dongeng sunda HAREWOS TENGAH PEUTING (HTP)

harewos tengah peuting#HAREWOS_TENGAH_PEUTING(HTP)
BAG.1
KENGENG Andhyn

SURTI

"Daek jadi pembantu di Jakarta Nyi Surti?",ck Darman paman na Surti.
"kersa mang nu penting halal...",ck Surti bari ngeluk tungkul.
"hooh da lamun anjeun teu di gawe eta budak saha anu maraban....emang jng bi katmi boboraah timang ti tukang mulungan kardus atuh....",ck Darman bari ngipasan dada na ku dudukuy samak anu gs butut.
"keun ari masalah budak mah ku kami di urus asal anjeun ngiriman we unggal bulan na jang budak ...",ck bi katmi ngilu mairan Darman salakina.
"muhun bi.....",tembal surti bari nyium budak umur 8bulan anu kr di lahun ku maneh na curulung cipanon na laluncatan mentas kana pipi na maseuhan buuk budak lalaki anu olohok we ka indung na.
"heu-euh...da salah maneh atuh surti kalah ka del deui del deui boga budak...nyaho salaki jarang balik kalah ka hayoo we boga budak....",ck bi katmi bari marud sampeu jieuneun kicimpring jualeun maneh na ka pasar.
Surti mikin ngeluk tungkul ngarumasakeun sugan teh Sony salakina bakalan bener2 tanggung jawab ka maneh na jng anak na,harita ge da alm indung na nyarek maneh na papacangan jng Sony lalaki orang Cirebon gawe na supir truk gede purah iang barang ka luar kota.
alm indung na mapatahan cenah supir antar kota antar propinsi mah mun teu kuat2teuing iman mah sok loba awewe na,tapi harita surti gs kapereumpenan ku sony anu kasep tur gagah,rayuan maut Sony anu nyieun Surti mikeun kahormatan nana ti heula ka Sony.

kawin ge teu di reuah2  padu di rapalan we da beuteung Surti mikin gede,miceun hungkul wiwirang kulawarga.
tidinya indung Surti mimiti geringan wae tungtung na maot nutur keun salakina nya eta bapa na surti ka alam baka,atuh pahatulalis Surti teh eweuh batur pakumaha iwal ti mang Darman jng bi katmi,mang Darman teh adik bungsu indung na ari anu pangais bungsu bi ikah anu ngajak gawe ka jakarta ayeuna.

najan anak gs 3 tapi Sony angger we teu rubah adat datang ka imah Surti estu sakahayang na pisan di jieun terminal hungkul.kadang mawa truck na anu gede tea kadang2 ngagandeang teu mawa nanaon.
taun ka 10 kawin ka Sony teh Surti meujeuh na butuh biaya gede tapi etamah Sony kalahka makin acuh we teu ngaimahan da eta mah imah titinggal kolot na surti ngaresikoan ge sakahayang Maneh na we,lamun di penta resiko Sony sok adat2an kadang lamun rencana mondok 3poe kusabab di penta jang resiko kakara sapoe ge gs balik deui alesan nana dek neangan duit gede tapi gening mana da ka Surti mah tara mere.

lamun teu Surti rajin mantuan tatangga na sagawe2 tangtu budak anu 3 katut maneh na gs moal manggih dahar.untung we Surti mah hampang birit.
Ari ayeuna bibi na anu gawe di jakarta ngajak dunungan nana ker neangan pagawe hiji deui jang ngasuh anak na anu kakara 1taun da pangasuh anu tiheula menta ereun dk kawin cenah di lembur.
sanajan kapaksa da melang ka anak na anu3 Surti kapaksa daek gawe ngilu bi ikah ka Jakarta.

anak na anu awewe kakara umur 10taun ngelek adi na anu umur 8bulan sedengkeun anu kakara umur 6taun kernyoo momobilan dina taneuh basa maneh na indit di jemput ku mang pardi tukang ojeg pangkalan tatangga na,
teu karasa cipanon nyurulung maseuhan pipi na basa si cikal nenden gugupay ngaleupaskeun maneh na indit,si bungsu indah ceurik gogoakan basa motor ngabiur indit teh hayang ngagajleng tina motor balik deui ka barudak na tapi kabayang deui ka susah nyampak di hareupeun panon na,budak hese dahar2acan jaba kermarejeuh na balarang dahar,boboraah jang jajan dalah jang dahar ge ngandelkeun nganjuk ka warung ceu mimi.
sajajalan cimata murubut katempo tina sepion ku mang pardi pok mang pardi nanya ka Surti.
"Nyi kumaha atuh dek luas wae ieu teh...?",ck mang Pardi bari maling teuteup tina sepion.
"nya teraskeun we mang....upami teu luas barudak abi moal maranggih dahar...",ck Surti bari nyusutan cimata na.
"duuhh lamun emang aya mah da.....ku emang wee di jadikeun anu ka 2ge laahh...",ck mang pardi bari lieuk deui lieuk deui kana sepion.
Surti teu nembalan keuheul we nu aya da surti apal pisan saha Pardi pangedulan anu lamun hayang nanaon tinggal menta ka pamajikan nana nyaeta bi isah puguhan ngawarung gogorengan deket sakola payu pisan.

semu baed Surti mayar ongkos ojeg ka mang Pardi pas tepu ka terminal,kekepehan embungeun di bayar bari rada porenges benget na ka Surti tapi ku surti di kepelkn duit teh kana leungeun Pardi.
kalacat kana beus jurusan jakarta bari mekel alamat dina kertas Surti diuk deket jandela melong kosong kaluar kolebat2 beungeut anak na kokolebatan minuhan lamunan,sesek dada na breh di luar katingali supir2 beus ker arocon jng awewe anu dangdanan marenor make baju jiga anu ka kurangan bahan silih tepak silih toel cing arihil jol nyel we ambek ujug2 inget ka salakina sony anu gs 8bulan teu balik2 tisaprak ngalahirkeun si bungsu we teu balik nateh,nyusul nyusul ka mana da estuning Surti mah teu panggihkeun pisan jng kulawargana Sony teh.

gs setengah pinuh penumpang beus teh biur indit ninggalkeun terminal muru kota Jakarta.
teu kacatur di jalan na Surti tepi ka imah dunungan nana bi ikah di anterkn ku tukang ojeg puguhan di bekelan alamat tea ku bi ikah.
"nyai sok cicing heula di didieu Den Vani nuju ka arisan heula,ari Den farhan mah can uih damel",ck bi ikah bari ngasongkeun cai herang ka Surti,gap di tampanan tuluy leuukkk cai tiis teh ges pindah kanu beuteung Surti niisan tikoro anu asa panas,
"barageur teu bii dunungan teh?",ck Surti
"nya kumaha urang na we...ngan kade den Farhan mah cunihin...",ck bi ikah bari dulak dilak mata na teh.
"eta jang ongkos nginjem timana nyi...?",ck bi ikah
"biasa we bi nginjem duit renten ti tante Sunarya",ck Surti bari ngeluk tungkul.
"bae lah da ke ge di gantian ku nyai kan bakalan menang gajih....",ck bi ikah.
kerkitu aya mobil sedan asup ka golodog imah reg eureun tuluy kaluar lalaki jangkung gede kulit na hideung irung na nambru gegag gegag asup ka imah tuluy gegeroan ka bi ikah,
"ikaaaaahhh...ikaaahhh...jieun kn kopi pait lah..."ck eta lalaki anu taya lian ti Farhan dunungan ikah.
"mangga tuan...",ck bi ikah bari tuluy nyieun kopi pait,gs beres maneh na ngajak Surti manggihan dunungan nana Surti nuturkn bari ngeluk tungkul bangun anu sieun.
Srog ka hareupeun Farhan anu ker muka sapatuna bari diuk dina korsi barang ningali ka bi ikah jng Surti Farhan eureun heula muka sapatu nateh ret ka Surti anu ngeluk tungkul mata na langsung hurung ningali aya awewe pantes mah.bangun anu kumetap Farhan harita melongnteu ngiceup2 ningali kana beungeut Surti.......
"saha eta teh ikah....?",ck Farhan bari nampanan kopi tina leungeun bi ikah.
"muhun ieu teh Surti tea anu kanggo ngasuh den michelle",cek Bi ikah.
"oowwhhh...nya sukur atuh...",ck Farhan bari neuteup ka Surti.
"alo meren nya ikah mah ka Surti teh?",ck Farhan ngadak2sorana laun bangun anu hayang ka alem.
"muhun gan....",ck ikah bari manggut tuluy maneh na ngajak Surti ka dapur deui tapi ku Farhan di halngan,
"kela ikah da kami teh kudu nyaho jujutan nana sepakterjang na kanu dk ngasuh si michelle teh,antep we Surti mah sina diuk di dieu itung2wawancara weh...",ck Farhan,
di kitukeun teh ikah rada baed tuluy maneh na asup ka dapur sorangan.
Surti di titah diuk hareupeun Farhan bari di teuteup tina mata irung biwir Surti turun kanu dada...kanu beuteung bitis di papay ku Farhan puguhan ucing garong atuh jadi maneh na nyaho kanu geulis kampung ge sanajan dangdanan basajan teu nyunputkeun ka geulisan Surti apanan matak baheula Sony tepi kapincut ku Surti teh apanNan Surti mah geulis najanteu dangdan oge.
Farhan neureuy ciduh we basa ningali Surti anu tungkul teh maneh na api2 nanya2 kamana salakina,anak2 na jng sajabina sedengkeun ari panon mah balanja we kanu dada surti bangun anu hayang nyoekeun baju anu ngahalangan nana.

H A N C A
andhyn
balikpapan22092018

kengeng andhyn
#HAREWOS_TEUNGAH_PEUTING(HTP)
BAg 2
KENGENG Andhyn

Farhan,vany

kajen gs anak 3 tapi awak Surti masih keneh kenceng,pinareup anu nyengseung matak Farhan neureuy ciduh sebeberaha kali,ngabayangkeun kerngagalentoran Surti da ari otak anu purunyusmah eusi na iwal ti mesum we.
Surti lain teu apal lamun Farhan merhatikeun awak na dalah di kumaha maneh na butuh ku pagawean ieu heug lamun salaki na bener ngabiayaan maneh na jng anak2namah tangtu surti moal daek di gawe dinu kieu,
irung anu nambru teh bulistir herang ku kesang renghap ranjug dada na Farhan jiwa kalalakian nana makin motah mata na ningali kanu bitis Surti anu bodas katingali urat2anu hejo carulang jiga anu ngagupayan Farhan pikeun ngusapan bitis nehner teh.

Surti ngeluk we tungkul dina korsi hareupeun dunungan anyar na,untung na sup mobil warna beureum asup ka garasi imah teu lila asup awewe ngora jangkung gede rupa na jauh tina ngaran geulis jaba paroman haseum sorot mata na nembongkeun angkuh digawe di kantor notaris Vani teh.

sup ka imah nyampak salakina diuk nyinghareupan awewe kampung langsung Vani ngilu diuk di deket salakina,
"ieu anu dek ngasuh si baby michalee teh pih?",ck Vany bari mata na nilik2 ka beungeut Surti.
"muhun mih nuju di wawancara layak teu na jadi baby sister jng si michalle",ck Farhan jadi robah nempokeun beungeut galak ka Surti.
"kumaha ck papih satuju teu?",ck Vany deui
"nya urang nyobaan we hla lamun teu cocok gampang tinggal pecat we atuh mih",ck Farhan deui.
"Surti sok geura beres2hla... kamar anu kamu di tukang deket jng kamar si baby michalee...",ck Vani ka Surti,
"hatur nuhun Gan...di kantun atuh",ck Surti bari ngaleos ka dapur nyamperkn bibi na anu kernyiapkeun jang makan malam dunungan nana.
"bi gening kamar kuring mah di harep nya deket jng kamar Dunungan?",ck Surti semu hariwang.
"haarr nya eunya atuh kan supaya deket jng den michalle ...", ck bi ikah.
Surti teu nembal ngan lamun inget teuteup na Farhan bulu punduk na jadi maruringkak.

gap kana kantong warna hideung bawa ti lembur anu eusina baju2 maneh na tuluy Surti muru kamar anyar na,pernah na deket jng kamar anak dunungan nana sangges baju2 na di entep kn dina lomari maneh na buru2 muru ka dunungan awewe anu ker aya di kamar anak na michalle.
"tah Surti ieu Michalle ...kuring percaya ka anjeun da bi Ikah nyaritakeun yeh anjeun gs boga anak 3,imah ieu di pasangan CCTV jadi sakabeh gerak gerik anjeun kapantau ku kami..",ck Vany bari ngasongkeun budak gendut anu bengeut na jiga pisan Farhan bapa na,buuk na jocong jabaning ampeg kacida maklum anak jelema aya mereun kadaharan jng vitamin na ge kumplit,kitu pikir Surti bari mangku budak.
budak teh gugurinjelan embung dipangku ku Surti maklum ka jelema anyar panggih mrn,ku Surti di usapan punduk na lila lila budak teh ngahep2 we.
Surti ngahelas inget ka anak na di lembur anu di asuh ku bibi na "mmmhhhh kang Sony anjeun tega nyieun kuring sangsara jiga kieu kudu jauh jng anak kabeh gara2 anjeun Kang....", kitu pikir Surti.

Sony

"kang ai akang iraha dk jalan deui...ieu bekel gs seep iihh?",ck Eva pamajikan anyar sony anu kakara di kawin 5bulan katukang.
"nya minggu hareup we kagok si abah embung di aplusan butuh duit jng nyundatan incu na cenah",ck Sony bari ngabaheuhay dina korsi.
"iihh akang mah kan jang bekel si jabang bayi anu aya dina beuteung eneng atuh kang...", ck Eva bari nyamperkeun ka Sony.
"eunyaaa ke isuk akang dk nyamperkeun si abah...ngan wengi ieu akang nyungkeun jatah na 2 aaahhh",ck Sony bari metot awak Eva,gubrag Eva kana lahunan Sony,arocon dina korsi silih dengkek silih eleketek.
"hayuu ka kamar kang..",ck Eva bari leungeun na meulit kana beuheung Sony.
Sony teu nembalan tapi regeyeng awak Eva di pangku di bawa ka kamar tuluy dua nana papuket ngaleupaskeun hasrat na nepi ka kesang ngucur sakujur awak na.

isuk na Sony indit kanu boga truck tea biasa purah biang rupa2 kaperluan bangunan atawa hasil tatanen,biasa na maneh na bagean ka luar kota anu lumayan jauh kusabab awak na masih keneh bedas beda jeng supir anu hiji deui nyaeta bah Darma maneh namah purah iayang kanu darekeut hungkul.

barang tepi Sony langsung di bageakn ku dunungan nana pk Wijaya,
"cing atuh Son ieu aya pesenan ka daerah jawa tengah,ari maneh kalah ngahephep we di imah randa.kalakuaann teehh...butuh duit teu..??!!",ck pk Wijaya bari melak cangkeng.
"nyaaa butuuhh atuh tapi kan senang2 ge butuh pak...",ck Sony di tungtungan ku ngaheheeh
"langsung ieu teh,gs beres surat jalan jng nanaonna...?",ck Sony ka pa wijaya.
"beres atuuhh sok siap2 kadinyah....",ck pak Wijaya.
"tapi lapar ieu teh pak...dk menta heula dahar aahh ka si ibu....",ck Sony bari leos ka dapur,
di dapur nyampak pamajikan pk Wijaya eulis enok pamajikan anu ka 3 sahandapeun sony umur namah bubuhan di kawin ku juragan we daek soteh da mun heg pa wijaya lain juragan tangtu eulis enok moal daek di pihukum ku pk wijaya.
"haaiii cantik denok....apah kabar nya?",cek sony bari nyiwit cangkeng euis.
"sssttt ka mana wae iihh akang...euis sono...?",ck euis haharewosan bari luak lieuk sieun aya salakina.
"akang seueur acara...",ck Sony bari celengok nyium pipi euis,euis uman imen cumentil.
"hayuu ayeuna bade...mempeng akang di piwarang ka jawa ku pk olot",ck Sony bari kucap kiceup ka euis.
"aahhh....ngadadak akang mahh jdi euis teu prsiapan",ck euis teu eleh genit.
"wios atuh api2 ngiring tepi pasar we...ke urang nguliwed heula ka penginapan...nya...sok siap2",cek Sony bari nyokot piring tuluy dahar bangun anu ponyo di ladangan ku pamajikan dunungan.

beres dahar Sony nyamperkeun deui dunungan nana anu ker di gudang sangges nyokot surat2 orderan jng surat jalan kalacat Sony kanu truck anu gs pinuh ku barang2 kirim keuneun ka jawa,bari panon na neangan euis sugan jng sugan we pamajikan dunungan nana edek ngilu.

nyaan we basa truck gs di hurungkeun katingali euis nyamperkeun salakina katingali pepeta gs kitu kalacat naek kana truck bari sura seuri.
"bebeja dek ka mana euis teh ka si olot?", tanya Sony.
"bebeja dek ka salon....hehehe" ,tembal euis.
gulusur truck maju kaluar ti gudang muru ka jalan gede sangges rada jauh manggih penginapan Sony jng Euis tarurun muru penginapan ngaradon cek in.

H A N C A
Andhyn balikpapan 23.09.2018

#HAREWOS_TENGAH_PEUTING(HTP)
BAG.3
KENGENG Andhyn

SONY,SHERLY

pabeubeurang sony jng euis enok cing karurumuy ti penginapan Euis seuri bari nyiwit beuteung Sony ogoan basa dua nana gs aya deui dina Truck kusiwel Euis ngaluarkeun duit tina dompet na bareureum hungkul song di asongkeun ka Sony,
"iiihhh angger wee garaaanngg ieu maahh yeuh maung...",ck Euis bari ngegel biwir na inget kalakuan Sony bieu nyugemakeun maneh na.
"aaaahhhh da lamun teu rusuh mah kudu tah 5X deui mah....yuuuaaahh ke deui lamun gs balik ti jawa urang maen deui", ck Sony bari nampanan duit ti Euis.sup di asupkeun kana sakuna 'lumayan cenah jang neraktir awewe di kopi dangdut ke peuting',

Euis nangkeup tuluy nyium biwir Sony bari ngaharewos,"nuhun nya saaayyyyy......"cenah bari turun tina truck tuluy ngaleos ninggalkeun truck anu teu lila ngabiur ninggalkeun penginapan.
di jalan Sony cungar cengir sorangan maneh na ngarasa jumawa ku kamampuan maneh na bisa naklukeun awewe2 di ranjang,asa pang perkasa na we saha2anu pernah di layanan kumaneh na pasti deudeuieun nagih deui matak na maneh na jadi ngarasa adigung ngacak awewe2,anu leuwih parah na Sony jadi maniac anu katagihan lamun sapoe we teu 'kitu' pasti we maneh na ngarasa aya anu kurang.

reg truck eureun di warung remang2 kabeneran waktu gs peuting Sony asup ka warung langganan maneh na paragi mondok lamun kr di perjalanan,sup ka rohangan di tukang ngahaja ari di hareup mah jiga ngan warung kopi ari katukang aya kamar2di tengah2we ngageblong paragi tamu jaroged dangdutan.luak lieuk sony neangan langganan nana lebeng euweuh kerkitu torojol anu boga warung lalaki tengah tuwuh awak bentelu beuteung gede jiga anu kr reuneuh 9bulan nyampeurkeun Sony bari ngahahah seuri atoh peuting eta bakalan aya anu nyawerkeun duit gede ka anak2buah na.
"sony....sony...siganteng bageur....kamana wae..yeuh mas broooo...?",ck mang oco anu boga warem tea.
"aya we kang ker haroream lunta kamari teh ari ayeuna gs seepeun artos kapakasa we liar deui,kumaha kamana si ninceu teu katingali?",ck sony bari rurat reret neangan awewe langganan nana.
"aaahhh gs poho keun nu eta mah kamari balik gering cenah,kee ku saya di bere anulewih aduhayy barang anyar...ke kedeng deui urang kaluarkeun",ck mang oco bari tuluy mapayan pelanggan2anu mimiti daratang.
beuki peuting beuki rame tempat dangdutan teh,teu lila torojol awewe bohay make hotpan nyekel mic make iringan musik tina speaker aktiv lagu dangdut campur sari sora na mah biasa wae tapi.....goyangan nana anu rruuuaaarrr biiaassaaahh mah, ker mah baju na neplak alabatan teu make baju dada na anu montok nyieun Sony neureuy ciduh ngilu joged bari nginum 'eueutan teas' anu di jual ku mang oco nambah kawani Sony makin ngajelegur,teuing gs beak saberaha duit anu di pake nyawer penyanyi anyar anu ngaran na sherly,teu kuat nahan hasrat na Sony ngajak in the hooyy ka Sherly maneh na wani mayar 5rts rebu sapeuting,duit anu menang mere euis teh kabeh di bikeun ka biduan dangdut ku Sony.

waktu ngagayuh ka subuh Sony sare ngaguher sangges nyarean biduan sherly,kitu deui sherly sare teu make baju salembar2acan dua jelema anu nganggap enteng kana dosa zinah bakalan ngondang murka Alloh lamun teu gancang2tarobat mah.

isuk2 sangges mayar ka Sherly Sony tancap gas deui bari maneh na ngajanjian ka Sherly lamun engke dek nganjang deui ka tempat eta teuing kunaon hare Sony ka pincut ku sherly anu anyar panggih biasa nage lamun gs nyarean awewe baong tara ieu meneh na inget wae,ari ieu mah Sony meni tuluy we inget bayangan Sherly asa montel dina pikiran Sony.
aaahhhh kudu di kawin deui kaya kieu mah cek Sony bari nincak gas biur truck na mangprung ka jalan kota purworejo.

FARHAN,SURTI......

peo ka hiji nepi ka saminggu mah aman Surti teh teu aya nanaon budak anu di asuh teh langsung apet wae eker mah eker surti ge boga anak segede anak dunungan nana di lembur katambah lamun dungungan nana di gawe budak teh di asuh di kamar surti sok di bere Asi ku surti da maneh nage ker nyusuan anak na jadi batan di piceun mening di bikeun ka anak dunungan nana,
nyaan we budak teh makin anteng jng apet ka surti mah.

hiji sore Surti ker nyusuan michalle di kamarna bari maneh na ngagoler dina kasur teu kuat Awak na asa ringsek katambah suasana imah anu tiiseun nyieun panon teu kuat sanajang di lawan di beunta2ge,kuat ku kerek nyegrek Surti sare bari nyusuan Michalle,

Farhan balik gawe gegeroan ka Surti teu nembalan kitu deui ka bi ikah sarua teu nembalan,tungtung na Farhan nyusulan ka kamar anak nan sarua eweuh,"nya kamarana atuh...." kitu pikir Farhan,
tuluy maneh na ngintip kamar Surti panto teu di konci bray panto muka sa eutik,ata mah Farhan mni nahan nafas di hareupeun maneh na Surti ker nyusuan anak na anu sarua kersare bari ngagenyol nyusu,pinareup anu buled teh teu kahalangan nanaon keteyep Farhan ngadeketan tempat sare bari renghap ranjug ker kitu jol lesot anak na anu kr nyusu teh atuh braayy pamandangan teh beuki etre jiwa kalalakian nana beuki kahudang ajul ajulan nempo pinareup anu ngagantung,keteyep beuki deukeut leungeun na ngarampa pinareup Surti anu polos di co'o lila lila beuki teu kuat Farhan nangkeup Surti ti tukang bari leungeun na ngarames pinarep anu ker sare ngagebra,mimiti namah cicing we surti teh da rarasaan namah kerdina pangimpian sosonoan jng Sony salakina ari lila lila kahudangkeun bray panon na beunta aya leungeun tibtukangeun anu ngaranggeum pinareup nanbari awak na di dempet ti tukang erok na gs nyingsat bari aya anu nyedek2 kana bujur na,
Surti molotot leungeuna papuket nyingraykeun leungeun gede keker tina dada na tapi awak na kalah di tangkarak keun,biwir na di dempet ku biwir kandel anu Farhan,Surti balem bari babadug Farhan beuki ka setanan breett BH surti di dudut nepi ka pegat brayy atuh pinareup teh beuki nangtang ngaganjel dina dada na hariweswes Farhan ngaharewos ka Surti.
"cicing....cicing surti ke di bere duit asal menta we sa eutik...sok kuring gs teu kuat surti...",ck Farhan sora na ngadegdeg.
Surti babadug mertahankeun harga diri na awak na anu lemet ditindihan ku lalaki anu jangkung badag jaba budayut meh pejet,
'brettttt calana jero ge di bebekeun ku Farhan atuh katinggali ayeunamah bobogaan surti.
Surti ceurik menta ulah di kukumaha ku Farhan anu kerkasetanan rokaya awak leutik surti teu wala kaya aya dina ka kuasaan dunungan nana.

#hareudang braaaayyyyyy....

H A N C A
andhyn balikpapan24.09.2018

#HAREWOS_TENGAH_PEUTING(HTP)
BAG.4
KENGENG Andhyn

SURTI,FARHAN.....

Awak gede anu ngabugigag teh uyek2an luhureun awak Surti anu lemet di tindih ku Farhan,Surti pasrah baju jng calana na gs acak2an di jojoet ku Farhan,ker kitu......kulisik michaelle ngulisik budak leutik anu can nyaho nanaon melong we ka bapa na anu ker uyek2an muka calana,ker kitu goak we budak teh ceurik gogoakan jiga namah haus neangan anu ngasuh na eweuh meren da katindihan ku awak bapa na anu badag,reuwas Farhan teh maneh na tibuburanjat ngadak2 lempes deuih poni na(mksd na kuda poni) buru2 hudang memener calana na anu gs meh satuur morosot na,ker kitu kadenge aya mobil eureun jiga namah vany kkra balik ti kantor na,beuki panik Farhan teh belenyeng lumpat asup ka kamar na bari ngabugigag ninggalkeun Surti anu meh kapaehan untung teu ka asupan tah da mun seg budak teu ceurik mah jiga na kari sagejligkeun deui weh meh ka bobolan pertahanan gawang Persib...(ngaco heula aahh hahaha)

budak di raneh sina eureun ceurik na tuluy maneh na nyokot BH jng calana jero tina lomari rap di pake bari sakalian ganti baju.beungeut na masih pias keneh reuwas ka reureuh nakeun leguk nginum tinu gelas anu aya di kamar na beuki ambek kana nasib na ras inget kudu ngalaman sangsara jiga kitu teh gara2salakina sony,harianeun...

Vany nyamperkeun ka kamar anak na nyampak michalle ker anteng we jng Surti barang dk dipangku budak teh merod embungeun keukeuh hayang wae ka Surti di paksa ge budak teh merod
"aeehh kunaon ieu budak jadi kieu embung ka kuring,surtiiii....di kumahakeun anak kuring iiihh..",kitu nateh bari metot michalle atuh budak teh beuki jejeritan.
tambah ambek Vany jol gaprot we nyabok ka Surti bari amuk2an ngarebut anak na anu merod ka Surti,Vani beureum beunget Na bari nyuntrungkeun awak Surti sampe ngajengkang katukang untung labuh na palebah tempat tidur gubraaakkk awak na ngagoledag kana pangsarean budak,
Vany kaluar ti kamar michalle bari ngelek anak na.

tinggal surti anu ceurik balilihan asa ku katurug ka tutuh,da lamun teu butuh ku duit jng dahar anak na anu 3 mah da teu sudi kudu kuli di jelema model Farhan jng Vany,'teu hayang teuing.......'kitu ck Surti harita.

teu karasa Surti gs aya 4bulan di jakarta na,unggal bulan maneh na ngiriman duit kanu jadi bibi na di lembur jng biaya dahar anak2na, maneh na ngan nyekel saeutik pisan estuning kabeh jang buah hate na di lembur,

kusabab Farhan katut Vani jng anak na dek laliburan ka Bali Surti menta izin balik hla ka lembur untung na di izinan ku Vany.bi ikah mah teu ngilu balik da di titah ngajagaan imah
isuk keneh Surti gs aya dina beus muru ka lembur na di padalarang,teu kacatur di jalan na Surti gs tepi ka imah bibi na imah lenglang sarepi teu aya sasaha pisan,Surti kukurilingan neangan bibi na jng anak na sono pisan ka barudak mni asa gs aya dina panon.asa ges sa gok-gok keun tapi lebeng imah teh sepi jempling.

koreleng deui ka gigiereun imah panto di gembok Surti nendeun kantong di buruan maneh na muru ka warung ceu mini sugan we apaleun dimana anak2na,untung warung kersepi gok surti nyampak ceu mimi kr diuk,ningali Surti ceu mimi ngabageakeun Surti.
"aduuhh si geulis iraha datang cuu...?",ck c mimi bari sasalaman
"kakara jol pisan ceu...ari si bi katmi kamarana nya jng mang darman??trus barudak mni eweuh hiji2 acan,arulin kamana nya ceu ?? kuring sono pisan hayang amprok jng barudak...",ck Surti.
"haarrr itu nyi surti panya teh apal...apanan barudak mah di ka panti asuhan keun ku bi karmi da cenah titah nyai?? piraku aaahh nyai mah bet teu apal?",ck ceu mini bari olohok ka Surti,eta mah Surti mni ngabangkieung meh labuh mun eweuh kai panunjel warung mah jiga na Surti ngagebru bakating ku reuwas.
"iraha ceu budak di ka panti asuhankeun na?",ck surti meh teu kadenge.
"aeh aeh...apanan basa nyai indit isuk na taah barudak di carokot na teh...",ck ceu mini olohok karunyaeun ka surti.
"emaannggg....bibiii aya ku tega ka alo sorangan nipu jiga kieu",ck Surti bari nyuuh dina bangku warung ceu mini.
ceu mini ngahuleng we teu ngarti ari panyanamah barudak di ka panti keun teh gs aya kesepakatan ti surti ari pek surti namah teu apaleun,
"kuring teu apal ceu....malahan unggal bulan duit gajih di anterkeun ka bi katmi kabeh jng bekel dahar barudak....naha aya ku tega ai bi katmi...", ck Surti.
"tah emang jng bibi nyai teuing kamana ayeuna teh cenah mah pindah ka kota ngaradon dagang di pasar induk cenaaahh eceu ge da teu arapal atuh nyi...",ck ceu mini.ker kitu larr ceu eha ngaliwat ningali surti kr ceurik maneh na nyamperkeun sangges deket maneh na diuk di gigireun surti anu ker ceurik,bari gap nyabak punduk surti,
"nyai.....kamari teh aya awewe pantar nyai...ka dieu neangan salaki nyai jang Sony sangges pada nanya cenah ngaran na ika ti lembur cilame,nyi ika teh pamajikan anu ka hiji sony gs boga anak 2 gs garede malah mah anu panggede na ayeuna gs asup SMP ari anu leutik masih keneh TK,eta awewe teh menang beja cenah Sony kawin ka nyai matak maneh na nyusul ka dieu....kusabab nyai na eweuh nya pada naranya tuuhh da Pa RT ge ngilu nanya da nyi ika teh ceurik cenah salakina gs aya mereun sataun teu balik,samaruk na aya di dieu....",ck ceu eha atuh Surti ceurik na beuki tarik lila2 rob we tatangga daratang rareuwaseun ku sora anu ceurik di warung ceu mini,eweuh anu teu nyebut karunya ka Surti salaki teu aya balik,malahmah budak kalah teu puguh di mana juntrung na ayeuna manggih beja lamun Sony teh gs boga pamajikan samemeh ka maneh na,leung.....leung....surti asa jangar kelepek tungtung na Surti kapiuhan....

tatangga na waratireun ka surti sabisa2 narulungan surti anu kapiuhan,aya anu mere cai herang anu malurkeun kayu putih kana leungeun na aya oge anu mencetan leungeun na,Surti ceurik sedih teu aya papadana hate na ambek kabina2 dendam ka Sony minuhan dada nyelek gara2 sony surti ayeuna kaleeungitan anak na anu 3,gara2 sony maneh na ampir2 dk di perkosa ku Farhan kabeh gara2 sony,

timbul dendam dina dada ceceb geuleuh ijid ngahiji gilig maneh na kudu mulangkeun ka nyeri ka sony kumaha we cara namah,
"lamun di antep wae lalaki jiga si kasebelan sony bakal merajalela,lamun teu paeh......ulah di sebut kuring sony.....sony dogoan wawales ti kuring",ck surti dina jero hate na.

samemeh surti  balik deui ka imah Farhan aya waktu 2poe deui maneh na libur,teuing saha anu nungtun Surti indit ka gunung sunda aprak2an dek manggihan kuncen pikeun ngalaksanakeun dendam na ka sony.
"kumaha we carana nu penting maneh kudu paeh sony.....paeehhhhhhh",jerit surti dina jero hate na

Sherly Sony

bener2 kaedanan Sony ku Sherly teu sirik na meuli2 bakat ku hayang bisa sare jng Sherly cul nanaon teu inget ka sasaha inget na iwal ka Sherly lamun di itung2 pamajikan Sony teh aya 3anu di kawin secara sah nyaeta ika,Surti jng Eva ti ika boga anak2,ti surti 3 ari eva mah anyar keneh ayeuna ker kakandungan 7bulan,ari ayeuna Sony kapincut ku Sherly anu penyanyi dangdut,sabener na benget sherly biasa wae awak na rada gendut ngan bohay hungkul make baju sing sarwa merecet buuk koneng mata na teu weleh make kontak lens wae ari kulit mah coklat geuneuk,dangdanan menor biwir urahak teu ereun udud ngomong garihal jba gordes, jauh pisan jng pangawakan Surti anu alus kulit hejo carulang panon sayu buuk jiga ombak matak Farhan ka edanan oge kan Surti mah geulis lain pupulasan.

sony gilig dk ngawin Sherly gs teu nolih nanaon deui panon na gs kapeureum peunan Sony ngumpulkeun duit maneh na menta sawareh ka euis enok pamajikan dunungan nana jng modal kawin tea,ari sherly jiga na rada jual mahal kajen rupa sony ka asup pang kasep na di antara para supir tapi Sherly narik ulur heula biasa kan maneh na awewe pangeretan anu hirup na hayang bebas sakahayang saka daek ngalajur napsu ngadagangkeun awak na ka lalaki hidung belang.

padahal lamun lalaki2 eta apal mah matak muringkak sabener na sherly masang susuk dina awak na,dina beungeut na,dina pinareup,leungeun bahkan dina bobogaan nana menang beja mah cenah masang na di daerah banten,matak na ka Sherly mah loba anu resep loba anu hayang mahugi.

sangges di olo kundunya sherly daek di ajak kawin ku Sony padahal duit na meunang menta an deui ti pamajikan dunungan nana nya eta ti euis enok.
atoh kacida sony bisa menangkeun bentang na kape remang2 anu bahenol nerkom,sanajan gs kawin sherly masih keneh nyanyi da perjanjian jng sony sanajan gs kawin teu menang ngalarang  Sherly nyanyi di kape dangdut tea.

mimiti namah Sony teu nanaon lamun Sherly masih nyanyi lila lila sok aya rasa timuru komo lamun sherly rea anu nyawer jaba nyawerna di seselkeun kana dada na sherly sok nyell we ambek sony teh ke teh di imah we hoghag jng sherly.

sony jadi tambah kedul nyupiran truck na,maneh nan lamun hayang meunang duit tinggal ngoling euis enok jiga poe harita janjian di penginapan langganan maranehan nana,euis datang bari hahehoh jiga anu cape pisan...
"kunaon sayang mni jiga anu cape?",ck Sony bari langsung ngagalentoran euis,
"teu nanaon yang ngan asa aya anu nuturkeun tadi teh matak na kuring lulumpatan...",ck Euis bari luak lieuk keneh,ari Sony mah teu pati malire kalah ka bobongkar anu aya dina awak euis basanateh sono cenah,euis teu bisa ngalawan maneh na malik ngarangsadan anu aya di awak Sony derr we galungan nepika ngarolehek leuleus dua nana euis anu hiper menta mindo ku sony di layanan tapi heran ayeuna sony teu mampuh mindo teuing kunaon ti saprak kawin ka Sherly awak sony jadi robah.euis rada ambek jamotrot bari nukangan,
....... "cenah ngajak 5X kkra dek 2X ge gs ngulahek,huuuuuuu....",ck euis bari samutut,
sony ngan bisa gegetret aya rasa heran campur hariwang.

#masih panasssss braaayyyy

H A N C A
Andhyn balikpapan 25 09 2018

HAREWOS_TENGAH_PEUTING(HTP)
BAG.5
KENGENG ANDHYN

SURTI,BAH IDING

Suku garetihan gs teu di rasa cape ge gs teu karasa,eweuh hanaang,teu karasa lapar anu karasa ngan ambek nyedek kana dada,ijid geuleuh pacampur jadi hiji,nekad Surti dek neangan jelema anu bisa nulungan manehan nana dek jalan hideung atawa bodas nu penting balas dendam.
jelema anu kurang iman di bere cocoba jng gogoda kalah aral lain di jieun sabar nganggap gcocoba teh Alloh teu karunya cenah,padahal Alloh nguji teh hayang naekeun darajat jelema anu di uji na.

gok kanhandapeun tangkal kai gede tempat na angker pikasieuneun,di sela2akar anu gede nyarelap susuguh parupuyan jng kembang ros anu mimiti gararing jiga namah anu sbebera poe katukang,kudupruk Surti ngudupruk hareupeun tangkal anu gede tea kesang nyorolok maseuhan baju na kabayang budak anu 3 teuing di mana,salaki anu kalahkah teuing kamana,nu jadi emang jng bibi anu kalahka hianat nipu maneh na,segruk ceurik ka nyenyerian dina akar segede guguling nepi ka kasarean di na handapan tangkal kai gede,sora manuk anu ricit jng angin anu sing saleor mawa surti ka alam pangimpian harita maneh na aya anu mawa kahiji tempat jiga karajaan maneh na di bageakn ku raja anu gagah nanya ka surti naha make nganjang ka karajaan nana.
"kuring hayang balas dendam raja....malikeun ka nyeri ka jelema2 anu gs nganyerikeun hate kuring...",ck surti
"gampang....ke di bantuan ku kami tapi daek teu anjeun ngajalankn syarat2nao ti kami?", ck eta raja.
"daek lahhh....nu penting kuring bisa malikeun ka nyeri...",ck surti.
"nya ari kitu mah sok atuh tepungan bah iding kuncen kami",ck raja.
gs ngomong kitu surti awak na aya anu ngaguyahkeun,brayy panon na muka ret ka aki2 anu ngajanteng hareupeun maneh na,rut ret neangan raja anu tadi surti nanya ka aki2 tea,
"abah....ari raja kamana?",ck surti
"hehehehe nyai gs manggihan raja nyaahh?",ck eta aki2 kalahka malik nanya.
"muhun abah....abi di piwarang mendakan bah iding", ck surti
"nya kuring bah iding teh....hayuu urang di imah ngobrol na...",ck eta aki2 anu ngaran na bah iding.surti cengkat tuluy nuturkeun bah iding muru ka saung na.
di saung Surti diuk aneprok di singhareupan ku bah iding.
"tdi abah mnang ilapat di titah ngajemput nyai ku raja,nyaan nyai gs gilig bakal nurut ka parentah raja?",ck bah iding.
"muhun atos bah...asal dendam abi bisa kalaksanakeun we....naon wae bakal di jalankeun ku abdi...", ck surti anu gs kapoekan.
"heug atuh ieu syarat na....ka hiji nyai kudu daek jadi simpenan raja,naon hartina....lamun nyai jdi simpenan brarti lamun raja hoyong sapatemon nyai kudu daek ngalayanan,kumaha...sanggup?",ck bah iding bari mencrong kana beungeut surti.
"tapi kanyeri abi tiasa di pang baleskn?",ck surti keukeuh.
"hehehe...nya pasti atuh...pasti di pang baleskeun....", ck bah iding.
"sok lah abah....nyai siap,naon deui?",ck Surti.
"eta we heula ...aaeehhh...unggal malam jumaah nya nyai antosan salaki hidep dongkat na,ayeuna mah urang ritual ngawinkeun heula raja ka hidep",ck bah iding bari nangtung sup kangoah nyokot parupuyan jng nyiru eusi mang rupa2 susuguh.gk diuk sila meneko peledug parupuyan di senget leledek hasep nyamuang minuhan rohangan matak eungap kana irung kebek haseup teh rieg...rieg saung asa ngarieg bleg jiga aya anu diuk hareupeun bah iding,tapi keukeuh da teu aya wujud na,surti ngan olohok we ningalikeun bah iding,cedok nyembah tuluy kunyam kunyem samemeh nutup ritual bah iding ngepret2 cai kana sirah jng awak surti,gs kitu ngawurkeun beas kana sirah jiga ker nyawer terahir pisan ngawurkeun kembang ros kana sirah tuluy marentahkeun surti namprak,surti nurut kanu leungeun surti di tendeunan kembang sedap malam, "dahar....!!!", ck bah iding ka surti,surti nurut kembang teh di dahar,pait,peuheur karasana tapi tuluy di gayem ku surti nepi ka ngaluarkeun cimata surti meakeun kembang anu aya dina pincuk daun cau.
"taaahh anu pait,peuheur eta teh kahirupan  ayeuna....lamun tuluy2an di lakonan lila2oge biasa,nyai unggal malam jumaah kudu ngadahar kembang sedap malam 13 kembang nya...lamun beres tuluy dagoan kudu dangdan sing geulis ke salaki hidep bakal datang,saestuna ka salaki pok menta naon wae kahayang anjeun....sakitu nyai kaharti???",ck bah iding bari olohok ka surti,
surti unggek tanda ngarti,
"brall ayeuna mah gera mulang aya nanaon mah bebeja we ka abah nya....", ck bh iding deui,

gs kitu mah surti pamitan balik deui ka imah farhan dunungan nana da bingung dk kamana deui duit teu nyekel da apanan dikirim2kn ka bibi na,bi katmi anu di titah ngurus anak na.
sangges tepi surti langsung asup ka kamarna maneh na ngarasa lamun hirup na bener2 nunggeulis sorangan eweuh batur pakumaha aya ge bibi na gening kalah ka nipu anak na anu janji dk di urus kalahka di kapanti kn,
bi ikah aya nulungan kalah ngagiring ka dunungan anu puruyus jiga Farhan anu sebeberaha kali edek merkosa maneh na.

hari ta teh poe kemis brarti maneh na kudu ngayakeun ritual anu ku bah iding di contoan nya eta mimitina kudu mandi beberesih tuluy ngadagoan di kamar samemeh na kudu ngadahar heula kembang sedap malam 13kembang,beurang na Surti meuli kembang ka tukang sasajen tuluy di bawa ka kamar,jam 9 surti mimiti ngagayem kembang tea hiji....hiji....karasa pait peuheur hiji deui....nepi ka ngaluarkeun cai mata,tungtung na beak 13san nana,beres kitu maneh na diuk ngadagoan anu di janjikeun ku bah iding,jam 10.....can aya keneh,jam 11......masih can datang keneh,mangsa jam 12 peuting.....hiuk angin nebak kana hordeng meh oyag2an,rieug rieug kamar asa eundeur  hiliwir seungit menyan,surti ngadegdeg asa keueung sing paruringkak,angin beuki ngagedean ngahiliwir nebak kana beungeut surti
teu lila peledug hasep bodas muleuk hareupeun beungeut surti pisan jangelek jol aya lalaki jangkung gede ngabedega hareupeun surti,surti dangah nempo beungeut na tapi kahalangan keneh ku haseup,pok eta lalaki teh ngomong...
"surti....anjeun gs siap....?", ck eta lalaki bari nyekel taktak surti.
"a...aaatttooosss....",ck surti ngadegdeg.
eta lalaki teh nyurungkeun awak surti kanu kasur hiji2 pakean surti di lesot keun....
"kuring salaki anjeun surti tong sieun....kuring dek ngawajiban anjeun....",ck eta lalaki bari nga galentoran surti anu gs teu make baju salembar2acan,saterus na anu kadenge ngan sora seah na angin jng anjing anu babaung ti kajauhan.

H A N C A
andhyn balikpapan 260918

#HAREWOS_TENGAH_PEUTING

BAG 6

KENGENG andhyn

SURTI,FARHAN,VANY

Surti ngalayanan salaki ti bangsa jin jiga ngalayanan jelema biasa kesang ngoprot maseuhan awak na,teuing sebeberaha kali eta jurig teh menta di layanan ku Surti,nepi ka surti leuseuh atug na kasarean bari jeng awak masih keneh bulucun,

Isuk2 Surti gs hudang tuluy maneh na ka cai gebrus mandi junub beberesih kuramas kumaha we lamun gs ngalayanan salaki na baheula,aya kapuasan ti salaki anu beda alam tea asa ku gagah nepi ka Surti ge kakara ngarasakeun endah na sapatemon,

,bari rada ngahariring surti ngasuh michalle ka lieuk ku Farhan awak Surti anu beresih bodas can hasil di sarean ku maneh na,mni makin panasaran we Farhan teh,inget wae basa surti nyusuan anak na makin kumerot we Farhan teh neangan cara pikeun merdaya Surti supaya maneh na bisa ngarasaan awak surti.

dasar kudu kitu we meren harita Vina menang tlp ti kulawargana di makasar kudu balik heula,indung na gering cenah atuh Vany indit mawa michalle ka makasar.

di imah Farhan elekesekeng hayang geura peuting we ngadodoho Surti gs kabayang we awak surti di galey ku maneh na,jam 10 bi ikah gs asup ka kamarna tuluy Farhan keketeyepan muru kamar surti gap kana hendel panto tetela di konci ti jero leengg muter otak,tuluy maneh na keketrok kana panto lalaunan...

"surti....sur...surti....buka heula panto na ieu bapak sur...",ck Farhan,Surti ngorejat teu curiga nanaon cetrek muka panto barang braayy panto di surungkn ti luar ku Farhan,Surti reuwas meh ngajengkang ka tukang sakolepat Farhan gs aya di kamar Surti jetrek panto di konci ku farhan tuluy koncina di sakuan gegag...gegag ngadeketan surti anu undur2an beungeut na pias gs kabayang awak dunungan na nindihan maneh na jiga harita,ngan untung na harita mah katulungan ku michalle anu ceurik awak na beuki ka desek nepi ka juru kamar 

ari farhan mimiti muka baju piayama na calana nangs di udaran tinggal kolor na anu masih napel teh.bari nafas na anu ngahegak jiga anu cape hariweswes ngomong ka surti,

"surti....hayu urang lalayaran sareng akang....gs lila kuring ngadagoan waktu jiga kieu teh....hayu geulis...akang tos teu kiat....",ck Farhan bari kumetap mata na beureum.

Beuki deket gabrug awak surti di tangkeup bari nangtung di ciuman beuheung surti teh surti namah peureum ti pepereket,keur kitu hiuuuukkkk.....angin nebak kana hordeng mni tarik riieegg....rieeeggg kamar jiga aya lini gede tapi aneh na parabot2 eweuh anu murag,farhan anu ker papuket nyiuman surti leungeun na anu ker mukaan baju surti teh eureub heula tuluy luak lieuk tapi lebeng eweuh nanaon,maneh na neruskeun ngarangsadan papakean surti ker kitu asa aya anu nyekel punduk na,farhan reuwas awak na naek aya meren 2jengkal kaluhur panon na motot awak na anu ngabugigak pikagilaeun meh tepi kana lalangit,hayang menta tulung tapi euweuh soraan ker kitu kadenge sora agem ngaguruh di kamar surti,

"sia....wani2 ngaganggu pamajikan kaula......m**ar....siah...", ck eta sora bari pikasieuneun.

Farhan beuki pias maneh na calangap tapi eweuh soraan nantung na ratug sieun eweuh eweuh babading na teu lila aya haseup mulek di kamar teh jllllleeeeeegggg aya mahluk jangkung teu puguh wujud tina haseup teh leungeun na kaciri ngarawel parhan blesat mawa Farhan indit teuing kamana ninggalkeun surti anu olohok reuwas taya di kieuna.bari semu ngadegdeg maneh na diuk dina tempat sare,luak lieuk aneh di kamar jiga eweuh nanaon....eweuh tapak2na acan yen di dinya gs aya Farhan atawa salakina estuning biasa we.

"ngimpi kitu....cek surti bari ngagoledag memener bantal tuluy awak na di simbut ku samping,reup we sare nepi ka ngimpi maneh na di ajak jalan2 ku salakina anu anyar nyaba ka kota tuluy samemeh balik ka imah di keupeulan duit sagepok mni aranyar keneh surti nepika atoh eta duit teh di tangkeup dina dada na....

isuk2 biasa hudang rada nyantai da budak asuhan nana eweuh di bawa ku dunungan awewe ka makasar,beres mandi tuluy beberes tempat sare kacida reuwas na dina handapeun bantal aya duit sagepok aranyar keneh,duit teh di ilikan we tuluy maneh na nyiwit leungeun bisi kerngimpi tetela nyeri karasa na ratug jajantung saumur hirup kakara nempo jeng nyabak duit sagepok ngan teu we ngigel surti teh maneh na buru2 nyumputkeun duit na dina lomari baju di buntel ku baju bisi katohian ku bibi na atawa dunungan nana ke maneh na bingung kudu ngajelaskeun timana2na datang na duit.

leos ka dapur niat na dk mantuan bi ikah anu ker kuprak keprek nyiapkeun jang sarapan dunungan nana,bi ikah ker nyieun sangu goreng basa di sampeurkeun teh,

"bi...sok ieu mah ku nyai we...",ck surti bari gap kanu susuk 

"nya sok atuh bibi dk nyieun heula cai kopi na...", ck bi ikah gap kanu gelas tuluy ninyuh kopi terus di bawa ka hareup di simpen di meja makan.Bi ikah balik deui ka dapur bari kerung,

"nyai naha nya dunungan teh can aya turun sare keneh kitu abong2 eweuh pamajikan meni nyantai kitu biasa nage wayah kieu mah gs manaskeun mobil...",ck bi ikah.

surti ngawadahan sangu goreng kanu piring song di asongkeun ka bi ikah bari maneh na nginget2 kajadian peuting tadi moal kitu farhan di bawa ku salakina indit maneh na tuluy diuk dina korsi bari nyician teh manis.

"kee urang intip ka kamarna bisi kabeurangan gan farhan teh...",ck bi ikah deui leos muru ka kamar na farhan,di toong tina liang konci da asa seupi wae di kamar teh nya an we farhan masih ngajapapang keneh dina tempat sare na,tuluy bi ikah keketrok kana panto menang sebeberaha kali tapi angger farhan teu nembalan,tuntung na bi ikah ngeos deui ka dapur nyampeurkeu deui surti,

"nyi naha nya si agan teh teu hudang2 wae sanajen gs di ketroan panto na....kumaha atuh nyi?",ck bi ikah diuk di gigireun surti,

"kumaha lamun nlp bu Vany weh sina di hudangkeun ku bu Vany...",ck surti

"aeehh eunya ah ke urang nlp bu Vany", ck bi ikah bari nyokot hape cinitnit na ka kamar,tuluy balik deui ka dapur bari mencetan hp na teu lila.....

"halaaww bu..ieu bi ikah bu...itu bu bapak naha nya teu acan gugah wae bieu ku binikah di ketrok2panto na tapi teu ngawaler bu...."ck bi ikah,sangges di eunya keun ku Vany bi ikah nutup tlp na,teu lila kadenge aya sora hape dunungan lalakina di sada jiga na Vany nlp farhan sakali....dua kali teu di angkat nepi ka tilu kali,tungtung na hape bi ikah di sada di tempo teh Vany nlp bi ikah,

"bi....naha nya teu di angkat tlp kuring ge?cik ku bibi hudangkeun deui bisi aya nanaon kuring dk nlp pak RT we jng dokter pribadi si bapa",ck VAny bari tuluy mareuman hape na.

bi ikah muru ka kamar farhan deui di barengan ku surti anu ratug jajantung na,keketrok kana panto kU 2an weleh teu aya jawaban,teu lila aya anu datang RT rada hariweswes da di tlpn ku Vany tadi teh,

"kumaha bi teu ngawer keneh?ari pantona di konci?",ck RT

"muhun pak di koci ti lebet ",ck bi ikah.

heandle panto di ceklek2ku RT tapi pageuh, ker kitu aya mobil eureun anu datang dr pribadi farhan gura giru ngadatangan kanu kerngariung hareupeun panto kamar Farhan,

"dobrak we pak", ck dr teh ka RT, te talangke RT ngadobrak panto kamar tuluy nitah bi ikah nyokot lingis leutik,bi ikah lumpat ka dapur neangan lingis tea untung manggih buru di bikeun ka RT,geduk....geduk panto di bongkar engsel na teu lila braayyy panto muka,buru2 arasup ka kamar tetela farhan gs nangkarak baed gs teu aya nyawaan...!!!

ku dr di pariksa tuluy menerkeun leungeun farhan di tenden dina luhur beuteung farhan bari ngucap,

"innalillahi wainalillahi rojiun.....",ck dr

teu lila hp bi ikah di sada Vany nlp nanyakeun ka ayaan salakina,

bi ikah membalan bari carinakdak,

"bu...bu vany...bapa bu....bapa tos ngantunkeun....",ck bi ikah

gepluk kadenge sora hape anu murang vany kapiuhan di imah na anu di makasar pada ngagugulung pada ngarubaran...........

SONY,SHERLY

Sony ngarasa aya anu beda dina awak na poe ka poe awak na asa beuki leuleus wae gs lila maneh na teu di gawe jaba hirup jng Sherly jiga di naraka unggal peuting sherly indit nyanyi kadang2 balik subuh bari mabok,jaba jiga tapak gs ngalacur jng batur,

hiji poe sony gs teu boga duit pisan maneh na ka ingetan dk menta tulung ka euis tapi pas di tlp no euis gs teu aktip deui bari bingung maneh na gs di pecat gawe ge da puguh gs tara datang,ku Sherly unggal poe di gambreng wae di carekan lalaki eweuh gunana cenah kondisi sony anu jadi sering gering awak na panas kadang nepi ka sasar sagala ngan bisa di ubaran ku obat warung gs teu sanggup ka dr2acan.

hiji poe Sony dek ka hampangan ka kamar mandi barang muka calana na eta mah heunteu we ngajleng sony teh dina boboga an maneh na kaluar bintik2 balereum jiga ku kutu air,sony olohok bengong kakara ningali maneh na kitu,dingulanggaper we di tempoan,senjata andalan maneh na anu baheula di pake kareueus kulantaran gagah bisa naklukeun awewe2 kiwari jiga jelema sakarat hirup heunteu paeh heunteu....wawales ka jelema tukang ngumbar nafsu...samaruk ku ALLOH dek di antep...

eta balesan nana di dunia encan engke di akherat.....

H A N C A

Andhyn,balikpapan

#HAREWOS_TENGAH_PEUTING(HTP)

BAG.7

KENGENG Andhyn

SONY,IKA,

awak sony leuleus ari gs kitu mah maneh na rusras ka anak pamajikan anu di tinggalkeun ku maneh na,duit ges teu nyekel awak geringan wae anu tadi na awak na gagah tegep jng kasep ayeuna mah jiga aki2 awak begang rengkung kaluman ku panyakit jng ku pamajikan anu ayeuna nya eta sherly anu terang2an hareupeun maneh na ngalayanan deui lalaki hidung belang,gilig Sony dk manggihan ika pamajikan anu kahiji sugan jng sugan ika daek narima deui maneh na,dek bener ayeunamah nyinghareup ka ika lamun engke ika daek narima maneh na deui.

modal ongkos menang maok tina dompet sherly sony megat angkot dek muru ka Cilame lembur na ika gede harepan sony bakal di tarima deui ku ika,teu ka catur di jalan na sony tepi ka buruan imah ika asa2 maneh na ngetrok panto....lila eweuh jawaban wae nyobaan deui keketrok kanu panto rada tarik ayeuna mah,nyaan we kadenge di jero imah aya anu leumpang ngadeketan kana panto cetrek aya anu muterkeun konci bray panto muka aya beungeut awewe anu ngelol dina panto,rada reuwas eta awewe teh anu taya lian ti ika pamajikan sony anu ka hiji,masih angger nangtung dina panto pok ika ngomong teugeug pisan,

"dek naon maneh balik?? gs di talapung ku pamajikan2an maneh nya?? aluusss ayeuna make jng inget balik kadieu sagala,kuring gs menta cerei ka lebe jadi ayeuna maneh lain salaki kuring deui",ck ika bari melak cangkeng dina lawang panto.

"ika....hampura kuring ka...kuring jangji bakal satia ka anjeun ika....asal anjeun daek narima kuring deui....",ck Sony semu ngaleungis,

"naoonnnn narima maneh deui?",ck ika bari molotot.

"yeuh sony maneh ninggalkeun kuring meh 3taun ayeuna menta balik deui sangges maneh gering jng sangsara kitu?mikirrr we atuh saha anu daek narima maneh deui??",ck ika bari jebi ningali tiluhur nepi ka handap awak sony begang kucel pikaeunyaeun tapi rasa ijid ika ka sony ngaleungitkeun rasa karunya na,kabayang ku ika lamun Sony sangeunah na gunta ganti awewe cul maneh na jng anak na anu 2,sony masih ngajanteng hareupeun ika anu angger ngabadega hareupeun panto,

"ayeuna mah napsi2we ulah hayang ka dieu deui da isuk pageto ge kuring mah dk kawin jng kang Ridwan bandar domba babaturan maneh tea,tong inget ka budak deuih da barudak ge arijideun boga bapa jiga maneh,halik kadituh ulah cicing wae di dinya...",ck ika bari asup ka imah,jeblaaaggg panto di tutupkeun tarik pisan nepi ka sony ge reuwas maneh na olohok nempo ika asup ka jero teu lemek teu nyarek da rumasa atuh maneh na anu salah,sony ngaleos indit ti tepas imah ika uteuk na mikir ka surti eun sugan we surti daek narima da surti mah bageur urang lembur mah biasana tara tega an kitu pikir sony bari ngaleos ninggalkeun imah ika,

megat deui angkot muru ka cijamil dk manggihan surti sugan we surti leah hate na ningali ka ayaan maneh na ayeuna mah,sony jangji lamun surti daek narima maneh na dk satia dk bumela ka surti jng anak2 na,poho ka era poho lamun maneh na gs nyangsarakeun surti jng anak2na gilig maneh na muru imah surti,

tepi kaburuan imah surti rehe comrek imah teh jiga teu aya penghuni na jukut ngajejemrung kebul narapel dina panton jng jandela,meakeun kapanasaran sony keketrok kana panto tapi teu aya anu muka panto sidik imah teh gs lila eweuh anu ngeusian,koreleng ka tukang,ka gigireun imah lebeng eweuh tapak jelema di imah teh.

inget ka warung ceu mini anu sok di pake nongkrong warga di kampung eta leos sony ka warung ceu mini,nyaan we di dinya ngarariung ibu2 kerngararumpi,bari ngasuh anak na ker cing cikikik ibu2 teh pas sony ka dinya langsung jep we jarempe aya anu sing harewos bari juba jebi ningali sony teh.

"puntn ibu2...Bd naros upami Surti srng murang kalih na ngaralih ka mana nya?", ck sony

"haaarr naha nanya ka kami lain anjeun salakina??kudu na anjeun anu leuwih nyaho...",tembal hiji awewe anu kerngahuapan anak na.

"muhun rumaos lepat...tamelar tapi kamarana nya surti",ck sony 

"nya kitu....ari lalaki lalanang jagat mah gawe na ngan kawin jng kawin we teu apal anak pamajikan nana sangsara mah di lembur",kalah di tembal sinis ku ibu2 sajen na,sony ngeluk tungkul.

kerkitu torojol RT ningali aya sony RT ngagentraan sony koloyong sony nyampeurkeun RT tuluy diuk di amben buruan.

"jang sony kieu yeuh tdi bp ngupingkn hidep milari kulawarga hidep nya?",ck RT.

"muhun pk kamarana istri sarng murangkalih abdi?",ck sony.

"sababaraha bulan ka tukang pamajikan hidep gawe ka jakarta ngilu ka bibi na,ari budak hidep ku bibi na anu hiji deui di titipkn ka panti asuhan,kitu jah jang...",ck RT nyieun sony leuleus harepan balikan deui ka surti peunggas.

teu karasa cipanon ngelemeng dina mata na meh murag buru2di susut ku sony.

"muhun permios atuh pak abdi bd neraskeun lalakon milari kulawarga abdi ....",ck sony bari pamitan ngaleos ninggalkn lembur surti.

awak sony leuleus gs teu kuat nuluykeun perjalanan jaba panon poe nyirorot panas nakeran,ti isuk can kalararaban sangu sony ningai aya masjid sisi jalan,buru2 muru ka masjid lain niat dek sholat tapi dek ngilu ngiuhan bari dek nginum da teu kuat tikoro asa hanaang.

muru ka tempat wudhu buru2 maneh na nginum cai atah parago wudhu bari sibeungeut,rada seger beungeut na teh gs kitu buru2 maneh na diuk di buruan masjid,

sakabeh kalakuan sony aya anu merharikeun nyaeta haji ukas DKM masjid eta,maneh na heran aya jelema ngadon nginum jng sibeungeut di masjid tapi lain ngadon sholat jiga anu lian,di sampeurkeun ku haji ukas sony reuwas ka eraan maneh na jelema loba dosa tara pisan nincak masjid tara solat tara ngajalankeun parentah agama,diuk sila bari tungkul sony nyaritakeun pangalaman hirup na ka haji ukas,

haji ukas gogodeng ngadengekeun perjalanan hirup sony tapi kalayan bijak haji ukas mapatahan sony,

"jang...tong sieun tong era lamun ujang hayang tobat Alloh pasti narima tobat ujang...aya sabagian ayat Al Quran anu hartina,"haii jelema2anu melapoi batas ulah putus asa salila anjeun eudeuk tobat anu sabener2na tobat maka ampunan Alloh saluas alam dunya",tah kitu jang maka na lamun anjeun edek tobat....can telat buru2 gera tobat Insha Alloh Alloh ngahampura ka anjeun",ck haji ukas.

sony nyegruk ceurik asa kotor awak na asa kakara kasadarkeun ku haji yen maneh na memang kudu balik ka Alloh menta ampunan ka Alloh.

sony jangji maneh na dk robah dek tobat di sesa umur na sony hayang meunang pangampunan ti Alloh....sony jangji sesa hirup na dek di pake babakti di jalan Alloh,maneh na ku haji ukas di bere tempat di kamar tukangeun masjid di jadikeun marbot masjid bari di ajar ngaji ka haji ukas.

SHERLY

Ningali salaki sony eweuh maneh na lain sedih kalah ka atoh kira2jam 2sore kakara nguniang hudang tuluy ngalepus udud bangun anu ngenah sangges nitah budak tatangga na meuli sangu ka warung hareup deluk dahar mandi mah encan gs beres dahar maneh na mariksaan WA anu asup belenyeh seuri peuting engke maneh na dk aya anu ngaboking juragan batako anu beunghar tea,

gebrus mandi tuluy dangdan sataker kebek menor pisan jiga ondel2 kira2 jam 7maneh na indit ka tempat gawe na nyaeta di cape dangdut paragi maneh na nyanyi,jam 9kakara maneh na nyanyi biasa we loba anu nyawer di seselkn kana dada na anu montok tea guplak giplek mancing birahi lalaki modal sora anu cempreng ngan kawani anu gede nyieun sherly jadi primadona di kape dangdut eta,

peuting ngagayuh ka subuh kira2jam 12 maneh na di samperken ku pa oyo anu boga kape sakaligis mucikari sherly sangges sing harewos sherly muru kamar anu gs di sadiakn ku pa oyo di jero kamar gs nyampak lalaki gs kolot ngadagoan bari gs teu make nanaon,sup sherly asup ka kamar bari cumentil kabayang bakal di bere duit gede ku juragan batako tea,sherli langsung di gabrug di galentoran ku juragan teh papuket adu jajaten (haaa poharaa...)tungtung na juragan teh ngaku eleh maneh na ngalempreh dina pangsarean bari mere duit bareureum ka sherly juragan batako nganuhunkeun kana layanan sherly,

sherly cucul2 make deui baju na anu pabalatak tuluy maneh na ka kamar mandi dek kahampangan gok nagog asa2aya anu aneh anu kaluar bareng jng kahampangan nana,barang di sidik2 jiga barijilan getih campur jng nanah,bau na hanyir matak murel tambah peurih na ka bina2, sherly pias...reuwas....maneh na ngadegdeg kasieun mimiti euntreup dina hate na.

H A N C A

Andhyn,balikpapan 29.09.2018

#HAREWOS_TENGAH_PEUTING(HTP)

BAGIAN.8

KENGENG Andhyn

SURTI,FANY

Surti gs nekad dk neangan anak na tuluy dk balas dendam ka Sony jng ka bibi jng emang na anu gs wani2 mikeun anak na ka panti padahal unggal bulan di kiriman ku Surti masih neangan waktu anu pas pikeun surti ninggalkn kota jakarta.

Surti ayeuna robah jadi awewe telenges maklum gs kacampuran hawa setan anu jadi salakina unggal malam jumaah Surti ngalayanan salaki goib na ari jirim namah kumaha we manusa matak surti ge ngalayanan teu ieuh sieun.

rada hoream ayeunamah ngasuh budak teh pangrasa duit gs loba di kiriman wae salaki na katambah surti inget wae ka anak kandung na anu di ka panti kn ku bi katmi jng mang darman,

sore2 surti mawa ulin michalle anu gs bisa leumpang bari ngahuapan surti nutur2 michalle anu kermejeuh na toloheor duka kumaha mimitina michalle labuh nepika tuur na getihan,surti panik mangkok anu kerdi cepeng na nepika di balangkeun buru2 muru budak anu ceurik jejeritan,kaparengan Vany kakara balik gawe ningali anak na ceurik buru2 muru ka surti jng budak,barang ningali budak tuur na geutikan teu antaparah habek2 nampilingan surti,teu puas nampiling buuk surti di jegut di gugunyeng bari nyarekan laklak dasar curuk na bentik2 wae kana tarang surti abong2 jadi dunungan biwir teu di wengku tea letah teu tulangan saguliwek ngareuheutkeun hate batur matak fatal akibat na kitu deui surti kekerot nahan amarah keun siah keun siah dek mere pelajaran ka dunungan nana anu teu bisa ngajenan ka pagawe na.

harita malam jumaah jam 10 surti gs ngadahar kembang sedap malam 13siki,tuluy maneh na dangdan make minyak seungit gs kitu mah meneko ngadagoan salaki na datang,hiiuukkkk aya angin datang nebak hordeng rieg....rieg kamar asa eundeur peledug haseup kandel nyimbutan anu kakara datang,surti seuri bari ngaharewos,

"bagea kakang....wilujeng sumping.....",cenah bari nangkeup ka mahluk anu jangkung gede tapi kacirina ku surti mah lalaki gagah we kasep tuluy dua nana guyang dina sagara kasenangan anu teu bisa di jelaskeun ku akal jelema,surti bener2 ngarasa salaki na gagah nakeran nepi ka maneh na sebeberaha kali nyambuang ka awang2,heran maneh nage bisa menang kapuasan sebeberaha kali jng salaki na anu ti alam ghoib tea,sangges ngarasa cape Surti ngalempreh bari ngoprot kesang awak na masih bulucun bari ngaharewos ka salaki na surti jiga anu ker marentahkeun salakina migawe hiji perkara,bari unggek eta mahluk teh hudang tina pang sarean tuluy ngaleos di anter ku teuteup surti anu bangun puas....

Vany ngagoler di kamar na sorangan ti saprak salaki na maot maneh na hirup ngan dua an di baturan ku bi ikah jng surti katut anak na,eta ge di titah balik ka makasar tapi maneh na lebar ninggalkeun pagawean nana di jakarta.

gulang-guling sorangan peuting ngagayuh ka janari gede tapi panon na teu bisa di ajak sare,asa hareudang teu puguh guling gasahan sorangan  kesang teu puguh2 nyorolok,ker kitu hiuuukkkk aya angin ngagelebug nebak kana hordeng kamar na,

Vani olohok asa ngimpi tapi da can sare di kamar na aya haseup anu mimiti na ipis lila2 kandel mulek nyambuang ka luhur ngabentuk awak jelema tapi jangkung gede pikasieuneun,

Vany kuat molotot asa teu percaya kana tetempoan nana can ge kumpul lelembutan nana eta mahluk teh leungeun na jiga dk nyekek beuheung na Vany undur2an hayang ngajerit tapi eweuh sora an leungeun si mahluk teh ngaragamang kana beuheung Vany nepi Vani calangap letah na kaluar  mata na molotot maneh na ngan bisa ngaluarkn sora uuhh eeuuhh suku na totojer keur kitu kadenge anak na michalle cerik tarik si mahluk teh ngalieuk ka arah datang na sora beuki tarik budak teh ceurik,dadak sakala leungeun si mahluk teh leupas awak Vany anu gs kapiuhan ngagubrag kana tempat sare letah na kaluar panon na molotot tapi vani masih hirup.......

Anjing babaung ti kajauhan matak keueung jaba angin ngadak2 singsaleor blesaatt aya cahaya siga seuneu kaluar ti imah Vany,

isuk2 biasa bi ikah kuprak keprek nyiapkeun jang sarapan dunungan nana,maneh na asa heran naha Vany can turun keneh ti kamar na biasa namah gs siap2 dk indit gawe,kalieuk ku maneh na surti ker mere dahar michalle di buruan,meakeun kapanasaran bi ikah muru kamar Vany bari keketrok lalaunan,sakedengan teu ka denge nanaon keketrok deui bari handle panto di puterkeun brayy muka lalaunan barang nempo ka jero di luhur tempat sare Vany nangkarak bengkang letah na kaluar panon na bolotot bari ngaluarkeun sora "uuhhh eeuuuhhh" jiga anu struck,

bi ikah reuwas buru2 ngagugudrang vany,

"buu....ibu....ya Alloh ibu kunaon bu.....aduh Gusti...aya2 wae...ibu...ibu...",ck bi ikah panik,

buru2 maneh na nlp dr keluarga teu lila dr datang mariksa awak Vany.

"bi....bu vany teh struck jiga na kajantenan na tadi wengi ieu salira na janten heuras kieu ",ck dr ka bi ikah,

surti nempo tina lawang panto bari ngelek budak dina hatena maneh na seuri ngabarakatak bangun anu puas,

"rasakeun siah....moal bisa deui nyarekan jng nganyerikeun hate batur matak na boga biwir teh di jaga,gs ngelel kitu mah karasa tahh ku sorangan...",ck Surti dina hate na.

SHERLY,EUIS

Harita Euis anu gs teu sugema ka sony neangan deui lalaki anu bisa ngalayanan nafsu na,jiga na euis teh boga panyakit hyper maneh na ngeleketek supir anyar gaganti sony seperti biasa we lalakibeta ani ngarana suganda di beuli2 ku euis,cara na jiga ka sony api2 ngilu balanja padahal mah ngaradon cek in di penginapan,

lila lila mah pk wijaya ge curiga kana gurak gerik pamajikan nana,sabener na pk wijaya gs nitah anak buah na naluntik kalakuan euis di luar imah,pagawe pk wijaya nuturkeun truck ti kajuhan make motor waktu eta truck asup ka penginapan buru2 pagawe pk wijaya nlp dunungan nana mere nyaho lamun euis jng suganda teh arasup ka penginapan.

di jero penginapan euis jiga ucing manggih daging muter ngahanca awak suganda,ari suganda sarua ucing gering atuh entong di bayar jiga na teu di bayar ge pasti daek we ngalayanan euis anu kermeujeuh na cetrokeun(haaaa ceutrokeun jurig palamitra)

kerpakupet we garalungan eta mah ti luar jol hiuk gebrooo cenah  panto rujad engsel na awut2an puguhan di darobrak ku lalaki dua an atuh pk wijaya jng pagawena tea,ningali euis anu kertaranjang naek odong2 pk wijaya rey geuneuk langsung nyamperkeun ka euis jol kerewek kana buuk euis di gusur di bawa ka luar euis cerik jejeritan ampun2an jaba awak taranjang keneh maneh na koceak dengek di gusur ku salakina anu ambek ka bina2,pk wijaya teu loba omong awak euis anu bulucun di gusur buuk na di bawa ka kantor polisi kagok cenah dk di warah sakalian,ari suganda di siksa ku pagawe na pk wijaya sarua di arak di bawa ka kantor polisi kasus na sarua perjinahan KUHP 284 diancam hukuman 9bulan kurungan penjara,

jelema ngarogrog ngagimbung ningali euis enok jnh suganda anu di seret ku pak wijaya jng anak buah na.

sherly gs teu asup gawe salila 5 poe,tinalarangan na kaluar getih campur nanah,awak na jadi bau hanyir gs ka dr tapi teu cager2 kitu deui maneh na make rupa2 obat herbal,maneh na inget ka ki amat dukun anu masang susuk maneh na pasosore maneh na muru imah ki amat make ojeg sajajalan tukang ojeg nahan murel hayang utah ngangseu bobogaan sherly anu ngaluarkeun bau bangke lauk sangges tepi ka imah ki amat buru2 etamah tukang ojeg kabur sangges narima bayaran ti sherly.

sherly keketrok kana panto lila panto eweuh nu muka sherly gs teu genah cicing maneh na diuk dina korsi anu aya di hareupeun imah,kira2 sajam nungguan rentang2 ki amat datang bari manggul carangka pinuh ku jukut,ningali sherly teh ki amat mni atoh buru2 ngagubragkeun carangka tuluy nyamperkeun sherly,

"kumaha neng...cageur? aya pikersaeun naon yeuh...?",ck ki amat.

"aaeeh aki nya eta abi aya peryogi....abi nju teu damang sugan di aki aya obat na",ck sherly

"nya kunaon kitu ?",ck ki amat melong ka sherly.

derekdek serly ngabejakeun panyakit na ayeuna bari ngalengis menta obat na ka ki amat.

"teu gaduh atuh neng aki mah obat kitu mah...",ck ki amat tungkul jantung na ngadak2 ratug.

"kedah kamana atuh milari landong na?",ck sherly deui.

"nya kedah ka dr neng....",ck ki amat deui.

kusabab teu manggih obat na sherly pamit balik ninggalkeun ki amat anu ngahuleng hatebna was was oge ku panyakit sherly sabab unggal sherly menta masang susuh maneh na sok ngarasaan sherly itung2 bonus bayaran.

"duhhh nepa moal nya....?",ck ki amat bari melong parabot lenong na.

H A N C A

Andhyn balikpapan,30.09.2018

#HARRWOS_TENGAH_PEUTING(HTP)

BAG.9

KENGENG ANDHYN

SURTI,MANG DARMAN JNG BI KATMI

Vany struck ku kulawarga na di bawa ka makasar atuh bi ikah jng Surti baralik ka lembur Surti mah meuli imah di pangauban ngahaja milih di sisi lembur imah anu ka itung alus jng aya harga an,duit na menang mere ti salaki goib na.

di imah peretek ku barang2 mewah surti gs jadi jelema beunghar ka ngaranan muja ka jin maneh na muka toko baju di pasar ngan saukur miceun curiga batur piraku teu usaha ari duit mni buburialan,

biasa we unggal malam jumaah Surti ngalayanan salaki na tuluy kendi bere duit anu loba,harita ge kitu sangges surti ngalayanan salakina maneh na aya pamenta hayang nyiksa nu jadi emang jng bibi na hayang malikeun ka nyeri hayang balas dendam kusab anak2 na can ka panggih laratan nana,salaki na menta sarat ka surti nya eta menta nyawa salah sahiji lamun teu emang na nya bibi na,di jawab ku surti "pek bae cenah,nu mana we kari milih",surti bener2gs katumpangan jiwa iblis....

mobil gs kabeuli kamana mana surti di anter ku supir pribadi,Agung budak umur 28 taun lulusan pasantren maneh nateh,budak kasep tur soleh.surti menta di anter ka pasar induk ciroyom dk neangan bibi katut emang na kukurilingan nananyakeun kanu dagang di dinya.tungtung na kapanggih oge harita mang darman jng bi katmi kacida reuwaseun nana ningali surti datang teh komo ningali panampilan surti anu glamor jelema beunghar anyar anu sagala di pake.reunceum ku perhiasan ngelehkeun tukang daging di pasar induk.

"kunaon arohok ...kasima....heee jelema2 tukang tipu di kamanakeun anak kami....!!!",ck surti bari melak cangkeng.

"suuuuurrrtttiii....ieu bener surti alo ibi?", ck bi katmi olohok cang caya.

"heueuh kuring surti ngan kuring teu gableg bibi jiga anjeun anu panipu,kamana keun anak kami,di jual ka mana..!!",ck surti sora na makin tarik.jelema2 anu di pasar cing laleret narempokeun,surti mangpang mengpeng ngong deui ngomong lewih tarik,

"yeeuuhh mun hayang apal ieu jelema teh culik gs ngajual anak kami satilu tilu tuluy duit na di pake dagang nu kieu patut yeuh....", ck surti bari boroloo mahekeun dagangan bi karmi,

bi katmi ceurik ruwah riwih mang darman ngadegdeg gede rumasa.

"jawaaabbbb....di kamanakeun anak kami sa tilu tiluuuu...!!!!????",ck surti.

"di...di...dititipkeun ka panti nyi...kela sabar heula urang badamikeun ulah amuk2an era ku batur..",ck mang darman ngadegdeg era deuih.

"sabar...?sabar kumaha?mikir atuhhh duit kuring unggal bulan jng hirup barudak di cokot ari budak na di titipkn ka panti asuhan teu sedeng mah...!!??",ck surti bari kekerot inget basa maneh na kuli di Farhan.

anu daragang di dinya cing karecewis mgomongkn mang darman jng bi katmi,aya anu nyelengkeng saingan dagang mang darman,

"laporkeun ka polisi we teh tuman...",cenah,mang darman beuki ngeluk tungkul.

"taahh dengeken lamun isuk pageto anak kuring anu 3teu di pulangkeun kuring tangtu lapor ka pulisi",ck surti bari ngabahekeun deui dagangan mang darman anu deket jng leungeun na.samemeh ngaleos surti ngahaja murag keun kembang sedap malam hiji hareupeun jongko mang darman.

bi katmi ruwah riwih maneh na sadar kalakuan nana baheula salah tapi da gs telat sangka an nana surti moal jadi jelema beunghar moal mirosea anak na dimana dimana na da hirup sagala kurang,mang katma bari mulungan dagangan rada era parada ku batur2 na di pasar loba anu sindir sampir ka maneh na,

waktu tutup warung sore2 ngahaja bi katmi jng mang darman teu buru2 balik poe eta teh bagean di kirim buah jang dagangeun isuk ,mang darman jng bi katmi ngadaragoan di tempat parkir teu lila truck anu mawa buah teh datang rob atuh kuli panggul paheula2 nawarkeun jasa,mang darman mah teu ieuh ngulikeun da masih kuat manggul maneh na milihan carangka neangan pesenan maneh na gup gap batur mah gs nyokot pesenan nana maneh namah angger we cicing tukangeun truck samaruk supir gs beres meren barang pada nyokot etamah teuing kumaha caritana truk teh mundur sakaligus nubruk mang darman anu ker ngahuleng tukangeun truck neangan pesenan nana atug geduk mang darman katubruk gubrag labuh sirah na kageleng ku ban tukang koceak jelema2 cing karoceak,bi katmi anu ningali kajadian eta ngayekyek kapiuhan,blesat aya mahluk anu teu kaciri ku mata biasa ngabelesat.

mang darman aya anu mawa di jadikeun tumbal ku surti.

SONY

Tisaprak Sony ngilu ka hji ukas jdi marbot di masjid hate na jadi rada tenang,awak Sony jadi makin begang panyakit anu ngagorogotan nana poe ka poe makin nambahan,bengeut jiga aki2 eweuh tapak2 gagah estuning pikarunyaeun.

unggal poe di ajar ngaji jng ngajagaan masjid sony sadar umur na moal lila deui ayeuna sony pasrah tobatan nasuha menta karidhoan Alloh SWT dina sesa hirup na sony hayang menta di hampura ku jalma2 anu pernah di nyenyeri ku maneh na,sony hayang lamun isuk pageto maot maneh na gs menta di hampura ka jalma2 anu gs jadi korban maneh na.

H A N C A

Andhyn balikpapan 1.10.2018


#HAREWOS_TENGAH_PEUTING(HTP)

BAG.10

KENGENG Andhyn

SONY

Jadi marbot masjid saeutik2 nambahan elmu agama jang sony lamun haji ukas keurmere ceramah sony sok ngilu ngadengekeun hiji mangsa haji ukas ker mere tausiah ka ibu2 pangaosan ngeunaan dosa2 gede anu bakal di penta pertanggung jawaban nana ku Alloh Swt.

sony ngadengekeun bari nyarande....cimata ngeclak kana pipi na,ka denge pak haji masihan deui tausiah,

"kacaritakeun aya gegedug jahat anu gs maehan jelma loba na 99 jelema maneh na nanya ka ulama ka 1,kumaha syeh yeuh kuring bolokot ku dosa lamun kuring tobat di tarima moal ku Alloh...? ck si jelema jahat,terus di jawab ku syeh  tadi anjen gs loba teuing ngabunuh dosa anjen loba teuing maka ku Alloh anjen moal di hampura,si jelema jahat tadi ambek kuciwa ku jajawaban syeh tadi teu anta parah atuh eta syeh ge di paehan ku si jelama jahat tea jadi jejeg maneh na maehan 100jelema,terus maneh na neruakeun lalampahan nana panggih jng ulama deui pok maneh na nanya anu sarua ka ulama anu ka 2 ieu,eta ulama mere jawaban anu nyieun jelema jahat tadi ngahuleng kieu jawaban na teh,

"Alloh mah maha welas maha asih,Alloh mah lautan hampura aya katerangan anu nyebut keun kajeun dosa aranjeun jiga cai di laut loba na asal aranjeun tobatan nasuha anjeun kaduhung . dosa eta maka tanggtu Alloh ngahampura kana dosa anjeun,sok ayeunamah gera tobat,kitu saur ulama anu ka 2 jelema jahat tdi teh puas menang jawaban ti ulama maneh na janji dek tobat,tobat anu sabener2 na maka Alloh anu maha welas tur asih bakal ngahampura,tah kitu ibu2 ahli pangaosan sadayana urang teh da jalmi tangtos aya lepat na da fitrah na jalmi sok kagoda ku syaiton tapi buru2 urang istigfar.....",

haji ukas masih masihan tausiah na  sony nyuuh nyuksruk maneh na asa jadi jelema anu pangkotor2 na milamapah salah saumur hirup na reanganyerihate keun jelema,pamajikan nana,ank2na ayeuna maneh na narima panyakit kotor ck dr mah HIV pirus anu cn aya ubar na aya ge obat ngan jang nahan hungkul ari tepi ka cager mah can kapanggih.

isuk na maneh na manggihan haji ukas di masjid dk ngebrehken maksud na ka haji ukas,

"pk haji...kuring sadar dosa nu kukuring di pilampah kiwari aya balesan nana,panyakit kuring th azab di Alloh pikeun kuring anu tukang ngarucah pk haji....",ck sony bari ngeluk tungkul.

"iiisss ulah waka mere kesimpulan sorangan jang...kieu yeuh pernah dongkap istri anu gaduh panyawat ayan ka baginda Muhamad sellohualaihi wassalam eta isrti teh nyungkeun doa ka kanjeng nabi kieu yeh basa na teh,ya Russullulloh kan anjeun kekasih Alloh doa anjeun mustajab cing pang doa kn kami hayang cager hayang bisa ibadah anu sampurna...kumaha jawaban baginda NabiAlloh,mangga ku kami di doa kn sehat tapi kumaha lamun eta panyakit teh jalan  anjeun ka surga?? saur kanjeng nabi,atuh eta istri teh nyangem deui,muhun atuh sawios abdi moal nyungkeun damang tapi nyungkeun pangjagakeun orat kami we mun nuju sakalor pang nutupan keun,tuuuuhhh kitu gening jang....jadi sabener na panyakit teh tiket urang ka syurga tapi....asal urang iklas...rido ulah ngarasula unggal ngarasa nyeri muntang ka Alloh...inget ka Alloh...kitu ck pk haji mah",haji ukas melong ka sony anu murubut cimata na.

"muhun pk haji abdi iklas ridho....tapi abdi nyungkeun waktos bade nguriling ka jalmi2 anu parantos di nyerikn ku abdi,seja nyungkeun di hapunten...",ck sony.

"sok jang brall di doa kn ku pak haji sagala pamaksadan ujang cing di kobul...",ck haji ukas,

sony pamit bari di keupeulan duit jng ongkos2 ku haji ukas,maneh na muru imah ika pamajikan anu ka 1,ika biasa we narima maneh na teh jamotrot kurawed hasem tapi sony ngajelaskeun maksud ka datangan nana seja menta di hampura ku ika jng anak2na,ika ge ari ningali waragad sony kitu mah leah oge ika watireun maneh na ngahampura ka sony tapi ika anu gs kawin deui ngan nanggap sony baraya da di heunteu2ge sony teh bapa barudak na.

beres ka ika sony ngoloyong neangan eva pamajikan anu ka 3 sarua mimitinamah eva ge nyarekan laklak dasar tapi ari sony mementa hampura bari yuuh kana dampal suku eva mah,eva ge leah maneh na ngahampura sony.

beres eva maneh na neangan sherly di kontrakan nana,barang srog ka kontrakan sony heran kamar kontrakan gs di pake ku batur cenah mah sherly pada ngusir da boga panyakit kotor ayeuna sherly teuing ka mana,tetela sony teh katepaan panyakit kotor ti sherly da cek tatangga na langganan2 sherly rata2 baroga panyakit HIV,nauzubillah himindzalik....

sony ngoloyong ka lembur Surti sugan jng sugan panggih jng dulur2 surti nyaan weh sony panggih jng bi ikah,ti bi ikah sony nyekel alamat Surti di pangauban teu di lila keun sony muru ka imah surti.

teu kacaturkeun di jalan na sony aprak2an neangan imah surti,kacida helok na sony ninggali imah surti anu mewah gedong sigrong mobil we hareupeun imah teh ngajegrug anyar keneh.

sony luha loho kerkitu kaluar budak ngora pantes ti imah eta teh ku sony buru2 di tanya,

"kang....punten bade tumaros leres ieu bumina surti?",ck sony asa2.

"oohh muhun pak ieu bumi bu surti kaleresan abdi supir na pak...",ck eta pemuda bari manggut sopan pisan.

"ibu na aya...?",ck sony.

"aya pak sakedap atuh urang gentraan ibu na", ck eta lalaki asup ka imah deui teu lila maneh na kaluar jng awewe anu baju jng dangdanan na mewah perhiasan dimana2sagala di tapel keun dangdanan menor,sangges surti tepi ka tepas ningali sony beungeut na langsung robah reeyy geuneuk huntu na kekerot leungeun na langsung merekpek ninggangan awak sony anu popoyongkodan,

"dek naon siah atah adol ka dieu....? kaduhung nyah ninggalkn kuring ayeuna maneh gs sangsara nyah? kamarana bikang2 mabeh haaahh...!!!!",ck surti bari tuluy merekpek neunggeulan awak sony.

"surti....hampura akang surti.....",ck sony bari undur2an.

"ooowwwhhh menta hampura haahh....gs di bere sangsara kakara menta hampura??kamana maneh kamri kamari?? gara2 maneh anak aing ayeuna teuing di mana,gara2 maneh aing di siksa di jakarta..gara2 maneh tah...",ck surti bari ngahegak nahan amarah. ku supir na(saha nami supirnateh abdi hilap??) nya si eta weh...si supir ngahalangan surti anu pakupis neunggeulan sony.

"surti hampura akang surti....", ck sony ngalengis.

"moal ngahampura....tepi ka dunya kiamat kuring moal ngahampuramaneh...!!!",ck surti bari roroesan dk nyakar sony tpi di halangan ku si supir anu abi hilap deui nami na.(hehe)

"surti....Alloh wae maha ngahampura ka umat na ari anjeun piraku moal ngahampura",ck sony bari ngalengis.

"haaahhh ke ke ke....naon Alloh ck maneh? kunaon maneh kakara mamawa Alloh?? oohhh....sangges sangsara balangsak pada nalapung kakara inget Alloh kamari kerjagjag belejag inget teu??yeuuhh sangsara siah aing teh kumaneh....kuring can ningali maneh paeh sangsara kuring moal puuaassss.....peurih siah aing kaleungitan barudak oge gara2 manehhhh...!!!",ck surti makin buringas,pangaruh hawa setan anu gs ngancik dina diri na.

supir surti mere isarat ka sony sangkan indit,

"pak atos pak bp uih hela we ke sugan sanes waktos bu surti bakal sadar srng ngahapuntn ka bp,denget ayeuna mah bu surti emosi keneh ka bapa...sok enggal bp anggkat heula we...", cenah ck si supir bari ngagusur awak surti ka jero imah.

sony nurut maneh na ngaleos ninggalkeun imah surti maneh na rumasa...rumasa pisan,surti jadi dendam kusabab maneh na gs nganyenyeri surti.maneh na narima lamun surti masih keneh dendam ka maneh na komo ka ayaan surti ayeuna anu gs jadi jelema beunghar.

SURTI

Surti dieuk dina sopa anu empuk bari ngahegak nahan amarah,beunget na masih keneh geuneuk inget lamun sony gs nyapirakeun gs ninggalkeun maneh na ngadon kawin deui jng kakara kanyahoan yen maneh na pamajikan anu ka 2,pamajikan anu teu di anggap anu di lalaworakeun,anu teu di urus komo si bungsu mah can pernah di tempo2 acan kalahka manggih beja we ti tatangga na lamun sony kawin deui ka eva,tuluy ka sherly  beuki ngagegedur amarah surti.

peuting harita Surti ngadagoan salakina datang malam juma'ah teungah peuting anu jempling kadenge aya anu haharewosan di kamar surti.

surti maido ka salakina nitah salakina mere pelajaran ka sony dendam anu ngagegedur asa kahudang ku kadatangan sony ka imah na.

H A N C A

Andhyn balikpapan,4.10.2018

HAREWOS_TENGAH_PEUTING(HTP)

BAG.11

KENGENG Andhyn


SONY

Malam juma'ah di masjid tempat sony mondok aya acara pengajian rutinan kabeneran malam jumaah eta ngondang ustad Ahmad tukang ngarukiah peuting harita ngabahas rukiah mandiri nyaeta rukiah anu biasa di lakukeun ku sorangan,sony haget ngilu praktek ka awak na anu ti poe ka poe teh beuki leuleus wae.

beres pangajian ustad2 ngariung di masjid ngadon ngalobrol jng pangurus masjid ker ngalobrol jol hujan ngagebret atuh pangurus masjid jng ustad2 ngadon salare di masjid jeng hujan teh teu ereun2,bari ngadarongeng ustad teh ngarariung di masjid kira2 maju ka tengah peuting ti kajauhan aya seuneu anu ngagebur sagede bola sepak kukirilingan di luhur masjid jiga aya anu di incer,ku mata polos mah moal kaciri tapi ku mata batin ustad Ahmad anu gs kakoncara mah ka nyahoan pok ustad Ahmad sasauran kanu aya di dinya,

"sanes nya Alloh mah nya an....teu samangsa mangsa ngalungsurkeun hujan upami teu aya manfaat na,eeemmmmhhhh nya an...nitah urang sarerea caricing di dieu lain tanpa sebab,aya anu dek nganjang jiga na ka nu aya di dieu...",saur ustad ahmad mari mencrong we ka luhur.

"aya naon pak ustad....??",saur pk haji ukas bari mencrong ka ustad Ahmad.

"aya tamu anu teu di ondang...ker neangan mangsa...ti bangsa jin....hhhmmmm",saur ustad Ahmad bari buru2 nangtung prak anjeuna ngalaksanakeun sholat taubat jng hajat tuluy maneh na sila rapet naker bari zikir panon na peureum teu lila anjeuna nangtung deui bari luak lieuk ningalian kanu aya di dinya,barang ningali sony ustad Ahmad nyampeurkeun bari nepak punduk ahmad,

"cing nyungkeun cai..",saur ustad ka santri2 na.

belenyeng saurang santri nyandak cai ka dapur masjid.buru2 di bikeun ka ustad ku ustad cai teh di baca an doa tuluy di titah di inum ku sony.

ustad sila deui hareupeun nana sony meneko oge sila tutug kabeh anu aya di dinya di taritah dzikir ku ustad sabagian santri na aya anu di titah maca surat anur,ayat kursi jng surat yasin.

rieg masjid asa ngarieg leungeun ustad Ahmad kaluhur jiga dek newak manuk teu lila gep leungeun na jiga nyekel barang anu kacida gede na tuluy di gebotkeun ka handap kana kramik msajid, rieg deui masjid teh asa ngarieg leungeun ustad angger jiga kerngajewang mahluk anu gede kesang na ngoprot,terus anjeunna macakeun ayat2 suci timimiti alfatihah anur,alwakiah,yasin jng ayat kursi terus ustad ngomong ka mahluk anu kerdi cekel na,

"hee bangsa jin dek naon maneh kakalayangan di luhureun masjid ngincer saha anjeun??lamun teu buru2 tobat. wayah na ku kami anjeun dk di musnahkeun...",ck ustad ahmad 

beledug aya sora ngabeledug di barengan ku haseup anu kandel mulek ngajirim hiji mahluk anu jangkung gede pikasieuneun,

"tong ikut capur masalah kami he manusa...",ck eta jin ka ustad,sarerea olohok ningali eta mahluk ustad na tenang we bari dzikir,

"heee manusa kuring dk ngajemput anu ngarana sony,aranjeun tong ikut campur malinggir...",ck eta mahluk.

"naon keke asa ngenah tah babasaan teh make dk jumpat jemput jelema,samemeh anjeun nyokot bangsa kami anjeun ku kami di musnahkeun,bangsa maneh anu gs nyieun bangsa kami musrik....dk tobat moal?",ck ustad.

"tobat ke heula anan....",ck jin bari nyerang ustad,

ustad anu gs siaga ngan ngepret kn tasbe na belesat rebuan cahaya kaluar tina eta tasbe jiga tali tina cahaya mengkeut awak si raja jin tea,

"rapetkeun dzikir jng baca an quran na....",ck ustad marentahkn anak buah na,

sarerea dzikir tahlil,tahmid,ayat kursi,nyieun tali anu mengkeut jin teh makin gede,

"wani2 ngaganggu bangsa manusa hukuman nana di ancurkeun di kirim ka naraka leuwit ti heula",ck ustad.

"ampun kisanak...ampun leupaskeun kuring kisanak...", ck raja jin ajol2an hayang kaluar tapi tali anu tina cahaya anu ngempur makin pageuh makin maneh na berontak makin pageh eta tali mengket awak na.

Raja jin teh adug adugan tapi maneh na embung taluk ka ustad,

ustad makin ngarapetkeun baca an Quran jng dzikir na raja jin awak na ngarasa panas jiga kaduruk tuluy awak na lila2 ngan ukur hasep jiga namah tutung di lilit ku tali ti ustad Ahmad,sora na anu tadi gogorowokan teh lila lila ngaleungit haseup ge dadak sakala ngaleungit di luhureun gunung pamujaan sing beledug kahuruan kitu deui jeng imah na abah iding ngabebela kahuruan bah iding ngilu tiwas di jero imah na,raja jin eleh jajaten ku ustad ahmad jng murid2 na pd nyerang ku ilmu agama,katambah pada mantuan ku bapa2 pangurus masjid anu nyaksian kajadian tadi,ret ka sonu ustad teh nyampeurkeun Sony anu awak na leuleus jiga na pangaruh panyakit HIV anu makin ngajalar kana awak na,ku ustad di bere deui cai panon na neuteup ustad pikawatireun.

"pak ustad.....abdi iklas...abdi ridho nampi panyawat abdi...lillahi ta alla...mugia Alloh ge ridho ngahapuntn kana kalepatan2an abdi.....",ck sony bari renghap ranjug...

"sabar mang...teraskeun dzikir.....istigfar....tahmid....inshaAlloh Alloh ridho....",ck ustad mencrong ka sony anu ngalempreh.

jiga na sony teh soak kana kajadian tadi,naha aya mahluk anu dk nyokot maneh na,sony ngalempreh pikawatitereun kabayang anak jng pamajikan nana btuhbrehbkalakuan nana mangsa katukang,indung bapa anu gs teu aya di kieuna daratang gugupay ka maneh na teu karasa awak na asa hampang nguniang nyampeurkeun kanu gugupay.

Ustad Ahmad mekelan Sony anu dk ngalepaskeun nyawa kitu deui haji ukas maneh na gs nyaah ka sony rob saantri2 ngadareketan teu kudu di komando para santri maraca yasin ngahampangkeun kanu dek mulang,tina baham sony kaluar kalimah tauhid...

"laaaiillaaahaaiilalloohhhh.....",menang 3X,ciklek lesss we nyawa papisah jng raga Ustad ngusap pameunteu sony teu lilla waktu Adzan subuh gs tepi muadzin ngumandangkeun Adzan asa sedih di aleu2 mere hibar ka mahluk Alloh nitah gera sarujud samemeh ke di titah baralik deui ka alam langgeng.

"Langsung kurebkeun hawatos ieu almarhum tosndi antosan ku para malaikat buruh na tina sabar jng ikhlas na nahan panyakit,komo ieu almarhum tos taubatan nasuha mangkana Alloh nyusun skenario anu kacida sae na kanggo jalan anjeuna mulang...",ck Uastad Ahmad.

bada subuh sony layon na tos beres di kurebkn anak pamajikan nana anu bisaa di susulan ngan kulawarga ika hungkul kabeh ngalepaskeun sony kalayan iklas,sadayana skenario Alloh jalmi mah teu aya daya jng upaya.....


SURTI

Peuting anu jempling ngagayuh ka subuh Surti nitah salaki na mateni Sony harita surti teu apaleun lamun sony cicing di masjid,lamun sony gs bener2 tobat anu aya dina hate surti ngan dendam,biwir na seuri bari boga kayakinan lamun peuting eta salaki na bakal hasil maehan sony,maneh na teu apaleun lamun salaki alam ghoib na eleh jajaten ku ustad ahmad karajaan nana di duruk di ancurkeun bahkan kuncen na ge bah iding tiwas ngilu kahuran imah na.

reup peureum hate na bungah teu aya papadana....

saminggu ti harita Surti ngadenge beja lamun Sony gs maot,harita poe kemis malam juma-ah surti hayang gera2 panggih jng salaki na buru2 maneh na dangdan sataker kebek nyiapkeun kembang anu biasa di dahar samemeh salaki na datang,meneko we dina tempat tidur tapi sajam....dua jam....salaki na teu aya datang,surti mimiti kesel maneh na ngomong sorangan,gegeroan ka salakina di tojokeun ka luhureun lalangit,angger eweuh keneh nepika waktu na subuh salaki na teu aya datang.

nyel ambek surti sapoe eta gawe na ambek2an teu puguh boga rasa timuru kanu jadi salaki na ti alam goib "piraku boga deui pamajikan salain aing....",

saminggu....dua minggu surti mimiti panik maneh na unggal peuting ngadahar kembang sedap malam ngemat salakina teuing timana jng kumaha surti dangdanan nana jadi robah karesep na make baju gagayabagan warna bodas,buuk anu panjang jadi ngaringkiwik jiga na pangaruh iblis anu ngancik kana diri na,unggal tengah peuting surti haharewosan ngagentraan salakina jiga anu gs owah,

"akaaannnggg.....gera dongkap akaaannggg....surti sono....akang...surti ngantosan akang.....gera dongkap akaaaannngggg......",

Ti harita Surti jadi owah raja kaya na di cokotan deui kunu kagungan maneh na aprak2an ka unggal lembur neangan salaki na,sakur anu panggih di jalan sok di tanya kamana salaki kuring,anak2 kuring....kitu jng kitu we,awak na gs kucel pisan balesan tinu maha Suci pikeun jalma anu teu Ridho kana sekenario anu atos di tetepkeun ku mantena,padahal mah lamun surti sabar....sadar tangtu pahala anu di tampa na lain murka anu ka alaman model ayeuna.


T A M A T

Andhyn balikpapan,minggu 7.10.2018

"HANUPIS KA SADAYANA ANU RUUUUAAARRRR BIASAAAAAAHHHH🙏.

HAPUNTEN KA JAJARAN ADMIN ANU SOK DI RIRIWEUH KU SIMKURING MIWARANG NGAPUNGKEUN DONGENG2 SIMKURING.

HATURNUHUN BARAYA SADAYANA PARANTOS SATIA NGANTOSAN DONGENG2 TI SIM KURING. DONGENG ANU MASIH KENEH  SEUER KALEPATAN NANA BOH TINA EJA AN PENEMPATAN HURUP ALIT AGEUNG NA TATA TITI BAHASA NA,HAREPAN ABDI MUNG MUGIA DONGENG IEU TIASA NGAHIBUR SARENG EUNTEUNG KANGGO URANG SADAYANA....

SAKALI DEUI HANUPIS ....WASSALAMUALAIKUM WAROHMATULLOHI WABAROKATUUUHHH....!!"

Komentar

  1. Kuring menyakiti sareng haté ngejat mun aya dina masalah anu ageung lumangsung dina perkawinan abdi tujuh bulan ka tukang, di antara kuring jeung salaki kuring. jadi pikasieuneun pisan yén anjeunna nyandak hal ieu ka pangadilan pikeun cerai. anjeunna nyarios yén anjeunna moal resep deui sareng abdi, sareng anjeunna moal bogoh ka abdi deui. Anjeunna anjeunna dipak kaluar-bumi sareng ngajantenkeun abdi sareng murangkalih abdi ngaliwat nyeri parna. Abdi nyobian sadaya cara anu tiasa waé pikeun nyayogikeun deui, teras nyuhunkeun, tapi sadaya teu ngeakeun.in anjeunna parantos nyarios yén anjeunna parantos nyieun kaputusan, sarta anjeunna henteu pernah hoyong ningali kuring deui. Janten dina hiji sore, nalika abdi ucing deui tina pagawean, abdi pendak sareng sobat guna anu sanés nanyakeun ka salaki kuring. Ku kituna abdi ngécéskeun unggal hal manéhna, jadi anjeunna ka kuring yén hiji-hijina cara anu tiasa nampi ku salaki deui, nyaeta ngadatangan caster mantra, sabab estu digawé pikeun anjeunna teuing.So abdi pernah percanten ngeja, tapi abdi teu boga pilihan sejen, ti turutan nasihat-Na. Lajeng anjeunna masihan abdi Email alamat tina mantra mantra anu ngadina. Janten isuk-isuk anu sanés, abdi ngirimkeun surat kana alamat anu anjeunna masihan ka abdi, sareng mantra mantra ngajénkeun yén abdi bakal nampi salaki kuring dina poé saterusna. Naon hiji pernyataan endah pisan !! Kuring pernah percaya, ku kituna anjeunna nyarios sareng abdi, sareng ka abdi sadayana anu kedah abdi lakukeun. Mukang isuk-isuk isuk-isuk, surprta héran, salaki kuring anu henteu nyambung kuring kanggo 7 bulan terakhir, masihan kuring telepon pikeun nginpokeun ka kuring yén anjeunna nuju balik. Jadi Endah pisan Ku kituna ieu pisan kumaha anjeunna parantos sumping deui dina dinten anu sami, kalayan seueur kaasih sareng kabagjaan, sarta hapunten hapana, sareng ka nyeri anu anjeunna disababkeun abdi sareng barudak urang. Lajeng ti dinten éta, hubungan kami ayeuna leuwih kuat batan kumaha sateuacanna, ku bantuan Dr. WEALTHY. Ku kituna, abdi bakal saran anjeun kaluar upami anjeun ngagaduhan masalah ngahubungan anjeunna, abdi masihan abdi 100% jaminan anu anjeunna bakal nulungan anjeun .. Surélék anjeunna dina: wealthylovespell@gmail.com, atanapi anjeun Whatsapp anjeunna. + 2348105150446 Hatur nuhun asoooo teuing !!!

    BalasHapus
  2. Numele meu este mitchelle williams. Aceasta este o zi foarte bucuroasa din via? A mea datorita ajutorului pe care Dr.Akobe mi l-aerer ajutându-ma sa-mi revin fostul kitu? pendak
    vraja sa de magie? i dragoste. am fost casatorita de 6 ani? i a fost atât de groaznic pentru ca so? ul meu ma în? ela cu adevarat? i cauta un cerai?
    dar când am întâlnit e-mailul Dr.Akobe pe internet hinaan og ajutat atât de mul? i oameni sa-? i recupereze fostul? i sa ajute la rezolvarea rela? iei.
    oamenii sa fie ferici? i în rela? ia lor. I-am explicat situa? Ia mea? I apoi am cautat ajutorul lui, dar spre marea mea surpriza mi-a spus ca o va face
    ajuta-ma cu cazul meu? i i ca ca acum sarbatoresc, pentru ca Sotul meu s-a schimbat total în bine. Întotdeauna vrea sa fie alaturi de mine? I anu poate muka nimic
    fara prezentul meu. Ma bucur cu adevarat casnicia mea, ce sarbatoare grozava. Voi terus di depun marturie pe internet pentru ca Dr.Akobe este
    cu adevarat un adevarat rotor de vraji. ESTE NEVOIE DE AJUTAT CÂND DOCTORUL DE HUBUNGAN Akobe ACUM VIA? A DE E-MAIL: oriarewoakobe@gmail.com sau suna? I la +2349034535620. El este singurul raspuns la masalah ta? I face to the sim? I
    fericit în rela? ia ta,? i sampurna? i în: 1 CINTA SPELL 2 WIN EX BACK 3 BUAT PROMO 4 PROMO? IE SPELL 5 JABATAN 5 JABATAN 6
    JABUR 7 BUN KAWAN JAWA 8 VÂNZARE DE LOTTERIE? Kuring CAZ DE CURTE.

    BalasHapus
  3. Ieu mangrupikeun kasaksian ngeunaan karya ngeunaan Kapala Eli Mark anu ngabantosan kuring .... Kuring Ann Earnis ti kalér Amérika Serikat. kalayan bantosan jampar mantra ieu, salaki kuring anu ngantepkeun kuring salalu 3 taun sumping deui, tungtungna kuring tepang lalaki ieu dina postingan situs blog ku salah saurang klien pikeun pitulung, kuring terangkeun sadayana ka anjeunna sareng anjeunna nyarioskeun ka kuring ngeunaan ngusir caster anu anjeunna terang sareng anjeunna masihan whatsapp kuring nyerat nyerat ka caster mantra pikeun nyaritakeun masalah kuring. Dina kakara 2 minggu, salaki kuring balik deui ka kuring. Kuring ngan ukur hoyong ngucapkeun hatur nuhun kana kasir mantra anu sajati sareng ikhlas ieu, tuan sadayana anjeun parantos nyarios kuring parantos nyarios sareng hatur nuhun pak. Punten bade ngawartosan ka saha waé anu milari solusi pikeun masalahna, pikeun konsultasi ka bageur ka jampé ieu, anjeunna nyata, anjeunna kuat sareng naon waé anu mantra nyaritakeun naon anu bakal kajadian, sabab naon anu disebut jampé jampé ka kuring maot. Anjeun tiasa ngahubungan anjeunna di: whatsapp + 2349015088017, email: markmonroy869@gmail.com

    BalasHapus
  4. Saatos 5 taun nikah sareng salaki sareng 2 murangkalih, salaki kuring mimiti ngalakukeun anéh sareng kaluar sareng awéwé anu sanés sareng nunjukkeun ka kuring cinta anu tiis, dina sababaraha waktos anjeunna ngancam pikeun cerai kuring upami kuring wani naroskeun anjeunna ngeunaan urusanna sareng awéwé séjén, kuring ieu musnah pisan sareng bingung dugi ka babaturan lawas kuring nyarioskeun ka kuring ngeunaan jampé mantra dina internet anu katelah Dr.Wealthy anu ngabantosan jalma hubungan sareng masalah kawin ku kakuatan kakuatan mantra cinta, mimitina kuring ragu upami hal sapertos kitu kantos aya tapi mutuskeun pikeun nyobaan, nalika kuring ngahubungan anjeunna, anjeunna ngabantosan kuring ngintip jampé cinta sareng dina 48 jam salaki kuring balik ka kuring sareng mimiti ngahaturkeun, ayeuna anjeunna parantos lirén kaluar sareng awéwé sanés sareng abdi kalayan kuring pikeun alus sareng nyata . Hubungi kasir jampi cinta anu hébat ieu pikeun hubungan anjeun atanapi masalah nikah tiasa direngsekeun dinten ieu ku: wealthylovespell@gmail.com atanapi langsung WhatsApp: +2348105150446.

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng sunda GIRIMIS KASORENAKEUNkengeng Andhyn

JERITAN TANPA SORA bag 6 sd 19