DONGSUN TEU SAENDAH IMPENAN BAG 11

#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.11
Kengeng Andhyn

Teu karasa gs 2 bulan Teddy jng stevi kawin na teh perusahaan di kuasai ku stevi Teddy mah ngan direktur kasebut na hungkul da kabeh kabijakan jng tindakan mah kumaha stevi,
abong2 stevi lulusan luar negri mandang sebelah mata ka Teddy.
hate leutik teu bisa di papalerkeun ingetan Teddy manteng wae ka Atikah jng orok anu aya dina kandungan nana,poe ka poe Teddy makin panasaran loba pertanyaan dina hate na,dimana ayeuna Atikah?kawin jng jody atawa heunteu?bahagia atawa heunteu?

meakeun kapanasaran maneh na nitah supir na anu baheula nganterkeun jng ngajemput Teddy ti imah Atikah,rerencepan haharewosan nitah supir datang ka lembur Atikah terus pang nanyakeun kabar Atikah jng adi na jody.ku Teddy supir na di bekelan duit rada gede di amplopan nitah di bikeun ka Atikah,gede keneh duriat Teddy teh ngan eleh ku ambisi maneh na hayang jadi direktur si perusahaan bu Astuti.

supir Teddy mang darman ngaran na ngahaja balanja heula ka supermarket da di titah ku Teddy jang oleh2 ka Atikah,sangges beres balanja maneh na muru ka lembur Atikah,lancar di jalan na teu lila ge mobil gs parkir di hareupeun imah Atikah.
buru2 turun muru imah anu caneom tiiseun mang darman luha loho noongan ka jero imah kaciri na imah teh kosong,koreleng mang darman ngoreleng ka tukangeun imah sarua deuih tiiseun,ker kitu aya tatangga Atikah ngaliwat buru2 di pegat ku mang darman seja di tanya,
"ceu puntn bade tumaros ari nu gaduh bumi ieu kamana nya naha katinggal na kosong sareng sepi?", ck mang darman.
"owh ceu Amsih teh tos ngalih pak...",cek si ibu.
"manawi terang ngalih kamana nya...?",ck mang darman.
"aduh duka atuh pak ...kirang terang",ck si ibu.
mang darman ngahuleng,koloyong mang darman ka imah RT,nyampak pamajikan nana hungkul da Pa RT namah kernyaba sarua deuih jawaban bu RT kurang nyugemakeun cukup nembalan "kirang terang",
tungtung na mang darman balik deui ka Jakarta mawa beja  ka Teddy lamun kulawarga Atikah gs eweuh di lembur na.

Teddy ngahuleng maneh na nebak2 kamana pindah na kulawarga Atikah.
"di bawa ku si Jody kitu?tapi kamana? jody sorangan teu boga duit loba da ku indung na teu di bere duit",kitu ck fikiran Teddy.
jadi rada jangar mikiran Atikah,jaba maneh na inget wae kana kandungan Atikah naha hate leutik na bet ngaku eta anak maneh na keukeuh moal mungkin eta anak Jody da Teddy ge boga itungan sorangan,tapi di marana ayeuna Tikah jng Jody.

Teddy gawe na ngan hulang huleng,di kantor di imah ge sarua we.... komo di imah mah asa katingali wae kalangkang Atikah anu ngamanja maneh na,nurut pisan kana kahayang Teddy can pernah Atikah ngalawan atawa ngahulag kana kahayang Teddy,sakabeh kaperluan di tekel kabeh ku Atikah,maneh na butuh koskaki gs nyampak,hayang nginum kari rot da gs siap dina meja na,hayang dahar teu sirik na di huapan ari ayeuna????

stevi awewe anu embung di parentah jelema egois jng sombong,produk awewe modern anu embung ngurus rumah tangga,atuh Teddy nyiapkeun kaperluan nana sorangan gs mah cape digawe terus maneh na kudu nyiapkeun sagala rupana ku sorangan kadang dahar ge teu ka urus,2 bulan rumah tangga jng Stevi can pernah sugan sakali we Teddy di kaulaan ku pamajikan nana,di imah stevi ngan marentah bi Oneng,tinggal ngagerewek gegeroan ka bi Oneng,hayang nginum ge anu nyicikeun cai kudu ku bi oneng,

kesel mimiti euntreup kana hate Teddy cape awak leuwih nyiksa mah cape hate ningali kalakuan stevi anu pikasebeleun,balik ka imah sakahayang na lamun ngayakeun presentasi kudu di hotel mewah wae atawa di tempat2 anu marewah,gs teu ka urus we Teddy mah mineng maneh namah sare sorangan da stevi mah lolobana hangout jng sobat2 na anu kaluaran sakola luar negri hungkul.

"Tika.....Aa sono ka Tika....anqjeun dimana geulis....hampura Aa....hampura Aa...Tika...Aa nyaah,cinta,sono ka anjeun....",harewos Teddy basa maneh na teu bisa sarenpeuting harita,imut na ogo na,koloyong na Atikah beuki nyiksa perasaan Teddy,tuluy bayangan Jody anu kerngoconan Atikah,ngagalentoran Atikah nbongan Teddy,nyel ambek...hate na panas...beuki katingali Jody ker nyiuman Atikah,Teddy teu kuat deui nahan timuru buru2 maneh na ka kamar mandi tuluy ngahurungkeu shower sirah na di crokcrok kuncai anu nyurulung tina shower marengan jng cai mata kaduhung anu murubut kaluar tina mata na,
"Tikaaaaaaaaaa.....anjeun meni nyiksaaaa....Tikaaaaaaaaaa......!!",ck Teddy bari diuk dina bathtab make baju piama,leungeuna ngajengutan buuk na Teddy teu kuat nahan kaduhung gara2 sieun kaleungitan jabatan direktur di perusahaan indung na.

*****************

Tepi ka kota Bandung Jody di jemput ku sobat na ical,ngaranamah haikal ngan sok di ical2 ku babaturan jng kulawarga na,
"jody wilujeng sumping di kota bandung,hayuu.buru naek kana mobil karunya tuuhh si teteh gs kacapean...",ck ical bari nunjuk ku sirah na ka palebah Atikah anu ngajingjing tas gede.
"duhh nuhun nya cal...hampura yeuh kuring jadi nyusahkeun anjeun...",ck Jody bari sup kana mobil ical,di tuturkeun ku Atikah,jody diuk di hareup maturan ical ari atikah mah diuk di tukang,
"teu nyusahkeun lah joe...kan kuring butuh ku anjeun...butuh inopasi2 jng tempat usaha kuring anu dek di rintis,ti jaman kuliah kan ngan kamu sobat kuring anu ngartikeun ka kahayang kuring...",ck ical bari nyetiran mobil ngabiur ni nggalkeun kota Bandung muru ka arah maribaya lembang.

teu kacatur di jalan na ical markirkeun mobil na di hiji imah di tengah gunung di kulilingan ku tangkal pines imah na pantes di sebut villa tingkat 2 gede aya cerobong haseup jiga na di jero na aya perapian paragi siduru,Atikah nepi ka olohok suasana di sabudeureun imah teh tenang,ngan sora manuk anu recet,cahaya panon poe katahan ku daun2 pines,udara na anu bersih jeung seungit tina tatangkalan nyieun Atikah peureum ngararasakeun seger na angin anu nebak kana buuk na.

Jody seuri ningali Atikah anu langsung bogoh ka eta tempat,turun tina mobil biwir Atikah teu ereun nyebut 'waaawwww....mashaAlloh.....",bari tuluy sirah na nguriling ni galian imah ical.sabudeureun ngemploh hejo pamandangan kota lembang bisa katempo titempat Atikah nangtung,
"kumaha Tika....betah??",ck Jody.
Atikah ungeuk bari semu era.

Di jero imah Atikah leuwih takjub deui,di jero teu loba barang ngan aya karpet kandel jeng bantal2 garede nyinghareupan perapian jng TV gede anu naplok dina bata,
teu jauh aya dapur anu bisa katinggali ti ruangan utama dapur anu modern peralatan dapur nage di simpen nga beres rapih.

kamar aya na di tingkat 2,Atikah di anterkeun ka kamar hareup,jandla na gede nyinghareup ka gunung putri pamandangan nana endah luar biasa,Atikah calangap asa teu percaya maneh na aya di kamar anu kacida alus na asa dina pangimpian,
"sok istirahat heula we,kuring dk ngobrol hla jng ical",ck Jody bari nutupkeun panto kamar Atikah.
Atikah diuk dina tempat sare,meni asa putri raja anu dina film2 kartun cicing di kamar anu gede,lalangit na jangkung jandela jangkung di hiadan ku hordeng anu kembang2 asa aya di alam pangimpian,goledag maneh na sare teu lila ge Atikah gs nyimpang ka alam pangimpian.

Jody jng ical ngobrolkn proyek maneh na,Teddy ku ical di percaya nyekel tempat wisata jng pusat jajanan jng kadaharan,konsepna di pasrahkeun ka Jody modal jng tempat na di sadiakeun ku ical.
Jody pernah nawaran konsep tempat nongkrong atawa restoran ka ical,ical ngarasa katarik matak na maneh na langsung mawa jody ka tempat usaha na,
konsep na tem-mo (tempat-mojok) nyaeta resto atawa tempat nongkrong di daerah tempat wisata anu instagramable jiga anu ker usum jaman kiwari,
"joe...ari lanceuk ipar kamu bisa di libatkeun teu,nyaa jadi resepsionis atawa kasir kitu...?",ck ical ka Jody,ical apal kabeh masalah Atikah jng Jody soal na Jody nyaritakeun basa menta bantuan ka ical.
"bisa....tapi ulah sina cape teuing karunya kerhamil cal...",ck Jody.
"joe...lamun resmi di piceun ku lanceuk kamu aku daftar aahh...",ck ical bari seuri,Jody ge ngilu seuri bari ninju leungeun ical jody ngajawab...
"ke cal...masalah na rumit keneh...kamu ge kan nyaho anu pangheula na naksir teh aku,tapi pas ningali kaayaan nana ayeuna rasa cinta jng nyaah robah jadi rasa hayang melindungi,da ari rereana mah rasa cinta teh gening kalah luas nganyenyeri...",ck Jody bari neuteup ka luar.
"heu-euh nya joe....anu belegung mah lanceuk kamu,nyianyiakeun awewe jiga Atikah...",ck ical.
"nya an cal...belegug pisan...",ck Jody.
"eeehh ngomong2 Atikah jiga ayana nya joe...?",ck ical bari sura seuri.
"iiccaaaallllll.....stop aahh...awas mun macem2,yeeuuhhhh....",ck Jody bari ningalikeun peureup na kana irung ical.
ical seuri nga gak gak...
"ampun suhu....ampunnnn....",cenah bari nyembah ka Jody tuluy dua nana seuri bangun nu bungah.

saminggu Jody jng Atikah aya di tempat ical,muka usaha di tempat wisata lembang anu kerkasohor,ku lantaran jody jng ical butuh tanaga karyawan,jody ngusulkeun lamun indung Atikah di susulan sina ngilu di gawe bari ngurus atikah anu ker kakandungan,atuh Atikah atoheun pisan tungtung na ayeuna Atikah bisa kumpul jng indung katut adi2 na,
Atikah teu nyangka Jody bakal ngangkat kulawarga na baheula memang Atikah teu salah pernah mika cinta Jody,tapi nasib ngarahkeun lain maneh na kalah narimabTeddy jadi salaki na ,perjalanan manusa memang teu bisa di tebak teu bisa sakahayang urang,
manusa teu bisa nga'dikte' Alloh kudu kitu kudu kieu ngan pasti jalan ti Alloh eta anu paling alus teu aya anu tiasa nolak katentuan ti Mantena.

Beuteung Atikah mimiti katempo aya eusian,teu karasa gs 6bulan,awak Atikah makin montok katambah hate reugreug aya di sabudereun jelema2 anu nyaraah ka maneh na,usaha Jody jng ical maju,rea orang kota anu ngahaja ngajugjug ka tempat maranehan nana pernah di liput sebeberaha kali ku tv swasta atuh poe ka poe beuki sohor we tempat anu di kelola ku Jody teh,ical beuki nyaah ka Jody jng Atikah maneh na ngahaja ngabedakeun gaji atikah jng nu liana,ical ti barang panggih oge gs nenden hate ka Atikah tapi teu wani ari wakca ka Atikah mah da maneh na ngaragangan Jody keneh,makin lila makin lila ical kataji ku kalungguhan Atikah sok pirajeuneun ngabayangkeun lamun boga pamajikan jiga Atikah bagja meureun...kitu piki ical harita.

Teu jauh ti tempat usaha Jody jng ical,leuwih ti heula aya restoran anu cukup gede anu bogana bangsa cina orang jakarta kacida ambek na basa Jody jng ical muka tempat nyaingan manehan nana jaba langsung rame da mere konsep anu menarik jng pengunjung,harita maneger na muter uteuk pikeun ngelehkeun deui saingan nana,
"hayang nyahoo make konsep naon tah saingan anyar teh...piraku tempat kuring bisa sampe ka elehkeun...kudu ngirim mata2 ieu mah...",ck si  meneger tea.
maneh na ngagentraan pagawe na tuluy mere parentah nyilidik tempat jody jng ical.

Api2 si karyawan titahan teh asup ka tempat Jody,api2 barang beuli sagala di pesen ngarasaan menu kadaharan bari tuluy motoan tempat eta.mimiti ti dekorasi menu kadaharan,karyawa2 na di fotoan euweuh anu kaliwat,harga2 na di catet sangges beres maneh na kaluar deui tuluy ngalaporkeun hasil na ka simaneger,
eta manager teh kerung ningalian hasil foto karyawan titahan nana,
"cing mana anu boga na ?",cenah bari ngasongkeun hape karyawan na.
"ieu nu ieu pak....",ck karyawan na bari ningalikeun foto Jody...
si manager kerung bari eta foto teh di gedekn,di zoom keun bari ngagerendeng,
"ieu mah siga si lumpuh teddy kasebelan anu ngawin bebende aing si Atikah....!!?",cenah bari tuluy ngilikan foto Jody.
terus maneh na ningali foto Atikah anu kerngalayanan tamu,gebeg eta si manager ngagebeg bari nga zoom foto Atikah,
"bener....teu salah...ieu si Atikah si penghianat....naha si Teddy lumpuh na gs cager deui nya....hhhhmmmm kudu di warah ieu mah...tuman...!!!",gerendeng Dindin popotongan Atikah anu kiwari jadi manager di resto saingan Jordy.

H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan,22 october 2018

#TEU_SAENDAH_IMPENAN
Bag.12
Kengeng Andhyn

Isuk2 Teddy masih keneh sare bu Astuti heraneun biasa na anak cikal na gs ngurunyung ka ruangan makan sarapan bareng jng maneh na katut Jeny si bungsu.
"Jen cing susulan si kaka ka kamar na bisi can hudang iihh tara biasa na",ck bu Astuti ka Jeny.
"aahh mamih nya keun we atuh da aya pamajikan nana ieuh",ck Jeny bari angger we ngahuap keun sanggu goreng.
"eehh kan stevi mah ker kaluar kota,kerngalobi orang dinas di jawa tengah...",ck bu Astuti.
"huuuuhhhh...",ck stevi bari cengkat tuluy muru kamar Teddy.
"ka...kaka....saur mamih urang sarapan...",ck Jeny bari keketrok kana panto,tapi Teddy teu nembalan,Jeny panasaran panto kamar di buka untung teu di konci,luha loho tapi angger sepi di jero kamar teh tungtung na panto di surung keun sup Jeny ka kamar,barang nempo ka tempat tidur Teddy lanceuk na masih ngagojod we sare di simbut keneh,ku Jeny di sampeurkeun bari di cabak taktak na lalaunan,
"kak....naha can gugah?",ck Jeny tpi angger Teddy peureum,panasaran di cabak tarang na...Jeny ngorejat reuwas tarang Teddy panas nyebret,
"aduhh kakaaa....mni panas kitu...mamiiihhhhhh....",jeni lumpat nyampeurkeun ka indung na bari mere beja lamun lanceuk na gering,bu Astuti langsung lumpat nyampeurkeun anak cikal na.

tepi ka kamar langsung mariksa awak Teddy anu panas nyebret,gancang bu Astuti nlp dr kulawarga nitah datang ka imah.
teu lila dr datang mariksa Teddy tuluy nitah ngompres dada teddy ku cai haneut.
Teddy teh kecapean jng makan na teu teratur ck dr teh jadi we imunitas Teddy menurun aya infeksi dina saluran cerna anu nyebab keun Teddy panas,beres mariksa dr mere resep anu kudu di beuli terus maneh na balik di jajap ku indung na Teddy nepi lawang panto.

"tika....tika...anjeun di mana tika...?",ck Teddy sasar bakat ku panas.
Bu Astuti ngahuleng bari nyabak sirah Teddy anu makin nyebret,
"mmhhh pantesan sasar si kaka da mni panas kieu,tapi naha anu di geroan teh si Atikah lain stevi pamajikan nana",ck Bu Astuti dina jero hate na.
poe eta bu Astuti teu asup kantor buru2 maneh na nlp stevi pamajikan Teddy dk ngabejaan Stevi lamun salaki na gering,
nungguan tlpn na di angkat ku Stevi rada lila,anu kahiji teu di angkat bu Astuti nlp deui rada lila kakara we di angkat ku Stevi bari jiga anu reuwas ...
"iyah mamih aya naon..?",cek Stevi
"iyeu si kaka sakit panas ari stevi masih lama?",ck bi Astuti.
"mmmhh jiga na 3/4hari deui mam soal na konsumen na masih mau milih2 produk kita",ck Stevi.
Bu Astuti rada ngahuleng soal na sora Stevi asa grusak grusuk jiga anu riweuh kadange nateh,
"stev...kamu di mana ieu?naha sora na grusak grusuk...jng jiga aya sora lalaki sagala..",ck bu Astuti kerung.
"oohhh mmmhh anuuu ieu stepi aya di loby hotel mih mau persiapan breakpast sareng konsumen,wajar we banyak suara ge mih..ya udh dulu atuh Stevi takut telat,bye mam...",ck Stevi bari mareuman hape.
Bu Astuti bengong ngahuleng bieu teh asa aya sora lalaki di deket stevi...ngomong haharewosan,aaahhh piraku ...nya meren eta mah batur da stevi ker di loby hotel.

Stevi nenden hape na dina meja kamar hotell leungeun anu meulir kanu cangkeng na di angkat rek di singraykeun tapi leungeun keukeur lalaki anu ker nangkeup na teh malah mageuhan rangkulan nana,Stevi nyiwit leutik leungeun Jonathan lalaki anu ker sare jng maneh na,
"tadi mamih mertua nlp kamu kalah ikut ngomong....mudah2an teu kadenge eun...",ck Stevi bari ngusapan dada Jonathan anu pinuh ku bulu.
"ges aahh atep keun urang senang2 we mumpung jauh ti imah...",ck Jonathan bari nyiuman punduk Stevi,
"iihhh nakal...kan semalam udh dapat banyak",ck Stevi bari api2 kukuliatan.
"aaahhh kurang....",ck Jonathan bari ngarungkup awak stepi ku simbut tuluy cing aruyek di handapeun simbut.

5poe Stevi di semarang,lain tugas2 teuing tapi maneh na ngaguyer jng babaturan sakola na baheula di astralia bule Australia masih aya katurunan indonesia,niat ngan ukur meres stevi lalaki pangedulan senang2 hungkul tanpa hayang di gawe,jonathan sabener na ngan ngamangfaatkeun stevi hungkul.

3poe Teddy gering di imah panas na teu turun2,kusabab hariwang bu astuti mawa Teddy ka RS di ofname ck dr teh Teddy kaserang tifes,ngalempreh ngan di tungguan ku bu Astuti Teddy teu ereun2 kaduhung gs ngantep Atikah indit jng adi na Jody,ayeuna meureun atikah ker seneng2 jng Jody pastina Atikah di kawin ku Jody,kitu pikiran Teddy harita.

tapi jang terus terang ka indung na Teddy can boga kawani maneh na milih di heumheum ku sorangan.bari jeung hate na rajet Teddy keukeuh mertahankeun rahasia pernikahan sirih na jng Atikah.
sangges 5poe di semarang Stevi balik ka imah bu Astuti nyusul ka RS tempat Teddy di rawat,ningali salaki gering teh stevi mah teu hariwang tenang we,
"Ayooo aahhh tong lami2di RS ka...kan masih banyak kerjaan,kunaon sih kaka teh make sakit sagala...?",ck Stevi.
Teddy teu nembalan maneh ka kalahka ngalieus miceun beungeut,salaki gering lain di urus kalahka mentingkeun gawean we.
"Stevi...gantian mamihnya hoyong uih hla teu kuat mamih asa ringseng badan teh...',ck bu Astuti.
"aduhh mamih teu tiasa atuh...stevi kudu meeting jng pelanggan baru ti singapura,kesempatan kiita mam..",ck Stevi malire bu Astuti anu celong balas nungguan Teddy.
"aduuhh tadinamah mamih hoyong istirahat hla di bumi stev....",ck bu astuti bari ngeluk tungkul asa kuciwa ku jawaban minantu na.
"stevi pergi hla aahh mam,kak....",ck stevy bari nyium mitoha jng salakina anu caricing we teu lemek teu nyarek padahal hate mah teu panuju ku kalakuan stevy anu lepas tina tanggung jawab ngurus salaki.

Bu Astuti ngahuleng saditinggalkeun ku stevy,Teddy ngalempreh ngararasakeun sirah na anu sing nyaraut jng awak na anu masih keneh panas.
"mamih upami bade uih mah uih we sawios kaka mah nyalira ge...",ck Teddy ka indung na.
"aahh teu nanaon ka mamih masih bisa bertahan ko...",ck bu Astuti padahal maneh na ge gs mimiti teu garenah awak,
"kak...mamih ngagoler hla di shopa nya teu kiat asa pusing mamih ge...",ck bu Astuti bari ngoloyong ka shopa goledag awak na satengah di beubeutkeun gs teu kuat nahan sirah anu makin nyeri.
reup panon na peureum awak na murungkut dina shopa pikawatireun.

waktu visit dr ka kamar Teddy dr ningali bu Astuti anu ngajoprak dina shopa,
"bu...ibu...ibu sakit juga...?",ck dr bari ragamang leungeun na nyabak tarang bu astuti anu renung ku kesang,gebeg dr ngagebeg awak bu Astuti panas nyebret buru2 maneh na ngagentraan suster.
torojol suster datang 2an sangges di pariksa bu Astuti di bawa ka ruangan sabeulah menang tindakan ti perawat,bu Astuti di infus sarua jng anak na Teddy.

kacaritakeun Stevi harita muru ka kantor sangges nenden tas maneh na buru2 nlp jonathan kabogoh na,
"haloo...nathan...nanti siang kita ketemu yuukk heu-euh sambil makan siang,tempat na kamu nu nentuin...",cenah..
gek diuk dina korsi direktur bari mariksa an file2 perjanjian kerja sama,
"aduuuuhhhh naha ieu si koko andri teu nga acc wae pesanan nya....hhhmmm kudu di tlp yeuh..."ck Syevi gap kana hape,
"slamat pagi koko....koo naha sihh koko teu pesen barang deui ti kita...stevi jadi sedih....",ck Stevi ogo bari luway liwey,
"ketemuan?? ayooo,dimana di hotel??gampang bisa di atur tapi perjanjian kontrak na di tanda tangan yaa...beres kooo,hoohh malam ini di hotel,iyaahhh sampe ketemu....",ck stevi bari sura seuri.

teu karasa gs waktu makan siang jung nangtung Stevi indit maneh na gs janji dk makan siang jng jonathan di resto,biur sedan mewah ngabiur ka arah pantai indah kapuk tempat janjian maneh na jng jonathan.sangges tepi stevi diuk di tempat anu paling pojok bari ngadagoan jonathan datang.
penampilan Stevi anu sexy ngondang lalaki katarik hayang deukeut jng maneh na kitu deui ku Anto lalaki anu tatadi merhatikeun wae Stevi ti kajauhan,
jung Anto nangtung panampilan Anto anu maskulin di papantes ku papakean anu marahal teu saeutik awewe marelongkeun ka Anto anu ngajugjug ka meja tempat Stevi diuk sorangan,sangges deket Anto ngadehem...
"eekkhheemm...maaf mba cantik...sawios abdi calik di dieu?",ck Anto nangtung hareupeun Stevi anu anteng nyoo hape,Stevi ngalieuk barang ningali aya lalaki gandang hareupeun na biwir na imut ngagelenyu,
"oohh kengeng atuhhh....",ck Stevi bari semu ogoan,
"kenalkeun heula nami abdi anto,anto luhur prasetyo",ck Anto bari ngasongkeun leungeun na,
"Stevi,stevi macgregor...",ck Stevi gep dua leungeun sasalaman.
"nuju ngantosan saha stev?",ck Anto.
"mmhhh rekan bisnis",ck Stevi bohong.
"owwhhh...kerja di bidang....?",tanya anto
"taxtile....kamu sendiri...?',ck stevi malik nanya ka anto.
"ohh abdi konsultan....",ck Anto dua nana langsung akrab,Anto langsung kasengsem ku Stevi,jiga na Stevi oge kitu puguhan awewe lengger,dua nana silih tuker no hape tuluy jaranjian papanggih deui di tempat anu beda.

ker aruplek ngobrol torojol Jonathan bari semu ambek Jonathan diuk hareupeun Stevi,Anto pamit maneh na indit ningalkeun Stevi jng Jonathan,
"saha eta syev??",ck jonathan melong teu suka ka Anto.
''klayen aku,naon kitu....?",ck Stevi malik teu suka.
''naha jng klayen mni akrab kitu?",ck Jonathan cemburu.
'heee nathan...kamu nanaonan salaki lain tapi naha kamu anu ambek2an ka aku??",ck Stevi teu suka,
"nya ges lah....aku minta uang...uang anu kamari gs beak",ck jonathan eweuh ka era
"piraku nathan ? emang gampang cari uang teh?",ck stevi baed.
"heeeee apa gara2 lalaki tadi kamu jadi kieu ka aku?",ck jonathan nyeuneu.
"naon sih nathan mawa2 batur sagala,jiga budak wae...",ck stevi.
"nya makana bagi duittttt...!!!",ck jonathan.
"iyah...iyah...ke di transferkn",ck stevi eleh.
"naaahhh gitu dong,baru ini cewek gue...",ck Jonathan bari nyoel gado stevi.
Stevi jamotrot baed.

H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan,23 october 2018

#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.13
Kengeng Andhyn

Teu karasa kandungan Atikah gs 9 bulan,maneh na gs teu ulubiung deui di resto,ku ical ge di carek cape teuing lolobana Atikah cicing di imah atawa jalan2 sabudeureun imah ck dr Atikah kudu tea jalan2 supaya ke persalinan na lancar,harita isuk2 wanci haneut moyan Atikah jalan2 mapay2 jalan anu ngahubungkeun tempat usaha na jody jng jalan utama,Atikah kakaraeun ulin ka tempat eta,'gening aya hotel jng resto jiga tempat usaha na Jody jng ical',kitu pikiran Atikah,maneh na leumpang bari ngilikan Hotel anu masih keneh tiiseun da masih keneh isuk2,
rada keketeyepan teuing ku naon jiga anu ker nyilidik pinuh ku rasa panasaran Atikah ngadeketan hotel anu deket jng tempat usaha na.asa2 Atikah dk ngadeketan hotel teh tungtung na Atikah balik deui muru imah anu teu jauh jng tempat usaha na.
padahal harita lamun Atikah nuluykeun leumpang ka eta hotel bakal panggih jng Dindin anu ker joging di hareupeun parkiran hotel.

Tepi ka imah nyampak aya ical kerserius nuliskeun kaperluan2 an jng usaha na,ningali Atikah datang ical seuri bari gugupay ka Atikah nitah ngadeukeutan,Atikah ngadeketan bari ngusapan beuteung na anu makin gede gek diuk di gigireun ical,
"aya naon kang ....? enjing keneh tos sumringah..",ck Atikah.
"hehehe teu nanaon ngan akang hoyong masihkeun ieu kanggo Atikah...",ck ical bari ngasongkeun amplop coklat ka Atikah.
"naon ieu kang....?!",ck Atikah molohok bari nampanan amplop tea.
"sakedik kanggo biaya persalinan Atikah",ck ical.
"aduuhhh...naha ngarepotkeun da gajih ti akang ge tara ka coceng janten biaya kanggo lahiran mah tos aya atuh kang...",ck Atikah.
"kan pasti seuer kaperyogian tikah,sok anggo kanggo naon we da akang mah rido....",ck ical.Atikah ngeluk tungkul atoh gening anu nyaah ka maneh nateh rea....
"Atikah....akang bade naros,sawios?",ck ical asa2.
"mangga kang teu sawios",ck Atikah.
"mmhhh kapayun na Atikah bade kumaha upami tos ngalahirkeun?",ck ical asa2.
"upami ka angge ku akang nya Abdi bade ngiring damel we di akang...",ck Atikah ngeluk tungkul.
"sanes...maksad teh perkawis rumah tanggi sareng Teddy?piraku bade kitu wae kan murangkalih peryogi kasih sayang bapa na panginten?",ck ical bari melong ka atikah bangun anu hayang neuleuman hate Atikah.
"duka kang ...kan abdi mung nikah sirih janten nya cerai ge atos langsung we panginten ...",ck atikah.
"upami ka Jody....tikah...nyimpen hate teu?",ck ical asa2 pisan.
"mmmmhhhh....jiga na heunteu kang...kumargi A jody sami pisan rupi na srng A Teddy abdi bakal kasuat2 manah Kang....mnding nyalira we heula ayeunamah....moal waka ngemutan anu kitu...",ck Atikah deui,
Braaaayyyyy bumi alam asa ca'ang keur ical mah jawaban Atikah anu teu nendeun hate ka jody jadi lampu hejo keur ical pikeun ngadeukeutan Atikah.

Jody kerhareupeun leptop di meja kerja na,maneh na ker nyusun wahana anyar di tempat wisata anu di kelola na,sup ical ka ruangan Jody bari uluk salam,
"Assalamualaikum joe...",ck ical sumringah,gek diuk hareupeun Jody,
Jody ereun heula barang gawe na ningali sobat merangkap dunungan nana datang teh,
"weeyyy boss ical sumringah banget hari ini,aya kabar naon yeuh...?",ck Jody
''kabar naaooonnn nyaa....hahaha...",ck ical di tungtungan ku seuri.
"cal sy nyieun wahana sungai seluncur yeuh,ngamanfaatkeun aliran sungai ke ku saya di jieun jiga kolam renang make batu2 alam terus urang make air terjun buatan trus make tempat meluncur buatan oge....'',ck Jody sumanget.
"alus...alus....joe tapi kade cai na di dieu mah tiis joe?", ck ical.
"matak na ku saya make kincir tenaga surya muterkeun cai na supaya teu tiis teuing cal...",ck Jody bari nembongkeun gambar rancangan nana ka ical,
ical ungut2an maneh na kacida atoh na dina jero hate na maneh na muji Jody
"teu salah kuring mercaya Jody bener2 bisa ngamajukeun ieu tempat ku idea2 brilian na",ck ical dina jero hate na.

Beres nerangkeun konsep na ka ical jody ngajak ngopi di cape restoran nana,ical nutur keun bari dek ningali perlengkapan restoran nana,
"joe ari indung na Atikah di tenden di mana?",ck ical bari luak lieuk.
"ohh bu Amsih di dapur bagean penanggung jawab pengadaan bahan cal,naon kitu?",ck Jody
"teu nanaon ngan ck aku mah sina nungguan hla Atikah di imah paur gs bulan na kan...?",ck ical.
"mmmhhh bisa....ke saya neangan karyawan anu bisa di percaya sina ngaganti sementara bu Amsih,ti mimiti iraha nya?",ck jody
"poe ieu lah joe...",ck ical.
"siap laksanakan....!!",ck Jody
"eehh ngomong2 ari kamu masih ngarepkeun Atikah jadi pamajikan kamu teu??",ck ical.
"mmmhhhh....teuing atuh cal...aku cenderung karunya ka maneh na tuluy era kabina2 gara2 kulawarga kuring nasib maneh na jadi kieu cal....",ck jody bari melong kosong.
"maksud na.....??",ck ical teu ngarti.
"ti poe ka poe kuring ningali Atikah koo asa watir...asa ka adi sorangan call rasa cinta anu baheula kaganti ku rasa tanggung jawab kuring kulantaran kulawarga kuring gs nganyerihate kn maneh na,tuluy kuring ngarti lamun kuring tuluy maju miharep maneh na jdi pamajikan kuring,tangtuna beungeut Teddy anu kumaneh na dipika ceuceub aya di kuring,atuh moal cager2 kanyeri hate na....kuring moal egois cal
moal maksakeun rasa cinta ieu ka Atikah,....",ck Jody bari ngarahuh.
"hhhhhmmmmm.....jadi lamun kuring maju memperjuangkeun cinta kuring ka Atikah??",ck ical asa2,
"satuju....satuju pisan.....teu aya lalaki anu pantes jdi salakina kecuali anjeun call,karunya maneh na loba nyeri hate ku kulawarga kuring cal...",ck jody bari nahan perasaan nana anu nyeri,nyeri kabina2 maneh na nyaah,bogoh ka Atikah tpi atikah pernah ngomong kanyenyerian ku Teddy di tipu ku Teddy tuluy dispiraakeun ku bu Astuti tangtu moal gampang jng atikah pikeun mohokeun kanyeri ti kulawarga Jody.

Dindin nitah anak buah na anu ngarna Ari pikeun mantaw restoran wisata na Jody,pergerakan saeutik oge kudu di laporkeun ka Dindin,
sedengkeun Dindin nyilidik Atikah anu kerkakandungan samaruk maneh na Jody teh Teddy mangkana Dindin boga rencana jahat pikeun balas dendam ka Atikah jng Teddy,

Peuting anu jempling Dindin jng Ari anu satia kamaneh na,kaki tangan dindin ari teh rerencepan keketeyapan nguliwed tukangeun resto anu sepi,kabeh karyawan na gs baralik tuluy Dindin ngaharewos ka Ari bari ngasongkeun kompan eusi bensin,ari unggeuk2an tuluy Ari nyicikeun bensin kana tumpukan Runtah gararing di tukangeun resto tuluy di papaykeun kana Restoran.

Teungah peuting Atikah teu bisa sare kesang nyorolok kaluar tina awak na tatadi pulang anting wae ka kamar mandi,dek ngahudangkeun indung na tapi teu wani da sieun ngan nyeri beuteung biasa,antuk na bakat ku teu kuat Atikah ngarayap oge ka kamar indung na,bari ngetrokan panto kamar indung na,
"ma...euma....ma..buka panto ma ieu tikah ma...",ck Atikah bari nahan kanyeri anu nyedek kana beuteung na.
ceu Amsih ngorejat buru2 muru kana panto nyampak Atikah ker muringis bari nyepengan beuteung na,
"aduuhh nyai boa2 gs waktu na..",ck ceu Amsih.
"buru urang hudangkeun cep Jody...",cek ceu Amsih bari nuntun Atikah sina diuk dina korsi tengah imah tuluy maneh na ngetrokan kamar Jody.
"cep....cep jody....cep....!!",cenah bari keketrok kana panto kamar Jody kulutrak panto di buka Jody meletet bari gigisik,
"aya naon bu....?!",ck jody
"cep jody itu Atikah tos karoas patuangan cep...",ck ceu Amsih.
"waduh...ke atuh urang ngaluar keun hla mobil...',ck Jody belenyeng ka garasi nyokot mobil anu biasa paragi balanja ka pasar,tuluy nuyun Atikah jng ceu Amsih,Atikah gs mimiti ceurik nahan nyeri,leungeun na ti pepereket nyekel dampal leungeun indung na,sangges sarera dina mobil biur muru RS di daerah sari jadi,sajajalan Atikah ceurik di tenangkeun ku indung na ari Jody ngeleper bari nyetiran teh nyaksian Atikah kerngalawan nyeri kudunamah lanceuk na Teddy anu nyaksian ieu teh,maneh na anu kudu tanggung jawab teh ningali perjuangan Atikah ngalahirkeun anak na Teddy,antara hirup jng maot teu karasa Jody ngeclakeun cimata watir ningali Atikah peperengkelan nahan ka nyeri bari di usapan ku indung na,
"perjuangan awewe anu sakitu nyeri nateh teu jarang sampe nandon keun nyawa pikeun anak na gumelar di alam dunya,tapi.....
teu saeutik sangges budak ngagubrag ka alam dunya maneh na teu ngahargaan pengorbanan indung,teu saeutik kaum adam anu gs nyieun pamajikan nana nanggung kanyeri anu teu bisa di bayangkeun kurang ngahargaan kana perjuangan pamajikan,nyeri na lamun apal....nyeri beuteung mules diare mah jiga na ngan sapersapuluh na beser jng kencing batu jiga na ngan saparapat na,ieu mah teu puguh rasakeuneun nana,hese di bayangkeun nana ibu2 pasti muringis lamun batur ker nyaritakeun kisah ngajurukeun anak na,pasti aranjeuna ngaraos deui linu anu teu aya papadana,
hargaan pengorbanan seorang ibu,seorang istri saur na sepele ngajuru teh....padahal silokana ngajuru teh nyaeta jurueun maot jng hirup.

Tepi rumah sakit Atikah di bawa ka ruang ti dakan persalinan Jody jng ceu Amsih narungguan di luar,Jody anu panik buru2 nlp ical sobat na asa hayang di baturan di RS asa teu tega ngadenage koceak dengek na Atikah anu ker ngalawan nyeri na ngalahirkeun budak anu teu di aku ku bapana,bulak balik gs diuk nangtung deui,teu lila ical datang lulumpatan sarua deuih ical ngan bisa olohok.bari tipeupeureket ngepelkeun leungeun na,
"kakara sy mah joe nungguan anu dk ngalahirkeun,asa watir nya joe....?",ck Ical
"sarua atuh saya ge....",ck Jody ceuli na di pasang ngadedengekeun hayang gera aya sora orok ceurik atuh...ieu mah anu kadenge ngan sora jejeritan nana Atikah we...."Jody ngarames buuk na beungeut na tegang.

subuh mimiti kadenge Adzan subuh tikajauhan goak2 sora orok bari kaluar ucapan syukur tinu aya di luar ruaangan,
"Alhamdulillah......',ck Jody,ical jng ceu Amsih meh bareng.
kerkitu sora hape jody di sada ku Jody di angkat....
"naon???!!! restoran kahuruan...!!!! nu baleg....??!!!",ck jody maneh na diuk satengah ngabeubeutkeun awak na dina bangku RS diteuteup panasaran ku ical jng ceu Amsih.
"ical......resto beak ka duruk cal......",ck Jody.

H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan,25 october 2018

TEU _SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.14
Kengeng Andhyn

Buuuurrr.... !!! bensin di lentab ku seuneu tina korek gas anu di hurungkeun ku Ari,sangges ngabeubeula Ari jng Dindin gancang2 ninggalkeun Resto Jody anu mimiti kaduruk.

Dindin ngahegak kitu deui Ari tadi maneh na lalumpat dinu poek pikeun ngahindar bisi panggih jeng jelema,ti tempat maneh na anu teu jauh jng tempat na jody kaciri aya haseup nyambuang kalangit anu jadi beureum ku seuneu anu mimiti ngabe'be'la jelema mimiti rajol bari sing gorowok subuh anu suni robah jadi rame ku jelema anu sing jorowok,di jero kantor hotel Dindin jng Ari seuri atoh misi na hasil nyugemakeun.
"tos" cenah ari jng didin ngantelkeun leungeun lalaunan kalayan sugema.

Jody jng ical teu sempet ningali orok na Atikah dua nana cing baliur ka lokasi Restoran Wisata na teu nolih nanaon teu ngomong nanaon dua nana sibuk ku pikiran masing2,barang tepi ka resto na ical meh kapiuhan awak na leuleus nyaksian bangunan Resto na ker ngabebela ku seuneu sakedeng deui ga bakal beak,
Jody ngahuleng miraga meneng olohok bari satengah calangap maneh na asa ngimpi tempat usaha anu ker dirintis na kerdi lahap ku si jago merah,beungeut Jody ngadak2 pias maneh na diuk dina aspal jalan hareupeun resto na,ceurik jiga budak leutik bari sujud leungeun neunggeulan aspal....teu kabayang sa anggal na bakal kitu asa aya dina pangimpian.
"Ya Alloh kunaon ieu tumiba ka jimis abdi....kunaon ya Alloh....kunaooonnnn?!!",ck Jody bari nenggeulan jln aspal awak Jody nyuuh bangunan resto cingperepet kaduruk seuneu leleaban nyamber naon wae anu deket di lalab.

teu lila datang blanwir tapi da gs telat bangunan resto gs ampir rata jng taneuh puguhan angin anu gede atuh bangunan anu kaduruk teh gancang pisan beak na.
patugas maehan seuneu anu kari saeutik deui jul jol polisi ka TKP mere garis line tuluy nyampeurkeun ka Teddy jng ical anu ngarudupruk di jalan di bawa ka sisi ku petugas Teddy jng ical di beri cai mineral dina botol bari di tanya2 ngenaan kajadian anu tumiba ka tempat usaha na.
"pak haikal nju kajantenan bapa nju aya dimana?",cek anggota polisi
"nuju di rumah sakit pak,karyawati abdi bd ngalahirkeun
"pa haikal saha anu ngawitan masihan terang lamun tempat usaha bp kahuruan"ck petugas.
"karyawan abdi anu jaga pak...",ck ical leuleus.
saterus na petugas ngayakeun penyelidikan penyebab kebakaran.

Berita kahuruan tempat usaha Haikal jng Jody asup berita,loba anu simpati jng karunyaeun babaturan,sobat jng dulur2 haikal loba anu mere semangat,suport jng doa mugia cing kagentosan deui jng Alloh mere rencana anu leuwih alus pikeun kahirupan haikal jng jody.
mimiti namah haikal jng jody teu puguh cabak caricing we cing haruleng dua nana lamun teu kagareuwah keun ku video call na Atikah anu teu nyahoeun lamun tempat usaha na gs ancur kahuruan,
"paman.....paman jody sama paman haikal lagi apaa?",ck Atikah bari nembongkeun orok beureum anu kasep,beungeut na jiga pisan Teddy Jody.
Jody ngagurubug kakara inget lamun atikah jng indung na masih di TS,
"haaayyy dede bayi keponakan paman....maaf paman belum ke sana lagi....",ck Jody
"jody....kunaon mata kamu jiga tos ceurik?",ck Atikah ningali beungeut Jody.
"teu nanaon... kan begadang nungguan kamu dan dede bayi...",ck Jody ngabohong.buru2 ngusap2 mata na.
"mana paman ical....",ck Atikah masih ngadadah2keun leungeun orok anu kr ngagebra sare.
"ayaa...ke rada siang jody jng ical ka dinya...",ck jody.
saterus na Atikah mareman hape na bari pinuh ku tanda tanya aya naon sabener na,tara biasa na Jody jiga kitu.

gancang na carita Atikah gs balik ka imah ical di jemput ku jody di imah Atikah jng indung na di bere nyaho lamun tempat usaha resto wisata na aya anu ngaduruk,atuh Atikah jng indung na reuwas lain di kieu na.dua nana ngaheruk mikiran nasib anu tumiba ka maneh na,atikah teu apaleun yen kajadian eta teh cukang lantaran nana maneh na,heug lamun apal mah pasti Atikah bakal sedih pisan....
budak lalaki kasep teh dingaranan Muhammad al fatih menang ngaranan ical da Atikah nyerenkeun ka ical,mere kahormatan ka ical anu gs nulungan kulawarga maneh na,
kabungah anu kudu na eunreup ka Atikah jng Jody kalahka jadi kasedih,Jody muter uteuk kudu kumaha deui supaya usahana bangkit deui jng kudu usaha naon deui.

Jng ical kajadian eta di tafakuran teu berlarut2 teu lila2di jieun ka sedih maneh na kudu bangkit mimiti ngabadamikeun usaha naon deui anu kudu di jalan keun,ical boga insting lamun usaha resto wisata anu kamari lain kacilakaan tapi aya unsur kasengajaan maneh na memang teu nyaho saha2 na tapi maneh na mnding ngahindar tina usaha anu nimbulkeun batur sirik jng ngarasa kasaingan,maneh na jng Jody ker ngarancang deui usaha anu anyar tapi masih leube'ng usaha naon atuh nu kudu di jalanan keun ayeuna.

teu ereun2 ngadoa ical menta kanu maha kawasa menta pituduh kudu kumaha2 na,lamun jelema gs teu bisa mere solisi ieu kode lamun kudu menta solusi kanu maha pemberi solusi,kasaha deui?? ka Alloh...
namprak keun hiji leungeun pasti eleh ku namprakeun 2 leungeun,kitu deui haikal maneh na namprak keun dua leungeun na unggal usik dina sholat wajib jng sunat na neda jalan pikeun maneh na jng karyawan2 di handapeun maneh na anu ngagantungkeun hirup ku jalan ngilu usaha ka ical.
ical jelma sholeh anu sibuk mikiran karyawan2 na anu kaleungitan pacabakan,leungit na tempat usaha tapi teu leungit harepan jng sumangat pikeun maju.

pabeubeurang beres haikal duhha kirining hape na di sada buru2 di angkat bari no na teu apal ge,
"Assalamualaikum...kang ical...masih emut ka neng?",ck sora awewe dina hape.
"waalaikum sallaammm....keke saha nya? puntn akang hilap deui,sareng saha ieu?",ck haikal
"Ya Alloh....ieu Nisrina kang ninis....adik sepupu akang ...ninis nembe uih sakola ti turki kang...pasti hilap,tapi ninis kengen no akang ti Ua...saur na akang kengeng musibah nya..?",ck Nisrina adi sepupu Haikal.
"masha Alloh..neng ninis adi akang...lami atuda tara koling2,oohh tos uih ka indonesia deui nya...?",ck ical.
"kang ninis ka bumi akang nya ninis bade aya badantenkeuneun ka akang,kita bisnis di jalan Alloh yuuukkk?",ck Ninis
"hayuuuu sok ninis ka dieu alamat na ku akang di Gmap kn nya?",ck haikal bungah.
"okeehhh ninis OTW.....",ck Ninis bari nutup tlp.
ical langsung ngirim gogke map ka ninis.
Jody norojol ningali ical sura seuri sangges narima tlp,
"cieee kabohoh nya? meniii bungaahhh...",ck Jody bari ngasongkeun gelas kopi panas ka ical.
"lain joe ...adi sepupu anak na bibi fatimah anu sakola di kairo ayeuna gs lulus terus gs aya di indonesia deui,ngajak bisnis cenah...teuing bisnis naon tah budak teh...urang bandungan we sugan kahari ulang jabanin,sugan we petunjuk jng jalan ti Alloh jng urang jng nu lian na...",ck ical.
"alus atuh....",ck jody
teu butuh waktu lila mobil sedan bodas eureun hareupeun imah ical,jrut turun awewe geulis make hijab panjang ngagapuy turun tina mobil jiga bidadari turun ti kayangan kitu nu katempo ku jody harita,panon na molohok teu ngiceup2 ningali semah awewe anu nyampeurkeun ical jng maneh na anu ker diuk di hareupeun imah.
"nis....ninis ieu kamu....?",ck ical molohok nempo dulur na.
"nya saha atuh akang...? iihh mnijitu akang mah..",ck ninis bari sun tangan ka lanceuk na.
"kenal keun nis ieu sobat akang,jody....",ck haikal bari nunjuk ka jody.
ninis ngalipeutkn leungeun hareupeun dada na.. "Asalamualaikum...",ck ninis bari imut,jody gugup maneh na nembalan bari urupap-eureup eup.
"waalaikum sallam...."jodi nurutan ngalipe'tkn leungeun dina dada na.
"duuhh beda euy santri mah...judes tapi na jiga na..duh tapi geulis na ampun di luar batas maximal ieu mah...aduhhh naha jadi ratug kieu??",ck jody tapi ngan ukur dina hate.

ngobrol ngaler ngidul jng ninis,3an nana langsung akrab ninis anu jiga judes teh padahal mah bageut tapi pinuh ku wates,berwibawa,teu ngomong mun lain omongeun nana,sopan,beda pisan jng awewe jaman ayeuna.
"maksad ninis nyampeurkeun akang ninis bade nawisan kerja sama srng sakola anu ayeuna di kelola ku ninis kang....sakola berbasis Agama islam,ponpes modern anu sistem belajar na Al Quran sareng hadis,jdi kita memang mempelajari ilmu pengetahuan yg lain tapi setelah ilmu Al Quran,ninis tos banyak murid na tapi butuh tempat dan suasana yg baru,taahh kamari mendak wartos tempat akang kengeng musibah jadi ninis mau ngajuin kerja sama kita bangun lagi tempat akang,kita kelola bersama sekolah ninis,ninis butuh bantuan akang buat ngerekrut lagi karyawan karna kan klo ponpes para santri gk pulang ke rumah kang,makan sama keperluan lain nya akang yg tekel,gimana kang??",ck ninis melong ka ical.
"Alloh Huakbar......ieu gening jawaban ti anjeun...ya Alloh anjeun maha sampurna....",ck ical bari ngeclakeun cimata.
"jody....anjeun anu nyieun konsep tempat2 anu alus pikeun tempat belajar edukasi jng anak2,rencana kamu bikin sungai jang tempat renang para santri,urang nyieun wahana pelatihan memanah,berkuda....jiga sunah rosul...yen barudak kudu di ajarkeun 3olah raga eta,masha Alloh...ninis.....akang atoh pisan",ck ical bari nyekel leungeun Jody.
Jody ngan sa ukur bisa unggeuk da maneh namah sibuk ngeureunkn detak jantung anu ajol2an bangun anu hayang kaluar tina dada na heug nyangcang nisrina anu beungeut na teduh ngelehkeun cai anu aya di talaga.
"okeehh ke ninis langsung transfer uang kanggo biaya pembangunan saol na harus cepat2 kang,supados anak2 enggal ngalih ka tempat baru tos seuer calon santri anu daftar deui kang,...",ceng ninis sumanget.
"siiyyaaappp laksanakan....",ck ical.

H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan,28 october 2018



TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag 15
Kengeng Andhyn

Kondisi Teddy gs mendingan saminggu di RS di ofname stevi ngan ningali maneh na 2X,alesan nana euweuh anu ngurus kantor kasibukan stevi lewih ti nganter kasenangan diri na,
sore eta stevi janjian jng koko andri pelanggang na di hotel bintang 5,stevi anu lengger embung kaleungitan pelanggang jiga koko andri anu sok pesen partai gede ka pabrik.

sangges nungguan di loby hotel kira2 jam 9 peuting torojol koko Andri bari cungar cengir,
"hayu urang meeting beb....",ck koko andri bari nuntun Stevi.
"berkas pesanan barang na mana,di bawa gk?",ck stevi kasieunan.
"beres....lamun pelayanan memuaskan ke ditingkatkn deui pesanan na,hayuuu...!!",ck si koko bari leumpang asup ka kamar hotel anu gs di pesen tatadi.

dua nana gs di kamar koko andri anu gs tengah tuwuh langsung menta layanan ti stevi barter jng pesanan barang ti pabrik stevi,moal di caritakeun jalan na meeting na mah bisi di demo ku balita anu maca ieu dongeng,pokok na acara meet and greet hari ta sukses we.

jam 12 peuting stevi kakara kaluar ti kamar hotel bari mawa berkas pesanan ti si koko andri,sangges nganuhunkeun jng capaka cipiki di hareupeun hotel Stevi balik di jero sedan mewah na stevi seuri bungah,
"gampang geuning hayang menang untung gede teh,ngan modal awak bisa meunang ka untungan anu gede,stevi....stevi ...youare brilians",ck Stevi.

tepi imah gs sepi,sup ka kamar nyampak Teddy kr cineluk we dina tempat tidur jiganamah sangaja ngadagoan stevie,
"ti mana kakara balik jam sakieu?",ck Teddy.
"gs ketemu pelanggan ngalobi pesanan barang,anu tadi na pesan sa eutik di loby ku sy mah jadi pesan partai gede,yeuh tingali teu percaya mah...",ck Stevie nyombong bari ngasongkeun file2 pesanan koko  andri.
"oohhh tapi jadi ngantep salaki nya....kudu na ajak badami si mamih,ato kuring atuh salaki anjeun,lain ngalangkah sorangan we kan perusahaan teh milik sarerea lain anu kamu hungkul...",ck Teddy semu ambek.
"heeee lain ka dua nganuhunkeun loba pesanan ka pabrik urang teh lain kalah ka protes teu jeulas....",ck Stevie bari gubras gebris.
"nya ulah ngalengkah sorangan hargaan kuring salaki anjeun...ieu mah mni kalahka culculan ka salaki teh,sibuk sorangan....",ck Teddy.
"naon sihh kahayang na kamu teh? sieun kasaingan nya?",ck Stevie sinis.
"kamu iraha mere anak ka kuring,lamun sibuk wae iraha kamu hamil?",ck Teddy mamperkeun obrolan.
"aaahhh....ngaganggu karier budak teh...ke deui weh...can minat...",ck Stevie bari ngagoledag nukangan Teddy.
"truss tujuan rumah tangga jang naon lamun embung mere turunan,eleh ku si jody anu gs boga anak...!!",ck Teddy semu ngaleungis.
"naha atuh kamu lain kawin jng si atikah...kalah ka eleh ku sijody kamu na...!!",ck Stevie.
"heeee jiga na lamun kamu teu ngajebak akundi surabaya aku pasti ngawin si tika....lain kamu!!!",ck Teddy jadi emosi.
"bodo aahh gandenggg ngomong wae,lamun kamu aya kawani jug teangan si atikah kawin ku kamu pasti si tikah daek mere anak ka kamu saloba2 na.dasar orang kampung teu berpendidikan...!!!",ck Stevie embung eleh.
Teddy kekerot nahan ambek,maneh na gs embung kapapanjangan tuluy cengkat tina tempat tidur kaluar kamara tuluy muru kamar jody ngadon sare di dinya.

isuk keneh Teddy gs indit ka kantor kitu deui bu Astuti,stevie masih sare keneh kira2 jam 9an aya WA asup,bari kurucam keureuce'm muka Hape,
"pagi cantik...breakfast bareng yuukk..."WA ti Anto.
Stevie curinghak buru2 ngabales bari cungar cengir,
"maksi az ya...aku baru bangun tidur neehh...",ck Stevie
"ya udah nanti pas lunch az,nanti aku kirim Gmap nya ke kamu",ck Anto.
Stevie mandi tuluy menta sarapan ka bi Oneng gs kitu maneh na ngirimkn WA ka Teddy,
"aku tugas luar udah janji sma pelanggan mau lihat2 dulu produk pabrik kita,sakalian aku bawa penawaran nana",ck Stevie ngabohong.
"tapi pulang na langsung ngantor kan?",balesan ti Teddy.
"kumaha engke",ck Stevie.

jam 12 Stevie otw ka tempat anu di Gmapkn ku Anto si jajaka ganteng jng maskulin.
di kape tr kenal di Jakarta Stevie jng Anto makan siang,jiga budak ABG Stevie anu geulis jng boga beungeut geulis jadi pusat perhatian nyieun Anto bangga ngagandeng Stevie pamajikan batur.
"say...entar malam keluar yuukk...?",ck Anto.
"dek ngajak ka mana?",ck Stevie.
"jalan ka puncak yuuu,ngadem...",ck Anto bari melong ka Stevie.
"mmmmmhhhh gk janji too...",ck Stevie.
"come on....ayo lah....suntuk neee",ck Anto.
"oke dechh...tapi bawa mobil aku ayaa kamu ku aku di jemput ke di apartemen kamu...",ck Stevie bari muter otak ngabohong naon deui ke bebeja ka Teddy.

sanges paheut janji pasini jng Anto Stevie balik ka kantor Teddy ngaleret ku juru panon na ningali stevi anu acuh ka salaki nyieun Teddy geremet tapi teu bisa kumaha da eta jalan anu di cokot ku maneh na,lamun kr suntuk jng keuheul Teddy sok ras inget ka Atikah,hayang neangan Atikah maksimal nyaho Atikah kumaha2 na anak na gs segede kumaha rumah tangga na jng Jody ayem tengtrem teu...?
"aaaahhhh Tika......kuring sono.....",

peuting kira2 jam 8,Stevie pamit dk ngendong di indung na cenah sono mni ngadadak jng bangun anu rusuk,Teddy ngan bisa olohok teu bisa nyaram da apal adat Stevie...
Biur muru apartemen Anto anu gs nungguan di luar langsung muru ka Puncak nyewa villa,ngaguyer jng budak ngora bangun teu ngarasa dosa nganter nafsu abong2 ka anter ku dunya barana,dua nana teu mikirkeun akibat na jaganing pageto samaruk moal aya balitungan nana tinu kangungan kahirupa ieu nya eta Alloh ajja wajala.
isuk2 cing kuniang hudang stevie nempo hape na ari pek teh panggilan tak terjawab meni ngaderedet aya meren 11 X kabeh ti Jonathan,rada reuwas Stevie teh buru2 api2 ka luar tikamar maneh na ninggali Anto asup ka kamar mandi,
"halooo nathan aya naon??",ck Stevie.
"kamu di mana ayeuna,aku hayang panggih..?!!", ck jonathan.
"teu bisa....aku ker diluar kota aya anu kudu di urus...",ck stevie.
"haaallaaaa ngurus naon...ngurus lalaki kamu mah...awas we tingalikeun lamun wani2 berpaling ti aku....",ck Jonathan ngancam.
"sok ngacooo kamu mahhh...emang kamu pengangguran teu ngarasakeun neangan duit teh hese ngenah we tinggal namprak ka aku...",ck Stevie mulay ambek.
"hahahahhaa....emang....gampang kan ulah ribet lah hirup mah...",ck Jonathan.
"kamu nu ulah ribet aku anu dogdag neangan duit na,ges aahh aku dk meeting hla gs beurang..",ck Stevie bari maehan hape na.
ker kitu Anto kaluar ti kamar mandi,
"saha sayang....",ck anto bari nangkeup stevi ti tukang.
"biasa pelanggang menta di kirim barang",ck stevie teu euih2.
"minta lah sekali lagi sebelum pulang ...",ck anto bari ngudarkeun anduk anu meulit cangkeng na.
der we dua nana ngadamel video klip tentang sinetron kolosal episiode silih tonjok...
(puntn moal di benjer beaskeun kapok di blokir ku KPI hahaha)

*********************

"mamih....Jeny bade nginep di rumah temen Jeni nya sambil ngerjain tugas....",ck jeny dina hape.
"yaaa tapi hati2 nya sayang...tong kelayaban...",ck bu Astuti.
Jeny ngaluarkeun mobil na tuluy ngabiur ka imah Caroline babaturan kuliah na,
barang nepi gs aya babaturan anu sejen 3an bari cing calengir nyambut ka datangan Jeny.
"hayuuu siiaappp....",ck Jeny bari muka keun panto mobil na.
"siiiaaapppp atuuhhh....let's goo dugemmmm....!!",ck babaturan Jeny bari cing cirihil,ABG labil hungkul....
Biur mobil kaluar deui ti imah Caroline muru ka tempat dugem di daerah kelapa gading.

sangges tepi Jeny,Caloline,ages,jng miya arasup ka tempat dugem anu masih keneh lowong can pati rame,4an nana culang cileng neangan tempat,sangges menang meja anu kosong 4an nana dariuk bari angger puluhak polohok.
Jeny mah pangalaman munggaran maneh na ka tempat anu kitu teh bubuhan kabawa keun ku babaturan nana,mimiti daratang anu dk ngadon ajojing areundeuk2kn joged anu ngan ukur oyag2an sirah na.
tempat dugem anu poek tapi cing burinyay ku lampu disco anu singkaretip gonta ganti warna na.

burudul lalaki aya 4an marake baju kameja tangan panjang panampila maskulin awak anu stere'k ka urus ku latihan di gym karasep arasup bari luak lieuk neangan tempat,kusabab gs pinuh eta lalaki anu 4an teh narang tung bari awak na joget2,tempat na deket jng meja Jeny dkk barang ningali aya ABG eta lalaki cing taroel mere isyarat ka nu lian tungtung na mgadareketan oge ka Jeny jng Caroline terus karenalan anu akhir na gaabung we jadi sapasang ewang,
"kamu nama nya siapa tadi?",ck lalaki anu pang kasep na ka Jeny
"Jeny....!!",ck jeny
"siapa??"!!,ck lalaki teh bari ngadekeutkeun ceuli na kusabab gandeng ku musik dugem anu bebeledugan.
"j-e-n-y....!!",ck jeni semu ngagorowok ka eta lalaki.
"oohhh jeni ...aku Anto...anto luhur prasetyo...",cek eta lalaki bari angger we ungked2an joged ngilu irama musik anu ngondang pengunjung na jng joged.
"brisik yaaa ngobrol na urang di luar yuukkk di balkon...?!!",ck Anto bari ngagusur Jeny kaluar.
jeny nurut 2nana muru balkon lumayan music teh teu bebeledugan teuing.
"Jeny kamu cantik....",ck Anto.
"nuhunnn...",ck Jeny bari tungkul teu wani neuteup beungeut anto anu kasep.
"mau jadi pacar aku yaaa...",ck Anto kaciri playboy na teh.
"iiihhhh kakarage pendak...",ck jeny pipi na beureum bakat ku atoh.
"nya wios atuh da sieun ka piheulaan batur...soal na jeny na cantik na luaarrr biiaasaaaaa....",ck anto bari ngadeketkeun biwir na kanu ceuli jeny.
Jeny rada muringis muringkak sabululu da kakara maneh namah deukeut jng lalaki Anto anu gs pangalaman nyaho kalemahan Jeny.
"mening lanjut ka karoke yuukk bosen di dieu mah trlalu rame ...",ck Anto ngaluarkeun jurus munggaran.
Jeny teu nembalan maneh namah riweuh ngeureun keun ratug na jajantung anu asa ajol2an teu puguh di deukeutan ku lalaki ganteng jiga Anto.

H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan,27 october 2018







Komentar

  1. Salajeng na Teh, meni lami ayna mh di antosan teh.

    BalasHapus
  2. Kenapa ya teteg Andhyn ceritanya suka pd gantung gatamaat

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng sunda GIRIMIS KASORENAKEUNkengeng Andhyn

JERITAN TANPA SORA bag 6 sd 19

dongeng sunda HAREWOS TENGAH PEUTING (HTP)