Dongeng Sunda TEU SAENDAH IMPENAN
i#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.1
Kengeng Andhyn
"hapuntn kang....ikah aya anu nawisan damel di Jakarta",ck ikah bari ngeluk tungkul hareupeun bebende na.
"terus hubungan urang kumaha ...??",ck dindin bari ngaranggem ramo2 atikah.
"upami aya jodo tangtos urang bakal ngahiji kang,sadayana parantos aya anu ngatur",ck ikah
"hampura....hampura akang anu can mampu nyokot ikah...akang ge masih jadi tanggungan kolot ,lamun akang gs tamat kuliah tuluy di gawe akang jangji akang bakal ngawin ikah",ck Dindin bari ngusapan sirah atikah bebendena,sore anu hibar ku layung jadi saksi dua insan anu janji pasini.
Dindin anak bandar sapi ka itung anak jelema benghar bapa na haji Engkos kakoncara jelema lega tanah na lubak libuk harta benda na,sedengkeun ari atikah anak jelema teu boga,mang ihin bapa tere na Atikah tukang bangunan di proyek watek na kasohor galak jng judes boh ka anak tere boh ka tatangga,ka pamajikan ge teu sirik na ngan haok polotot wae.ceu amsih indung na Atikah sok buburuh ngarit jukut ka haji engkos komo lamun mang ihin ker teu gawe mah ceu amsih sok bari kuli nyeuseuh ka tatangga na.
"ma....ikah bisa moal gawe dinu beunghar?",ck ikah bari metikan buncis kerecekeun.
"haaarr nya pasti bisa atuh da ck bi oneng mah nyai di titah ngurus anak dunungan nana anu lumpuh...",ck indung na.
"sieun ma cenah di kota mah alat2 na ge serba listrik?tah ikah sieun teu bisa make na",ck ikah deui.
"kege di papatahan nyai ku bi oneng,bi oneng mah kn gs lila di gawe di kota tangtu ke ngabejaan ka nyai,gs tong loba kahariwang ayeunamah sing keyeng we mempeng aya kesempetan lumayan atuh jang jajan nyai we ulah mikiran ema jng adi2 anjeun...",ck indung na.
Atikah ngahuleng pageto maneh na bakal indit ka Jakarta di jemput ku bi oneng adi indung na,atikah bakal ninggalkeun lembur kalahiran nana,bakal ninggalkeun Dindin bebende na,adi2 na anu 3an anu ker meujeuh na hese.
Atikah boga lanceuk lalaki sabapa Yono ngarana ngan ti umur 15taun gs ngumbara ka Bandung di bawa Ua na anundagang hayam di pasar induk,cenah mah Yono ayeuna jadi supir Ua na lumayan eta ge sok ngiriman ka indung na tapi tara gede da maneh nage loba kabutuh jng hirup di Bandung.
ari bapa na kawin deui ka orang Cirebon basa adi na anyar di lahirkeun,nya indung na menta di pirak teu lila ngaranda na indung na kawin deui ka duda anak 2 tatangga kampung nyaeta mang ihin ti mang ihin boga anak 2,laleutik keneh atuh indung na boga anak teh 5 anu sabapa 3 anu lain bapa 2.
poe saptu biasa na mang ihin balik ti kota,adat mang ihin anu galak nyieun anak jng pamajikan nana kurang nyaman,ceu amsih ngaulaan salakina jiga ka raja dugdag degdeg nganjuk ngahutang heula ka warung jang dahar na mang ihin,beungeut anu jamotrot jadi pamandangan anu gs biasa jang ikah mah maneh na tara hayang nanya atawa di tanya ku bapa tere na.
"hirup makin beurat parabaneun loba duit makin hese di ala na kahayang teh ari gs gede mah ulah nyusahkeun kolot deui,di ajar neangan gawe lain ngahenen we di imah....jadi awewe teh kudu rapekan ulah eleh ku lalaki...",ck mang ihin bada gs beres dahar tiditunamahnyindiran ikah anak tere na.
ikah anu apal adat cicing we teu hayang nembal da percumah nembal oge eweuh manfaat na.
"kudu jiga batur atuh kuli ke gera mulang tarima ka kolot teh lain ngan jadi benalu we meakeun jatah adi2 ...",ck mang ihin makin nyelekit kana hate ikah,di tahan we ambek oge maneh na mereskeun urut dahar niat na dk di kumbahan ka pancuran,teuing pedah teu di waro na atuh wur teh cai urut kokobok dina rantang di banjurkeun kana beungeut ikah jaba dahar jeng sambel atuh panas kana panon ikah jaba ikah teu apal bakalndi seblok nepi ka aya anu ka inum sagala cai na,maneh na ngajerit bakat ku reuwas bari tuluy gigisik,ceu amsih ge reuwas seun buru2 muru anak na anu nyegruk di juru.
"ari akang ku naon jadi ambek2an ka budak,salah naon si nyai....",ck ceu amsih.
"aahh geuleuh ari di papatahan teu ngawaro teh....jiga anu ijid atuda ka aing teh...",ck mang ihin embung eleh.
"yeuh akang budak teh lain teu ngawaro justru lamun nembalan ke salah deuih jadi kudu kumaha ari si nyai?",ck ceu Amsih bari nyusutan beungeut ikah anu rancucud.
"sarua na siah pang melakeun wae sia mah nyaho kudu di warah boga anak teh lain jebrog ku jebrog na angger we nyusahkeun siah da di paraban mah kudu....",ck mang ihin ngadon terus we ngacapruk.
"lain pang melakeun akang...tapi.....",can ge beres ceu Amsih ngomong mang ihin nyampeurkeun jol kaprot2 we nampilingan ceu Amsih nepi ka ngajengkang ka tukang tina biwir na kaluar getih seger,atuh Atikah makin jejeritan ningali indung na di siksa kitu teh panon anu peurih teu di palire maneh na ngagabrug indung na anu nyangsaya dina ubin.
"ma...ema teu kunanaon ma...",ck ikah bari rumpa rampa ka indung na,gep di cekel ku indung na,
"teu nyai...ema teu kunanaon...",ck indung na bari nyusutan geutih ku samping na.
ari mang ihin sanggeus nyiksa pamajikan nana maneh na nalapung carangka anu eusina jukut atuh mancawura di dapur anu masih keneh ku taneuh ubin na can di pelur2acan.
indung jng anak patangkeup2 ceurik nyeungceurikan nasib anu tumiba kamaranehan nana.
mang ihin peuting harita eweuh balik ka imah,teuing kamana indit na batan mereduit ladang kuli ka pamajikan kalahka indit ngaleos teuing kamana,isuk pasosore atikah bakalan indit kuli ka Jakarta peuting harita Atikah ngahaja sare jeung indung na minangka nyacapkeun sono bakal papisah sanajan lain papisah satuluyna tapi pasti moal bisa panggih dina waktu anu rada lila.adi2 na anu 3an oge pagegeye sare dina kasur kapuk anu gs lepet ngan di amparan samak ngagelar di handap.
Umur atikah harita mangkat 18taun wanoja kermeujeuh na mekar lamun dina kembang mah,rupa anu geulis katambah pakulitan anu hejo carulang buuk anu galing muntang,mata anu cureuleuk di hias ku bulu mata anu carentik,irung anu mincinit di bareungan ku lambeuy anu ipis lamun gs dangdan mah ceuk saha we mojang ti desa,matak Dindin ka edanan oge jigana Atikah mah kembang na di desa pasir ipis mah,da baheula ge indung na ka asup kembang desa pada ngarebutkeun ku jajaka jaman harita.
tepi oge kana waktu papisah jng indung katut adi2 na,Atikah banjir cimata basa di jemput ku mang otang salakina bi Oneng,kana kolbak paragi iang sayuran ka cibitung leungeun na tuluy we gugupay ka indung jng adi2 na nepi ka mobil mengkol tuluy indung jng adi na leungit teu katempo deui,sirah na di tutupan ku kantong anu eusi na baju bari tuluy2an ceurik,mang otang karunyaeun ningali Atikah kitu teh,
"nyai...ges teu kudu di ceungceurikan...bae indung nyai mah da moal nanaon,ke di kota nyai bakal ka brangbangkeun ku pagawean nyai ke nyai bakal boga duit heug bisa mere ka indung nyai,ges...jep jep aahhh...",ck mang otang watireun ka Atikah.ngadenge kitu Atikah rada tenang maneh na ngabayangkeun lamun boga duit bakal bisa mantuan indung na supaya bisa hirup jiga batur ulah ripuh teuing jiga ayeuna.
teu kacatur di jalan na Atikah gs tepi ka imah anu kacida gede na sugan mah karaton we make gerbang anu jangkung jalan tingerbang nepi ka imah teh anya mereun 10 meter mah ngaliwatan taman anu kacida asri na make aya saung leutik anu di handapna balog eusi na lauk anu marahal,uluhak olohok Atikah basa di bawa ka dapur ku bi Oneng parabot anu modern meres harurung harerang,meja makan anu buleud tina batu marmer bodas nyacas eweuh kebul hiji2 acan,lampu we tina kristal ngagarantung nyieu serab ngempray ngelehkeun lampu taman kota.
"hayu nyai urang nyinghareup heula ka dunungan istri...",ck bi Oneng bari nuntun Atikah anu rumpad rempod.
sup ka tengah imah tambah olohok Atikah ningali parabot anu mewah kacida,tv anu sagede lomari gambar na cing juringkang,korsi anu arempuk tambah hiasan2kristal ngajajar dina lomari kaca anu ngagenclang.rada moyongkod Atikah leumpang na oge nincak keramik anu ngagenclang bisa di pake ngaca ku maneh na,
dina shopa calik istri tengah tuwuh kerngoprek hape dangdan menak make baju nage made in luar negri,bi Oneng ngajanteng gigireun dunungan nana bari rengkuh hormat di tukangeun nana Atikah nangtung semu ngadegdeg.
"juragan.....punten ieu anu bade damel tea tos dongkap',cek bi Oneng bari jempol na nunjuk ka Atikah,bu Astuti dunungan bi Oneng ngalieuk bari angger leungeun na ngoprek hape.
"oowwhhh saha ngaran na?",cenah bari kerung ningali budak geulis tukangeun pembantu na.
"Atikah gannn...",ck Bi Oneng.
"gs di bejakeun ku bibi pagawean na naon wae? jng gs di bejakeun adat2an si kaka....??",ck bu Astuti.
"padamelan nana mah atos di wartoskeun nanging adatna den Teddy mah ku bibi teu di saurkeun nden...",ck bi Oneng bari ngalieuk ka Atikah.
"aaeehh naha lain bejakeun....bejakeun we bisi reuwaseun bi...",ck bu Astuti.ker kitu aya anu gogorowokan ti kamar hareup lalaki bedas pisan,
"bibi......bibi....kuring hayang kaluar,dek ka taman buru geura kadieu pang dorongkeun roda na...",ck Teddy anak bu Astuti.
"tuuu bii sok sakalian bawa itu Atikah sina ngaulaan si kaka...",ck bu Astuti maneh namah gap deui we ngoprek hape.
bi Oneng ngajak Atikah muru ka kamar Teddy anu tadi gogorowokan barang nepi kasampak Teddy gs diuk dina korsi roda nyinghareup kana panto,barang bray panto muka Teddy langsung gantawang nyarekan bi Oneng,
"bibi...naon heula sih mni lila2 teuing?",cenah bari mesang beungeut galak,Atikah murungkut we di tukangen bi Oneng.
"aden....ieu bibi nyandak rencang anu enggal masih alo keneh bibi ti lembur janten ke aden di kaulaan ku ikah nya den...",ck bi oneng.
"sabodo lah nu penting yeuh kuring hayang ka luar ka gazebo buru gera dorong korsi na....!!!",ck Teddy bari neuteup teu suka ka bi Oneng.
"sok atuh nyi...tuh aden jajap ka gazebo...", ck bi Oneng.
"bi...biii...gazebo teh naon?",ck Atikah ka bi Oneng.ari anu nembalan Teddy bari angger we sesentak.
"haaaaaa mere pembantu jelema tolol,bodo,go***g deuih maneh mah bi...gancang anterkeun kuring ka gazebo atawa maneh di pecat ayeuna keneh...!!!",ck Teddy ka Atikah anu mikin rerempodan.
"maa...maaanng...ga den..",ck Atikah anu di surungkeun ku bi Oneng nitah ngadorong korsi roda Teddy.
"buruuuuu...!!!!",ck teddy ngagorowok,atuh Atikah gancang2 ngadorong korsi roda kaluar kamar,leungeun Atikah semu ngadegdeg jaba maneh na teu nyaho naon 'gazebo' teh asal kaluar we ti eta imah muru ka taman,sangges di taman korsi roda di dorong ka palebah kolam renang pamikir Atikah harita gazebo teh nya eta kolam renang,Teddy anu di dorong ku Atikah kekerot maneh na nitah eureun,
"stoooopppp....eureunnn...eureuuunnn dek kamana ieu...budak belegug dasar,bodo....!!",ck Teddy gogorowokan.reg eureun korsi roda teh Atikah ngahegak tanda na cape gs ngadorong Teddy jba tadi teh rurusuhan semu lumpat ngadorong na oge.
"maneh...kadieu...!!!",ck Teddy nitah Atikah kahareupeun nana,Atikah nyampeurkeun Teddy nangtung pas hareupeun pisan Teddy teu antaparah Atikah di suntrungkeun ka kolam renang gigireun korsi roda atuh gujubar Atikah tigujubar maneh na roroesan sidik teu bisa ngojay kelelep pucunghul deui...kelelep deui leungeun na kaluhur menta tulung gs rea cai anu ka inum panon na burial buncelik Atikah pasrah hate na ngadoa menta pitulung anging ka Gusti Alloh anu ngusikeun jng malikeun mata na peureum kabayang indung na gugupay jng adi2 na,les.....teu inget di bumi alam.....
teu saendah impenan kengen andhyn
balik papan,13 october 2018
#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.2
Kengeng Andhyn
Teddy olohok maneh nage jiga na reuwas ningali Atikah gs ngambang dina balong beungeut Teddy soak.
"gujubarrrrrr.....lalaki anu sarua pangawakan jng beungeut na jng Teddy ngajleng kana kolam masih keneh make baju lengkap, giriwil Atikah di bawa kaluhur kolam awak na leuleus jiga gs eweuh nyawaan,eta lalaki teh mompa dada Atikah bari ngitung,1,2,3,4 nepi ka 10,gs kitu mencet irung Atikah mere napas buatan kana baham Atikah,sakali ....dua kali teu aya hasil ka tilu kali Atikah batuk golokgok kaluar cai tina baham na,hing we ceurik....
"Ka....lamun sampe awewe ieu maot,kaka bakal di penjara...kaka gs ngaleungitkeun nyawa batur ka....",ck lalaki anu baraseuh baju na,eta lalaki anu sarupa jng Teddy teh adi kembar na ngaran na Joedy,dua nana karasep garagah hanyakal ari Teddy mah cacad,kembar identik maranehanana teh teu di piceun sasieur.
Teddy masih jamotrot baed aya rasa teu suka kanu jadi adi na,
"ka...lamun tadi ade teu ngalangkung ka dieu sepersekian detik deui ieu budak awewe pasti maot ka....",cek joedy bari melong ka nujadi lanceuk na anu teu lemek teu nyarek,hatenamah reuwas ngan api2 teu paduli we kanu jadi adi na.
"ges gandeng lah de....bawa kaditu eta awewe na tong ceramah wae lah...",ck Teddy malik teu suka di papatahan teh.
Joedy ngangkat awak Atikah anu kerceurik menang karewas keneh,baju na anu baseuh neplak nyetak awak na anu kermeujeuh na sumengkeul.
Jodie rada nyeak awak na ningali pinareup anu ngalangkang kahalangan ku BH tapi masih kaciri teplakan nana,pas buuk na anu panjang di singraykeun geulis geuning budak teh cek Joerdy bari neuteup Atikah,
"nami teh saha?",ck Joerdy bari neuteup Atikah.
"Atikah den...",ck Atikah bari tungkul cipanon na murubut teu kabendung.
"hayu gentos heula acuk na bisi lebet angin",ck Joedy bari nangtung ngasongkeun leungeun na sabeulah sangkan Atikah cengkat,asa2 Atikah nampanan leungeun tuluy maneh na nangtung bari mucicid maneh na leumpang muru ka dapur di tuturkeun ku Joedy.
tepi dapur bi oneng reuwas ningali alo na bareseuh teh buru2 muru ka Atikah,bari hariweusweus...
"nyai....teu kunaon nyai...?",ck bi Oneng.
Atikah teu nembalan cipanon murubut laluncatan maseuhan pipi na,
"sok salin heula nyai ke kadieu deui ku bibi ke di pangnyieunkn teh manis panas",ck bi Oneng hariwang.
"bere susu coklat bi meh teu shock teuing",ck Joedy anu nuturkeun Atikah ti tukangeun nana,
"muhun mangga den...",ck bi Oneng bari langsung ngaleos ninyuh susu coklat panas jang Atikah.
Ari Atikah ngaleos ka kamar na sedih hate na kakara ge datang gs manggih kareuwas untung di tulungan ku Jody da lamun teu di tulungan mah duka kumaha paling tinggal balik ngaran meureun.
beres salin ku baju garing Atikah nyampeurkeun deui ka dapur kasampak Jody aya keneh jiga anu ngadagoan maneh na kernginum kopi jiga namah.
"sok minum heula tah ....",ck Jody bari nunjuk kana gelas susu coklat anu masih keneh ngebul.
Atikah dieuk tuluy ngaregot susu coklat panas meuni ngenah ngageleser ngahaneutan tikoro jng padaharan nana,saumur2 kakara manggih inuman model kitu,ck Atikah noroweco dina jero hate na.
"hampura nya lanceuk kuring tadi ...tong pundung mudah2an kemah robah adat na si kaka teh...",ck Jody bari jung nangtung,samemeh indit nepak heula tak2 Atikah lalaunan anu kr tungkul teu wani neuteup ka dunungan nana.
"nyi sampeurkeun deui gan Teddy ayeunamah moal wanieun kasar deui ka nyai jiga na tdi ge maneh na reuwaseun...jig kaituh bari bawa ieu susu kedelai karesep gan Teddy...",ck bi Oneng.
Atikah nyampeurkeun deui Teddy anu gs aya di gazebo maneh na ngasongkeun susu kedelai ka Teddy,ku Teddy di tampanan beungeut na angger judes ngan teu hohoak deui jiga tadi,rada kapokeun meureun.
Atikah nangtung tukangeun Teddy nungguan parentah dunungan nana anu kerngahuleng we neuteup lauk2 anu cing gujibeg dina balong leutik handapeun gazebo.
Peuting munggaran di imah dunungan nana Atikah ngobrol keneh di kamar bi Oneng,
"nyai....sabener na den Teddy teh bageur ngan ti saprak kacilakaan mobil jng bapa na maneh na jadi lumpuh,bapa na maot sedengkeun adinamah harita teh teu ngilu,tah ti harita den Teddy jadi amuk2an wae sapopoe nguyung we di kamar embung nuluykeun kuliah embung kaluar jalan2 nya kitu nyai ngerem maneh we di imah,paling ti kamar teh ka gazebo ngahuleng we di gazebo...",ck bi Oneng.
"ari rayi na den jody naha teu ngiring harita teh bi?'',ck Atikah panasaran.
"nyaeta kudu kitu weh harita den jody sabener na dek ngilu tapi ngadak2 nyeri patuangan ka cI wae,atuh ngan den Teddy we hungkul anu ngilu teh... ",ck bi oneng deui.
"baheula teh den Teddy gs boga papacangan ngan ti saprak lumpuh papacangan Den Teddy anu namina sophie ninggalkeun maneh na,jadi we den Teddy tambah2 amuk2 an wae, ari den Jody kalakuan nana abong2 ganteng gawe na gunta ganti awewe pelboi kitu ngaran nateh?",ck bi oneng di tungtungan ku seuri.
"kaituh gera sare aahh isuk hudang kudu subuh keneh nyai...",ck bi oneng mungkas obrolan nana.
bi Oneng ngaleos ka kamar maneh na ari Atikah ngagoledag dina tempat sare na,saumur2 kakara maneh na sare dina kasur empuk make ranjang boga lomari sorangan,kamar sorangan biasa namah sare pagegeye jng adi2 na baju ge cukup make tolombong jng da teu loba ieuh baju2 na aya meren boga 4 setel mah bari jeung baju menang merean ti batur,panon na neuteup lalangit kamar Atikah inget deui kajadian tadi basa di suntrung keun ku Teddy kana kolam renang tuluy maneh na aya anu nulungan karasa asa aya biwir anu antel kana biwir na mere nafas buatan,jody kitu da tadi sarua papakean jody ge baraseuh brarti anu nulungan maneh nateh bener Jody.kabayang deui Jody anu ngadeketan beungeut maneh na,aaaahhh jody mudah2an anjeun mah bageur kitu ck fikiran Atikah.
isuk keneh Atikah gs ka kamar Teddy da di titah ku bi Oneng beberesih kamar Teddy,sangges beres beberesih Atikah diuk nungguan Teddy hudang,teu lila Teddy hudang maneh na ningali Atikah diuk dina korsi bari luak lieuk nitenan kamar Teddy anu serba mewah.
"heeeee...kadieukeun eta korsi roda....!!!",ck Teddy bari sesentak.
Atikah reuwas buru2 maneh na nyokot korsi roda tuluy ngadeketkeun kana tempat sare Teddy.
Teddy ngarayap tuluy turun pindah kana korsi roda na gs kitu maneh na menta di di dorong ka kamar mandi anu aya di kamar na keneh,sup ka kamar mandi anu sarua lega na jng kamar sare sareungit pewangi,Atikah luak lieuk bari ngadorong korsi roda na,
"heee kaditu kaluar maneh dek ningali urang mandi?? ke lamun gs beres ku kuring di geroan,kadituh kaluar..!!", ck Teddy teu weleh seseuntak we,
Atikah teu nembalan maneh na buru2 kaluar kamar mandi tuluy ngajanteng hareupeun panto kamar mandi.
Teu lila Teddy gegeroan ngagentraan Atikah buru2 Atikah nyampeurkeun ka jero,Teddy gs mandi gs salin baju sagala ayeuna awak na beuresih sareungit seger katempo na teh ngan angger we jamotrot beungeut na kuraweud hasem.
"ka ruang makan...!!",parentah Teddy ku Atikah di gugu tanpa ngomong nanaon,emang adat Atikah kitu tara rea omong maneh na milih cicing tanpa nembal nanaon.
di ruang makan gs nyampak bu Astuti,Jodie jng budak awewe pantaran Atikah,Jeny ngaran na budak geulis amis budi barang ningali Atikah langsung ngagerewek ka Atikah,
"haaaaiiii....kamu babby sister baru nya?saha ngaran anjeun??asiikkk mamih Jeny punya temen baru atuh,ke lamun si kaka teu butuh kamu...kamu main jng aku nya...",ck Jeny noroweco kabiasaan ABG anu ceria jba Jeny mah teu sombong,Atikah ngan manggut we bari angger nangtung tukangeng korsi roda Teddy.
"heeiii kadieu duduk deket aku....",ck Jeny bari gugupay ka Atikah anu kalahka ngarempod.
"teu kedah nden...wios di dieu we..", ck Atikah bari rengkuh.
"iiihhh ka dieu cepet ayooo kita kn blm kenalan...",ck Jeny maksa,bu Astuti mere isyarat ka Atikah sangkan nurut ka Jeny atuh Atikah nyampeurkeun Jeny,
Jeny ngasongkeun leungeun bari pok na,"jeny".
"Atikah...",ck Atikah bari era2.
"jiga na kita seumuran nya..? tapi kunaon kamu teu sakola?? lebar iihh cantik2 gk sekolah kalah ka kerja ...",ck Jeny bari neuteup Atikah anu tungkul.
"sssstttt Jeny...ayo makan heula lain ngoceh wae..",ck bu Astuti ka Jeny.jep Jeny ereun langsung dahar nasi goreng anu gs di sadiakeun ku bi Oneng kitu deui Atikah di pang ngalaskeun diuk ngariung jng kulawarga bu Astuti.
Beres sarapan salerea bubar Bu Astuti ka kantor,Jody ka kampus,Jeny mah ka sakola sedengkeun Teddy menta di anterkeun ka taman dek ngadon moyan.ku Atikah di dorong korsi roda na ka taman tanpa ngomong nanaon.
kermeujeuh na haneut moyan Teddy diuk bari babatek awak na sedengkeun Atikah nangtung tukangeng Teddy salila lila Teddy moyan Atikah ngadeg tukangeng nana teu kecet2 teu di tanya bahkan di anggap euweuh ku Teddy mah.
kira2 jam 10 Teddy menta di anterkeun ka kamar na,ku Atikah di dorong di bawa asup ka kamar Teddy sangges naek kana tempat tidur Teddy sare di simbutan ku Atikah.
Gs saminggu Atikah di gawe di tempat na bu Astuti betah teu beutah gawe na memang teu beurat piraning ngadodorong Teddy mere obat nu kudu di dahar ku Teddy jng nurut naon wae anu di parentah ku Teddy.
isuk2 Jeny gs ribut maneh na kabeneran pere sakola persiapan ujian biasa we maneh namah budak ceria sagala di omongkeun sagala di koment,di meja makan maneh na gs biasa hayang diuk teh deket jng Atikah.
"tika ai kamu di tingali teh baju na eta deui eta deui mun ku aku di bere baju kamu daek teu?",ck Jeny bari ngahuapkeun sarapan nana.
"aaahhh isin neng....",ck Atikah.
"isin...isinnn...mamih baju aku anu udh gk up to that jng Tika nya?",ck Jeny ka indung na.
"what ever lah Jen...",ck bu Astuti.
"eeehhh Tika lamun si Kaka tidur siang kamu ka kamar aku nya ...?",ck Jeny
"mmmmuuuhhhuunnn neng...",ck Atikah gugup campur atoh.
saperti biasa jam 10 Teddy sare Atikah buru2 ka kamar Jeny,nyampak Jeny ker ngawut2 lomari na anu pinuh ku baju barang asup Atikah mni olohok ningali barang2 Jeny ku Jeny Atikah di gusur tuluy titah nyoba an baju2 aralus aya meren salomarieun kabeh pas di awak Atikah,Jeny meni atoh pake keprok sagala ningali Atikah make baju2 timaneh nateh,
"baju anu kamari piceun Tika,yeuh sapatuna aya 5 pake ku kamu sendal aya 5 oge terus kantong2 tas tangan aku anu gs teu di pake ku aku,kabeh di beli di luar negri tapi....aya anu kurang...mmmmhhh naon nya...?",ck Jeny bari neuteup beungeut Atikah.
"i know that...,"ck Jeny bari nitah Atikah diuk dina korsi deket meja rias,teu talangke beungeut Atikah di make up an ku Jeny buuk na di sisiran make bondu Jeny meni ngajerit,
"tikaa....kamu jiga Ayana jihyae....artis korea tea.....amajing....",ck Jeny bari olohok ningali parubahan Atikah.ker kitu Jody ngaliwat ka kamar Jeny ngadenge aya ribut2 maneh na ngelol tina panto barang ningali Atikah Jody meni olohok,ku Jeny di betot leungeun na di titah asup maksud na di titah mere komentar kana hasil karya na nga make up an Atikah,
"kak joe kumaha penampilan Tika ayeuna?",ck Jeny panon na hurung bakat ku atoh.
Atikah tungkul asa era meren pada nareuteup kitu teh...
Jody muji kageulisan Atikah anu alami di tunjang ku kulit anu hejo carulang.
"inilaaahhh Ayana Jihae nya indonesia....", ck Jeny bari keprok.
"mmmhhhh....yayayyaa...mirip lahh....",ck Jody hate na jadi teu puguh rasa,
"waahhh bahaya yeuh pembantu si Teddy jdi geulis kieu mah....mmmmmhhhh",ck Jody dina hate na.
ker kitu ti kamar Teddy gegeroan Atikah langsung lumpat muru ka kamar Teddy barang pa adu teuteup Teddy mencrong teu ngiceup2 takjub ningali parobahan Atikah,
"korsi roda kadieukeun....",ck Teddy jantung na jadi ratug teu puguh ningali Atikah make baju anu mantes pisan di awak na ck saha we gadis kampung,Atikah buru2 ngasongkeun korsi roda tanpa ngomong tanpa ekspresi nanaon saperti biasa.
Teddy ret deui ret deui maneh na maling2 neuteup Atikah anu langsung robah geulis na alami make baju ngota jiga budak kuliahan,Teddy sibuk ngatur ratug jantung na tapi pura2 we teu nembongkeun takjub na,kerkitu Jeny asup ka kamar na,
"Tika....hehehhee...kakak...si tika geulis nya jiga Ayana....?",ck Jeny meuni keukeuh.
"hhhhhhmmmmm.....",ck Teddy angger jutek ka adi na ge.
"tadi kak jody sampe molotot lho lihat na....takjub dia sama Tika....ya tik?",ck Jeny bari diuk dina tempat sare lanceuk na.
Teddy ngadenge Jody kitu hate na ngadak2 nyeak panas maneh na maling neuteup ka Atikah anu ker ngobrol jng adi na seak...seak....getih na asa ngagolak Teddy heran naha jadi hayang neuteup wae Atikah anu robah jadi bidadari.
Teddy gelisah maneh na asa teu rela lamun Atikah di taksir oge ku Jody si play boy urakan,kitu fikir Teddy dina hate na.
peuting na Teddy gelisah sare ge asa teu tibra hayang gera isuk we hayang gera ningali deui Atikah gadis kampung anu salila ieu di anggap eweuh ku maneh na,ayeuna beungeut na asa ucang ucangan dina mata na mni hese leupas tungtung na Teddy guling gasahan maneh na nyaho jam sabaraha jam sabara na peuting eta, kesang na nyorolok awak na bulak balik ges kitu gs kieu tungtung na jam 4subuh kakara Teddy bisa sare.
gs beurang tapi Teddy can hudang keneh,Atikah gs lieuk deui lieuk deui nempoan kanu kr sare tibra,tara biasa na Teddy can hudang kajurung ku hariwang atikah nyampeurkeun Teddy tuluy lalaunan leungeun na ngahudangkeun Teddy taktak Teddy di tepakan lalaunan,
"gan....gan...geura gugah tos siang....",ck Atikah.
Teddy beunta di hareupeun na Atikah nangtung beungeut na anu geulis kakara sidik biasa na maneh na tara hayang ningali Atikah,belenyeh seuri leungeun na di rekepkeun ka luhur jiga anu nguliat,
"Tika.....wilujeng enjing....",ck Teddy,Atikah olohok ker ngimpi kitu dunungan nana teh maneh na teu nembalan tapi buru2 ngadeukeutkn korsi roda na kana tempat tidur.
"Tika....poe ieu kuring hayang sarapan di kamar bejakeun ka bi oneng siapkeun kitu baturan nya ku kamu",ck Teddy bari imut,Atikah teu ngajawab maneh na ngaleos indit ka dapur ngabejaan bi oneng nitah nyiapkeun sarapan jang Teddy di kamar.
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan,14 oktober 2018
#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.3
Kengeng Andhyn
Sabener na Teddy budak bageur saencan kacilakaan maneh na sarua jiga remaja2 sejen na Teddy boga kabogoh ngaran na Sophie ngan basa kanyahoan Teddy cacad Sophie ninggalkeun Teddy aya beja malah Sophie bobogohan jng Anggara sobat na Teddy.
tisaprak bapa na maot jng maneh na cacad Teddy jadi jelema anu gede ambek,
Dua taun katukang Teddy di ajak ku bapana ka barber shop dek potong rambut harita bapa na ngajak Jody tapi jody kalahkan nyeri beuteung tungtung na bapa na ngajak Teddy anu harita kermaen Game,Teddy teu nyangka poe eta panungtungan maneh na panggih jbg Bapa na dina mobil samemeh mobil na di tabrak ku truck anu rem na los bapa na kermapatahan Teddy jiga terus rasa bapa na nitipkn indung jng adi2 na,suku teddy kagencet ku mobil anu ringsek di gigireun nana bapa na pejet awak na kulantaran katabrak satarik na ku treuk tea.
2taun Teddy lumpuh leungeun na oge teu sanggup ngangkat anu beurat ck dr aya saraf anu melemah kulantaran benturan keras,ti dinya Teddy jadi temperamental teuing kunaon aya dendam ka jody anu kudu na Jody anu indit ari ieu kalahkah maneh na.
Teddy makin ceuceub komo nyaksian Jody anu gunta ganti wae awewe jaba gareulis kabogoh2 na teh.
******************
Bi Oneng nganteran sarapan ka kamar Teddy di tukangen nana ngiclik Atikah bari mawa susu kedelai karesep Teddy,
"naha ngan sapiring bi?? teddy hoyong sarapan di rencangan ku Tika",ck Teddy
"duka atuh den taroskeun we ka Atikah....",ck bi Oneng bari ngalieuk ka Atikah anu paroman nana datar.
"di dieu mah ngaran na jadi 'Tika' bi ...Atikah mah jiga ngaran ema2...",ck Teddy bari seuri,bi Oneng olohok 2taun bi Oneng taraningali dunungan nana seuri ari ayeuna?? boa2??
"nyai sok rencangan den Teddy sarapan...",ck bi Oneng tapi Atikah gideg.
"eehhh budak teh hayoo baturan ke ku bibi di pangnyokotkn sangu ngoreng na kadieu..",ck bi oneng bari ngaleos nyokot sangu kana piring,buru2 asup ka kamar Teddy bari mawa sangu jng cai na,
"sok kadinyah nyai rencangan aden...kitu nateh bari mikeun sangu ka Atikah anu masih ngajanten gigireun tempat sare,ku bi oneng di asongan korsi tuluy di titah diuk nyinghareupan Teddy anu sarua ker dahar di tempat sarena,
sabener na Atikah haroream ngan di paksa ku bibi na jadi we nurut sanajan sangu goreng teh ngan di aduk2 we ku sendok bari tungkul,
Teddy dahar na sumanget di hareupeun nana Atikah anu gs di robah ku Jeny jadi artis korea,di bajuan jeng di papatahan dangdan matak kalinglap anu ningali.anu dua an di tinggalkeun ku bi Oneng tapi dua nana ngabaretem eweuh piobroleun bangun nateh,padahal dina jero hate na Teddy galecok hayang sagala di tanyakeun ka Atikah,
beres dahar Teddy menta di bawa kaluar ku Atikah,di dorong muru ka gazebo tempat favorit Teddy sangges Tepi Teddy nitah diuk ka Atikah dina shopa hareupeun maneh na,Atikah nurut teu loba ngomong maneh na diuk bari tungkul teu hayang melong jelema anu pernah nyilakakeun maneh na,
"Tika ...kuring menang nanya teu?",ck Teddy
Atikah ngan ukur unggeuk.
"ai kamu naha teu nuluykeun sakola?",ck Teddy
"teu aya biaya den....",ck Atikah nembalan laun pisan.
"aaaahhh ulah nyebut 'den atuhh...Teddy wehh",ck Teddy
"teu sawios den....aden kan majikan abdi",ck Atikah.
"nyaaa karna kuring majikan....kuring embung di sebut aden....cukup Teddy weh...",ceknTedy.
Atikah cicing teu nembalan.
"nepi kamana sakola teh...?",ck Tedy.
"SD den....",ck Atikah.
"oooooohhhhh.....",ck Teddy
"daek teu lamun sakola deui?",ck Teddy.
Atikah gideg
"naha...",ck Teddy.
"duka....",ck Atikah
"eeehh sok teu puguh....",ck Teddy.
"boga hape teu?",ck Teddy
Atikah gideg
"yeuh nu aku pake....ke no na urang meuli anu anyar",ck Teddy.
"teu kedah den...teu kedah...abdi teu tiasa nganggo na...",cek Atikah bari gigideg.
"eeehhh ke di ajarkeun ku aku sok tah pokok na pake parigi aku lamun butuh kamu....",ck Teddy negtreg.Atikah ngan ngahuleng we teu puguh rarasaan.
Sore anu hibar ku layung panon poe gs teu pati nembongkeun ka gagahan nana angin anu ngahiliwir leutik nebak kana dangdaunan,harita Atikah diuk sorangan di taman kabeneran Teddy ker sare beurang,rentang2 datang motor gede Atikah merhatikeun singhoreng anu datang teh Jody sangges muka helm Jody ngadeketan Atikah bari sura seuri.
"heeiii kernaon ngalamun sorangan di taman,inget ka kabogoh na di kampung nyaaaa??",ck Jody nyieun pipi Atikah beureum.
"iihhh saha??",ck Atikah bari tungkul.
"cieee cieee bener kan tuuu pipi na sampe beureum....kangen kabogoh nyaaaa?",ck Jody bari seuri,Atikah makin tungkul.
"naonn iihh adeenn...",ck Atikah bari ngabalieur,Jody diuk di gigireun Atikah anu babalieuran asa era di deukeutan ku dunungan nana teh.
"den puntn calik na ulah caket teuing bilih katinggal kunu sanes..",ck Atikah ngageser diuk na ngajauhan Jody tapi unggal ngageser Jody ge ngilu ngageser bari angger sura seuri.
"adeennn iihhhh....",ck Atikah maneh na gs mentok teu bisa deui ngageser diuk na atuh Jody antel kana awakna,
"naon sih udan aden wehh Jody kituh...",ck Jody api2 ngambek,
"muhun aden tapi calik na palih ditu isin den...",ck Atikah mimiti ratug jantung na.
"sakali deui nyebut aden...dicium keehh",ck Jody ngancam.
"tapi den...",ck Atikah maneh na teu kebat biwir na di tutup ku leungeun na.
"tuuu nyebut aden.... hiji cenah...sok aden kituh ke dicium nya-an lain heureuy",ck Jody bari beungeut na ngadeketan beungeut Atikah.
Atikah reuwas kabina2 maneh na siap ngejat dek indit ti taman tapi ku jody leungeun na di cekelan atuh Atikah diuk deui,
"sokkk aden kitu....",ck Jody Atikah tungkul bari peureum ti pepereket bangun anu sieun.
"wiooss aah da kantos nyium bibir na basa di kolam...tos nyepeng dada na....hahhahaa",ck Jody bari ngabarakatak,Atikah reeyy beungeut na geuneuk jiga beusi atah beuleum nahan era maneh na nangtung tuluy ninggalkeun Jody anu kerseuseurian.
sup Atikah ka kamar na jantung na ratug tutunggulan maneh na era kacida ku Jody,Atikah nyarande dina panto bari ngahegak maneh nage masih inget basa harita anu nulungan maneh nateh Jody,hawar2 kadenge Teddy gegeroan buru2 maneh na lumpat muru kamar Teddy,pas gs di jero kamar Teddy ngasongkeun hape ka Atikah,
"Tika yeuh hape jang kamu supaya lamun aku aya perlu teu kudu gogorowokan jiga tadi...",ck Teddy,Atikah gigideug maksud namah embung narima hape ti Teddy,
"Tika lamun kamu embung narima hape ieu kapaksa kamu ku aku di pecat,daa aku embung tiap aku butuh kudu gogorowan,sookk dk di cokot atawa dk di pecat?!!",ck Teddy ngancam
Atikah beuki bingung tungtung na hape teh di tampanan bari beungeut bingung.
"kadieu diuk deket aku....",ck Teddy nitah Atikah deket jng maneh na.
Atikah teu nembalan tapi maneh na ngadeukeutan Teddy.
"sok ku aku di ajarkeun cara make na,kamu bisa maca kan?",ck Jody
Atikah ngan saukur unggeuk teu lemek teu nyarek maneh na diuk hareupeun Teddy.
Teddy mapatahan cara make hape ka Atikah leuleuy sabar pisan jauh jng Teddy anu kamari2,ngomong nage lemah lembut teu jiga basa Atikah barang datang.
Atikah ngadengeken Teddy nerangkeun carana make hape,malah mah ku Teddy Atikah di pangnyieun keun akun FB di ajarkeun nyieun stt,cara2 na nga WA jng rea deui,ti dinya hate Atikah mimiti kabuka deui nu tadi na sieun jng dingin ka Teddy lila2maneh na mimiti aya sora an sok pirajeuneun nanyakeun ieu kumaha ieu kernaon,
Teddy atoh kacida aya kuncup2 harepan mimiti minuhan jero dada na.
peuting kira2 jam 9 Di kamar na Atikah masih nguyek2 curuk na noelan hape menang mere Teddy meni anteng,poho nanaon pitunduheun ge teu aya,kerkitu layar hape na aya ngaran Teddy nlp maneh na,
"haloo Tika...tos tiasa?",ck Teddy dina hape
''aaaa...aatos den...",ck Atikah asa era.
"tong nyebat aden atuh...Aa we kituh..",ck Teddy deui.
"mmuu...muuhuun A...",ck Atikah deui.
"kedap Aa teu tiasa bobo ayeuna ngalih ka VC nya?",ck Teddy reup hape teh pareum,Atikah bi gung naha make pareum ceunah hape na jng VC teh naon deuih fikir Atikah,ker kitu hape na di sada.deui barang di tingali aya beungeut maneh na dina hape teh di toel we anu buleud hejo jol brayy we beungeut Teddy anu ker seuri ka maneh na,ngadak2Atikah era parada jaba maneh na make baju tidur tengtop pang mere ti Jeny.
ti kamar na Teddy ge ngadak2 nyeak jajantung na ningali awak Atikah make baju tidur,
"aaeehhh gening aing teh normal keneh",ck Teddy bari ngarampa jero calana na anu kahalangan ku simbut padahal sukunamah teu bisa di gerakeun ari si "otong" na gening giras keneh,
jol breehh we harepan hirup narembongan anu tadi na gs putus harepan kiwari Teddy manggih deui sumangat hirup,salila ngobrol dina hape jng Atikah liwat VC Teddy sumringah jng Atikah ge ayeunamah teu kaku deui,gs bisa di ajak heureuy nepi ka bisa seuseurian sagala,Teddy teu ereun2 ngabodor,teu karasa nu ngobrol nepi ka jam 2 peuting kaciri Atikah gs heuay wae,
"tika...tos tunduh nya...?",ck Teddy.
Atikah ngan imut bari mereleuk heay...
"sok atuh gera bobo....",ckTeddy.
"muhun...tapi tutup tlp na...?",ck Atikah.
"iiihhh teu kedah Aa hoyong ninggal Tika bobo...",ck Teddy bari imut.
"iyeyy alimm aah isin...",ck Atikah.
"aaahh wios wee,sok gera bobo...Aa ninggal ti dieu...tong di pareuman hape na...awas mun di pareuman...",ck Teddy.
Atikah da tara tuman begadang maneh na ngagoler bari angger we hape mah hurung,maneh na mimiti peureum bari nyinghareup kana hape,
di kamar na Teddy nahan nafas ningali Atikah ngagoler teh beungeut na anu geulis nambahan ngahudang birahi Teddy....hawar2 kadenge sora Teddy,
"sayang....Tika sayang.....Aa nyaah ka Tika...",ck Teddy.
Asa ngimpi Atikah ngadenge Teddy teh tapi da gs aya di alam impian harita mah Atikah teh,malah mah Atikah ngimpi ker silih udag di taman jng Teddy jiga dina film india.
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan,15 Oktober 2018
#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.4
Kengeng Andhyn
"mamih....kaka hoyong berobat deui ka fisioterapy nya...",ck Teddy basa maneh na kersarapan bareng kulawarga na.
bu Astuti ereun dahar na tuluy melong ka Teddy bangun anu bungah,
"Ya Alloh kaka....nyaa-an eta teh...??",ck indung na.
"muhun mih...kaka hoyong damang deui,hoyong normal deui,manawi tiasa...",ck Teddy
"pasti bisa sayang....pasti....",ck indung na bari seuri,Teddy bungah kacida mata na hurung herang kali2 maneh na melong ka Atikah anu mata na masih keneh beureum urut begadang jng maneh na.
teu karasa gs sabulan Atikah gawe di imah Teddy tadi peuting Atikah di bere gaji ku bu Astuti,kacida bungah na harita Atikah nampa duit anu sakitu loba na kakaraeun maneh na ningali duit bareureum hungkul di amplopan,kabayang indung na pasti atoheun lamun nyaho maneh na di bayar gede ku bu Astuti.
rencana teh duit dk di titipkeun we ka mang otang salaki bi oneng da aya sok nyampeurkeun bi oneng ka imah bu Astuti.
Bu Astuti kacida atoheun nana ningali Teddy hayang bisa leumpang deui bu astuti ningali eta memang aya jasa na Atikah anu sabar ngurus Teddy,komo anak2 na kabeh nyaraah ka Atikah.
Jordy ti poe kapoe beuki mineng ngaheureuyan Atikah aya we anu nyieun Atikah seuri jiga poe harita Atikah ker sasapu di kamar na, Jordy ngetrok panto kamar Atikah buru2 muka kamar na kasampak Jordy ker nangtung bari mawa boneka beruang coklat,
"slamat ulang tahun Atikah....",cek jordy.
Atikah ngahuleng bari nyekel sapu da asa teu ulang taun poe ieu teh,tapi Jordy ngasongkeun boneka ka maneh na bari keukeuh bari ngucapkn ulang tahun.
"da abi mah teu ulang taun ....",ck Atikah.
"Atikah tiasa teu bikin aku bahagia hari ini...?",ck Jody serius.
"kumaha kitu A....abi teu ngartos...",tembal Atikah.
"tolong ulang tahun lah hari ini....agar aku tidak sia2 mengucapkan slamat ulang tahun dan memberi kado ini untuk mu...",ck Jordy angger serius,Atikah nahan piseurieun....
"mmmhhhh mun aliiimmmm.....?",ck Atikah.
"besok...lusa...sampe seterus na Aa bade ngucapkeun slamat ulang tahun ka Atikah tiap hari...",ck Jordy.
"iiyyeeeeyyyy......naha iiihh....",ck Atikah bari nutup biwirna ku leungeun nahan seuri.
"matak na ....ulang tahun nya hari ini?", ck Jordy
"nya....eunyaa laaahh kumaha Aa weee....",ck Atikah bari narima boneka beruang tea,ker kitu Jeny ngaliwat bari olohok...
"ke...ke..ke...naha eta si bery di kasihkeun ka Tika...eta kan boneka kesayangan Jeny...",ck Jeny bari nunjuk kana bonekaberuang.
Atikah olohok teu ngarti,
"iiihh Jenyy...pinjem atuh karunya Atikah ulang taun,gk ada yg ngasih kado jadi aku pinjem boneka kamu buat dia....", ck Jordy.
"tika...bener kamu ulang tahun?",ck Jeny
"iiihh heunteu jen...ieu tdi Aa anu maksa Abi ulang tahun...",ck Atikah asa dosa.
"kakaaaa...kebiasaaaa-aaannnn....leuheung lamun ngamodal mere hadiaah teh ieu mah make barang batur...",ck Jeny bari ninggangan pundukn Jordy anu seuseurian.
''hahaha....iihh ngeri gs garede masih ulin boneka....iiihhhh.....jiga bocah wee...",ck Jordy lumpat ka luar di berik ku Jeny bari di perekpek,Atikah olohok bari hayang seuri ku kalakuan Jordy jng Jeny.
Atikah kaluar nyusul Jeny bari mawa boneka beruang tea,kasampak Jeny siap2 dk berenang,
"jen...ieu boneka kamu...",ck Atikah.
"iyaahh...si berry kuuu....",ck Jeny bari nangkeup boneka na tuluy di ciuman ku Jeny,Atikah olohok we ningali lalampahan Jeny anu jiga budak leutik.
pasosore Atikah gelisah maneh na dek meuli kaperluan maneh na anu gs bareak,tapi teu apal kudu balanja di mana jaba pembalut gs beak,sampo ge gs beak ker kitu Teddy ngageroan via WA buru2 Atikah nyampeurkeun Teddy,
"Tika...anterkeun ka Taman....",ck Teddy
Atikah langsung ngadorong Korsi roda teddy ka taman,bari angger we hulang huleng.
"tika aya naon hulang huleng wae kaciri na ku Aa..",ck Teddy.
"mmmmhhhh...abi bd meser kaperyogian anu tos sareep tapi abi teu apal kedah kamana A...",ck Atikah bari tungkul.
Di taman Atikah diuk nyinghareupan Korsi roda Teddy.
"A...angin na ageung bilih hujan ka lebet yuu...",ck Atikah.
"alim aahh Aa resep puguh ngaraoskeun angin anu ngapungkeun kalakay2 garing,sing saleor nebak kana dangdaunan....",ck Teddy bari peureum.
"tapi A....",ck Atikah teu kebat,kaburu norojoln Jordy,
"tika...cenah dek balanja hayuuu bareng aku kabeneran aku ge dk k supermaket ",ck Jordy.
Atikah ngalieuk ka Teddy menta persetujuan Teddy ngan ngangkat taktak na.Atikah kerung...
"jug atuh....bd balanja mah...",ck Teddy
"owwhh nya-an sawios A?",ck Atikah.
"nya sawios atuh...gih...Si Jody gs ngadagoan tuuu",ck Teddy aya nada sinis dina sora na.
bakal ku atoh berengbeng Atikah lumpat nyamperkeun Jordy anu gs siap dina motor gede na,
"buru naek....",ck Jody marentah.kalacat Atikah naek kana motor gede Jody belenyeng motor laju kaluar di pekarangan imah di anter ku tetep teu suka ti mata Teddy,dua kepeul na ti pepereket di keupeul keun huntu na kekerot,angin makin gede nebak kana buuk Tedy aya kalakay anu nubruk pipi Tedy ku Teddy di tewak tuluy di kekesek sampe ka rajet.
Di super market Atikah uluhak olohok takjub ningali supermaket anu gede jng kumplit maneh na rerempodan ngan ku Jody leungeun na di tungtun ramo na di cekel ku Jordy aya geter aneh pikeun jordy mah,Atikah anu soak keneh ningali supermarket anu mewah teu merhatikeun leungeun na anu di ranggem ku Jordy.
"naha apal aku dek balanja A?",ck Atikah.
"apal laahh kan aya di stt WA,hahaha lebayyy hayang balanja ge di stt keun",ck Jordy bari ngarames leungeun Atikah anu uman imen ka era an.
sangges menang kabutuhan maneh na jng Jordy dua nana kaluar ti supermarket,bari ngajingjing keresek balanjaan Atikah sura seuri poe eta asa bungah pisan di ajak jalan2 ku Jody,
"A...jiga bade hujan gening,enggal yuu...",ck Atikah bari kalacat kana motor Jody,biur motor ninggalkeun pelataran supermaket.
Hujan mimiti cukclak Jody ngajalankeun motor na rada ngebut atuh Atikah teh rada soak lengeun na nagkeup awak Jordy ti pepereket,dagdigdug na jantung Jordy teu ka baca ku Atikah mah tapi Jordy gs teu bisa nyumputkeun rasa lamun maneh na bogoh jng nyaah ka Atikah.beuki gede hujan teh dua nana jalibreg sup ka pekarangan imah hujan jiga di kucurkeun tilangit anu poek,buru2 Atikah turun tina motor Jordy barang dk asup ka imah maneh na ngalieuk ka taman eta mah gebeg teh maneh na ngagebeg Teddy masih diuk di taman kahujanan anu sakitu gede na,berembeng lumpat ka taman keresek balanjaan mah di balangkeun ku Atikah buru2 maneh na muru Teddy anu ker peureum ti peupeureukeut,harita Atikah teu apalaeun lamum cimata tedy sarua deres na jiga hujan anu turun,curulung2 cimata Teddy ngahiji jng cai hujan.
"Aa....Aa....naha teu ka lebet bumi ari Aa....Aa hapunteun abdi ninggalkeun Aa....",ck Atikah bari buru2 ngadorong korsi roda ka jero imah,di bawa ka dapur Teddy teh supaya di pangnyieunkeun susu panas ku bi Oneng,
bi Oneng kuat ku ngajerit ningali Teddy jibrug jaba awak na ngadeg deg,kabulusan biwir na geunteul beungeut na sepa,ku Atikah buru2 di bawa ka kamar na di salinan baju na bari uyek2 kan oge awak teddy di salinan Ku Atikah bari jng semu peureum oge era parada paleubah ngaganti calana jero na Teddy,
sanajen hese tungtung na Teddy bisa di salinan ku Atikah tapi awak Teddy panas kacida,bari ruwah riwih Atikah bebeja ka bibi na lamun Teddy awak na panas,jaba bu Astuti can balik ti kantor na.
pas bebeja ka Jordy lamun Teddy gering Jordy langsung nlp dr kulawarga,bari ngadagoan dr datang awak teddy di baluran ku Atikah ku kayu putih,tapi keukeuh Teddy teu sadar keneh Atikah mulai panik maneh na ruwah riwih ceurik nyengceurikan Teddy,asa ngarasa salah ninggalkeun Teddy di taman nepi ka kahujanan sedengkn maneh na kalah jalan2 jng Jordy.
ker kitu dr datang di tuturkeun ku bi Oneng jng Jordy,dr mariksa awak Teddy imet pisan maneh na ngalieuk ka Jordy,
"de jiga na si kaka kudu di rawat di RS panasna ngabahayakeun ieu teh...",ck dr.maneh na langsung nlp ambulan teu poho maneh na nlp bu Astuti mere kabar ka ayaan anak na Teddy.
Ambulan mawa awak Teddy anu teu sadar2 Atikah ceurik teu ereun2 asa kaduhung anu teu manggih tungtung,maneh na asa dosa gs nyebabkeun Teddy gering peuting harita cacap maneh na teu bisa sare panon na bareuh balas nyeungceurikan Teddy.
isuk2 kira2 jam 8 bu Astuti balik ka imah paroman nana bangkeunu baed,tuluy maneh na gegeroan ka Atikah....
"atikah....atikah.....!!! ",cenah maneh na ngajanteng di ruang tengah bari ngahegak jiga anu cape.
"muhun ibu....",ck Atikah tungkul bari moyongkod.
"poe ieu maneh balik ka lembur,teu kudu di gawe deui di dieu...maneh di pecat....kulantaran gs ngabahayakeun anak kami !!",ck bu Astuti bari melak cangkeng nahan ambek.
"ibu....abb...bii...nyuhungkeun di hapunten....",ck Atikah bari ceurik..
"tong rea omong jug geura balik,tuhh jeung supir di anterkeun sok ayeunamah gera beberes we...",ck bu Astuti,teu talangke Atikah mereskeun baju2 na kana kantong,teu lila maneh na gs aya dina mobil bu Astuti di anterkeun balik ka lembur na,cimata teu ereun murubut kaluar tina panon na beungeut Teddy katempo wae asa aya di hareupeun maneh na,hape pamere Teddy di cekel pageuh di raketkeun kanu dada,
"A...Teddy.....hampura....A...." ck Atikah dina sela2 ceurik na.
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan,16 october 2018
#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.5
Kengeng Andhyn
"mamih....mana Tika...?",ceuk Teddy leungeun na uyup ayap jiga neangan pamuntangan.
Bu Astuti buru2 nyampeurkeun Teddy gep leungeun na di cepengan.
"ieu mamih mah aya....",ck bu Astuti.
"tika ? mana tika mih?",ck Teddy,bu Astuti gs bisa nebak Teddy pasti nanyakeun Atikah,
"tika aya di bumi kamari ka dieu ngan ku dr teu kengeng seueur anu nungguan kaka na ",ck bu Astuti ngabohong.
"kaka hoyong uih mih da teu kunanaon ",ck Teddy bari dek cengkat tapi dada na di cepengan ku Bu Astuti di titah sare deui.
"kaka kedah bad reast upami hoyong enggal2 uih",ck bu Astuti.
"Hape kaka mana mih? kaka bd VC srng Tika",ck Teddy gs teu era2 deui, bu Astuti rada ngahuleng.
"harr ari basa kaka pingsan hape na di mana?",kan mamih teu terang eta hape aya di mana,sok kaka na sembuh hla we gampang hape mah ke urang pilarian...",ck Bu Astuti ngabohong.
Teddy eleh deet maneh na peureum deui tapi nu kabayang ngan beungeut Atikah.kasiksa pisan nyimpen rasa anu ngaguruh dina dada asa hayang belenyeng we balik ka imah manggihan Tika.
2 poe Teddy di RS awak na gs mimiti pulih deui infus ge gs di lesot2 keun,
"mih....Teddy tos damang kan,tiasa uih ayeuna teu?",ck Teddy ka indung na.
Bu Astuti rada bingung kumaha lamun Teddy apaleun Atikah di titah balik ku maneh na,asa dosa oge ka Atikah komo ka anak namah tapi lahaula kumaha engke we kitu pikir bu Astuti.
fisit dr beurang tadi mere hasil lamun Teddy bisa balik Teddy meni atoh jiga budak leutik,mni gs asa srog2 we amprok jng Atikah.
Bu Astuti ribut balik ti heula maneh na manggihan bi Oneng jng anak2 na nga briping hla lamun ke Teddy balik bejakeun Atikah menta balik heula da Teddy na di RS ulah bebeja di pecat,kitu cenah...salerea unggek rada teu panuju kana kaputusan indung na.
pasosore Teddy balik langsung neangan Atikah bi Oneng di gentraan,bu Astuti bari ngadorong korsi roda gs kucap kicep we mere kode ka bi Oneng,
"bibi...ari Tika mana Tika....?",ck Teddy
"mmmhh itu den...kamari teh uih heula ka lembur itu mamah na teu damang...",ck bi Oneng bari mata na melong ka bu Astuti,
Bu Astuti langsung ngacungkeun jempol ka bi Oneng.
"ari Hape abi mana bi? cing urang tlp....",ck Teddy deui jiga curiga.
"nuju aden kahujanan reksak panginten ti beubeut kamari di candak ka tempat service ku den Jody tapi hape na paeh cenah den",ck bi Oneng masih nyandiwara,bu Astuti mere jempol deui.
Teddy langsung jamotrot tadi na hayang buru2 muru imah teh hayang gera2 panggih jng Atikah ari pek teh kalah ka eweuh,
"mih jajapkeun kaka ka kamar ...",ck Teddy lesu pisan,bu Astuti langsung ngadorong korsi roda ka kamar Teddy.
Teddy langsung pindah ka tempat sare ngagoler beungeut na langsung robah deui jiga sabulan ka tukang samemeh aya Atikah,kerkitu Jeny asup ka kamar Teddy,
"ka...apa kabar ka..?",ck Jenny
Teddy teu nembalan kalah ka ngalies kaciri aya cimata anu ngelemeng meh murag,ningali Jeny asa beuki inget ka Tika.
Bu Astuti ngarenghap jero pisan bingung kacida nyinghareupan anak na di hiji sisi maneh na ambek ka Atikah di sisi lain Teddy atuh moal cager lamun kitu deui mah,ker ngahuleng we di baturan ku Jeny panto kamar muka sup Jody ka kamar,Teddy ngalieuk barang ningali Jody maneh na jol hudang leungeun na ngarongkong buku anu kandel gigireun ranjang jol belewer we maledog keun buku,tuluy nyokot deui jam weker belewer deui maledog Jody teu keuna ngan matak ngareuwaskeun bu Astuti jng Jeny
"kaka...kaka kunaon kak....",ck bu Astuti bari nenangkeun Teddy,
"gara2 jelema eta mam kuring kieu...gara2 jelema eta kuring lumpuh...ayeuna gara2 jelema eta kuring kaleungitan Tika....",ck Teddy bari roroesan leungeun na dek nyokot deui barang dek maledog deui Jody.
"kaka teu kengeng kitu kasep...Jody adi hidep kak...teu kengeng kitu,istigfar kasep...!!", ck Bu Astuti bari nangkeup Teddy,Jody ngahuleng,Jeny ceurik tukangeung indung na.
"naon salah kuring ka...",ck Jody
"loba.....loba salah maneh...lamun teu gara2 maneh nyeri beuteung tangtu papih indit jng maneh anu cilaka maneh lain kuring,tapi....kalah kuring anu cilaka,maneh mah ngeunah2 aktifitas senang2 jng babaturan maneh,kabogoh2 maneh anu loba cing atuh si Tika mah....kakarage kuring boga rasa percaya diri deui ka awewe kumaneh kalah ka deuk di rebut deui...cukup hirup kuring anu di rebut ku maneh...awewe anu di pikaresep ku kuring mah tong di rebut oge...!!!!",ck Teddy.
gebeg salerea ngagebeg....sagede eta dendam Teddy ka Jody adi na,bu Astuti kuat ku olohok.
"mamih...sore basa kuring kahujanan...tika gs nitah kaka asup ngan kaka embung,tuluy datang si jody ngajak Tika indit....nepi ka kaka kahujanan...",ck Teddy nyegruk ceurik dina dada indung na jiga budak anu kaleungitan cocooan.
Jody ngahuleng maneh na teu nyangka lamun Teddy mikacinta Tika nepi ka kitu padahal Jody ge bogoh pisan ka Atikah teh,maneh na gs enek ningali awewe2 kota anu carentil,sok gaul,cing irihil di mol2 hese neangan awewe anu lungguh timpuh jiga Atikah teh,tapi gening lanceuk nage sarua bogoheun ka Tika.
"ka...Jody teu aya hate ka Tika...percaya ka Jody..",ck Jody bari nahan hate na anu raheut.
ieu waktu na maneh na berkorban jng lanceuk na.
"kamari ku Jody di ajak balanja teh karunya maneh na gs teu boga pembalut2 acan...piraku kaka teu karunya,suer ka...jody ge da gaduh kabogoh...ku jody di heureuyan teh...supaya Tika beutah we di dieu kan kamari2 mah kaka judes ka Atikah....",ck Jody.
"sumpah nya maneh eweuh hate ka Tika?!!",ck Teddy.
"suer kaaaa...sumpaahhhh....Atikah lain jody banget....lain anu kitu cewe impian Jody...beneran kaaa...",ck Jody ngabohong.
"mamih....isukan anterkeun kaka kalembur na Tika....pokok na anteurkeun....!!!",ck Teddy.
"iyah...iyah....tpi ulah enjing nya kasep,kan kaka harus bener2 sembuh....mamih janji jemput deui Atikah ka rumah ieu...asal kaka sembuh nya?!",ck Bu Astuti ngelehan demi anak na.
gs kitu mah salerea bubar Teddy sare di kamar na,Jeny ngaleos oge ka kamar na kitu deui bu Astuti jng Jody.
Jody nyarande dina panto kamarna anu kakara di tutupkeun,peureup na di gegel asa aya anu nyelek dina dada na.maneh na bener2 gs kapatri ku Atikah bener2 meh unggal peuting maneh na ngabayangkeun Atikah jadi bebende na ari ayeuna maneh na kudu mopohokeun rasa cinta na ka atikah,can ge meletek kembang asmara teh kudu gs di peunggaskeun deui demi lanceuk na.
******************
Atikah di anteurkeun nepi ka imah na ku supir bu Astuti,pas nepi indung na ngabageakn anak na bari heran oge ningali anak na anu ujug2 balik.
"nyaiii aya naon nyai bet balik? teu betah?",ck indung na bari melong ka Atikah.
"nyai di titah balik ma....ku bu Astuti...",ck Atikah.
derekdek Atikah nyaritakeun basa maneh na indit jng Jody ninggalkeun Teddy anu kahujanan.
indung na ngahuleng teu bisa kumaha ari geus kitu mah,kakara ge meunang gajih sakali gs di eureun keun deui.
song Atikah ngasongkeun amplop coklat ka indung na bari pok na,
"ma...ieu gajih nyai salila sabulan...",ck Atikah.
"aahh hengkop we cekel ku nyai kan eta mah kesang nyai...",ck indung na bari nyurungkeun amplop tina leungeun anak na.
"teu maa ieu sadayana kanggo euma,peserkeun beas jng kaperluan anu sanes na...nyai ridho ma....nyai ieu nyepeng salembar jang jajan adi2...",ck Atikah.
indung na tungtung na nampanan duit ti anak na tuluy di teundeun dina handapeun baju dina lomari butut di kamar na.
Atikah ngagoler dina samak di kamar anu ngan di halangan hordeng.
isuk na Atikah indit ka pasar jng indung na meuli kaperluan jang di dapur di jalan Atikah pasangrok jng Dindin atuh kacida atoh na Dindin teh buru2 metot leungeun Atikah di ajak ka sisi jalan,
"ma ti payun we...",ck Atikah ka indung na.
indung na ngan ukur unggeuk ngarti kana kahayang anak na.
"naha aya di lembur kah..?",ck Dindin bari melong ka ikah anu makin geulis jng pangling da baju anu di pake ku Atikah alus deuih.
"liren heula kang...",ck Atikah bari melong ka Dindin.
"urang amengan ka leuwi yuu",ck Dindin
"ulah ayeuna abi masih carape keneh",ck Atilah ngabohong.
"iihh akang sono hoyong ngobrol",ck Dindin.
"muhun engke deui wee kang...nya aann abi asa carape hoyong di bumi srng euma jng adi2",ck atikah deui.
kaciri Dindin kuciwa tapi Atikah asa hoream teuing ku naon teu jga baheula maneh na atoh lamun panggih jeung Dindin ayeunamah justru jdi hoream.
"kang abi nyusul euma hla nya karunya...",ck Atikah bari dk ngaleos,Dindin nyekel pigeulang Atikah tapi ku Atikah di leupaskeun.leos maneh na muru pasar nyusul indungna ninggalkeun Dindin anu olohok pinuh rasa kuciwa.
harita poe sabtu jadwal mang ihin balik ka imah ceu Amsih indung Atikah,baku pas balik teh ningali Atikah keur ulin jng adi2 na jol ambek2 an we jiga teu suka ningali aya anak tere na teh,belewer2 sapatu di alungkeun ka deukeut panto bari jamotrot,harita Atikah kerningalikeun hape na ka adi2 na beuki bangkeunu we mang ihin teh lain atoh anak tere aya ka boga teh kalahka timbul ceuceub jng hate anu panas,pikir na piraku gawe kakara sabulan gs boga hape anu kacida alus na,
"amsih.....ari anak maneh gawe naon kakara sabulan gs boga hape alus?boa2 menang maok ti dunungan nana tuluy we di pecat..?",ck mang ihin ngahaja sora na di tarikeun.
"ngurus dunungan nana anu lumpuh kang,eta hape teh menang mere kulantaran paragi ngageroan cenah...",ck ceu amsih ngabela anak na.
"maneh mah daek we di bobodo ku anak teh...piraku dunungan ojol2 mere hape alus,lamun teu maok nya buruhan he'es jng dunungan nana meren",ck mang ihin beuki peureus we omongan nana teh.
Ceu Amsih rada teu ngeunah ngadenge anak na dihina wae ku salakina buru2 nempas deui,
"ieuh akang cukup....kuring percaya ka si nyai moal daek ngalakukeun pagawean haram,si nyai di dituna jng adi kuring si oneng,lamun aya nanaon si oneng laporan ka kuring ieu mah ka anak teh su'udzon we....",ck ceu Amsih mela Atikah.
"alaaahhh siah sarua na boga anak kitu ge di ilungan we....kuring mah ngan ngingetan bisi isuk jaganing geto anak maneh melendung eweuh bapa an aing tong di babawa..",ck mang ihin jiga can puas ngahina atikah.
"kang ulah ngomong kitu sidik si nyai mah.....",can beres ceu Amsih ngomong jol jelebet we pipina di tampiling,daligdeug ceu Amsih ngadaligdeug sirah na asa ranyay,pipina nyayautan panas,cipanon jol nyurulung...ngawanikeun maneh ngomong tarik ka mang ihin,
"kang si nyai darah daging kuring,kuring teu suka akang ngahina wae si nyai...sarua jng akang ngahina kuring...",ck ceu Amsih bari ceurik.
"aahhh sia mah ngilungan aing mah ngingetan bisi anak maneh salah jalan,ke keukeuh we dewek ka babawa siah anak sia reuneuh mah",ck mang ihin bari kekerot.
"moal kang...kuring moal mamawa akang....teu sudi ayeunamah kuring jng anak kuring di hina wae ku akang,jug indit ayeunamah ti imah kuring...kuring menta pisah,gs teu hayang kuring di siksa wae ku maneh",ck ceu Amsih bari ngahegak.
mang ihin molotot rada teu nyangka maneh na bakal di usir ku pamajikan nana biasa na ceu Amsih tara wani ngalawan,ari ayeuna....
"naon?? menta cerai?? moal siah aing mah tepi kamana ge moal nyerai keu maneh...",ck mang ihin.
"nya teu nanaon moal nyeraikn kuring mah tapi kuring keukeuh dk menta cerai,kuring dk ngajukeun cerai ka pengadilan agama...kuring cape di siksa wae...",ck ceu amsih bari ceurik.
mang ihin teu nembalan tapi maneh na nyokot piring tina boboko borolo piring2 di beubeutkeun kana taneuh,beuling na manca wura,adi2 Atikah cing jalerit reuwaseun.teu puas mang ihin ngajengut buuk Ceu Amsih bari di gusur,ceu Amsih jejeritan,tapi teu di denge ku mang ihin,
"sok siah wani2 menta cerai ka aing mah di siksa siah ku aing...!!!",ck mang ihin,ceu amsih roresan anak2 na kabeh caleurik ningali indungna di siksa teh.Atikah nangkeup adi2 na bari ceurik nyempod di juru imah bilik na,
tatangga lain teu apal aya anu pasea tapi da kabeh ge sarieun maraneh na apal kana adat mang ihin lamun di pisah bisa2 anu misah na di hajar ku mang ihin.
asa beuki ngawani harita mang ihin nyiksa ceu Amsih jiga anu kasetanan wani najongan kana awak ceu amsih sagala,ceu amsih ngudupruk sebeberah kali awak na ges leuseuh tina tungtung biwir ngaley getih kentel semu hideung buuk na awut2an balas di jengut ku mang ihin ker kitu,braaaaakkkkk panto muka aya nu najong siganamah ngabedega lalaki ngora keneh bari ngahegak pinuh nafsu.
sebrut nyerang mang ihin gubrag mang ihin labuh bujur na ti teuneut kana taneuh,tapi kuniang hudang ciiiaaaaattt mang ihin nyerang si pamuda tea ngagabrung kana beuteung si pamuda tea jolongjong si pamuda teh mundur sebeberaha lengkah gorobas kana bilik nepika tobros kaluar dua nana ngajengkang ka luar mang ihin pasang deui kuda2 panon na beureum bakat ku napsu sebrut nyerang si pamuda ku peureup na anu buleud ngala beungeut si pamuda,tapi di tangkis hiiuuukkk ploossss peureup buleud teh milepas,teu eleh si pamuda ngababad suku mang ihin ku sukuna gubrag mang ihin nangkarak beungkang teu di antep gabrug pamuda teh merekpek ninggangan beungeut mang ihin ku peureup na nepi ka ngalehleh.tatangga ngarariung ningalikeun anu ker galungan ngarogrog we eweuh anu misah.mang ihin ngulapes letah na ngelel bakat ku nyeri ceu amsih jejeritan ningali salakina ngajoprak bari jng molotot teh.kabeh anu aya di dinya narahan nafas nyaksikeun ka jadian di hareupeun panon maranehan nana.
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan,16 October 2018
#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.9
Kengeng Andhyn
"A...gening ayeunamah sering uih wengi...?",ck Atikah basa Teddy balik jam 12 peuting.
"punten sayang....pabrik ayeunamah kengeng pesenan ti luar negri...Aa cape sayang bade bobo ti payun nya..",ck Teddy bari ngaleos ka kamarna ninggalkn Atikah anu ngajanteng,tadi na Atikah aya obrolkeuneun ka salakina tapi gening makin kadieu teh makin euweuh waktu jang maneh na.
biasa na lamun di imah gs sepi Teddy sok nguliwed ka kamar Atikah atawa sabalik na maraneh na ngalakonan kawajiban salaku suami istri anu sah,ari ayeunan Teddy asa jarang mere nafkah batin ka Atikah.
isuk2 keneh Teddy gs siap2 dk indit Atikah nyampeurkeun Salakina anu kerdangdan masangkeun dasi,
"A....upami Aa bade iraha masihan wartos ka mamih lamun urang tos nikah?",ck Atikah bari menerkeun dasi salaki na.
"aduhh teu acan aya kasempetan wae sayang...Aa na sibuk pisan...",ck Teddy bari mereskeun file2 anu numpuk dina meja.
"A... gera wartoskeun atuh kumargi ayeuna.....",Atikah teu kebat ngomong na kulantaran bu Astuti gs gegeroan ka Teddy.
gura giru Teddy kaluar sempet nyium heula tarang Atikah anu ngan bisa olohok.
Bu Astuti gs ngadagoan Teddy di luar,poe ayeuna dek datang rekanan bisnis na ti luar kota dek ningali produk2 texile pabrik anu bu Astuti.
"naon heula sih kaka mni asa lila tatadi mamih nungguan lho...", ck bu Astuti semu baebka Teddy,
Teddy teu nembalan maneh na mukaan bahan2 jng presentasi ka calon pelanggan na ti luar kota.
"aeehh eunya mamih bade nyariokeun perkara si Atikah,kan kaka gs cager jdi gs teu butuh pengasuh atuh...urang titah balik we nya?,ck bu Astuti.
Teddy rada reuwas tuluy cengkat heula file2 di tutup kn pok ngomong.
"ulah waka mih kaka masih peryogi,komo ayeuna kaka sibuk masih butuh tika mih...",Teddy dk ngomong teh masih sieun ku bu astuti.
"nya kumaha kaka we....aaeehh kaka kumaha stevy kontribusi na ka perusahaan urang bagus?",ck bu astuti.
"bagus mih...",ck Teddy.
"mamih harap kalian makin akrab...kamu ngerti kan maksud mami?",ck bu Astuti
"tapi mih....",ck Teddy asa2
"mamih gk mau kecewa kak....kamu akan dapat keuntungan lamun jadian jeng stevi..percaya ka mamih',ck bu astuti bari seuri.
Teddy teu lemek teu nyarek ingetan nana ka Atikah anu ker nungguan maneh na di imah.
"hayooo gera 'tembak' stevi bisi ka piheulaan ku batur keeehh...",ck bu Astuti bari kucap2 ngaheureuyan Teddy anu makin bingung.
"miihhh....mmmhhh saleres na kaka....mmhh ...",Teddy teu kebat ngomong na kaburu di potong ku indung na.
"ku mamihhh di bantuaannn lamun kaka teu wani mah...",ck bu Astuti bari nyiwit irung Teddy.
"mamihhh sanes kitu mam..tapi...",Biwir Teddy kalah di tutup ku curuk bu Astuti,mobil gs tepi ka kantor, bu Astuti kaluar di tuturkeun ku Teddy anu bingung ku rencana indung na.
di kantor tepat na di ruangan bu Astuti diuk Teddy jng Stevi dina meja masing2,bu Astuti ngahaja nga set jiga kitu supaya Teddy jng Stevi makin deukeut.
"Stevi ayeuna srng Teddy ka Surabaya nya ngasih penawaran kaen buat sragam PNS di Jatim,ni mamih udah beli tiket pesawat udh urus hotel jadi kalian tinggal pergi dan menangin tender itu OK...!!",ck bu Astuti bari ngasongkeun tiket pesawat jng surat2 penting lain na,Teddy olohok Stevi sura seri bangun anu bungah,
"pesawat lending jam 4,sekarang udh jam 1 jadi sok siap2 hla kaka pulang hla bawa keperluan2 paling 3harian atoo klo kalian mau liburan silahkan...",ck bu astuti enteng nakeran.
Teddy ribut balik ka imah na di imah maneh na nitah Atikah nyiapkn koper jng kaperluan salila di Surabaya,Atikah nurut ka salakina teu rea tatanya pas gs beres waktu Teddy pamitan Atikah nangkeup awak salakina mata na ceulong beungeut na pias tapi Teddy teu merhatikeun da maneh na sibuk ku pagawean nana,
"A...iraha gaduh waktos kanggo abdi...?",ck Atikah bari nangkeup ka Teddy.
"punteun geulis Aa nyaan sibuk pisan ngudag2 tender ageung,ku mamih Aa di persiapkn kanggo mimpin perusahaan janten ayeuna Aa seuer di ajar milari tender2...sabar nya geulis na Aa...",ck Teddy bari nyium sirah Atikah,
"Aa angkat hla nya...", ck Teddy bari ninggalkeun Atikah anu ngeclakeun cimata mapay kana pipi na.
Teddy indit jng Stevi ka Surabaya jiga na emang menang ngatur bu Astuti anu hayang ngahijikeun Teddy anak na jng Stevi.
teu kacaturkeun di jalan na Teddy jng stevi gs tarepi di Surabaya,dua nana nginep di hotel bintang 5 kamar na pa gigir2 beurang na 2nana mere presentasi ka calon pelanggan ngayakeun penawaran2 terus peuting ka kakara balik deui ka hotel,
teu sagampang perkiraan Teddy,konsumen loba ngajukeun penawaran rea nanyakeun produk2 anu sabenerna can Teddy paham,nya untung aya Stevi anu leuwih ti heula senior pangalaman gawe na ti maneh na,teu karasa gs 2 poe aya di Surabaya harita peuting ka 3 poe panungtungan salila aya di surabaya.
sangges teken kontrak jng konsumen peuting harita Stevi ngajak ulin heula ka Teddy neangan tempat nongkrong anak2 muda di surabaya.
Stevi milih pub di tengah kota aya live music sagala,sambil pesen kadaharan Teddy jng Stevi ngawangkong ngalor ngidul sagala di omongkeun,
peuting harita Stevi hayang senang2 cenah itung2 buruh na 2 poe ngarasa tegang nyinghareupan konsumen anu rarudet,makin peuting suasana malah makin rame di Pub di pinuhan ku barudak ngora ngadon miceun waktu peuting,teu kanyahoan ku Teddy stevi pesen minuman beralkohol Teddy anu kurang pergaulan kaperdaya ku stevi anu pangalaman peuting harita Teddy jng stevi mabok,baralik ka hotel make taxi sup ka kamar stevi dua nana bari cing arihil seuseurian dina alam bawah sadar na Teddy ningali stevi jiga Atikah pamajikan nana,pangaruh minuman keras tea Teddy mukaan baju stevi kitu deui stevi mukaan baju Teddy tungtung na der we dua insan teh ngalakukan hubungan trlarang anu bakal jadi awalna penderitaan jang Teddy mah,sesa peuting jadi saksi kalakuan Stevi jng Teddy.
jam 9 isuk2 Teddy hudang tapi sirah na jangar kacida barang bray beunta kacida reuwas na awak Stevi aya di gigireun maneh na sirah stevi sare dina dada Teddy bulucun teu make baju...!!!
Teddy ngaguyah2 Stevi anu nangkeup awak maneh na.
"stevi....stevi....kumaha ieu teh...naha jadi kieu stev...",ck Teddy
"aaaahhhh sayang....nuhun nya semalam sangat indah dan mengesankan.....",ck Stevi badi nyiuman Teddy buas.
"ke...ke...Stevi...kuring teu bisa stevi....",ck Teddy bari ngajauhkeun awak Stevi anu kernyiuman maneh na,
"come on Teddy...ayolahh kita udah dewasa....dan gk ada salah nya kita masih single Teddy...",ck Stevi agresif.
"kuring teu bisaaaa.....!!!",ck Teddy rada nyentak.
"semalam bisa tedd...semalam kamu buas...",ck stevi.
"eta kasalahan kuring stev...",ck Teddy ngeluk tungkul.
"stevi sayang teddy....",cek Stevi masih ngudag awak teddy ngagalentoran awak teddy ngajak lalayaran deui di sagara ka endahan asmara anu bakal ngarubah hidup Teddy ka hareup na.
*****************************
Atikah sapopoe ngaringkuk dina tempat sare awak na karasa leuleus carelong,ku bi Oneng di bere ubar tuluy awak na di balur ku minyak angin da cenah Atikah asa sarebel wae.
Jody asa heran biasa na sok ningali Atikah kerngalamun atawa diuk nyorangan di taman tapi gs 2 poe maneh na teu ningali,panasaran Jody ngaliwat ka hareupeun kamar Atikah pas pisan bi Oneng kakara kaluar ti kamar,
"aaaaeehh den Jody bade kamana??",ck Bi Oneng,
"milari bibi...hoyong pangdamelkn kopi...",ck Jody ngabohong,
"bibi tos naon ti kamar Tika?",ck Jody
"eta si nyai lebet angin meren teu raraos aden...",ck bi Oneng.
"ooooohhhh....",ck Jody bari nuturkeun bi Oneng ka dapur.
3poe Teddy di Surabaya 3poe Atikah gering teu kaluar kamar,Jody jadi hariwang di heunteu2 ge maneh na neundeun hate ka Atikah harita pasosore Jody ngawani2 maneh ngetrok kamar Atikah rada lila,pucunghul sirah Atikah tina panto beungeut anu pias,seupa panon ceuluyeu,
"tika ulah di kamar wae...hayu kaluar meni pias kitu iihh teu keuna sinar matahari eta teh...",ck Jody melong ka Atikah.
"tapi A..."teu kebat Atikah ngomong kaburu di cekel leungeun na tuluy di tuntun di bawa ka taman,kapaksa Atikah nutur keun bari jeung leuleus oge maneh na nurut ka Jody,gek dua nana diuk di bangku taman angin ngahiliwir nebak kana dangdaunan kembang2 cing aroyag di euntreupan kupu2,panon poe karasa haneut kana tonggong Atikah lila2 pipi na beureum deui teu pias teuing,Jody cengkat bari ngomong,
"tika antosan sakedap nya...",cenah bari ngaleos indit.
Atikah diuk sorangan bari ngahuleng we pikiran nana kamana2 inget ka salaki na,inget ka indung jng adi2 na,
"aaahhh A Teddy....anjeun kernaon ayeun?",ck Atikah dina jero hate na.
Atikah memang atoh Teddy bisa lempang deui maneh na ngilu andil gede nepika Teddy bisa lempang jiga ayeuna.Atikah anu satia ngurus Teddy komo da maneh na apan pamajikan nana sanajang ngan pamajikan sirih.
teu lila Jody datang mawa baki anu eusi na dahareun dina piring,
"sok makan Tika meh tereh cageur meni ngewa eta awak jadi begang kitu jiga anu kurang dahar",ck Jody,Atikah gigideug da maneh na keur teu ngeunah dahar sarebel wae hayang na anu seger2.
"sok paksakeun ulah ngatep maneh aahh...",ck Jody bari nenden baki eusi dahareun dina meja taman.Atikah kalah angger we molohok bangun anu teu narapsu,Jody nyokot piring eusi sangu jng deungeun na tuluy nyiuk sangu ku sendok di asongkeun ka Atikah anu cicing wae.
Atikah angger gigideg Jody angger ngasongkeun sendok eusi sangu.lila2 Atikah daek calangap lalaunan maneh na ngagayem dahareun anu di asongkeun Jody.tungtunga am ka Atikah Am ka Jody...
"eeuuhh ieu mah da bayi manja...kudu di huapan wae....",ck Jody maksud na supaya Atikah seuri,nyaan we Atikah seuri bari nyiwit cangkeng Jody,
"naaoonn iihh...",cenah ck Atikah.
teu di duga ku Atikah jnh Jody aya taxi asup ka pakarangan imah kulantaran halaman teh leuga kermah dua nana nukangan jalan deuih atuh kahadiran taxi teu ka nyahoan ku nu dua an.
dina Taxi diuk Teddy barang ningali pamajikan nana kerdudua an jng adi na nyaeta Jody.
jol nyel we ambek timuru ngagedur dina dada pikiran jahat na narembongan meureun jng meureun salila maneh na di surabaya atikah jng Jody duduan wae,kitu pikir Teddy.
turun tina taxi sangges nurunkeun koper na Teddy langsung ngagedig ka taman bari hatena heheaban barang ningali Atikah keur di huapan ku Jody bari seuseurian,barang gs deket....
"hhhhmmmm sae nya....janten salila kuring eweuh di imah aranjeun aratoh nya? duduaan we...",ck Teddy,
Atikah ngorejat reuwas pisan ningali salaki na balik,ari Jody mah acuh we da teu nyaho lamun Atikah gs kawin sirih jng lanceuk na.
"aaeehhh Aa tos uih geningan...?",ck Atikah atoh pisan nempo salakina balik,sono ningali Teddy teh mun eweuh Jody mah jiga na hayang ngagabrug.
"kunaon reuwas nya...?",ck Teddy mata na hurung ambek.
"emang kunaon kak?naha ambek2an balik teh...",ck Jody heran nempo Teddy jol ambek2an.
"gandeng Jody tong ikut campur...!!",ck Teddy nyentak adi na.
"Tika....asup...kuring aya perlu ka anjeun!!!!",ck Teddy bari ngaleos asup ka imah,Atikah ngudag teddy maneh na dk ngajelaskeun masalah na ka Teddy lamun maneh na eweuh nanaon jng Jody.
Dikamar Teddy kekerot nahan amarah jol kabayang Atikah jng Jody salingkuh tukangeng maneh na padahal anu aya mah maneh na salingkuh jng stevi nepi ka sagebrug sagala,
"gs lila anjeun ngajalin hubungan jnh Jody?!!",ck Teddy basa Atikah gs aya di kamar Teddy.
"naon ari Aa ulah sok nuduh kitu A... pamali iihh...abdi mah teu aya nanaon arng rayi Aa...",ck Atikah rada ngaleungis.
Teddy lain na watir malah ka jadi ijid ningali Atikah ngaleungis teh,jadi nyaruakeun kalakuan maneh na jng stevi ka Atikah jng Jody.
"Aa.... saleres na abdi nuju....",Atikah teu kebat ngomong na kaburu ka potong ku Teddy...
"nuju naon....nuju bobogohan jng Jody...nuju ngajalin hubungan....kitu....!!",ck Teddy sinis.
"A.....teu pisan2 A....kupingkeun heula penjelasan Abdi A...",ck Atikah mimiti ceurik,
"ges..ges gandeng lah mana aya bangsat ngaku...kaluar kadituh...pusing...!!!!...
carape....!!!",ck Teddy bari nyurungkeun awak atikah kaluar kamar na,Atikah ceurik maneh na lumpat muru kamar na nyeri hate na,peurih alabatan di gerihan ku hinis....
saminggu Atikah teu di tanya ku Teddy hare2 we jiga anu teu wawuh,jelema mah geuning teu kaop keuna ku owah gingsir ceuk kolot mah.baheula kr butuh nyembah2 hayang di pikacinta ayeuna gs cager gs jagjag jng gs benang sagala kahayang na maneh na hayang nyingkirkeun Atikah.
sabener na Atikah masih gering malahmah makin parah awak na makin beugang,panon celong kurang sare jaba ngabatin ku perlakuan Teddy ka maneh na.
sabulan ti harita di imah bu Astuti asa rame rea semah jng masang tenda sagala,tukang ketring sili wuri parulang anting bari mawa rupa2 kadaharan.Atikah nganbisa noong tina panto kamar na bari ngadedengekeun aya naon2 na.bakat ku panasaran Atikah ngawani2 maneh indit ka dapur dek nanya ka bibi na tapi di dapur ge sarua saribuk ku jelema anu kaluar asup,Atikah noong ka luar imah gs di hias aya tenda sagala kembang2 ngabarak unggal juru mobil ngajajar di hareupeun taman jiga na tamu ondangan mimiti daratang.Atikah ngan wani noong ti jandela kamarna bari hate na nanya aya acara naon,leubeng tepi acara beres maneh na teu apal aya naon2 na...
dua poe ti aya acara tea,Atikah keur nyebor kembang2 di taman reg mobil eureun hareupeun imah Atikah apal eta mobil salakina teu lila bu Astuti,Jeny jng Jody kalaluar ti imah ngabageakeun anu kakara datang,Atikah keureung naha bu Astuti meni atoh ningali anak na Teddy tara biasana barang di sidik2 anu kaluar tina mobil Teddy teh lain Teddy hungkul tapi stevi oge,Atikah ngawanikeun maneh ngadeketan Teddy jng kulawarga na,sangges deket Atikah masang ceuli hayang nyaho aya naon.
"kumaha kak bulan madu na....naha ngan 2 poe?",ck bu Astuti ka Teddy.
"aaahhh kan banyak kerja an atuh mam...mamih nyalira anu masihan tender2 ka kaka piraku bade di tinggalkeun moal di damelan...",ck Teddy
Atikah ngadegdeg asa di bentar gelap...jadi...kamari teddy salaki na gs kawin jng stevi awewe pilihan indung na terus maneh na....leung bumi alam asa poek gubrag atikah kapiuhan,anu aya di dinya ngalalieuk ka arah Atikah ningali Atikah anu ngajoprak Jody ngajleng tuluy mangku Atikah,Teddy ngan melongkeun awak atikah di pangku ku adi na maneh na di keukeuweuk leungeun na ku stevi pamajikan anyar na,rupa2 perasaan Teddy harita.
bu Astuti nlp dr keluarga nitah datang ari Atikah di sarekeun dina sopa,Jeny nitah bi oneng nyieun teh manis,Atikah di riung ku Jody,Jeny jng bi Oneng ari Teddy diuk jng pamajikan nana katut bu Astuti di ruangan sejen,
teu lila dr datang buru2 mariksa Astuti imeut pisan Atikah masih teu inget2,dr beres mariksana bu Astuti nyampeurkeun Teddy jng stevi oge nuturkeun hayang nyaho kunaon2 na,
"bu Astuti......asisten rumah tangga ibu....mmmhh nuju hamil...hamil muda....",ck dr.
salerea reuwas ngaharuleng eweuh anu teu reuwas,sangges mere resep obat anu kudu di beuli dr th pamitan balik.
bu Astuti meureup ti pepereket....pok ngomong bari semu ambek,
"saha anu gs calutak ngagadabah si Atikah....!!!??? jawaabbbb!!!",ck bu Astuti bari rut ret ka Tedy jng Jody.
Teddy ngadegdeg beungeut na sepa leungeun na di cepengan ku stevi.
Jody nangtung....
"ku Jody mih...!!!",ck Jody.
bu Atikah keukeurot kaprot2 nampilingan Jody nepi ka kaluar getih tina sela2 biwir Jody.
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan,20 october 2018
#TEU_SAENDAH_IMPENAN(TSI)
Bag.10
Kengeng Andhyn
"budak kurang ajar...!!" ck bu Astuti bari kekerot.
"emang ti kapungkur mah jody anak kurang ajar mam..",ck jody bari nyusut getih anu kaluar di sisi biwir na.
"terus ayeuna dk kumaha...?? mami embung boga minantu anu teu sakelas....mikir atuh jody...mikiirrrr!!!",ck bu Astuti.
Teddy ngahuleng nya meureun kitu lamun maneh na kamari menta izin dk kawin jng Atikah pasti indung na moal panuju,ayeuna wae Jody di tentang padahal gs pada apal Atikah kerkakandungan.
"Jody dk tanggung jawab mami...Jody menta izin nikahin Atikah....",ck Jody.
Teddy molotot maneh na teu karasa kekerot bari lengeuna meureup.
"teu bisa...!!! mamih teu ngijinan....teu panuju,urang teh jelma terhormat jody piraku atuh...dk di kamanakeun baeungeut mamihhh...!!!??"ck bu Astuti deui.
Tatadi Atikah gs sadar ngadenge kabeh omongan bu Astuti jng Jody.
heran salaki na cicing we teu lemek teu nyarek teu kadenge sorana2na acan,
"mmmmhhhh...A Teddy.....harianeun....",ck Atikah dina hate na,cimata teu kabendung deui tuluy2an mentas kana pipi na.
"terus mamih teu karunya ka Atikah??nu di kandung na ge cucu mamih,mamih sama2 perempuan mih....",ck Jody bari ngadeketan Atikah terus ngahudangkeun Atikah nitah diuk.
Teddy ngalieus da sabener na maneh na masih nyaah ka Atikah ngan maneh na teu nariman perselingkuhan Atikah jng Jody anu menurut Teddy Atikah ngamanfaatkeun waktu maneh na kr euweuh di imah.
"yerserah kamu lah Jody...mamih moal ikut campur...cape ngurus kamu mah...teu jiga si kaka kamu mah berandalan dasar....!!!",vk bu Astuti bari indit ninggalkeun anak2 na,Teddy ge di gusur ku Stevi ka kamar na tinggal Atikah,Jody,Jeny jng bi Oneng.
"nyai.....kunaon atuh nyai teh?",ck bi Oneng bari melong pinuh ku tanda tanya ka Atikah.
"bi...keun ulah waka di ganggu hayu urang candak hla ka kamar na",ck Jody bari nuyun Atikah.
Jody jng Atikah di tinggalkn 2an di kamar na Atikah,
"A jody....naha make ngaku2 ieu anak Aa?",ck Atikah.
"Aa mung hoyong nyalameut keun Tika .... Aa terang eta bayi na Ka Teddy ...Jody apal Tik,tapi apa Tika sadar tdi penolakan mamih ka Tika,ieu Jody anu ngaku na masih single tapi ku mamih di tentang...kumaha lamun Tika ngaku hamil ku ka Teddy....?!! Jody teu bisa ngabayangkeun Tik...teu bisaaa....",ck Jody bari melong ka Tika anu ngeluk tungkul.
"sok ceurita ayeunamah ka Jody Tika ayeuna ngan Jody anu melindungi na...",ck Jody deui.
kerkitu bi oneng asup ka kamar bari mawa cai herang,ngilu diuk dina tempat sare Atikah.
"nyai...bibi perlu nyaho saha saeuyana anak nyai,bibi teu percaya lamun eta anak den jody kulantaran bibi mineng manggihan nyai kaluar ti kamar den teddy subuh2 jiga gs ngendong di kamar den Teddy kitu deui sabalik na den Teddy mineng ngendong di kamar nyai...", ck bi oneng.
Atikah tungkul bari leungeun na maringkeul2 simbut.
"nyai...kumaha ke bibi ngajelaskeun ka indung hidep lamun nyai embung ngomong saha bp budak nyai?",ck bi oneng deui.
"tekedah ngajelaskeun nanaon bi...euma tos apaleun sadayana....kieu bi...A jody anu saleres na...derekdek atuh Atikah nyaritakeun yen maneh na gs kawin sirih di lembur jng Teddy terus Teddy ngajangjikeun dk ngawin Atikah secara resmi....
Jody jng bi Oneng ngahuleng
"tapi abdi nyuhungkeun ka A Jody srng bibi ulah nyangem nanaon ka Bu Astuti srng A Teddy...sawios abdi we anu nanggung ieu sadaya...abdi iklas,omat bi...A...upami bibi srng A jody nyarios masalah ieu abdi bd nekad bunuh diri...serius bi...A...",ck Atikah.
Jody narik nafas panjang kitu deui bi odah.
"sawios enjing abdi bade uih ka lembur da bade naon di dieu oge....",ck Atikah.
"hhhhmmm kumaha lamun si kaka urang warah tuman....",ck Jody bari meureupkn leungeun na.
"ulaahh A jody...ulah....wios Atikah uih we,da gaduh artos tabungan bade ngurus murangkalih Tikah srng euma di lembur...",ck Atikah.
"lain kitu Tikah....lamun di antep si kaka asa kangeunahan ...kumaha lamun urang nyieun strategi anu apal ieu rencana ngan urang 3an??",ck Jody bari rut ret ka Atikah jng bi Oneng.
"ngiringan bibi mah...",ck bi Oneng.
tuluy Jody ng9mong bari haharewosan ka Atikah jng bi Oneng anu arunggut2an tanda satuju kana rencana Jody.
"nyiksa jelema mah teu kudu adu fisik di gebugan Tika cukup batin na we urang ganggayong...",ck Jody bari nepak taktak Tika mere semangat jng kakuatan ka nu jadi lanceuk ipar na.
**************************
Isuk na isuk keneh Atikah gs beres ngasup2 kn baju kanu tas,tuluy maneh na dk pamitan ka bu Astuti.
Jody ge sarua maneh na gs ngepak barang2 na kanu rangsel gede tuluy nyampeurkeun indung na jng lanceuk na anu kersarapan di meja makan.
Atikah nangtung rada jauh tina meja makan,bari rengkuh hormat ka nu jadi mitoha na...
"ibu hapuntn Abdi bade uih ka lembur....hapunt sareng hatur nuhun ka sadayana,abdi moal nungtut nanaon ka kulawarga ibu....",ck Atikah bari tungkul cimata teu eureun nyurulung komo ningali salakina kersarapan di baturan ku stevi pamajikan anyar na.
"nya alus lah....ari rumasa salah mah memang kudu indit ti imah ieu...ibu embung nampung aib gara2 maneh ngamurah mareh harga diri sampe daek di gadabah ku si Jody....",ck Bu Astuti bari judes jng sinis.
Atikah ngan nahan hate na anu nyelekit hayang namah nunjuk irung Teddy ngabolekerkeun kajadian anu sabener na tapi di tahan we inget rencana Jody jng masa depan maneh na jng anak na.ker kitu torojol Jody bari mawa rangsel gede.
"mamih Jody pamit....seja tanggung jawab jadi lalaki sajati dk ngadatangan kulawarga Atikah di kampung,karunya anak atikah ....",ck Jody bari ngaleret ka Teddy anu ngadak2 tungkul.
"terseraaahhhhhh.....!!! budak badung teu bisa di urus dk jadi naon maneh heeeehhh ..??!!",ck bu Astuti nyeneu deui.
"pek hirup di kampung....bisa naon maneh tanpa mamih..?tingali atuh lanceuk maneh si kaka mah jelema penurut,jelema bageur sholeh...isuk pageto di angkat jadi direktur,conto atuh si kaka jody....!!!",ck bu Astuti ngagulkeun Teddy.
"muhun mam...abdi teu aya katiasa ti kapungkur ngan nyesahkeun wae,tapi....izinan abdi janten jalmi anu trhormat jadi jalmi bertanggung jawab sanes jantn jalmi pengecut...!!",ck Jody anu sabener na di tujukeun ka Teddy.
Jody sun tangan ka bu Astuti,ku bu Astuti di kepeskeun terus indit bari nungtun Atikah kaluar ti eta ruangan.
Teddy rada cengkat pas Atikah di tungtun ku Jody timuru ngagedur dina dada,tapi ku stevi leungeun na di tahan.
"mamih kumaha ieu mam....?",ck Teddy dina hate leutik na asa dosa jng maneh na panasaran anak nu dikandunh teh sabener na anak saha,piraku asa ku gancang teuing lamun anak jody mah,kumaha lamun anak maneh na,rebu2 pertanyaan dina dada Teddy tapi teu bisa kumaha da Teddy sieun ku indung jng ku pamajikan nana.
Jody nungtun Atikah tuluy Jody nyegat Taxi muru ka terminal,
"tika....sing percaya Tika ka Jody...Jody moal nyilakakeun Tika,ayeuna urang ulah ka lembur Tika,jody yakin si kaka tadi panasaran ka Tika jiga na mun aya waktu si kaka bakal nyusul ka lembur Tika,maka na urang nyumput we heula ayeuna mah",ck Jody.
"bade kamana atuh A ?",ck ATikah.
"urang ka bandung,aa aya babaturan peuting gs di hubingi maneh na daek nulungan urang,jody dk neangan gawe di bandung...",ck Jody.
sangges tepi ka terminal kampung Rambutan Atikah jng Jody naraek bus prima jasa muru ka Bandung keun ninggalkeun kota Jakarta anu gs mere kanyeri ka maranehan nana.
H A N C A
teu saendah impenan kengeng andhyn
balikpapan,21 october 2018
Manco, na didieuh moal di FB.
BalasHapusMana kelanjutanny
BalasHapus