TEU SAENDAH IMPENAN BAG 16
#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.16
Kengeng Andhyn
Anto kaluar ti balkon bari nungtun Jeny nyamperkeun babaturan anu sejen anu ker ajojing aya anu bari nginum cai teuas sagala,Anto huruwas harewos ka babaturan nana sangges sapuk anu 4pasang teh kalaluar ti tempat dugem muru tempat karaoke,
teu kagok Anto cs boking 3jam karaoke an meh puas cenah,Jeni dkk ge teu kaabotan da nu ngajak na lalaki karasep hungkul.
nyaranyi sakadaek aya anu sorangan,duet,rame2 gs di papay tina lagu,dangdut,pop,barat gs rupa2 we sesa satengah jam deui kabehan nana gs carape tungtung na aya anu ngalempreh dina shopa aya anu ngagoler di handap dina karpet ruangan karaoke anu empuk aya anu silih lahun,ari Jeny jng Anto diuk pagegeye silih tangkeup kabeh ge aya dina pangaruh minuman keras.
*******************************
Jonathan nga WA Stevie menta panggih,biasa jatah jajan na gs beak Stevie lila 2 ambek oge ka jonathan maneh na anu bukbek neangan duit ngenah we Jonathan mah kari menta ka stevie.
"stevie...minta duit...!!",ck Jonathan basa Stevie ngajak panggih di restoran jepang di mall.
"ai kamu asa kakara ku aku dikirim poraku gs beak deui....!!",ck Stevie.
"kan loba kaperluan atuh honey",ck Jonathan.
"lamun aku embung mere...??!!",ck Stevie.
"nyaaaa teu nanaon laahhh,ngan video urang basa di surabaya bakal bocor ka warga net...hahahha",ck Jonathan bari ngaluarkeun hape na terus muter video stevie jng maneh na kerngalakukeun hubungan intim.
Stevie molotot.
"hapus nathan....!!!",ck Stevie molotot ningali maneh na anu teu make baju jelas pisan jng joenathan.
"hahahhaa...maka na bayar heula....cicil we tiap aku butuh pasti menta lah ka kamu...",ck jonathan.
"nya...ke di trasfer tapi hapus video na heula...nathan...!!!",ck stevie panik.
"kalem atuh honey...kan ieu sumber duit aku...",ck jonathan pikasebeleun.
Stevie nganbisa keukeurot sedengkn Jonathan seuri ngagak2 asa meunang.
Stevie ngarancang rencana dina hate na pikeun nyingkirkeun Jonathan.
isuk na maneh na ngadatangan babaturan nana anu preman bari huruwas harewos Stevie mere tugas ka si preman pikeun nyokot hape di jonathan tuluy ngaleuyapkn jonathan tina kahirupan stevie,
sangges mere amplop anu kandel stevie balik ka imah kalayan bungah,
"hhhhhmmmm pasti beressss.....tenang stevie...tenang....",ck Stevie dina jero hate na.
di tepas imah pasangrok jeng jeny anu ker suraseuri sorangan bari nlp,
"hhmmm si ABG labil kr jatuh cinta jiga na...",ck stevie dina jero hate,sup ka kamar Teddy can balik ti kantor ker matau langsung ka pabrik.
Stevie seuri bangun anu atoh gap kana hape tuluy mencet no na Anto,ngadagoan lila Anto ker sibuk nlp kanu lian,di tutup di coba an deui nlp tapi angger keneh sibuk,semu ambek stevie ngabalangkn hape na kanu kasur bari samutut,
"kamana sih jelema teh dek di ajak senang2 ge meni hese....!!",ck Stevie bari ngagoler dina tempat sare.
Jeny atoh pisan di tlp ku Anto dua nana janjian dek laliburan ka bali jng anu kamari karaokean,ku Anto Jeny di papatahan cara ngabohong ka indung na,bebeja dek ngerjakeun syudy banding tugas ti kampus we pasti ke di izinan ku indung,kitu papatah ti Anto Jeny unggeuk2 an tanda nyatujuan kana rencana Anto.
"ayeunamah jalan2 ka mall yuu urang nongton?",ck Anto.
"mmmhhh ayeuna pisan..?",ck Jeny bari ngegelan kuku curuk bakat ku gugup.
"muhun atuh cantik sok enggal ibak dangdos anu cantik ke ku Anto di jemput,oke....?!",ck Anto.
teu di engke keun Jeny langsung nyatujuan buru2 mandi dangdang teu lila maneh na gs ngabiur jng anto ka mall dk ngadon lalajo dua an.
"mamih...jeny harus ke bali study banding seminggu...",ck Jeny dina hape da bu Astuti kersibuk nguruskeun pesanan barang di pabrik na.
"nya sok hati2 ari tugas ti campus mah kedah di utami keun,uang ke di transfer we nya mamih nju sibu...",ck bu astuti teu curiga lamun kr di bohongan ku anak na.
"oke mam...jeny siap2 heula nya...."ck jeny bari mereskeun baju jng kaperluan maneh na kana koper.
waktu anu gs di janjikeun jeny indit ka bali jng Anton katut genk na anu 3an ,sarenang2 liburan ala budak jaman ayeuna anu jauh ti kasieun milampah dosa teh da di contoan ku sinetron dina tivi gening,budaya bobogohan ala luar negri gs sumebar jng di anggap biasa ku bangsa urang,padudua an silih cium mesra2 an di payuneun umum teh parantos biasa teu aya isin2 na kalah ka urang anu ninggal na matak isin.
nya di Bali Jeny masrahkeun kahormatan nana ka Anto,di implik2 bakal di kawin lamun aya nanaon.Anto bungah pisan menagkeun kahormatan Jeny anu munggaran,lalaki purah ngaheureuy keun awewe make modal tampang jng awak anu alus.
Stevie uring2an teu bisa ngahubungi Anto jiga na maneh na kasengsem ku anto anu kasep jng ganteng,
"kunaon sih si Anto teh WA teu di baca2 acan di tlp tara di angkat sibuk kitu? ",ck Stevie,maneh na teu apaleun lamun anto ker bobogohan jng adi ipar na di bali.
"mun panggih di keukeuseuk antooo ku saya...",ck Stevie bari nahan sono ka Anto,ari salaki mah gs tara di palire sataun leuwih rumah tangga bisa di itung lamun stevie ngalayanan Teddy,eta ge sok pirajeuneun bari kapaksa alesan nana loba lamun di ajak sapatemon ku Teddy mah,mun teu kr datang bulan pasti kercararape,teu ngenah awak jng rea2 deui.
beres ti Bali Jeny sering mondok moek di apartemen Anto,atuda indung sibuk bisnis cul anak anu kermejeh na labil,jonjon bobogohan jng Anto puguh we anto mah atoh menangkeun awewe anu nyanyampeurkeun ka maneh nateh,
teu karasa hubungan Jeny jng Anto gs 3 bulan dina bulan ka 4 Jeni panik naha can wae menang kerseban(mens) jaba awak asa rarengkeng sering pisan jangar,boa2.....
Dasar kudu panggih Stevie pasangrok jng Anto di loby hotel basa anto kakara beres nga Gym ari stevie kakara beres mere servis koko andri,lengeun Anto di gusur ku stevie,
"anto...kamana wae naha WA ti aku tara di baca2 acan...aku kangen iihh ka kamu,kapan jln deui jng aku?",ck Stevie
"mmmhhh aku sibuk pisan stev...ngejar target kerjaan anu meujeuh na numpuk,hampura nya...",ck Anto ngabohong da maneh na manggih anu leuwih ngora nyaeta Jeny jadi cul stevie.
"tapi aku hayang jalan jng kamu....!!",ck Stevie ogo.
"mmmmmm...lamun malam rabu engke kumaha,mumpung aku aya waktu...kamu ka apartemen aku we nya ke di WA kn alamat na...",ck Anto.
"oke...nuhun nya tamfan...",ck stevi kacida bungah na.
gs kitu mah dua nana papisah muru mobil sewang2 an.
Gs 3 poe Jeny ngalempreh teu hudang2 awak na leuleus jaba sarebel wae,teu asup sangu2 acan atuh bi oneng panik buru2 nlp bu Astuti,peuting Jam 7 bu astuti datang jng dr kulawarga,langsung ka kamar Jeny bu Astuti ngadeukeutan anak na anu kr sare di cabak pipi na,Jeny reuwas buru2 hudang nyampak dr kulawarga gs aya di dinya.
Jeny di pariksa ku dr terus di tanya2 naon wae anu karasa jng iraha hed/mens terakhir,Jeny ngahuleng ngajawab "hilap" cenah atuh dr ngahuleng,tuluy ngomong ka Bu Astuti di ruang kulawarga,
"ibu....Jeny teu kunanaon cumaaannn...",ck dr asa2.
"cuman naon dok",ck bu astuti olohok.
"jeni nuju hamil bu....",ck dr lalaunan.
beledag....jelegerr....!!! asa aya gelap ngajeleger luhureun sirah bangkieung bu Astuti buru2 nyarande kana panto tukangen awak na,kesang nyurulung tiis tina punduk jng beuheung na,
kerkitu torojol Teddy kkra balik di gawe ningali indung na pias buru2 nyampeurkeun,
"mamih....aya naon mam....?!!", cenah bari nyekel taktak indung na.Bu Astuti teu nembalan kalah nutup biwir na ku leungeun cimata murubut maseuhan pipi.
"permios atuh abdi masih keneh seuer tugas...",ck dr bari gura giru indit.
"mamihhhh...aya naon mam...?",ck Tedy mawa indung na diuk dina korsi,bu Astuti nangkeup anak cikal na bari nyaritakeun ka ayaan Jeny.Teddy olohok bener2 teu nyangka tapi.....
bruy bray ka jadian Atikah anu ku manehan nana di nyenyeri ku indung na di tundung di usir bari can nyaho eta teh anak Teddy atawa Jody???
Teddy lain mikiran Jeny adi na anu jadi bangor tapi mikiran kajadian anu tumiba ka Atikah budak awewe anu di kawin secara hallal tapi di nyenyeri ku Teddy,ieu teh ajab kitu??!!!
Teddy nyarande dina korsi cimata kaluar tanpa di ondang,Teddy lain nyengceurikan Jeny....
Teu hayang nyengceurikan budak bedegong anu menang mamala,tapi nyengceurikan awak na sorangan nasib maneh na,indung na Atikah anu nitip2kn anak na ka Teddy kalahka di usir jng jody maneh na masih ngarasa lamun anak Atikah th anak na,pirasat seorang bapa mern.
"Ka...kumaha kak...?",ck bu Astuti ngabuyarkeun lamunan Teddy.
Teddy ngarahuh....jiga aya bangbalung anu beurat,dk nyaritakeun yen mameh na gs kawin jng Atikah teu wani kondosina cn tepat indung na masih shock ku ka ayaan Jeny ayeuna.
"mamih....kaka mah janten emut ka Atikah mih...",ck Teddy terus terang,bu Astuti ngahuleng ingetan nana langsung muka deui waktu maneh na nundung Atikah jng Jody anak na,aduh nyaan kitu ieu teh wawales na ti Atikah,kudu nateh harita Atikah di kawinkn hla ka Jody lain langsung di usir,aduhh nyaaan ieu mah di bayar kontan gening ku gusti Alloh.
harita bu Astuti teu mikir panjang maneh na nyaah teuing ka Teddy batan ka Jody,ka ayaan Atikah sieun ngaganggu Teddy jng Stevie anu anyar2 kawin harita teh ari ayeuna?? bu Astuti ge teu apal aya di mana stevie ayeuna.
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balik papan, 28 october 2018
#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.17
Kengeng Andhyn
Ponpes modern gs beres di bangun malah mah santri2 gs mimiti di ajar tempat anu sejuk jng asri nyieun para santri betah konsep anu di terapkn ku Nisrina alias Ninis bener2 loba menang apresiasi positif ti para orang tua santri.
nga-utamakeun pemahaman Al Quran jng sunah jadi tujuan utama Ninis,
bangunan sakola anu ramah lingkungan pemandangan anu brukbrak nyinghareup ka gunung jng ka lamping,aya kolam tempat berenang,aya jang latihan memanah jng khusus latihan berkuda,anu ngadaftarkn anak na lolobana ti luar kota mercayakeun anak na ka Ninis anu lulusan kairo mesir.
Peran ical jdi penanggung jawab santri2 ari Jody penanggung jawab pengadaan barang2 kabutuhan santri jng di sakola jng di pondok,sagala kaperluan nana di tekel ku jody,ari indung Atikah bagean masak jang tuang na santri2 atuh karyawan resto ge ka rekrut deui teu kungsi di pecatan,
Atikah ku Haikal di bere toko kaperluan barudak santri jiga toserba jng kantin jajanan,boga karyawan 2 urang.
pasosore Jody,ical jng Atikah ngariung di kantin Atikah bari ngaropi,
"joe...kumaha kabar kulawarga kamu di jakarta?",ck Ical,Jody ngahuleng ....
"aku menang info ti babaturan kuliah di ditu cenah kacaw cal...", ck jody bari neuteup kosong.
"kacaw kumaha?",ck ical.
"si Teddy di pangyelewengkn ku pamajikan nana,babaturan aku mineng ningali si Stevie indit jng lalaki sejen,terus ...si Jeny jadi bangor call...",ck Jody leuleus.
"kali2 pantau ku kamu ka ditu ulah ngan saukur ceuk beja,soal na eta masih tanggung jawab kamu joe...",ck ical bari mangku budak orok umur 5 bulan,'muhamad Al fatih'.
"dede Al....mau ikut om joe ke jakarta ...?",ck Jody ka Alo na,dede Al...
"sok ku kamu datangan...ulah sarua na joe,komo ka indung mah bisi dosa...",ck haickal deui.
Atikah norojol bari mawa goreng pisang sapiring,
"de Al bade ka mamah ....si om na sina makan hla pisang...",ck Atikah bari ngasongkeun leungeut na dk mangku budak,tapi ku haickal kalah di tangkeup,
"gk mau...mau nya sama Ayah ajaaahh",cenah bari ngintip beungeut Atikah tina tonggong dede Al,beungeut Atikah beureum era meren ku Jody anu ngan dedeheman ngilu ngoleg Atikah...
"ayaahhhh cenah yeeuuuhhhh....!!",ck Jody deui.
ical seuri nga gak2 ari Atikah ngaleos bari beureum beunget.
"Call saya butuh supir yeuh jng paragi balanja,saha nya....kamu aya referensi teu?",ck Jody.
"sok neangan atuh ka lembur sugan...",ck ical.
Atikah norojol ti jero bari mawa dot susu song ka ical sina mere nginum ka de Al.
"milari supir A?",ck Atikah.
"muhun tik,cing aya teu....?",ck ical.
"aya raka abdi di damel di pasar ciroyom janten anjeuna tiasa di piwarang ngintun barang ka dieu A,kang Yono anu kapungkur jntn wali nikah abdi srng A Teddy....",ck Atikah.
"waaahhh alus atuh...sok tlp Tik pastikeun aahh kersaeun moal?",ck ical katempo atoh.
"kersaeuan teu nya ngawalian sakali deuih we kitu laahhh...yeuh kang ical kituh...?",ck ical bari kucap kiceup,angger Atikah asa nyeak teu puguh cabak maneh na nlp lanceuk na Yono di titah datang ka tempat pasantren.
"call nembak na nu bener atuh lain secara heureuy kitu...",ck Jody rada ngaharewos.
"duuhh sugan we ku kitu ge gs jadi kode ke sy mah dk langsung menta we ka indung jng lanceuk na da Atikah namah era an pisan ah,duuhh Ayana jihye idonesiaaa maukah kau menjadi istri kuuu....",ck ical bari di lagukeun.
Jody ngan seuri nga hahaah...
isuk na lanceuk na Atikah datang,maneh na nyanggupan tukang nyupley sagala kaperluan ponpes atuh beuki atoh we Atikah teh di ririung ku kulawarga na.
poe eta Jody menta balik heula ka Jakarta dek ningali kulawarga na tapi moal secara langsung maneh na dek ningalikn ti kadeketan we jng nanya2 ka babaturan deket na di Jakarta.
************************
Stevie janjian jng Anto harita poe rebo anu di janjikeun tea,haget Stevie manggihan Anto ka apartemen na jiga singa awewe na anu gs lila teu manggih daging harita Stevie jiga jelema kahausan merekpek namplokeun ka sono na ka Anto lalaki ganteng tur kasep anu sing saha anu ningali pasti resep,hanyakal kalakuan nana jauh jng rupa na anu alus.ti sore keneh ngaguyer jng budak sahandapeun stevie sare bari nangkeup Anto komo di luar hujan ngaririncik mepende anu eukeur ngalajur nafsu.
Jeny di sampeurkeun ku Teddy ka kamar na Jeny di tangkeup panggeuh pisan bari di ceungceurikan,Teddy ngarasa lamun ieu karma anu di sebabkeun ku maneh na jadi adi anu teu tua teu dosa kabagean getah na,kieu mereun perasaan yono lanceuk na Atikah,ancur na perasaan ceu amsih anu anak na di usir ti imah mitohana bari teu di aku2 acan kulantaran Teddy anu teu boga kawani ngomong ka indung na.
"geulis jeny....saha lalaki na anu kudu tanggung jawab...?",ck Teddy
""Anto kak....Anto kabogoh Jeny..",ck Jeny
"tanggung jawab moal bageur maneh na ka hide'p?"ck Teddy.
"duka atuh kaaa....da Jeny cn nyarios ka Anto lamun Jeny hamil...",ck Jeny.
"jeny apal rumah na?",ck Teddy.
"Apal atuh kak....",ck Jeny
"hayu urang panggihan ka ditu urang tanya bener2 sina tanggung jawab ka Jeny,piraku embungeun mah ari yakin eta anak na",ck Teddy.
"hayuu atuh ka urang ka apartemen na...",ck Jeny tuluy cengkat dangdang basajan gs kitu maneh na kaluar muru mobil Teddy,di pegat ku bu Astuti,
"dek kamarana ?!!", ck indung na
"ka apartemen kabogoh na jeny mam...",ck Teddy.
"mamih ikut...",ck bu Astuti bari nangtung langsung arasup kana mobil Teddy.
teu kacatur di jalan na 3nana gs tepi ka apartemen Anto,bakat ku mineng Jeny gs di kenal ku patugas ke amanan di dinya.
tepi ka hareupeun panto,Jeny keketrok rada lila panto teu di buka wae tuntung na panto di gedor ku Teddy rada tarik soal na kesel panto teu di buka wae.
lila2 panto muka sa eutik Anto ngelol bari gigisik bangun na kakara hudang sare da harita teh kira2 jam 10 peuting.
ku Jeny panto di surungkeun maksud na hayang asup ka jero Anto anu lulungu reuwas ka surungkeun ka jero sup 3an arasup Teddy nahan amarah na ningali anto anu ngan make calana kolor,
"aya naon Jeny...?",ck Anto bingung keneh.
"Jeny hamil ku kamu...kami menta tanggung jawab na..",ck Teddy.
"be...bener Jen...?",ck Anto gugup.
"maneh kudu tanggung jawab....!!!!",ck bu Astuti ngilu ngomong.can ge Anto ngajawab ti kamar anu panto na muka aya awewe ngomong.
"sayang aya saha sih meni rame....?",ck eta awewe.
Teddy,indung na katut Jeny ngaharuleng asa apal awewe anu ngagorowok bieu,jung Teddy nangtung di susul ku Jeny,indung na ngiluan,sup ka kamar ....
Teddy molotot mata simeuteun,ningali Stevie pamajikan nana sare tanpa aya benang salembar oge anu nutupan awak na,mata na peureum teu nyadar lamun 3pasang panon keur mencrong ka maneh na.
"awewe kurang Ajarrr....!!!",ck Teddy bari ngadudut awak Stevie anu bulucun.
Jeny ceurik jejeritan ningali Stevie gs sare jng kabogoh na,lalaki anu ngahamilan nana,bu Astuti kapiuhan di dinya keneh maneh na teu kuat ningali minantu na ngalacur jng lalaki anu gs ngareuneuhan anak bungsu na.
Stevie ngudupruk dina lantai keramik,awak na anu taranjang nyekelan suku Teddy ampun2an tapi ku Teddy di gusur buukna di bawa ka luar di pasrahkeun ka pos satpam,beungeut Teddy geuneuk lir beusi atah beuleum anu aya di dinya ngarogrog euweuh anu wani nyaram ka Teddy.
awak Stevie di suntrungkeun ka post satpam,petugas jaga cing garurubug reuwaseun,pok Teddy ngomong lantang ka petugas jaga,
"pak amankeun ieu awewe gs ngalakukeun perzinahan di apartemen ieu,lamun bapa2 teu mere tindakan....apartemen ieu ku saya di laporkeun sering di pake praktek perzinahan,bp2 bisa di pecat kabeh....bawa ieu awewe ka kantor polisi...!!!",ck Teddy.
stevie langsung di titah make baju di jaketan ku salah sahiji satpam,tuluy Teddy ngagusur Anto anu ker di teunggeulan ku Jeny sarua di suntrungkeun ka jero ruangan keamanan.
"telepon polsek setempat,buru...!!",ck Teddy bari nahan amarah.
"samemeh kuring anu nindak 2begundal ieu....!!",ck Teddy mata na beureum leungeun na meureup na ti peupeureket.
saurang buru2 nlp Polisi Anto di diukeun jng Stevie bari ngaleluk tungkul,Teddy ngaleos dk ningali ka ayaan indung na anu tadi kapiuhan,sangges nlp ambulan Teddy nitah Jeny ngabaturan indung na ka Rumah sakit,
bareng datang na polisi jng ambulan,rada riweuh ka aya an di apartemen teh jaba Jeny teu eureun cerik bari nuturkn indung na ka RS.
Di post ke amanan....
Teddy nyaritakeun kronologis kajadian tadi ka polisi perbuatan perzinahan Stevie pamajikan nana jng Anto,teu poho Teddy ngabejakan maksud ka datangan maneh na kadinya dek menta pertangung jawaban ka Anto kulantaran adi na Jeny hamil.
Polisi nepika gogodeg sangges narima laporan ti Teddy Stevie jng Anto langsung di bawa kapolsek harita keneh ku anggota.
Sangges beres urusan jng polisi Teddy nuturkeun ka RS,indung na kerditangani ku perawat jng dr,shock bu astuti teh maneh na menang serangan jantung.
Teddy nyampeurkeun Jeny anu teu ereun ceurik ku Teddy di tangkeup di usapan buuk na pinuh ka deudeuh,
"jeny kangen ka Jody.....",ck Jeny.
"sama kaka ge....mmmhhh dimana Jody jng Atikah teh....atuh...",ck Teddy ngagereyem meh yeu kadenge.
"mudah2an mamih teu ku nanaon...ieu kabeh salah jeny kak...ieu salah jeny...!!",ck Jeny.
"ssttt...sstt sanes...sanes salah Jeny...teu Jeny teu salah ieu salah kaka teu bisa ngajaga Jeny,teu bisa ngajaga Stevie....ieu salah kaka",ck Teddy bari ngeclakeun cimata,inget deui pesen bapa na sa memeh maot Teddy kudu ngajaga kulawarga na ari ieu justru kalah ka maneh na anu nyebabkeun kulawarga na pecah....
"mmmhhhh hapuntn papih...kaka teu tiasa ngajalnkn amanat papih....hapuntn pisan...",ck Teddy dina jero hate na cimata teu wasa kabendung sono kanu jadi adi na Jody,ka Atikah ayeuna gs kitu mah bruy bray ngarasa butuh gening ka dulur teh,padahal waktu kersenang mah ngarasa sabodo teu ngarasa butuh ka sosok Jody ari ayeuna hate Teddy jumerit menta ka Gusti nu maha suci pikeun manggihkeun maneh na jng Jody hayang menta di hampura.
Bu Astuti kena serangan jantung maneh na teu acan sadar keneh,Teddy kacida panik na jaba pabrik teu aya anu nyepeng pan Stevie di bawa ka kantor polisi,Jeny ceurik wae ngarasa salah jaba bingung orok anu aya dina beuteung na kudu menta tanggung jawab kasaha deui da gening Anto teh kapanggih sare jng lanceuk ipar na jaba di bawa ka kantor polisi.
sedih ningali indung anu teu usik teu malik selang pakuranteng jng alat perekam jantung.asa baluweng pipikiran teh asa teu guna hirup oge da nanggung wiwirang ngan sorangan nyingharepan persoalan anu sakitu berat na,jorojoy Jeny aya maksud dek bunuh diri komo kan syetan ngaharewoskeun nyurung2 supaya maneh na ke loba batur di naraka,
kitu deui Jeny anu bingung maneh na menta balik heula ka imah hayang istirahat cenah.
ku Teddy tangtu we di izinan da karunya kondisi keur kakandungan.
Di imah Jeny ngan ngahuleng we di kamar na cimata na asa geus garing tinggal kaduhung we anu minuhan dada na,sangges gilig Jeny kaluar ti kamar na maneh na ngoloyor kaluar tuluy mawa mobil ka arah mangarai,
turun tina mobil Jeny mapay2 jalan rel kereta api ngarepkeun kereta api datang tuluy nabrak awak na,
eweuh cimata....nu aya nganrasa hayang nyusul bapa na anu gs eweuh di kieuna,bari nyekelan beuteung na gegerendengan teuing di tujukeun ka saha,
"hampura jeny....hampura...jeny tos teu kiat....pileuleuyan...mamih,ka Teddy...ka Jody...pileuleuyan",ck Jeni bari tuluy leumpang dina rel kereta api,tikajauhan kereta api datang ti hareupeun Jeny.....
Jeny peureum pasrah.....
setan surak,beungeut bapa na asa ngagugupay ka maneh na,
"papih...Jeny ikut papih aja....."
H A N C A
teu saendah impian kengeng Andhyn
balikpapan,28 october 2018
#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.18
Kengeng Andhyn
Jody make ojeg muru imah na sangges turun di terminal beus,pas ges deket imah kakarage turun tina ojeg,mobil Jeny kaluar ti pakarangan imah Jody kerung Jeny dek kamana indit peuting2 jaba tukang ojeg tadi gs ngaleos deuih rada kerung Jody teh asa hayang nuturkeun Jeny tapi teu aya kendaraan,tungtungna Jody lumpat ka panggkalan ojeg anu lumayan jauh sangges menang motor Jody ngudag mobil Jeny anu gs ngabiur jauh,luak lieuk lebeng mobil Jeny gs teu katingali deui.
"mang jalan ieu ngarah ka mana nya...?",ck Jody ka tukang ojeg.
"ieu mah tiasa ka statsion mangaray A",ck si mang ojeg.
"dk ngajemput saha nya jeny teh wayah kieu...?",ck Jody
Jody jng tukang ojeg muter2 neangan mobil Jeny anu jiga ngaleungit di teureuy poek na peuting.
Kereta Api makin deket sora na haru handaruan Jeny peureum makin deukeut....makin deukeut...
rel anu di pake panincakan ku jeny mimiti karasa eundeur sora angin anu gede nebak kana buuk Jeny kira2 5meter deui awak Jeny di tabrak keteta api...
aya leungeun anu metot awak na Jeny disisi rel kereta api leungeun lalaki anu satuluyna nangkeup awak Jeny,kereta api liwat ti nu 2an Jeny mempenan ceuli na ku dua lengeun na,maneh na di tangkeup ku pageuh pisan,sangges kareta liwat ka ayaan sepi jempling kadenge sora lalaki anu nagkeup teh bangun anu nahan pi ceurikeun,
"kunaon Jeny....kunaon anjeun jadi kieu...kinaon geulis....?!",ck eta lalaki anu taya lian ti Jody,anu tadi kukurilingan neangan mobil Jeny ari ti kajuhan ningali aya awewe kr leumpang dina rel KA,tungtung na Jody turun tina motor tuluy ngudag Jeny anu dk nabrakeun maneh ka KA.
Jeny ceurik teu nembalan leungeun na nangkeup awak lanceuk na anu di pikasono salila ieu,
"kak Jody......Jeny kangen...kaka kamana wae....Jeny kangen....",cek Jeny ceurik dina dada Jody.
"hayu urang ka tempat anu aman dimana mobil di simpen?",ck Jody bari nuntun Jeny.
2nana ninggalkeun tempat anu ampir2 jadi sejarah kelam na Jeny untung Jody datang lamun sepersekian menit deui Jody telat jiga na Jeny bakal tinggal ngaran,nasib alus masih nangtayungan Jeny.
Jody jng Jeny arindit muru ka tempat makan anu biasa baheula sok di datangan jng kulawarga na,ngahaja Jody mah supaya Jeny ngarasakn nostalgia basa kulawarga na utuh keneh,aya bapa na indung na lanceuk na...
gek diuk di pojokan Jody pesen kadaharan jng 2 an neun,bari nungguan pesenan Jody ngusapan sirah Jeny kaciri awak Jeny begang pisan mata carelong pikawatireun,
"sok Jeny cerita kunaon jng aya naon di imah ...??!",tanya Jody.
asa2 jeny cerita kabeh anu nimpa maneh na,Teddy,indung na nepika Stevie...
Jody olohok teu nyangka bakal kitu kajadian nana
"hhhmmmm....kumaha lamun Jeny ngilu ka kak Jody we tapi Jeny WA hla kak Teddy Jeny bebeja indit we niiskeun pikir kitu tong hariwang,ulah waka bebeja jng Jody indit na...",ck Jody.
''nya kak Jeny nurut ka Kaka...",ck Jeny bari tuluy nga WA Teddy bebeja dk indit niiskeun fikir.
tapi Jeny jng Jody baralik hla ka imah mereskn baju Jeny tuluy Jody mah ngadongeng singkat jng bi oneng ngenaan lanceuk na jng alo na nya eta ceu Amsih jng Atikah.
"nya tenang atuh bibi ari kitu mah den....kade ngawiat nya kulawarga bibi,di dieu kulawarga aden ku bibi di urus...",ck bi Oneng,sangges beres dua nana pamit ka bi oneng tuluy arindit make mobil Jeny muru ka jayagiri lembang deui muru ponpes na Ninis jng ical.
Teu kacatur di jalan na Jody ngenal keun Jeny ka ical jng Ninis Jeny nanangkeup Atikah jng dede Al sono kacida Jeny teh teu karasa cimata na ngeclak inget lamun peuting nepi ka hanteu na meren poe ieu maneh na gs moal bisa panggih deui jeng kulawarga na,Jeny ge di bejaan ngenaan Atikah anu gs di kawin kubTeddy secara sirih di lembur ngan Teddy embung ngaku da sieun teu menang jabatan di perusahaan bu Astuti.
jiga na Jeny betaheun cicing di dinya mantuan ngasuh si dede Al lamun Atikah kerbarang gawe nyiapkeun kabutuhan warung jng kantin na.
ayeunamah balanja tara langsung ku Jody ka pasar teh tapi tinggal pesen ka Yono ke ku Yono di anterkeun ka podok.
Yono ge kajeun ngan saukur supir tapi boga beungeut anu sarupa jng Atikah,jiga korea2 kitu lamun Atikah jiga Ayanna moon Yono mah jiga Jimin mereun,katambah Yono jelma pendiam tara picarekeun jujur deuih,lamun pas ka kantin Atikah sok amprok jng Jeny anu ker ngasuh alo na,katingali Yono nendeun hate ka Jeny da lamun pas pa amprok Yono jadi GR rumpang rempeung teu puguh cabak.
Atikah ku jody di bejaan ka ayaan jeny kitu deui ical sarerea mere sumanget ka Jeny,jelema anu pernah salah di bere waktu jang tobat aya katerangan yen Alloh leuwih mika cinta umat na anu pernah ngalakukeun salah tuluy taubatan nasuha ngeclakeun cimata na kaduhung milampah dosa....
tibatan jelema anu ngarasa teu boga dosa tuluy sombong yeuh aing teu boga dosa....
Lila2 Yono apaleun yen Jeny kerkakandungan hiji mangsa Yono ngahaja gs ngirim barang teh maneh na nyampeurkeun indung na di dapur puguh kermasak jng barudak santri,tuluy uplek ngobrol serius pisan katingali ceu Amsih ungut2 an bangun anu satuju gs kitu mah Yono cengkat tuluy muru ka kantin Atikah deui kasampak ker ngalariung aya Jody,Jeny,ical,Ninis ge aya ker ngobrol bari sempal guyon tapi anu rada cicingeun ayeunamah Jody puguh GR ku Ninis hayang ngudalkeun perasaan nana ngan minder da ibarat karyawan ka boss na tapi Jody teu patah sumanget na,ngaran Nisrina kumaneh na di catet di laporkeun kanu kagungan dunya dina unggal tahajud na.
Yono diuk di jero jng Atikah anu ker ngadonan gehu dagangeun maneh na nyidik2 Jeny ti kajauhan,hate na galecok we nebak2 hate na Jeny,
"duuhh kumaha lamun anu geulis teh nolak maksud kuring....mmmhh era moal nya....aaahhh bae dk di coba an we...",
Atikah ningali lanceuk na gelisah teh ngan seuri2 we da maneh na gs nebak lamun lanceuk na kr kapengpeongan ku Jeny.
"samperkn atuh kang...lain di pelong wae....",ck Atikah.
"hehehehe era nyi....sieun di tolak...",ck yono wakca.
"jamak atuh di tolak mah...jug kaituh meakeun kapanasaran....",ck Atikah deui.
"nya ke atuh nyii....sabar....",ck Yono.
anu ngariung teh ngurangan,Ninis balik ical ngaleos teuing ka mana tinggal Jeny jng Jody bari ngasuh si dede Al,Yono cengkat nyampeurkeun ka Jody.
"ayeuna waktu na,bissmillahhirohman nirohim....",cenah dina hate na.
"A Jody...aya waktos abdi bade aya peryogi...",ck Yono bari tungkul.
"tangtos aya atuh kang Yon....aya naon yeuh asa rareuwas...?!",ck Jody.
"duuhh hapuntn sa teu acan na ...puntn abdi teu wantun nyarios ka jinis na bade langsung we ka raka na...kumargi isin abdi mah jalmi ti kampung anu kirang pangarti na kirang tata srng bahasa katambih kirang pendidikan nana kang...",ck Yono malapah gedang.
"ke...ke...asa serius kieu yeuh obrolan teh aya naon nya...?!",ck Jody.
Torojol Atikah bari sura seuri gek diuk gigireun Jeny anu ker ngoconan dede Al.
"hayoo atuh kang mni pabaliut kitu....!!",ck Atikah.
"muhun di bujeng enggal na we...upami di pasihkeun seja mihukum neng Jeny manawi kersa eun ka abdi bade di janten kn bojo abdi...manawi kersa ....!",ck Yono bari tungkul.
Jody olohok...Jeny calangap....
Yono deg degan ningali paroman Jeny anu reuwas kacida....
"kumaha tuh jen....kang Yono gaduh maksud ka hidep?",ck Jody bari melong ka Jeny.
"Jeny ........Jeny isin kumargi Jeny sanes jalmi suci jaba kan pada terang lamun Jeny ker kakandungan?",ck Jeny tungkul.
"muhun kang yon...ngemut deui posisi Jeny teh kitu gening bisi kaduhung akhir na abdi mah...",ck Jody.
"abdi parantos ngemut parantos badanten sareng sepuh,anjeuna ngawidian komo seja ibadah abdi mah Kang,inshaAlloh tos kengeng munajat ka Gusti Alloh swt...",ck Yono makin yakin.
"Kumaha Jen....ai kaka mah satuju pisan da apal meren kulawarga Atikah mah sakitu balager...",ck Jody.
"upami Jeny mah kumaha kaka we....",ck Jeny bari ngeluk tungkul.
"nya sok ulah di lila lila aahhh....kabar gembira yeuh,yakin nya kang Yono tos di beuweung di utahkeun janten moal kaduhung jaga na....?!",ck Jody ka yono.
"muhun kang tos mantaf pisan ",Yono atoh kacida
saminggu ti harita di masjid popes di ayakeun acara sederhana walimahan Yono jng Jeny,teu aya pesta anu aya teh ngan ngadoa bareng menta rumah tangga anu dk di bina Yono jng jeny sing barokah,sing di jadikeun ibadah anu sa eunya2 na lain ukur jang babarengan di dunya tapi nepi jaga ka akherat babarengan di syurga na alloh,ulah hayang nepi pa kotrek iteuk tapi nepi ka pa amprok deui di Jannah.
anu jadi wali Jeny ku jody di saksian ku ical jng nisrina anu harita Nisrina make baju singsarwa bodas nyieun Jody lelenyapan wae,matak teu genah cicing kitu salah kieu lain tungtung na nekad dari pada jadi dosa poe ieu jody dk ngedalkeun maksud nanka ninis dk di tarima atawa heunteuna nu penting Jody gs wakca dari pada kasiksa,kitu pikir jody harita.
ahir na aya kasempatan waktu ninis dahar sorangan ku Jody di sampeurkeun,
"Nis....abdi aya peryogi...",ck Jody.
"oowwhh mangga A aya peryogi naon nya",ck Ninis.
"hapuntn Nis ....bilih Aa di sebat kumawantun Nanging aa tos teu kiat nahan perasaan ka ninis dri pada janten dosa,Aa seja ngalamar ninis kanggo bojo aa manawi kersa..?",ck jody teu di engke keun sieun lepas deui.
Ninis kaciri eureun heula dahar na paroman na beureum tapi teu nembongkeun maneh na angger tenang,
"mangga ke diantos di bumi Ninis gera nyarios ka Ama sakantenan candak mas kawin kanggo abdi",tembal Ninis ayeuna Jody anu calangap asa teu percaya.
"ninis nyungkeun mas kawin naon ti aa?",ck jody
"pang macakeun surat Arahman sareng cincin emas 5 gram we ukiran nami Ninis sareng jody,sangem?",ck Ninis.
"insha Alloh.............",ck jody harita keneh sujud syukur anu aya di dinya marelong we teu nagrti aya naon antara jody jng ninis.
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan 29 october 2018
#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.19
Kengeng Andhyn
"kumaha cep Jody ti mama mah teu aya syarat anu abot kanggo acep upami mikahoyong ka murangkalih mama",ck mama Asan bp na Ninis
"muhun Mama...",ck Jody teuneung ludeung ngan boga modal tawekal ka Alloh baris mihukum Ninis.
"mama mah Nitip Ninis teh aherat na ari dunya namah mama percaya ka aranjeun anu gs dewasa,anu mama gs nyaho di kieu na aranjeun kerberjuang di pasantren,sing jadi duet di dunya barokah na nepi ka akherat...",ck mama asan.
Jody ungut2an tadi na minder teu mawa harta ngan mawa tauhid masrah kn ka Alloh da ari usaha mah kan eukeur maneh nateh.
Anu hadir di dinya ngan kulawarga ical kulawarga Atikah,acara walimahan anu sakral di walian ku bapa na Ninis Jody teh anu jadi saksi ical jng Yono,sanges Sah jadi salaki Ninis Jody pindah ka imah ninis di daerah dago.
***************
Teddy bingung sorangan indung na koma di RS,adi na Jenny ngadadak indit ti imah jaba kakandungan ker kitu kakara inget kanu jadi adi nyaeta Jody karasa butuh ayeunamah,baheula pernah nganggap Jody saingan pernah ceuceub ka Jody kulantaran maneh na kacilakaan ari ayeuna maneh na cuang cieung sorangan pabrik ge gs di urus ku wakil na da Teddy fokus ngurus indung na di RS.
harta anu di udag2 beurang jng peuting buntang banting kiwari euweuh harga na ari hirup ngan sorangan mah,baheula boga pamajikan bageur eleh ku dunya atuh pamajikan anu bageur teh kiwari teuing di mana nyesakeun rasa kaduhung anu ngagugunung teu manggih tungtung.
Nyelek dina dada lamun inget kajadian mangsa katukang,harita Teddy di imah sorangan asa carape awak na bulak balik pabrik,RS harita Teddy hayang istirahat hla ka imah nyampak kosong eweuh sasaha ngan aya bi Oneng we anu ker kuprak keprek di dapur.
Teddy diuk sorangan di korsi ruangan kulawarga hareupeun na na foto gede indung bapa jng maneh na jody jng jeny,barungah kagambar harita teh,ayeuna kulawarga acak2 an teuing kamarana,cimata merebey maseuhan pipi na beuki lila beuki nyeri nyelek kana dada na inget ka alm bapa na samemeh maot anu papadon nitip indung jng adi2 na amanat anu teu di laksanakeun kumaneh na,kalahka ngagugulung dendam ka Jody padahal maneh na meren harita di pilih Ku Gusti Alloh pikeun marengan bapa na ngalaman lumpuh sagala supaya maneh na bisa panggih jng Atikah,mikacinta awewe lungguh tur bageur tapi naha godaan dunya ngelehkeun sagala na,maneh na kalahka milih Stevie jng posisi direktur anu kalah ngagubruskeun maneh na kana masalah,ayeuna Teddy estuning sorangan....nyegruk ceurik nepi ka eueuriheun,
Aya sapasang mata anu ngilu juuh ku cimata anu nalingakeun ti panto dapur ka gagas ku ceurik na anak dunungan nana,bangun anu kanyenyerian Teddy teh,bi Oneng ngarasakeun nyeri na batin Teddy puguhan ka asuh ti leutik keneh Bi Oneng ngilu ka Bu Astuti ti saprak bu Astuti kawin ka Pa Komara alm.
bi Oneng ngadeketan Teddy anu kernginghak ceurik di usapan taktak na bangun anu deudeuh,
"aden.....sing tabah....sing tawekal den...Alloh moal lepat masihan cocobi ka umat na...",ck Bi Oneng.
"kuring jelema doraka bi....jelema teu aya guna na....",ck Teddy di sela2 ceurik na.
"iiihhh aden....teu kengeng kitu.....jalmi tiasa robah,teu acan telat upami aden bade berobah bade tobat...",ck bi Oneng.
"tapi kuring ayeuna ngan sorangan bi....nyorangan di dunya ieu kulantaran ku kabodoan kuring...",ck Teddy masih ceurik.
"aya Alloh aden....sing percanten ka Mantena....",ck Teddy.
"kuring sono ka adi2 kuring bi....sono pisaannnnn.....",ck Teddy.
"sabar aden....sabar.....",ck Bi Oneng bari ngusapan tonggong Teddy.
"kuring gagal jadi lanceuk...kuring gagal jadi anak panggedena...kuring gagal jadi harepan alm papih ...kuring gagal bi....kuring gagal...",Teddy ngajengutan buuk na.
"aden....atos aden...aden tiasa nebus kalepatan2 aden,tiasa den...teu acan telat...",ck Bi Oneng watir ningali teddy jiga kitu mah.
"kumaha cara na bi....kuring teu nyaho dimana Jody,Jeny jng Atikah...kuring teu nyaho dimana maraneh na ayeuna?",ck Teddy bari ngaheruk.
"Bibi terang Aden...bibi apal....",ck Bi Oneng bari ngusapan tak2 Teddy.
Teddy curinghak tuluy nyingharep ka bi Oneng bari nyepeng lengeun bi Oneng,
"bibi....bibi bener apal...teu salah bi...ya Alloh....?!",ck Teddy.
Derekdek bi Oneng nyaritakeun timimiti Atikah nyiram terus bebeja lamun atikah gs kawin di lembur nepi ka Jody ngorbankn maneh pikeun ngalindungi Atikah,nepi ka Jeny di bawa ku Jody kabeh di bejakeun ka Teddy anu teu eureun2 ceurik jiga budak leutik.
"kuring kudu menta di hampura bi ka kabehan...kuring dk menta di hampura...!!",ck Teddy jung nangtung maneh na gs teu sabar hayang gera manggihan dulur2 na jng pang2 na hayang manggihan Atikah jng anak na.
"bi...bibi kuring nitip mamih,bibi ka RS nya make taxi ieu jng kaperluan bibi mun aya nanaon sms kuring bi....",ck Teddy bari ngepelkeun duit ka bi Oneng.
Bi Oneng ngan bisa nga doakeun anu terbaik jang Teddy sangges mere alamat na ka Teddy bi oneng ge gura giru indit ka RS maturan bu Astuti.
Atikah mereskeun balanjaan di dapur bari tatahar jang dagang keuneun keur kitu torojol ical datang bari mangku dede Al,
"tika....ulah sagala ku nyalira atuh...kan aya rencang 2an,tika mah cekap calik we bari ngawaskeun...",ck ical.
"aahh teu paruguh kang upami ngan saukur calik teh...",ck Atikah.
"kumaha atuh urang teh.....hoyong gera nyusul Jody srng Jeny...",ck ical bari sura seuri.
Atikah ngan saukur imut teu nembalan asa bingung keneh asa masih keneh teruma ku raheut na hate maneh na ku Teddy.
"akang mah serius tikah...",ck ical deui.
"sabar nya kang....ulah rurusuhan....",ck Atikah.
"aaahhhh Tikah maahhh...",ck haikal.
Kerkitu ti luar aya anu uluk sallam...
"Assalamualaikum....!",
"waalaikum sallam...",ck haikal jng Atikah.
ical kaluar bari angger ngangkleung2 dede Al dek nempo saha anu datang maneh na ngarengkog ningali lalaki anu nangtung di hareupeun warung dedegan Jody gs teg we eta teh Teddy kembaran na Jody bapa na dede Al,hate haikal leuleuyapan jol jing sariak asa saredih nakeran kasieun na salila ieu tungtung na bakal jadi kanyataan,aaahhhh....jiga na memang ayeuna waktu na kuring kudu kaleungitan Atikah jeung anak na,haikal ngarasa asa aya hinis anu ngagerihan hate na peurih....peurih kacida.
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan 31 october 2018
#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.20
Kengeng Andhyn
Teddy melong ka ical anu mangku budak umuran sataun bengeut na jiga maneh na kr leutik,
"puntn kang...upami Atikah na nyondong...?",ck Teddy.
"Aya kang mangga ka lebet", ck ical nyumputkeun rasa sedih na.
Teddy asup ka jero tuluy diuk dina bangku ical asup ka jero bari nyiuman dede Al anu nangkeup ka maneh na.
"Tikah...aya tamu milarian tuu di payun...",ck ical.
"sakedap....",ck Atikah bari kukumbah heula leungeun leos ka hareup ical nuturkeun ti tukangeun.
barang nepi ka hareupeun Teddy Atikah mundur 2lengkah maneh na olohok ningali Teddy diuk dina bangku,
Teddy nangtung bari nyalangkrung ku cimata Atikah teu lemek teu nyarek tapi nitah Teddy diuk deui,
"mangga calik A...naha terang abdi di dieu?",ck Atikah tiis.
"Aa terang Tika di dieu ti bi Oneng tika...Aa bade nyungkeun di hapunten ka Atikah....",ck Teddy.
"tos di hapuntn A ...mung nu atos mah atos...urang silih hilapkeun A...Aa gaduh kahirupan nyalira kitu deui abdi...",ck Atikah jiga hayang ngabudalkn unek2 anu gs lila numpuk.
"hapuntn tika....hapunten ....mangga masrahkeun beuheung teuk teukeun....bade di bodas bade di hideung...Aa pasrah...",ck Teddy.
"muhun kitu A....ti abdi mah....teu kedah aya anu di rereskeun...abdi atanapi Aa tos gaduh kahirupan masing2...",ck Atikah.
"pasihan kasempatan kanggo Aa...tika....Aa masih nyaah ka Tika...",ck Teddy bari melongbka Atikah.
Atikah cicing bari miceun beungeut asa inget deui basa maneh na di usir ku bu Astuti Teddy kalahka nangkod we ka Stevie.
"Tika....ieu murangkalih Aa teh...?",ck Teddy,
Atikah ngalies tapi ical nyampeurkeun bari mikeun dede Al ka Teddy,budak teh rada merod embungeun tapi ku ical di olo,jembar na pribadi ical sanajan maneh na sieun kaleungitan Atikah jng anak na tapi maneh nya embung misahkeun iketan darah bapa jng anak,
"dede Al...ieu Ayah dede....",ck ical
Ku Teddy budak teh di tangkeup di ciuman cimata na ragrag rasa kaduhung beuki euntreup dina dada na maneh na teu ngilu nyaksian budak ker di kandung na,ker di lahirkeun nana nyaho2 segede kitu we,era namah kacida ku Atikah asa boga sirah teh segede pedes,eweuh pisan hargaan di mata Atikah.
Teu lila Jody norojol jng Ninis ningali aya lanceuk na Jody ngagabrug Teddy silih namplokeun ka sono,Teddy ceurik menta di hampura ka Jody tangtu we Jody mah ngahampura tuluy ngenalkeun Ninis pamajikan nana aya ka reueus waktu Jody ngenalkeun Ninis,Teddy meh ka era an Jody anu ti baheula kumaneh na di anggap saingan di pandang sebelah mata ku indung na di usir ayeunamah menangkeun awewe sholehah anu boga pasantren deuih.asa beuki leutik we Teddy di hareupeun adi na.
Jeny pada nyusulan imah na teu pati jauh ti pasantren,teu lila Jeny norojol beuteung na beuki kaciri gede gs bulan na maneh na manggihan Teddy atuh sadudulur ngumpul bari reumbay cimata,aya bungah aya oge cimata kaduhung jiga cimata na Teddy.
gs kitu mah salerea ngobrol ngaler ngidul harita Teddy menta balikan deui ka Atikah janji dek ngawin secara Resmi ka KUA basana karunya ku budak cenah katalian ku darah daging,tuluy Teddy dek nebus dosa salila ieu ka Atikah gs ngalalaworakeun gs nganyenyeri.Atikah cicing teu nembalan.
Kabeh panon mencrong ka Atikah jiga anu menta jawaban anu di pencrong na ngeluk tungkul teu mere jawaban nanaon.estuning tiis euweuh exspesi nanaon Atikah gs pasrah jng Ridho kanu naon2 anu tumiba ka manehan nana.
Teddy ngadeketan Atikah nyekel leungeun na,
"tika....hapuntn Aa...urang ngawangun rumah tangga deui Aa nyaah ka Tika komo tos aya dede Al urang teh kantun neraskeun anggap we kamari mah cobaan kanggo rumah tangga urang....Aa nyuhungkeun ka Atikah ...nampi Aa deui janten caroge Tika....",ck Teddy.
Atikah ngeluk tungkul bari ngarahuh....
Jody melong ka ical anu harita tungkul hate na panas,nyeri ningali awewe anu di pikacinta na ker di olo deui ku popotongan nana,hareupan dina hate Haikal jol pareum karasa aya gunung es dina hate teh ical teu hayang ningali Atikah anu leungeun na di ceukeul ku Teddy.
Jody sorangan bingung nu hiji lanceuk na pituin,anu hiji deui sobat maneh na katambahan ka talian ku pamajikan maneh na jaba anu nulungan Jody jng Atikah basa di usir ku bu Astuti.tapi kabeh di pasrahkeun ka Atikah bisi deuk narima atawa nolak Teddy.
Haikal mimiti jaga jarak jng Atikah jarang datang deui ka warung jarang nyokot deui dede Al biasa na lamun Atikah riweuh loba gawe ical pasti nyokol dedeAl tuluy di asuh ku maneh na,ayeunamah Teddy anu sering datang ka tempat Atikah ngilu ngasuh anak na mimiti ngadeketan deui Atikah meli2 hate na,unggal poe maneh na mawa kabutuhan dede Al timimiti baju,kadaharan nana cocoan nana ku Teddy di beuli keun.
unggal poe Teddy mawa ulin budak di babawa ka mana2 teu seurik na jiga nanggeuy endog beubeureum na.kabeh ge teu bisa nyarek sidik Teddy bapa kandung na.
pasosore Teddy ngadaweng bari ngalahun si dede Al di kantin Atikah,
"tika kumaha atuh urang teh...?",ck Teddy ka Tika.
"kumaha naon na A?",ck Tika api2 teu ngarti.
"Aa hoyong ngajak nikah resmi ka Tika...teras urang uih ka bumi Aa di Jakarta...",ck Teddy.
Tika teu nembalan cicing we bari mereskeun dagangan nana.
"Tika kersa nya.....",ck Teddy.
Di tukangen warung ical nyarande kana bata ngadenge kabeh ajakan Teddy ka Atikah,hate na beuki ancur jiga na Atikah bakal ninggalkeun maneh na jiga na Atikah narima ajakan Teddy rujuk deui tuluy ngilu deui ka Jakarta,tungtung na ical indit ninggalkeun warung Atikah nguliwed ka tukang tuluy balik ka imah na.di imah ical langsung asup ka kamar diuk di sisi tempat tidur gap leungeun na kana laci meja tuluy ngaluarkeun kotak beureum eusi cincin emas di buka kotak na tadi na eta ali emas teh jang Atikah ngahaja pesen aya ukurian ngaran maneh na jng Atikah,di timang2 eta ali teh bari jeng ngarenghap jero.....
"mmmhhhhh Atikah....gening anjeun teh ngan saukur sakolepat ngeusi hati kuring...naha kuring kudu panggih jng anjeun? naha ...naha make kudu nyimpen rasa dina dada,hhhhhh kunaon kuring mikacinta anjeun?",ck Ical gegerendengan bari tuluy we ali teh di pencrong.
tuluy ali teh di keupeul goledang ical ngagoler ali di keukeupeul di antelkeun dina dada,panon na peureum less we sare....
isuk2 ical ngepak baju na di asupkeun kana rangsel jiga na makin lila maneh na nyaksian Teddy jng Atikah makin nyeri hate na,"ieu mah kudu ngahindar heula jeung bisi mareneh na baralikan deui kuring teu kudu nyaksian...
pileuleuyan Atikah...dede Al....kuring indit heula..." ck ical bari ngagandong rangsel na ninggalkeun imah muru hiji tempat anu saurang oge eweuh nu nyaho....
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan,3 nov 2018
#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.21
Kengeng Andhyn
Atikah heran ical gs sebeberaha poe teu katingali maneh na jadi hariwang mimiti nanyakn ka Jody jng ka Ninis tapi eweuh anu apal.
Atikah nga WA ical tapi teu aktif beuki tagiwur we hate Atikah teh gs teu geunah cicing kitu salah kieu lain,naha Atikah asa ngarasa salah jng ngarasa lamun ical indit teh gara2 kadatangan Teddy bingung campur melang Atikah nitah Jody neangan dimana ical ayeuna.
"A Jody....pilarian hla atuh ical di mana duhh melang mni ku teu wawartos atuda angkat2an teh,kunaon ai A ical...?",ck Atikah
"keun atuh tik...da tos ageung ieuh...kunaon Tika meni panik kitu...?",ck Jody kalahka ngeheureuyan Atikah.
"iiihh A jody mah...jiga sanes ka wargina nya...pilari heula di mana di mana na upami tos puguh anjeuna aya di hiji tempat komo sehat teu kirang nanaon abdi nembe reugreug...",ck Atikah.
"muhun ke urang pilari....sabar nya....",ck Jody
Teddy yakin lamun Atikah daek di ajak balikan deui maneh na nyiapkeun sagala rupana maneh na dk nyieun pesta pernikahan anu mewah jang ngabahagiakn Atikah,ges nanya2 gedung jng ketring sagala,
"pokok na pesta na kudu meriah supaya Atikah nyaho lamun kuring bener2 nyaah ka maneh na..."ck Teddy dina jero hate na.
"ieu kudu jadi pesta kejutan jng Atikah....budak anu jadi alesan urang kudu ngahiji deui,pasti luluh ku budak mah....",pikir Teddy.
Di gunung Dieng wonosono jawa tengah,Haical nagkeup tuur na bari diuk nyarande kana tangkal kai gede hawa tiis nyulusup kana punduk na,maneh na kemping sorangan ka gunung di dieng,niat na niis keun pikir meper hate anu panas sugan jng sugan ku indit maneh na ka gunung di dieng bisa saeutik mopohokeun Atikah.
loba anu karemping di dekeut talaga warna teh,rereana pamuda2 loba oge barudak SMA saruka bungah gagaronjakan aya oge anu bari gigitaran,kajeun gs peuting tapi suasana asa makin rame,api ungun di mana2 kitu deui haical harita aya batur orang jakarta jng orang semarang,masih mahasiswa ngadon ngarobrol di deket tenda haical bari narinyuh kopi.
"mas kenapa cuma sendirian az? cek ilham mahasiswa ti jakarta.
"lagi pengen sendiri az ...",ck ical bari seuri kapaksa.
"temen2 nya emang pada kemana mas?",tanya ilham deui.
"ada...pada kerja...",ck ical deui.
kadenge anu gigitaran gs mimiti jarempe waktu ngagayuh ka tengah peuting,anu karemping rea anu ngampih arasup kana tenda na hawa gunung makin nyelecep tiis,anu ngalobrol tinggal hiji dua anu jaga buper jiga namah,ical sorangan di luar tenda bari angger nyarande kana tangkal kai batur na gs salare kabeh,niat na hayang mopohokeun Atikah jng anak na malahan makin rosa kalangkang Atikah nembongan,imut na rengkak palipolah na beungeut na anu teduh teuteup na anu damai nyieun ical makin kasiksa,kabayang Atikah balik deui ka bapa na dede Al,
"pasti.....baralikan deui.....anak jadi panali anu mageuhkeun tali asih....",ck icak dina hate na.
mata na eweuh pisan pi tunduh heun waktu makin nyerelek ngagayuh ka mangsa na janari leutik ical masih keneh nyileuk di luar,kali2 patugas jaga wana nakolan tihang listrik nandaan waktu.
sirah ical karasa beurat panon na peurih jiga na pangaruh hawa tiis katambah2 pikiran anu kumalayang wae ka Atikah,asa dungdeng karasana tapi ical teu niat asup kana tenda pamikirna sakeudeung deui panon poe bakalan meletek nandakeun beurang bakal datang.
nepi ka waktu na panon poe bijil ical angger nyarande bari nangkeup tuur sirah na di tahan ku tuur na kalahka ngaleunyap ka isuk na keun,tapi sirah ical beurat kabina2 panon na teu bisa di buka kitu deui pas awak na di guyah2 ku ilham anu tenda na gigireun tenda haikal,awal ical kalah ngagubrag kapiuhan.
Teddy gs beres nyiapkeun sagala rupa na hotel bintang 5 dipilih jang ngarayakeun pesta pernikahan maneh na jng Atikah tanpa badami ka Atikah sa anggal na pamikir na pasti Atikah bakal narima maneh na deui kulantaran dede Al butuh bapa jang ngadampingi jng mere kasejahtraan kahareup na.
Jody di bere nyaho rencana Teddy rada kurang panuju Jody kana rencana lanceuk na teh.
"kak saur abdi mah mending ajak badanteun heula Tika na,kumargi ieu acara sakral ...ulah aya pesta kejutan2 kitu lah saur abdi mah....',ck Jody.
"ai Jody...kaka yakin Atikah bakalan bahagia narima pesta kejutan ieu kusabab urang dua an katalian ku budak....tambah deui lamun pesta kejutan ieu moal bisa di popohokeun ku Atikah sa umur hirup na yaaaa anggaplah eta sebagai rasa penyesalan kuring ka tika....",ck Teddy yakin.
"tapi kak urusan jng Stevie kumaha....?",ck Jody
"gs beres lah...maneh na gs kabukti salah,malah ku kuring gs di talak 3 taahh...",ck Teddy.
"aduh....asa kirang panuju jody mah kak....",ck jody hariwang.
"aaahhhh kamu mah...ayeuna mah menta bantuan kamu jng Ninis pas dina waktu na bawa Atikah ka hotel bebeja na aya pesta ulang taun aku kitu hayang di hadiran ku Atikah jng kulawarga na,si jeny jng yono ku aku gs di bere nyaho rencana ieu...",ck Teddy sumanget.
"nya....Jody mah ngan ngemutan hungkul jadi lamun pas aya nanaon Kaka moal nyalahkeun jody....",ck jody.
waktu anu gs di tangtukeun......
Atikah di ajak ku Jeny ngahadiran pesta ulang taun Teddy di hotel,kulantaran Atikah mah can pernah saumur hirup na ngahadiran pesta nya masrahkeun sagalan rupana ka Jenny,ku Jeny Atikah di dangdanan make kabaya bodas menang pangmeulikeun Teddy bebejanamah anu Jenny da Jeny teu bisa make kabaya da ker kakandungan.
dangdangnan geulis pisan matak pangling anu nempo Atikah nurut we da rumasa jelema eweuh ka nyaho,dede Al ge di pakean sarwa weuteuh husus menang ngirim bapa na ti Jakarta,Atikah samobil jng Jeny katut Yono jng ceu Amsih anu ngalahun si dede Al.
ari Ninis mah jng Jody beda mobil paroman Ninis anu teu berag bangun anu nguyung we sarua jng salaki na Jody ngaruyung bangun anu teu ngadukung rencana na Teddy ngajebak Atikah ku acara pesta kejutan,di sapanjang perjalanan Jody jng Ninis ngabaretem we teu ngalobrol nanaon estuning bingung anu teu manggih tungtung,jody mah kalah kapibeungeut wae sobat na ical mni asa aya hareupeun,ngadak ngadak Jody sono kacida ka haikal anu gs di anggap dulur pituin komo ayeuna katalian ku pamajikan nana Ninis jadi asa teu jeung jiga we ka ical teh.
Teddy gs nyampakeun Lebe ti KUA pikeun ngarapalan maneh na jng Atikah secara resmi,nebus kasalahan baheula jng ngabuktikeun janji sanajan telat oge.maneh na gs mimiti elekesekeng ngadagoan calon panganten awewe datang,tamu mah da can daratang ondangan kakara engke beurang,anu aya ngan kulawarga anu deukeut we teu poho bi oneng ge aya ari bu astuti mah da masih teu sadarkeneh di RS.
lieuk deui lieuk deui patugas gs nyampak di suguhan rupa2 kadaharan anu ngarenah matak betaheun we tatamu anu aya teh .
kerkitu torojol rombongan ti Bandung datang Teddy atoh kacida maneh na tuluy mangku budak tina leungeun mitohana buru2 suntangan ka ceu Amsih tuluy mapay kanu kakara datang,sangges diuk ditempat anu gs di pernah keun ku panitia pok Teddy ngomong bari ngalahun dede Al.
"nganuhunkeun ka robongan ti Bandung anu parantos sumping kana ieu acara....",ck Teddy bari neuteup beungeut Atikah.
"Atikah....ieu acara saleresna kanggo hidep geulis...Aa seja nyumponan janji Aa ka hidep kapungkur kantos janji bakalan ngaresmikeun pernikahan urang dua an ka KUA tah dinten ieu Aa bade ngalaksanakeun janji Aa....hidep bade di tikah resmi ku Aa ayeuna pisan geulis....",ck Teddy bari mencrong ka Atikah.
Gebeg Atikah ngagebeg teu nyangka pisan bakal kitu kajadian nana teu nyangka sacongo buuk lamun harita teh maneh na bakal di kawinkeun deui ka Teddy.
"kela....naon A?...bade nikah deui ka abdi? naha tiasa di dadak kieu? teu ngajak badanten heula ka abdi? emang abdi robot atanapi patung anu teu kedah di ajak badanten heula? Aa mah angger nganggap batur kedah nurut kana sakabeh kahoyong Aa....",ck Atikah bari nahan amarah,beungeut na robah jadi jamotrot bakat ku ambek asa teu di hargaan ku Teddy.
"muhun geulis naminage pesta kejutan....Aa rumaos lepat nanging Aa hoyong supados pesta ieu moal tiasa di hilapkeun ku anjeun...",ck Teddy yakin Atikah moal nolak.
"kela....Aa yakin abi kersa?",ck Atikah sorot mata na jadi robah galak.
"Aa yakin...kulantaran urang gs aya budak anu butuh sosok pigur indung jng bapak ameh sampurna....",ck Teddy.
"ooohhhh lepat A....budak moal peryogi pigur bapa anu pernah teungaku kana kahadiran nana,budak moal peryogi pigur baba anu pernah ngantep maneh na basa ker dikandung na....budak teu butuh pigur bapa anu leuwih milih kedudukan jng jabatan,leuwih milih hirup aman batan ngaku kasalahan...teu...budak teu butuh pigur anu kitu!!!",ck Atikah nyeuneu.
"tapi kan Aa tos nyungkeun di hapuntn Tika...jng ieu teh nyaeta bade nebus dosa...kaduhung jng hanyakal pernah nyia2 kn tika jng budak...",ck Teddy mimiti putus asa.
"muhun Aa ku abdi atos di hapuntn tapi sanes abdi bd nampi Aa uih deui ka abdi A...sanes...!!",ck Atikah bari ngahegak nahan ambek.
"abdi sawios jalmi malarat,tikampung bau lisung tapi abdi teu serta merta tiasa di peser harga diri ku Aa,goreng2 ge abi masih gaduh hate A....abdi tiasa milah sareng milih tiasa nganilay mana jalmi anu tulus sareng jalmi anu ukur ngamodus,abdi parantos kapok mikacinta Aa...Upami gelas parantos peupeus bubuk ancur apa tiasa di sambungkn deui? moal tiasa A...sanajan eta gelas tiasa di sambungkeun deui di raketkn deui tapi bakal aya tapakan....moal tiasa sampurna deui...!!",ck Atikah Teddy ngahuleng ngeluk tungkul.....
"janten waleran ti abdi ayeuna abdi teu kersa uihan deui ka A Teddy,Titik...!!!",cenah bari jung nangtung tuluy muru ka anak na anu kerdilahun ku Teddy,
"hayuuu dede Al urang uih....puntn A....sadayana peryogi proses moal sadayana kahoyong Aa tiasa sagampang malikeun panangan A....",ck Atikah bari ngarawu budak tina lahunan Teddy,anu aya di dinya olohok eweuh anu lemek nyarek kana kaputusan Atikah.
Atikah indit bari mawa budak Teddy diuk bari tungkul,anu aya di dinya ngudag Atikah mere hormat kana kaputusan Atikah kitu,eweuh anu nyalahkeun da jeung eunya na acara anu sakral eta di anggap enteng ku Teddy mah,soal perasaan jelema di anggap sepele ku Teddy mah,bring tamu ti Bandung kaluar ti hotel ngabaretem teu aya anu ngabahas kajadian bieu.
sup kana mobil Jody ngilu asup jng Ninis kabeh sepakat lamun Atikah di barengan ku Jody jng Ninis bisi aya nanaon maksud namah.di jero mobil ngabaretem mobil laju muru jalan tol ngarah balik deui ka Bandungkeun.
di perjalanan kakarage deuk asup ka jalan tol aya tlp asup ka Jody,nomor teu di kenal ti luar kota deuih buru2 di angkat ku Jody kaciri beungeut Jody ujug2 tegang,urat na ranteng kesang na jol2 nyorolok padahal mobil make AC buru2 Jody minggirkeun mobil na,Ninis jng Atikah heran ningali paroman Jody boa...boa...
"aya naon yang....?!",ck Ninis
Nu di tanya kalah ka ngahuleng rutret ka Ninis jng Atikah.
"aya naonnnnn.....!!",ck Atikah anu jol2 ngiluan ratug jajantung na.
"ical....nis....haikal....asup rumah sakit di jawa tengah....",ck Jody neuteup pamajikan nana.
"naha bisaaaaa....??!!!",ck Ninis langsung panik.
kerkitu Jeny nlp kulantaran heran mobil Jody bet eureun di sisi jalan,
"Jeny....ical di RS sok tiheula balik ka bandung jiga na Jody,Ninis jng Atikah moal waka bisa balik ke di kabaran deui....",ck Jody singkat mere jawaban ka Jeny.
Ninis jng Atikah jol careurik Jody asa panik teu puguh....
"Ninis....Tika....tong waka panik ayeuna mah urang ka bendara we urang naek pesawat sugan kaburu ulah waka mikir anu lain2 ngadaroa angguran mah....",ck Jody.
Jody buru2 muru bandara sangges tepi buru2 pesen tiket ka semarang untung aya keneh bubuhan isuk keneh sangges meunang 3an katambah dede Al arindit naek pesawat muru kota semarang.
Di Semarang Atikah,Jody jng Ninis muru ka RSUD tempat ical di ofname kasampak ical masih di IGD di aranter ku sesama pendaki gunung,cenah mah ical teh hipotermia jng kaserang angin duduk matakna teu sadar2 anu nlp ngabejaan ka Jody teh ilham budak orang jakarta tea maneh na ngecek ngaran Jody anu sering di hubungi ku haikal.
sangges Jody nganuhunkeun barudak ti Jakarta baralik deui ka gunung dieng nuluykeun lalampahan nana.tinggal Jody Ninis jng Atikah we katut dede Al anu ngagoplek sare.
3an ngan bisa noong haikal anu kerdioxsigen,selang infus we ngagantung ical sorangan teu sadar.....
Atikah teu eureun2 ceurik kitu deui Ninis tuluy nyurulung cimata na,
pas peuting2 Jody nungguan di IGD Atikah jng Ninis sare di hotel anu deukeut jng RS.
isuk2 ical sadar maneh na reuwas ningali sobat na aya di dinya sangges di bere nyaho lamun Atikah jng Ninis ge aya ical atoheun buru2 Atikah jng Ninis di tlp titah buru² ka RS,
kondisi ical lemah ck dr aya cairan anu asup kana paru2 bahkan kr di cek bisa jadi sicairan gs ngajalar kana otak na,
"Atikah.......",ck ical laun pisan....
"muhun kang ieu ikah kang....",ck Atikah bari rambay ku cimata.
"dede Al mana.....",ck ical.
"aya di luar srng yeh Ninis....ulah waka seuer saur kang.....istirahat supados enggal pulih...hayu urang uih ka Bandung....ikah kangen di bantosan ku akang...",ck Atikah.
"akang hampura tos ngawagel Ikah.....",ck ical.
"henteu iihhh.....ikah anu hapunten tos ngadamel akang raheut manah....kamari ikah milarian akang....bade masihan jawaban lamun ikah.....kersa di pihukum ku akang....",ck Atikah bari ngusapan leungeun ical.
ical imut....bari neuteup Atikah.
"akang hoyong uih.....",ck ical.
"muhun hayuuuu makana kedah sehat heula....hayuu uih karunya dede Al milarian wae akang....",ck Atikah deui.
reup panon ical peureum,
"ikah....nitip dede Al nya....akang tunduh teu kiat....akang nya ah ka Atikah jng dede Al.....",ck ical.
"muhun kang....Atikah hoyong ngurus dede Al sareng akang.....",ck Atikah,ical teu nembalan malah siga sare pangaruh obat mereun pikir Atikah.
pabeubeurang waktu na visit dr anu aya di ruangan IGD paranik dr kaciri nanya2 ka suster jiga anu popolotot bari tutunjuk kana alat monitor pengukur detak jantung,suster tarungkul teu wani nyela dr,tuluy dr teh manggil Jody ka ruangan na....
Jody kaluar ti ruangan dr bari reumbany cimata suku na leuleus pas hareupeun Atikah jng Ninis Jody ngudupruk diuk dina ubin Atikah jng Ninis reuwas,
"ayaaa naaaoonnn kaaanggg?!!!",ck Atikah
Jody ngan nunjuk ka ruangan IGD Atikah lumpat muru ruangan tempat ical kasampak selang oxigent kr di rurudan,kitu deui infusan,alat pengukur detak jantung oge di leupas2 keun Atikah ngajerit bari ngahalangan suster....
"kunaon kalah di leupaskeun.....karunya kang ical bisi nyeurieun....dr...suster...kunaon kalahka di leupaskeun.....???!!!",ck Atikah.
"ibu......mas haikal sudah tiada bu.....mas haikal sudah meninggal....",ck dr ka Atikah.
"teu dr....dr salah...tadi ngobrol jng ikah....kang ical teu nanaon....dr salah....kang ical teu nanaon....kang ical moal maot....kang ical janji dk ngawin ikah....kang ical teu mungkin maot y
teu mungkin dr....susterrrr...pasangkeun deui infus na....karunya kang ical suster.....dr.....tulungan kang ical.......suster......!!!!",Atikah ceurik jejeritan,ku suster di tangkeup tapi Atikah malah ceurik abrag2an tungtung na Atikah pada ngarereyang tuluy di suntik peuneneng supaya teu ngamuk deui,ari Ninis ngalungsar jng Jody careurik Dede Al ngagoplek we sare dina kereta dorong.
Jody nlp kulawarga Bandung mere kabar maot na Haikal bari asa teu percaya tapi ieu kabeh rencana ti Alloh....titis tulis ti anjeuna Haikal kudu maot di Semarang ninggalkeun dunya jng jelma2 anu mikanyaah na.
Manusa saukur bisa ngimpi....Alloh anu wenang ngawujudkeun atawa meunggaskeun eta impian,pon kitu deui Manusa ngan saukur bisa ngarencanakeun tetep Alloh anu nangtukeun namah.jodo.....pati....bagja...cilaka....Rahasia Alloh...tugas urang ngan nyiapkeun kabeh katangtuan ti mantena.
"waalohhuallambisawab....."
"T A M A T"
teu saendah impenan kengeng Andhyn
balikpapan,5 nov 2018
Komentar
Posting Komentar