Dongeng sunda PULANGKEUN SALAKI KURING

#PULANGKEUN_SALAKI_KURING (PSK)
Bag 1
Kengeng Andhyn

Th 1970,DENDAM NUMAWA SANGSARA

Gunawan sasongko mukakeun panto mobil na luak lieuk neangan Basri supir pribadi na,nyampak Basri kersare dina bangku taman handapeun tangkal caringin meni kerkeran bangun anu nikmat biwirna semu calangap,
Gunawan gogodeg kerewek kanu botol mineral dina dashboard paragi nginum Basri aya meureun satengah deui cai na di buka tutup na tuluy maneh na ngadeukeutan Basri teu antaparah ‘wuuuurrrrr eta mah cai th di banjurkeun kana beungeut Basri,atuh ohek2an Basri th jaba reuwas jng jibreg baju kameja na.
Sirah lungleng irung peurih jiga na ayA cai anu asup tadi th,awak na sasampoyongan meh labuh.... awak na dodongkoan hareupeun dunungan nana,luk tungkul…

“gadag moal maneh Basri atawa dek molor wae?”,ck Gunawan bari belewer botol kosong th di baledogkeun kana awak Basri,teu nyeri da di baledog ku botol kosong tapi nyerina th kusabab keuna na kana hate na panghina dunungan nana anu lain ayeuna hungkul gs nyieun dendam anu kacida jero na.
“mun gs teu betah di gawe kaluar we masih loba jelema anu hayang gawe jadi supir kuring,gawe ngan saukur molor jng molor we….”,ck Gunawan bari ngaleos asup kana mobil na di tuturkeun ku Basri.
Gek Basri diuk tukangeun setir sup konci  gulusur mobil sedan   maju ninggalkeun parkiran mobil Bank Indonesia.
“ayeuna bade teras kamana gan?”,ck Basri nanya dunungan nana anu ngabaheuhay di korsi tukang.
“ka imah si Maya….”,ck Gunawan bari peureum teu lila ge gessare bari kerek nyegrek.
Basri ngaleret tina sepion bangun anu ijid ningali dunungan nana,unggal poe ganti2 awewe padahal pamajikan nana ker reuneuh bulan alaeun,Bu Riana kurang kumaha anak jelema aya beungeut geuls pendidikan nana oge luhur tapi nya kitu karasa na ku Gunawan mah kurang jeng kurang we meren duka pangaruh dunya anu teu hese di Alana duka adat ka kurung ku iga.
Aya Maya awewe tengah tuwuh pamajikan duta besar anu sering di tinggal2kn wae salakina ka luar negri mimitina kenal basa Gunawan ka singapur sa pesawat jng Maya ti dina silih tuker no hape lila2 janjian di pub,discoutik lila2 teu kaop aya waktu salse Gunawan sok BBS(bobo-bobo Siang) jng Maya di imah maya anu sepi di perumahan elit tur mewah.
Aya deui Desti budak mahasiswi ku Gunawan di pangngotrakeun imah di pang meulikeun mobil budak geuls jiga foto model papan atas anu tadi na jadi PSG perusahaan mobil di kukut ku Gunawan di jieun runtah paragi ngalajur nafsu asal di beri duit anu loba jng di cumponan sagala kahayang na.
Teu ka itung aya seberaha hiji wanoja anu di jadi keun budak nafsu Gunawan ti mimiti budak ABG sakola SMA nepi ka pamajikan batur kitu deui janda2 anu niat na ngan ukur ngeret hungkul,

Reg mobil eureun di buruan imah mewah kawasan perumahan elit Basri mere klakson 2X,teu lila kolotrak gerbang mewahteh muka Satpam kaluar mere tanda ku leungeun na nitah asup ka Basri,Basri manggut tuluy mobil ngagilisir asup ka pakarangan imah anu asri sakuliling bungking di hias ku tutuwuhan anu sing sarua hejo,aya gajebo aya kolam di hias ku cai anu nyurug kaluar tina batu2 alam.
Basri muka sabuk pengaman tuluy malik katukang bari nepakan suku Gunawan lalaunan,
“gan….juragan….tos dugi juragan…..”, ck Basri lalaunan. Gunawan ngorejat leungeun na nyusutan tungtung biwir na bari rada eueuleuweuhan,
“haaarrr ges tepi deui gening?asa sakeudeung nya sare th huuuu bakat ku cape meren ieu awak th….”, ck Gunawan bari memener dasi na tuluy ngaca dina sepion harep buuk na di bebener ku ramo2 na,ngelapan pipi na ku tissue gs pangrasa beres mah maneh na kaluar tina mobil.
Sup ka imah anu panto na jangkung di cet bodas jiga gs di dagoan kunu boga imah panto th teu di konci,teu asa2 Gunawan langsung muru ka kamar utama di tingkat 2 biwir na seuri ngabayangkeun Maya anu gs siap nungguan maneh na.gap leungeun na kanu handle panto di buka lalaunan….Gunawan noong tina panto anu muka saeutik tea tetela Maya euweuh di kamar na panto di buka leuwih gede sup Gunawan ka kamar Maya luak lieuk tapi keukeuh Maya euweuh panto di tutupan,Gunawan muka jas na lung di alungkeun kana sopa anu aya di kamar,gek diuk dina tempat tidur anu mewah leungeun na morosotkeun dasi anu tatadi nyekek beuheung na rada di logoran tuluy ngadayagdag dina tempat tidur,ker kitu jol gabrug Maya ngagabrug Gunawan awak na anu baseuh di tutupan ku anduk semet dada Gunawan ngagurubug reuwas bari atoh satuluyna 2 manusa anu salah arah th guyang dina dosa kamaksiatan anu bakal ngondang murka ti ALLOH SWT.

DI pos satpam Basri diuk dina korsi di singhareupan ku Tejo satpam imah Maya,di suguhan kopi jng goreng bala2 haneut keneh.
“Kang Tejo kumaha wae atuh kalakuan dunungan urang th?”, cek Basri bari ngelepus udud.
“aahhh nya kumaha atuh ayeunamah amalukum amaluna we mang….amal2an maranehan nana jang maneh na amal2an urang ker urang,kitu tah ck akang mah”, ck Tejo bari ngahuapkeun bala2 jng cengek.
“lain abi mah sok karunya we ka bu Riana jaba nuju kakandungan jaba kalakuan salakina asa beuki maceuh…eeemmhhhh….”, cek basri.
“lain nya jelema kitu mah gs teu sieun we ku azab ti Pangeran the nya mang….”,ck Tejo bari ngalieuk kanu palebah imah anu di pake teu uni ku dua jelema anu kerngagugu nafsu durjana na.

Riana ngentepkeun baju2na tuluy diasup2kn kanu koper leutik serelekdi selitingkeun gurudug di bawa ka tengah imah,
“maaaaanngggg….mang basri ari si sanusi kamana?”,cek Riana gegerewekan,Basri lulumpatan nyampeurkeun dunungan nana bari dodongkoan ajrih pisan.
“tadi teh nyangem panas tiris ‘nden…. “,ck mangbasri
“aeehhh ari anu dek nganter saya ka puncak saha? Belegug jelema th….waktu na di perlukeun kalahka teu datang….”,ck Riana semu kekerot leungeuna ngusapan beuteung anu gs monclot bulan alaeun.
“paaaahhhh…papaahhhh…ayeuna papah dek jalan ka mana?, mamih pinjem si Basri dek ngahadiran pesta nikahan si Nabilla di puncak,gs jaji era mun teu datang th”,ck Riana nyampeurkeun salaki na anu ker dangdan keneh masangkeun dasi hareupeun kaca gede.
“oohhh kabeneran papah aya pertemuan di singapura ayeuna papah berangkat na,anterkeun ka bandara we ku si Basri pek pake ku mamihnya…”,cek Gunawan bares masangkeun dasi na tuluy ngarawu jas anu nyangsang dina korsi sopa di sangeykeun dina leungeun katuhu gap kana koper leutik,samemeh indit nyekel heula beuteung Riana bari di usapan,
“papah pergi dulu ya baby…jagain mamih kamu…”,cenah bari beuteung th di cium,tuluy nyium pipi Riana gs kitu mah sup we kana mobil sedan na,gs  gugupay ka Riana gulusur mobil sedan ninggalkeun pakarangan imah mewah di komplek elit.
Di jero mobil Basri nyupiran dunungan lalaki na anu dk indit ka singapura jeng kabogoh anyar na Bebby livia budak magang di Bank ngahaja dek di wowoy ku Gunawan asal kacumponannaon2 pamenta Gunawan.
“maneh gs nyaho tugas maneh basri ka Riana bejakeun kuring sorangan nya lamun nepi ka bocor nyawa maneh tah taruhan nana…ngarti maneh…!!!”, ck Gunawan meni teugeg abong2 ka supir anu di bayar ku maneh na,gs eweuh we bahasa anu mernah th.
“mangga juragan….”, ck Basri hate namah kekerot ijid geuleuh ka kalakuan dunungan nana anu resep ngacak2 kahormatan awewe.
“nurus tunjung kahayang th ka tepaan panyakit kotor lahhh jelema kitu mah….”,ck Basri tanggtu dina hate na da ari ngomong langsung mah moal mungkin.
Bus mobil asup ka bandara barang nepi ge gs nyampak awewe make rok mini jangkung leunjang sukuna jiga manuk bango anu panjang kulit na beresih nakeran irung bangir biwir ipis matak kabita anu nempo we pokok namah.ges nunungguan jiga namah da barang ningali Gunawan ge eta awewe langsung muru Gunawan gs teu era deui gabrug we ngagabrug Gunawan.
Ari Basri olohok we ningali dunungan nana teu sadar eta ge na atuh kaprot th pipi na di cabok ku Gunawan,Basri meuni ngerecem bari nyekel pipina anu panas jaba era pada ningalikeun ku jelema2 anu aya di dinya.
“cing inget naon2 anu tadi di bahas di mobil,nyawa maneh taruhan nana….”, ck Gunawan bari metot kerah kameja Basri,basri dodongkoan bari hate na jumerit maratan langit teu ridho di perlakukeun kitu abong2 ka jelema sangsara abong2 ka jelema butuh meni nepika kitu perlakuan dunungan nana the,dina hate na timbul ceuceub keun siah keun siah we,….

Riana tungtung na di anterkeun ku Basri ka acara di puncak th,babaturan na anu ngaran na Nabilla kawin pesta kebun cenah kabeh babaturan elit na di ondang makana Riana maksakeun datang ge kajeun ker bubureuyeungan kulantaran embung tinggaleun kabeh babatran ker kuliah na ampir dek daratang,maneh na bisi teu ka absen jaba dek mamerkeun kakayaan maneh na ka babaturan nana bisi can aya anu nyahoeun yen maneh na ayeuna NY Direktur Bank Pemerintahan ternama hartana jng raja kaya na di mana2.

Bener we babaturan nana tamplok daratang bahkan anu ti luar negri ge daratang,sosialita anu tingkat atas hungkul Nabila menangkeun duda pengusaha kayu gelondongan gs kolot lalaki namah tapi da ku harta bias nyumputkeun umur anu sabener na.harita ajang silih panasan gs biasa di kalangan sosialita mah ieu aing uyah kidul bari maneh na teu nyaradar meureun jng meureun maneh nateh “istiraj” ti GUSTI ALLOH mah,di bere dunya tapi walohualam akherat mah maraneh na duka kabagean duka heunteu.

Beres acara th peuting Riana balik ,diuk ngabaheuhay di korsi tukang asa ngarasa puas gs mamerkeun jabatan salakina perhiasan2an anu dipake na jng kakayaan maneh na teu panasaran balik peuting ge nupenting misi na mapanas babaturan nana gs hasil,di satengahing perjalanan masih keneh di jalandesa celetit…celetit beuteung na karasa mules jiganamah gs pembukaan 1 daasa aya anu kaluar tina palawangan nana atuh reuwas Riana the,
“Basri……basri ieu kuring nyeri beuteung…jigana kuring dek ngajuru buru bawa kuring ka rumah sakit…”,ck Riana bari adug songkol,atuh basri th panic teu puguh rampa mobil mah masih keneh maju lalaunan.
“aduhhhh ‘enden rs di mana kan ieu masih keneh di jalan kampung masih tebih keneh ka kota kumaha atuh ‘ndeenn”,ck Basri beungeut na lansung sepa.Riana ceurik nahan kanyeri suku na kokojotan najongan jok hareup atuh beuki we panic Basri th.
“nden urang milari paraji we anu caket…..”,ck Basri bari mipirkeun mobil na kabeneran aya imah rada deket ti dinya,buru2 maneh na turun tuluy keketrok kanu panto bari uluk salam teu lila bray panto muka.
“punten teteh,,,dupi paraji palih dieu aya kitu?itu dunungan abdi bade ngalahirkeun hawatos teteh….”,ck Basri.
“ayaa mang …ma uka tapi rada kalebet deui teu lebet mobil da…hayu di anter ku abdi…”,ck eta anu boga imah.
“hayu atuh teteh aduh punten we ngarepotkeun ieu teh “,ck basri bari muru kanu mobil,panto mobil di buka teu antaparah deui giriwil Riana anu ker adug songkol di payang,untung bedas Basri th awak Riana anu munggil di pangku di bawa ka imah paraji kampung di anter kunu boga imah tadi.

Gancang na carita Riana gs aya di imah paraji ma Uka ngran na th, Ma Uka th paraji pangalaman tenang nakeran nyingharepan Riana anu adug songkol ngararasakeun beuteung,ari di lembur mah make di jiad heula di bere cai sangkan Riana teu ngarasa nyeri teuing sangges rada lila kira2 jam 11 peting burusut orok lalaki kasep nakeran kaluar ku Ma Uka di bikeun ka Basri,kuBasri di tampanan diilikan we orok beureum th kasep pisan bengeut ngala ka indung anu geulis rancunit,ker kitu Riana ngajerit deui ngoceak aduh2an atuh reuwaseun Ma Uka th langsung muru Riana barang di tempo gening aya hiji deui orok lalaki th singhorenganan kembar! Buru2 di beresihan jiga anu pangheula na ari Riana langsung kapiuhan bakat ku cape orok anu hiji deui di bikeun deui ka Basri eta mah mni ngahuelng Basri nampanan orok sadua2 karasep kembar identic moal bisa ngabedakeun teu di piceun Sasieur sarua pisan,ker kitu jorojoy niat jahat Basri dating hayang balasdendam ka kulawarga Riana anu ges lobanganyerikeun maneh na.

H A N C A
andhyn18.8.18

#PULANGKEUN_SALAKI_KURING (PSK)
BAG.2
KENGENG ANDHYN

PAPISAH

Basri ngahuleng bari mangku orok anu kembar tea,sangges nga Adzannan dua nana maneh na ngaleos dek nepungan Ma Uka anu ker ngeprek mirun seuneu dina hawu,
“Ma….kieu ieu th kuring jng den Riana dek mulang ka kota,ngan omat orok anu hiji ku kuring di titipkeun heula di dieu jadi anu di bawa mah ngan hiji heula nya mak…”,cek Basri bari ngusiwel ngaluarkeun duit,Ma Uka meni olohok nempo duit sagepok tina saku Basri,Basri omat2an ka Ma Uka nitah nyumputkeun budak orok anu hiji nyaeta anu pangheula na kaluar sedengkeun anu dek di bawa balik ka kota mah anu hiji deui,Ma Uka mah ngan saukur unggek2an we da ka cocokan duit tea ku Basri.
“manga ujang Ema mah kumaha ujang wae….”,ck Ma Uka bari nampanan duit anu di asongkeun ku Bahri langsung di asupkeun kanu kutang nini na,meni merekis duit th Ma Uka kacida bungah na asa kagunturan madu manggih rezeki peuting eta ti Riana jng Basri.

Isuk Na setengah sadar jng heunteu Riana di ajak balik ku Basri,maneh na ngahaja ngajak saurang tatangga na Ma Uka pikeun maturan Basri ka kota kulantaran Riana cn sapenuh na pulih can jagjag pisan masih lungse keneh urut ngaluarkeun tanaga peuting tadi ngaluarkeun orok, orok anu di bawa th ngan hiji sedengkeun anu hiji deui di sumputkeun ku Ma Uka,saurang ge eweuh nu nyaho lamun Riana ngalahirkeun budak kembar.

Gancang na carita Basri jng Riana katut tatangga na Ma Uka gs tepi ka imah Riana,bari mangku orok lalaki kasep kabina2 atuh sakabeh eusi imah th kacida reuwaseun nana da harita mah can jaman hape jiga ayeuna jadi hese deuk mere beja nanaon th,kitu deui dek mere kabar ka Gunawan anu ker aya di Singapura Riana ngan bisa mere kabar ka kulawarga na jng kulawarga Gunawan yen maneh na gs ngalahirkeun kalayan salamet.
Riana langsung di pernahkeun di Kamar na ari orok lalaki th langsung di pernahkeun di kamar bayi anu gs di siapkeun ku Riana jng Guanawan.

Basri nyampeurkeun ka kamar Riana bari dododngkoan,
“nden…punten itu bi Emah tatanggi Ma paraji bade uih bade sakantenan di jajap deui we ku emang hawatos dupi eta….eemmhhhh bade nyungkeun kanggo buruh na tea panginten…”, ck Basri
“oohhh heueuh nya bejakeun nuhun kituh,ieu duit kadeudeuh ti kuring da ari kaparajimah maneh gs nyokot lin peuting tina dompet kuring”,ck Riana bari ngaluarkeun lembaran duit,ku Basri di tampanan.
“muhun atos nden,emang moal langsung mulih bade lngsung ka bengkel heula nden jiga na mobil kedah aya anu di lereskeun”, ck Basri.
“oohh heug atuh,yeuh duit jang tambahan nana…”, ck Riana bari ngaluarkeun duit deui song di asongkeun ka Basri.
“muhun atuh mangga permios”, ck Basri ninggalkeun kamar Riana,gs kitu mah maneh na ngajak Bi emah tatangga na Ma Uka balik ka lembur na,di satengahing perjalanan Basri meuli heula baju2 orok jng kaperluan na aya susu dot jng salian na.
Sangges tepi ka tempat Ma Uka paraji, Basri langsung manggihan orok anu hiji deui anu di sumputkeun ku maneh na tea,orok th langsung di pangku jiga ka anak na sorangan di timbang di nangna nengne  teu lila di imah ma Uka maneh na pamit balik ka Ma uka.biur mobil th mangprung mawa orok ka lembur Basri ka Sagala herang Subang.

Teu kacatur di jalan na Basri ges tepi ka imah na di lembur, basa aya sedan ereun hareupeun imah na pamajikan Basri ceu koyah tituturubun kaluar ti imah na,tapi kacida heran na basa Basri kaluar tina mobil bari mangku orok beureum lalaki meni kasep mancrit pikaresepeun sakur anu ningali.
“orok saha sakang?”, ck ceu Koyah bari ngilik2 orok
“hayu asup heula ka imah,ke ngadongeng na di jero yeuh tampanan heula  orok na yeuh…..”, ck Basri bari mikeun orok ka pamajikan nana.rikat ceu Koyah nampanan orok bari tuluy we orok th di ilikan ari Basri ngaleos deui kanu mobil nyokotan perlengkapan orok meni angkaribung langsung di bawa ka imah na.
Brug panto di peneten hordeng di tutup2keun luak lieuk sieun aya anu ningalikeun tapi da suwung imah maneh namah nenggang jauh ti imah tatangga.
“sakang ieu orok saha mni alus kieu,da dek nuduh anak nyaneh asa  moal maneh goreng patut ari ieu budak mni alus.terus lamun aya anu mere moal  percaya deuih piraku budak sa alus2  aya nu micen mah?”, ck ceu Koyah bari haben we ngilikan budak orok.
“gess tong ngomong wae,diuk di dieu…sok kadieu yeuh…”,ck Basri bari nepakan korsi gigireun nana.atuh gek ceu koyah diuk di gigireun Basri.
“maneh na….kulantaran urang gs lila teu boga wae budak akang Kamari aya anu mere budak orok biasa lah indung bapa na teu taranggung jawab kulantaran biasa we haramil ti heula”, ck Basri ngabohong.
“ieu akang ge gs meuli perlengkapan nana ngan omat ka batur mah bejakeun ieu anak urang,ulah sakali2 nyebutkeun ieu anak pamere,ngarti nyi….?”,ck Basri bari kudak kodok kana saku,gorehel ngaluarkeun duit kacida lobana,Kamari Basri nyokot duit tina kantong Riana basa di titah mayar paraji,kusababa loba duit na jng tara di itung jadi Riana teu nyadareun lamun duit na di cokot loba ku Basri.Ceu Koyah meni molotot ningali duit anu lobamah geuwat eta duit th di rawu ku maneh na bari huhahheheh….

“ieu aya keneh duit di akang urang pake modal dagang jng bekel si ujang….aeehhh urang ngaranan saha nya…????”, ck Basri bari ngahuleng panon na mencrong kanu lalangit imah,
“yusuf kang jiga nabi anu pang kasep na…”, ck Ceu Koyah bari mencrong ka salakina,belenyeh Basri seuri panuju kana usul pamajikan nana.
“alus…alus akang panuju pisan…jang Yusuf….”. ck Basri atoh mata na hurung biwirna seuri ipis.
Harita Basri ngendong di imah pamajikan nana di sagala herang bebeja ka dunungan namah ka bengkel mobil bari nage Riana mah teu peduli da ker bungah boga budak lalaki anu kacidakasep na meni reueus Riana th teu sirik na eta orok th di raja2 we bakat ku atoh.

Basa aya telephon ti Indonesia ngabarkeun yen Riana pamajikan nana gs ngalahirkeun harita Gunawan kerngeukeupan bebby livia budak awewe anu ker magang di Bank tempat maneh na di gawe,bari semu haroream Gunawan ngangkat telephon hotel,
“halooo muhun….sareng abdi Gunawan…oohhh parantos salamet,pameget muhun atuh nuhun pih parantos di wartosan abdi pameng nuju miting pih….sibuk pisan jadwal acara padat uih ge wengi2 wae,muhun enjing uih penerbangan pertama pih…nuhun tos di wartosan….”,cek Gunawan bari nutup telepon ti mitoha na.gs kitu mah ngaleos deui nyampeurkeun bebby anu masih sare tanpa make nanaon,bus kanu simbut ngeleketek deui bebby ngoconan anu geulis lebar lamun di anggurkeun th jabaning biaya na kawilang mahal sangkan bisa duduan th.

Isuk na Gunawan make penerbangan pertama ti singapura balik jng Bebby tapi papisah di bendara babby mah naek taxi ari Gunawan mah di jemput ku Basri.
Sangges di jero mobil Gunawan ngabaheuhay beunget na bear marahmay maklum gs meunang kabungah jng Babby livia,kaleret ku Basri tina sepion Gunawan ker hahaliringan jiga budak ABG anu ker jatuh cinta.
“di imah aman basri…?”, ck Gunawan ka Basri,
“aman juragan…..”, ck Basri
“alus lah…..”, ck Gunawan deui.jep jarempe deui masing2 boga pamikiran nana ari Basri mah inget wae ka yusuf anak kukut na menang maok ti Riana ari Gunawan mah inget wae permainan Babby Livia anu garang jiga anak ucing anu ker kumincir.

Imah mewah di kawasan perumahan elite pinuh ku karangan bunga ucapan selamat atas kelahiran putra pertama dri pinpinan Bank Indonesia bp Gunawan Sasongko dan ibu Riana Pramesti,imah di hias ku kembang ros jng sajabana poe ayeuna akekahan anak Gunawan,rea relasi anu daratang ka acara pengajian ngondang ustad terkenal jng ngadatangkeun anak2 yatim jng pakir miskin,salian ti mencit domba 2 jng sapi Kulawarga Gunawan mamerkeun anak maneh na anu kasep jng lucu ka relasi2 na.
Di imah kaciri paciweuh sakabeh pagawe di kerah keun sina babantu supaya acara akekahan lancer jng sukses.
Harita orok anu di ngaranan irfan maulana Sasongko di bageakeun jiga anak raja loba anu nyanjung jng muji eker mah eukeur budak th kasep eweuh cawadeun katambah anak gegeden apanan jiga naggeuy endog kokoneg na we kulawarga Riana jng Gunawan teh  reueus boga budak cikal lalaki anu dk dijadikeun penerus kulawarga manehan nana.

Lima taun kaliwat Irfan gs mimiti sakola di tk international ngahiji jng anak2 pejabat jng anak2 bule budak pinter calakan ker kasep th gs pinter ngomong bahasa inggris di TK n aka asup pinunjul loba ngilu les itu ieu,ti mimiti les biola,piano,renang,berkuda les kepribadian jrrd.ngan hanyakal teu boga atikan agama jng budi pekerti di imah kudu pok torolong ka pagawe haok polotot badis jiga indung bapa na bahkan leuwih budak leutik keneh gs pinter marentah batur,lamun aya anu teu cop kana hate na irfan leutik th teu segan2 nyiksa pagawe bari ceurik jejeritan,
Beda deui jeng Yusuf anu di rorok ku ceu Rokayah ti leuleutik sok di babawa ngaji ka lembur indung na Rokayah lamun sore ngaji ka masjid deket imah na bareng jng barudak kampung lamun isuk2 di sakolakeun di RA TPA di aanter ku ceu Koyah kitu jng kitu we sapopoena Yusuf eweuh beda na jng budak2 kampung liana,anu ngabedakeun the beungeut Yusuf anu kasep beresih bodas teu jiga urang lembur estuning pikareuseupeun urang lembur sagala herang,ceu Koyah beki nyaah we ka Yusuf gs teu jiga ank kukut boga naon boga naon jang Yusuf komo Basri mah ayeuna mineng balik mere duit jang bekel Yusuf di lembur sakapeung Basri sok mawa baju2 urut Irfan jng cocoan menang mulungan ti Irfan da gening mni ngaleuya di imah na aralus keneh,sakapeung Basri sok maok2 buku,kantong sapatu anu padedet di kamar Irfan pikirna jang dulurna keneh moal nanaon di paokan oge,atuh kawilang pang gaya na we Yusuf di lembur mah sanajan kabeh barang2 urut oge ari urut jelema benghar mah tetep we aralus.aya sepedah di bawa aya momobilan bola sepak pokok na anu pangrasa irfan bosenen ku Basri di bawa di bikeun ka Yusuf.
Pernah hiji poe Irfan neneangan sapatu bola na anu warna biru gs kukurilingan di teangan sapatu th teu kapanggih di olo titah make anu lian embung tuhu kudu anu biru padahal eta sapatu bola aya meren 10rampasan nana tapi Irfan kalahkan ngadat sagala di balangkeun sagala di rusak keukeuh kudu anu biru tepi ka nyiksa ka Basri maledogan ku cocoan nana nepi ka balatak,harita dina hate basri asa salah eta sapatu th di bawa kumaneh na di bikeun ka Yusuf dk sina latihan maen bal di lembur.

Teu karasa Irfan gs lulus SMA INTERNATIONAL SCHOOL jadi juara umum bahkan menang beasiswa kehormtan ti sakola na pikeun nuluykeun kuliah n aka America atuh indung bapa na meni beuki reueus nepika ngayakeun sukuran kelulusan di Hotel bintang 5.
“mang Basri ningali kameja kuring anu biru dongker teu?”, ck Irfan ka Basri.
“heunteu juragan…..”, ck Basri moyongkod.
“nyaho teu eta kameja harga na leuwih ti gajih emang sabulaneun asa gs lila teu ningali eta baju,kamana nya kade lah rea bangsat di ima ieu th ….”, ck Irfan bari melak cangkeng ruratreret ka sakuliling imah na.
“sumi….sumi….. cik pang neangan kn kameja biru dongker….buru…..”< ck irfan gegeroan ka Sumi pembantu na.
“manga agan….”, ck bi sumi tuluy mukaan lomari Irfan di singkab2 tapi keukeuh teu kapanggih.
“teu aya agan…”, ck bi sumi bari ngadegdeg hareupeun Irfan anu gs ambek pisan.
Belewer bi sumi jng Basri di baledog ku parfum nepi ka duanana sing belecir kalabur ka dapur da bakat ku sieun.ker kitu torojol Riana ningali adat anak na kitu th da gs teu aneh maneh na ngadekeutan irfan anu ker adat2an.
“naon deui sayang….”,cek Riana bari mulungan barang2 anu balatak.
“ieu farfum bulgary ti Francis lho jadi we pecah …tong kitu atuh kasep kesayangan mamih”, ck Riana
“Bodo amat….mamih jiga na di rumah kita th aya bangsat na da,barang2 asa mineng lalaeungit,cing kali2 mah urang silidik”, ck Irfan bari diuk dina tempat tidur.
“aahhh mamih teu merasa tuu kasep,mun bade mah atuh perhiasan mamih,berlian2,jam tangan2 tapi teu aya anu kaleungitan….”, ck Riana bari ngusapan buuk anak na.
“tapi kudu di selidiki mih….tuman mih…Kamari irfan nyari2 sepatu anu sneakers putih mih sampe ayeuna teu aya….”, ck irfan kesel keneh.
“hahaha kan sepatu kamu th banyak sayang mamih mah sampe gk ngeh …..beli lagi lah tinggal telpon papih atuh….”, ck Riana deui.
“mih…cing cek mamih kira2 kusaha nya barang2 irfan.lain masalah nominal na tapi irfan teu resep lamun aya bangsat di rumah ieu…”,ck irfan bari melong kaindung na.
“hhhhmmmm….saha nya….bi sumi anak na perempuan hungkul…mang Basri teu boga budak….apa sijeje tungkang kebun kitu…???” ck Riana ngahuleng.
“suatu hari irfan kudu manggihan bangsat na tuman mih….”, cek irfan bari jung nangtung tuluy ngaleos ka luar muru mobil na.gulusur mobil sedan keluaran terbaru ngagulusur kaluar ti pakarangan imah muru ka pusat kebugaran paranti maneh na nga gym.

Di gym gs ngarumpul babaturan jet set na aya Rico,steve,jimmy,Aldry jrrd Irvan asup ka gym tuluy diuk dina korsi bari muka air mineral anu di asongkeun ku Rico,
“fan kamu jadi kuliah di Amrik apa di ausi?’ck Steve
“Amrik lahh males Ausi mah deket teuing masih bisa di susulan ku si mamih,hahaha”, ck Irfan di tungtungan ku seuri.
“hhhhmmmm meh bebas yeuhh anak mamih the?”, ck Aldry ngadelekan ngulinkeun halis na naek turun,ku irfan di baledog ku tissue menang gagulung2.barakatak irfan seuri…
Ker kitu burudul awewe gs aya umuran kelompok Mahmud elite masih gareulis,saleger,nu penting namah barorju…..kelompok mahmud sing harewos bar icing irihil ningali ka kelompok barudak ngora irfan CS,
“van2 tanteu2 borju tuh…naringalikeun wae…sikat…mempeng masi di Indonesia…”,cek jimmy suku na nincak suku irvan.
“aaahh males sok we kalian….aku sih no….”,cek irfan semu hoream.
“aaaahhhh kamu maahhh hayoo atuh brader…tuuu naringalikeun wae tuuu….”, ck Rico bari tebar pesona ka mahmud2 gareulis teh.
Teu lila kelompok Rico,Irfan cs gs ngahiji jng kelompok Mahmud ngalobrol bar icing irihil jaranjian arulin karaokean ka megamall sabalik na ti gym.

Basri rada sepa benget na basa harita di panggil ku Riana ka ruang kerja salakina,bari moyongkod Basri nyamperkeun Riana anu diuk dina korsi paragi salakina barang gawe, nyanghareupan meja kerja Riana nitah Basri diuk pahareup2.

“mang….ceuk mang Basri saha kira2 anu sok nyokotan barang2 irfan?’, Cek Riana bari melong sekeut ka Basri,
“duuuddduuuukaaa atuh ‘ndenn mamang mah teu apal…”,cek Basri kaciri semu ngadegdeg kesang tiis nyurulung tina tarang na,maneh na rumasa sok ngakutan barang2 irfan jang di bikeun ka yusuf di lembur,cikeneh ge maneh na nyokot baju irfan anu biru dongker jeng anu bodas ngahaja  dek balik heula ka lembur da Yusuf dek ngayakeun acara perpisahan sakola SMA na.

“kuring teu nuduh mamang,da kuring nyaho mamang mah teu boga anak jaba kuring mah kahutangan budi ku mamang mah inget 19taun katukang mamang gs nulungan kuring jng irfan hhhhhhhmmmmmm lamun eweuh mamang meren kuring jng irfan orok moal katulungan….”, ck Riana ngomong na bari semu galamun inget basa maneh na ngajuru di paraji desa.
“mmmuuuuummmuuuuhhuunnn den…kumahaa mmaassiihh aya deui anu bd di dugikeun?mamang bade sakantenan nyungkeun izin enjing bade uih heula ka sagala herang pun alo bade nikah keun saur na 'den”, ck Basri ngabohong padahal dek ngahadiran acara pelulusan SMA na Yusuf.
“oooohhh nya sok mang….aeehh mang ari paraji urut kuring ngalahirkeun aya keneh teu nya ? mun aya waktu urang kaditu yuuu mang ke balik na urang ka imah emang hayang silaturahmi ka si bi Koyah…menang teu mang?”, ck Riana meni daria,basri ngahuleng di pelongkeun ku dunungan nana…..

H A N C A
andhyn19.8.18

#PULANGKEUN_SALAKI_KURING(PSK)
BAG.3
KENGENG ANDHYN

HARTA,TAHTA,WANITA

Basri kaciri semu ngadegdeg,beungeut na pias aya kesang anu nyurulung tina tonggong na dumadakan jantung na ratug tutunggulan,
“kumaha mang…masih inget  keneh teu ka lambur si mak paraji tea?”, ck Riana neuteup seukeut ka Basri.
“mmmaaaannaawwiii hilap deui nden….kan parantos lami aya kanu 19th kapengker…jiga na ema paraji nage tos teu aya nden…”,ck Basri
“aeehhh eunya nya leheung basa lamun aya keneh di kieu na nya mang….”, ck Riana bari melong kosong ka Basri.
“tadi na hayang napak tilas mang ka lembur eta ke kali2 urang bawa irfan ka dinya supaya irfan nyaho perjuangan kuring ngalahirkeun maneh na….”, ck Riana deui.
“mmmuuuuhhhuuunnnn nden …”, ck Basri elekesekeng bangun anu gs teu genah cicing.
“aeehh saha anu dek kawin th mang? Alo mamang…?”, ck Riana mencrong ka mang Basri.
“mmuuuuhhuunnn nden…”, ck Basri gugup da sabenerna maneh na ngabohong.
“ieu atuh kuring mauran saeutik hampura kuring teu bisa datang kitu nya…”, ck Riana bari ngaluarkeun duit tina dompet tuluy disupkeun kana amplop panjang,song di asongkeun ka Basri,ku basri di tampanan bari nuhun2an eta amplop th di sakuan.
“mamang permios atuh nden ke sonten mamang bade langsung mangkat ka lembur”, ck Basri bari cengkat tuluy rengkuh jiga ngahormat ka Riana,
“nya sok mang hati2 salam ka si bi koyah nya….”, ck Riana bari maneh na ge cengkat indit ti rohangan paragi gawe salaki na.
Basri tuluy beberes baju jng bawaen ka lembur sangges kabeh tarapti maneh na ngaleos muru ka dapur dek bebeja ka batur sapagawean nana,mang jeje kerdiuk  bari udud di baturan ku bi sumi bari ngalobrol di dapur anu mernah na deket jeng kamar2 pagawe Riana.
“mang jeje hampura nya kuring jiga na rada lila di lembur kulantaran alo na bi koyah dek kawin…”, ck Basri teu euleum2 ngabohong.
“heug wae kang keun lah si Agan mah ku jeje we di tangani….hehehehe”, ck jeje bari ngaheheh.
“kuring pamit atuh aahh…”, ck Basri bari sasalaman ka Jeje jng Bi sumi.
“hati2 di jalan kang….”,ck Sumi jng Jeje meh bareng,
“nuhun aahhh”, ck Basri ngaleos,tuluy muru terminal hate na bungah kacida tadi di bekelan ku Riana amplop anu lumayan kandel jang modal kuliah anak angkat na nyaeta Yusuf,
“hhhhmmmm bae we ngabohong ge da jang anak na keneh …jamak sakieu mah…”, kitu ck pikir na Basri,sangges menang beus jurusan Subang basri diuk anu satuluyna sare kerek meni nyegrek bangun anu nikmat.

Peuting kira2 jam 7 Basri tepi ka imah na anu muka panto th Yusuf budak kasep anak dunungan nana anu ngahaja di paok ku maneh na.
“aeehh kasep mana si mamah…?”,ck Basri bari ngasongkeun leungeun celengok di cium ku Yusuf.
“aya di kamar pak,Alhamdulillah bapa tiasa ngahadiran acara perpisahan enjing…”,ck Yusup bari nyokot kantong Basri di pernahkeun dina meja.
“aaiiisss kudu atuh eta mah bapa hayang nyaksian anak bapa anu kasep kelulusan,kumaha eudeuk kuliah kamana ujang kasep th?”, ck Basri mencrong ka anak kukut na.
“duka aahh pak bilih teu aya biaya na wios dugi SMA we hawatos ka bapa usup mah”, ck Yusuf bari diuk dina korsi,ker kitu kaluar ceu koyah ti kamar mamake keneh mukena  ,
“aaeehh gening ‘manehna’ gs datang?”, ck ceu koyh bari sun tangan ka Basri.
“ulah sieun teu kabiayaan jang…kan bapa di gawe di kota th estuning supaya ujang bisa sakola,bener teu mah?”, ck Basri ka ceu koyah,
“nya ujang kuliah we mempeng bapa maneh sanggup keneh,ke lamun ujang gs berhasil di gawe bapa maneh sina pangsiun ganti anu gawe ujang…”,ck Ceu koyah bari ninyuh kopi hideung ,song ka Basri di asongkeun langsung di tampanan bari di regot puguh hanaang ti tatadi.
“nya atuh kumaha bapa jng mamah we usup mah…”, ck Yusuf

Isuk na Basri jng Ceu koyah daratang ka sakola Yusuf ngahadiran acara pelepasan siswa SMA maklum di kampung acara th lumayan rame make panggung jng make upacara adat sagala di reuah2 ku adik2 kls manggil Band ti kota deuih.
Yusuf kacida bungah na indung bapa na bisa hadir dina acara pelepasan siswa SMA.tapi hate na rada sedih kulantaran bakal papisah jeng awewe anu salila ieu di taksir na Puti Andini ,teu sakelas ngan sa angkatan hungkul. 
Gagah pisan Yusuf harita make kameja bodas calana hideung,lamun barudak awewe marake kabaya darangdan ti salon ngahaja jang acara perpisahan th,orang tua murid ge teu eleh darangdan pa gandang2 nunjukeun nilai status social na.

Yusuf lain ka asup siswa teladan maneh namah jajar pasar ngan ahlak na anu pada muji the,ker kasep th nyaahan ka batur pinter gaji pinter gaul teu aya cawadeun nana estuning budak sholeh pikareuseupen pisan,rengse tamat SMA barurber anu kaditu nu kadieu.anu kuliah anu di gawe teu saeutik anu ngalanggur.ari Yusuf daftar kuliah di Bandung di UNJANI nyokot jurusan Hubungan International ngilu jeng Warman sobat na.atuh ngekost di Bandung nateh kusabab jelema bageur Yusuf mah di bandung nateh rea pisan anu nyaaheun,bari nyambi jadi guru ngaji bisa nitipkn diri hade kalakuan hade tatakrama budi bahasa euweuh cawadeun nana.kuliah rengse 3 taun kusabab hese neangan gawe kapaksa Yusuf ngilu mantuan dagang gas jng sobat na Warman lumayan we bari ngadagoan panggilan gawe.

Irfan anu kuliah Di Amerika menang predikat terbaik mahasiswa pinunjul bari kuliah maneh na di tarima gawe magang di salah sahiji bank swasta harita Irfan menang beasiswa ti sakola na ngan jarak 3 taun gs balik deui ka Indonesia kalayan mawa predikat mahasiswa berpertasi,ku bapak na langsung di tempat keun di Bank langsung di jadikeun wakil direktur kusabab pangalaman kerja na di luar negri cukup,
Irfan jadi karyawan paling muda anu berprestasi loba kebijakan2 Bank anu kumaneh na di perbaharui,pak Gunawan kacida reueus na boga wakil anak na sorangan,laun2 Gunawan masrahkeun kabeh ka Irfan,

Aya hanyakal na kabeh predikat “terbaik” th teu di barengan ku ahlak jng budi pekerti jang irfan hirup ngan di dedikasikeun jang gawe jng duit kabeh di hargaan kumaneh na lamun aya gawe  na jng aya duit na,anu aya dina otak na ngan kumah sangkan pagawean alus sempurna jen bisa ngahasilkeun duit anu loba.
Sikap irfan cenderung kaku,tegas tara ieuh aya heureuy serius ngomong saperluna lamun aya kahayang kudu kalaksanakeun kumaha wae carana,di kantor di segani satingkat deui maneh na bakal jadi pinpinan Bank ngan syarat na kudu gs rumah tangga atuh maneh na bingung da can boga pamajikan,padahal mah awewe na loba pisan di luaran badis jiga bapa na,resep ngacak2 kahormatan awewe di beuli ku duit,awewe tinggal nunjuk pasti kabeh ngiclik komo pangawakan irfan anu dedeg menak di latih unggal poe di gym,rea pisan awewe anu hayang jadi pamajikan irfan tapi irfan milih2 hayang menang awewe anu pinunjul.
“sok atuh kasep gera2 nikah ngantosan naon deui…”,ck Riana ka irfan basa isuk2 samemeh indit gawe,Riana masangkeun dasi tuluy nyiapkeun jas na.
“hhhhhmmmm mamih tenang we irfan kudu milih heula yg terbaik buat irfan”, tembal na bari nyisiran buuk na
“sok lah mamih mah kumaha irfan we nu jelas harus tau bibit babat bebet na…”, ck Riana.
Irfan seuri tuluy nyium indung na gs kitu leos muru mobil na gs nungguan supir anu dk mawa maneh na ka kantor.

Dikantor irfan di cegat ku Sita sekretaris na bari luak lieuk Sita nyampeurkeun ka Irfan bari haharewosan,
“pak….saya positif “,ck Sita bari ngeluk tungkul
Ku irfan di gusur kanu sunyi tuluy Sita di suntrungkeun kana tembok,
“gugurkeun….lamun maneh hayang gawe keneh di dieu kecuali lamun maneh hayng di pecat”,ck irfan gs kitu mneh na ngaluarkeun cek gutrut nulis angka dina cek tuluy di di alungkeun kana beungeut Sita anu pias,
“tah biaya jang ngagugurken nana…piraku teu cukup,isuk nyokot penerbangan pertama ka singapura nyokot RS terbaik…”, ck irfan tiis pisan. Gs kitu mah maneh na ngaleos teu malire deui ka Sita anu ker ceurik di juru rohangan.

Gunawan boga rencana ngajodokeun anak na jeng anak pengusaha perhotelan maneh na hayang gera pangsiun cenah,peuting eta irfan jng anak pengusaha th deuk di panggihkeun di acara jamuan makan di hotel anu pak Adibrata,
Riana,Gunawan jng irfan gs tepi ka hotel bintang lima di bageakan ku pak Adibrata jng bu Sisca istri na,kaciri aya mojang geulis anggun pangawakan jangkung lenjang siga putri Indonesia,sangges sarerea ngumpul ngurilingan meja makan anu gs ngabarak kadahareun anu marewah,Gunawan ngenalkn irfan ka kulawarga Adibrata kitu deui kulawarga Adhibrata ngenal keun awewe geulis anu ngaran na Cinta Larasati,di tuluykeun ku acara makan2, kulawarga mere kesempatan pikeun irfan jng Cinta sina kenalan leuwih jero deui,harita Cinta mah langsung merean langsung bogoheun da ningali dedeg pangadeg irfan,ari irfan mah biasa2 we da maneh namah setoc awewe anu gareulis na loba jadi ningali Cinta the biasa wae,ngan maneh na ningali harta kakayaan bapa na Cinta anu di mana2 nyieun irfan daek di tunangankn jng Cinta.

Ges di paheutkeun lamun acara kawinan Irfan ka Cinta dua bulan ti harita,make acara anu mewah ngondang rebuan relasi dua kulawarga anu sarua gede pangaruh atuh ondangan th nepi ka luar negri sagala,harita aya cimata budak awewe anak duta besar di Amerika anu teu katadah kulantaran maria ngaran budak awewe th ges hirup kalayan bebas di negri paman sam jng irfan,atuh ngadenge irfan dek kawin ka Cinta th Maria ceurik buru2 maneh na pesen tiket pesawat dek nyusul irfan ka Indonesia.

Waktu beuki deket kana acara kawin na irfan ka Cinta,hotel jang resepsi gs di siapkeun harita irfan masih keneh di gawe mereskeun heula pagawean padahal isuk na maneh na kawin,
“pak….aya tamu bade kabapa saur na ti Amerika….”, cek Amara sekretaris irfan amu anyar,can ge di tembalan bus aya awewe geulis asup ka rohangan irfan,atuh reuwas irfan th bari mere israt ka Amara nitah amara indit irfan nangtung bangun anu tenang nyamperkeun ka Maria anu ngahaja datang ti Amerika,
“dek naon datang k adieu Maria…?’,ck irfan bari ngodok saku bangun anu teu boga dosa.
“heee mikir kuring jauh2 datang k adieu ngan edek menta tanggung jawab jng dek nagih janji2 maneh…mana ayeuna bukti na”, ck Maria bari metot dasi irfan.
Ku irfan Maria di suntrungkeun awak na meh labuh untung kahalangan ku korsi,daligdeung awak Maria ngadaligdeug untung kaburu muntang kana korsi.
“irfan…piraku teu inget maneh jng kuring gs hirup babarengan salila di Amerika….”,ck Mariabari gogorowokan.
“terus…….”, ck irfan tiis.
“kuring menta tanggung jawab…mana janji anjeun dek ngawin kuring…!!!”,ck Maria mimiti histeris.
“tanggung jawab naon? Janji naon? Aya bukti lamun kuring janji ka anjeun maria?”, ck irfan angger teunang.
“bangsat…tukang tipu…..”, ck Maria bari neunggelan dada irfan,gep ku irfan leungeun maria di cekel Tarik pisan,maria jejeritan tapi ku irfan di gusur di bawakaluar kantor na,sangges kaluar Maria di tongtak di suntrungkeun nepi ka labuh ngudupruk bari ceurik,torojol satpam nyamperkeun,reuwas nempo dunungan nana ngabedega bari melak cangkeng mata na beureum,
“maneh secrurity2 eweuh ka becus ngajaga ka amanan ieu gedung,hayang di pecat…!!! Amankeun ieu awewe lamun aya anu asup deui jiga kieu,maneh…..maneh….di pecat….!!! Cek irfan bari tutunjuk ka satpam ges kitu mah leos we asup deui ka rohangan nana,’jelebet sora panto di tutup Tarik naker,satpam nepika cing parelong,ari maria angger ceurik jejeritan bari nyarekan irfan ku satpam di gusur di bawa ka luar harita Maria adug adugan susumbar ngancam irfan,
“irfan tingalikeun isuk kuring dek ngacak2 acara maneh,teu suka teu rido maneh kawin kabatur….irfan….tingalikeun….maneh moal bisa kawin jeng batur….irfannnn……!!!!!!”, cek maria bari di galusur ku satpam.

H A N C A
Andhyn.20.8.18

#PULANGKEUN_SALAKI_KURING(PSK)
BAG.4
KENGENG ANDHYN

Kabawa angin tunggara

Cinta ngaca bari dungdakdengdek,baju kabaya bodas nyacas meulit awak na anu jangkung lenjang,geulis geusan ngajadi najan teu di pulas ge da asli geulis namah komo ieu make make up artis atuh beuki jiga bidadari we.

Jam 9 maneh na bakala resmi jadi Ny irfan hate na rada deg degan bayangan kahirupan anu bakal di sorang nyongcolang rumah tangga anu di impikeun unggal awewe boga salaki gagah kasep,pimpinan Bank pemerintah,jugala sagala aya lieuk beh pasti rea wanoja anu bakal sirik ka maneh na.

Retdeui kanu jam anu naplok dina tembok kamar hotel juru rias ker sibuk ngarias indung cinta,jiga na di aula hotel tempat acara walimahan jng resespsi ges mimiti rame,cinta gs teu genah cicing sebeberaha kali lengeun na menerkeun kangkalung teretes batu permata jng berlian shapir  anu meulit dina beuheung na anu le'njang.

Di luar hotel pengamanan di jaga ketat sakur tamu anu dk ngahadiran acara di pariksa kalayan taliti semah anu teu mawa ondangan kapaksa teu menang asup ka tempat acara.salah sahijina maria awewe anu di amankn ku pihak keamanan,salila di amankn maria abrag2an ceurik jejeritan tapi teu di palire ku keamanan malahan Maria di ancam di asupkn ka penjara lamun maksa menta asup ka jero hotel.

Acara resepsi walimahan beres kalayan teu aya halangan halungan,kulawarga Gunawan jng kulawarga Adibrata bungah teu aya papadana maneh na gs berhasil ngahijikeun dua kulawarga anu trpandang kerja sama perbankan jng perhotelan makin paheut pageuh.

Semah mimiti ninggalkeun tempat resepsi kitu deui kulawarga nungtutan baralik,tinggal panganten nyicingan kamar vvip anu ngahaja di siapkn jng irfan jng Cinta.
Harita irfan ka kara beres mandi maneh na diuk di sisi tempat tidur,
Ari Cinta nguyek we mukaan hiasan kembang dina buuk na,
"Kang punten iihh pang muka an kn kembang ieu dina rambut abi meni kesel tatadi teu beres wae...", Ck Cinta.
"Aahh sok we ku sorangan puguh cape kuring ge hayang gera sare ....", Ck irfan bari ngagoledag dina ranjang reup we peureum,
Cinta ngahuleng asa teu percaya kana jajawaban salakina tuluy maneh na nyamperkeun irfan leungeun na nyabak leungeun irfan lalaunan.tapi ku irfan di kepeskeun bari nukangan Cinta...
"Cicing aahh tong ngaganggu kuring cape pisan...", Ck irfan
Atuh Cinta ngan bisa ngahuleng teu nyangka salaki anu jadi kabanggaan maneh na teu nolih saeutik2 acan ka maneh na.dina malam pertama Cinta di tinggalkeun sare ku irfan....

Sabulan ti harita irfan di angkat jadi direktur utama Bank Pemerintah ngagantikeun bapa na anu pangsiun,sikap tegas irfan nyebabkn karyawan2 sarieun jng ajrih,eweuh anu wani nyawad ka maneh nama sikap na estuning kaku sombong adigung gede hulu.loba kebijakan2an anu nguntungkn jelema benghar tapi ngarugikeun rakyat anu leutik.
Ari ka bos2 besar,pengusaha2 bear marah may ari ka sahandapeun mah tara daek seuri2 acan.
Kitu deui di imah cak2an menang keun anak anu boga hotel tapi perlakuan na ka Cinta estuning tiis eweuh pisan jiwa deudeuh,romantis jajauheun pisan,sikap tegas ka pamajikan oge di terapkn di imah na.irfan rea anu mikangewa rea anu ceuceub rea anu geuleub kusabab sikap jng pribadi na.

***************

Nasib kurang alus tumiba ka Yusuf pamuda getol ibadah lulusan sarjana ilmunpemerintahan teh kalahka jadi tukang nganter2kn balanjaan ti toko Ua na Warman.batan nganggur nya di keureuyeuh we bari ngadagoan panggilan gawe da ari ngalamar mah kurang kumaha gs di sebarkeun ka unggal instansi pamarentahan,

Yusup hahadean jng Amanda anak na haji somad kusabab ceu Koyah ngerewih wae hayang gera boga minantu nya yusuf teh ngawani2 nanyaan Amanda di penta ka haji somad sangkan maneh na lakirabi jatukrami ka Amanda,Alhamdulillah haji somad ngidinan anak na di pihukum ku Yusuf.teu ngayakeun pesta rongkah,ngan saukur kumpul kulawarga jng tatangga yusup di kawinkeun ka Amanda.

Ku Basri Yusuf di modalan dadagangan lumayan jang manjangkeun hirup maneh na jng pamajikan nana.nasib Yusuf kudu jadi tukang dagang leuleutikan ngagileuk2 modal pikeun ngurus kulawarga leutik na.

Teu karasa Yusuf gs 13 taun rumah tangga jng Amanda di percaya boga budak awewe hiji di ngaranan Fatimah ayeuna sakola kls 6 SD,pinter budak teh di SD na lomba2 sains juara ka 1,lomba pidato juara ka 1 puguh deui lomba mipa mah jago na Fatimah teh matak na meunang beasiswa pikeun nuluykeun sakola SMP na di SMP international pedah Fatimah kamari juara pidato bhs inggris.
Atuh reueus Yusuf teh boga buah hate anu pinunjul jiga fatimah.najan kudu papisah jng fatimah anu kudu sakola di jakarta tapi yusup jng Amanda sugema bisa nyakolakeun Fatimah di sakola anu alus.

Make motor maneh na nganterkeun anak na ka jakarta di asramakeun Fatimah teh,niat Yusuf dk nganjang heula ka indung na di subang ngahaja balik ti jakarta teh maneh na jalan puncak waktu ges maju ka peuting waktu Yusuf mapay jalan puncak anu mimiti suni maneh na lalaunan ngajalankeun motor na panon di belel2 ngalawan rasa tunduh heuay jng heay we sabot maneh na ker gigisik hiiuukkk jebrod.....aya mobil ti hareup eun anu nenggar motor na nepi ka maneh na ngacleng kanu rungkun anu ngajalembrung sisi jalan.....yusuf kapiuhan teu inget di bumi alam...

Mobil anu nabrak yusuf oge asup kanu rungkun teu jauh ti awak yusuf supir na ngacleng ngagulutuk nepi ka gawir ngagorobas tuluy murag ka peuntas,di jero mobil awewe ngora sirah na geutihan samemeh maneh na kapiuhan leungeuna mencet no babaturan nana mere beja yen maneh na kacilakaan,gs kitu mah lesss we kapiuhan.

Di RS yusuf di gugulung ku dr jng perawat di bere pertolongan pertama dina ka ayaan koma Yusuf di rawat di ruang IGD RS pertamina,ari anu awewe tea gs mimiti sadar maneh na tadi anu menta tulung sangkan di kirim ambulan,kalayan gemper maneh na nlp bari semu ngadegdeg,
"Haloo ....muhun ibu...ieu ibu Cinta? Bu bp kacilakaan di puncak tadi pas uih meeting sareng abdi...muhun ayeuna aya Di RS teu acan sadar...", Kitu ck awewe anu teu aya lian ti Amara sekretaris sakaligus salingkuhan irfan.

Teu lila cing garurudug kulawarga irfan datang ka Rs bari raruwah riwih ningali anak na make perban ampir sa awak2.suku jng leungeun na di gips jiga na aya anu potong,Cinta melong ka salaki na teuteup tiis teu aya kamelang atanpi deudeuh tina panon Cinta astuning tiis,beda deui jng Riana anu ceurik gogoakan  ningali anak na tatu teh,di tenagkn ku Gunawan,teu jauh ti dinya nangtung budak lalaki umur 13 taun anak Cinta ti irfan " Davi" melong kosong sarua jng indung na Cinta.

"Ibu sabar ya ibu....pk irfan biar istirahat dulu sudah kami tangani dn sudah melewati masa kritis koo", ck dr anu aya di dinya nenangkn Riana anu cerik wae.
Teu lila kulisik pasen teh ngulisik atuh rob kulawarga ngadeketan, Riana buru2 nyamperken...bray panon Yusuf beunta ningali ka jelema2 asing anu ngaririung maneh na bari jeng nyebut 'irfan...irfan" saha irfan teh...jng saha ieu teh meni teu warawuh ck yusuf bari kucap kiceup....

"Bagea anaking...irfan anjen tos sadar kasep...", Ck Riana bari ngusapan sirah Yusuf.
"Kuring...lain irfan....kuring.....",lesss yusuf kapiuhan deui.jerit Riana ngajerit
"Dr....dr irfan dr.....irfan amnesia....tulungan irfan dr.....",ck Riana bari metot baju dr.
"Sabar bu...sabar....mungkin kepala pak irfan trbetur jdi dia mengalami gegar otak",ck dr bari mariksa deui Yusuf imet.

H A N C A
ANDHYN 21.8.18

#PULANGKEUN_SALAKI_KURING(PSK)
BAG.5
KENGENG ANDHYN

MELAK CABE PANEN CABE ….MELAK BONTENG PANEN BONTENG

Peuting  saeuncan kajadian tabrakan di jalan puncak……..
Di villa paragi nyacapkeun hasrat kalalakian nana,beres nalakukeun hubungan terlarang jeng sekretaris na nyaeta Amara,rap make kameja jng calana panjang na ari Amara masih keneh bulucun di sisimbut bari kaciri kesang masih maseuhan beuheung jng sirah na,buuk na anu ngarembay semu baseuh tandaning tadi gs ngalawanan nafsu irfan anu ngagedur.
“sayang….iraha atuh Amara di jad keuni pamajikan anu sah,teu nanaon jadi anu ka dua ge asalkan kolot2 Amara apal yen akang salaki amara,bosen kikieuan wae palaur kanyahoan kunu lian”, cek amara bari nangtung tuluy nangkeup irfan ti tukang.
Irfan jongjon we make dasi tuluy ngaca di tukangeun nana Amara nangkeup naplokeun awak na kana tonggong irfan.
“sayang…..”, ck Amara. Can ge beres ngomong irfan malik kana awak Amara leungeun na nyekel godo Amara,
“teu cukup duit anu ku kuring dikirim keun kanu tabungan heeeehhh,masih kurang???”, cek irfan
“lain masalah duit yang tapi masalah pengakuan atuh,mara hayang jadi pamajikan akang…”, cek Amara deui bari deknangkeup irfan,tapi ku irfan di kepeskeun bari pok na,
“ayeunamah daek wae ngalayanan kuring sok…embung wae teu nanaon kuring bisa ngaganti posisi maneh kunu lian,tong sok loba maksa sakali moal ngawin moal…!!!!”, ck irfan tegas,Amara ngeluk tungkul teu nembalan deui.
“sok gewat di baju kuring dek manggihan relasi kuring anu sejen….”,ck irfan bari ngaleos ninggalkn Amara anu ngaheruk tungkul mikiran nasib diri na anu di acak2 ku irfan bari jng moal di kawin.
Rap make baju karasa awak asa pasiksak nyaleri balas ngalayanan irfan tadi,leos ninggalkeun kamar villa
Sup kana mobil sedan mewah di jero na gs ngadagoan irfan hareupeun setir biur mobil th ninggalkeun villa jalan gs mimiti poek angkeub jiga dek datang hujan,irfan ngalajukeun mobil na semu ngebut jiga anu ngudag2 waktu,Amara diuk gigireun irfan ngabetem bangun anu arambek ka atasan ngarengkeup kabogoh na.
“mugia akang kersa ngemutan deui kang….”, ck Amara bari sakilas neuteup bebende na anu ker focus nyetiran.
“naon tea mara…?”, ck irfan
“muhun tikah abdi kang….”,ck Amara bari luk tungkul bari ngomekeun ramo2 na.
“sakali moal nya moal…bandel pisan awewe th… ck kuring ge maneh ku kuring di bayar jadi tong nungtut nanaon,boga pamajikan hiji ge pi rungsingeun komo ieu dua….”, ck irfan bari nambah kecepatan mobilna.mata na kaciri nahan amarah
“ti semet ayeuna kuring moal make deui maneh Mara….isuk maneh teu kudu datAng ka kantor,detik ayuena keneh maneh di pecat….!!!!”, ck irfan bari tutunjuk kanu beunget Amara,atuh hing Amara ceurik bari leungeun na nyekel kanu leungeun kenca irfan.
“ampun yang….ampun….hampura moal sakali kali deui menta kawin asal ulah di pecat yang ampun….”, ck Amara bari terus nyekel leungeun irfan,atuh rada ngagaleong mobil th jaba kecepatan 100km/jam.
“teu bisa…maneh apal watak kuring,teu suka kuring kudu di atur jelema pantar maneh…teu suka….gs tong kieu awaskeun leungeun maneh Amara…awass….!!!!!”, ck irfan ka amara leungeun katuhuna ngendalikeun setir aria nu kenca di tangkeup pageuh ku amara,kusabab jalan anu poek pas mengkol di hareupeun kasampak aya motor atuh soak irfan th ngabanting setir kabelah kenca ngagorobas kakebon enteh teuing kumaha caritana awak na ngacleng ka jurang nyangsang dina akar tangkal kai jauh tina mobil na,sirah na tidararagor kanu tangkal anu rajeg sisieun jurang.
Sapoe jeput awakna nyangsaya dina akar eweuh anu manggihan poe kadua aya jelema dua an jiga namah ker ngontrol tangkal kai jati anu ngahaja di pelak sisieun kebon,ari anu hiji ngaran na mas prasetya urang jepara aria nu hiji deui bah udi anu boga tangkal tea.kacida rewas na ningali aya jelema nyangsaya dina tangkal kai the,buru2 di paluruh anu satuluyna irfan di bawa ka imah bah udi di lembur peuntaseun kebon,sangges di ubaran irfan sadar tina kapiuhan nana,bray beunta luak lieuk nitenan sabudereun nana baju gs di ganti kunu beuresih,untung nateh awak namah teu kunanaon ngan sirah na karasa nyeri jeng jangar kacida.ker uluhak olohok bah Udi nyampeurkn bari pok nyarita
“taahh gening ujang gs sadar….bagea ujang untung lah teu kunanaon ….”,ck bah udi bari ngasongkeun cai herang sagelas, ku irfan di tampanan regot di inum karasa nyelecep tiis kana ti koro,mimiti karasa awak na asa pasiksak nyaleri tpi aya tapak ngabaluran ku ubar kampung.
“ari ujang kawit ti manten….naha aya dina rungkun kebon abah…?”, ck bah Udi
“abi……abi…..aduh nyeri kieu bah sirah th..”, ck irfan bari nyekelan sirah na anu karasa nyanyautan maneh na teu bis nginget2 saha maneh na.
“gs tong maksakeun jang…..bae tong di pikiran ari nyeri mah….gs urang dahar heula angguran mah yeuh jng mas pras semah abah ti jawa”, ck bah Udi bari ngaleng irfan di bawa ka tengah imah,ges ngabarak kadaharan di singhareupan ku mas pras tea,ambu nengsih pamajikan bah Udi cukah cikih ngajamu semah na.
Beres dalahar Bah Udi jng mas Pras ngalobrol ngaler ngidul ari irfan mah olohok we jiga anu sawan,gawe na ngan ngahuleng we pikiran kosong teu nyaho kudu kumaha jng kudu kamana,
“ujang isuk th Abah jng si mas Pras dek iang kai ka jawa ari ujang dek ngilu ka abah atawa dek dagoan di dieu atawa dek balik ka lembur ujang…??”, ck Bah Udi bari melong ka irfan.
“abi ….lembur abi dimana kitu bah…?”, ck irfan kalah malik nanya bari olohok
“aehhh eunya nya si ujang th kan teu inget nanaon,jaba eweuh dompet atawa identitas pisan deuih jang…ari ujang teu apal deuih kana ngaran ujang?”, cek Bah Udi bari melong ka irfan karunyaeun.
Irfan gigideug lebeng pisan teu apal saha diri na……
“nya ges we ku saya dingaran ‘slamet’ ceksi mas pras …kumaha bah satuju teu?”, ck mas pras bari neuteup ka Bah Udi,ari anu di Tanya na ngan unggut2an karunyaeun kana nasib irfan harita.
“nya ari kitu mah isuk ngilu we ka jawa jng Abah bisi si ambu karagokeun piraku di tinggalkeun dua an di imah hahahha….”, ck Bah Udi di tungtungan ku seuri .
Isuk na rebun keneh kai gs di taek2keun kana treuk kalacat bah Udi jng mas pras katut irfan anu ayeuna ngaran na di ganti jadi slamet naraek kana truk,aya 2 truk anu iang ka jawa th biur we marangkat muru ka Jepara Jawa Tengah.

Teu kacatur di jalan na bah Udi mas pras jeng irfan tepi ka pabrik mebel anu lanceuk na mas Pras, irfan jng Bah Udi aristirahat di imah mas Agung lanceuk na mas Pras.si abah jng irfan di jamu kunu boga imah mas Agung someah pisan ari anu cukah cikih ngaladenan semah th adi bungsu mas pras jng mas Agung ngarana Kenia,randa anak 1 di tinggalkeun maot ku salakina ayeuna sok ieuh mantuan di imah lanceuk panggedena nyaeta mas Agung,ningali aya semah th Kenia cukah cikih ngurusan sagala kaperluan semah2 lanceuk na.
Sajeroning ngaladenan semah2 na Kenia mineng maling2 teuteup ka irfan,maneh na tadi ngadenge saliwat yen irfan th kermanggih musibah nyaeta amnesia.
“hhhhhmmmmm ganteng oge….”, pikir Kenia dina jero hate jorojoy jol2 resep we ka sosok Slamet anu ganteng tapi keur hilang ingatan.

Kacaritakeun Basri balik ka lembur na meunang ka reuwas  beja ti minantuna Amanda yen anak na Yusuf leungit,hape na teu aktif cenah teu aya laratan nana.harita Amanda kagegeringan embung dahar2 acan di olo ge ku ceu koyah anu ngahaja datang ti sagalaherang keukeuh embung,gawe na ngerem maneh di kamar, toko kelontongan nana ges sebeberaha poe tutup Basri ges beak dengkak neangan dimana Yusuf gs lapor ka polisi sagala, meakeun kapanasaran Basri nepikeun ka tatanya kanu bisa jawaban tinu bisa th kege yusuf bakal balik deui cenah kari sabar we ayeuna mah.

Sabulan dua bulan eweuh laratan nanaYusuf th Basri ngundurkeun diri jadi supir pribadi di kulawarga Gunawan kermah eukeur gs kolot katambah toko kelotongan anu Yusuf eweuh anu ngurus,sakalian ngurus Amanada anu gering nangtung ngalanglayung kabungbulengan ku salakina anu ujug2 leungit teu aya ibar nanaon.
Hiji poe Amanda maksakeun datang ka Bank maneh na dek nyokot duit jang nambahan modal warung kabeneran harita Amanda ge butuh duit,pas nepi ka bank maneh na asup ka ATM tapi kacida reuwas na dina saldo na aya duit anu kacida gede na asa teu percaya maneh na gigisik ningali jumlah saldo tabungan nana meh ampir samiliar,Amanda olohok sajongjongan teu percaya kanu titingalian nana maneh na langsung kaluar tuluy ngantri dek nanyakeun jumlah saldo maneh na ka pagawe bank.barang pagawe bank mere nyaho lamun saldo maneh na nyaan samiliar leuwih etamah Amanda ampir kapiuhan bakat ku teu percaya.buru2 balik tuluy ngahuleng mikiran jumlah saldo rekening Bank na bari ngagerendeng asa teupercaya,
“boa2 kang Yusuf anu ngirim duit th…..hhhhmmmmm…pasti ieu mah kang yusuf kitu pikir Amanda.

Yusuf kaluar tina sedan mewah na security Bank ngahalormat ka maneh na di sagigireun nana nangtung pamajikan irfan nyaeta Cinta bari mawa tas Yusuf,yusuf semu ngaharewos ka Cinta,
“kade bere nyaho akang dimana ruangan akang jng kade ulah waka ninggalkeun akang sorangan nya…”, ck Yusuf bari ngaleng Cinta. Cinta ngan ukur unggek karyawan anu aya di dinya ngabageakan ka Yusuf anu jadi Irfan,kabeh ngahalormat kepala2 cabang ge araya ngabageakn ka irfan anu beja na salamet tina kacelakaan,padahal harita kabeh karyawan ngadoakeun lamun irfan maot da lolobanamah arijideun ka irfan th.

Sangges tepi ka ruangan pinpinan Yusuf asup masih di tuturkeun ku Cinta,aya meureun saminggu Yusuf di bere nyaho ku Cinta saha irfan kumaha sapopoe na irfan jng naon2 wae kagiatan irfan,Yusuf ngarti maneh na katangtang hayang ngajalankeun kahirupan maneh na anu anyar komo pas ningali foto irfan memang jiga pisan maneh na teu di piceun sassieur maneh na mulai di ajar peran na jadi irfan,di hormat,di segani,di denge sagala parentah2 na pangpang na maneh na mulai ngarasa ngeunah jadi jelema aya,jugala,boss besar maneh na hayang ngarasaan kumaha jadi pinpinan,bener2 kahirupan nana jiga taneuh jeung langit,Yusuf yakin maneh na bakal bisa ngarobah nasib na anu baheula ngan saukur tukang dagang leutik jadi boss besar pinpinan Bank.
Poe kahiji nepi ka saminggu Cinta ngilu ngadampingi alesan nana irfan can pulih pisan tina akibat ka cilakaan tina hate timbul rasa percaya lamun irfan anu ieu memang lain salakina ngan di pendemdina hate na kulantaran Cinta mimiti nenden hate ka irfan anu ayeuna.

H A N C A
ANDHYN 23.8.18

#PULANGKEUN_SALAKI_KURING(PSK)
BAG.6
KENGENG ANDHYN

NAHA SALAH LAMUN MIKACINTA....??

Yusuf saeutik na faham tugas maneh na jadi irfan,da lain jelema bodo2 teuing Yusuf teh maneh na apanan pernah kuliah kajeun lain jurusan perbankan tapi saeutik na maneh na nguasai masalah kepemimpinan.

Karyawan hareraneun irfan anu baheula galak jng sombong gede hulu tara daek seuri2 acan ti saprak kacilakaan jadi robah 180 derajat irfan anu ayeuna jelema na someah berehan,bageur,ramah tamah ka sasaha,humoris  tapi disiplin na tetep no 1.

Aya anu leuwih heran ningali perubahan irfan,nyaeta Amara sekretaris na anu ngilu kacilakaan di puncak tea,Amara  merhatikeun lamun irfan bener2 poho kamaneh na atawa ngan saukur acting hungkul  pedah kajadian samemeh kacikaan Amara menta di kawin ku irfan,irfan jadi ngambek ka manehna,ker ngahuleng kerkitu irfan(yusuf) ngageroan manehna rada rewas maneh nateh buru2 nyamperkeun yusuf,
"aayyyaaa peryogi naon pak irfan?", ck Amara
"ieu jelaskeun naha bisa saya mineng ngirim duit ka rekening anjeun? jang naon?", ck Yusuf bari kerung,maneh na teu apaleun yen Amara teh selingkuhan irfan.
"piraku bapa teu emut kan abdi teh.....mmmhhhh....abdi teh...",cek Amara asa2.
"abdi naon? sok jelaskeun kuring teu ngarti?", ck yusuf bari melong ka Amara.
"mmmmhhhh abdi kan...abdi kan simpanan bapa", ck Amara bari neuteup panon Yusuf,ari yusuf jiga anu rewas maneh na neuteup angka2 dina maxbook air iphone Yusuf anu nyatet pengeluaran duit irfan sapopoena.
"ieu 10juta samemeh kacilakaan jang naon?", ck yusuf deui bari neuteup ka Amara.
"kan saur bapa abdi kedah meser acuk anu sexy sareng farfum baru", ck Amara bari angger neuteup Yusuf anu jang maneh namah irfan anu unggal poe ngoprek maneh na.ker kitu Amara ngadeketan Yusuf gek diuk dina lahunan Yusuf bari leungeun na ngagarayak kana kancing kameja Yusuf.
atuh Yusuf teh ngagurubug teu nyangka lamun Amara bakal ngalakukeun pagawean kitu.awak Amara rapet kanu awak yusuf biwir Amara pinuh nafsu nempel biwir Yusuf,ku Yusuf awak Amara di suntrungkeun baru jung nangtung Yusuf teh,
"nanaonan ari maneh Amara teu sopan...?, ck Yusuf bari ngajauhkeu awak Amara anu keukeuh roroesan hayang ngarontok awak yusuf,
"sayang piraku teu emut sateu acan kajantenan tabrakan urang sosonoan di villa...sayang puntn mara moal nyabit2 tentang pernikahan asalkn urang tiasa cakeut deui jiga basaeta...wios teu di tikah ge yang....", ck Amara bari angger hayang ngagabrug awak yusuf.
"Amaraaaa.....!!!!", lamun anjeun kieu wae kapaksa kuring manggil satpam kantor ngusir anjeun ti ieu kantor...!!!!", ck Yusuf gs kesel pisan kana kalakuan Amara.
Amara cicing mata na mimiti baseuh maneh na teu ngarti kunaon irfan jadi robah pisan,biasa na irfan anu osok menta maneh na ngalayanan nafsu bejad na di kantor atawa di mana wae anu pang rasa irfan sepi,tapi naha ayeuna jadi robah.

"ti mimiti ayeuna jaga sikap kecuali anjeun hayang di pecat...!", ck yusuf ka Amara.
Amara ngan bisa unggeuk dina sirah na timbul rencana2 jahat na pikeun ngancurkeun irfan.
"muhun permios atuh pak...", ck Amara bari ngaleos ninggalkeun ruangan yusuf.

Yusuf ngarahuh maneh na teu nyangka lamun sosok irfan teh gening lalaki bajingan anu resep ngaheureuykeun wewe,kakara ge diuk bari nitenan leptop na panto aya anu ngetrok,
"masuk....", ck yusuf nitah asup kanu keketrok.
kerkitu jol bus awewe tengah tuwuh saluhureun maneh na dangdanan awewe kelas atas make rok mini anu ketat,jol gabrug we nyium biwir yusuf bari diuk dina lahunan yusuf,atuh reuwas yusuf teh pikir na "ampun saha deui ieu teh awewe na si irfan mni setelan kararieu",
yusuf ngecagkeun eta awewe bari ngajauhkeun awak na ti awewe anu jol2 ngagabrug maneh na.
"ke...ke...punten ieu teh sareng saha nya?",ck yusuf.
"aaiihhh papah koo pake acting sagala...",ieu Viona sayang...kunaon ssiihhh ai kamu meni jual mahal", ck eta awewe anu ngaran na viona.
"aduh punten bu viona ieu di kantor nya punten pisan upami teu aya kaperyogian mangga tinggalkeun tempat ieu,sim kuring sibuk...punten itu panto kaluar mangga....", ck Yusup bari muka keun panto nitah viona kaluar.
bari jeng olohok ge awewe anu ngaran viona ninggalkeun ruangan yusuf.

Cinta ngahuleng bari nangkeup baju kameja irfan  salakina salila maneh na deket jng irfan palsu hate na jadi teu puguh rasa,aya geter2 anu rongkah lamun dedeketan jng irfan palsu.
Cinta nyaho lamun lalaki anu ayeuna jeng maneh na lain irfan tapi maneh na moal betus ka sasaha justru dek di tutupan ku maneh na,irfan anu ieu bageur pisan lemah lembut tara ieu hohoak komo popolotot bari tutunjuk mah pijauheun. irfan anu ieu mah pinuh ku rasa ka deudeuh katingali dina sorot mata na.
sabener na maneh na jng irfan ges lila pisah ranjang kajeun sa imah tapi maneh na papisah kamar.maneh na mineng manggihan salakina mamawa awewe lain bahkan babaturan nana pernah manggihan lamun salakina mindeng mondok jng awewe gunta ganti.

teuing sabarah taun atuh manehna jng irfan tara sare sapatemon ngan ukur boga anak 1 ti irfan saleuwih na maneh na rea ngahindar ti irfan batan ngajak pasea jng irfan mah da moal meunang lamun ngajak debat ka irfan.
Irfan anu sombong,irfan anu keras,irfan anu tukang salingkuh teuing sabarahiji awewe na nyieun Cinta ijid ningali ka salaki na lamun teu karunya ka anak jng indung bapa na anu ngajodokeun maneh na Cinta mah da gs kabur jauh tinu ngarana irfan

2 bulan irfan palsu aya di imah maneh na,indung na irfan ge teu apaleun yen anu di imah Cinta teh irfan palsu,cinta ngajelaskeun yen irfan teh kena panyakit amnesia.dina waktu 2 bulan Cinta gs mika nyaah jng timbul rasa hayang miboga irfan palsu.

di imah irfan palsu kacida nyaahan pisan ka karyawan2 na kitu deui ka Cinta ngomong teu weleh leuleuy jauh pisan jng irfan anu sabenar na.jiga poe harita irfan palsu kakara balik ti kantor ku Cinta di bageakn di cokot tas na di buka dasina gs kitu irfan palsu ngajak Cinta dahar bareng dina meja makan.ku cinta irfan palsu teh teu di gareuwah kn Cinta api2 teu nyaho lamun lalaki anu aya di imah teh lain salakina.

hiji peuting anu jempling....
Yusuf kakara balik ti pagawean nana pas asup ka imah nyampak Cinta ker sare we dina sopa jiga anu ngahaja ngadagoan maneh na,Yusuf ningali kana beungeut Cinta anu geulis lain di pulas tapi geulis anu bener2 alami.ku yusuf di deketan maneh na bingung pindahkeun atawa entong Cinta ka kamar na, da salila gs tabrakan Cinta jng Yusuf sare papisah maneh na neuteu beungeut cinta gs kitu giriwil awak cinta di pangku dk di pindahkeun ka kamar Cinta.
sangges tepi ka kamar Cinta goledag Cinta di sarekeun tapi pas Yusuf dek cengakat leungeun Cinta jol meulit kana beuheung Yusuf mata cinta meletet nahan aya hasrat dina dirina,
"sayang.......", cek Cinta sora na ngageter.
Yusuf awak na ngadeg deg ningali biwir Cinta anu setengah muka.....

H A N C A
Andhyn23.8.18
#PULANGKEUN_SALAKI_KURING(PSK)
BAG.7
KENGENG ANDHYN

KEMBANG KEMBANG HAREPAN....

Cinta metot beuheung Yusuf supaya sirah Yusuf antel kana sirah na.jantung Yusuf ratug tutunggulan awak na jadi ngoprot ku kesang panon Cinta masih keneh peureum leungeun na ngaragamang kana kameja Yusuf muka an kancing na hiji2.
Napas Yusup bangun anu beurat karasa panas kanu pipi Cinta,awak Cinta ngadegdeg nahan hasrat na anu gs lila di pendam...kameja Yusuf gs leupas ngalumuk di handap.

Terrrrr....awak Yusuf ngageter  basa leungeun Cinta ngusapan tonggong Yusuf,yusuf nengkeup Cinta bari lengeun na dek ngalepaskeun baju Cinta barang biwir na dek nyium Cinta kolebat beungeut Amanda nembongan ker nyegruk we ceurik Amanda teh,dadak sakala awak yusuf leuleus rangkulan nana lesot napas na ngahegak kesang baseuh renung barijil tina tarang na,ku Cinta di betot deui bari ngaharewos....
"Hayuu sayang....",cenah bari leungeuna ngusap dada Yusuf.tapi Yusup cengkat duluy diuk dina sisi tempat sare,maneh na luak lieuk neangan kameja jeng kaos sang2 na.sangges manggih rap di pake,Cinta anu gs ka euntreupan nafsu ngagabrug yusuf ti tukang bari ceurik...
"Kang....sing hawatos kang...",cenah bari sirah na di antelkeun kana tonggong Yusuf,karasa aya cai panon haneut nyurulung maseuhan baju jng tonggong Yusuf.
Yusuf malik tuluy nyusutan cimata Cinta ku ramo na,
"Sabar nya....teu acan waktu na....", Ck Yusuf nyium tarang Cinta.
Cinta kalah beuki tarik ceurik na rasa deudeuh ka Yusuf beuki nyaliara dina dada na sumeleket kana sukma na hayang maneh na ngambah sagara asmara jng Yusuf ngocay dina kaendahan surga na dunya.
Yusuf nangkeup awak Cinta maneh na lain teu karunya jeng lain teu hayang ngalepaskn rasa anu mimiti ngancik dina hate Yusuf.mimiti kataji ku kageulisan Cinta tapi maneh na sadar eukeur mah eukeur maneh na nyokot posisi irfan der deuih nyokot pamajikan nana.aahh Yusuf teu sanggup......

************************

Irfan anu diganti ngaran na jadi slamet ayeuna jadi kaki tangan na bah Udi bulak balik ngurus keun suplay kai ka jepara kajeun ker Amnesia irfan atawa slamet masih bisa keneh di gawe kapake pisan ku kulawarga haji Agung,mas pras mah komo jol resep we ka irfan 'slamet' teh.
"Met...kumaha lamun hidep gs we mantuan saya di dieu gening mni hade kitu laporan pembukuan nana...",cek mas pras ka irfan,
"Duka nya mas...abi teu acan tiasa masihan jawaban kumargi masih keneh gamang,ari abi teh saleres na saha? Gaduh kulawarga atanapi heunteu...", Ck irfan melong kosong.
"Nya bari neangan kulawarga anjeun gawe heula jng saya di dieu....", Ck mas pras setengah maksa.
Irfan ngan bisa ngahuleng mikiran nasib na anu teu inget jati diri na.
Kerkitu Kenia adi bungsu mas pras datang mawa kopi jng goreng cau,song di asongkeun ka Pras jng irfan.
Gek diuk gigireun lanceuk na bari ngalahun baki urut gelas kopi.
"Mas tiasa nganter Kenia teu ka Wonosobo rerencangan Nia aya anu nikah,isin lamun teu dongkap teh...",ck Kenia ka pras lanceuk na.
"Hadeeuuhh Nia mah sok tara nyaho kitu ieu pagawean teu bisa di tinggalkeun,matak na boga salaki geura...", Ck pras bari ngadelek ka irfan.
"Iiihh akang mah...teras Nia sareng saha atuh kang angkat na ?", Ck Kenia bari melong ka lanceuk na.
"Mmhhh kumaha lamun jng Slamet?", Ck pras ka irfan.irfan ngan ukur mesem.
"Tpi abi teu apal jalan mas", ck irfan
"Harr kan Kenia bisa nunjukeun met...daek nya? Karunya lah adi akang mun mangkat sorangan akang melang...",ck pras bungah.
" Nya mangga atuh tapi kenia na kersa teu angkat sareng abi?", Ck irfan ka Kenia.
"Nya kersa atuh puguhan abi nganuhunkeun upami mas slamet kersa jajap abi..." Ck Kenia atoh pisan.

Isuk na irfan jng Kenia arindit make mobil anu pras ka wonosobo indit subuh keneh da ameh tepi rada beurang keneh.di jalan Kenia jng irfan uplek ngobrol ker mah Kenia gs katarik ati ku irfan anu kasep katambah Kenia gs cape hirup ngaranda hayang geura2 boga salaki jang batur pakumaha.aya harepan2 dina hate kenia cinta susuganan di tarima ku irfan,maneh na nyaho irfan ker Amnesia tapi ari gs katarik ati kabentang rasa mah da hese sanajan Kenia nyaho irfan teu puguh kulawarga na jng teu puguh juntrungan nana maneh na keukeuh dek merjuangkeun rasa na slamet.
Sore kakara tepi ka tempat resepsi kawinan babaturan sakola na Kenia semu reueus ngenalkeun slamet ka babaturan nana,atuh puguh rada we babaturan nana rea anu sing harewos teu saeutik anu sirik Kenia bisa ngagandeng lalaki gandang teh.

Beres acara Kenia jng irfan 'slamet' baralik deui kusabab perjalanan jauh Kenia ngajak istirahat heula di penginapan,basanateh karunya cenah ka irfan anu nyeitan mobil irfan mah nurut we ka Kenia maneh na di pernah keun di sagigireun kamar kenia di penginapan teh.
Irfan kakara beres mandi tuluy maneh na gegelehean dina kasur bari ngadagoan tunduh ker nyetrak nyetrek remot tv we irfan teh basa panto kamar penginapan nana aya anu ngetrokan.
'trok...trok...trok...kang...kang slamaet", sora awewe ti luar tetela sora Kenia.
"Ohhh Nia sok asup we da can di konci", ck irfan.
Bray panto muka kenia asup ka kamar irfan bari uluhak olohok ningali sabuderen kamar irfan.
"Kang Ac na hirup teu?", Ck Kenia
" Nya hirup naon kitu Nia?",ck irfan.
"Aahh di kamar Nia mah teu berpungsi matak na panas", ck Kenia gek diuk dina tempat tidur irfan.
"Oohh sok tuker we Nia jng kamar akang..", ck irfan.
"Nyaa-aan....", Ck Kenia atoh.
" Nya sok teu nanaon",ck irfan bari dek cengkat tapi ku kenia di tahan,
"Ke atuh kang ulah waka angkat urang ngobrol heula sambil nonton TV", ck Kenia imut.
Irfan diuk deui bari mikeun remot tv ka Kenia basa ngasongkeun leungeun na antel kana leungeun kenia atuh terrrrr aya setrum ngalir kanu awak dua nana.kenia tungkul asa ka eraan.teuing saha anu ngamimitian dua nana silih rangkul silih cium kenia ngahegak maklum gs lila ngaranda jadi pas panggih jng irfan teh hasrat na ajol2an.

Irfan papuket ngalayanan Kenia tapi pas dua nana siap mahekeun hasrah aya anu aneh gening anu irafan mah teu bisaeun ngalaksanakeun kahayang na alias lempeuh wae (pohara palamitra) ajul2an eta irfan tapi keukeuh lempes wae jiga na balas kacilakaan tea antuk na irfan cape maneh na ngagolepak bari jeng teu bebenangan,ari kenia olohok we bari ngegel simbut.....

H A N C A
Andhyn25.8.18
#PULANGKEUN_SALAKI_KURING(PSK)
BAG.8
KENGENG ANDHYN

NAHA SALAH LAMUN TEU SATIA???

Irfan ngarasa era ka kenia ku kajadian peuting tadi,maneh na balik jng kenia ka imah mas pras anu sakalian tempat gawe manehna.sajajalan maneh na ngabetem teu loba ngomong salian ti era maneh na bingung kudu kumaha ayeuna nyinghareupan panyakit anu bakal nyiksa Saumur hirup na.
Pasosore tepi ka imah mas pras  irfan langsung asup ka kamar na kitu deui kenia,ari Kenia mah masih boga harepan bisa nyageurkeun panyakit irfan da hate na gs ka kapaling ku irfan,beda deui jng irfan maneh na minder pisan pas kanyahoan boga panyakit model kitu th,pikir na asa kamalinaan hirup th ker mah maneh na teu inget saha maneh na kari2 ayeuna teu bisa ngalaksanakeun peran na sebagai lalaki.

Isuk na Kenia indit ka pasar ngahaja ka tukang jamu neangan pi ubaraneun jang irfan sangges manggih maneh na balik langsung manggihan irfan anu ker nulis2keun pesenan,
“kang…..tiasa nyarios sakedap”,ck Kenia bari luak lieuk sieun aya jelema anu ngilu ngadengekeun.
“aya naon nia?”,ck irfan ereun heula nulis na.
“mmmhhhh ieu di leueut nya…mmmhhh jamu kanggo akang supados damang….”, ck Kenia bari tungkul.
“oohhhh…nya atuh,nuhun”,cek irfan bari semu gugup.
“ke upami tos aya kamajengan wartosan abdi”,kitu nateh Kenia bari nyiwit leutik kanu leungeun irfan.
Irfan seuri bari nyokot jamu anu di bikeun ku Kenia sangges di buka tutup botol na leek we di inum bari mempet irung da bau khas jamu na nyereng pisan.
Kenia noong tikajauhan bari sura seuri ngabayangkeun lamun ke irfan cageur,

Teu karasa gs 6 bulan Yusup ngaganti peran Irfan di Kantor na,sarua th beungeut na hungkul ari adat jng kabiasaan mah jauh beda irfan anu ieu mah estuning bageur jng sopan,someah ka sasaha karyawan ge anu tadi na ijid ka bina2 lambat laun jadi nyaraaheun ka irfan anu ieu mah ramah teu weleh ngutamakeun tatakrama ka karyawan th.kabeh nyangka irfan insyaf atawa sadar sangges kajadian tabrakan tea eweuh anu nyangka lamun sabener na yusuf kembaran irfan.

Ieu kabeh jasana Cinta,Yusuf di bimbing ku Cinta ti mimiti tugas2 na di kantor,peranan yusuf dikeluarga,jng kabiasaan2 irfan sejen na,bahkan Cinta nyaritakeun yen sabenerna irfan anu baheula mah arogan,galak,telenges,lewih mela jelema ‘AYA’ batan jeuleuma ‘leutik’ rea pisan musuh na irfan th,pedah jasa pak Gunawan we irfan bisa nyekel ka dudukan di Bank jiga ayeuna,tapi ti saprak di ceukeul ku Yusur saeutik2 kasalah irfan di beberes ku Yusuf,salerea percaya lamun kajadian tabrakan th mawa epek anu alus pikeun irfan jang nebus dosa2 na baheula,loba anu heraneun oge ngan angger cinta ngayakinkeun jelema2sabudeureun Yusuf lamun irfan th nyaan amnesia,boh ka kulawarga irfan jng dulur2 na anu nganggap aneh kanu parobahan irfan ayeuna.

Cinta masih panasaran ka Yusuf maneh na mikir kumaha cara na supaya Yusuf bisa narima maneh na jadi pamjikan Yusuf.hiji poe Cinta manggih cara kumaha cara na supaya Yusuf bisa bertekuk lutut ka maneh na.

“kang ke sonten urang makan di luar yuk?”,cek Cinta bari menerkeun dasi anu dipake ku Yusuf.
“jiga na moal tiasa Cint”, ck Yusuf basa Cinta ngadekeut keun awak na kana dada Yusuf.
“akang piraku akan teu apal ayeuna kan ulang taun abi kang….”, ck Cinta bari melong deudeuh ka Yusuf,
Yusuf rada meureudeuy ningali teuteup geugeut Cinta ka maneh na,sabeberaha kali Yusuf bisa lolos ti ajakan Cinta maneh na mikir kudu cara kumaha deui ngahindar ajakan Cinta,maneh na sieun katohian ku cinta lamun maneh na sabener na lain irfan salaki Cinta,asa wajar Cinta ngeleketek maneh na wae kusabab meren Cinta ge menta nafkah batin ti salakina nyaeta irfan.

Padahal Cinta gs lila apal lamun irfan ieu mah anu palsu asa gs lila teuing nenden rasa ka irfan palsu Cinta nyieun rencana sangkan irfan palsu bisa ngaku ka maneh na,irfan palsu anu bager tur ramah teh gs nyieun Cinta kabungbulengan,nyieun Cinta hayang miboga yusuf sapinuhna hayang nendeun kaasih anu ngagolak dina dadana kasiksa rasana deukeut jeung jeulema anu di pikacinta na tapi teu bisa ngapimilik hate na jng jiwa na.

Gancang na carita sore eta Cinta ngahaja ngajemput Yusuf ka kantor na dangdan geulis nakeran ngahaja ka salon heula sa memeh manggihan Yusuf th,make alesan maneh na ulang taun Cinta ngajak Yusuf ngarayakeun ku acara makan malam 2an dihiji resto mewah di jero hotel di kawasan Gatsu.

Cinta muka panto lalaunan noong ka jero rohangan pimpinan,nyampak Yusuf anu ker mariksa data2 penting dina leptop na anteng we basa Cinta ngeteyep asup lalaunan,sangges nepi ka tukangen Yusuf anu anteng jng leptop na Cinta nutupan panon Yusuf ku leungeun na,ka angseu awak Cinta anu seungit jng leungeun na anu lemes nyieun dada Yusuf terteran komo sirah na di tangkeup ku cinta
di antelkeun kana dada cinta karasa ku Yusuf lamun Cinta ngagoda supaya Yusuf luluh ka Cinta,ratug jantung Yusuf basa biwir Cinta atel kana ceuli Yusuf da langsung carucukan atuh beuheung jng leungeun Yusuf,

“hayooo tebak ieu saha……?”, ck Cinta ngaheureuyan,Yusuf neureuy ciduh bari leungeunna ngaragamang kanu leungeun Cinta anu nutupan panon na.
“sahanya…..bidadari ti kayangan kitu…?”, ck yusup bari leungeun na mimiti ngusapan leungeun Cinta.da ari di goda2 teuing ge jelema pantar Yusuf anu posisi di keleketek unggal waktu ku Cinta luluh,harita Yusuf metot awak Cinta nepi ka Cinta ngagubrag kana lahunan Yusuf ku yusuf sirah Cinta di cekelan tuluy mimiti di galentoran,Cinta atoh nakeran langsung maneh na nyambut kana kahayang Yusuf.

Rada lila adegan th Cinta ngaharewos kana ceuli Yusuf bari di tungtungan ku ngegel ceuli yusup ku biwir na,
“hayuuuu Cinta nyungkeun hadiah special ti akang,….”, ck Cinta ogo.ku yusuf awak Cinta di tangkeup pageuh jiga anu embung ngalesotkeun deui,sabener na unggal peuting yusuf sok ngabayangkeun Cinta,ari ku unggal poe panggih mah da rasa katresna tanggu euntreup ka maneh na komo bari jeung Cinta na ngagoda wae pasti Yusuf bakalan ka edanan ,

Yusuf di tungtun ku Cinta asup kanamobil di anter ku pelong timuru jng ambek ti jero kantor,awewe anu merhatikeun dua sejoli anu anu ker suka bungah th nyieun heheaban hate sekretaris irfan sakaligus salingkuhan irfan nyaeta Amara,anu kekerot bari meureup ti pepereket,
“hhhmmmmhhhh tingalikeun irfan….anjeun kudu meunang balesan nana gs ngadepak kuring….tingaliekun irfan memang ayeuna lain waktu anu tepat tapi tingalikeun siah….”,gerentes hate Amara.

Ari Cinta jng Yusuf nepi ka di jero mobil ge angger we pagegeye sirah Cinta napel kana taktak Yusuf anu bari nyetiran mobil na ngarah ka Hotell ibiss anu aya di Gatsu.teu lila ge gs nepi hotel langsung asup ka resto na bubuhan gs ngaboking ti heula dua nana dariuk dina tempat anu gs di sayogikeun teu lila sor sor kadaharan ngabarak dina meja Cinta jng Yusuf dalahar bari angger silih teuteup leungeun anu kenca angger silih cekel,jigana th da lain dahar2 teuing ka daharan anu sakitu ngareunah th karasana hambar ku duanana oge,beres dahar Cinta nitah mereskeun sakabeh kadaharan ka pelayan resto.maneh na masih hayang cicing di resto hotel kusabab masih hayang ngadengekeun music anu di paen keun ku band hotel ngahaja meren band th ngalagukeun lagu2 romantis.

“kang…..”, ck Cinta.
“kumaha geulis…”, Ck Yusuf bari nyabak pipi Cinta.
“akang ulah reuwas….abdi terang akang sanes caroge abdi….” ck Cinta bari tetep imut ka Yusuf,yusuf reuwas leungeun na di lesotkeun tina pipi Cinta,tapi ku Cinta buru2 di cekel deui di antelkeun deui kanu pipi na.
“ti iraha Cinta terang lamun akang sanes irfan caroge salira?”, ck yusuf
“ti akang uih ti rumah sakit ge abdi curiga teras abdi marios acuk akang,mendak KTP akang teras ku abdi di sumputkeun da gening akang langkung bageur langkung jujur langkung sae ti caroge abdi irfan,abi ngabandungan akang teras2an salami di kantor di bumi, akang teras ku abdi di awasi…”,ck Cinta.
Yusuf ngahuleng molohok ka Cinta tuluy pok na,
“naha atuh upami salira terang mah teu ngalaporkeun akang kanu berwajib….?”,ck yusuf bari neuteup ka Cinta…
“bade….abdi bade ngalaporkeun akang,kasus penipuan sareng pencurian….”, ck Cinta serius naker,mata na neuteup seukeut kana panon Yusuf anu mimiti gelisah.

“manga akang nampi…..janten maksad hidep ngajak akang ka ieu tempat th bade masihan kejutan ieu?”, ck Yusuf ngeluk tungkul.
“sanes ieu hungkul kang Yusuf tapi…..abi nyungkeun pertanggung jawaban ti hidep…”, ck Cinta.
“manga sadaya daya….”, ck Yusuf pasrah.
“leres nya pasrah….sakedap deui pihak berwajib bade dongkap k adieu ku abdi tos di koling….mmhhhh ulah di dieu bilih akang isin mah hayu urang ka rohangan anu langkung pribadi”, ck Cinta bari nangtung,Yusuf ge urutan nangtung nuturkeun Cinta anu ngaleos ti heula,jantung Yusuf ratug tutunggulan dina hate na tumarima kana kasalahan anu salila ieu di pilampahna rumasa gs jadi irfan anu lain hak na,sdih kabina2 dina waktu manehna gs mika nyaah Cinta,gs timbul binih2 asmara,tadi na sore ieu Yusuf dek ngebrehkeun rasa cinta anu aya dina hate na,dek mikeun hadiah ka anu tadi pas waktu istirahat di beuli,geningan kalah kieu kajadian nana teu sesuai jeung harepan nana.mereun Cinta tadi ngagalentoran maneh na the singhoreng ngajebak maneh na ”…eeemmmm Cinta hariananeun anjeun ka kuring sangges tadi anjeung nyiun asa ngalayang gening ayeuna bakal ngasupkeun kuring ka penjara”,galecok dina hate Yusuf bari angger nuturkeun Cinta anu lempang ti heula,teu jiga barang datang meni pagegeye ayeuna mah estuning beda pisan Cinta lempang ngagiding miheula an.

Cinta hayang nguji Yusuf kabur moal ? nyaan pasrah sumerah atawa ngan ukur OMDO omong doang,matak na maneh na leumpang ti heula merekesempatan ka Yusuf jang kabur lamun memang hayang kabur atawa pengecut,tapi Yusuf ngiclik tukangeng Cinta imut ngagelenyu ,’hhhhhhhmmmm,

Tepi ka kamar vvip sup Cinta asup Yusuf oge panto di tutupkeun,gening kamar vvip aya korsi sasetel,tv jng kulkas kamar mandi jng wetafel lomari kaca anu cukup gede.Cinta diuk dina korsi di tutur keun ku Yusuf,Cinta melong ka yusuf anteub ciga hayang ngomong tapi maneh na kaciri ngegel biwir,

Yusuf kaciri gugup luk tungkul bari ngomekeun ramo2 na.
“akang janji moal ingkah balilahan?”, Ck Cinta ngamimitian ngomong.
“pasti…pasti akang tanggung jawab….”, ck Yusuf.
“sakedap nya kang….petugas na teu acan darongkap wae…”, ck Cinta bari nempoan jam dina leungeun na.teu lila….

“trok…trok…trokk…”, panto aya nu ngetok.
“manga kalebet…”, ck Cinta bari nangtung ngabageakn semah anu datang.Yusuf beuki ngeluk tungkul panon na peureum hate na ceurik ngarasa salah gs daek ngagugu ego na,ego hayang cicing di posisi irfan

“ieu pak Yusuf th?”, cek semah bari ngajak sasalaman ka Yusuf.sirah Yusuf cengkat ningali ka semah2 anu ck Cinta petugas.rada olohok Yusuf th naha petugas na make baju bedahan jng baju koko,ngan bapa na Cinta we anu make jas mah maklum pimpinan Hotel terpandang.

“tos siap ieu th…. ?”, ck bapa na Cinta nya eta pk Adhibrata.
“atoss pak…”, ck Yusuf bari ngeluk tungkul sedih.
“teu acan siyap papih….”, ck Cinta imut meuni manis tuluy ngaharewos ka bapa na,pk Adhibrata seuri meni nga gak-gak,petugas saleri tapi teu ngarti naon anu nyieun pk Adhibrata seuri,
“ku papih…..jelaskeun”, ck Cinta ogo.
“nyaaa…ngarti2 maklum awewe mereun nya…mmmhhh Cinta mah hay hay tapi er-er nu kieu th yeuh…?’’,ck pak Adhibrata bari melong ka Yusuf anu ngeluk tungkul.
“cinta….meni eweuh ka karunya anjeun mah ka Yusuf ….”,ck pk Adhibrata.
“kieu Yusuf…aduh ieu mah mni leuwih2 ti budak Cinta mah…kumaha nya ngajelaskeun nana”, ck pk Adhi

“Yusuf hidep kasep bapa tos uninga perkawis hidep ti anak bapa,reuwas tadinamah nampa kanyataan ieu th tapi gening kadatangan hidep th kalah mawa angin segar jang anak bapa boh jang perusahaan tempat hidep gawe,muji kami ge ka anjen th….lain salah2 teuing anjen da Cinta ge ngilu nyumputkeun hidep…”,ck Pk Adhibrata deui.

Yusuf ngahuleng we asa teu ngarti naha pk Adhibrata mah kalahkah bungah anak na di tipu kumaneh nateh,rada wani cengkat ayeunamah ningali ka beungeut Cinta anu ayeuna mah kalah ngeluk tungkul pipina semu beureum.
“laahh moal di lila lila…daek teu hidep ngawin anak bapa?tuu si geulis ges kekerepekan wae cenah hayang di pihukum ku hidep bager….”, ck pk Adhibrata bari di tungtungan ku seuri ngahaha…
“ieu bapa2 patugas ti KUA hampura bapa nyanyahoanan ngadaftarkn hidep ka KUA nya da sieun atuh maraneh sa imah tanpa ikatan pernikahan jaba gs darewasa hadeeuuhh lamun jarinah ?? bapa anu salah jng katempuhan ka babawa dosa ku aranjeun…”, ck pak Adhibrata bari melong ka Yusuf anu olohok melong ka maneh na asa teu ngarti.
“aaaabbbddiii teu ngartos pak…?”, ck Yusuf bari melong ka pk Adhibrata.
“inti na kieu…anak bapa bogoh pisan ka hidep,hayang jadi pamajikan hidep ngan eraeun jadi ngomog na ka bapa…?”, ck pk Adhi.
“ari irfan caroge na kumaha pak ke abdi srng bapa kelepat keun deuih?”,ck Yusuf,
“kieu …bp kacida kaduhung gs ngajodokeun Cinta ka irfan,bp nyaho adat na irfan beja ti relasi2 anu lalaporan kalakuan si irfan anu bejad,tukang ngulinkeun awewe,bapa nenden mata2 di mana2,si irfan th rea musuh na,tepi hiji waktu aya kacilakaan eta …anjeun datang…situasi kalah jadi lewih alus maju…apasalahna lamun bapa nebus kasalahan bp anu baheula ngaganti ku ngawinkeun hidep ka anak bp Cinta…,kumaha tah ck hidep,da ari dina pelaturan agama lamun salaki teu nganafkahan lahir batin salila kurang leuwih ti 4 bulan bari teu aya beja2naacan mah ….teu nanaon pamajikan ngajukeun gugatan cerai,karunya atuh anak bapa anu gelis ari teu gaduh carogemah.hahahaha”, ck pk Adhi panjang lebar.ahir na Yusuf nyanggupan atoh we anu aya da jeng eunya na meh mehan atuh teu katahan godaan Cita ka maneh na,ngan maneh na neuteup keun siah keun siah ka Cinta anu umat imut di dekat bpa na gs ngaheureuyan Yusuf tadi basa di resto,suganteh eunya we Cinta dek ngajebloskeun ka paenjara,geningan kalahkah di sampakeun naib ku bp na Cinta.

Beres ngucap ijab qobul resmi we Yusuf jadi salaki Cinta,mni kabenran hadiah anu ku Yusuf di beuli tdi th cincing brlian di jadikeun mahar na.sangges bapana Cinta jng petugas KUA baralik tinggal Yusuf jeng Cinta di kamar.
Eta mah yusuf jol regeyeng mangku Cinta di bawa ka tempat tidur Cinta mempen ku dua leungeun na bari seuseurian….
“awasss nyaaaaa…”,cek Yusuf bari tuluy nyiuman.
“kang…..”, ck Cinta
“naon geulis…”, ck Yusuf bari angger nyiuman.
“isiinn aahhh….tutup heula kituh ka dalang ulah sina naroong bilih kabitaeun...jabaning enjing keneh...", ck Cinta

."tuuhh ka kuping dalang sok ahh tutup heula kuring bade......apaaallll meureun...", ck yusuf.
jetrek etop di pareuman dalang na ge da moal kiat nyrioskeun anu nuju garelut mah,maklum dalang na alit keneh di bawah umur keneh,hahahaha permios hla wilen aahh paramitra anu..."rrruuuuaaaarrrrr bbbiiiaaasssaaahhhhh..."

H A N C A
andhyn27.8.18

#PULANGKEUN_SALAKI_KURING(PSK)
BAG.9
KENGENG ANDHYN

RAHASIA CINTA…


Amanda saeutik2 ngembangkeun toko na anu tadi na leleutikan ayeunamah gs mimiti ngagedean teu eleh ku alpa atanapi indo,duit anu aya dina rekening Yusuf di mangfaat keun,Mang Basri jng Ceu Koyah mantuan minantu na dagang bari tuluy2an neangan anak kukut na Yusuf anu leungit teu manggih laratan nana.

Anu nyieun heran Amanda mah unggal bulan aya duit anu asup kana rekening na,maneh nya yakin lamun eta duit ti Yusuf ngan anu jadi heran th naha Yusuf embung manggihan maneh na atawa kolot na minimal mere kabar atuh ka Amanda.naha aya naon ieu th mni tara nlp2 acan Yusuf th.

Gogoda mimiti datang ka Amanda haji Aceng duda anyar ngaheroan wae terang2an eta mah ngahaja ngadatangan imah Manda,padahal di imah th aya indung bapa Yusuf haji Aceng th pangbeungharna di lembur eta mah kakara 2 bulan di tinggalkeun maot ku pamajikan nana.unggal usik datang ka imah Amanda ngolo Amanda supaya daek narima manehan nana.

Hiji poe aya awewe geulis datang balanja ka toko Amanda meuli minuman jng kue2 ramah pisan eta awewe geulis th,ngilu k toilet cenah bari ngilu ngadagoan salakina,

“bu ngiring ngatosan di dieu nya kengeng teu?”, ck awewe geulis ka Amanda anu harita kernungguan toko na,

"mangga bu calik atuh palih dieu", ck amanda bari nyodorkeun bangku palastik

"nuhun", ck awewe geulis th.

"kawit ti manten bu..?", ck Amanda

"ti Jakarta aya peryogi ka wewengkon ieu,kumaha rame bu icalana nana?", cek awee geulis teh.

"alhamdulillah bu rame lumayan we tara dugi keun ka teu aya", ck Amanda bari imut,

ker kitu kulutrak aya anu muka panto kaca toko,sup asup lalaki tengah tuwuh awak gendut make kopeah haji ngajingjing kadu saopat2 nyamperkeun Amanda anu ker diuk di kasir.

"neng manda ieu akang nyandak kadu ti kebon akang,bilih bade ngaraosan aramis gera...", ck eta lalaki bari nenden kadu dina mej.

"nuhun pk haji tapi punten manda mah teu seneng kadu...si mamah srng si bapa ge teu aya anu seneng,kumaha atuh..?", ck manda bari semu baed ka eta lalaki teh anu taya lian ti haji Aceng anu ngudag2 wae maneh na.

"aduuhh kumaha atuh beurat2 pak haji nyandak ti kebon panya teh neng Manda seneng", ck haji bari rada kuciwa.

"nya duka atuh mangga candak deui we teu kiat ku bau na abdi mah pk haji...",ck Amanda bari ngipas2 irung na ku leungeun.

haji Aceng ngahuleng atuh tadi namah hayang kapuji meureun ari pek teh di tolak.

"aeh ieu aya si neng geulis,seneng kadu teu?", ck haji bari ngalieuk ka awewe anu diuk dina bangku plastik.si awewe imut bari rada unggeuk.

"yeuh kanggo si neng geulis we da neng manda mah gening teu sedepen", kitunateh bari ngasongkeun kadu ka si awewe geulis.

"si bapa jng si mamah aya? pakhaji aya peryogi heula aah sakedap", ck haji Aceng bari luak lieuk ka tukangeun Toko kabeneran imah teh di tukangen toko aya panto ti toko anu tembus ka imah,teu di eunya keun deui haji teh ngaleos muru imah Amanada anu harita baed teu mere budi ka haji aceng.
"hehehe saha eta teh?masih wargi?', ck awewe geulis nanya ka Amanda.
"sanes teh..tatanggi nembe di kantunkeun pupus ku istrina teu acan 100 dinten ge tos ngaheoan abi gera padahal abi mah gaduh caroge",ck Amanada bari semu baed teu suka ka haji aceng.

"haarr ari caroge teteh kamana kitu?naha bet tiasa haji teh ngaheureuyan teteh?'', tanya awewe geulis teh.

"nya eta teu acan uih teh...ari pajarkeun nu sanes mah leungit,padahala paraosan abdi mah da aya ayeuna majeng bade salapan sasih ical nateh", ck Manda luk tungkul,

"oohhh kutan kitu....", ck awewe geulis bari olohok nempo beungeut manda.geulis mah heunteu manda teh bubuhan tara dangdan ngan manis anggun matak resep anu ninggali ramah sopan someah ka sasaha,ker kitu aya mobil bodas kaluaran anyar eureun hareupeun toko ngelaksonan sakali,awewe geulis anu ker diuk teh cengkat nangtung,
"anu ngajemput parantos dingkap,nuhun teteh abi tos di angkeun di dieu sareng ieu kadu na di candak nya ku abdi,nuhun kituh ka pa haji", ck eta awewe bari manggut tuluy ngaleos ka luar sup kanu mobil ninggalkeun Amanda anu ngaladangan deui kabeneran jul jol aya anu meuli.

Dina mobil mewah tea si awewe geulis teh diuk nyaranda dina jok mobil anu empuk,supir na merhatikeun tina sepion,
"teras kamana deui bu...?", ck supir nanya.
"terus balik we....", cenah mere parentah ka supir na.
"mangga bu Cinta....", ck Supir ka awewe geulis tadi teh sebener na Cinta anu hayang nyilidik saha Amanda pamajikan Yusuf anu kahiji teh.ayeuna Cinta rada kasieunan sieun lamun Yusuf balik deui ka Amanda,matak na maneh na nyilidik ka imah Amanda.

Gancang na carita Cinta gs tepi ka imah na wanci sore harita teh sakedeng deui Yusuf balik ti kantor,gura giru maneh na asup ka imah sup ka kamar buru2 mandi genti baju tuluy indit ka dapur mariksa kadaharan jang salakina.teu lila Yusuf datang buru2 Cinta nyambut Yusuf ngagabrug siga anu gs lila teu panggih maklum ka asup panganten anyar keneh,

"iihh ari nu geulis meni teu sabar caroge dina panto keneh ge meni tos di serang kieu...", ck Yusuf bari seuri atoh.
"alimmmm....nya an alim yeuh ....", ck Cinta bari kucap kiceup ogo.
"iihh sanes kitu sayang....tapi akang nyaan cape pisan tdi seer tamu ti kantor pusat...", ck Yusuf
"kumaha ayeuna teu aya kendala ngurus perusahaan?", ck Cinta bari melong gegeut.
"mmmhhhh masih kaku sihh mung pada ngabantos", ck Yusuf bari ngaleng awak Cinta.
"bade tuang heula atanapi bade ibak heula atanapi bade istirahat heula", ck Cinta bari mencet irung Yusuf.
"ibak heula sayang....teu kiat ieu asa carepel...", ck Yusup bari malik mencet irung Cinta.
"mangga ku abdi tos di siapkeun acuk na dina tempat na..",ck Cinta
"nuhun sayang...", ck Yusup bari nyium sirah Cinta.

Beres mandi Yusuf nyamperkeun Cita ka dapur kasampak Cinta kermantuan pembantuna nyiapkeun kadaharan.ari Yusuf ungsa angseu bari pok na,
"asa seungit kadu yang....?", ck Yusuf
"oohh muhun itu aya anu masihan tadi rerencanangan", ck Cinta bari ngasongkeun kadu ka Yusuf.ku yusuf di tampanan bari ngahuleng.
"jdi emut ka pungkur yang akang gaduh tatanggi juragan kadu di lembur teh,tah kieu pisan kadu nateh mmmhhh mni ka gagas yang...", ck Yusuf bari meulah kadu ku peso.
"ari orang rumah sarenengen kadu teu?",ck Cinta.
"iihh kantenan we yang...", ck Yusup bari mimiti ngadahar kadu tea.
"tapi naha atuh manda tadi nyebut keun teu beuki bari jng api2 bau ngambeuna", ck Cinta ngagerendeng.
"naon yang....nyarios naon bieu...?", ck Yusuf
"teu nanaon yang eta tadi saur nu masihan nana kadu ana aramis yang", ck Cinta reuwas.
"muhun yang leres meni jiga kadu di kebon haji Aceng yang...kadieu atuh palay teu...?", ck Yusuf bari ngasongkeun kadu ka Cinta,Cinta ngan saukur gideung dina hate na timbul pertanyaan kunaon tdi Manda ngomong teu beuki? berarti Amanda teu resepeun jng nampik haji Aceng,coba lamun Amanda kawin ka haji aceng posisi maneh na aman jadi pamajikan nana yusuf.sugan we lambat laun Amanda bisa narima haji aceng jadi salakina jadi Cinta moal hariwang Yusuf balik deui ka Amanda.

*********************

Irfan meunang perhatian husus ti Kenia unggal poe di pangmeulikeun obat ramuan,jamu2an,akar2an
Kenia boga hareupan gede lamun irfan bakalan cager tina panyakit na,deket na irfan alias slamet jng Kenia gs ka ambeu ku lanceuk na nyaeta haji Agung jng mas pras,hiji poe Kenia ker ngariung jng lanceuk na bari lalajo tv,Agung jng Pras gs merhatikeun adi bungsu na anu neunden hate ka Slamet,

"lain Nia akang merhatikeun anjeun jng Slamet salila ieu,jiga na Nia nenden hate nya Slamet?", ck Agung,atuh reyyy bengeut kenia beureum,
"teu kudu era sok we terus terang ka akang...", ck pras ngilu maura lanceuk na agung.
"nya kitu laahhh...." ck Kenia bari ngeluk tungkul.
"iihh nya kudu puguh atuh Nia,kan anjeun gs dewasa lain mangsana heuheureuyan jiga budak ABG", ck Agung.
"nya da Nia bingung kang...apanan kang Slamet teu puguh kulawarga na",ck Kenia bari luk tungkul.
"tapi Nia bogoh teu ka Slamet?", ck pras.
"nya kitu lah....", ck Kenia beuki tungkul.
"taahh kitu akang mah ngan hayang nyaho Nia aya hate teu ka Slamet,katingali na da Slamet teh jelema bageur jng pinter deuih kabeh pembukuan perusahaan di bereskeun ku maneh na", ck Pras.
"aeh ari slamet na kumaha kang?", ck pras  malik ka Agung lanceuk na.
"ges ngomong ka akang kamari cenah mah bogoh ka Nia ngan menta waktu cenah,ari cek akang mau sok sok lah ulah di engke keun deui urang karawinkeun we,akang mah panuju pisan lamun boga adi beuteung Slamet", ck Agung.
Kenia beuki ngeluk tungkul lanceuk namah teu nyahoeun lamun Slamet teh teu bisaeun ngalaksanakeun kawajiban teu bisaeun mere nafkah batin,duh kumaha atuh...ck Kenia semu bingung.

Ari Irfan alias Slamet pas di tanya ku dunungan nana nya eta Agung ngenaan hubungan nana jng adi na nyaeta Kenia atoh teu atoh salila maneh na di Jawa eweuh anu ngurus sedengkeun ari boga pamajikan mah mereun saheunteuna maneh na bakalan aya anu ngurus ngan nyaeta kumaha atuh da gening panyakit nya can cager keneh padahal di hantem tuluy ku jamu2an.

isuk na Kenia ngadeketan irfan ngumaha cenah aya kamajuan di jawab ku irfan ku ngeluk tungkul,dua nana bingung sedengkeun lanceuk2 na Kenia gs ngadesek wae nitah maraneh na gera laki rabi.

"kang Slamet kumaha lamun urang sambil nikah we,sugan we ari ku jalan halal mah meren akang tiasa ngalaksanakeun tugas...", ck Kenia bari tungkul nyumputkn beungeut.
"ari akang mah kumaha Nia...ngan mereun kedah sabar...sieun na akang rada lami damang na Nia ulah nyeuseul ya?" ck irfan bari melong ka Kenia.
"nya atuh ari kitu mah urang wartos keun ka raka2Nia rencana urang teh....", ck Kenia gs kitu mah maneh na jng irfan ngobrolkeun iraha2 na ngayakeun salametan maranehan nana.
saminggu ti harita Kenia jng Irfan ngayakeun salameutan walimahan,teu di reuah2 da pamenta Kenia jng slamet hayang sederhana nu datang ge ngan pagawe2 mebel jng tatangga deukeut anu jauhna mah bah Udi jng pamajikan nana ngahaja ngahadiran jadi saksi ngahijina Kenia ka Irfan alias Slamet.
peuting nga irfan ngahuleng malam pertama maneh na masih can bisa keneh ngawajiban Nia dua nana cing haruleng bari mikiran kudu kumaha sangkan panyakit irfan bisa cager deui.

Basri asa geus lila teu manggihan dunungan nana di Jakarta bet jorojoy hayang ulin ka Jakarta dek ulin we ka pak Gunawan cenah,isuk keneh naek beus atuh pa beubeurang gs nepi ka imah na pak Gunawan,harita maneh na manggihan mang jejen jng bi Karsih anu marasih gawe keneh di pak Gunawan,
"calager je...bi Asih?", ck Basri basa tepung di dapur majikan nana.
"cager mang...ari emang kumaha? mni lawas tilawas euweuh ulinka dieu,ayaa naon mang?", ck jejen bari nagkeup ka sobat na,
"cageur jen...nya da kumahan ayeuna mah mantuan minantu dagang...", ck Basri.
"maruk boga minantu mang...lain emang mah teu boga anak...?", ck jejen.basri rada reuwas poho deui maneh nateh.
"eeehhh eta eeeemmmhh anak kukut jen...kan kuring ngukut anak dulur tea,alo jen...", ck Basri pias beungeut na.ker kitu kulutrak Riana ka dapur barang nempo aya Basri gewat nyampeur keun.
"aaeehhh aya Basri ningan?", ck Riana,gewat Basri nyampeurkeun bari ngasongkeun leungeun rengkuh pisan masih hormat we sanajan gs lain dunungan nana deui.
"muhun Nden..kumaha daramang?", ck basri masih angger rengkuh.
"cager mang...sok jongjon we nya,aeehh jen ater ibu ka imah irfan yuu?",ck Riana ka jejen.
"aduh Nden kan ku bapa di piwarang nganter ka dr ayeuna teh,kumaha atuh Nden?", ck jejen ngahuleng.
"haaarrr itu jejen...ari ibu jeng saha iihhh...?", ck Riana bari ngajanteng hareupeun meja makan.
"wioooss sareng emang atuh Nden bari emang ge sono ka den irfan...manawi kersa kitu Nden na....?", ck Basri.
"iihh nya atoh we nu aya,hayu atuh bisi kaburu sore...", ck Riana bari ngaleos ka jero imah nyokot tas tuluy kaluar imah sup kanu mobil paragi maneh na,blug panto na di tutupkeun ku Basri,sup Basri asup kanu mobil gulusur mobil kaluar ti pakarangan muru imah irfan.
gancang na carita mobil asup ka pakarangan imah irfan jrut Riana turun tina mobil,nuturkeun Basri ti tukangeun nana sup ka imah sepi bangun na Cinta aya di dapur leos Riana ka dapur,nyaan we Cinta ker ngeprek we nyieun kue jng pagawe na,ningali mitohana datang Cinta ngabagea kn sangges nitah mitoha na diuk cinta nyieun cai jang mitohana,
"mamih nyalira wae naha teu sareng papih?",ck Cinta daria.
''Teu papih mah bade ka dr biasa we kolesterol na kumat", ck Riana,
"aaeehh sareng mang  Basri gening,damel deui di Mamih mang?", ck Cinta ka Basri.
"mmhh teu neng,...kaleresan nuju amengan we sono mamang ge ka neng cinta sareng den irfan", ck Basri
"aya naon mamih asa rareuwas Cinta mah,...?", ck Cinta.
"dek ngajak liburan ka eropa yuukk ...?", ck Riana.
"mmmhhhh kumaha nya karunya kang irfan padamelan nana nju mejeuhna seuer mih...?, ck Cinta ngahuleng.
"iihhh nya keun bae atuh ulah di ajak saha anu ngajak irfan ieu mah urang 'kita-kita' wehh", ck Riana bari ngadelek.
"aaahhh alimm aahh Cinta mah hoyong sareng kang irfan...", ck Cintakeukeuh.
"heran dehh Cinta kamari2 mah mni siga tom jng jery ari ayeuna mni nempelll we...embung di tinggal keun ku si irfan....ti saprak hilang ingatan tah Cinta jiga kaedanaaannku irfan", ck Riana pura2 baed padahal hate na atoh minantuna mikacinta irfan nepika kitu teh.
ker kitu aya mobil asup irfan alias Yusuf datang, blug panto mobil di tutup,irafan palsu asup ka imah barang ningali aya Riana irfan palsu teh nangkeup Riana tuluy nyiuman pipi na,rarasaan yusuf mah da Riana teh indung aslina we asa teu ragab deui,pas ningali ka Basri gebeg maneh na reuwas,naha aya bapa na di dinya boa2 bapana gs nyahoeunka maneh na yen maneh na Yusuf anu nyamar jadi irfan.irfan gugup nyamperkeun Basri anu biasa wae teu aneheun ningali maneh na,kalahka miheulaan nyampeurkeun bari semu rengkuh ngahormat ka meneh na,
"den irfan kumaha damang den? nguping wartos aden kacilakaan hapunten emang teu tiasa ngalayad kumargi emang aya karerepet di lembur den..."ck Basri bari sasalman jng Yusuf anu olohok.

"basri hampura irfan teh amnesia jadi teu inget ka sasaha inget na ngan ka Cinta hungkul hahhaha", ck Riana.
ari Yusuf angger bengong teu ngarti kunaon bapa na teu apaleun ka maneh na kalah ka nyebut irfan sarua jng nu sejen,kela..kela...jiga na aya nu salah yeuh....cek Yusuf dina jero hate na.

H A N C A

andhyn29.8.18

Komentar

  1. Ieu mangrupikeun kasaksian ngeunaan karya anu alus Kapala Eli Dodoru anu ngabantosan kuring .... Kuring Ann Earnis ti kalér Amérika Serikat. kalayan bantosan jampar mantra ieu, salaki kuring anu ngantepkeun kuring salalu 3 taun sumping deui, tungtungna kuring tepang lalaki ieu dina postingan situs blog ku salah saurang klien pikeun pitulung, kuring terangkeun sadayana ka anjeunna sareng anjeunna nyarioskeun ka kuring ngeunaan ngusir caster anu anjeunna terang sareng anjeunna masihan whatsapp kuring nyerat nyerat ka caster mantra pikeun nyarioskeun masalah kuring. Dina kakara 2 minggu, salaki kuring balik deui ka kuring. Kuring ngan ukur hoyong ngucapkeun hatur nuhun kana kasir mantra anu sajati sareng ikhlas ieu, tuan sadayana anjeun parantos nyarios kuring parantos nyarios sareng hatur nuhun pak. Punten bade ngawartosan ka saha waé anu milari solusi pikeun masalahna, pikeun konsultasi ka bageur ka jampé ieu, anjeunna nyata, anjeunna kuat sareng naon waé anu mantra nyaritakeun naon anu bakal kajadian, sabab naon anu disebut jampé jampé ka kuring maot. Anjeun tiasa ngahubungi anjeunna di: whatsapp +2349015088017

    BalasHapus
  2. Assalamualaikum wrwb.. Duh terasanna diantos, tong SEUEUR di hanca. Aya sababaraha judul di hanca geuning. Jazakallahu khairon kashira

    BalasHapus
  3. Mangrupikeun kaistiméwaan pikeun ngabagi kasaksian anu ajaib ieu ka dunya. Abdi Bet Walters ti Inggris. Salaki kuring cerai kuring 4 bulan deui sareng kuring parantos dieusian ku kasieun sabab kuring henteu terang naon anu kedah dilakukeun pikeun ngarobih masalah sareng salaki kuring. Kuring milarian bantosan dina internét ngeunaan kumaha kuring tiasa kéngingkeun bantosan dina perkawinan kuring sareng kuring mendakan panyaksian anu hébat ngeunaan Jinis CINTA KAYA anu parantos progresif sareng mantra na. Kuring ngagaduhan hubungan sareng anjeunna sareng tingali, Dr.Wealthy ngawartosan yén anjeunna bakal nyiapkeun mantra pikeun kuring anu bakal nyandak deui salaki kuring. Kuring skeptis tapi kuring henteu ngagaduhan pilihan sanés tapi damel sareng anjeunna. 2 dinten sanggeusna, salaki kuring nelepon ka kuring yén anjeunna bakal balik ka bumi sareng ti dinten éta dugi ka ayeuna ieu, kami parantos hirup tengtrem. Anjeunna balik deui ayeuna ku seueur asih sareng paduli. dinten ieu kuring resep masihan anjeun sadayana terang yén mantra mantra ieu ngagaduhan kakawasaan pikeun ngahijikeun deui pameget sareng hal anu paling matak nyaéta cinta urang kuat pisan ayeuna, unggal dinten kabagjaan sareng kabagjaan. sareng Teu aya anu mirip sareng lalaki anu anjeun resep. Kuring bakal nyarankeun Dr.Wealthy pisan ka saha waé di luar anu peryogi bantosan naon waé. Upami anjeun ngagaduhan masalah hubungi Dr.Wealthy, kuring masihan anjeun jaminan 100% yén anjeunna bakal ngabantosan anjeun !!.

    wealthylovespell@gmail.com

    Tulis anjeunna dina Whats-app +2348105150446

    Blog: https://wealthylovespell.blogspot.com

    BalasHapus
  4. Nalika kuring mendakan Dr.Wealthy kuring peryogi pisan pikeun ngantunkeun deui kakasih kuring. Anjeunna ninggalkeun kuring pikeun awéwé séjén. Éta kajantenan gancang pisan sareng kuring henteu nyarios nanaon dina kaayaan. Anjeunna ngan ukur miceun kuring saatos 3 taun teu aya katerangan. Kuring ngahubungi Dr.Wealthy sareng Anjeunna ngawartosan naon anu kuring kedah lakukeun sateuacan anjeunna tiasa ngabantosan kuring sareng kuring ngalaksanakeun naon anu dipiharep ku anjeunna, saatos kuring nyayogikeun naon anu dipikahoyongna, anjeunna ngajantenkeun mantra cinta pikeun ngabantosan urang babarengan. Henteu lami saatos anjeunna ngalakukeun mantra, kabogoh kuring mimiti nga-sms ka kuring deui sareng ngaraos pikareueuseun pikeun naon anu anjeunna karoskeun. Cenah mah kuring jalma paling penting dina hirupna sareng anjeunna terang yén ayeuna. Kami ngalih babarengan sareng anjeunna langkung kabuka pikeun kuring tibatan sateuacanna sareng anjeunna mimiti nyéépkeun langkung seueur waktos sareng kuring tibatan sateuacanna. Ti saprak Dr.Wealthy ngabantosan kuring, pasangan kuring stabil pisan, satia sareng langkung caket ti kuring tiheula. Kuring nyarankeun pisan Dr.Wealthy pikeun saha waé anu peryogi bantosan. Surélék: wealthylovespell@gmail.com. Nelepon anjeunna atanapi tambahkeun anjeunna dina whatsapp via: +2348105150446 Dr.Wealthy BLOG PAGE: Blog: https://wealthylovespell.blogspot.com

    BalasHapus
  5. Ieu mangrupikeun kasaksian anu kuring bakal béjakeun ka sadayana pikeun ngupingkeun. abdi parantos nikah salami 4 taun sareng dina taun kalima perkawinan kuring, awéwé sanés ngagaduhan mantra pikeun nyandak pameget kuring jauh ti kuring sareng salaki kuring ngantunkeun kuring sareng murangkalih sareng kami parantos sangsara salami 2 taun dugi ka maksadna tulisan dimana ieu lalaki Dr.Wealthy parantos ngabantosan batur sareng kuring mutuskeun masihan anjeunna nyobian ngabantosan kuring nyandak salaki kuring ka bumi sareng percanten ka kuring kuring ngan ukur ngirim gambar kuring ka anjeunna sareng salaki kuring sareng saatos 48 jam sakumaha anjeunna parantos ngawartosan, kuring ningali mobil nyetir ka jero bumi sareng éta éta salaki kuring sareng anjeunna parantos sumping ka kuring sareng murangkalih sareng éta sababna kuring resep ngajantenkeun anjeun sadayana dina masalah anu sami pikeun pendak sareng lalaki ieu sareng kakasih anjeun balik ka diri anjeun na email: wealthylovespell@gmail.com atanapi anjeun ogé tiasa ngahubungi anjeunna atanapi whatsapp anjeunna dina +2348105150446 Blog ieu: https: //wealthylovespell.blogspot.com ..... hatur nuhun pisan Dr.Wealthy. ...

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng sunda GIRIMIS KASORENAKEUNkengeng Andhyn

JERITAN TANPA SORA bag 6 sd 19

dongeng sunda HAREWOS TENGAH PEUTING (HTP)