danang jng kulawarga nateh,
teu lila ti harita Arini kawin ka polisi atuh di bawa pindah ku salakina di imah ngan ukur 3an,lamun Dani gawe di imah mun ukur 2an we pa Danang jng irma,lamun isuk2 pk Danang sok joging ka lapangan taman kota ngagerakan awak na anu makin kolot,di taman pk Danang sok nitenan jelema2 bari olah raga.
hiji poe isuk2 jam 7 pk Danang kakara beres ngurilingan taman kota bari nyusutan kesang ku anduk leutik pk Danang diuk dina bangku bari ngarerehkeun cape na,teu lila aya lalaki begang siga aki2 ngilu diuk bangun namah galandangan da papakean nana kucel make dudukuy ngajingjing kantong baju,
"ngiring calik pak....",ck eta lalaki ka pk Danang
"oohh mangga...mangga mang...",ck Pk Danang bari ngeser saeutik.
"tos olah raga pk...?",ck lalaki tadi
"muhun mang,aahh lari2 sakedik lah ulah rariged teuing mang...",ck pk Danang.
tungtung na si emang jng pk Danang ngobrol ngaler ngidul pk Danang jelemana teu pipilih ka saha ka saha bageur matak nurun ka anak2 na balageur.
Gs rada beurang pk Danang cengkat bari pok nyarita,
"mang di kantun ah bilih pun bojo deudeupeun...",ck pk Danang.
"muhun mangga pk wilujeng...",ck si emang
pk Danang balik muru imah na irma pamajikan nana gs ngadagoan nyampak dina meja bubur kacang hejo jng roti karesep salaki na.
"mni siang pih....tara tisasari..?",ck irma.
"puguh jadi hilap waktos ngabrol sareng gepeng jiga namah ....'',ck pk Danang bari tuluybka kamar mandi gebrus mandi tuluy salin baju,balik deui ka meja makan dek ngadahar bubur kacang buatan pamajikan nana.
"pih....kumaha barudak teh geura salametkeun atuh supados teu sepi di bumi...",ck irma.
"Apih mah kumaha barudak we,eta kumaha bapa na Anggun gs kapendak can?kan kudu ngawalian mereun piraku ku wali hakim ari aya keneh mah...'',ck pk Danang.
"tos dipilarian ku Anggun kaditu kadieu le'beng teu aya laratan pih...",ck irma.
"nya nu penting kan tos usaha....",ck pk Danang.
Dani aya atoh na bisa deket jng Anggun deui tapi mun bisa milihmah maneh na kajeun milih aya keneh Dandi bisa ngariung mungpulung.
Pk Danang gs nyieun kaputusan lamun Dani bakal nuluykeun Dandi ngawin Anggun tanggal jng bulan gs di tangtu keun persiapan gs mimiti kaciri indung na Dani nyaeta bu Nining tos di teang pk Danang rada karagok oge jdi kaeraan ku Nining rumasa gs pernah ngantep tapi jembar na bu Nining embung ngungkit2 deui mangsa katukang maneh na ridho jng gs nganggap pk Danang dulur kajeun ngelehan da di henteu2 ge ayeuna ka irma teh meureun besan ongkoh.
Harita bu Nining gs aya di Bandung sa imah jng irma jng pk Danang,resepsi jng walimahan Dani jng Anggun kari ngitung poe tapi Anggun can manggihan keneh Ahmad ampir unggal balik gawe ngaprak neneangan lebeng teu kapanggih keneh.
Waktu makin nyerelek 2 poe deui acara teh pk Danang masih boga waktu keneh pikeun ngalakukeun kagiatan nana anu gs maneuh nyaeta lari pagi di taman kota bari dek neangan si emang anu sok mangkal di dinya jol hayang manggihan we dek nitah mantuan dina acara anak na kawin,kabeneran si emang2 teh aya biasa we ker cicing bari ngadagoan anu dk infak saridona,
"mang...kaleresan aya abdi aya peryogi ka emang...",ck pk Danang.
"aya pikersaeun naon pak...",ck s emang.
"mang kersa teu mantuan di acara hajatan isuk?",ck pk Danang.
"duhh moal isin pak...",ck s emang.
"isin kusaha?poko na isuk datang ka imah isuk2 keneh acara na 2 poe tapi emang mah datang isuk sagawe gawe we ngaran na ge dinu hajatan pasti loba pigaweeun mah,kade ulah poho nya mang...!!",ck pk Danang.
"mangga pk inshaAlloh",ck si emang.
Tuluy pk Danang pamitan maneh na balik da poe gs nyerelek ka beurang pasti pamajikan nana gs ngadagoan di imah.
Di imah pk Danang gs kaciri aya kasibukan mimiti di pasangan bekron,sketsel jng hiasan2 nu sejen na jelema2 saribuk ku pagawean na masing2,calon panganten istri jng pameget di pingit kulantatan dua nana gs araya di imah pa Danang,panggung gs siap di hareupeun imah di dapur gs recet ku ibu2 anu marasak,tamu dulur anu jauh mah gs mimiti daratang,hajat teh di mimitian isuk saptu acara pokok na minggu.
saptu isuk2 aya lalaki neneangan pk Danang baju na basajan bari ngajingjing kantong baju,kunu aya di dinya di tunjukeun ka pk Danang anu ker ngobrol jng dulur na,kontoyong nyampeurkeun barang pk Danang ningali si emang di gupayan di titah asup ngadeukeutan maneh na,
"mang...ka dieu mang,toa tuang teu acan? mun teu acan sok tuang heulabka dapur nyungkeun tuh ka ibu...",ck pk Danang kanu kakara datang.
"muhun kin gampil pak nembe ge dongkap piraku tos piwarang tuang ...",ck eta lalaki.
"eehhh nya keun bae atuh...sok geura ka dapur..",ck pk Danang.
"teu kedah pk upami hoyong mah abdi nyungkeun ke ka dapur, ayeunamah abdi bd di piwarang naon..?",ck eta lalaki.
"nya sagawe gawe we mang tuuhh ka mang engko kudu naon2 namah nya mang...",ck pk Danang nunjuk ka kolot anu ker pepeta kanu di garawe.
"muhun nuhun pk....",ck eta lalaki bari nyampeurkeun mang engko,ku mang engko eta lalaki teh di titah bagean mulungan runtah,gelas plastik,tisue urut plastik2 jrrd nitah di wadahan kana karung.
jelema makin pabeulit semah ge gs mimiti daratang,tatangga anu mantuan jng dulur2 gs ngumpul di imah musik gs kadenge tarik nyetel lagu2 sunda.
Di kamar calon panganten awewe Anggun gs pada ngadandanan tapi can menang kaluar ti kamar na paling2 dulur anu hayang panggih nyampeurkeun ka kamar,kitu deui Dani sarua di pingit di kamar luhur teu menang kaluar maneh na ge sarua di rariung ku dulur2 na ti Banten anu ngahaja daratang.isuk2 Dani bakal ngucapkeun ikab qobul ngaganti status lajang jadi salaki kitu deui Anggun ngaganti status gadis jadi pamajikan,hayang geura2 isuk we dua nana ge.
Poe anu di dagoan tungtung na datang oge,poe minggu isuk2 di imah pa Danang gs harengheng rame ku jelema anu sibuk nyiapkeun acara walimahan,dengung gs kadenge acara ijab qobul jam 9 isuk2,tamu2 gs aya anu datang...
Anggun gs di dangdanan jiga bidadari turun ti kayangan make baju bodas di sanggul beungeut anu ngadaun seureuh matak pangling anu nempo,irma diuk gigireun Anggun sarua irma ge make kabaya bodas,kaciri keneh geulis irma di dangdanan ku juru rias,
"mah....kahoyong mah di walian ku si bapa Aang teh...",ck Anggun.
"haarrr nya sami mamah ge ari kahoyong mah ku bapa hidep tapi ari teu aya laratan nana kedah kumaha deui...",ck irma.
"nya wios mah kedah nasib Aang meren...",ck Anggun.
"toss aahh teu kengeng sedih....",ck irma bari ngusapan leungeun Anggun.
kadenge bewara tina pengeras suara yen petugas KUA gs datang calon panganten sakalih di piwarang kaluar,Anggun cengkat di tungtun ku irma kaluar ti kamar na pa amprok jng Dani anu sarua kaluar ti kamarna di barengan ku pk Danang,dua mata paadu teuteup Anggun ngeluk tungkul semu era ari Dani muji kageulisan Anggun hate ma makin ratug tutunggulan.
Dua nana kaluar ti imah muru ka pelaminan anu di atur jadi tempat walimahan kabeh panon nempo ka pasangan calon panganten Anggun leumpang lalaunan di gigireun nana Dani di iringkeun ku irma indung na jng pk Danang bapa na Dani ti tukangeun aya Bu Nining anu ngilu nyaksian anak na ijab qobul.
pas dariuk hareupeun patugas KUA hiji2 di tanya ngaran alamat,tempat jng tanggal lahir jol aya jelema seseledek nyingraykeun jelema anu ker ronghok lalajo anu dk walimahan,eta jelema pada molototan teu saeutik atu nyentak ningali jelema make baju basajan kameja biasa teu di istrika2 acan,maneh na hayang kahareup nyampeurkeun kadua panganten anu sakeudeunh deui ngucap ikrar pernikahan.
"mang dek kamana eehhh mni seseledek jelema teh...",ck ibu2 bari jamotrot.
"punten...punten....",ck eta lalaki bari tuluy ka hareup,
Di tempat walimahan Dani gs nyepeng panangan wali hakim sakeudeung deui ngucap ijab qobul,Dani ker dipapatahan....
torojol lalaki anu seseledek tadi bari ngahegak patugas reuwaseun sarerea ngalieuk ngilu neuteup ka lalaki tadi bari cing harewos,kitu deui pk Danang maneh na dk nyarita pisan nanyakeun aya naon ngan ka piheulaan ku Anggun anu ngagorowok bari ceurik,
"bapa.....bapa.....bapa kamana wae ku Aang di pilarian bapa.....!!",ck Anggun,
irma olohok teu nyangka urut salakina bakalan datang ningali ka ayaan nana pikawatireu badis aki2 we,baju kusut jba kucel...
pk Danang olohok maneh na teu nyangka lamun galandangan anu sok di panggihan di taman teh bapa na Anggun popotongan irma,kabeh olohok tamu ribut seah cingkarecewis.......
H A N C A
jeritan tanpa sora kengeng andhyn
balikpapan,juma'ah 30 nov 2018
#JERITAN_TANPA_SORA(JTS)
Bag.15
Kengeng Andhyn
Alhamdulillah laksana oge Anggun di walian ku Ahmad bapa na acara walimahan berjalan sukses kitu deui acara resepsi anu daratang sugema mni ngaleut ngabandaleut,
Ahmad anu tadi na purah mulungan runtah ku pk Danang di titah salin baju ku jas mnang nginjem ka ibu rias,sanajan teu diuk di pelaminan jng Anggun tapi maneh na sina diuk di hareup di pernahkeun jng kulawarga nu sejen,tah kitu gening hirup mah ari anu nganyenyeri kalahka sangsara balangsak ari anu di nyenyeri meunang kabagjaan.
Era namah nataku Ahmad teh komo ningali irma anu ayeuna pamajikan pk Danang cohag na ayeuna pk Danang teh besan ongkoh maru ongkoh.
Beres acara Ahmad ku pk Danang teu waka menang indit puguh pk Danang apal Ahmad teu boga padumukan,era2 ge maneh na nurut ka pk Danang cicing di imah besan plus popotongan nana irma,
Irma mah teu nanya teu naon ka Ahmad estuning acuh lamun teu katalian ku Anggun mah jiga na hayang ngusir2 we ka Ahmad teh,beda jng pk Danang anu koloteun jng bijaksana katambah bageur ti baheula pk Danang mh.
Isuk na Di imah pk Danang Ahmad ngilu beberes urut hajat ngesukan runtah mereskeun parabot jrrd,pabeubeurang ku pk Danang di sauran Ahmad nyampeurkeun bari popoyongkodan gek diuk dina korsi hareupeun pk Danang di dinya nyampak irma Anggun jng Dani,
"aya pikersaeun naon pak?",ck Ahmad.
"lain mang...tadi kuring gs badami jng Anggun jng irma....ngena an emang,kieu mang kulantaran kuring apal ka ayaan emang ayeuna kuring nyokot inisiatip kumaha lamun emang dadagangan ku Anggun dk di modalan ari tempat namah kumaha emang,jng kuring gs menta ka irma supaya emang nyicingan imah irma anu pernah ku emang di cicingan oge lebar dri pd kosong da barudak mah bade sareng abdi di dieu,kumaha tah mang...?",ck pk Danang
Ahmad nepikeun ka ngeclakeun cimata bakat ku bungah asa eweuh sora an dk ngomong nganuhunkn ka pk Danang ge.
"sok kira2 emang dek dagang naon?",ck pk Danang.
"manawi hoyong dagang gorengan pak di caket gang anu bade ka rorompok kapungkur ...",ck Ahmad.
"tah..tah..tah...satuju mang kumaha Ang,irma satuju?",ck pk Danang.
irma teu nembalan Anggun ukur unggeuk nandakeun satuju.
Harita keneh konci imah irma di pasrahkeun ka Ahmad,tuluy Anggun mikeun amplop eusi duit jang nyieun roda jng modal dagang gogorengan tea,Ahmad ceurik ngagukguk gs teu era deui ngucap syukur Alhamdulillah gening Alloh nulungan kenah karunyaeun keneh ka maneh na.
pasosore Ahmad di anterkeun ku Dani ka imah anu baheula pernah di cicingan ku maneh na jng irma Ahmad nganuhunkeun ka pk Danang jng irma mimiti isukan maneh na dk ngamimitian hirup anyar modal duit pamere ti anggun.
****************************
Di hiji lembur anu ngaran na pulau Harapan aya kulawarga anu kaitung terpandang poe harita pk Haryanto kakara meuli mobil anyar jang anak na neng Rara,hanyakal Rara can bisa mawa mobil sorangan kapaksa atuh pk Har nyewa jelema jng ngajarkeun nyetir ka Rara,
"jug neng latihan di tempat anu leuga di pesisir pantay meh aman mah ...",ck pk Har ka Rara.
"muhun mangga pak...",ck Rara teu talangke langsung indit jng mang Sukma jelema anu di sewa ku bapa na ngajarkeun nyetiran tea.
Di sisieun pantay aya tempat anu kosong sepi deuih ku mang Sukma Rara di ajarkeun ti mimiti stater mobil maju jng mundur gs rada bisa kakara di ajar mengkol,ku sabab kakara Rara ngarasa cape pisan awak na asa nyeri balas ku tegang meureun,
"Mang Sukma kela istirahat heula ah cape Rara mah..",ck Rara bari kaluar tina mobil na muru ka sisieun pantai anu ombak na leutik sing siriwik kabawa angin ti laut.
Rara babatek leungeun na karasa cangkeul maklum tadi ti peupeureket keneh nyekelan stir na,ngarasakeun angin anu nebak kana beungeut na buuk na ka apungkeun ku angin.
neuteup kana cai ombak Rara ngarenghap maneh na inget asa kakara kamari maneh na silih udag jng bebendena dina ombak anu umpal2an silih simbeuh ku cai laut silih naplokeun ka nyaah nepi ka bebendena nyaeta Topan indit ka Jakarta nepi ka ayeuna eweuh balik deui ka lembur na.
ker ngalamun kitu kadenge aya jelema humarurung dina akar kalapa anu nyologodor kana taneh deukeut jng mobil anu parkir di dinya,asa dedengean meren da seah ku sora ombak jng angin anu silih tembalan,tapi jelema anu humarurung teh kadenge deui asa2 ku Rara di deukeutan barang nepi ka deket akar kalapa tea tetela bener aya lalaki ngora keneh nyang saya bari humarurung,Rara buru2 ngageroan Mang Sukma anu harita aya dina jero mobil dua an maluruh jelema anu humarurung tea disangka ku mang Sukma mah galandangan atawa jelema teu hideng barang di tingali anu humarurung teh jelema na pantes jng beresih deuih pakulitan nana,buru2 si sampeurkeun di deketan,
"tuuulluunnggggg.....",ck eta lalaki.
"aduh kang...kunaon ari akang...",ck mangSukma.
"tulungan kuring pak....",ck eta lalaki les we kapiuhan atuh panik mang Sukma teh giriwil di pangku di bawa kana mobil Rara,
Rara ngiclik nutur keun karunyaeun ka eta lalaki
"hayu urang candak ka bumi mang karunya bisi kumaonam",ck Rara.
"hayu atuh neng karunya emang ge",ck mang sukma buru2 ngahirupkeun mobil na mawa balik lalaki anu nyangsaya dina akar tea.
Tepi ka imah pk Haryanto buru2 si lalaki teh di bawa ka jero imah tuluy di golerkeun dina korsi,Rara ribut ngageroan bapa na jng indung na,ningali aya lalaki anu ngagoler dina korsi na pk Har nitah manggil mantri ti puskesmas,
teu lila datang mantri maneh na mariksa lalaki anu kr kapiuhan tea,
"jiga na ieu mah korban kacilakaan laut pak,hawatos salian ti kalaparan srng dehidrasi jigana ieu pameget teh aya tatu di lebet janten kedah di landongan we hla",ck mantri.
sangges di suntik tuluy lalaki anu kapiuhan teh sadar,culak cileuk nitenan sabudeureun nana,
"abdi dimana....?",cenah.
"anjeun di pulau harapan,nami anjeun saha,kawit ti mana?",ck pk Har.
"kuring....kuring Darmawan...kawit...duka timana teu emut...",ck eta lalaki bari ngahuleng.
"muhun sawios ulah waka seueur emutan,istirahat hla we di sieu kang Darma,",ck pk Har.tuluy lalaki anu ngaran na Darmawan teh di pindahkeun ka kamar sina istirahat.
H A N C A
jeritan tanpa sora kengeng andhyn
balikpapan,saptu 1 des 2018
#JERITAN_TANPA_SORA[JTS]
Bag.16
Kengeng Andhyn
"Ayah....ayah...Dita tadi ameng sareng abah di pantay mulungan ieu tingal ayah....",ck budak awewe umur 6taun bari ngepel kewuk laleutik.
"waduh pinter anak ayah...hayoo ibak heula tuu ka bunda",ck lalaki umuran 35 taun dedeg pangadeg na jiga orang kota sanajan hirup di kampung ge.
sup lalaki kolot make dudukuy samak kesang ngoprot raray na beureum balas kapanasan ku panon poe gek diuk dina korsi bari ngipasan awak ku dudukuy anu tadi di pake na,
"haduh....abah mni ripuh ngudag2 Dita,gs
kolot abah teh eleh lumpat ge ku incu....",ck pak Haryanto.
"aduh hawatos teuing bah...padahal wios tong di gugu tdi teh sidik Dita mah aktif murangkalih na",ck bp na Dita.
"ra....rara...cing menta cai tiis lah hanaang bapa yeuh...!",ck pk Haryanto ka anak na Rara.
torojol Rara mawa cai herang tiis di tuturkeun ku Dita anak na bari di samping anduk leutik.
"aduh abah ke deui upami dita ngajak amengan ka pantay deui ulah di gugu hawatos abah dugi ka beureum kitu raray na kapanasan..",ck Rara.
"aahh keun bae ra ka incumah da sok tara tega",ck pk Haryanto bari ngaleguk cai tiis
"Kang...pesenan pk Soma tos di pak teu acan?",ck Rara ka salaki na nyaeta Darmawan.
"atos geulis.....",ck Darmawan bari nyoel gado Rara
"kang ke wengi urang ka pasar malam yuu ngajak Dita", ck Rara.
"mmmmmhhh hayu mempeng malam minggu",ck Darmawan.
Darmawan,Rara jng Dita arulin ka pasar malam di kampung harapan pulau seribu,hiburan jang rakyat anu murah meriah Dita anu kermeujeuh na resep ulin lulumpatan bari ngagusur leungeun indung na hayang sagala di taekan,meh kawalahan Rara nutur2 anak na Darmawan ngan sueri we ningali pamolah anak na teh.
"akang...cape iihhh urang uih yuu..?",ck Rara bari ngahegak Darmawan nangkeup pamajikan nana bari ngaharewos ka Rara,
"kumahawe mamah na tara daek cicing,motaaahhh..",ck Darmawan ku rara di ciwit cangkeng na darmawan ngagurubug bari seuseurian.
Sangges di olo tungtung na budak teh daek oge balik bari jeng ranggem ku jajanan aya aromanis,donat,martabak,suuk,cilok jng es kepal.
sup asup kana mobil Darmawan ngajalankn mobil na lalaunan,gigireun Rara ngalahun Dita anu lelenggutan cape bangun nateh gs sagala di papay sagala di tunjuk,Rara imut bari nyiuman buuk Dita anu rada baseuh ku kesang,
"kang.....akang emut teu di pasar malam 10taun ka pengker?",ck Rara bari ngalieuk ka salaki na.
"mmmmhhh emut atuhhhh....kan di pasar malam eta akang di tembak ku Rara",ck Darmawan bari kucap kiceup.
"iyeeeeyyyy akang mah sok kitu...akang anu nembak Rara ...iihhh",ck Rara bari nyiwit cangkeng Darmawan.
"sahaaaa iihh teu rumaos nembak da aya oge akang di tembak wanoja geulis bunda na Nandita slavina"ck Darmawan teu euih2 sangkilang cangkeng na di ciwit ku Rara makin tarik.
"akaangggg iihhh...teras anu nembak Rara saha atuh?? juriggg kitu..?!!",ck Rara gemes ka salaki na.Darmawan seuri nga haha bangun anu bungah.
teu karasa mobil gs tepi ka buruan imah Darmawan mangku Dita anu gs tibra sare,jajanan di jingjing ku Rara di bawa ka jero tuluy di tambrukeun dina meja makan,torojol pak Har di tuturkeun ku indung na Rara,
"naha gs aruih deui Ra...teu rame pasar malam na?",ck indung na Rara.
"iiihh mamah sanes rame deui tapi Rara cape ngudag2 dita anu sagala hoyong ...ampun mah...",ck Rara bari diuk.
"puguh abah ge tadi kawalahan hahaha padahal Rara mah teu kitu2 teuing nya baheula kr leutik",ck pak Har.
Torojol Darmawan ti kamar Dita gek diuk gigireun Rara pamajikan nana,
"tadi mun abah ngiring ka pasar malam...ampun bah...eta mah dita acleng ka ditu acleng ka dieu jiga kutu loncat we sugan mah...",ck Darmawan bari muka martabak terus di wadahan kana piring di asongkeun ka mitoha na.
"nyaeta ker di barahas da baheula Rara mah teu kitu2 teuing,duka mun Darma mah jiga na eunya ti bapa na ieu mah,hanyakal we Darma teu inget nya lalakon ker leutik....",ck pk Har
Darmawan ngahuleng manehna langsung teu lemek teu nyarek estuning cicing jiga anu beakeun catur.
tapi hate Darmawan galecok sajeroning tungkul teh,
"duhh hampura Abah,mamah,Rara...sabener na kuring gs inget saha kuring anu sabener na tapi kuring can bisa wakca...can siap lamun kudu bebeja anu sabener na,keun kuring miceun maneh heula saheula anan kuring berkorban demi dulur kuring....",kitu gerentes hate Darmawan anu taya lian ti Dandi anu salamet tina kacilaka an kapal basa mimiti di gawe di pulau seribu sapuluh taun ka tukang,kulawarga nyangka na Dandi gs maot padahal ayeuna Dandi jadi minantu pk Haryanto,bruy bray deui dina pikiran Dandi kumaha maneh na di pikanyaah ku pak Haryanto anu tungtung na nenden hate ka Rara nepi ka di kawinkeun ka Rara ku pk Haryanto.
"kang hayu obo aahh tunduh...",ck Rara bari miheulaan asup ka kamar,Dandi alias Darmawan ngalieuk neuteup Rara anu asup ka kamar.
"Abah ge tunduh aahh hayu mahh urang istirahat...",ck pk Har bari cengkat tuluy di tuturkeun ku istri na lalebeut ka kamar.
tinggal Dandi anu nyarande dina korsi panon na meulong ka lalangit imah bruy bray beungeut bapa na nyaeta pk Danang,arini jng arina lanceuk na tuluy beungeut Anggun anu silih genti minuhan pikiran nana.
"mmhhh lain teu sono pih....teh....tapi acan waktu na kuring manggihan kulawarga,ieu hate masih aya keneh geter2 asih ka Anggun malaur ngaruksak rumah tangga Dani jng anggun kitu deui rumah tangga kuring jng Rara....hampura apih...teteh...",ck hate Dandi teu karasa aya cimata anu mapay haneut kana pipi na,
"aaakkkaaaannnggg.....bade obo moal...??!!",ck Rara,Dandi cengkat tina korsi samemeh na nyusut heula cimata dina pipi na ku leungeun na,
sup ka kamar nyampak Rara gs ngajengjehe dina kasur Dandi nyampeurkeun bari sura seuri,Rara api2 peureum hayam ningali salaki na muka baju tuluy ngagoledag di gigireun Rara.
"Ra...rara...tos obo nya? nya atos atuh ari Rara tos obo mah tadi na bade di ajak maen halma",ck Dandi api2 nukangan,Rara ngagurubug terus nyiwitan beuteung salakina bari api2 jamotrot,
"daaa akang maahhh kituu....daaa...",ck Rara bari tuluy merekpek Dandi ku ciwitan2 leungeun na,Dandi gugurubugan nahan getek leungeun na newak leungeun Rara,gep di cepeng dua nana awak Rara di tongtak atuh ayeuna awak Rara di luhureun awak salakina....
sawios nya bade kukumaha oge da sareng carogena,...SAH....nya SAH atuhhhhhh selanjut nyaaahhh terserah anda... mangga lajeungkeun ku persi masing2 bilih persi abdi mah teu ka anggo ku palamitra sadayana.....
Cag aahh sakitu heula we ke di teraskeun deui wilujeng malam ahad palamitra rusadi eehh...palamitra sadayana....hehhee
nu apel uih na sing di pegat jurig,anu di bumi sing talibra obo na wilujeng leleson...
H A N C A
jeritan tanpa sora kengeng andhyn
balikpapan,5 januari 2019
#JERITAN_TANPA_SORA(JTS)
Bag.19
Kengeng Andhyn
Nandita jng Riana lalajo di bioskop jng Alfi katut Firman, beres lalajo dita riana di jajapkn nepi ka kost-an kaciri barungah na Dita jng Riana maraneh na teu apaleun lamun Alfi jng Firman buaya buntung hungkul,
"Dit...ke Aa kengeng amengan teu ka kost-an?",ck Alfi
"mmmhhh teu kengeng A ibu kost na ketat pisan teu kengeng aya tamu pameget kecuali keluarga",ck Dita
"nyaaa lamun kitu sebatkn we Aa keluarga Dita...",ck Alfi ngaluarkeun jurus ngarayu kadal burik.
"mmmmhhhh alim aahh... Ayah sa sasih sakali sok ka kost-an Dita",ck Dita deui.
"nyaa sementawis mah urang pendak di luar we nya lamun Aa sono ka Dita",ck Alfi bari ngusap sirah Dita,hate Dita asa ngalayang ka awang2...
Teu jauh jng Dita Riana oge sarua kajebak ku lalaki ariseng samodel Firman jng Alfi anu ngamangfaatkeun rupa jng wibawa,ari Riana mah rada lengger mineng pisan papanggih jng Firman di luar tempat kost,
Dita gs jadian jng Alfi,kitu deui Riana jng Firman
Riana mimiti susulumputan ti Dita pikeun manggihan Firman untung Dita mah hirup na loba ku ka sieun rumasa hirup jauh ti kolot jng cita2 na hayang jadi jelema anu mangfaat di waktu anu kahareup.
Datang ka Jakarta niat Dita eudeuk kuliah jaba mineng pisan kolot dita datang ngalongok ti pulau seribu ngahaja hayang manggihan, indung bapa Dita kacida melang na ku pergaulan di kota gede ku jaman ayeunamah.
Rebu2 rayuan Alfi pangolo na ka Dita jiga waktu harita kerpaduduan di Cape deket Campus Dita
"Beb....iraha atuh urang berlibur ka pulau bidadari urang nyewa cotage di ditu dua we supaya romantis...",ck Alfi
"Aduh yank...moal tiasa Dita mah minggu ieu Ayah srng Bunda bade darongkap....",ck Dita.
Alfie ngahuleng kudu kumaha deui cara na supaya Dita daek mondok jng maneh na,
"beb....nyaah teu ka Aa?",ck Alfi bari melong kana panon Dita.
"nyaah atuh Yang.....",cek Dita mageuhan penyekel na kana ramo2 Alfi.
"nyaaa hayuu atuh jiga Riana jng Firman maraneh namah sering acara kaluar kamari wae gs ti paruncak piraku urang kieu2 wae,jiga na beby mah teu sayang nya ka Aa...",ck Alfi bari nyium ramo2 Dita.
"upami bade mah enjing malam minggu atuh Ayank ketemuan srng Ayah Bunda Dita...kersa nya Yank ari Ayang serius ka Dita mah'',ck Dita.
Alfi ngahuleng di kitu keun teh,
"tuuuu kannn kalah ngahuleng,pasti Ayank mah alim nya pependak sareng sepuh Dita...?!",ck Dita bari manyun.
"sanes kitu sayang iiihhh kela Aa nju ngemut2 malam minggu ayeuna teh asa aya kegiatan di kesatuan...ari sayang sok kitu...ke Aa langsung ka bumi sayank langsung di lamar ku Aa",ck Alfi.
"tadi ngajak ka pulau bidadari malam minggu teh ari ayeuna kalah aya kegiatan,kumaha sih Yank?",ck Dita mencrong kana benget Alfi anu kasep.
"sanes kitu beb....Aa ngajak teh lain kali sanes malam minggu ayeuna...sok salah wae ah sayang mah",ck Alfi bari nyium sirah Dita.
Maraneh na teu sadar aya lalaki anu ngadon motoan jng ngarekam adegan maranehan nana tadi pikeun laporkeuneun ka pamajikan Alfi....
************
"Reee....Revin.....!!",lalaki make jaket parka ngudag awewe anu ker geude beteung,
Awewe anu di sebut Revin eureun tuluy ngalieuk,
"hai....juna.....aya naon bangunaya nu penting...?",ck Revin.
"mmmhhhh ngobrol na di rumah kamu yuuu sy aya perlu..",ck lalaki anu ngaran na Arjuna.
Tuluy dua nana leumpang muru ka imah Revina pamajikan Alfi.
Sangges di jero imah.....
"Vin sorry nya....aku kan masih sepupu kamu jdi aku ngan hayang nulungan kamu bisi jng bisi rumah tangga kamu ancur...",ck Juna asa2.
"aya naon sihhh Juna....aku makin panasaran?",ck Revin.
"tapi kamu tong rewas nya aku boga ieu yeuh...",ck Juna bari nembongkeun foto Dita jng salaki na anu ker silih tangkeup di Cape,terus video na di puter basa adengan Alfi nyium buuk Dita,Revin kekerot hape Arjuna meh di beubeutkn.
"kamu nyaho saha awewe na ?!!",ck Revin.
"nyaho...mahasiswi di UI kabeneran sa angkatan jng aku ngaran na si Nandita",ck Juna.
"isuk anter aku ka Campus urang labrak tah awewe kurang ajar teh,teu nyaho eun urang saha meureun nya,dasar pelakooorrr!!!",ck Revina bari meureup.
isuk na di Campus pa beubeurang di kantin, Nandita jng anu sejen na ker makan siang bari ngalobrol,kaciri aya awewe ker hamil gede jol nyampeurkeun DiTa bari melak cangkeng pas di hareupeun Dita,
"heeehhhh pelakor....maneh dek ngarebut salaki urang heehhh!!!",ck eta awewe anu taya lian ti Revina pamajikan Alfi,
Dita molohok teu ngarti kana maksud Revina.
"hhhhmmm maksad teteh naon nya...?",ck Dita.
"heehhh pelakorrr ulah api2 siah nya maneh anu ngarayu salaki urang kan si Alfi?!! maneh teu mampu neangan anu lengoh maka na dk ngarebut salaki urang heehhh...!!!",ck Revin bari gogorowokan atuh anu aya di dinya teh marelong,Dita beungeut na langsung pias jiga euweuh getihan awak na leuleus.
"ngaku siah....maneh dek ngarebut Alfi salaki kuring nya? lamun teu percaya tingali yeuh kuring basa kawin jng si Alfi bisi maneh hayang nyaho",ck Revin bari nembongkn foto maneh na basa ker kawin jng Alfi.
Dita molohok asa aya dina pangimpian ningali foto lalaki anu di pikacinta na jng Revin dina acara pernikahan,
"maneh percaya aayeuna??!!tah ieu anak si Alfi anu aya dina beuteung teh",ck Revin bari nunjuk kana beuteung na,Dita ngan tungkul era na nataku jaba jelema anu aya di dinya mimiti cing karecewis teu karasa cipanon murubut maseuhan pipi na.
"abi teu terang teh upami Alfi tos gaduh istri,da nyarios namah masih bujangan...",ck Dita
"aahhh bohong siah dasar pelakor maneh we meren anu nyodor2 dasar teu payu nya maneh mah matak ngalayanan salaki batur oge",ck Revin bari nyamperkn Dita tuluy buuk dita di jengut,Dita teu ngalawan maneh na labuh ngudupruk dina ubin ku Revin di perekpek dibtenggeulan di tajongan Dita teu ngalawan,babaturan Dita soak Revin pada misah bari angger jejeritan nyarekan Dita anu ceurik ngarumpuyuk dihandap,
Revin pada ngamankn ka luar Dita pada ngupahan ku babaturan nana asa gs teu boga beungeut harita Dita asa wirang di kolong catang,Dita ujug2 nangtung tuluy lumpat ninggalkeun kantin lumpat kamana daek teu noleh babaturan nana anu ngageroan,teu karasa gs nepi parkiran jaba panas meret vimata Dita murubut teu eureun2 sirah na asa beurat panon na jol poek kirkitu kulahek Dita ngulahek kapiuhan untung aya lalaki sigep nampanan awak Dita tuluy di pangku di bawa kana mobil na teu di lila keun biur awak dita anu kapiuhan teh di bawa kaluar ti Campus muru jalan raya anu kermeujeuh na panas jeng macet,Dita teu eling teu hayang eling masih kadenge sora Revin anu nyarekan maneh na laklak dasar Dita teu sadar teuing saha ayeuna anu mawa na,Dita pasrah........
Cag aahh palamira sadaya sakitu heula we ameh geuregeut....hehhehe
H A N C A
jeritan tanpa sora kengeng Andhyn
balikpapan,9 januari2019
Saatos 5 taun nikah sareng salaki sareng 2 murangkalih, salaki kuring mimiti ngalakukeun anéh sareng kaluar sareng awéwé anu sanés sareng nunjukkeun ka kuring cinta anu tiis, dina sababaraha waktos anjeunna ngancam pikeun cerai kuring upami kuring wani naroskeun anjeunna ngeunaan urusanna sareng awéwé séjén, kuring ieu musnah pisan sareng bingung dugi ka babaturan lawas kuring nyarioskeun ka kuring ngeunaan jampé mantra dina internet anu katelah Dr.Wealthy anu ngabantosan jalma hubungan sareng masalah kawin ku kakuatan kakuatan mantra cinta, mimitina kuring ragu upami hal sapertos kitu kantos aya tapi mutuskeun pikeun nyobaan, nalika kuring ngahubungan anjeunna, anjeunna ngabantosan kuring ngintip jampé cinta sareng dina 48 jam salaki kuring balik ka kuring sareng mimiti ngahaturkeun, ayeuna anjeunna parantos lirén kaluar sareng awéwé sanés sareng abdi kalayan kuring pikeun alus sareng nyata . Hubungi kasir jampi cinta anu hébat ieu pikeun hubungan anjeun atanapi masalah nikah tiasa direngsekeun dinten ieu ku: wealthylovespell@gmail.com atanapi langsung WhatsApp: +2348105150446.
BalasHapushatur nuhun. alhamdulillah. aya aoseun tambi kesel.
BalasHapusMangrupikeun kaistiméwaan pikeun ngabagi kasaksian anu ajaib ieu ka dunya. Abdi Bet Walters ti Inggris. Salaki kuring cerai kuring 4 bulan deui sareng kuring parantos dieusian ku kasieun sabab kuring henteu terang naon anu kedah dilakukeun pikeun ngarobih masalah sareng salaki kuring. Kuring milarian bantosan dina internét ngeunaan kumaha kuring tiasa kéngingkeun bantosan dina perkawinan kuring sareng kuring mendakan panyaksian anu hébat ngeunaan Jinis CINTA KAYA anu parantos progresif sareng mantra na. Kuring ngagaduhan hubungan sareng anjeunna sareng tingali, Dr.Wealthy ngawartosan yén anjeunna bakal nyiapkeun mantra pikeun kuring anu bakal nyandak deui salaki kuring. Kuring skeptis tapi kuring henteu ngagaduhan pilihan sanés tapi damel sareng anjeunna. 2 dinten sanggeusna, salaki kuring nelepon ka kuring yén anjeunna bakal balik ka bumi sareng ti dinten éta dugi ka ayeuna ieu, kami parantos hirup tengtrem. Anjeunna balik deui ayeuna ku seueur asih sareng paduli. dinten ieu kuring resep masihan anjeun sadayana terang yén mantra mantra ieu ngagaduhan kakawasaan pikeun ngahijikeun deui pameget sareng hal anu paling matak nyaéta cinta urang kuat pisan ayeuna, unggal dinten kabagjaan sareng kabagjaan. sareng Teu aya anu mirip sareng lalaki anu anjeun resep. Kuring bakal nyarankeun Dr.Wealthy pisan ka saha waé di luar anu peryogi bantosan naon waé. Upami anjeun ngagaduhan masalah hubungi Dr.Wealthy, kuring masihan anjeun jaminan 100% yén anjeunna bakal ngabantosan anjeun !!.
BalasHapuswealthylovespell@gmail.com
Tulis anjeunna dina Whats-app +2348105150446
Blog: https://wealthylovespell.blogspot.com
Nalika kuring mendakan Dr.Wealthy kuring peryogi pisan pikeun ngantunkeun deui kakasih kuring. Anjeunna ninggalkeun kuring pikeun awéwé séjén. Éta kajantenan gancang pisan sareng kuring henteu nyarios nanaon dina kaayaan. Anjeunna ngan ukur miceun kuring saatos 3 taun teu aya katerangan. Kuring ngahubungi Dr.Wealthy sareng Anjeunna ngawartosan naon anu kuring kedah lakukeun sateuacan anjeunna tiasa ngabantosan kuring sareng kuring ngalaksanakeun naon anu dipiharep ku anjeunna, saatos kuring nyayogikeun naon anu dipikahoyongna, anjeunna ngajantenkeun mantra cinta pikeun ngabantosan urang babarengan. Henteu lami saatos anjeunna ngalakukeun mantra, kabogoh kuring mimiti nga-sms ka kuring deui sareng ngaraos pikareueuseun pikeun naon anu anjeunna karoskeun. Cenah mah kuring jalma paling penting dina hirupna sareng anjeunna terang yén ayeuna. Kami ngalih babarengan sareng anjeunna langkung kabuka pikeun kuring tibatan sateuacanna sareng anjeunna mimiti nyéépkeun langkung seueur waktos sareng kuring tibatan sateuacanna. Ti saprak Dr.Wealthy ngabantosan kuring, pasangan kuring stabil pisan, satia sareng langkung caket ti kuring tiheula. Kuring nyarankeun pisan Dr.Wealthy pikeun saha waé anu peryogi bantosan. Surélék: wealthylovespell@gmail.com. Nelepon anjeunna atanapi tambahkeun anjeunna dina whatsapp via: +2348105150446 Dr.Wealthy BLOG PAGE: Blog: https://wealthylovespell.blogspot.com
BalasHapusHtr nhun
BalasHapus