Postingan

Menampilkan postingan dari Agustus, 2018

Dongeng sunda PULANGKEUN SALAKI KURING

#PULANGKEUN_SALAKI_KURING (PSK) Bag 1 Kengeng Andhyn Th 1970,DENDAM NUMAWA SANGSARA Gunawan sasongko mukakeun panto mobil na luak lieuk neangan Basri supir pribadi na,nyampak Basri kersare dina bangku taman handapeun tangkal caringin meni kerkeran bangun anu nikmat biwirna semu calangap, Gunawan gogodeg kerewek kanu botol mineral dina dashboard paragi nginum Basri aya meureun satengah deui cai na di buka tutup na tuluy maneh na ngadeukeutan Basri teu antaparah ‘wuuuurrrrr eta mah cai th di banjurkeun kana beungeut Basri,atuh ohek2an Basri th jaba reuwas jng jibreg baju kameja na. Sirah lungleng irung peurih jiga na ayA cai anu asup tadi th,awak na sasampoyongan meh labuh.... awak na dodongkoan hareupeun dunungan nana,luk tungkul… “gadag moal maneh Basri atawa dek molor wae?”,ck Gunawan bari belewer botol kosong th di baledogkeun kana awak Basri,teu nyeri da di baledog ku botol kosong tapi nyerina th kusabab keuna na kana hate na panghina dunungan nana anu ...