Dongeng Sunda KUDU KUMAHA

KUDU KUMAHA

Kengeng Andhyn

     Mang katma turun tina motor anu sok di pake ngojeg sapopoe kumaneh na, ngalenghoy muru tempat mangkal ojeg gek diuk sreett muka jeket hideung anu gs belel lutlet kesang di susut ku puhu leungeun na anu kasap.
gs nyampak oding jng wawa sarua tukang ojeg dariuk bari melong ka jalan anu ngetek ku kebul balas lalar liwat rupa2 kendaraan.
"ding... Wa... Kumaha gs narik can? Tanya mang katma ka oding jng wawa.
Odig gideg, wawa ngan ngacung kn curuk  nandakeun kakara menang 1.
"kumaha wae atuh nya hirup teh mang? Mni asa kieu wae, teu bulan biasa teu bulan puasa angger we sepi narik teh komo ayeuna mh loba pisan ojeg onlen mang beki we ripuh" ck oding bari rumahuh.
"komo uing mah mang pamajikan ti poe kahiji puasa nepi ka ayeuna samutut we jiga tutut,lain teu nyaho uing ge belieun beki marahal ari panghasilan kalahkah morosot kapaksa we uclak eclok ka mitoha"ck wawa bari ngusap beunget na.
"aahh maraneh mah jga na teu sabaraha, yeuh emang mah budak anu SMP ayeuna dk ka SMA anu TK dek ka SD tuluy kontrakan bulan isuk beak, budak anu SMK isuk kls 3 kudu magang cenah butuh biaya gede, pamajikan gs luhlah wae sakedeng deui lebaran can boga jang nyieun kueh2 acan, komo jng meli baju lebaran jiga batur mah aahh boboraah, sapopoe jng dahar oge teu sirik na hukhek." ck mang katma bari netep ka jalan.
"heueuh mang iraha atuh batur jiga urang ameh ngarasakeun kumaha penderitaan rakyat leutik teh" ck oding bari goledag nangkarak dina bangku panjang leungeun di pake bantal nahan sirah na.
Mang katma ngeluk tungkul inget anak na anu bungsu ngerewih wae menta baju jng sepatu jng lebaran ari babaturan nana gs mareuli cenah ti èmol ari si bungsu can sacewir2 acan, ari budak anu gede mah bisa di papatahan tara ieuh menta ngan mang katma yakin sabenerna budak anu garede ge harayangeun ngan apanan ngarti kasusah bapa na anu saukur tukang ojeg pangkalan. Eta ge pamajikan mang katma sok mantuan neangan duit mantuan tatangga na dagang di pasar mungkusan tarigu jng minyak kalapa, lumayan sok di bere jng meli beas jng tahu tempe.

Rentang2 aya lalaki make setelan jas, make dasi sapatu herang ngagenclang ngajingjing tas hideung jiga jelema kantoran nyamperkn ka mang katma saparakanca,eta lalaki mencrong ka mang katma bari curuk na ngacung semu asa2 nanya ka mang katma,
"ke.. Ke.. Ke... Ieu teh asa sukatma babaturan SMP sindang jaya nya? " ck eta lalaki gandang teh.
Mang katma ngan ukur olohok bari kerung nitenan lalaki anu kakara datang tea, "nya saha ari aden? "cenah bari mencrong we.
"aeh bener maneh teh sukatma piraku teu apal kan ieu teh Aep sobat anjen basa di SMP" cenah bari gep lengen mang katma di rawu.
"aduh2 anjeun teh Aep saepuloh? " ck mang katma bari gabrug nangkeup Aep.
"nya ieu kuring aep sobat anjeun" ck lalaki gandang teh.
"Ker naon Anjen di dieu ep? "ck mang katma bari mencrong reueus ka sobat jaman maneh na kr budak. "hebat lah Aep mah sukses kuring mah kieu wee kalahkah jdi tukang ojeg gening"ck mang katma bari seuri koneng.
"ah ulah sok kitu katma, nasib jelema mah kn beda2 lain menang kahayang urang tpi gs aya anu ngatur na nyaeta Alloh swt"ck Aep bari mencrong ka mang katma."kieu tdi teh mobil kuring mogok nya gs kitu we meren kuring kudu panggih deui jng anjen sobat kuring anu gs mang alam2 leungit, sakalian we kuring mnta tulung ka anjeun anterkn kuring ka kantor ieu teh",cek Aep.
"hayu... Hayu siap lah urang bari bernostalgia,sono yeuh"cek mang katma bari di helm, song ngasongken helm hiji ka Aep, Aep nampanan sup di pake samemeh indit manggut hla ka oding jng wawa anu olohok mata simeuteun.
biur motor ninggalkn panggkalan muru ka kota.di jalan dua nana galecok sagala di caritakeun dua sobat anu beda nasib teh namplokeun kasono anu gs puluh2 taun teu panggih.
"sberaha hiji bati teh ma? "tanya Aep
"3 ep dua lalaki hiji awewe, anu cikal isuk naek ka kls 3 di SMK anu ka 2 awewe isuk lulus SMP tah anu bungsu we isuk ka SD kr mejeuhna jangar ep urang mah" tembal mang katma bari ngajalankn motor na. "ari Aep bati seberahiji terus pamajikan orang mana?" mang katma malik nanya.
"eemmm pamajikan orang bandung tepi kiwari kuring can di percaya boga anak ma" tembal Aep laun.
"aahh encan we meren ep sugan atuh isuk pageto mah di percanten, asal usaha jng ngadoa we",tembal mang katma. Ari Aep ngeluk tungkul tukangeng katma.
Motor ngabiur melah jalan raya Aep mere petunjuk arah ka kantor na, teu seberaha lila sup motor ka kantor anu lumayan gede reg ereun di parkiran motor Aep turun tina motor muka helm na bari pok nyarita,"ma wayah na baturan kuring nya di kantor aya obrolkeuneun hayu keun motor mah satpam anu ngurus",kitu nateh bari mere isarat ka satpam pikeun ngampihkeun motor anu mang katma.
Mang katma teu bisa nolak jiga budak leutik ngiclik nutur kn Aep bari uluhak olohok di jero kantor anu gede tur nyelecep tiis make asse tea meren kitu pikir mang katma. Sup kahiji rohangan anu di jero na serba 'wah', aya shopa empuk kacida meja jati anu herang korsi anu bisa gulusar gulusur make roda, lomari jati antik ukiran naga make kaca kristal,lukisan curug di hiji leuweung nu matak nambahan betah di eta rohangan, aya hiji deui aquarium gede eusina lauk arwana hiji ngageboy bulak balik sisit na koneng emas buburilakan lamun kr ngagibegen awak na.
Puluhak polohok diuk dina shopa anu empuk nitenan sabuderen rohangan direktur Aep Saepuloh SE ngaran na di ukir ngajegrug dina meja kantor.
"lur hebat yeuh mni tepi ka jadi boss besar kieu.... ",ck mang katma bari angger rut ret.
"aahh pasangka sangka we padahal kuring loba pisan kakurangan nana, ieu mah ngan saukur hiasan di dunya hungkul, batur mah moal aya anu nyaho kana jeroan hate kuring ayeuna... ",tembal Aep bari seuri mawur. "aeehh kieu yeuh katma maksud kuring ngajak anjeun kadieu kuring menta tulung ka anjeun tdi kan dina motor anjeun ngadongengkn yen kulawarga anjeun kr butuh biaya hirup pang2 na nyingharepan lebaran ieu",Aep neuteup ka katma. Pok nuluykn deui carita an na, "kumaha lamun poe ieu anjeun nganter kuring ka hiji tempat make motor anjeun ? Bisa...?? "tanya Aep bari neuteup seukeut ka katma.
"iihhh nya hayu atuh ari kersa mah anjeun papanasan jng kekebulan dina motor jng kuring"tembal katma atoh.
"nya sukur atuh pokok na poe ieu anjeun di carter ku kuring nya, ieu pamanjer hla bikeun ka pamajikan karunya bisi jang balanja"kitu nateh bari ngaluarkeun dompet kusiwel ngaluarkeun duit saratus rebuan 5lembar.
Katma nepi ka olohok atuh sakedapan teu bisa ngomong asa ngimpi,
"aahh sok heureuy anjeun mah piraku piraning nyarter motor pamanjer bet gede2 teuing lur ahh"ck katma bari sura seuri.
"haarrr ari katma,nya ulah nyaruakn jng batur atuh anggap we ieu teh pamulang tarima kuring ka anjeun baheula ker SMP kuring mineng nitah ngeusian PR ka katma",kitu nateh Aep bari seuri ngahaha.
"hayu ah bisi kaburu sore, ngan omat ieu duit bikeun hla kapamajikan bisi anjeun balik peuting keh",ck Aep bari jung nangtung gap kana kantong hideung anu tatadi di jingjing jingjing.
Bral dua nana marangkat deui kanu motor ayeunamah muru imah katma heula basa na Aep hayang nyaho imah kontrakan katma jng hayang apal ka anak pamajikan sobat na tea. Tepi ka imah bi munah gura giru ngabageakeun semah dagdag degdeg teu puguh cabak kadatangan menak teh,.
"aduh pak kumaha nya asa teu paruguh gening sasih saum mah teu tiasa mairan cai2 acan"cek bi munah pamajikan mang katma bari semu era.
"haarr ari eteh kuring mah kadieu teh hayang apal we ka kulawarga sobat kuring, silaturahmi ..."tembal Aep bari rutret nitenan kontrakan katma anu heureut tur balatak.
"moal bisa lila eteh kuring seja pamit ieu katma ku kuring di injem nya menta di anter kahiji tempat bebeja soteh bisi mulang na rada peuting",ck Aep bari jung nangtung miheulaan kaluar ti imah mere waktu jang katma jng pamajikan nana samemeh maneh na arindit.
Di jero imah katma ngasongkeun duit 5rts rebu ka bi munah, kuat ku molotot bi munah nampanan duit teh,asa ngimpi biasa namah bebenangan ngojeg salakina tara leuwih ti 50rbu ari ayeuna ngepelan kanu 5rts rebu na bungah teu bisa di gambarkeun,panon na ngelemeng cai kabungah teu ereun2 nyebut alhamdulillah duit teh di suhun di ciuman bari ngucap syukur ka Alloh anu parantos maparin rezeky lewat leungen sobat mang katma nya eta Aep.

Mang katma ngabonceng Aep meulah jalan aspal anu ka tojo panon poe muru ka kota sajajalan galecok ngobrol ti mimiti ngobrolkeun basa baheula sakola nepi ka ngobolkeun masalah ayeuna anu ker karandapan. Teu era mang karma nyaritakeun ka susah jdi tukang ojeg pangkalan anu ka giles ku perkembangan jaman,nu lian mah gs pindah kana ojeg on line teu mangkal deui tapi ngider neangan anu kira2 aya anu pesen lewat hape, maneh namah boboraah hape ge anu jadul ulah teu boga teuing paragi anak na gura gero kamaneh na.
Aep mah teu loba nyarita ngan ngabahas usaha na we anu ker meujeuh na mesat ngadongengkeun naon deui atuh  ck Aep bari melong kanu aspal anu semu ngebul balas katojo ku panon poe anu beuki panas.
"ari ayeuna muru kamana ieu teh" ck katma ngagarewahkeun Aep anu ngahuleng.
"aeh urang ka ditu tuh gs katempo gening bangunan nana" ck Aep bari nunjuk ka hiji gedong sisi jalan,engke katma dagoan we di jalan ulah waka indit da jiga na kuring moal lila stenbay we dina motor"cek Aep peupeujeuh.
Katma kur unggek leos Aep nyamperken ka eta gedong nguliwed ka tukangen gedong anu aya panto ti gigir na, simpe gedong teh ngagantung tulisan 'mitha gues house'.

Rada lila ngadagoan Aep bijil ti eta gedong kesang mimiti nyurulung tina tonggong jng tarang mang katma, panon poe mimiti pindah ka belah kulon mang katma angger we diuk dina motor bari nitenan sabuderen gedong tadi, kira2 jam 4 pucunghul Aep bari angger ngajingjing tas hideung na, sarua lutlet kesang aep ge kaciri beungeut na mni asak.
"beres lurr... "tanya mang katma.
"beres tapi anter kuring deui ka hiji tempat ngan engke anjeun ulah loba nanya nepi ka beres urusan sayah nya",tembal Aep cle diuk dina motor biur nuluykn lalakon poe harita.katma teu rea nanya ayeunamah komo Aep mah ngabetem sabada kaluar ti gedong tadi teh, Aep mere petunjuk ka Katma arah jalan na harita gs makin sore sakedeng deui adzan maghrib waktu na buka,katma di arahkn asup ka hiji kantor pasnamah pos penjagaan Aep turun kaciri ngomong ka petugas jaga sangges di tunjuken ku eta petugas biur motor maju lalaunan asup ka pelataran anu kacida lega na. Reg motor eureun di parkiran Aep mere isyarat ka katma sina nuturkn teu rea omong katma nuturkn Aep.
Katma di titah diuk ku Aep dina korsi ari Aep asup karohangan,asa2 keketrok panto barang bray aya lalaki gagah jol gabrug we Aep ngagabrung eta lalaki kaciri ku tungtung panon mang katma Aep di bawa kajero bari lalaki gagah teh luak lieuk nu tuluy na nutupkn panto.
Teu lila ti rohangan tadi kaluar lalaki ngora tegep nyamperkn mang katma bari pok na, "bp silahkan ikut saya" cenah, mang karma kur unggek tuluy lempang nuturkn lalaki tadi, singhoreng asup ka kantin pabeulit jelema kr baruka tayohna gs adzan mang katma di titah diuk dina korsi di tungtung pagawe kantin sungsong mere cai jng kadaharan jang buka ti mimiti kolek nepi ka sangu jng hayam bakar katut sambel lalab na. Teu nunggu lila mang katma buka puasa di baturan ku lalaki tadi.
"bapa silahkan tunggu di sini semua makanan sudah kami bayar, ini ada titipan amplop dri pk Aep untuk bapa. Setelah beres berbuka silahkan bp pulang begitu kata pk Aep"ck eta lalaki bari jiga ngahormat leos ninggalkn mang karma anu kr dahar bari ngahuleng.
Beres dahar ragamang leungeun na kanu amplop ari di buka gebeg teh eusi amplop  duit beureum aya mrn kanu 2juta na. Ngadegdeg mang katma nyakuan amplop bari tanda tanya naha Aep teu manggihan deui maneh na, aaahh meren adat nu beghar mah kitu pikir mang katma. Sangges tepi kanu motor na biur mang katma ngajalnkn motor kaluar tinu jero kantor samemeh ngabiur mang katma ngalieuk ka tukang haarr gening maneh na kakara kaluar ti kantor POLRES,gebeg mang katma rewas hate na galecok teu ngarti naon anu gs karandapan poe tadi jng Aep....

#Hanca...

=====================================

KUDU KUMAHA
bagean 2

Kengeng Andhyn

     Nyaan we balik ka imah teh gs tengah peuting, barudak gs salare bi munah ge gs sare ngan pas salakina ngolotrak muka konci maneh na langsung hudang ngabageakn gura giru ninyuh kopi song di asongkeun ka mang katma.
"kumaha kang beres urusan nana pk Aep teh? "ck bi munah.
"duka teuing akang ge teu ngarti... " tembal mang katma bari ngahuleng.
"harrr sok teu puguh, lain akang tatadi jng maneh na?" ck bi munah
"nya da akang mah ngan saukur nganter2  hungkul masalah beres teu beres namah akang teu nyaho.... " derekdek atuh mang katma nyaritakeun kajadian tadi berang bi munah ukur olohok we ngadengeken, beres cumarita kusiwel ngaluarkeun amplop coklat tina saku jeket na song di asongkn ka pamajikan nana,ku bi munah di buka barang nyaho eusina duit 2juta bi munah ngagabrug salaki na bari ceurik,mang katma reuwas pok ngomong,
"eeehh kunaon maneh na bet leweh sagala, ges gandeng era bisi budak hudang majarkn di kumaha keh" ck mangkatma bari nyengkatkn awak bi munah.
"ya Alloh akang.... Alloh mah maha asih ya Alloh... Hatur nuhun ya Alloh"bi munah ramisak bari nyunyuhun duit tuluy di tangkep dina dada bari teu ereun2 ngucap syukur, kabayang barudak bakal suka bungah dek di pangmeulikn we baju hiji ewang meli pi kueheun jng dek meli beas we sakarung kitu pikir bi munah harita, cacap bi munah jng mang katma teu sare deui nepi ka waktuna saur uplek ngawangkong nyaritakeun sobat mang katma nya eta Aep tea.

     Urang caritakeun Aep anu kamari di anter2 ku mang katma tea, harita basa gs  nepi ka POLRES maneh na diuk di singharepan ku AKBP Yudi setiana anu taya lian kapi lanceuk Aep.
"aya naon ieu teh akang mah mni asa rareuwas kieu, sok bebeja ka akang ",ck yudi.
"lusi kang.... Lusi.... "ck Aep bari nutup beunget na ku leungeun.
"eunya lusi kunaon? "ck yudi makin panasaran.
"kuring gs maehan lusi pamajikan kuring kang... " ck Aep segruk ceurik bari nurupan beunget na.
"Kumaha carita na Ep?  Ulah sok heureuy kitu bahaya "ck yudi teu percaya.
"Kieu kajadian na kang,kuring gs curiga lusi pamajikan kuring salingkuh tapi kuring hayang mastikeun heula bener heunteu na,kuring ngarti kuring teu bisa mere katurunan ka lusi jaba kuring sibuk ku pagawean jadi teu bisa saestuna merhatikeun pamajikan, harta kakayaan teu bisa meuli ka bagjaan kang lusi makin maceuh sakali dua kali kuring manggihan lusi ngarucah di hotel,puncak na kamari kang lusi bebeja dek ka imah indung bapa na ari ku kuring di tuturkeun bet anjog ka penginapan jng lalaki, pikir kuring cik atuh ari bulan puasa teuing mah ulah milampah dosa ieu mah gusti...
Kuring ngintip lusi jng eta lalaki kang ti mimiti peuting nepi isuk na teu kaluar2 ti eta penginapan,kapaksa kuring nenden hla mobil ka imah tuluy kuring nyewa ojeg  kuring ngadatangan eta penginapan tadi beurang barang nempo lusi ker bubulucun jng lalaki na kuring poekeun kang, lusi ku kuring di paehan make ieu kang... " Aep ngaluarkeun pestol kaliber 15 di asongkeun ka yudi.
"sarua lalaki na ge ku kuring di pateni sakalian tuman kang gs ngahina ka harga diri kuring jng gs ngotoran bulan suci ku kalakuan anu teu uni kang, ayeuna kuring nyerahkeun diri mangga abdi tangtos bd tanggeng waler kang kana sagala anu tos di pilampah ku abdi" luk tungkul Aep ngarahuh jiga aya bangbaluh anu leupas tina hate na.
Yudi olohok maneh na bingung kudu kumaha bingung anu teu manggih tungtung.

2poe ti kajadian eta mang karma nampa surat ti Aep nitah mang karma datang ka POLRES atu teu antaparah biur mang karma muru polres sangges tunya tanya mang karma di anter kahiji rohangan.
Sangges diuk dina korsi teu lila Aep nyamperkeun barang srog gabrug Aep nangkeup mang katma segruk ceurik, mang karma teu ngarti ngaleupaskn leungeun Aep tuluy ngajak diuk dina korsi.
"aya naon ieu Ep kuring teu ngarti..." tanya mang katma.
Drekdek aep nyaritakeun lalampahan maneh na basa di anter ku mang katma,sakedapan mang katma olohok teu percaya naon anu di caritakeun ku Aep, bari tuluy nyebat "Alloh Huakbar" mang karma ngadadak leuleus awakna nyangsaya dina korsi bari teu karasa cipanon murubur maseuhan pipi na.

Ayeuna mang katma teu ngojeg deui maneh na muka warung di imah Na, imah di pangmelikn jng biaya sejen na dibere ku Aep mang katma teu nyaho kudu kumaha, kudu bungah atawa sedih maneh na bisa hanjat tina kasangsaraan alabatan kahadean sobat na ...Aep tapi sobat na Aep ngalaman katunggaraan di penjara 20 taun alabatan maehan pamajikan jng salingkuhan nana.
Mang katma teu ngarti kudu kumaha da sakabeh kisah hirupna gs di tulis ku nuMaha Agung samemeh maneh na di gubrageun ka alam dunya. Ayeunamah tinggal ngalakonan ibadah we saleuwih na pasrahkeun we kanu Kawasa.

Caggggg aahhh

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng sunda GIRIMIS KASORENAKEUNkengeng Andhyn

JERITAN TANPA SORA bag 6 sd 19

dongeng sunda HAREWOS TENGAH PEUTING (HTP)