BALEBAT TIBEULAH WETAN (BTW)
#BALEBAT_TIBEULAH_WETAN (BTW) Bag.1 Kengeng Andhyn Nu asih di pulang peurih "Ayah uih......ayah uih bunda.....",budak geulis lucu umur 3 taunan lulumpatan muru lalaki gandang anu kakara kaluar tina mobil sedan,di tukang na ngudag awewe geulis anggun bari mamawa mangkok eusi sangu jng sayur sop, "kanaya....ieu seepkn emam na ke ku ayah di paok hayooo....",cenah bari ngasongkeun sendok eusi sangu kanu baham budak anu lucu tadi, "hoyong ku ayah emam na...",cek budak anu ngaran na Kanaya bari nangkeup suku bapa na. "ayah kan nembe uih geulis masih cape",ck indung na, "hayuuu di bumi nya emam na",ck bapa na bari giriwil budak teh di pangku, "kang sonten ieu ulang taun mama ulah hilap urang masihan kejutan tea,Dicky sareng Rindu atos di bell tadi ku icha",ck eta awewe anu teu aya lian icha bari nyokot tas leptop sopandi salakina. "kumaha hadiah na tos di siapkeun?",ck sopandi "atos atuh....",ck icha da...