BALEBAT TIBEULAH WETAN (BTW)
#BALEBAT_TIBEULAH_WETAN (BTW)
Bag.1
Kengeng Andhyn
Nu asih di pulang peurih
"Ayah uih......ayah uih bunda.....",budak geulis lucu umur 3 taunan lulumpatan muru lalaki gandang anu kakara kaluar tina mobil sedan,di tukang na ngudag awewe geulis anggun bari mamawa mangkok eusi sangu jng sayur sop,
"kanaya....ieu seepkn emam na ke ku ayah di paok hayooo....",cenah bari ngasongkeun sendok eusi sangu kanu baham budak anu lucu tadi,
"hoyong ku ayah emam na...",cek budak anu ngaran na Kanaya bari nangkeup suku bapa na.
"ayah kan nembe uih geulis masih cape",ck indung na,
"hayuuu di bumi nya emam na",ck bapa na bari giriwil budak teh di pangku,
"kang sonten ieu ulang taun mama ulah hilap urang masihan kejutan tea,Dicky sareng Rindu atos di bell tadi ku icha",ck eta awewe anu teu aya lian icha bari nyokot tas leptop sopandi salakina.
"kumaha hadiah na tos di siapkeun?",ck sopandi
"atos atuh....",ck icha daria.dua nana arasup ka imah gek Sopandi diuk dina korsi sopa anak na nangkel embung turun bari leungeun na anu leutik ngoprek dasi anu ngagantung dina dada na,
"ayah...ayah tadi naya pintel nyayi...",ck nanya anak na bari anteng we muter2 dasi sopandi.
"cobi ayah ngupingkeun...",ck sopandi bari celengok nyium pipi anak na anu tembem.
"eehhh emam heula aahhh seepkeun",ck icha bari ngasongkeun mangkok sangu ka sopandi.
mangkok di tampanan ku sopandi....
"ayoooo aya kapal bade masuk ke mulut naya...ngeeeenngggg...aaammmm...pinter anak ayah",sopandi ngahuapan kanaya sampe sangu teh beak.icha seuri ningali tingkah Sopandi anu ker ngahuapan anak na.
"bunda ayeuna huapan ayah...ayah ge lapar...",ck sopandi bari ngiceupan icha.
"gentos heula acuk ahh ibak heula kan bade aya Dicky srng Rindu ari ayah....",ck icha.
"Hoyong di ibakan ku bunda'',ck sopandi bari beungeut na antel kana bengeut icha.
"Eeeehhh ayah ulah cium2 bunda....ieu mah bunda na Naya...nakal ayah mah",ck Kanaya bari nyurungkeun beungeut bapa na.icha seuseurian ningali sopandi anu pura2 ceurik jiga budak di carekan indung na.
Ker kitu....
"Assallamualaikum....'',Sopandi jng icha ngalieuk.
"Waalaikum sallam'',tembal dua nana.
"Hey dick,Rindu sok kadieu2 ...."ck sopandi bari nitah Rindu jng Dicky diuk.
4an ngariung di ruang keluarga Sopandi,icha,Dicky,Rindu,kanaya jng budak Rindu lalaki umur 2taun ngaran na Dicry, gabungan Dicky jng Rindu.
"Kumaha gs di siapkn hadiah jng mamah teh dick?"ck sopandi nanya ka Dicky.
"Beres ieu di bawa ku saya",ck Dicky bari ngaluarkn amplop coklat.
Amplop di tampanan ku sopandi tuluy di buka sopandi ngaluarkn eusi na bari ungut2an.
"Icha Rindu cing siapkn lah makanan na lapar yeuh...",ck Sopandi bari nangtung muru ka ruang makan di tuturkeun ku nu lian.teu lila torojol indung na sopandi kakara balik ti pengajian rutinan ningali anak incu na ngumpul atuh kacida atoh na langsung ngumpul di meja makan,
"Aya acara naon ieu asa beda icha jng Rindu masak na kumplit?" Ck indung na bari rurat reret kana meja makan.aya gurame asam manis,aya bistik daging sapi,sambel goreng kentang,jng nu sejena.
"Mam....abdi sadayana murangkalih mamah seja ngahaturkeun nuhun kana perjuangan mama salami ieu...dinten ieu mama nambihan yuswa anu ka 17",ck dicky ngaheureuyan indung na.salera saleuri...
"Kumargi kitu abdi sareng rayi2 anu aya di dieu bd maparin sakedik ka nyaah abdi kanggo mamah,mangga di uninga an",ck dopandi bari ngasongkeun amplop warna coklat.di tampanan ku indung na,tuluy di buka....indung na olohok nempo tiket umroh plus jeng tiket jalan2 ka eropa salila sabulan.
"Ieu....kanggo mamah....teu salah ieu teh barudak?",ck indung na bari nyalngkrung cai panon.
"Muhun kanggo mamah,teu sabanding saleres na srng ka nyaah mamah kanggo abdi sadaya",ck Dicky bari ngaranggem ramo2 indung kukut na.
"Nuhun ...anak2 mamah...pdhal teu kudu kikieuan,ningali aranjeun sukses jng bahagia ge mamah mah gs sugema",ck indung na dareuda.peuting eta sarerea suka bungah minantu awewe marantuan ngepak barang2 ari sopandi jng Dicky ngalobrol diluar bari ngangin.
*****************
Di RS international of Singapure di kamar vip....
"ayeuna anjeun bisa balik ka indonesia kusabab dr gs mastikeun anjeun gs cager sanajan can 100%", ck dr ka pasien awewe anu diuk dina korsi roda.
"nuhun dr kuring yakin kuring lain awewe anu 5taun katukang deui,kuring ayeuna awewe anu beda moal aya anu kenal ka kuring,nuhun oprasi plastik ieu sangat memuaskan",ck eta awewe bari imut.
isuk na di bendara soekarno hata awewe gelis anu pangawakan kana jangkung leunjang teh ngadorong koper anu lumayan gede,di jemput ku lalaki tengah tuwuh tapi masih keneh gagah kaciri dina papakean nana jelema aya,
"pah kak hilmi teu jemput nia?", ck eta awewe geulis teh ka bapa na.
"hilmi nungguan di mobil nia,hayu atuh urang langsung we mulang",ck bapa na langsung ngagusur koper anak na kana mobil.
di parkiran gs nyampak hilmi lanceuk na meni olohok ningali adi na,
"Tania eta bener anjeun?",cenah bari olohok.
"hehehe pangling nyaaa....nya ieu tania adi akang",ck tania bari seuri.
"wooowww hebat pisan....moal aya nu nyangka eta kamu Tania",ck hilmi lanceuk na Tania.
"balas dendam akan segera di mulai kita hancurkan keluarga sopandi,Tania menta bantuan akang jang ngancurkeun kulawarga eta",ck Tania bari leungeun na meureup ti pepereket.
teu kacatur di jalan na Tania,bapa na jng hilmi tepi ka imah na anu gedong sigrong di jero imah Tania lujag lejeg di kamarna,breh foto2 na langsung di kakatan tuluy di balangkeun siga anu ijid,
"slamat tinggal kenangan kelam jng menyakitkan,Dicky....Rindu...tungguan wawales tikuring",ck Tania.
hilmi seuri tukangeng Tania,
"ti semet ayeuna kudu gantingaran,sok pikirkeun dk make ngaran saha ke ku sy di ganti kabeh identitas anjeun",ck Hilmy bari nangkeup adi na.
"hhhhhmmmm kumaha lamun clara?jiga dr anu ngoprasi sy di Singapura?",ck Tania.
"oke...slamat datang Clara ....urang ngalaksanakeun dendam kamu anu gs katunda salila 5taun,kalem we ku sy dibantuan....hahhaa",ck hilmi
Tania alias Clara seuri bari gs kabayang strategi pikeun ngancurkeun kulawarga Dicky jng Rindu.
Isuk na Hilmi jng Tania nepungan babaturan nana nyieun identitas palsu jng Clara alias Tania ti mimiti KTP,SIM jng Pasport.beres malsukeun identitas dua nana make mobil muru kota bandung,Hilmi teh kakara kaluar ti penjara kasus narkoba maneh na bandar besar kapercaya an ti bandar anu di sigapura.ari Tania mah sangges maneh na ngalaman kacilakaan di Bandung 5 taun ka tukang maneh na koma salila 2 taun,beungeut Tania ancur kulantaran kagasruk aspal basa kacilakaan tea ngalaman lumpuh tapi lantaran di pindahkeun ka RS Singapura maneh na bisa cager deui tur beungeut na anu ancur urut kacilakaan bisa di oprasi plastik.
Beungeut na robah pisan ayeuna maneh na siga artis korea park shyn hye,beak biaya lain saeutik bapa na Tania anu ngarasa salah nebus dosa na ku ngagugu sagala kahayang Tania,sampe ngorbankn pamajikan nana sorangan anu kudu na di oprasi pasang Ring dina jantung na teu di gugu malahan ngoprasi anak na ka singapura,akhir na indung na Tania maot akibat gagal jantung.
5 taun gs kaliwat Tania nincakeun deui suku na di kota Bandung gs loba anu robah maneh na ngerenkn mobil na di hareupeun imah sopandi anu gs di rombak ku sopandi jng Dicky anu 5 taun katukang mah hiji bangunan gede ayeunamah di jieu 2 pagigir-gigir aya 2 panto jng 2 garasi mobil tapi masih nyambung ka imah utama anu di cicingan ku indung na Sopandi.harita Tania muka keun kaca jandela mobil na,
"Cik cobaan maraneh na apaleun moal ka kamu Clara ?"cek Hilmy bari muka kaca mata hideung na.
"Oke....saat nya beraksi",ck Clara alias Tania bari turun tina mobil.
Asup ka pakarangan imah maneh na yakin eta imah sopandi langsung keketrok kana panto...
Bray panto muka kaluar awewe saumuran maneh na Tania yakin eta icha,
"Puntn abdi ti bank bade nawisan bp Sopandi perkawis asuransi?" Ck Tania pinter pisan.
"Mmhhh bapa jam sakieu mah masih di kantor bu jam 5an nembe uih",cek Icha bari molohok ka awewe geulis anu nangtung hareupeun maneh na,make rok mini kulit bodas jiga artis make kaca mata hideung.
"Nya ari kitu mah kuring permios...ke kadieu deui upami bapa tos uih,mangga atuh",ck Tania bari malik ninggalkeun icha anu olohok mata simeuteun.
"Geulis2 teuing eta awewe teh...tapi naha nya asa apal kana sora na jiga sora sahaaaa nya?" Ck hate icha bari melongkeun awewe anu asup deui kanu mobil.gs kitu mah asup deui we ka imah bari mawa teka teki dina hate na.
Basa icha kaluar ti imah eta mah Hilmy meni olohok ningali ka icha,"wow geulis pisan pamajikan si sopandi teh'',ck Hilmy.
pas Tania asup deui kanu mobil,Tania seuri ngabarakatak,
"Hahaha bener si icha teu wawuheun ka kuring kang",ck Tania.
"Tah awewe geulis tadi bagean akang nya?" Ck Hilmy ka Tania bari kucap kicep gumasep,ku Tania di ciwit gadona,
"Garaaappppp...", Cenah bari leungeun na mere isyarat ka Hilmy,biur we mobil teh ninggalkeun imah Sopandi muru ka palebah taman sari muter ka daerah babakan siliwangi basa baheula Tania kost 5 taun katukang.
H A N C A
#BALEBAT_TIBEULAH_WETAN (BTW)
Bag.2
Kengeng Andhyn
JEBAKAN
5taun ka tukang Tania anu ayeuna jadi Clara nitip keun buah hate na Alexandra ka ibu kost tempat maneh na cicing harita Tania mere duit anu cukup gede ka bu yuyum ibu kost tea kabeneran anak bu yuyum gs garede gs marisah atuh kacida atoh nya bu yuyum harita,katambah bayi Alexandra lucu jng geulis pisan.basa Tania cilaka terus di bawa ka Jakarta ku bapa na bayi Alexa di tinggalkn di bu Yuyum bari jng teu aya kabar2 na acan ti Tania sidik tania ker koma.
Ges rada robah tempat kost an teh ayeuna beuki gede beuki luas tuda tempat deket jng puser kota katambah loba barudak mahasiswa jng pagawe anu cicing di lingkungan eta.
Panto gerbang di sorongkeun ku Clara sirah na luak lieuk nitenan sabuderen imah kost an tetela sepi jiga na marasih keneh di luar keneh anu nyicingan kost an teh,sup asup ka buruan kostan ayeuna makin loba kamar na jiga na di bangunan deui ku nu boga na,kerkitu aya ibi2 kersasapu di sampeurkn ku Clara,
"Bi ari bu yuyum aya ?" Ck Clara.
"Bu yuyum anu mana nya neng da sakapendak bibi teu aya anu ngekost nami na bu yuyum",ck eta si bibi
"Anu gaduh kostan ieu bi piraku teu apal?",ck Clara kerung.
"Neng lepat panginten anu gaduh kostan ieu mah koh jemy,tos 4 taun bibi ngiring ka anjeuna,dupi neng timana kitu?"ck si bibi nanya ka Clara.
"Ke..ke..ke...ari bu yuyum kamana nya?",ck Clara acuh di tanya teh.
"Ohh anu gaduh kost an ti payun saur namah ngalih ka daerah banjaran neng,tpi bibi teu terang daerah namah",ck si bibi bari mencrong ka Clara.
"Nya gs atuh nuhun we",ck Clara bari ngaleos indit mawa hate anu rajet,tdi namah hayang nyaho anak na siga kumaha mun bisa dk di cokot deui ka bu yuyum kumaha we cara na.
Geblug panto mobil di tutupkn semu tarik,hilmy olohok tarang na kerung nempo kn adi na ambek2an.
"Si yuyum gs pindah cenah ka daerah Banjaran kuring yakin anak kuring si Alexa ge di bawa kumaneh na",ck Clara bari samutut.
"Gampang urang teang we tapi urang kudu boga heula padumukan mun teu salah kuring boga anak buah di bandung ngaran na yogi ke urang sampeurkn we ...",ck Hilmy bari ngajalankn deui mobil na muru ka palebah alun2.
Gancang na carita hilmy jng Clara di jeujeuhkeun di apartemen buah batu ku yogi gembong Narkoba di bandung,jelemana ganteng pangawakan jangkung bubuhan turunan bule,Clara rada maling2 ningali ka yogi kitu deui yogi ngan maneh na rada ajrih ka hilmy.
"Kang kuring dek mulai beraksi aahh dk manggihan heula si Dicky jiga kumaha ayeuna?"ck Clara ka lanceuk na.
"Nya atuh jig hati2 we",ck hilmy
Biur Clara alias Tania ngalajukeun mobil na mamprung ka arah riung gunung,tepi ka imah Dicky anu pa gigir2 jng imah Sopandi maneh na nitenan sabuderen imah Dicky,ker kitu reg eureun motor dines polisi pasti Dicky ck Clara dina hate maneh na buru2 nyampeurkeun ka lalaki tadi nyaan we Dicky anu kakara muka helm na.Clara ngadeukeutan Dicky pok nanya,
"Puntn pak bade tumaros?",ck Clara
Dicky rada rewas oge can ge acan turun tina motor gs di samperkn awewe geulis make span pondok kulit koneng umyang buuk panjang jeng beungeut na geulis jiga artis korea.
"Muhun teh aya pikersaeun naon nya?" Ck Dicky
"Abdi Clara ti asuransi pak aya penawaran khusus kanggo anggota Polri srng Tni puntn pak di uningaan heula",ck Clara bari sura seuri biwir na semu di gegel saeutik.
Dicky rada ngahuleng,
''mangga atuh di rorompok we kaleresan abdi nembe pisan dugi ieu teh",ck Dicky asa ratug jajantung na kusabab ningali beunget Clara anu manja jng ngagemeskeun katambah papakean Clara anu sexy kameja bodas na ipis jeroan nana bisa katingali ku Dicky.rada ngabalieur Dicky teh tapi Clara imut bari manggut ka Dicky.
Dicky asup ka imah di papag ku budak lalaki leutik keneh bari lulumpatan mawa bebedilan "Ayah tos uih Ayah sareng saha?"Cenah bari bari ngagabrug bapa na tuluy melong ka Clara anu ngajanteng gigireun bapa na.
"Mama...mama...ngadamel cai 2 mah" ck Dicky ngageroan pamajikan nana Rindu,torojol Rindu datang bari colohok ka Clara.
"Nepangkeun abdi Clara ti perusahaan asuransi ibu...",ck Clara bari ngasongkeun leungeun ka Rindu,Rindu nampanan leungeun Clara masih olohok ningali awewe geulis anu ngaku na petugas asuransi.
"Sok ngadamel hla cai mah",ck Dicky ka Rindu.
"Oh muhun sakedap",ck Rindu bari ngaleos ka dapur nyokot cai 2 gelas.
"sok calik heula neng Clara ",ck Dicky
jiga na abdi moal lami pak Dicky puntn seuer keneh bujengen mung nyungkeun no hape srng no WA na we ke ku abdi di hubungi via tlp",ck Clara bari ngaluarkeun hape tuluy nyatet no hape Dicky.gs kitu Clara kaluar di tuturkeun ku Dicky sangges sasalaman Clara api2 ti jalikeuh atuh awak na replek di tampanan ku Dicky bluk kanu dada Dicky meh antel ngahaja di antelkeun dada Clara anu menang ngaoprasi anu matak muringkak kaum adam anu ningali,
"aduh puntn pak Dicky...",cenah bari ramo na ngaragamang dada Dicky anu jadi degdegan teu puguh,
"oh teu sawios neng clara....",ck Dicky nyumputkeun kareuwas na.
"permios pak ke ku abdi di hubungi deui",cenah bari ngiceupan sagala,Dicky imut bari nutupkeun panto gerbang iman na.
bari asup ka imah Dicky ngabayangkeun ka jadian bieu,da normal Dicky teh ningali awak Clara anu padet sexy matak jiwa kalakilakian na ngagolak,komo ngangseu seungit awak na Clara jng ningali biwirna anu beureum matak deungdeuleun wae.di gebah ku Rindu anu kakara datang mawa cai luak lieuk ka luar bari pok nanya,
"kamana ayah tamu teh?",cenah bari haben we ningali kaluar.
"teu jadi cenah nawaran asuransi na da ku ayah di tolak kan gs aya asuransi kantor",ngadak2 Dicky ngabohong ka Rindu.bari ratug jantung na teuing ku naon.ari Rindu tuluy asup deui ka dapur dek nyiapkeun dahareun keur salakina.
Dicky ngahuleng kabayang keneh lemes na leungeun Clara jng awak na anu antel kana dada na teu sadar leungeun na ngaragamang kana hape ngadagoan kabar ti Clara.belenyeh maneh na seuri......
*************
icha kaluar ti imah rencana na dek blanja ka supermaket bari ngajak anak na kanaya jalan2,gs pesen taxi gulusur taxi mawa icha ka puser kota teu nyahoeun icha mah ti tukangeng aya mobil anu nuturkeun eusi na jajaka gandang anu taya lian ti hilmy lanceuk Clara,taxi eureun hareupeun supermarket gede icha jng anak na turun tuluy asup ka supermarket kitu deui Hilmy sangges markirkeun mobil na langsung nutur2 icha anu ker ngadodorong troli di supermarket,
Kanaya budak leutik anu kermeujeuh na aktif hiji waktu basa icha ker milihan susu jang kanaya jiga na budak teh lumpat ka bagian permen2 ker anteng we ngacak2 permen gep leungeun leutik na aya anu nyekel,
"Anak cantik mau permen?" Cek eta lalaki.
"Mau.....",cek kanaya.
"Ayo ikut om...",cenah bari nungtun kanaya.
Icha anu kakara sadar anak na eweuh gigireun na reuwas lulumpatan neangan anak na kanu lorong2,bari gegeroan ka anak na,
"Kanaya sayang.....dimana nak....kanaya....",tapi lebeng eweuh,mata na mimiti panas ku cimata anu mimiti murubut maseuhan pipi,bakat ku panik icha akhir na ruwah riwih bari nanyakeun ka jelema anu pasangrok jeng maneh na,
"Kanaya....kanaya....anjeun di mana....?"
H A N C A
#BALEBAT TIBEULAH WETAN (BTW)
Bag.3
Kengeng Andhyn
DENDAM ANU LAKSANA
Icha ruwah riwih lapor ka patugas scurity super market ges cul we kana balanjaan mah,maneh na kacida sieun di salahkn ku sopandi, ku petugas jng pagawe supermarket pd ngupahan sangkan icha tenang heula maneh na sina diuk jng pada ngabeberah,icha ceurik bari nutupan beungeut na kerkitu torojol lalaki gandang kasep nuntun kanaya...nyampeurkeun icha bari ngajingjing boneka gede,
"itu mama ade...?",ck eta lalaki bari cingogo nangkeup kanaya,
"bunda....kunaon nangis....?", tanya kanaya ka icha anu ker ceurik nutupan beungeut na,icha cengkat pas ningali Kanaya gabrug icha ngagabrug anak na di tangkeup tipeupeureket,
"sayang timana cinta bunda ? bunda milarian tapi sayang na teu aya tos timana ari kesayangn bunda..?",cek icha bari nyiuman pipi Kanaya anu tembem.
"puntn ibu tadi putri ibu nuju papah nyalira teras ku abi di candak di salabarkeun mung nembe ninggal ibu nangis ari saur petugas scurity ibu kaleungitan murang kalih,leres ieu putri ibu...?",ck Hilmy nyandiwara padahal mah maneh na anu nyumputkeun kanaya tadi.
"oohh muhun pak ieu kanaya murangkalih abdi,hatur nuhun pak hatur nuhun pisan...",ck icha bari nyusutan cipanon dina pipi na.
"teu sawios bu ieu boneka hadiah ti abdi tadi de kanaya hoyong saur na",ck Hilmy bari ngasongkeun boneka gede ka icha,tuluy maneh na ngaleos bari dadah heula ka Kanaya,icha ngerenkeun Hilmy niat na nya hayang nganuhunkeun,
"pak puntn sakedap ...kersa teu upami sakedap abdi bade neraktir bapa makan siang sekedar kanggo nganuhunkeun parantos mendakan Kanaya",ck icha daria.
"mmmhhhh...mangga wae kaleresan abdi ge tadi na emang bd makan siang,oh muhun kenal keun nami abdi jimmy",cenah bari ngasongkeun leungeun,gap di tampanan ku icha, "icha",cenah.
"mangga atuh urang makan siang di mana?",ck Hilmy anu ngaku ngaran na Jimmy ka icha.
"teu langkung bapa mangga ngiringan...",ck icha imut.
"aduh ulah nyebat bapa atuh da abdi masih keneh anom kumaha lamun 'jimmy' we...",ck Hilmy ka icha,
"ahhh piraku nami hungkul,abi nyebat 'akang Jimmy' we atuh nya?",ck icha bari imut matak deungdeuleueun.
"owh muhun mangga,hayu atuh",ck Hilmy bari miheulaan indit ka luar muru restoran anu aya di deket supermarket.
sangges paresen dahareun tiluan dalahar,kanaya di huapan ku icha,
"bener2 geulis si icha teh...",ck gerentes hate Hilmy bari ret2 we kanu beungeut icha,icha ge ngarasa lamun Hilmy maling2 wae neuteup ka maneh na tapi icha api2 we bari ngahuapan anak na.beres dahar icha di anterkeun ku Hilmy make mobil na di jero mobil icha ngabetem we serba salah jaba Hilmy lalaki anu pinter mikat hate awewe ngaruntagkeun benteng pertahanan icha anu weweg.bari nyetel lagu2 Romatis Hilmy ngajalkn mobil na lalaunan,
"palih mana nya bumi teh?",tanya Hilmy api2.
"owh Riung Bandung bloc C17",ck icha bari tungkul.
"tiasa nyungkeun no WA na bilih aya nanaon abi ke kantun menghubungi icha",ck Hilmy bari imut.
"aya nanaon kumaha kang",ck icha neuteup Hilmy.
"nyaaaaa bilih...tiba2 kangen pengen ketemu teras makan2 jiga tadi....?",ck Hilmy bari neuteup sakilas ka icha,riak beungeut icha ngadak2 beureum euceuy luk tungkul bari api2 nyiuman sirah Kanaya anu sare tibra dina lahunan nana.
tepi kaburuan buru2 icha kaluar tina mobil Hilmy bari mangku Kanaya,sangges nganuhunkeun icha buru2 asup ka imah bari ratug jajantung na jol2 hayang sura seuri sorangan lamun inget 'jimmy' anu kasep,anu bager anu sopan.....'tring' hape na di sada buru2 di buka paroman nana marahmay pas nyaho WA anu asup ti jimmy,
"wajah mu mengubah seluruh dunia ku", cenah sakitu WA ti Jimmy tapi icha peureum ti pepereket bari nagkeup hape na,teu langsung di balesan kalah ka haben we di baca bari sura seuri,gs rada lila kakara we maneh na ngabalesan WA ti Jimmy,
"gombal", cenah
"beneran,sampe detik ini wajah mu melekat erat di pelupuk mata ku ...",ck Hilmy alias Jimmy.
"terus we ngagombal",ck icha deui ti dinya terus we silih balesan WA bari isuk na janjian deui papanggih di rumah makan anu tadi.
teu karasa gs sore waktu na Sopandi balik,icha malah ngadaplok we ngoprek hape na nepika cul masak jng ngurus kanaya.
"bun ....teu masak ieu teh?",naha meja makan masih kosong?",ck sopandi bari muka baju na,
"teu raraos yang...?",ck icha bari api2 peureum hayam.Sopandi seuri bari tuluy ngaleos ka luar kamar,
"wios ayah bikin mie instan we...",ck sopandi bari tuluy nyieun mie dekul we dahar mie sorangan dina meja makan.
peuting na icha sare tiheula nukangan Sopandi salakina waktu leungeun sopandi ngaragamang kana punduk icha,icha ngepeskeun lalaunan,
"yaannggg kan bunda nuju teu raraos engke deui nya....",cenah bari blug nangkuban.sopandi ngan bisa olohok tara biasana icha nolak ajakan maneh na tapi naha peuting ieu icha asa beda,kitu pikir sopandi tungtungna maneh na sari bari nahan ka kesel kusabab sare di tukangan ku icha.
***********************
'tring....tring...",aya WA asup kana hape Dicky bray di buka foto na hiji awewe geulis make baju mini sexy matak Dicky neureuy ciduh,
"malam pak Dicky..kapan kita bisa bertemu?",cek WA ti Clara.
''Besok boleh jam makan siang,tempat nya nanti saya serlok ya",ck Dicky bari ngabayangkeun beungeut Clara anu geulis.awak na anu bohay kulit anu hejo carulang buuk na seungit panon na anu cureuleuk gs ngahipnotis jiwa lalaki Dicky,
Dicky lalaki anu normal ningali pesona anu di tawarkeun ku Clara.
peuting harita Dicky sare teu tibra teuing kunaon jiga anu guling gasahan teu puguh asa hayang gera isuk we,Rindu anu ngagoler gigireun na ningali salaki na guling gasahan nangkeup salakina ngusapan dada Dicky tapi ku Dicky leungeun Rindu di cekelan bari di cium nyumputkeun kasalahan hate na,
"bunda....gera bobo nya",cenah bari ngecagkeun leungeun Rindu,
"ayah tatadi guling gasahan wae kunaon sih?",ck Rindu nangkeup Dicky nenden sirah na dina dada dicky.
"ayah aya kasus anu menguras energi srng tenaga pikiran ayah...",ck dicky ngabohong.
"oooooohhhhh kasus naon iihh...",ck rindu,
"aaahh tos bobo enjing bilih kasiangan",ck Dicky nutup obrolan ku nyium tarang Rindu.
isuk na Dicky manggihan Clara di pujasera pas jam makan siang,Clara dangdan geulis pisan make baju beureum anu ketat meulit awak na anu peupeul buuk na di rembay keun minyak seungit ka angseu matak betah anu deukeut jng maneh na,mata na Clara anu jiga bentang tengah peuting matak betah lalaki anu melong kana beungeut na,
"halooww pak Dicky...",ck Clara pas amprok jeng Dicky bari ngasongkeun leungeun,gep ku Dicky di tampanan seeerrrrr aya setrum anu katarima ku leungeun Dicky,rada gugup Dicky nyinghareupan Clara anu make baju beureum kerah renda hideung lucu pisan mapaesan dada na.di heunteu2 ge Dicky kapanting birahi ku penampilan Clara anu sexy jaba bahasa tubuh Clara anu luwes matak nyieun Dicky ngadak2 dad dig dug.
beres dahar Clara ngajak ka tempat karaoke anu masih sakomplek jeng pujasera etamah Dicky jiga munding anu di cocokan irung na nurut we basa clara nungtun leungeun na asup ka room karaoke anu poek,di tempat karaoke sarah muterkeun lagu2 anu romatis bari nangkeup awak Dicky Clara ceuceulewengan nyanyi harita pikiran Dicky gs poek....poek ku nuturkeun hasrat lalaki na anu kataji ku cangkang na Clara anu alus bari teu ngariksa kumaha jero na.
waktu 2jam asa sakeudeung jang jelema anu ker marabok asmara jiga Dicky,maneh na izin ti kantor dek nguruskeun kaperluan Asuransi cenah maneh na ngahaja make baju biasa teu make saragam polisi.
harita Dicky poho ka kulawarga aya dina pangaruh Clara anu lihay nyieun Dicky jadi lalaki anu ker kaedanan ku awewe,awak Clara gs ngahipnotis alam sadar na anu ayeuna aya dina pikiran Dicky ngan hiji kumaha carana manjangkeun petualangan liar na jng Clara.
Di imah Rindu ijigimbrang gs lieuk deui lieuk deui biasana salakina sok bebeja heula lamun aya tugas luar atawa naon wae ge ari ieu gs peuting Dicky eweuh balik hape nage teu aktif,deungeun sangu gs tariis deui masih ngabarak dina meja makan,anak na Dicry gs ngaeh wae hayang maen pepestolan jng bapa na ku Rindu di olo sangkan sare heula,tungtung na eta budak lalaki teh sare kacapean dina korsi bari ngadagoan bapa na.
jam 2 subuh Dicky kakara balik panon na beureum bangun anu kakara hudang barang tepi ka imah 'brug awak na langsung nagkuban dina tempat sare teu muka baju2 acan langsung sare ngaguher,Rindu anu ningali salakina jiga kitu pamikirna gs cape ku tugas di kapolisian matak na maneh na biasa we,padahal harita Dicky gs lalayaran ngambah sagara asmara anu dilarang ku agama jng Clara,tarikna ajakan jng rayuan Clara ngaruntuhkeun pertahanan iman Dicky,ngaran2 na manusa anu teu sampurna ari di akalan wae mah gening benang oge,Dicky sare bari seuri kajadian bieu jng Clara nepika kabawa2 impi sagala.
Clara balik ka apartemen buah batu gs ampir subuh langsung asup ka kamar na tuluy cucul2 muka an baju na ganti ku baju kaos jng calana pondok,tuluy ngaluarkeun rokok tina kantong na ngelepus udud bangun anu ngenah breh deui kajadian jng Dicky bieu di hotel dago rayuan maut na bisa nalukeun Dicky lalaki anu dipikacinta na ti baheula ayeuna gs aya dina gengaman nana,bari niupkeun hasep roko ka luhur Clara seuri bangun anu puas....
"Rindu......tungguan sakeudeung deui maneh bakalan ancur....ancur sahancur2 na tungguan tanggal maena...hahahha....",ck Clara bari regot nginum minuman keras bermerek mahal,kelepus deui udud bangun anu nikmat,tuntung na awak na ngagoler dina sopa nepi ka panon poe nyirororot ka luhur oge awak na masih keneh ngarengol dina sopa.
hudang2 teh basa aya tlp asup kana hape na barang di tingali waktu gs nunjukeun jam 3 sore,anu nelepon teh Dicky aya meren 7X panggilan tak terjawab Clara seuri tuluy hape di cokot tina meja,
"haloo sayang...ada apa?,hhhhmmmm masih kangen aku ya?....sama lah aku juga nanti malam kita ke clubing yuukk,iyah....refresing sayang....iyah....aku tunggu ya,mmuuuaaacchhh",cenah bari nutup hape na,tuluy maneh na hudang asup ka kamar mandi sangges beres mandi maneh na dangdang make baju anu serba ketat jng pondok tuluy ngarawel konci mobil muru ka dago dek manggihan deui Dicky anu mimiti ka edanan ku Clara.
H A N C A
#BALEBAT_TIBEULAH_WETAN
Bag.4
Kengeng Andhyn
PAKUCRUT
Jelema lamun kr aya di alam impian maneh na pasti poho ka alam nyata na,kitu deui Dicky polisi muda anu tadi na hirup na teu neko2 di eutreupan setan mah gening robah.
Rindu mimiti ngarasa curiga ka salaki na anu biasa na balik dines Dicky gura giru muru balik ayeunamah eweuh pisan,Dicky kadang tara balik ka imah na lamun di tanya ku Rindu pasti maneh na ambek2an nyebut Rindu teu ngarti ka propesi salaki cobaan rumah tangga mimiti datang di kahirupan Rindu jng Dicky.
Saminggu,2 minggu Rindu masih keneh sabar anu nyieun maneh na sedih nya eta anak na anu masih keneh leutik tiap sore hayang main perang2an cenah jng Ayah tapi kan Dicky nage gs jarang balik,asik ngagugulung Clara ngalajur nafsu ngumbar amarah teu mikirkeun anak pamajikan anu aya dina pikiran nana ngan kasenangan sorangan.
Teu karasa ngaco na Dicky gs nincak 3minggu ngaguyer jng Clara di apartemen bakat ku panas hate Rindu nyewa tukang ojeng jng ngukuntit Dicky,maneh na nitip kn anak na ka icha.
Harita Dicky di jemput ku Clara make mobil tuluy duanana muru ka daerah dago ku Rindu di tuturkeun bari hate na panas heheaban teu karasa cipanon nyurulung maseuhan pipi inget baheula Dicky ka cida nyaah ka maneh na jng anak na kitu deui ka adina anu ayeuna gs teu aya di kieu na,adi na Rindu nyaeta Ridwan taun ka 4 maneh na kawin jng Dicky maot kulantaran panyakit hidrosepalus na tos stadium 4,ayeuna Rindu pahatulalis maneh na ngan boga kulawarga Sopandi jng Dicky salakina,inget ka sopandi maneh na aya niat dk bebeja ka Sopandi anu jadi lanceuk kukut na maneh na sina jadi saksi kalakuan Dicky ayeuna,teu di engke keun Rindu nga WA sopandi bebeja dk aya penting menta di susul cenah ka hiji tempat,tadi na sopandi nanya aya naon cenah tapi ku Rindu teu di jelaskeun ngan menta di tuturkeun we cenah.
Mobil anjog ka hiji gueshouse anu nyengceling Dicky jng Clara kaluar tina mobil bari silih rangkul,Rindu ningalikeun bari mata na jibrug ku cipanon maneh na turun tina motor bari papadon ka tukang ojeg nitah ngadagoan cenah sakedeng,tukang ojeg ngan nga eunya keun we.
Sup ka penginapan anu gs di sewa sabulaneun teu nolih kana nanaon dua nana papuket silih cium,silih rampa di ruang tengah keneh nafsu gs ngagugudur maklum di bantuan ku setan atuh,Dicky jng Clara ngalepaskeun baju na hiji2 bari teu leupas silih cium...gubrag awak Clara di gubragkn dina sopa anu hipu langsung awak na di tindih ku Dicky ker anteng papuket...."hiuk jelebet" Dicky aya anu neunggel puhu ceuli na,gebeg dua nana reuwas Clara leungeun na uyap ayap neangan baju jng nutupan awak na,tapi telat baju na di pulungan ku Rindu di asupkn kana tungku/hawu paragi pemanas atawa paragi siduru basa tadi papuket jng Dicky.
Dicky rewas pisan maneh na kakara satengah taranjang nyekelan puhu ceuli na anu ngaluarkn getih balas di babuk ku Rindu.
"Bu....bun...daaa....nuju naon di dieu?",ck Dicky sepa.
"Sia anu eker naon....dasar jelema iblis gs teu inget ka anak pamajikan kalahka ngalacur jng awewe teu puguh...",ck Rindu bari masih nyekel pangpung segede leungeun menang mulung tadi di perapian.
Tuluy maneh na nyampeurkeun Clara anu murungkut dina juru korsi,"habek2" ku Rindu di tampilingan,pas Dicky dk misah habek deui punduk Dicky di babuk ku pangpung nepi ka Dicky mundur.Clara jejerita ceurik nyekelan pipi na ku Rindu di tambahan buuk na di gunyeng nepika Clara kokoceakan,Dicky ngajanteng bingung kudu kumaha ker kitu sopandi asup bari hahehoh da ti luar kadenge aya awewe kokoceakan singhorenganan Rindu ker nyiksa Clara anu taranjang,kasampak Dicky anu setengah taranjang teu kudu di jelaskeun aya naon Sopandi langsung ngarti kana ka ayaan na etamah hiuk jekuk Dicky di tajon& pakebah beuteung na atuh borolooo....awak Dicky ngacleng kana lomari kaca,bangkieung Dicky ngabangkieung bari nyekelan beuteung na,
"Ampun pandy...ampun.....kuring rumasa salah'',cenah bari diuk deku teu sirik na nyembah ka sopandi anu ngahegak nahan amarah panon na beureum.
"Siaaaa......jelema laknat .....",curuk na ngacir kana irung Dicky,koceak2 Clara anu ker di siksa ku Rindu ayeuna beungeut Clara di cakar ku Rindu nepi ka pipina curcer getihan.
"Kang pandi tulungan....tulungan abi kang'',ck Clara ka sopandi,
Sopandi reuwas naha eta awewe anu ker disiksa ku Rindu apaleun ka maneh na da ningali beungeut nage kakara ayeuna,
"Aeh naha maneh apal ka kami" ck sopandi.
"Kang abi Tania dulur akang....abi Tania kang...tulungan abi kang...",cek Tania ceurik bari leungeun na papukis nahan serangan Rindu,sarerea anu aya di dinya reuwas,Rindu ngalesot keun leungeun na tina buuk Clara alias Tania tuluy mundur dua lengkah bari panon na nyidik2 Clara anu ngudupruk bari nyekelan beungeut na anu barared tapak di cakaran ku Rindu,karasana nyanyautan peurih kabina2...
Sopandi olohok Dicky anu ker ngudupruk cengkat tulut ngadeketan Clara kabogohna tea bari ngajengut buuk Clara Dicky ngomong bari semu ngadegdeg,
"Jadi maneh Tania lain Clara?",awewe setan....gs nipu aing salila ieu....",ck Dicky bari nongtak sirah tania alias clara,gubrak awak na ngudupruk dina sopa,
"Sayang....tolong aku...kamu janji gk akan ninggalin aku sayang...",ck Tania ka Dicky anu ker melong ijid ka Tania,
"Teu hayang,sudi najis lamun aing nyaho eta maneh Tania",ck Dicky bari nyiduhan Tania.tuluy malik ka Rindu dk ngagabrug menta di hampura tapi hiuk jelebet awak Dicky di tenggel ku pangpung anu masih aya di dinya.Dicky ngudupruk atuh...
"Haaaa sae nya...anjen ka jebak ku iblis awewe pantes iblis lalaki ngahiji jng iblis awewe na teu hayang aing ningali beungeut maneh deui Dicky...ti semet ayeuna kuring menta cerai talak 3",ck Rindu bari ngalungkeun pangpung kana lomari kaca,boroloo atuh lomari ancur eusina paburantak.
Sopandi asa ngimpi ningali kajadian eta,maneh na teu nyangka dulurna Tania masih nyimpen dendam ka kulawarga na masih ambisi menangkeun Dicky....
"Hayu Ri urang balik jelema2 kitu mah gs teu pantes hirup jng urang deui tong sieun anjeun Rindu masih aya keneh kami lanceuk anjeun anu masih dek ngabelaan hirup anjeun", ck Sopandi bari nungtun leungeun Rindu kaluar,samemeh arindit Mobil Rindu ban na di ruksak heula ku Sopandi,sepion na di jejek nepika ngacleng duanana,gs kitu mah dua nana cing laleos make mobil sopandi,teu poho Rindu mayar tukang ojeg tea anu tatadi nungguan maneh na.
Tania alias Clara ceurik ngabangingik beungeut na langsung bareuh infeksi ku kuku na Rindu buuk na acak2an awak masih keneh bulucun,ari Dicky neunggeulan tehel ka duhung anu teu manggih tungtung nyaliara dina hate na,hirup na anu ker genah2 ngambah rumah tangga jng Rindu ancur ku datang na Tania anu ngagoda maneh na.awak na anu ringsek balas di siksa ku Rindu jng Sopandi leuwih nyeri hate na anu gs kabayang kumaneh na rumah tangga ancur,duduluran jng sopandi paburantak maneh na teu nyaho bakal panggih deui moal jng anak na,kuniang hudang bari nyekelan dada na aya getih kaluar tina biwir na sangges neangan baju na Dicky kaluar ti eta penginapan,Tania gegeroan ge teu di palire Tania ceurik jejeritan ngudag Dicky muntang dina suku Dicky teu sirik na nagkeup ti peupeureket ku,Dicky di kepeskeun teu di tingali2 acan maneh na ngemprid indit ninggalkeun eta tempat rasa kaduhung minuhan dada,nurutkeun nafsu mawa cilaka....ras inget ka Rindu jng ka anak na gilig Dicky dk balik ka imah na manggihan anak jng pamajikan nana maneh na dk narima kumaha2 na keputusan Rindu pamajikan nana,teu karasa hawa peuting kota Bandung nyeleket kana awak na nembus tulang nepi kana jajantung,sakuat2na lalaki mun aya dina posisi Dicky tangtu bakal ngeclakeun cimata,.....kaduhung mah moal ti heula.....
peuting anu makin jempling Dicky nepi hareupeun imah na,panto gerbang di gembok maneh na ngudupruk hareupeun panto bari nyekel pager panto Dicky nyalukan Rindu tapi lebeng anu di gentraan teu muncul2 duka aya duka teu aya.....
H A N C A
#BALEBAT_TIBEULAH_WETAN
Bag.6
Kengeng Andhyn
HIJRAH KA JAKARTA
Kudu gs kitu we mereun,Soraya skretaris Sopandi salila pelatihan di Semarang cicing di imah Rindu jng anak na Rizky.nyaho Rizky pemuda tanggung anu kakara kaluar sakola SMK di semarang nganggur ku Soraya di tawaran jadi scurity di Bank tempat maneh na gawe.Rizky awak na atletis jangkung seseg puguhan maneh na atlit judo katambah aktif di ormas bina an TNI,moal aya anu nyangka lamun Rizky kakara kaluar SMK.beungeut kasep hideung santen ngala ka Rindu loba pisan awewe anu ka edanan ku Rizky.
Harita Rizky gs siap indit ka Jakarta bareng indit na jng Soraya,sangges pamitan ka Rindu bral we Rizky jng soraya naraek bes indit sore supaya isuk beurang Rizky bisa ngahadeup ka bag personalia.
Gancang na carita Rizky gs tepi di jakarta maneh na langsung di gawe di bank Swasta bareng jng Sopandi jng Alexa.bubuhan di asupkeun ku orang dalam nyaeta Soraya Rizky teu hese jadi scurity di bank eta.poe kahiji Rizky di gawe karyawati bank loba anu cing karecewis hayang kapuji ku Rizky.sabener na Soraya ge naksir Rizky ngan manehbna masih keneh jaga jarak da rumasa Soraya gs aya umuran nyaeta 28 ari Rizky kakara 18taun.
Alexa barang ningali Rizky meni olohok,awak Rizky anu atletis dada na anu ngeusi katambah otot leungeun na anu ngajadi nyieun Alexa kapincut ku Rizky.bari leumpang guplak giplek Alexa lalar liwat mincut hate sang arjuna.benget Rizky anu jiga artis jadul elvis presley nyieun heboh pagawe awewe jng loba pengunjung anu cing kariceup jiga anu kaperumpenan.
"Eca tingali itu scurity anyar mni ganteng...",ck asmi ka Alexa.
"Taruhan eta security bakal bertekuk lutut ka saya",ck alexa PD pedah maneh na geulis,
"Jadi lah ...taruhan lamun kamu menang uang saku saya salila sabulan jdi milik kamu",ck asmi sumanget.
"Oke teu masalah,lamun sy eleh...pek cokot hape saya ipone kaluaran trbaru jdi milik kamu",ck Alexa bari ngasongkeun hape na kana beungeut asmi,
"Deal",cek asmi jng lexa bareng.
****************
"Ayah.....assalamualaikum....",cek Kanaya bari nyium bapana anu ker anteng dihareupeun leptop.
"Waalaikum sallam gadis ayah anu geulis,aya naon cantik jol2 ka kantor ayah? Pasti aya penting nya...",ck Sopandi ngarangkul Kanaya.
"Mmmhhhh....kanaya hoyong ka bali sareng rerencangan nya Ayah....",ck Kanaya bari nyoo dasi bapa na.
"Naa libur kuliah kitu?",ck bapa na neuteup deudeuh ka anak na.
"Muhun saminggon libur aya seminar...,ya yah nya",ck Kanaya ogo.
"Nya di tinggal heula sareng saha2 na teras wawartos ka bunda wios bunda ke anu nlp orang tua temen2 kanaya,bisi ubrang abring sareng temen anu teu puguh,ayah alim Kanaya ka candakeun teu leres",ck bapa na bp nyiwit pipi Kanaya.
"Oke...bisa di pertangung jawabkan,da mamah na temen Kanaya ge mau kumpul dulu di rumah naya",ck kanaya nangkeup beuheung sopandi.
Ker kitu Aya anu keketrok kanu panto,
"Masuk'' ck sopandi bari angger we di ciuman pipi na ku Kanaya anu ogoan gs gede ge.
"Maaf pak maaf saya memngganggu bapa",ck scurity anyar nu taya lian ti Rizky beungeut na beureum,geneuk ningali Kanaya ker nyiuman sopandi,teu apalan eta teh bapa jng anak.
"Oohh tenanaon sok masuk aya naon?",ck Sopandi melong ka Rizky,
"Owh kamu security anyar nya,saha ngaran teh?",
Ck sopandi nanya bari mencrong ka Rizky di jero hate na ngagerendeng,'mni kasep2 teuing satpam teh jng asa jiga saha nya beungeut na',ck dina jero hate sopandi.
"Muhun pak abdi Rizky security enggal bade nyanggakeun berkas kanggo di tawis ku bapa,piwarang di antosan ku abi bd di candak deui",ck Rizki bari ngasongkeun berkas2.
"Owhh nya sok diuk heula ...",ck sopandi bari mukaan berkas2 tuluy di baca bri di tanda tangan.
Rizky diuk hareupeun Kanaya anu nitenan Rizky bari galecok deuih dina hate na,"aduh mni ganteng kieu asa kakara ningali security ganteng jng kasep", Rizky ngarasa di pelong ku kanaya ngan api2 we maneh na nembongkeun sikap ajrih ka Kanaya.
Pas kaluar ti rohangan pimpinan Rizky di udag ku Kanaya,dina lip ku kanaya di tanya.
"Boleh kenalan?",ck Kanaya wanter.
"Mangga nami abi Rizky",bari ngasongkeun leungeun,gap di tampanan ku Kanaya.
"Kanaya.....abdi putri pk Sopandi",ck Kanaya semu agul.
"Ooowwwhhhhh",ck Rizky.
"Minta no Wa ya...",ck Kanaya.
"Oke mangga",ck Rizky tuluy taruker no hape .
"Kawit ti mana ky",ck Kanaya.
"Ti semarang", ck Rizky.
"Waahh jauh gening",ck Kanaya deui.
Lip ereun dua nana kaluar pagawe maranggut ka Kanaya,tuluy kanaya kaluar ti kantor muru kanu mobil jemputan sopir bapa na gs ngadagoan.samemeh asup kanu mobil gugupay hla ka Rizky bari mere kode ku lengeun 'ke nlp nya', Rizky ngan manggut ajrih.
Tikajauhan Alexa kekerot ningali Rizky akrab jng Kanaya dina hate na maneh na nyieun rencana sangkan Rizky buru2 kapimilik ku maneh na.gening nyaan aya paribasa kolot "teng manuk teng anak merak kukuncungan". Sipat jng kalakuan indung bapa sok nurun ka anak na,darah Tania anu kuat ngalir dina awak Alexa.
Jam 4 waktu balik ti kantor Alexa buru2 muru ka ruangan karyawan neangan Rizky,pas gs panggih Alexa ngaluarkeun jurus acting na,
"Mas Rizky tadi lihat kartu identitas saya yg jatuh gak sekitar mas Rizky berdiri?",cenah bari uman imen manja tea.
"Aduh teu ninggal mba...",ck Rizky kerung nginget2 meren bisi nyaan aya any murag.
"Duuhh kumaha nya jba ning penting",ck Alexa api2 bingung.
"Ke upami abi mendakan di pasihkeun ka emba",ck Rizky.
"Owh muhun nyungkeun no hape na atuh mas",ck Alexa tuluy dua nana silih tuker no hape.
Peting na Alexa api2 nanyakeun deui ka Rizky tuluy tungtung na ngalobrol ka ditu ka dieu Alexa mimiti nyiapkeun perangkap sangkan Rizky kapimilik ku maneh na,Rizky budak remaja atah keneh lambat laun asup kana perangkap Alexa.
Saminggu tiharita Alexa gs bisa nyieun Rizky bogoheun ka maneh na.unggal poe Alexa jng Rizky babarengan, Rizky anu kost deket tempat pagawean nana mineng pisan di samperkn ku Alexa.Rizky anu polos keneh kakara boga kabogoh bubuhan di serang wae ku Alexa eta ge di tempel wae puguh we Rizky runtuh benteng pertahan na.
Alexa play girl maneh na biasa ngulinkn lalaki anu harayangeun ka maneh na modal awak anu alus jng beungeut anu geulis nyieun loba lalaki anu nyeri hate kumaneh na.tapi sabener Alexa kr ngincer sopandi tangtu tujuan nana duit eta mah,maneh na yakin sangges nalukeun Rizky tangtu maneh na bisa naklukeun Sopandi.
Kabeneran Soraya sekretaris Sopandi teu asup atuh Sopandi ngageroan deui Alexa.
Atoh pisan Alexa paribasa namah aya jalan komo meuntas hari ta Alexa dk bener2 ngajalkeun rencana na naklukeun Sopandi.
Kira2 jam 2 sore Alexa api2 jangar sirah na dicekelan bari gegeroan ka Sopandi.
"Pak...pak saya pusing pak...",cenah bari nyekelan sirah na,sopandi rikat nangtung tuluy nuyun Alexa kana korsi sopa nitah Alexa ngagoler.
"Kunaon atuh?can makan atawa kumaha ieu teh",ck sopandi rumpang reumpeng,"ka dr we nya?",cenah bari diuk di gigireun Alexa.
"Teu kedah pak mung puntn rencangan sakedap bilih abi pingsan,upami tiasa ulah dugi ka kapiuhan pak bahaya kanggo abdi",cenah ngomong na lalaunan.
"Nya urang pencetan sugan ...",ck sopandi mencetan sirah Alexa.
Alexa peureum biwir na anu beureum semu muka nangtang sopandi.leungeun sopandi nyasar tarang na tuluy kana beuheun ker kitu gep leungeun sopandi di tewak ku Alexa.
"Pak...",cenah mata na meletet,duka pangaruh naon sopandi ngadeketkn beungeut na ka beungeut Alexa, leungeun Alexa neken beuheung Sopandi narik leuwih deukeut biwir sopandi antel kana biwir Alexa anu muka saeutik nangtang sopandi ngahudangkeun jiwa lalaki sopandi.ku Alexa langsung nyokot keaempatan eta,sopandi anu ka usap korod harita nganter kahayang Alexa budak ngora anu kermeujeuh na seger ranum ngalayanan Sopandi anu gs tengah tuwuh,biwir sopandi mapayan beungeut alexa,leungeun na ngusapan sakujur awak Alexa,nafas ngahegak Alexa ngaharewos ka Sopandi,
"Main di hotel yuk pak..?",cenah di tompokeun kanu ceuli Sopandi.
"Iyah...",ck sopandi bari nahan hasrat lalaki na.
Dada na di surungkeun ku Alexa tapi Sopandi beungeut na napel deui kanu beungeut Alexa...nafas na makin ngahegak jiga anu cape.
" Mun bade hayu ku eca di antosan di hotel",cek Alexa bari ngantelkn biwir na kana ceuli sopandi.
"Hayu ayeuna ku bapa di dagoan,ulah di engke2 bapa gs teu kuat",ck Sopandi bari gura giru mereskeun kertas2 anu balatak di luhur meja.maneh na nyebut kn ngaran hotel ka Alexa.
"supaya teu nyurigakeun sok lexa heula indit ti heula ka hotel ke ku bapa di susul",ck sopandi.
"Iyah pak gak pake lama",cenah bari ngancing2kn kameja na anu tadi awut2an ku sopandi.sangges memener buuk jng dangdanan na Alexa kaluar ti ruangan sopandi buru2 kaluar ti kantor muru hotel anu ku sopandi tdi di sebutkn,hate na kacida bungah na dk menangkeun kakap bos pimpinan bank tangtu loba duit na dek di peures ku maneh na.bari seuri pinuh kamenagan maneh na ngalajukeun mobil muru hotel.
H A N CA
#BALEBAT_TIBEULAH_WETAN
Bag.8
Kengeng Andhyn
Tamiang meulit ka bitis
Tepi ka hotel langsung Alexa mesen room sangges asup ka kamar maneh na dangdan sataker kebek di lipstick,make minyak seungit nepi ka hangru nyisiran beak meren 5 balikan mah,ngabayangkeun bakal "ulin" jng dunungan di alam lalayaran sagara asmara anu di larang ku agama.
Teu lila sup sopandi asup ka kamar nyampak Alexa gs nangkarak dina tempat tidur ku sopandi di deukeutan Alexa api2 peureum hayam,buuk na di usapan tuluy biwir na di cium Alexa langsung nyantok jiga lauk menang parab,ker kitu sopandi beunta ningali beungeut Alexa ngagebeg naha asa ningali beungeut Kanaya sura seuri na runggak ringgek na saparipolah na asa ningali anak na,gebeg maneh na reuwas ngagebeg bray beungeut kanaya nembongan deui,lamun maneh na ker ngagalentoran,ker nyiuman persis Alexa ayeuna,awak alexa di surungkeun ku Sopandi maneh na diuk di sisi tempat tidur bari nyekelan sirah na,
"Kunaon ari aing....naon ieu teh naha dek ngalampahkeun teu baleg ka budak batur,kumaha lamun keuna na ka Kanaya anak aing,karayu ku aki2 macam aing ruksak meureun anak aing,Ya Alloh.....",ck Sopandi bari angger ngajengutan buuk na,
"Ayooo sayang...ayooo main lagi",ck Alexa bari leungeun na nagkeup awak sopandi ti tukang dek mukaan kameja,tapi gep ku sopandi leungeun Alexa di cekel terus di surungkeun,
"Lexa hampura bapa nya tdi bapa kasetanan,sok anggo deui acuk na",ck sopandi dareuda istigfar sabeberaha kali.Alexa ngahuleng awak na anu gs bulucun sapotong di tutupan simbut ku sopandi,tuluy maneh na kaluar samemeh nutupkn panto ngomong heula ka Alexa,
"Mimiti isuk anjeun di pindah kn ka kantor cabang pembantu,teu kudu datang deui ka kantor pusat",cenah bari nutupkn panto ninggalkn Alexa anu teu percaya kana naon anu bieu di randapan ku maneh na jng atasan nana.
Sup kanu mobil Sopandi ceurik sirah na di anteulkn kanu setir kabayang beungeut icha jng anak na Kanaya maneh na mikir kumaha lamun anu di ruksak teh anak jng pamajikan nana,kumaha lamun Kanaya anu ngalaman di gadabah ku atasan atawa ku lalaki durjana,gulusur mobil ninggalkeun hotel muru imah na sajajalan biwir na teu weleh ngucap istigfar seja nyungkeun di hapunten kanu Agung parantos sasar lampah bari jng teu tulus ngagadabah Alexa tpi kaduhung minuhan dada pernah boga niat anu teu uni.sajuruning kitu maneh na ngucapkeun Alhamdulillah gening Alloh masih nangtayungan maneh na ngajait maneh na teu tulus ti gebrus kana jurang kamaksiatan.
*************
Rizky kost teu jauh ti tempat pagawean nana anu boga kost an teh awewe umuran 40 taunan awewe geulis anu masih keneh karenceng dangdanan modern ngan aya hanyakal na dina beungeut na anu lamuir bodas aya tapak hideung ngagaleng palebah pipi na!
Ny Clara anu boga kost an maneh na boga kamar kostan aya 12 pintu,cicing jng anak na awewe SMA keneh geulis ngala ka indung ngan lamunkulit na mah hideung santen,
Harita penghuni kostan heboh basa Rizky nge kost di imah Clara teh,da maklum aya jelema ganteng tambah kasep nge kost di imah maneh na,teuing ku naon Clara jadi hayang nyaho ka pemuda anu jadi bahan omongan barudak anu ngekost di maneh na,
Pasosore basa Rizky kakara balik ti pagawean nana Clara ngahaja ngadagoan pas dek asup ka kamar na ku Clara di geroan Rizky nyampeurkeun eta mah Clara meni olohok ningali budak ngora ganteng teh pantesan cenah mni jadi gujrud penghuni kost an da gening nyaan budak teh kasep,kitu pikir Clara.
"Brondong kasep ieu mah boleh lah jadi cocooan",cek Clara dina hate na.
"Mas penghuni baru ny?" Tanya Clara
"Oohh muhun bu nepangkn abdi Rizky",ck Rizky bari ngasongkeun leungeun sasalaman.
''ngobrol na di lebet we tanteu bade masihan peraturan2 anu aya di tempat kostan tanteu",ck Clara api2,biasana ge tara kitu ka penghuni anu sejen mah,
"Mangga atuh kalebet",ck Rizky bari mukakn panto bray muka sup dua nana arasup ka kamar,kusabab eweuh korsi atuh Clara jng Rizky dariuk nateh dina tempat tidur.
Clara betah pisan ulin di kamar Rizky mni sagala di tanyakeun,sabener na Rizky cape hayang istirahat tapi da kumaha anu nganjang na nu boga tempat kost nya kapaksa we di layanan bari jeng awak cape oge,makin peuting Clara can aya tanda2 edek balik kalah ka makin betaheun ngadongeng we bari jeng tepak toel sagala wani nyiwitan ngoconan Rizky,ker kitu.....
"Aduh Rizky ieu dina coca tanteu aya anu lebet cing pang niupkn",ck Clara bari ngasongkeun beungeut na ka Rizky barang gs deket gerewek beuheung Rizky di tangkeup rada lila kerkitu bray panto muka kasampak Alexa ngajanteng olohok mata simeuteun ningali Rizky ker ditangkeup ku Clara teu antaparah deui Alexa ngajengut buuk Clara tuluy di suntrungkeun kanu kasur atuh Clara ngajerit bari nyekelan buuk na anu murudul.bari melak cangkeng Alexa nyarekan Clara bebeakan,
"Dasar nini2 teu boga ka era ngarayu budak ngora cuihhh dk ngarebut kabogoh batur'',ck Alexa bari merekpek Clara,kuRizky di pisah tapi angger Alexa pak pik pek neunggelan Clara.
Clara ngahalangan beungeut na jng buuk na pakupis nangkis serangan Alexa.
"Budak gelo sugan mah kunaon teu puguh2 jol2 nyiksa...'',ck Clara bari undur2an dk kabur kaluar kamar.
"Nini2 nurus tunjung pelakor rerebut kabogoh batur teu nalipak maneh,dasar", Alexa roroesan ku Rizky di tenangkeun tapi kalah makin rosa,clara lumpat ka imah na muru ka dapur pas balik deui maneh na gs mawa peso anu seukeut balik deui ka kamar Rizky,Alexa masih keneh histeris kerditenagken ku Rezky...teu antaparah...gabres2 Clara alias Tania nusuk keun peso kana palebah jantung Alexa...Alexa molotot bari nyekelan dadana,Clara anu gs ka asupan setan seuri puas ningali Alexa ngudupruk baloboran getih.Rizky mundur bari molotot nempo Alexa kekejet ngalepaskeun nyawa...
"Alexandra....",cek Rezky tanpa sadar bari nyebut ngaran Alexa.
Clara olohok eureun seuri na,
,"saha?"....Aaaaallleeeexandddrraaaa...",cenah bari muru ka Alexa anu gs tiwas,bray muka keun punduk na anu kahalangan ku buuk panjang na,breh kaciri aya karang hideung tanda lahir Alexadra anak na hasil hubungan nana jng Romy orok anu baheula di tinggalkeun ku maneh na kulantaran maneh na gering,budak anu salila ieu di teteangan ayeuna tiwas ku leungeun maneh na.....
"Tamiang meulit ka bitis"
H A N C A
#BALEBAT_TIBEULAH_WETAN
BAG.9
Kengeng.Andhyn
Balung kulit kotok meuting
{Kanyenyerian atawa kanyeri heubeul teu leungit-leungit. (Masih ada rasa dendam)}
Penghuni kos2an cing baruriak ningali kaributan di kamar Rizky barang Ningali aya awewe ngaringkuk baloboran getih kabeh pada soak,tuluy ningali Clara ibu kost ker cerik nyengcerikan Alexa nyaeta anak na anu gs lila leungit.lengeun na ngadegdeg manehna deku deket layon Alexa,
"Alexa ieu indung hidep lexa....hampura mamih lexa...",Clara alias Tania ceurik kanyenyerian,
Ari Rizky buru2 nlp kapolisian mere beja gs trjadi pembunuhan di tempat kost maneh na atuh teu lila cing burudul patugas kepolisian daratang.tempat kost an Tania make policeline unit serse datang bari motoan TKP,
Rizky ge nlp indung Alexa nyaeta bu Yuyum anu baheula ngrorok bayi Alexa barang datang goak cerik jejeritan ku polisi di amankn bari di papathan,Tania beuki olohok da maneh na wawuh keneh ka bu Yuyum anu gs kolot baheula Alexa anu orok keneh di titpkn ku maneh na ka bu yuyum,beuki nyegruk Tania ceurik na satuluyna maneh na di bawa ka kantor polisi pikeun tanggung jawab kana kalakuan maneh na.
Rizky ge di bawa di jadikeun saksi kana kajadian bie,kost annteh jdi rame ku jelema anu hayang nyaho kana kajadian di tempt eta,layon Alexa di asupkn kana kantong mayat di cengcerikn ku bu yuyum indung kukut na.
Anak ibu kost nyaeta anak Clara anu kakara 15 taun budak awewe ngarana anjelina,cerik ngabangingik ningali indung na di taekn kana mobil polisi,rumpang rempeng teu puguh cabak,
Nya anjelina anak Clara,basa di tinggalkn ku Dicky Clara ngandeg anak Dicky sangges ngalahirkeun budak awewe Clara balik deui ka Jakarta,imah titinggal bpa na di jadikeun kost2an jang hirup maneh na jng anak na anjelina.....
*****************
Masjid anu gede pernah na di reas area kota purwakarta tara pernah sepi tinu dk ngaradon sholat teu saeutik anu ngan ngaradon selfi atawa istirahat,reg beus jurusan semarang jakarta eureun burudul panumpang na kalaluar lolobana awewe anu gancang2 kaluar teh kusabab harayang ngilu kahampangan ka toilet masjid.
Awewe tengah tuwuh kaluar ti toilet masjid tuluy asup ka jero masjid dek sholat sunat tahiyatul masjid 2 rokaat,tuluy ngalaksanakeun sholat tahajud 2 rokaat,waktu jng istirahat aya keneh panumpang beus anu lain mah arasup ka lestoran dk ngaradon dahar maneh namah ngan nyarande we dina pilar masjid neuteup kosong ka luar,
Ker ngalamun lar aya marbot masjid ngaliwat make baju koko bodas jol diuk di gigireun nana bari neuteup teu kicep2,
"Rrriiii.....rriiiiinnnn....dduuu....", Annjjeeenn bebebee nneerr Rindu",cek lalaki anu make baju bodas bari nyekel lengen awewe anu ker diuk tadi.
Gebeg eta awewe reuwas ningali marbot masjid diuk di hareupeun maneh na,awak namah beresih bodas ngan begang panon na dekok balas kurang sare jiga nateh,
"Kaakkkk....kkkaaanngg Diiicckyyy",cek eta awewe.
"Rindu...kuring neangan anjen ka mana2,anjeun kamana wae Rindu? Ya Alloh...Rindu....mana Dickry Rin....dimana budak urang?",ck Dicky ngagugudrag leungeun Rindu.
Rindu ngahuleng asa teu percaya kana titingalian nana,Dicky salaki na baheula ayeuna jadi marbot masjid,make calana cingkrang,kerepus bodas,baju bodas leungeun na di gulung nepi ka siku bari ngajingjing jingjing ember jeng elap pel,
"Akang nju naon di dieu?" Rindu kalah malik nanya,
"Akang marbot di masjid ieu Ri....",ck Dicky imut matak tenang kanu hate.
"Ri...jawab mana anak urang Dickry?",ck Dicky
"Kang hampura itu beus abi bd angkat deui...hampura abdi teu tiasa lami di die",ck Rindu bari lumpat ka luar.
Dicky nangtung ngudag Rindu anu asup kana beus tapi beus ngaleos ninggalkeun Dicky anu olohok neuteup Rindu cimata ngalemereh dina pipina....leungeun jng suku na ngadak-ngadak leuleus brek deku sirah tungkul cimata murubut !gareclakan kana ubin masjid,
"Ya Alloh....abdi nampi kalepatan abdi...abdi rumaos parantos ngahianat ka bojo srng ka murangkalih abdi abdi parantos nampi hukuman nana,15 taun teu pendak sareng bojo sareng Dickry,ya Alloh....jiga kumaha ayeuna murangkalih abdi....idinan abdi nebus dosa abdi ka aranjeuna ya Alloh....", Awak dicky ngudupruk sujud dina ubin masjid....teungah peuting Dicky jumerit ka Gusti numaha suci waktu 15 leuwih taun2 anu pinuh ku penyesalan taubatan nasuha kerdilakonan tinggal nunggu jawaban ti Alloh,teu aya jalmi anu teu gaduh dosa ngan Alloh pasti mukakeun panto pikeun jelema2 anu tobat komo Alloh nya'ah ka jalmi anu panon na estu ngaluarkeun cimata dina sholat taubat na Alloh nyaah ka jalmi anu handeuel(kaduhung) gs milampah dosa terus memener hirup na jadi leuwih alus batan nu engeus2.
Rindu ceurik dina beus komo basa ningali Dicky nyuuh mah hayang maneh na lumpat ngajleng kaluar tina beus tapi hate na masih keneh peurih asa katempo wae basa Dicky ker ngarucah jng Tania,masih keneh ijid ningali awak Dicky sebel geuleuh....
Cimata ngawakilan perasaan nana,kanyeri dina hate teu leungit2 sanajan gs 15 taun lila na,ningali awak Dicky anu pikawatireun bieu ningali Dicky anu jadi marbot masjid ningali Dicky anu begang....ningali Dicky anu celong ningali Dicky anu.....aaaahhhhhhh.....
Ya Alloh....hapunten abdi teu tiasa ngahilapkeun kalakuan anjeuna.hapunten abi.....
H A N C A
#BALEBAT_TIBEULAH_WETAN
BAG.10
Kengeng Andhyn
JOGJOG NEUREUY BUAH LOA
(Mikahayang nu teu layak. (Menginginkan yang tak layak)
Harita Rindu manggihan Rizky anak na kulantaran menang beja lamun Rizky di jieun saksi ku polisi,melang anak na sieun kumaonam,tapi Rizky ngajelaskeun yen maneh na teu kababawa maka na ku polisi ge teu di kukumaha.
Ku Rindu kabayang wae Dicky anu gs robah tapi dendam masih keneh karasa dina hate na,
"Eeemmmmhhh lamun Dicky teu nyieun kasalahan mah meureun moal kieu kajadian nana,Dicky pasti nyaksian Dickry tumbuh remaja jadi budak anu gagah jng kasep".
Gs beres masalah mah Rindu balik deui ka semarang.
Tania Alias Clara gs menang wawales na maneh na di penjara kulantaran gs maehan Alexa,tinggal anak na hasil hubungan jeng Dicky nya eta anjelina,budak geulis anu lungguh timpuh jauh jng pasipatan anu jadi indung na jiga na ngala ka Dicky.
Basa Tania di penjara Anjelina anu ngurus kost2an sorangan rereana penghuni karunyaeun kana nasib Anjelina ka asup Rizky maneh na teu nyahoeun lamun Anjelina teh Adi sabapa,aya perasaan anu teu bisa di jelaskeun lamun ningali Anjelina teh,nya'ah asa hayang ngalindungi wae komo ayeuna indung na di penjara.
Kitu deui Anjelina ayeuna beuki deukeut wae jng Rizky lamun aya nanaon maneh na menta tulung ka Rizky,Anjelina nendeun rasa cinta ka Rizky gs teu bisa di sumputkeun deui maneh na sering merhatikeun Rizky,mikameulang Rizky timbul rasa embung pajauh jng Rizky.
Ari Rizky tisaprak kenalan jeung Kanaya jadi sering di datangan ku Kanaya,jang sopandi mah teu di ulahkeun da pagawean Rizky teh ka asup alus disiplina tinggi jng Budak na pinuh rasa tanggung jawab.Kanaya terus2an nempel Rizky mineng maneh nage ulin ka kostan Rizky.
Poe sabtu ngahaja Kanaya datang ka kantor bapa na sangges tepi maneh na ngajak panggih ka Rizky di kantin kantor,
"Ky....bulan depan tahun ajaran baru kamu ikut kuliah deui nya ambil kelas karyawan...",ck Kanaya ka Rizky.
"Hoyong sih tapi kumaha padamelan abdi atuh",ck Rizky bari neuteup ka Kanaya.
"Gampil ke urang saurkeun ka si Ayah" ck Kanaya.
"Nya mangga we upami di widian ku pak Sopandi mah", ck Rizky deui.
"Gampang lah eta mah"ck Kanaya.
**********
"Ayah temen naya anu scurity tea ku Naya di daptarkeun kuliah kelas karyawan nya?",ck Kanaya ka sopandi bapa na.
"Oh sae atuh ke ku ayah Soraya sina ngurus2 Adm nyeutelkn jadwal kerja jng kuliah na,tapi Kanaya....Ayah mah ningali wajah Rizky teh asa ningali bibi hideup jng emang hideup,kamarana nya....Rindu jng Dicky",ck Sopandi bari gegerendengan.
"Owh bi Rindu anu di carioskeun ku bunda?" Ck Kanaya neuteup bapana anu kerngahuleung nyawang alam katukang basa maneh na nyiksa Dicky anu kr ngarucah jng dulur na Tania.
Kanaya atoh pisan Rizky ayeuna nyambi kuliah sa-kampus jng jng maneh na,Rizky nyokot jurusan ilmu pemerintahan kamana2 pasti di barengan ku Kanaya anu nendeun hate ka Rizky terang2an,tapi Rizky neundeun rasa hormat ngarumasakeun maneh na ngan saukur karyawan biasa sedengkeun Kanaya mah anak pimpinan bank.
"Riz....Kanaya nyaah ka Rizky", WA ti Kanaya,
"Hatur nuhun tapi Rizky isin soal na Rizky masih bukan siapa2 kanggo keluarga Kanaya", ck Rizky malesan WA.
"Keluarga Kanaya teu ningali pangkat dan kedudukan yg penting jalmi na bertanggung jawab,sholeh srng Jujur",ck Kanaya deui.
"Sawios waktos anu ngajawab na Naya...", Ck Rizky.
Sabener na Rizky nenden rasa karunya ka Anjelina karunya ka nasib na,berjuang sorangan ngurus kost2an katambah aya rasa anu hese di ungkapkeun lamun ningali Anjelina teh.
Taun ieu Anjelina lulus SMA di tawaran kuliah ku Rizky sa-kampus jng maneh na.
Tapi Anjelina ngomong mikir2 heula cenah.unggal poe Rizky manggihan Anjelina samemeh indit gawe jng lamun balik gawe pasti Rizky ngadatangan Anjelina,beungeut Rizky anu sarimbagan jng Anjeline loba anu nyangka Rizky adi lanceuk kandung.
Kanaya ngahaja nyampeur ka kost an Rizky hayang indit ka kampus bareng cenah,pas tepi ka kos2an nyampak Rizky ker ngobrol jng Anjelina katingali Kanaya timuru ka Anjelina beungeut na langsung camerut samutut,
"Rizky hayuu bade sareng moal ka Kampus na?",ck Kanaya bari dulak delek ka Anjelina.
"Nya hayu kan Naya tos kersa nyampeur ka dieu?"ck Rizky bari jung nangtung nyokot tas na di kamar ninggalkn Kanaya jng Anjelina dua an,Kanaya bangkenu baed teu suka lamun Anjelina deket jng Rizky.
Anjelina tungkul we asa rumasa gs ngarebut perhatian Rizky tapi maneh na teu bisa nyumputkeun rasa embung jauh ti Rizky,
"Hayu Naya urang berangkat...",ck Rizky
"Hayu....",ck Kanaya bari nangtung miheulaan indit ninggalkeun Rizky anu pamitan hla ka Anjelina.
"Lin akang angkat heula nya",ck Rizky
"Muhun kang hati2",ck Anjelina
"Rizki enggal atuh iihh naon heula sihh ke telat deui",ck Kanaya gogorowoka tina mobil na.
Rizky silih pelong jng Anjelina ningali tingkah Kanaya anu nembong keun rasa teu suka na ka Anjelina.
"Naya enjing liburan Rizky bade uih heula ka semarang...",ck Rizky pas dina mobil Kanaya.
"Ngiring abi hoyong terang nya...wios nya urang nyandak mobil we ke Nanya wawartos hla ka Ayah pasti kengen da",ck Kanya maksa,Rizky ngahuleng teu nyangka Kanaya bakal maksa ngilu.
*************************
Gancang na carita.......
Isuk2 keneh Kanaya jng Rizky gs tepi ka Semarang langsung muru imah indung na Rizky,Rindu ngabageakn anak na anu di anti2 beurang jng peuting di gabrug di ciuman barang ret ka Kanaya Rindu ngahuleng terus Kanaya nyampeurkeun ka Rindu bari sun tangan ngawanohkeun bari nyebutkeun ngaran na,
"Kanaya....",cenah
"Ke...ke...ke...Kanaya? Ari ibu hidep nami na icha teras bapa hideup namina sopandi?",ck Rindu semu ngajerit atoh,Kanaya jng Rizky olohok ningali Rindu ngeclakeun cimata ngalemereh mapay pipina.
"Na...naha ibu terang...?",ck Kanaya anu masih ngajanteng leungeuna di cekelan ku Rindu pageuh.
"MashaAlloh ...Naya....kanaya...ieu bi Rindu mamah na Dickry...hidep emut teu Naya...",ck Rindu bari nangkeup Kanaya anu olohok teu ngarti.
"Kumaha indung bapa hidep daramang geulis?",tanya Rindu deui.
"Da...daamangg ibu....", Ck Kanaya masih teu ngarti kunaon indung na Rizky nyaho ka indung bapa na.
"Sok kadieu calik heula bisi cape keneh,ke ku bibi urang caritakeun kunaon bibi nyaho ka kolot2 hidep",ck Rindu bari nitah Kanaya diuk.
Rizky jng Kanaya mni olohok basa Rindu nyaritakeun silsilah kolot2 na baheula jaman maneh na leutik keneh,ngan Rindu teu nyaritakeun kajadian Dicky jng Clara alias Tania mah,malah Rindu ngomongna maneh na pindah ka semarang tisaprak Dicky maot kitu ck Rindu harita.
Bakat ku atoh Kanaya vodio call jng indung na, eta mah icha basa nyaho lamun Rizky teh anak Rindu heunteu we cerik jejeritan bakat ku atoh maneh na ngagentraan salakina Sopandi sina ningali yen Rindu teh indung na Rizky alias Dickry,dua nana pahibut mesen tiket pesawat muru indit ka semarang bring we 3 an arindit nepungan Rindu jng anak na.
Pasosore nepi na ka Semarang Icha,Sopandi jng anak na anu leutik Kentzi nyewa taxi muru ka imah na Rindu,ku Kanaya di share lokasi imah na Rindu.
pas ges panggih eta mah Rindu,icha,sopandi ceurik parangkul2 di lalajoan ku anak na anu teu ngarti kanu kajadian anu gs tumiba ka kulawarga maranehan nana.
Dina hate Kanaya sedih ka bina2 geningan Rizky teh masih dulur na moal bisa meren maneh na nenden harepan jadi pamajikan Rizky di antara kulawarga na anu ker suka bungah Kanaya mah nalangsa asa peunggas pangharepan nana.
Maneh na teu apal sabener na sopandi jng Rindu ngan adi jng lanceuk kukut.
H A N C A
#BALEBAT_TIBEULAH_WETAN
BAG.11
Kengeng Andhyn
PIIT NGEUNDEUK² PASIR " mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang ".
Rindu nyaritakeun pangalaman maneh na ti basa indit ninggalkeun kota Bandung ka bawa ka Semarang nepi ka Dickry di ganti jadi Rizky.
"Riri..adi akang hayu ayeunamah urang ngahiji deui jiga baheula komo ayeuna barudak gs garede anjeun hirup sorangan di dieu akang asa teu mikeun,ti baheula Akang nepikeun nyewa detektiv jng neangan anjeun jng budak,mmmmhhh Gusti untung barudak urang alakrab ....", Ck Sopandi.
Rindu pada maksa tungtung na leah oge maneh na ngilu ka Sopandi jng icha dk di bawa ka Jakarta,anu teu pati berag teh Kanaya maneh na asa teu narima lamun Dickry atawa Rizky teh dulur atawa sepupu na,kabayang we Rizky bakal milih Anjelina beuki rajet hate Kanaya kermah eker maneh na timuru wae ka Anjelina katambah ayeuna maneh na kudu mopohokeun Rizky.
Gancang na carita Rindu,Sopandi,icha mulang ka Jakarta make mobil Sopandi ari Kanaya jng Rizky balik make mobil Kanaya,kaciri BT na teh Kanaya sajajalan rea cicing teu jiga ker ka semarangkeun baceo sajajalan ayeunamah loba ngalamun.
Di jakarta Rindu cicing di imah icha jng Sopandi tapi eta ge ngan saheula anan da ku Sopandi di titah nyicingan imah maneh na anu hiji deui,teu pati jauh jng imah maneh na ayeuna,indung na Sopandi anu tos sepuh nyeungceurikan Rindu jng Dickry alias Rizky.maneh na teu nyangka bakal panggih deui jeung Rindu.
Rindu nyuuh kana sampean indung kukut na sagala kasono tamplok harita hare na ngalakacak heug lamun ingeut ka Dicky anu ayeuna jadi marbot masjid di reas area.
Rindu mendem sorangan kajadian basa maneh na manggihan Dicky di masjid tea maneh na embung sopandi jng Icha katut insung na nyahoeun.dina hate sumeleket wae kajadian basa Dicky jng Tania ka gambar wae basa Dicky kr ngoconan Tania dina korsi,ingeut ka dinya Rindu ngagegedur deui amarah na silih gentu jng bayangan beungeut Dicky anu pikarunyaeun basa di masjid.bingung pagalo dina hate na Rindu nganggakeun sadaya2 ka Alloh Swt.
Dickry alias Rizky pindah ti kost-an Anjelina ka imah Sopandi tapi Rizky janji ka Anjelina dek sering nempoan ka kost2an Anjelina.
"Akang janji unggal poe akang dk ningali Anjelin,sabar nya lamun akang aya waktu ke ku akang di kenalkn ka indung akang",ck Rizky hate na panceg dk mika nyaah ka Anjelina.
"Muhun di antos kang,upami teu aya waktos ka dieu cekap masihan kabar kana Wa we",ck Anjelina.
Rizky ngusapan sirah Anjelina melang,hariwang rumambah kana hate na.
"Sabar nya geulis...sabar...", Cenah basa ningali panon Anjelina mimiti baseuh.
"Doakn abdi nya kang",cenah anu satuluynamah maneh na nginghak dina dada Rizky.
Dianter paneuteup sedih harita Rizky pamitan ka Anjelina teu karasa cimata ragrag ngalemereh di pipi duanana.Rizky ngajingjing kantong gede eusi baju2 na leungeun katuhu na gugupay ka Anjelina anu masih keneh olohok ngajanteung dina panto gerbang,cimata laluncatan kana pipi na padahal Rizky jangji dk nempoan maneh na unggal poe tapi naha hate na pinuh ku kasieun,sieun di tinggalkn ku Rizky....
Di sebrang jalan...di jero mobil aya sapasang mata anu nempokeun Rizky jng Anjelina,biwir na di gegel nahan sora ceurik mata na panas kitu deui hate na asa heheaban ningali Rizky bangun anu deudeuh ka Anjeulina,harita Kanaya sirah na nyuuh dina setir mobil na ceurik ka nyenyerian,nyeuri kakarage mikanyaah ka hiji lalaki kudu gs peunggas deui kulantaran lalaki na teu mijir2 ka maneh na.
"Eeemmhhh bunda nyeri gening mikanyaah lalaki anu teu mika nyaah ka diri na,nyeri ari bertepuk sebelah tangan mah,peurih...." Kitu galecok na hate Kanaya.
****************
Dicky nginget2 beus anu di taekan ku Rindu harita,mun teusalah mah kampung rambutan ck Dicky dina jero hate na isuk na gilig Dicky dek neangan Rindu ka belah kuloneun,menta izin ti DKM masjid Dicky indit make beus ka kampung Rambutan,sateupina di Kampung Rambutan Dicky ereun palebah terminal koloyong ka warung kopi paragi tukang ojeg mangkal gek diuk dina bangku pesen kopi hideung kanu boga warung,
"Bade angkat kamana bapa...?",ck tukang kopi nanya ka Dicky bari song kopi hideung sageulas.
"Abdi nju milarian pun bojo kang..", ck Dicky bari nampanan kopi na.
"Naaa kumaha istri bapa teh make kedah di pilari sagala...?",ck tukang kopi bari nyerengeh.
"Aahh biasa we pak salah paham", ck Dicky bari ngaregot kopi na.
"Manawi 2 dinten kamari aya istri nganggo acuk biru lungsur kintn2 subuh lah tina beus jurusan semarang kp Rambutan?",ck Dicky bari ngusiwel ngaluarkn foto Rindu tinu sakuna.
Tukang kopi nampanan foto Rindu tuluy maneh na ngageroan tukang ojeg anu kr mangkal teu jauh tina kios na.
"Med...memed cing maneh ningali teu ieu yeuh istrina si bapak ieu?",ck tukang kopi sangges tukang ojeg anu ngaran na memed nyampeurkeun.
"Ke..ke...ke...ieu foto anu enggal sanes pak?" Ck memed.
"Oohh sanes ieu mah foto kapungkur tapi da raray na teu seueur robih mung nya yuswa na anu makin dewasa", ck Dicky ngabayangkeun Rindu basa panggih di masjid tea.
"Ayaa pak upami teu lepat mah subuh2 kamari....muhun2 anjeuna teh ngojek nu nyandak na rerencangan abi si koko",cek memed bari luak lieuk neangan babaturan nana koko.
"Weeyy ari si koko kamana?narik atawa teu ngojeg?",cenah nanya ka babaturan nana.
"Narik si eta mah",cenah.
Dicky deg degan hate na asa gs deukeut we maneh na jng Rindu maneh na yakin bakal panggih deui jng Rindu pamajikan nana.
Anu ngarana memed nanya2 ka babaturan ojeg na nya maneh na nyampeurkeun deui ka Dicky,
" Pak istri anu ku bapa di pilari teh ka arah kemang saur na teh,bp bad ngabujeng ka ditu?" Ck memed.
"Muhun atuh hayu....", Ck Dicky atoh,sangges mayar kopi jng nganuhunkn ka tukang warung jng ka tk ojeg di dinya Dicky di bonceng ku memed muru ka kemang.
Gs teu sabarn Dicky hayang gera gok we jng Rindu,sono gs roroesan dina hate na maneh na nga doa mudah2an Rindu ngahampura ka maneh na.
Tapi bayangan teu sesuai kanyataan sangges Dicky di turunkeun ku memed di kemang,Dicky aprak2an neneangan Rindu nanya2kn kanu sakur panggih di jalan rerea namah gideg nyebut teu nyaho.tanaga mimiti beak suku mulai rincug,beuteung gs mimiti lapar, kesang ngoprot tungtung na maneh na ngoloyong ka masjid ngilu sholat jng istirahat.
Ngadoa ka Alloh menta petunjuk menta di pang babarikeun kana sagala pamaksadan maneh na nyuuh dina pangsujudan namplok keun ka susah jng ririged awak na,Dicky ceurik nyegruk gs teu nyaho kudu kamana deui jng kudu kumaha.anu nyieun maneh na tetep tawakal nyaeta kayakinan Alloh bakal nurunkeun pitulung jang maneh na,emut kana janji Alloh anu miwarang sobar jng sholat,ninggal kana sejarah para nabi anu di pasihan cocobi anu dahsyat sepertos nabi ayub as,nabi yunus as....maneh namah jiga na sataikukueun na,percaya jng yakin pitulung Alloh tos caket ngan kedah sabar...sabar jng sabar...
"Allahumma, la ilaha illa anta. Subhanaka, inni kuntu minazzhalimin".
H A N C A
#BALEBAT_TIBEULAH_WETAN
BAG.12
Kengeng Andhyn
CINTA TEU BISA DI PAKSA
Kanaya ngajalkn mobil na muru jalan tol arah padalarang hate na asa remuk ningali lalaki anu di pikacinta na kalah mika cinta awewe lain,rada ngebut mobil teh hayang ngalepaskeun bangbaluh hate pas ningali bensin gs rada beak sup mobil teh ka reas area baros reg mobil eureun di parkiran,Kanaya kaluar tina mobil kabeneran parkir teh deket jng masjid sup Kanaya asup ka masjid terus wudhu gs kitu sholat tahiyatul masjid.
Angin nebak kana buuk Kanaya di reas area Kanaya niiskeun pikir diuk sorangan dina bangku deket cape2 anu ngajengjreng,waktu gs asup kana waktu maghrib tapi Kanaya masih betah cicing di reas area. Sangges Ngilu sholat maghrib berjamaah Kanaya diuk deui deket parkiran mobil,karasa beuteung na kukurubukan kanaya ngadeketan resto anu deket masjid,sup ka jero bari luak lieuk neangan tempat jang diuk sangges manggih tempat anu cocok Kanaya pesen daharen.bari nungguan pesenan Kanaya jongjon we maen hape teukarasa aya anu merhatikeun maneh na lalaki anu boga resto.
Teu lila datang pesenan kanaya di anterkeun ku lalaki anu merhatikeun wae ttdi.
"Mangga pesenan nana",ck eta lalaki bari nyimpenan pesenan Kanaya.
"Eeehh Aldy nya?",ck Kanaya ka eta lalaki.
"Hehehe bener ieu Kanaya?",ck Aldy
"Eehh naha kamu aya di dieu?" Ck kanaya ka Aldy.
"Nya....wiraswasta lah...belajar ngembangkeun bakat",ck Aldy bari gek diuk di hareupeun Kanaya.
"Wooowww jadi kamu pemilik resto ieu?",ck Kanaya
"Nya kecil2an lah....", Ck Aldy
Tuluy dua nana ngalobrol kadang di barengan cing cakaka seuri,Aldy teh babaturan Kanaya basa di SMA sabener na Aldy naksir Kanaya ngan Kanaya na teu peuka ahir na Aldy jng Kanaya kapisahkeun ku kasibukan masing2.
Saterus na maraneh na tukeran no hp Kanaya balik ka imah na kira2 jam 9an peuting.
Rizky janjian jng Anjelina dk jalan2 cenah harita balik gawe,Rizky ka kost2an Anjelina kira2 jam 4.30 gs ngadagoan we Anjelina dangdan sederhana tapi teu ngaleungitkeun ka geulisan nana beungeut ngala ka Dicky ari kulit ka Tania beda jng Dicry ari beungeut ka Rindu ari kulit ka Dicky,
"Tos siap bageur....?",ck Rizky
"Atos A...hayu atuh", ck Anjelina
Kerkitu aya penghuni kost ngaliwat reg eureun
"Aduh Rizky sareng Anjelina mni siga rayi raka iihh ...",cek eta ibu2 kira2 umur na 40taun lah.
"Waaahh maunya bu? Saur na jodo nya upami mirip teh?", Ck Rizky bari ngiceupan ka Anjelina.
Si ibu teh seuri ninggalkn Rizky jng Anjelina.
Anjelina di bonceng ku Rizky muru ka mall ngan saukur makan2 jalan2 balik deui we,di jalan Rizky ngasupkn motor na ka masjid deket jng imah Anjelina reg parkir di pekarangan masjid.
"Neuteupan heula nya ke langsung Aa uih ka bumi bisi bunda ngagantosan",ck Rizky bari tuluy neangan tempat wudhu.di toilet lalaki Rizky pasangrok jng marbot masjid anu anyar gawe di dinya ampir2 dk ka tubruk ku Rizky eta si bapa teh.
"Puntn² pak ...", Ck Rizky.
"Wios cep teu sawios²",ck si bapa marbot teh bari mata na mencrong we ka Rizky.
Sangges beres wudhu Rizky langsung asup ka masjid dek sholat isya.
Di tempat awewe Anjani ge sholat khusyu naker...
Beres sarolat Rizky nyamperkeun Anjani anu gs ngadagoan maneh na di parkiran motor,si bapa marbot anu nitenan 2 nonoman ti tatadi nyampeurkeun ka Rizky,ngasongkeun leungeun sangges ngucap salam,
"Puntn asep dupi nami asep saha? Punten pisan bapa kumawantun...",ck Dicky
"Owwhh teu sawios pak abdi Rizky upami ieu Anjelina",ck Rizky bari manggut.
"Oowwhh rayi raka kitu?",ck si bapa nanya deui.
"Sanes pak mung upami Alloh ngawidian kapayun na abdi bd ngalamar Anjelina jntn bojo abdi",ck Rizky bari ngicepan Anjelina,cangkeng na di ciwit ku anjelina semu ogo.
"Permios pak abdi bd teras mulih,mangga atuh pak",ck Rizky biur ninggalkeun parkiran masjid ninggalkeun bp marbot masjid anu olohok kosong ka jalan.
"Pak Dicky....pak Dicky...puntn ka dieu sakedap pak", di jero masjid pk DKM gegeroan ka marbot tadi anu teuaya lian Dicky.
Dicky lumpat ka jero nyampeurkeun ka bp DKM anu tadi ngagentraan maneh na.
Dicky jadi marbot teu jauh ti imah Anjelina bari neangan anak na anu di bawa ku Rindu,tadi maneh na curiga ka pemuda anu jng kabogoh na tapi pas nyaho ngaran na Rizky maneh na leuleus da ngaran anak namah Dickry.
Unggal isuk sabada beberesih masjid Dicky sok nguriling komplek sugan jng sugan bisa panggih jng Rindu atawa anak na.ngan nepika denget ayeuna Dicky can manggihan anak pamajikan nana.
Poe ka poe Dicky ngadagoan aya ka ajaibain ti Alloh tapi Alloh masih nguji batas kasabaran Dicky,Alloh hoyong terang dugi kamana Dicky bakalan ikhtiar dugi kamana Dicky mampu nempuh ujian diantara dua lulus atawa teu lulus.
*********************
Kanaya makin akrab jeng Aldy babaturan SMA na saeutik² Kanaya bisa mopohokeun Rizky anu kalahkah beuki montel ka Anjelina,ayeuna Kanaya gs tara malire Rizky jiga anu nenden kanyeri sabada Rizky babarengan jng Anjelina maneh na embung eleh makin montel ka Aldy pengusaha kuliner dimana² resto na Aldy teh,atuh Sopandi jng icha jiga anu handeuel nyinghareupan sikap Tanaya anu robah 180derajat,kitu deui Rindu tadi na gs atoh lamun Rizky deukeut jng Kanaya tapi gening nyatana peuting isuk Rizky dek mawa Anjelina ka imah na dk di kenalkeun cenah ka indung na.
Rindu teu bisa nolak maneh na di titah masak ku anak na nyampakeun calon minantu cenah.nya ahir na Rindu nurut ka anak na.
Jam 7 kurunyung Rizky jng budak awewe kira2 18/19 taun budak geulis anu sarimbagan jng anak na,Rindu mni ngalenyap ningali beungeut Anjelina mni kuat ku olohok asa jadi inget ka salaki na Dicky,imut na teuteup na rigig na meh sarua jng Dicky.
Anjelina sun tangan ka Rindu anu molohok wae ku Rizky indung na di cium pipina bari ngaharewos,
"Geulis nya bun.....jaba bageur jiga bunda",ck Rizky ka indung na.
Rindu teu nembalan ngan hate na jadi leuleunyapan ningali teuteup na,imut na Anjelina.
Ngadak2 jadi heuras letah teh dk ngomong nage Rindu ngaulaan ank na jeng calon tunangan nana.
"Bunda ....Rizky bd nyungkeun widi ka bunda seja ngalamar Anjeli bade di jantnkn rencang hirup Rizky,mugia bunda masihan doa restu ka abdi sareng Anjeli",ck Rizky bari leungeun na nyekel ramo2 Anjeli.
"Teu bisa....bunda teu bisa mere restu ka aranjeun",ck Rindu jol nangtung tuluy ngaleos ka kamar.Rizky kacida reuwas pisan ningali indung na anu salila ieu nyaah pisan ka maneh na ayeuna jadi robah jaba Rezky ka eraan ku Anjelina da salila ieu maneh na ngabangga2kn kabageran indung na ka Anjelina ari ayeuna i dung na ngadak2 galak jng judes ka calon pamajikan nana.
Rezky nangtung ngudag indung na anu asup ka kamar tuluy keketrok kanu panto anu di konci,
"Bunda...bunda...widian Rezky ka Anjelina bunda,buka panto na bunda....bundaaaa",ck Rezky jiga budak leutik menta jajan ngarenghik jiga dk ceurik.
"Teu suka...bunda teu resep ka awewe eta bunda embung boga minantu jiga kitu",ck Rindu gogorowokan ti kamar,atuh kadenge eun ku Anjelina anu tungkul bari nyusutan cipanon na asa aya hinis anu di dudut tina ati na,nyeri,peurih,lila2 teu kuat nandangan nana maneh na lumpat kaluar ninggalkeun Rizky anu kergegedor kanu panto kamar indung na,Rizky bingung kudu ngudag saha? Indung na atawa Anjelina calon pamajikan nana.....
H A N C A
BALEBAT_TIBEULAH_WETAN
BAG.13
Kengeng Andhyn
NGADAHAR BUAH SIMALAKAMA
Rizky gegedor kana panto kamar indung na saumur hirup kakara maneh na ningali indung na jiga kieu,'aya naon?' pikir Rizky.
Rindu nyeblak hatena ningali Anjelina firasat kuat nu jadi indung yen Anjelina lain pijodoeun Rizky anak na.
"Bunda.....cobi kaluar heula...urang carioskeun secara kekeluargaan,iki tos dewasa bun teu kedah kikieuan,hayu urang badateun keun iki alim janten budak doraka ka ibu na....alim bunda,iki milih bunda batan kedah milih sarebu istri di dunia ieu",ck Rizky bari nyarande kana panto kamar.
Rindu ngadenge anak na ngomong kitu teh nguniang hudang,'cetrek' muka konci panto bray panto muka....gabrug Rizky ngagabrung Rindu nyuuh dina suku Rindu...
"Bunda......ampun bunda....iki alim doraka ka nujanten sepuh....mangga teu langkung bunda kedah kumaha....doa bunda konci sawarga kanggo iki...",Rizky ceurik masih nyuuh dina suku Rindu.
"Iki bunda moal ngusrukeun anjeun anaking,moal.....ieu hate bunda teu merean lamun hidep ngahiji jng budak tadi...",ck Rindu masih tuhu kanu pendirian nana.
"Mangga bunda mung iki pasihan widi kanggo ngajelaskeun ka Anjelina bilih kumaha onam",ck Rizky.
"Teu kudu....sing nurut ka bunda...cicing di dieu lamun anjeun hayang salamet",ck Rindu bari nyengkatkn anak na tina suku na.
Hate Rizky ancur paburantak kabayang Anjelina anu tadi lumpat ka luar bari ceurik,hayang ngudag hayang nyusul hayang ngupahan terus nyusutan cimata na tapi....maneh na leuwih sieun kaleungitan syurga anu di janjikeun ku Alloh lamun maneh na sumujud kanu jadi indung.
"Hampura Aa Anjelina....hampura Aa...teu daya teu upaya Aa kudu nurut kanu jadi indung...hampura bageur...hampura", cimata murubut tina panon Rizky kuniang hudang muru ka cai dek wudhu ges kitu asup ka kamar ngalaksanakeun sholat,tobat,hajat jng sholat istiharoh.....
***************
Anjelina lumpat kaluar ti imah Rindu muru pangkalan ojeg sangges menang ojek maneh na balik tapi teu langsung ka imah maneh na nitah tukang ojeg mengkolkn motorna muru masjid.
Barang tepi langsung sholat istiharoh,sholat hajat.bari nyegruk ceurik numpahkeun sakabeh kanyeri anu aya dina dada,maneh na sadar sasadar sadar na saha maneh na,anak pembunuh jng teu puguh bapa na,ti leutik Anjelina can pernah nyaho beungeut nu jadi bapa,matak na maneh na minder da lamun baheula aya acara di sakola nitah ngadatangkeun bapa na pasti indung na nyebutkn yen bapa na gs maot.lamun maneh na hayang nempo foto bapa na indung na nyebut teu boga baheula foto2 bapa na di duruk cenah ku indung na kulantaran nyeri hate kasuat2 lamun ningali foto bapa na Anjelina teh.
Dimasjid Anjelina numpahkeun sakabeh ka nyeri dina pangsujudan teu karasa si bapa Marbot ti tatadi nungguan maneh na ceurik,jelema gs sepi teu aya deui anu ngilu sholat matak na harita marbot masjid anu ngarana pk Dicky ngadagoan Anjelina beres ngadoa.
Barang cengkat Anjelina luak lieuk ningali marbot masjid ker diuk we di lawang panto nungguan maneh na.
"Parantos neng...",cek dicky ka Anjelina
"Atos pak...",ck Anjelina.
"Ari ayeuna bade kamana neng teh?", Ck Dicky bari melong ka Anjelina.
"Bd uih pak...",tembal Anjelina.
"Aduh neng bapa mah melang piraku neng uih nyalira ieu teh tos wengi...",ck Dicky melangeun.
"Wios pak da moal nanaon", ck Anjelina.
"Hayu di jajap kn ku bapa ",ck Dicky bari nangtung.
Anjelina nurut maneh na ngiclik nuturkeun Dicky kaluar ti masjid.di jalan Anjelina nyaritakeun kajadian bieu ka Dicky bari ceurik nginghak jiga na gs teu kuateun nahan bangbaluh hate na maneh na teu boga batur pakumaha.
Dicky ngahuleng ngadengekn carita ti Anjelina jol aya perasaan karunya,dedeuh jng perasaan anu teu bisa di jelaskeun ku Dicky,ningali cimata anu ragrag dina pipi Anjelina Dicky ngarasa keun kapeurih atina.
Tepi ka kost2an Anjelina ku anjelina Dicky titah asup heula ka imah na tadi namah nolak ari ku di paksa mah Dicky daek tapi ngan sampe tepas diuk di golodoh imah na Anjelina ,
Ku Anjelina di pangnyieunkn kopi Dicky teh...
"Pak upami kersa ieu mah... bapa bantosan abdi we ngurus kost2an kumargi abdi teu tiasa ari kedah nyalira mah",ck Anjelina.Dicky rada ngahuleng.
"Teu kedah di waler ayeuna pak...mung sing hawatos we ka abdi anu nju mendak musibah...",ck Anjelina deui.
Dicky unggut2an maneh na timbul niat hayang ngalindungi Anjelina.
"Muhun atuh bp bd wawartos heula ka bp DKM ke enjing bp kadieu deui nya neng",ck Dicky bari melong ka Anjelina.
''duh hatur nuhun atuh bapa,ke bp kulem na di tilas kamar A rizky",ck Anjelina deui.
Kanaya mawa Aldy ka imah na ngenalkeun ka indung bapa na,Aldy budak anu sopan jaba mapan jelemana daekan maneh na boga resto di sebeberah tempat,Kanaya bungah pisan kulantaran indung bapa na satujuen lamun Kanaya papacangan jng Aldy.
Harita ngahaja kulawarga Sopandi ngondang Rindu jng Rizky ngajak makan bersama sakalian ngenalkeun calon Kanaya ka kulawarga na.
Rizky nganbisa seuri koneng ningali Kanaya jng Aldy maneh na inget mangsa katukang basa Kanaya ngudag2 maneh na.
Kerngariung we bari ngalobrol di ruang kulawarga bel panto di sada,Rizky nangtung dk muka panto ngaleos ka hareup teu lila maneh na datang deui bari ti tukangeun di iringkeun ku Soraya sekretaris Sopandi.
"Pak...hapunten ieu berkas2 anu ku bapa di sungkeun tea",cenah bari ngasongkeun map.
"Nya kadieu heula 'Aya urang ngariung mempeng ker karumpul",ck sopandi bari nunjukeun kanu korsi anu kosong.
Soraya nurut bari jng era oge diuk dina korsi gigireun Rizky.
Balakecrakan dalahar bari jeng suka bungah ngan Rizky anu paroman nana aleum teu berag.
Beres dalahar Soraya pamitan dk balik sopandi nitah Rizky nganterkn Soraya ka imah na make mobil Sopandi,
Di jero mobil Rizky jng Soraya ngabaretem,kaciri soraya rada gugup sidik ti baheula gs nenden hate ka Rizky,ari Rizky mah santai we nyetiran mobil,ngan kaciri ku Rizky Soraya maling² teuteup kamaneh na.
"Ky...kamu karumah heula nya...?" Ck Soraya.
"Hhhmmm hayuu lahh...BT aku ge ", ck Rizky
Sup mobil ka pakarangan imah Soraya.sangges kaluar tina mobil Soraya nitah Rizky asup ka imah na nyampak indung bapa na Soraya jng adi Soraya Lalaki masih kls 2SMA.
Rizky di bageakn ku kulawarga Soraya,pak imam bp na Soraya bageur jng pengertian,ku pa imam Rizky di ajak ngobrol,adi na ge si Rico ngilu nimbrung akrab pisan kulawarga teh, harmonis jeng bisa ngahargaan ka semah,Rizky jadi nyaman cicing di tengah2 kulawarga Soraya ku pa imam Rizky di tangtang maen catur anu eleh pipina di coret ku lipstik mimitina Rizky eleh ku soraya pipina di coret,anu kadua bapa na anu eleh bp nage di coretan ku Soraya,singbarakatak indung na jng Soraya,anu katilu adina ngalawan Rizky pek teh Rizky anu eleh atuh lamedong pipina di coret² ku soraya aya meren jam 9 peuting kakara areureun maraen catur na,Rizky di fotoan ku soraya samemeh di hapusan pipina anu beureum make pembersih wajah.
Rizky ngasongkeun pipina ka Soraya ku soraya di beresihan make kapas anu samemehna di bere pembersih wajah.bari panon na mencrong ka Soraya anu imet meresihan pipi na beungeut na anu dewasa ke ibuan katambah Soraya mah pinter matak kapake ku sopandi,umur namah gs maju 28 ari Rizky maju 24,tapi pangawakan nana mungil jadi teu kaciri lamun maneh na umur na gs 28.
Rizky pamit ka kulawarga Soraya ku pa imam jng ku Rico di titah deui nganjang langsung akrab we Rizki teh di jajap nepi lawang panto Rizky mulang bari mawa hate anu bungah,Rizky gs kataji ku kulawarga Soraya duka ari ka Soraya namah ngan maneh na asa nyaman jng hayang gera2 ulin deui ka imah Soraya.
Sajajalan Rizky hahariringan asa gumbira ti saprak tadi ngumpul jng pak imam sakulawarga asa kacipratan kagumbiraan kulawarga anu harmonis bapa anu someah indung anu darehdeh gs mincut hate Rizky.sakapeung ingetan Rizky ka Anjelina leungit maneh na bisa mapalerkeun saheula anan ingetan nana ka Anjelina.nu kabayang ayeuna sempal guyon gogonjakan nana kulawarga Soraya Rizky anu teu pernah hirup jng kulawarga anu utuh ayeuna bisa ngilu ngarasakeun boga kulawarga.
Tepi imah bus kakamarna 'tiringting' sora WA asup barang di buka WA ti Soraya foto2 maneh na basa ker di culang caleng ku lipstick,terus aya foto maneh na dua an jng Soraya.aaaaiiiihhhh aya anu haneut mapay kana hate na di teuteup deui beungeut Soraya anu ke ibuan di pelong deui foto2 jng pak imam jng Rico asa2 hayang geura isukan balik gawe dek ngahaja datang ka imah Soraya dk nyoro kabungah kulawarga na dek ngilu ngarasakeun harmonis na kulawarga pk imam,peuting eta Rizky sare bari semu seuri inget basa maneh na suka seuri suka bungah jng Soraya.
"Tapi hampura Soraya kuring can bisa mikacinta anjeun.....hate kuring masih aya di Anjelina..."
H A N C A
BALEBAT_TIBEULAH_WETAN
BAG.14
Kengeng Andhyn
· Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan
(Beak karep ku rido jeung beresih hate.)
Janur kuning melengkung di buruan imah sopandi,poe eta Kanaya jadi di kawinkeun ka Aldy pengusaha muda tea,tatamu pinuh minuhan imah Sopandi,panganten sareng kadua sepuh na ngabageakn tamu di pelaminan.imah di hias ku rupa2 kekembangan kulawarga Sopandi kacida bungah na najan Kanaya can tamat kuliah na tpi panceg di pihukum ku Aldy.
Rindu kaciri cukah cikih sarua deuih Rizky oge ngan teu daek jauh timaneh na Soraya anu dangdan make kabaya modern,teu hilap kulawarga Soraya ge aya di dinya.sangges beak acara tinggal kulawarga inti we tamu2 gs mimiti baralik da waktu gs nyerelek ka peuting nakeunt.
Harita panganten mah langsung di jajapkeun ka hotel da aya sponsor anu mere poucher gratis kanggo anu bulan madu,dianter ku gupay jng doa kulawarga na raja jng ratu sapoe teh ninggalkeun tempat resepsi.
Tinggal we kulawarga Sopandi,Rindu jng kulawarga Soraya,harita kasempatan jang Kulawarga Soraya pikeun kenal leuwih deket jng kulawarga na Rizky kacida atoh na Sopandi mah da gs apal saha2na Soraya,sekretaris anu lungguh,pinter tapi modern jaba tara gaul jiga batur ubrang abring teu puguh,cocok lamun di jieun pamajikan teh,keun masalah umur mah da lain hahalang.
Rizky can panceg hate na tapi Rizky ngarasa nyaman aya di lingkungan kulawarga na Soraya ampir unggal poe maneh na ngilu ka Soraya ngadon ngobrol jng indung bp na katut Rico adi na tapi ka Soraya? Maneh na masih kabayang2 wae Anjelina anu lewih ti heula ngusian hate na.
Kulawarga Soraya baralik di jajap ku kulawarga sopandi jng Rindu nepi ka panto gerbang,Rizky mah angger ngiclik ngilu balik jng kulawarga Soraya.
"Lain akang mah Ri...lain pipilueun eta Rizky sina buru2 ngalamar Soraya ulah di engke keun deui,barudak gs marejeh na ngambah Rumah tangga sina nyampurnakeun ibadah na",ck Sopandi bari melong ka Rindu.
"Abdi mah ngiringan wae kang,komo abdi hirup nyorangan hoyong aya rencang atuh kacida atoh na lamun Rizky geura2 lakirabi",ck Rindu.
"Sok tanya budak na ulah di antep wae'',ck Sopandi deui.
"Muhun kang...ke urang desek deui ku abi",ck Rindu.
Peuting na Rizky di tanya deui ku Rindu dk iraha cenah ngalamar soraya,Rizky ngahuleng hate na masih bimbang maneh na menta waktu ka indungna jang mikir.
Isuk na Rindu nanya deui,nanya deui nepi ka Rizky nyanggupan nanyaan Soraya malah langsung menta di kawinkn,etamah Rindu meni atoh langsung bebeja ka Sopandi pamaksudan anak na,
"Akang mah atoh we Ri...ngan leuwih atoh lamun aya bapa na mrn karunya budak teh teu nyaho kanu jdi bapa na...",ck Sopandi bari melong kosong.
"Ayeunamah urang silih bebaskeun,silih hampura da meren Dicky ge gs meunang balasan anu satimpal,puluhan taun papisah jng kulawarga na",ck sopandi deui.
Ayeuna Rindu anu ngahuleng....
"Saleres na abi kantos pendak sareng kang Dicky....",ck Rindu...
"Iraha Ri...iraha...???",ck sopandi.curinghak...
Derekdek Rindu nyaritekeun pangalaman nana basa panggih jng Dicky.
Sopandi ngahuleng sakeudeng terus maneh na nagtung gap kanu konci mobil,
"Dek ngilu moal? Urang susul Dicky ka Reas area....",ck Sopandi,Rindu ngan ukur gideug bari tungkul.
*********************
Di reas area.....
Sopandi langsung muru DKM masjid nanyakeun marbot masjid anu ngarana Dicky ngan matak kuciwa jawaban ti dkm teh da cenah Dicky mah gs pindah ka Jakarta sataun ka tukang.sopandi leuleus maneh na nanyakeun alamat anu di jakarta ka pa dkm tapi teu apaleun,tungtung na Sopandi balik deui ka Jakarta rada kuciwa harita teh tapi dalah di kumaha Alloh can marengkeun maneh na panggih jng Dicky.
Ari anu di teangan nana....
Kurang leuwih sataun Dicky mantuan ngurus kost2an Anjelina di bayar ku Anjelina bulan2 na,asa ka anak sorangan dicky namplokeun ka nyaah na komo basa ngadenge indung na Anjelina di penjara,harita Dicky teu apal lamun tanteu Nia teh nyaeta kania,anu pernah ngancurkeun hirup na.Anjelina nyaritakeun lamun maneh na teu nyaho beungeut bapa na kulantaran indung na tara pernah mere nyaho saha bapa na,Dicky ngahelas asa watir ka nasib Anjelina maneh na boga niat dek mika nyaah Anjelina salawas na.komo pas nyaho kolot na rezky teu panuju kana hubungan Rezky jng Anjelina.
Hiji mangsa Dicky deuk sholat maghrib ka masjid komplek anu maneh na pernah jadi marbot di dinya,di sidik2 jiga aya Rizky sarua ker sholat ngama'mum sabada sholat Rizky angger sila meneko jiga ker ngadoa khusu naker sirah na meh antel kana tuur na lilaaaa di dagoan we ku Dicky nepi ka beres sambil ngadagoan sholat isya,nyaan Rizky teu cengkat nepi ka adzan isya ka kara maneh na cengkat tuluy nga mam'um deui ngalaksanakeun sholat isya....
Dicky gs panasaran pisan sabada sasalaman jng jamaah anu lian Dicky nyamperkn Rizky,rada reuwas Rizky teh sabari sasalaman jng Dicky nginget2 saha ari Dicky,
"Puntn asep...bp pk Dicky kapungkur marbot di ieu masjid,asep dongkap netepan sareng neng Anjelina...asep emut?" Ck Dicky bari melong ka Rizky hate na ngageter ningali panon Rizky anu coklat jiga panon Rindu,imut na gerak gerik na jiga Rindu dina hate na Galecok ku rebu2 pertanyaan anak saha Rizky teh.
"Oohh muhun bapa...abdi nembe emut",ck Rizky imut.
"Asep manawi teu ka abotan urang ngobrol yuu palih ditu?" Ck Dicky.
''mmmhhh mangga pak mung abdi teu gaduh waktos lami ieu teh",ck Rizky bari rengkuh.
"Sakedap da sep...aya taroskeuneun", ck Dicky gek dariuk di handapeun tangkal anu di pasangan bangku di tuturkn ku Rizky.
"Saaleres na bp ayeuna damel di neng Anjelina sep",ck Dicky,etamah Rizky mni curinghak...
"Wah leres eta teh pak?" Cenah bari neuteup seukeut ka Dicky.
"Leres sep kieu yeuh carios na teh...." derekdek Dicky nyaritakeun basa Anjelina balik ti imah Rizky ceurik di masjid tuluy ku maneh na di anterkeun ka imah na.
Rizky olohok maneh na asa salah asa dosa ka Anjelina kusabab maneh na teu bisa milih Anjelina lebih milih indung na anu gs ngurus maneh na.
"Bapa teu tiasa nyalahkeun asep mung punten upami tiasa bp hoyong terang kunaon ibu hidep teu satuju?",ck Dicky.
"Duka saur namah teu sreek we kana manah na pak", ck Rizky.
"Kumaha upami bd hoyong uninga ka ibu hidep? Ieu mah silaturahmi we sep sareng bd naroskeun alesan teu panuju ka Anjelina,kumaha sep?" Ck Dicky.
"Hhhhmmm kumaha nya.....da seusah pak....", Ck Rizky ngambang omongan nana teh.
"Atuh kieu we bapa bd silaturahmi we ka ibu hidep", ck Dicky asa kuat pisan rasa hayang nyaho na saha atuh indung Rizky teh.
"Mangga atuh hayu urang ayeuna we bilih kabujeng wengi teuin..." Ck Rizky bari nangtung.
Dua nana ngabiur make motor Rizky meulah poek na peuting anu mimiti simpe.
Teu kacaturkn di jln na.....
Rizky tepi ka imah na,sangges nitah Dicky diuk dina korsi tamu maneh na nyamperkn indung na anu masih keneh make mukena kakara rengse sholat isya,
"Bunda aya tamu ...."ck Rizky bari sun tangan ka indung na.
"Saha?" Ck Rindu
"Bunda na ka payun we",ck Rizky
"Nya kedap...urang sakantenan ngadamel cai",ck Rindu bari merenan mukena jng sajadah na,leos ka dapur mairan cai kanu gelas make tatakan di bakian gs beres maneh na kaluar ti dapur muru ruangan tamu,barang nepi ka ruang tamu.....
Rindu mencrong ka semah anu diuk dina korsi tamu anu sarua rewas melong ka maneh na,terrrrrr leungeun Rindu ngageter jiga lilinieun cai nepi ka keplok.olohok biwir na ngageter nyebut ngaran Dicky,
Kitu deui Dicky langsung ngagabruk kana suku Rindu nangkeup tipepereket jiga anu ambung lepas,Rindu ceurik cimata na murubut bari ngahudangkeun awak Dicky....
Rizky olohok mata simeuteun teu ngarti aya naon antara indung na jng marbot masjid......
H A N C A
Duh nuju resep2na maos eh kabujeung liren caritana.
BalasHapusDiantos ah saenghalna. Hoyong terang jujutan na. Panasaran pisan
janten panasaran bagian salajengna kang andhyn
BalasHapusEnggalan ah abdi panasaran bagian salajengna
BalasHapusAda tamat nya atau tdk ada
BalasHapusGantung areuyen yeuh
BalasHapusKumaha ieu teh diteraskeun henteu
BalasHapus